Pamekar Diajar Basa Sunda. Buku Tuturus Guru SMA/SMK/MA/MAK Kelas XII
 9786021300268, 9786021300299

  • Author / Uploaded
  • coll.

Citation preview

Buku Tuturus Guru SMA/MA Kelas XII

BASA SUNDA

BASA SUNDA

Pamekar Diajar

Pamekar Diajar

Buku Tuturus Guru SMA/SMK/MA/MAK Kelas XII

DINAS PENDIDIKAN PROVINSI JAWA BARAT BALAI PENGEMBANGAN BAHASA DAERAH DAN KESENIAN Jl. Dr. Rajiman No. 6 Telp. (022) 4264813 Fax: (022) 4264881 - Bandung Email: [email protected]

DINAS PENDIDIKAN PROVINSI JAWA BARAT 2014

Pamekar Diajar

BASA SUNDA

Buku Tuturus Guru SMA/SMK/MA/MAK Kelas XII KURIKULUM 2013

XII

Pamekar Diajar

BASA SUNDA KIKD Kurikulum 2013

Buku Tuturus Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas XII

DINAS PENDIDIKAN PROVINSI JAWA BARAT 2014

Pamekar Diajar

BASA SUNDA KIKD Kurikulum 2013

Buku Tuturus Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas XII Hak cipta © kagungan Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat Ditangtayungan ku Undang-undang

Disklaimer: Ieu buku téh diajangkeun pikeun guru basa Sunda dina raraga larapna Kurikulum 2013. Ieu buku disusun tur ditalaah ku hiji tim kalawan dikoordinasi ku Balai Pengembangan Bahasa Daerah dan Kesenian (BPBDK) Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat minangka buku kurikulum daerah. Mimitina dipakéna buku taun 2014. Ieu buku téh sipatna “dokumén hirup”. Hartina bakal tuluy disarungsum luyu jeung kabutuh katut panéka jaman. Pangdeudeul ti rupining pihak dipiharep bisa ngundakkeun ajén ieu buku. PANYUSUN: Tatang Sumarsono Ahmad Hadi Ano Karsana Asep Ruhimat Darpan Dede Kosasih H. Dingding Haerudin H.Yayat Sudaryat Risnawati PENELAAH: Prof. Dr. H. Iskandarwassid, M.Pd. Dr. Hj. Ai Sofianti, M.Pd. Drs. H. Elin Syamsuri Drs. Apip Ruhamdani, M.Pd. Budi Riyanto Rarancang Eusi: Yoshi Sukadar Rarancang Jilid: Yoshi Sukadar Eusi ngagunakeun Adobe InDesign CS3 jeung Adobe Photoshop CS3 Aksara ngagunakeun Bembo Std 12 pt - 24 pt. Dipedalkeun ku: DINAS PENDIDIKAN PROVINSI JAWA BARAT ISBN: 978-602-1300-26-8 (Jilid Lengkap) 978-602-1300-29-9 (Jilid 3) Perpustakaan Nasional : Katalog Dalam Terbitan (KDT)

PANGBAGÉA

KEPALA DINAS PENDIDIKAN PROVINSI JAWA BARAT

Alhamdulillah, ieu buku pangajaran basa Sunda tiasa ngawujud, enggoning nyaosan implemèntasi Kurikulum 2013, pikeun ngeusian lolongkrang Muatan Lokal Mata Pelajaran Bahasa dan Sastra Daerah di Jawa Barat. Hasil garapan tim panyusun tèh aya dua rupi buku nyaèta buku murid sareng buku guru. Èta tèh mangrupa bagian tina pakèt Kurikulum Daerah, hususna ngeunaan pangajaran basa jeung sastra daèrah, dumasar kana Permendikbud No. 81A/2013, ngeunaan implementasi kurikulum. Pami diwincik deui, sanès mung buku wungkul bagian èta Permendikbud tèh, tapi deuih ngawengku Kompetensi Inti jeung Kompetensi Dasar (KI-KD), silabus, sareng Rencana Pelaksanaan Pembelajaran (RPP). Ku medalna ieu buku, dipiharep implementasi kurikulum 2013, hususna ngeunaan pangajaran muatan lokal basa jeung sastra daèrah di Jawa Barat tiasa dilaksanakeun kalawan merenah, luyu sareng udaganana. Saparantosna dialajar ngeunaan basa jeung sastra daèrah, dipiharep dina diri murid aya parobihan anu tètèla, boh unsur sikepna (attitude), boh pangaweruhna (knowledge), boh kamampuh ngagunakeun katut karancagèan (performance; behavior). Singgetna mah èta unsur anu tilu tèh bisa disebut kompetènsi. Kalungguhan guru dina posisi agèn parobahan utama enggoning ngaimplemèntasikeun kurikulum 2013 teu kinten pentingna. Aya hiji hipotèsis basajan, saupami guru kagungan kompetènsi anu nohonan pasaratan Kurikulum 2013, tangtosna gè kalebet guru basa daèrah deuih, tinangtos èta kurikulum bakal tiasa diimplemèntasikeun kalawan merenah. Ku margi kitu, dina nataharkeun sareng ngaronjatkeun kompetènsi guru tèh, di antawisna ku cara nysusun buku padoman guru, kalebet tarèkah anu kedah kènging pangajèn. iii

Muga-muga waè harepan urang sadaya ngeunaan ayana parobihan anu tétéla dina dunya atikan ku diimplemèntasikeunana Kurikulum 2013 téh tiasa ngawujud, enggoning lahirna Generasi Emas Indonesia dina taun 2045 nu badé dongkap.

Ban a du d ng, Desember Desem Bandung, 2013 Kep pal a a Dinas Pendidikan Pe Kepala Provinsi Jawa Barat,

Prof Prof. Dr Dr. H H. M Moh. Wahyudin Zarkasyi, CPA Pembina Utama Madya NIP. 19570807 198601 1 001

iv

PANGBAGÉA

KEPALA BALAI PENGEMBANGAN BAHASA DAERAH DAN KESENIAN DINAS PENDIDIKAN PROVINSI JAWA BARAT Kurikulum 2013 ti wangkid ayeuna parantos ngawitan dianggo sacara nasional. Jalaran kitu, pangajaran basa jeung sastra daérah nu diperenahkeun janten muatan lokal di Jawa Barat kedah luyu sareng Kurikulum 2013 hususna patali luyuna sareng elemén-elemén parobihan anu janten karakteristik Kurikulum 2013 anu ngawengku: Standar Kompeténsi Lulusan, Standar Isi, Standar Prosés, sareng Standar Penilaian. Éta katangtosan kedah kacangkem sareng kalaksanakeun ku sakumna guru-guru basa jeung sastra daerah anu mancén tugas di SD/MI, SMP/MTs, SMA/MA, sareng SMK/MAK. Ieu buku bahan ajar teh dijudulan Pamekar Diajar Basa Sunda, sadayana aya 24 jilid, ngurung buku siswa 12 jilid sareng buku guru 12 jilid. Kalungguhanana janten buku babon anggoeun di sakola nu aya di Jawa Barat. Buku murid diajangkeun pikeun sakumna murid dumasar kana tingkatan kelas. Buku Murid eusina medar materi ajar sareng pertanyaan-pertanyaan, latihan, tugas/pancen anu raket patalina sareng kompetensi dasar (KD). Buku Guru eusina medar silabus, métodologi pangajaran, sareng évaluasi, ogé mangrupi pangjembar buku murid. Komponén-komponén anu dimekarkeun boh dina buku murid atanapi buku guru dumasar kana opat kaparigelan basa anu ngawengku ngaregepkeun, nyarita, maca, sareng nulis anu diajarkeun maké pamarekan saintifik sareng penilaian auténtik. Hal ieu dumasar kana karakteristik Kurikulum 2013 nu ngalarapkeun pamerakan saintifik sareng penilaian auténtik dina prosés pangajaran. Disusuna ieu buku téh mangrupa lajuning laku tina Surat Edaran Kepala Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat, Nomor 423/2372/Setdisdik, 26 Maret 2013, negunaan Pembelajaran Muatan Lokal Bahasa dan Sastra Daerah pada jenjang SD/MI, SMP/MTs, SMA/MA, SMK/MAK. Sajabi ti eta, ogé v

dumasar kana Peraturan Gubernur Jawa Barat Nomor 69 Tahun 2013, ngeunaan Pembelajaran Muatan Lokal Bahasa dan Sastra Daerah pada Jenjang Pendidikan Dasar dan Menengah. Muga-muga waé ieu buku téh aya manpaatna ka urang sadaya, tur janten cukanglantaran dina merenahkeun sareng memeres basa jeung sastra daerah, anu udagan langkung tebihna pikeun ngamumulé sareng mekarkeun basa jeung sastra daérah, ngalangkungan jalur atikan di Jawa Barat. Tangtosna ogé ieu buku téh teu acan tiasa disebat sampurna. Ku margi kitu, teu kinten diantos-antosna kamadang ti sadayana. Saukur kakirangan anu nyampak dina ieu buku bakal teras didangdosan, supados tiasa nyumponan pameredih sareng kaayaan pajaman.

Bandung, Desember 2013 Kepala Balai Pengembangan Bahasa Daerah dan Kesenian,

Drs. H. Husen R. Hasan, M.Pd. Pembina Tk. I NIP. 196110051986031014

vi

PANGJAJAP

Kurikulum 2013 saenyana mangrupa Kurikulum Berbasis Kompeténsi (KBK) pikeun nyanghareupan panéka jaman, utamana mah kompeténsi atawa kamampuh abad ka-21. Dina ieu abad, daék teu daék butuh karancagéan dina rupining widang, kaasup kamekaran téhnologi, informasi, jeung komunikasi (TIK) milu nangtukeun warna pangajaran basa Sunda. Luyu jeung éta hal, rumusan kompeténsi sikep (agama jeung sosial), kaweruh, jeung kaparigelan nu dipaké dadasar dina Kurikulum 2013 kudu ngaheulakeun pentingna karancagéan jeung komunikasi. Najan kitu, dina pangajaran basa Sunda mah dititénan ogé kahasan basa jeung budaya Sunda minangka média jeung wahana pangajaran basa Sunda. Téma-téma dina buku pangajaran basa Sunda diluyukeun kana téma-téma dina pangajaran tématis SMP/MTs nu sipatna nasional. Kompeténsi nu dipiharep ku barudak SMP/MTs dirumuskeun minangka kamampuh mikir jeung paripolah nu rancagé dina ranah nyamuni (abstrak) jeung nembrak (konkrit). Eta kamampuh téh diécéskeun dina kompeténsi inti (KI) anu dipidangkeun ku kaweruh dina basa Sunda anu bener tur merenah, ngéntép seureuh, sarta luyu jeung kontéks situasi. Eta kamampuh téh dirarancang dina prosés pangajaran winangun papancén (project based learning) jeung ngoréhan (discovery learning) anu nyoko kana léngkah-léngkah ngilmiah (saintifik) kayaning niténan, nanya, nyoba (nyungsi), nalar, jeung kedaling (ngomunikasikeun). Ieu buku ngawincik tarékah minimal nu kudu dipilampah ku murid dina ngahontal kompeténsi nu dipiharep. Luyu jeung pamarekan dina Kurikulum 2013, murid diperedih gedé kawanina tur kadaék dina ngoréhan kaweruh perkara basa jeung sastra Sunda, anu engkéna parigel maké basa Sunda. Dampakna murid boga sikep anu hadé kana basa jeung sastra Sunda katut hirup kumbuhna, bari teu mopohokeun sikep agama.

vii

Tangtu waé réa kénéh kahéngkéran ieu buku téh. Panyawad katut pangdeudeul pikeun nyampurnakeun ieu buku pohara dianti-atina. Bandung, Oktober 2013

viii

DAPTAR EUSI

PANGBAGEA: 1. Kepala Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat _ iii 2. Kepala Balai Pengembangan Bahasa Daerah dan Kesenian Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat _ v PANGJAJAP _ vii

A. B. C. D. E. F. G.

BA B I: PITUDUH UMUM Ngeunaan Buku Tuturus Guru ......................................................... Padika Make Buku Tuturus Guru ..................................................... Tatapakan Formal ........................................................................... Sistim, Prinsip, jeung Pamarekan Pangajaran ..................................... Standar Kompetensi Lulusan (SKL) .................................................. Proses Pangajaran ............................................................................ Kompetensi Inti (KI) jeung Kompetensi Dasar (KD) Kelas XII SMA/MA/SMK/MAK ...................................................................

2 2 4 4 5 5 6

BAB II: PITUDUH HUSUS Pangajaran 1: Wawacan A. Ngimeutan Wawacan ...................................................................... B. Proses Penilaian ...............................................................................

10 21

Pangajaran 2: Carita Pantun A. Ngimeutan Carita Pantun ................................................................

25

ix

Pangajaran 3: Artikel A. Ngaidéntifikasi Artikel ..................................................................... B. Ngaguar Artikel .............................................................................. C. Gagasan Utama Jeung Rangkay Tulisan.............................................

57 63 66

Pangajaran 4: Pemandu Acara A. Ngaidéntifikasi Pemandu Acara ........................................................ B. Pertanyaan Umum Sabudeureun Pemandu Acara .............................. C. Ngumpulkeun Informasi Sabudeureun Téks Pemandu Acara ............. D. Ngolah Informasi Ngunaan Téks Pemandu Acara .............................. E. Midangkeun Hasil Nyusun Téks Pemandu Acara...............................

71 76 76 79 80

Pangajaran 5: Tarjamahan A. Ngimeutan Tarjamahan .................................................................... B. Maca Teks Tarjamahan...................................................................... C. Pertanyaan Umum Sabudeureun Téks Tarjamahan ............................. D. Ngumpulkeun Informasi Sabudeureun Téks Tarjamahan .................... E. Ngumpulkeun Informasi Sabudeureun Téks Tarjamahan .................... E. Midangkeun Hasil Tarjamahan .........................................................

81 84 85 85 88 90

Pangajaran 6: Carita Pantun A. Ngaidéntifikasi Naskah Drama ......................................................... 91 B. PertanyAan Umum Sabudeureun Drama .......................................... 93 C. Ngumpulkeun Informasi Sabudeureun Drama .................................. 94 D. Ngolah Informasi Sabudeureun Drama ............................................. 103 E. Midangkeun Jeung Ngaragakeun Naskah Drama............................... 104

A. B. C. D.

BAB III: PITUDUH MEUNTEUN Meunteun Kriteria Ketuntasan Minimal (Kkm) ................................ Instrumen Meunteun Umum ........................................................... Instrumen Meunteun Husus ............................................................ Refleksi .........................................................................................

106 107 110 113

PABUKON .......................................................................................... 115

x

B ab

I

Pituduh Umum

1

A.

NGEUNAAN BUKU TUTURUS GURU

Ieu buku disusun sangkan guru meunang gambaran anu écés dina ngalaksanakeun kagiatan pangajaran basa Sunda. Eusina ngawengku sawatara hal. 1. Wincikan léngkah-léngkah pangajaran dina raraga méré gambaran ka guru pikeun ngahontal kompeténsi dasar (KD) jeung indikator. 2. Susunan léngkah-léngkah kagiatan anu ngagambarkeun pangajaran nu gumulung tur ngamalir. 3. Léngkah pangajaran nu disusun dipiharep bisa ngahontal pangalaman diajar nu miharti (meaningfullnes) pikeun ngawangun sikep jeung paripolah hadé, ngawasa konsép, kaparigelan mikir nu ilmiah (saintifik), kamampuh ngaréngsékeun masalah, karancagéan, pribadi nu sonagar (répléktif), tur numuwuhkeun rasa basa Sunda. 4. Dadaran rupining téhnik pikeun meunteun kamampuh murid. 5. Wawaran pikeun calecer (acuan) kagiatan rémédial jeung ngajembaran pangaweruh murid. 6. Pidangan kagiatan diajar nu silih simbeuh tur silih élédan (sharing). 7. Pituduh ngeunaan cara maké buku babon murid. Kagiatan dina ieu buku dirarancang pikeun mekarkeun kamampuh (sikep, kaweruh, jeung kaparigelan) murid kalawan gumulung tur rinéka. Ari paripolahna ngawengku: 1. Muka pangajaran ku karep murid saperti maca atawa ngaregepkeun téks, tumanya, ngawih, kaulinan, démonstrasi, pidangan masalah, jsté. 2. Nepikeun tujuan pangajaran nepi ka murid bisa nyangreb wawaran nu ditepikeun. 3. Ngali kaweruh murid samémehna sangkan bisa ngait jeung kaweruh nu bakal diulik. 4. Papancén nu malapah gedang sangkan murid kabantu dina nyangkem konsép. 5. Méré lolongkrang pikeun ngalatih kaparigelan murid. 6. Méré unduring laku (umpan balik) pikeun ngukuhan pamahaman murid.

B.

PADIKA MAKE BUKU TUTURUS GURU

Ieu buku Tuturus Guru téh mibanda kagunaan ganda, jaba ti pituduh maké buku babon murid ogé jadi calecer (acuan) keur kagiatan pangajaran di kelas. Guru dipiharep niténan heula sawatara hal nu dipidangkeun dina ieu buku. 2

Pamekar D Diajar B A S A S U N D A Buku Tuturus Tut Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas XII

1. Baca heula ieu buku kalawan telik tur imeut unggal kacana. 2. Cangkem heula tiap-tiap KD jeung indikator pangajaran. 3. Tarékahan pikeun ngasupkeun KI-1 jeung KI-2 dina sakumna kagiatan pangajaran. Guru kudu nguatan jeung ngukuhan tarékah pikeun ngawangun sikep, kaweruh, katutg paripolah murid anu hadé. 4. Deudeul kahontalna KI-1 jeung KI-2 ku kagiatan “pembiasaan”, pieunteungeun, pituladeun, jeung kultur di sakola anu hadé. 5. Luyukeun tiap-tiap léngkah kagiatan dina buku tuturus guru jeung buku babon murid. 6. Mekarkeun gagasan rancagé dina milih padika pangajaran. Sungsi ogé kagiatan séjén lamun kaayaan teu luyu jeung naon-naon nu geus dirarancang. 7. Rupining stratégi pangajaran nu rék dimekarkeun (kayaning murid niténan, nanya, nyaritakeun, metakeun, ngawih, jsté.)kudu ngalibetkeun muridna sorangan jeung ngalibetkeun warga atawa lingkungan sakola. 8. Guru dipiharep mekarkeun: a. Métode “pengajaran aktif, inovatif, kréatif, éféktif, dan menyenangkan (PAIKEM)”; b. Timbang-timbang ogé maké pamarekan komunikatif jeung kontékstual; c. Kaparigelan nanya atawa tumanya; d. Kaparigelan muka jeung mungkas pangajaran; e. Kaparigelan ngolah kelas jeung pidangan kelas. 9. Gunakeun media jeung sumber diajar nu aya di sabudeureun sakola atawa patali jeung sosial budaya Sunda. 10. Alokasi waktu nyoko kana struktur kurikulum. Guru bisa nangtukeun sorangan alokasi waktu luyu jeung minggu éféktif, situasi katut kaayaan di sakola. 11. Dina sataun ajaran kelas X aya salapan materi anu kudu dibagi ku guru kalawan proporsional keur dua seméstereun. Kudu ditimbang-timbang ogé alokasi waktu antara seméster I jeung seméster II sangkan pangajaran bisa ditepikeun luyu jeung alokasi waktu anu nyampak. 12. Unggal matéri galeuh rata-rata dirarancang keur sabulaneun (4 x lawungan). 13. Kagiatan dina minggu kahiji dimimitian ku niténan bahan, karep réséptif (ngaregepkeun jeung maca), minggu kadua mangrupa kagiatan nyoba jeung ngulik, ari minggu katilu jeung kaopat ngalarapkeun atawa midangkeun (kagiatan kréatif nulis jeung nyarita) hasil tina minggu kahiji jeung kadua. Murid digiring sangkan kaasah daya nalar jeung mikirna kalawan ngaleunjeur. Kagiatan dirarancang pikeun méré lolongkrang tumanya jeung ngali wawaran nu deukeut jeung murid. Bab I PITUDUH UMUM

3

14. Hasil pagawéan murid jeung bukti peunteun bisa dikumpulkeun dina portofolio murid. 15. Pikeun tarékah ngoméan diri jeung minggu éféktif, jieun catetan réfleksi sanggeus hiji téma atawa bahan réngsé katepikeun. 16. Deudeul murid sina resepeun kana basa Sunda sarta yakinkeun yén manéhna téh cerdas tur bisa. 17. Sangkan tujuan pangajaran kahontal, guru ogé perlu saregep, enya-enya, tur sabar dina nyanghareupan murid. Ari sababna, kamampuh murid téh béda-béda. Katambah-tambah teu sakumna padika pangajaran loyog pikeun sakumna guru, murid, tempat, waktu, jeung bahan ajar.

C.

TATAPAKAN FORMAL

Bahan ajar basa Sunda anu dipidangkeun dina ieu buku dumasarkana Kurikulum 2013, ngawengku kasang tukang, karakteristik, jeung tujuanan. Kurikulum basa Sunda atawa Kompetensi Inti jeung Kompetensi Dasar (KIKD) Mata Pelajaran Basa jeung Sastra Sunda disusun jeung dikaluarkeun ku Balai Pengembangan Bahasa Daerah dan Kesenian (BPBDK), Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat. Lamun disusud ka luhurna, ngindungna mah tangtu waé kana Kurikulum Tingkat Nasional, da nu ieu mah kaasup kana Kurikulum Daerah (Kurda). Kurikulum Basa Sunda anu disusun ku BPBDK téh diwincik jadi KIKD, luyu jeung pola struktur Kurikulum Nasional. KIKD disusun mangrupa struktur anu maneuh, tur salawasna kudu jadi padoman dina kagiatan diajar-ngajar. Cindekna, sajeroning guru ngajarkeun basa Sunda, dipahing méngpar tina katangtuan KIKD, téma, jeung alokasi waktu. Ari dina lebah milih bahan katut ngajarkeunana mah guru dibéré lolongkrang keur ngembangkeun karancagéanana. Ieu buku poma ulah dianggap hiji-hijina sumber keur tuturus guru. Ari sababna, naon-naon nu diperedih ku KIKD téh moal sagemblengna kacumponan mun ukur ngandelkeun tina hiji sumber. Kudu aya sumber-sumber lianna pikeun pangrojong kagiatan diajar-ngajar, di antarana média massa, bagbagan paélmuan lianna, jeung kondisi sosial budaya masarakat Sunda. Nya ka lebah dinya pisan guru kudu rancingeus pikeun néngan jeung ngungkab bahan pangrojong sangkan KIKD bisa kahontal jeung kacumponan.

D.

SISTIM, PRINSIP, JEUNG PAMAREKAN PANGAJARAN

Sakabéh matéri dina ieu buku diluyukeun jeung sistem pidangan buku babon murid, nu dipidangkeun maké sistem spiral; dimitian ti nu babari heula, 4

Pamekar D Diajar B A S A S U N D A Buku Tuturus Tut Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas XII

terus ningkat ka nu hésé. Heula pandeurina nyusun bahan anu dumasar kana babari héséna téh tumerap kana saban pangajaran. Sistem spiral anu dignakeun dina ieu buku dumasar kana prinsip proporsional, tur tahapan (gradasina) henteu patarenggang. Hal ieu bisa tumerap dina wangun lahiriahna (panjang-pondokna, basajan-kompleksna) kecap, kalimah, atawa wacana, bisa deuih dina eusi atawa substansina (gampang-henteuna).

E.

STANDAR KOMPETENSI LULUSAN (SKL) Ranah

Sikep

SD/MI

SMP/MTs

SMA/SMK/ MA/MAK

Nampa, ngajalankeun, ngajénan, jeung ngamalkeun Pribadi nu iman, ahlak mulya, percaya diri jeung tanggung jawab dina patali marga kalawan merenah jeung lingkungan masarakat, alam sabudeureun, sarta dunya katut adabna.

Kaparigelan

Nampa, nanya, nyoba, ngolah, midangkeun, nalar, jeung ngalarapkeun Pribadi nu mampuh mikir jeung lumampah kalawan merenah tur rancagé dina ranah nyamuni (abstrak) jeung nembrak (konkrit).

Kaweruh

Mikanyaho, nyangkem, nerangkeun, ngolah, jeung meunteun. Pribadi nu ngawasa élmu kaweruh, téhnologi, seni budaya, sarta wawasan kamunasaan, kabangsaan, kanagaraan, jeung paradaban.

F.

PROSES PANGAJARAN

Prosés pangajaran lumangsung maké pamarekan saintifik, anu léngkahléngkahna: 1. Niténan (mengamati), ku cara maca, ngaregepkeun, atawa nongton; 2. Nanya (menanya), ku cara ngayakeun tanya jawab atawa sawala; 3. Nalar (menalar/mengasosiasi), ku cara nambahan kaweruh anu leuwih jembar; 4. Nyungsi atawa nyoba (eksplorasi/eksperimen); 5. Midangkeun, ngedalkeun, atawa nepikeun (mengkomunikasikan) 6. Ngawangun ramatloka (networking) ku cara néangan bahan tina sumber anu lian. Bab I PITUDUH UMUM

5

G.

KOMPETENSI INTI (KI) JEUNG KOMPETENSI DASAR (KD) KELAS XII SMA/SMK/MA/MAK

KOMPETENSI INTI (KI)

12.1

Menghayati dan mengamalkan ajaran agama yang dianutnya

12.2

Menghayati dan mengamalkan perilaku jujur, disiplin, tanggungjawab, peduli (gotong royong, kerjasama, toleran, damai), santun, responsif dan proaktif dan menunjukkan sikap sebagai bagian dari solusi atas berbagai permasalahan dalam berinteraksi secara efektif dengan lingkungan sosial dan alam serta dalam menempatkan diri sebagai cerminan bangsa dalam pergaulan dunia

6

KOMPETENSI DASAR (KD) 12.1.1

Mensyukuri anugerah Tuhan YME akan keberadaan bahasa Sunda dan menggunakannnya sesuai dengan kaidah dan konteks sosial budaya sebagai sarana komunikasi melalui WAWACAN, CARITA PANTUN,ARTIKEL, MEMANDU ACARA, TERJEMAHAN, DRAMA (teater, gending karesmen dan/ atau longser)

12.2.1

Menunjukkan perilaku jujur, disiplin, peduli, dan santun, dan proaktif dalam menggunakan bahasa Sunda untuk mengapresiasi WAWACAN dan CARITA PANTUN

12.2.2

Menunjukkan perilaku jujur, disiplin, peduli, santun, dan proaktif dalam menggunakan bahasa Sunda untuk memahami dan menyampaikan ARTIKEL dan TERJEMAHAN.

12.2.3

Menunjukkan perilaku jujur, disiplin, peduli, santun, dan proaktif dalam berbahasa Sunda melalui MEMANDU ACARA dan DRAMA (teater, gending karesmen dan/atau longser)

Pamekar D Diajar B A S A S U N D A Buku Tuturus Tut Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas XII

12.3

12.4

Memahami, menerapkan, menganalisis pengetahuan faktual, konseptual, prosedural berdasarkan rasa ingintahunya tentang ilmu pengetahuan, teknologi, seni, budaya, dan humaniora dengan wawasan kemanusiaan, kebangsaan, kenegaraan, dan peradaban terkait fenomena dan kejadian, serta menerapkan pengetahuan prosedural pada bidang kajian yang spesifik sesuai dengan bakat dan minatnya untuk memecahkan masalah

Mengolah, menalar, dan menyaji dalam ranah konkret dan ranah abstrak terkait dengan pengembangan dari yang dipelajarinya di sekolah secara mandiri, dan mampu menggunakan metoda sesuai kaidah keilmuan

12.3.1

Mengidentifikasi, dan menganalisis teks WAWACAN berdasarkan kaidahkaidahnya secara lisan dan tulisan

12.3.2

Mengidentifikasi dan menganalisis teks CARITA PANTUN berdasarkan kaidahkaidahnya secara lisan dan tulisan

12.3.3

Mengidentifikasi dan menganalisis teks ARTIKEL berdasarkan kaidah-kaidahnya secara lisan dan tulisan.

12.3.4

Mengidentifikasi dan menganalisis teks TERJEMAHAN berdasarkan kaidahkaidahnya.

12.3.5

Mengidentifikasi dan menganalisis teks PANDUAN ACARA berdasarkan kaidahkaidahnya secara lisan dan tulisan.

12.3.6

Mengidentifikasi dan menganalisisteks DRAMA berdasarkan kaidah-kaidahnya secara lisan dan tulisan.

12.4.1

Menanggapi dan mengonversi teks WAWACAN sesuai dengan kaidahkaidahnya.

12.4.2

Menanggapi dan mengonversi CARITA PANTUN sesuai dengan kaidahkaidahnya.

12.4.3

Menyusun dan menanggapiteks ARTIKEL sesuai dengan kaidahkaidahnya.

12.4.4

Menyusun, menyunting, dan menanggapi teks TERJEMAHAN dari bahasaIndonesia atau bahasa lain ke dalam bahasa Sunda atau sebaliknya sesuai dengan kaidahkaidahnya dengan bahasa yang baik dan benar.

Bab I PITUDUH UMUM

7

8

12.4.5

Menyusun, menyunting, dan memperagakan PANDUAN ACARA sesuai dengan kaidah-kaidahnya secara lisan dan tulisan

12.4.6

Menanggapi dan memperagakan teks DRAMA (teater, gending karesmen, dan/atau longser) sesuai dengan kaidahkaidahnya.

Pamekar D Diajar B A S A S U N D A Buku Tuturus Tut Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas XII

B ab

II

Pituduh Husus

9

P angajaran

1

WAWACAN A.

NGIMEUTAN WAWACAN NO

KAGIATAN

1.

Samemeh proses pangajaran, guru ngawanohkeun diri. Satuluyna guru ngajelaskeun materi nu bakal diajarkeun, ngajentrekeun tema, katut tujuan nu kudu dihontal ku siswa nyaéta mikawanoh wawacan. Dina ieu matéri, siswa dipiharep mampuh ngaidentifikasi wawacan. Di sagigirin ti éta dipiharep siswa ngaronjatkeun kasadaranana pikeun mikareueus basa jeung budayana. Pikeun ngirut minat siswa kana pangajaran, guru ngajak siswa kalibet sacara langsung kana matéri nu baris dipedar ku cara muka wawasan siswa ngeunaan kasusastraan Sunda. Satuluyna, guru ngamimitian pangajaran ku cara ngasongkeun téks atawa pintonan wawacan “Panji Wulung” karya RH. Muhamad Musa. Ieu bacaan anu aya di handap téh cutatan tina wawacan. Pék ku hidep ilo sing gemet nepi kacangkem eusina sempalan Wawacan Panji Wulung ieu di handap!

2.

ASMARANDANA Sambatna Nyi Tunjung Sari, ku raja henteu dimanah, enggeus dimeureunkeun baé, tangtu nampik kana dosa, jeung lumbrah manusa, di mana nu maling ngaku, enggeus kudu nampik dosa. Nya kitu deui Panolih, sasambatna teu paédah, caturkeun geus nepi baé, ka pakuwon kapatihan, Ki Patih langkung susah, tina watirna kalangkung, ka éta Nyi Tunjung téa. Ku Ki Patih geus kajudi, yén dijerum ku maruna, sanajan Ajar gé bohong, ku Ki Patih geus katingal, enggeus meunang dongdonan, nu matak Ajar sakitu, diupah ku Praméswara. KINANTI Laju lampah Panji Wulung, diiring ku Jayapati, Ki Janggali Ki Janggala, jeung baturna Jayapati, ngaran Ki Kebo Manggala, kalima Kebo Rarangin.

10

Pamekar D Diajar B A S A S U N D A Buku Tuturus Tut Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas XII

Turun gunung unggah gunung, nyorang lebak nyukang pasir, ngaliwat kana bubulak, sampalan badak jeung sapi, jauh cunduk anggang datang, sumping damping ka basisir. Raden ngantosan parahu, calikna dina kikisik, disasarap dangdaunan, daun bakung jeung badori, tamba kesel sasauran, nyaritakeun Ajar tadi. Raden Panji Wulung nyaur, kula inget omong tadi, baréto paman bébéja, lampahna ajar nu tadi, basana dihaturanan, ka Sokadana ku Gusti. Keur norah seliran ratu, nu dituding pajar julig, selir téh saha ngaranna, jeung saha lawanna julig, Jayapati ngawalonan, sumuhun kanyaho kuring. Eukeur caturing pitutur, ngaranna Nyi Tunjungsari, asal urang Balangbangan, lalakina pun Panolih, cariosna dipaéhan, malah katut pun Panolih. PANGKUR Seja nyaba ngalalana, ngitung lembur ngajajah milangan kori, henteu puguh nu dijugjug, balik Paman sadayana, nu ti mana tiluan semu rarusuh, lurah bégal ngawangsulan, aing ngaran Jayapati. Cikénéh mentas dibégal, tujuh jalma modar taya nu ngari, bangkéna tujuh patumpuk, balik manéh ayeuna, lamun masih kénéh manéh hayang hirup, kadieukeun banda sia, ku aing moal dipeuncit. Rahadén Panji ngandika, bari mésem Paman takabur teuing, pati batur diganggu, mangké caralik heula, ieu catang nu malang sumangga panggul, lamun kapanggul ku paman, kaula sumeja ngiring. Jeung nyanggakeun babadaan, tapi lamun ku paman teu kaindit, ku kula meureun dipanggul, éta minangka tanda, jadi éléh saha nu teu kuat manggul, melengék ki lurah bégal, pikirna geus rada risi. Neuleu catang nu malang, gedé pisan tangtu moal kaindit, maksakeun manéh pék nangtung, catang tuluy dipundak, teu kabawa késangna datang ka ngucur, henteu obah-obah acan, mésem leleb Radén Panji. Ki Jayapati nyentak, manéh ogé moal enya kaindit, lamun ku manéh kajungjung, kami seja kumawula, rék nuturkeun ka mana anu dijugjug, ngadeg Radén Panji dangdan, catang dipanggul kaindit. (Dicutat.......................) Bab I PITUDUH HUSUS

11

NO

KAGIATAN

3.

Sanggeus niténan téks wawacan atawa nyaksian pidangan wawacan di luhur, siswa dikondisikeun pikeun nanyaakeun ngeunaan materi wawacan ku kalimah: “Kekecapan naon baé anu ku hidep teu dipikaharti? Naon anu aya dina pikiran hidep sabada maca atawa nyaksian pintonan wawacan? Prak susun dina wangun pertanyaan!

4.

Guru nganteur jeung marengan siswa ngawangun kontéks pangajaran ngaliwatan ngumpulkeun atawa nuliskeun deui kekecapan nu teu dipikaharti jeung pertanyaan-pertanyaan hasil panitén siswa.

1.

MIHARTI KECAP: Kecap

Hartina

Kecap

Hartina

Pakuwon

Pakarangan imah boga sorangan (pakarangan karaton karajaan)

Sampalan

Tegal di tengah leuweung tempat nyatuan sato jarah

Kapatihan

Tempat (kantor) patih karajaaan magawé

Kikisik

Sisi laut nu mayat sarta keusikan

Kajudi

Kaharti

Norah

Ngaramal

Dongdonan

Pangontrog (diontrog, didatangan)

Kori

Lembur, nagara

Praméswari

Pamajikan

Ngandika

Nyarita, ngomong

Lebak

Landeuh, tempat nu leuwih handap sabalikna “tonggoh”

Kaindit

Kaangkat, kabawa

Pasir

Gunung leutik jeung handap

Melengék

Hookeun, ngarasa héran

Bubulak

Tegal dina lamping gunung atawa lamping pasir

Kumawula

Ngawula, babakti

12

Pamekar D Diajar B A S A S U N D A Buku Tuturus Tut Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas XII

2.

PERTANYAAN UMUM NGEUNAAN WAWACAN NO

Guru bisa nambahan pertanyaan anu tacan ditepikeun ku siswa 1. Naon ari wawacan téh? 2. Kumaha cara macana? 3. Iraha dipagelarkeunana? 4. Naon ari beluk? 5. Pupuh naon anu digunakeunana? 6. Kumaha palanggeran pupuhna? 7. Kumaha ngahariringkeunana?

5.

3.

KAGIATAN

MAHAM STRUKTUR WAWACAN NO

KAGIATAN Guru ngeuyeuban pangaweruh siswa ku cara medar babarengan (diskusi kelompok atawa diskusi kelas) pertanyaan siswa ngeunaan struktur jeung tiori wawacan.

6.

Karya sastra wangun wawacan téh baheula mah ngabogaan fungsi jeung kalungguhan anu kawilang penting dina kahirupan urang Sunda. Wawacan téh karangan panjang lantaran suasana carita anu beda-beda tur ngagunakeun patokan pupuh. Lebah midangkeunana, wawacan téh sok dibaca terus dibelukkeun (ditembangkeun). Nu matak pagelaran maca wawacan téh sok disebut oge pintonan beluk. Demi pintonan wawacan sok ditanggap pikeun kapentingan salametan (ritual) jeung kalangenan (hiburan). Geus jadi hal anu lumbrah lamun umur orok geus manjing 40 poé sok disalametkeun ku cara nanggap wawacan. Kitu deui pikeun salametan imah, tulak bala hiji lembur sok nanggap wawacan deuih. Di sagédéngeun pikeun salametan, wawacan oge sok dijadikeun pidangan mandiri (pikeun hiburan). Masarakat jaman harita mah can ceuyah sarana hiburan jiga kiwari, hayang meunang hiburan ku cara ngabandungan eusi (jejer) carita ku cara dipangmacakeun, lantaran harita mah jalma nu mampuh maca téh kawilang saeutik. Kiwari mah pagelaran maca wawacan (ngabeluk) téh bisa disebutkeun geus jarang pisan, lantaran ceuyahna rupa-rupa hiburan nu antukna ngagésér kalungguhan wawacan. Bab I PITUDUH HUSUS

13

Wawacan mangrupa carita anu didangding, ditulis dina wangun puisi pupuh. Bédana jeung guguritan, wawacan mah mangrupa lalakon. Pupuh anu dipakéna ogé henteu hiji baé, tapi guntaganti tur loba. Upamana baé nu aya dina Wawacan Purnama Alam karangan R. Suriadiredja. Pupuh anu dipakéna nyaéta Asmarandana (1808 pada), Sinom (1684 pada), Dangdanggula (1374 pada), Pangkur (594 pada), Magatru (261 pada), Kinanti (204 pada), Pucung (161 pada), Mijil (140 pada), Maskumambang (36 pada), jeung Durma (35 pada). Upama dina guguritan pupuh anu loba dipaké téh Asmarandana, Dangdanggula, Kinanti jeung Sinom; ari dina wawacan mah pupuh anu loba dipaké téh nyaéta Asmarandana, Dangdanggula, Pangkur, jeung Sinom. Pupuh nu carang dipaké dina wawacan nyaéta Balakbak, Ladrang, Gambuh, Gurisa, Wirangrong, jeung Jurudemung. Nurutkeun para ahli gelarna wawacan dina sastra Sunda téh lantaran pangaruhna tina sastra Jawa. Asupna kana sastra Sunda kirakira dina mangsa kadua abad ka-19. Harita Tatar Sunda dieréh ku karajan Mataram (Islam). Parabupati Sunda, utamana anu wewengkon Priangan, wajib séba ka Mataram. Ayana di Mataram téh tara sakeudeung-sakeudeung. Balikna mawa sawatara adat-cahara di ditu ka Tatar Sunda. Salian ti éta, teu saeutik deuih pangagung urang Mataram anu ditempatkeun di Urang. Éta kaayaan téh beuki nguatan adat-cahara anyar paraménak Sunda. Pangaruhna dina widang sastra, urang Sunda mimiti wanoh kana guguritan jeung wawacan. Lain paraménak baé deuih anu gedé andilna asupna wawacan kana sastra Sunda téh. Paraulama ogé teu éléh gedé andilna. Kalolobaan ulama atawa ajengan anu boga pasantrén di urang, saméméhna kungsi masantrén di Wétan. Teu béda ti parabupati, balikna mawa adat-cahara ti ditu. Nya di antarana mawa wangun guguritan jeung wawacan. Malah nerekabna para ajéngan. Salah sahiji buktina, nepi ka kiwari masih kénéh kapanggih wawacanwawacan anu ditulis ku aksara Arab (Pégon) di pilemburan anu singkur. Eusina mangrupa da’wah Islamiyah. Mekarna wawacan di urang téh ngaliwatan sababaraha tahap. Dina tahap kahiji lalakon-lalakon wawacan tina sastra Jawa téh langsung disalin, henteu disundakeun, mangrupa naskah. Tahap kadua, témbong usaha narjamahkeun (nyalin) kana basa Sunda, sangkan eusina kaharti ku balaréa. Tahap katilu, lain narjamahkeun, 14

Pamekar D Diajar B A S A S U N D A Buku Tuturus Tut Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas XII

tapi nyipta carita-carita nu geus nyampak ti baheula dina wangun wawacan, saperti tina dongéng, hikayat, jeung babad. Tahap kaopat, sabada aya téknologi citak, wawacan anu tadina mangrupa naskah téh réa anu diterbitkeun mangrupa buku; dibarengan ku ciptaanciptaan alanyar, sarta wandana ogé anyar. Karya sastra wangun wawacan umumna ngabogaan unsur struktur nu maneuh, nyaéta manggalasastra (alofon), eusi, jeung panutup atawa kolofon. Manggalasastra (alofon) eusina sanduk-sanduk papalaku (ménta idin) ka Nu Maha Kawasa jeung ka karuhun, sarta ménta panghampura kana kahéngkéran nu nulis atawa nu nyusun éta wawacan. Panutup (kolofon) kauni dina akhir carita nu eusina titimangsa ditulis atawa disalinna éta wawacan, bari sakalian ménta panghampura nu nulis kana sagala katunaanana. Umumna nu nulis wawacan sok dépé-dépé tur ngarumasakeun. Geura ieu di handap kapidangkeun conto manggalasastra jeung kolofon wawacan. Manggalasastra: Kasmaran kaula muji, ka Gusti Ajawajala, nu murah ka mahluk kabéh, jeung muji utusanana, Kangjeng Nabi Muhammad, nyaéta Nabi panutup, miwah muji sahabatna (Wawacan Rengganis) Kolofon: Tamatna kaula ngarang Pukul tujuh malem Kemis di tanggal tujuh welasna, kaleresan bulan April, taun Kangjeng Masehi, saréwu dalapan ratus, jeung genep puluh dua, marengan hijrahna Nabi, saréwu dua ratus tujuh puluh dalapan (Wawacan Panji Wulung) Bab I PITUDUH HUSUS

15

Wawacan ditepikeun ku cara ditembangkeun ngagunakan sora anu tarik jeung ngelewung tarik pisan nu disebut beluk. Seni beluk biasana dipintonkeun dina acara salametan, upamana dina acara salametan orok, khitanan, gusaran, kawinan, jeung salamatan sabada panén. 4.

NGAGUAR EUSI WAWACAN NO

KAGIATAN Siswa dibagi jadi sababaraha kelompok. Tiap kelompok diwangun ku 4 urang. Siswa jeung kelompokna maca sempalan téks “Wawacan Babad Galuh” ASAL-USUL NGARAN KAWALI Pupuh Pangkur Nyai Ujung Sekarjingga, didangdanan beuteungna maké kawali, jiga nu reuneuh nyemplu, dicandak ka payunan, dibandingkeun calikna deukeut ka ratu, kocap Ajar Patih datang, geus aya payuneun gusti. Lajéng Ajar téh haturan, jisim abdi ngahaturkeun pangabakti, éta rupina sakitu, lajéng Ratu mariksa, éta naon geuning kawas rupa daun, pék Ki Ajar téh haturan, reundeu asal ti nu ngirim.

7.

Lamun kitu mah petana, manéh Ajar méré sérédan ka aing, Ratu beuki tambah bendu, manéh Ajar kawasa, cing seug taksir mangkéna ngajuru, ieu pamajikan urang, medal pameget ka istri. Ratu ngandika ka Ajar, ieu kasakit ku manéh kudu leungit, manéh anu nyieun kitu, Ajar henteu tarima, teu mupakat pada jalma ngieun kitu, wondéning kudu walaras, éta sagala panyakit. Sugan baé katarima, sembah puji ka Pangéran sajati, miwah kangjeng pararosul, ngan éta Nu kawasa, ngaleungitkeun kana sagalaning mahluk, nu aya di alam dunya, di lahir reujeung di batin. Ajar tuluy ngawalonan, nun sumuhun perkawis pariksa Gusti kumaha kersana ratu, menggah taksiran abdi mah, ari babar mangké éta Nyai Ujung, geus kantenan moal cidra, putrana éta lalaki. Ratu gancang ngabebenda, Ajar manéh téh henteu sayakti, ayeuna kudu dihukum, sababna hatur dora, lain reuneuh enya sotéh éta nyemplu, meunang kami ngadandanan, dititah ngandung kawali.

16

Pamekar D Diajar B A S A S U N D A Buku Tuturus Tut Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas XII

Tuluy Ajar seuseurian, heunteu pisan aya suker saeutik, kajeun teuing Ratu bendu, manéhna henteu susah, da geus tangtu éta kersana Yang Agung, moal beunang diowahan, budakna medal lalaki…. Pupuh Sinom Cing ayeuna geura buka, ku kami sing katingali, barang brak dibarukaan, kawali heunteu kapanggih, enggeus leungit tanpa lebih, kantun beuteung Ujung nyemplu, lajéng reuneuh sayaktosna, héran kabéh nu ningali, tambah-tambah ratu bendu sarta wirang. Éta kawali didupak, ku Ajar keur waktu tadi, saméméhna dibukaan, ku Ajar enggeus ditarik, ninggangna ka sisi cai, dina sakuloneun lembur, ngaranna téh Selapanjang, mana disebut Kawali mana éta kitu tina caritana. Tuluy Ajar dibuburak, ku Ratu dititah balik, barang Ajar enggeus pulang Ratu nimbalan ka Patih, éh Patih jeung paramantri, geuwat ku manéh sarusul, Ajar téh geura paéhan, cacag mangka bijil peujit, tuluy budal Patih reujeung balad-balad. Ajar kasusul di jalan, dirojong ku paramantri, dicacag ditarumbakan, tapi teu mental sahiji, keris tumbak reujeung bedil, kabéh éta mararintul, taya nu newek pisan, tuluy Ki Patih ngalahir, kersa Ratu Ajar kudu dipaéhan. Ditumbak kudu getihan, sarta kudu tijumpalik, éh kutan kitu kersana, sumangga baé Ki Patih, mana kitu engeus jangji, da kitu kersana Ratu, tuluy Ajar téh ditumbak, sarta barijilan getih, tapi éta getih téh hérang kacida. (Tina Galuring Sastra, yasana Budi RT)

NO

KAGIATAN

8.

Siswa dibagi jadi sababaraha kelompok. Tiap kelompok diwangun ku 4 urang. Siswa ngadiskusikeun struktur “Wawacan Babad Galuh”: 1. Néangan kekecapan nu teu dipikaharti 2. Medar guru wilangan jeung guru lagu pupuh sinom nu aya dina sempalan “Wawacan Babad Galuh” 3. Unsur-unsur intrinsik karya sastra (“Wawacan Babad Galuh) 4. Nyieun parafrase Bab I PITUDUH HUSUS

17

4.1.

MIHARTI KECAP

Kecap

Hartina Ngaran wadah Kawali sabangsaning pariuk (ngaran tempat di Ciamis) Babakti, mintonkeun Pangabakti kasatiaan ka dunungan

Kecap

Hartina

Ngabebenda Sayakti

Sakti (ngudag guru wilangan jadi sayakti)

Reundeu

Ngaran sabangsaning tutuwuhan anu sok dilalab Dora daunna

Lawang dina pager kampung atawa pager kebon

Sérédan

Sésa kadaharan

Suker

hésé

Medal

Bijil

Diowahan

Obah, robah

Cidra

Jalir jangji

Newek

Nubles

4.2.

NGALARAPKEUN KECAP DINA KALIMAH

KECAP Kawali Pangabakti Reundeu Sérédan Medal Cidra Ngabebenda Sayakti Dora Suker Diowahan Newek 4.3.

“Raja Pajajaran téh sayakti pilih tanding.”

“Balati nu ngagurilap téh newek kana jajantungna.”

PALANGGERAN PUPUH SINOM

Padalisan 1. 2. 3. 4. 18

KALIMAH “Kiki téh pituin urang Kawali.” “Sembah pangabakti téh utamana keur nu jadi kolot.” “Bi Awit keur meungkeutan daun reundeu.” “Ulah sok méré sérédan ka tatangga, bisi jadi piomongeun.” “Panon poé medal ti beulah wétan.” “Ulah cidra kana jangji, moal aya nu mercaya deui.”

Rumpaka Pupuh Cing ayeuna geura buka ku kami sing katingali barang brak dibarukaan kawali heunteu kapanggih

Pamekar D Diajar B A S A S U N D A Buku Tuturus Tut Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas XII

GW-GL 8-a 8-1 8-a 8-1

Padalisan 5. 6. 7. 8. 9. 4.4.

Rumpaka enggeus leungit tanpa lebih kantun beuteung Ujung nyemplu lajéng reuneuh sayaktosna héran kabéh nu ningali tambah-tambah ratu bendu sarta wirang

GW-GL 8-1 8-u 8-a 8-1 12-a

UNSUR-UNSUR INTRINSIK KARYA SASTRA DINA “WAWACAN BABAD GALUH”

UNSUR-UNSUR INTRINSIK KARYA SASTRA DINA “WAWACAN BABAD GALUH” Téma

Palaku

Kasaktén Ajar Patih

1. Nyai Ujung Sekarjingga 2. Ajar Patih 3. Patih 4. Raja

NO

9.

Galur

Maju

Setting Selapanjang Kawali Di jalan

Amanat Ulah nganggap énténg kana élmu anu dipiboga ku hiji jalma

KAGIATAN Siswa (wawakil kelompokna) dipiharep nyieun parafrase jeung nyaritakeun deui ku basa sorangan. Nyai Ujung Sekarjingga didangdanan, jeroeun bajuna, lebah beuteungna diteundeunan pendil (kawali) ngarah siga awéwé nu keu reuneuh, diukna dideukeutkeun ka raja. Teu lila ti harita Ajar Patih datang.Tuluy nyembah ka raja. Ku raja ditanya, naon anu dibawana. Ajar Patih ngajawab, yén manéhna mawa daun reundeu. Raja ngambek, asa dihina ku Ajar Patih. Satuluyna, raja nitah neguh anak anu baris dilahirkeun ku Nyai Ujung Sekarjingga sarta Ajar Patih kudu nyageurkeun panyakitna Nyai Ujung Sekarjingga. Ajar Patih nyarita ka raja yén anak nu bakal dilahirkeun ku Nyai Ujung Sekarjingga téh orok lalaki. Raja henteu percayaeun sabab reuneuhna Nyi Ujung Sekarjingga ukur rékaan. Tapi ku kasaktian Ajar patih, hal éta jadi kanyataan. Nyi Ujung Sekarjingga bener-bener reuneuh. Pariukna ilang, didupak Ki Ajar patih, ragrag di kuloneun lembur, nelah jadi Selapanjang. Bab I PITUDUH HUSUS

19

Raja kacida ambekna. Patih jeung paramantri karajaan dikeprik pikeun ngudag jeung maéhan Ajar Patih. Ajar Patih ditarumbak, dicacagan, tina sakujur awakna baloboran getih, tapi getihna bet hérang kacida. 4.6.

LATIHAN MAHAM MATÉRI WAWACAN

NO

10.

20

KAGIATAN Pilih salah sahiji jawaban nu dianggap pangbenerna! 1. Pilih pernyataan nu dianggap pangbenerna a. wawacan téh baheula mah ngabogaan kalungguhan anu penting b. wawacan mangrupa kasenian tradisional c. wawacan ditulis ku aksara Arab d. wawacan mangrupa karangan panjang anu ditulis dina wangun puisi pupuh 2. Jaman baheula, wawacan dipagelarkeun dina acara-acara saperti di handap ieu, iwal: a. saréngséna usum panén b. salametan orok c. kawinan d. matang puluh poé nu kapapaténan 3. Wawacan “Purnama Alam” mangrupakeun karangan: a. RH. Muhamad Musa b. R. Suriadiredja c. Agus Suriamiharja d. Abdullah Mustafa 4. Pupuh anu mindeng digunakeun dina wawacan diantarana nyaéta saperti di handap ieu, iwal: a. balakbak b. kinanti c. sinom d. dangdanggula 5. Struktur carita wawacan nyaéta saperti di handap ieu: a. bubuka, eusi, panutup b. manggalasastra (alofon), eusi, panutup (kolofon) c. kolofon, alofon, panutup d. bubuka, kolofon, manggalasastra

Pamekar D Diajar B A S A S U N D A Buku Tuturus Tut Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas XII

B.

PROSES PENILAIAN

1.

SIKAP SPIRITUAL Nama Peserta Didik : Kelas : Tanggal Pengamatan : Materi :

No. 1. 2.

3.

4.

5.

Keterangan

Berdoa sebelum dan sesudah melakukan sesuatu Mengucap syukur atas karunia Tuhan sesuai agamanya masingmasing Memberi salam sesudah dan sebelum berpendapat dalam presentasi sesuai ajaran agamanya masing-masing Mengucapkan asma keagungan Tuhan apabila melihat kebesaran Tuhan Menambah rasa keimanan akan keberadaan dan kebesaran tuhan saat mempelajari ilmu pengetahuan Jumlah Skor

Keterangan Baik sekali Baik Cukup Kurang 2.

Skor 4 3 2 1

Aspek Yang Diamati

: : 16-20 : 11-15 : 6-10 : 1-5

Keterangan : 4 : selalu 3 : sering 2 : kadang-kadang 1 : tidak pernah

SIKAP SOSIAL (jujur, disiplin, peduli dan santun)

2.1 Jujur Nama Peserta Didik : Kelas

:

Tanggal Pengamatan : Materi

: Bab I PITUDUH HUSUS

21

No. 1.

2.

3. 4. 5.

Aspek Yang Diamati

Skor 4 3 2 1

Keterangan

Tidak nyontek dalam melaksanakan ujian/ ulangan Tidak melakukan plagiat (mengambil/ menyalin karya orang lain tanpa menyebutkan sumber) dalam mengerjakan setiap tugas Mengemukakan perasaan terhadap sesuatu apa adanya Melaporkan data atau informasi apa adanya Mengakui kesalahan atau kekurangan yang dimiliki Jumlah Skor

2.2 Disiplin Nama Peserta Didik Kelas Tanggal Pengamatan Materi

: : : :

No.

Sikap Yang Diamati

1. 2. 3.

Masuk kelas tepat waktu Mengumpulkan tugas tepat waktu Memakai seragam sesuai tata tertib Tertib dalam mengikuti pembelajaran Tertib dalam mengikuti pembelajaran Mengikuti praktikum sesuai dengan langkah yang ditetapkan Membawa buku tulis sesuai mata Membawa buku téks mata pelajaran Jumlah Skor

4. 5. 6. 7. 8.

Keterangan Baik sekali Baik Cukup Kurang 22

: : 7-8 : 5-6 : 3-4 : 1-2

ya ya ya ya

Pamekar D Diajar B A S A S U N D A Buku Tuturus Tut Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas XII

Melakukan Ya Tidak

Keterangan

2.3. Peduli/Toleransi Nama Peserta Didik Kelas Tanggal Pengamatan Materi

: : : :

No.

Aspek Yang Diamati

1.

Menghormati pendapat teman Menghormati teman yang berbeda suku, agama, ras, budaya, dan gender Menerima kesepakatan meskipun berbeda dengan pendapatnya Menerima kekurangan orang lain Mememaafkan kesalahan orang lain Jumlah Skor

2. 3. 4. 5.

Keterangan Baik sekali Baik Cukup Kurang

: : 16-20 : 11-15 : 6-10 : 1-5

2.4. Santun Nama Peserta Didik Kelas Tanggal Pengamatan Materi

4

1.

Menghormati orang yang lebih tua Mengucapkan terima kasih setelah menerima bantuan orang lain Menggunakan bahasa santun saat menyampaikan pendapat Menggunakan bahasa santun saat mengkritik pendapat teman Bersikap 3S (salam, senyum, sapa) saat bertemu orang lain Jumlah Skor

4. 5.

Keterangan Baik sekali Baik Cukup Kurang

: : 16-20 : 11-15 : 6-10 : 1-5

Keterangan

: : : :

Aspek Yang Diamati

3.

1

Keterangan : 4 : selalu 3 : sering 2 : kadang-kadang 1 : tidak pernah

No.

2.

Skor 3 2

4

Skor 3 2

1

Keterangan

Keterangan : 4 : selalu 3 : sering 2 : kadang-kadang 1 : tidak pernah Bab I PITUDUH HUSUS

23

3.

PENILAIAN KOGNITIF

3.1 Tugas Individu ke-1 Aspek Kosa Kata (Kabeungharan Kecap) Nama Peserta Didik : Kelas : Materi : No.

24

Pamekar D Diajar B A S A S U N D A Buku Tuturus Tut Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas XII

P angajaran

2

CARITA PANTUN A.

NGIMEUTAN CARITA PANTUN NO

KAGIATAN

1.

Saméméh pangajaran dimimitian, aya hadéna peserta didik dikondisikeun pikeun saregep nyanghareupan pangajaran. Upamana baé ngaliwatan pernyataan: “Tos siap diajar Basa Sunda? Upami tos siap, mangga kaluarkeun buku basa Sunda sareng alat tulisna. Pikeun ngawangun karakter disiplin, guru mariksa jeung ngajak ngararapih pakéan seragam siswa. Sanggeus kondisi siswa katingal saregep, guru bisa ngamimitian muka pangajaran ku pertanyaan: “Tiasa IbuBapa ngawitan nerangkeun?”

2.

Guru nepikeun matéri pangajaran anu rék dipedar nyaéta “CARITA PANTUN”. Saméméh prak nepikeun matéri carita pantun, guru medar jeung ngahubungkeun jeung matéri anu geus dibahas (WAWACAN).

3.

Guru nepikeun tujuan pembelajaran anu baris dihontal sabada diajar matéri ngeunaan CARITA PANTUN.

4.

Guru midangkeun vidéo rekaman carita pantun Siswa maca teks carita pantun “Lutung Kasarung”

5.

(Rajah Pamuka) Bul kukus mendung ka manggung, ka manggung neda papayung, ka déwata neda suka, ka pohaci neda suci, kuring rék diajar ngidung, nya ngidung carita pantun, ngahudang carita wayang, nyilokakeun nyukcruk laku, nyukcruk laku nu bahayu,

Bab I PITUDUH HUSUS

25

mapay lampah nu baheula, lulurung tujuh ngabandung, kadalapan keur disorang, bisina nerus narutus, bisina narajang alas, da puguh galuring tutur, ngembat papatan carita, ti mendi papisinieun, ti mana pacaritaeun, teuteureuh ti kahiyangan, ditandéan cupu manik, cupu manik astagina, dituruban ku mandepun, diteundeun di jalan gedé, ditunda ku nu ngaliwat, ku nu weruh di semuna, ku nu terang bujaksana, ku nu rancagé di angen, dibuka patinghaleuang, nu ménta dilalakonkeun, cag! teundeun di handeuleum sium, tunda di hanjuang siang paranti nyokot ninggalkeun. Kacaturkeun aya hiji nagara, Nagara Pasir Batang Anu Girang. Nagara mahmur kerta raharja, gemah ripah loh jinawi. Rajana Prabu Ageung Tapa, praméswarina anu geulis Nitisuari. Geus lawas mangku kaprabon, ngaheuyeuk dayeuh ngolah nagara, kalawan adil tur wijaksana. Kangjeng Raja kagungan putra tujuh, putrana téh istri sadayana. Anu cikal jenenganana Purbararang, anu kadua Purbaéndah, anu katilu Purbadéwata.

26

Pamekar D Diajar B A S A S U N D A Buku Tuturus Tut Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas XII

anu kaopat Purbakancana anu kalima Purbamanik. Nu pangais bungsu Purbaleuwih. Ari bungsuna, Purbasari Ayu Wangi. Kangjeng Raja geus lawas mangku kaprabon, aya niat badé lirén tina kalungguhanana, badé teras ngabagawan nyirnakeun pikir. Lajeng badanten sareng praméswari, ngabadantenkeun pigentoseunana, jadi ratu di Nagara Pasirbatang Anu Girang. Duanana sapuk milih pigentoseunana, nyaéta si bungsu Purbasari Ayu Wangi. Énjingna Kangjeng Raja ngayakeun kempelan. Patih, paramantri, paraponggawa sami hadir. Hémpak sadayana pangagung di Paséban Agung. Rahayat karumpul ngariung di alun-alun. Pok Kangjeng Raja sasauran, nyarioskeun niatna, seja masrahkeun kaprabon lajeng ngabagawan. Ari anu ditunjuk janten gegentosna, nyaéta putri bungsu Purbasari Ayu Wangi. Kangjeng Raja teras jengkar ti karaton. Putrana anu cikal, Purbararang, kacida ambekna pédah teu kapilih jadi ratu. Boga rasa kalindih ku Purbasari. Purbasari dicarékan béak beresih, tuluy diboboréhan ku kéler nahun, awak jeung beungeutna jadi lestreng. Purbasari diusir ti karaton, disingkurkeun ka Gunung Cupu, dianteurkeun ku Paman Léngsér, disina cicing di saung butut sisi lamping. Kacaritakeun di Kahiyangan, Guru Minda putra Sunda Ambu, ngimpi patepung jeung putri geulis, rupana sasemu jeung Sunan Ambu. Jorojoy timbul rasa cintana ka éta putri, kadudut kalbu kapentang asmara.

Bab I PITUDUH HUSUS

27

Waktu riungan di paséban Kahiyangan, Guru Minda maling-maling neuteup Ibu, anu sasemu jeung putri dina impianana. Kalakuan Guru Minda dianggap salah. Guru Minda dititah indit ti Kahiyangan, sarta kudu ka Buana Pancatengah. Di dinya Guru Minda baris patepung jeung putri anu sasemu jeung Sunan Ambu. Guru Minda dibéré baju lutung, anu kudu dipaké di Buana Pancatengah. Ceuk Sunan Ambu, éta téh mangrupa jalan sangkan bisa papanggih jeung putri téa. Guru Minda turun ti Kahiyangan, nya anjog ka hiji leuweung geledegan, leuweung anu aya di Buana Pancatengah. Rap baju lutungna dipaké, jleg baé minda rupa jadi lutung. Lutung lain salutung-lutungna, tapi lutung anu kasarung ku lampahna. Nya disebut baé Lutung Kasarung. Urang caturkeun deui Nagara Pasirbatang. Purbararang anu ayeuna geus jeneng ratu, gawéna ngan sukan-sukan jeung curak-curak. Hiji mangsa, Ratu hayang daging lutung. Tuluy ngajurungan Paman Léngsér, nitah Aki Panyumpit ngala lutung. Lutung kudu kabawa pasosoré poé éta, lamun paménta Ratu teu kacumponan, Aki Panyumpit baris ditugel jangga, dihukum pati ku cara diteukteuk beuheung. Henteu talangké, Paman Léngsér indit, ngajugjug ka imah Aki Panyumpit. Kasampak Aki jeung Nini Panyumpit, keur araya di imahna, teu kamarana-mana. Barabat atuh Paman Léngsér cacarita, nyaritakeun pamundut Ratu Purbararang.

28

Pamekar D Diajar B A S A S U N D A Buku Tuturus Tut Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas XII

Pamundutna mah henteu sabaraha, ngan teuing ku beurat hukumanana, mun teu hasil baris ditugel jangga. Ku Aki Panyumpit disanggupan. Aki Panyumpit indit ka leuweung, mawa sumpit jeung paserna, nyoréndang koja si déngdék poé. Datang ka leuweung, teuing ku anéh, henteu manggih sasatoan hiji-hiji acan. Taya banténg, uncal, atawa mencek, malah taya landak-landak acan. Lutung anu biasana patinggurayang, harita mah teu kadéngé sora-sorana acan. Aki Panyumpit geus pegat pangharepan, mangkaning poé geus mimiti reupreupan. Keur kitu, dina hiji tangkal anu gedé, aya lutung keur diuk campego dina dahan. Aki Panyumpit bungahna kaliwat saking. Terus lutung disumpit, teu beunang. Disumpit deui sababaraha kali, lutung bisa pisan nyingcetkeun paserna. Paser hiji gé taya nu ngagaris-garis acan. Keur kitu, lutung téh ngomong, “Oah, Aki Panyumpit, montong nyumpit! Da kula mah moal kabur ieuh, arék nurut kana sakahayang Aki!” Aki Panyumpit kagét kabina-bina, ngadéngé lutung bisa ngomong. “Sukur, Utun, hayu atuh geura turun!” Jrut lutung turun tina tangkal, tuluy nyampeurkeun ka Aki Panyumpit. Aki Panyumpit leumpang gagancangan, sieun teu kaburu mawa lutung ka nagara. Lutung ngiclik nuturkeun Aki Panyumpit. Geus aya deui baé kajadian anu anéh. Sasatoan anu tadi aruweuh, araya deui. Bab I PITUDUH HUSUS

29

Aki Panyumpit kabéngbat ku moro. Meunang uncal sapasang jeung mencek. Diasupkeun kana koja si déngdék poé. Lat poho kana dawuhan Ratu, datang ka imah panonpoé geus surup. Isukna lutung kakara dibawa ka karaton. Aki Panyumpit sasadu ka Purbararang, bari nyaritakeun lalakonna meunang lutung. Aki Panyumpit dihampura ku Purbararang, henteu tulus dihukum ditugel jangga, sabab meunang lutung anu kacida gedéna. Malah sabalikna tina sangkaan, Aki Panyumpit dibéré rupa-rupa hadiah. Dibéré kuda dawuk ruyung jeung rarahabna, sarta dibéré batur lima kuren tamba keueung. Geus datang kana mangsana dipeuncit, lutung teuing ku giras, hésé ditéwakna. Dikepung ku jalma pirang-pirang, kalah luluncatan ngaruksak paparabotan. Eusi karaton burak-barik burakrakan. Lutung henteu jadi dipeuncitna. Ti dinya Purbararang nitah Paman Léngsér, nganteurkeun lutung ka Gunung Cupu, keur pibatureun putri bungsu Purbasari. Kocap lutung geus aya di Gunung Cupu, ngabaturan Purbasari anu keur prihatin. Lutung karunyaeun ningali kaayaan Purbasari. Awak hideung, papakéan rudin rudag-radig. Barangdahar sakapanggihna saaya-aya. Reup peuting, saré dina palupuh sabébék. Tapi sorotna béda, aya semu Sunan Ambu. “Boa-boa ieu putri dina impian téh, keur dipingit ditapakeun,” gerentes lutung. Reup peuting, lutung mapatkeun sirep. Lenggut Purbasari katarajang tunduh, les baé kulem teuing ku tibra. Lutung ngegédogkeun salira. Jleg baé ngajanggélék jadi Guru Minda.

30

Pamekar D Diajar B A S A S U N D A Buku Tuturus Tut Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas XII

Biur ngapung, jog anjog ka Kahiyangan. Wawartos ka Jeng Ibu Sunan Ambu, palay misalin putri Purbasari. Kapalayna ditedunan ku Sunan Ambu. Biur ngapung, jleg ka urut tadi, jadi deui lutung. Isuk-isuk Purbasari ngulisik, tuluy hudang. Kagét liwat saking ningali kaayaan anu béda. Saré dina katil emas, kasurna tujuh susun. Kamarna dipapaés emas berlian patinggurilap. Saung butut robah jadi istana murub mubyar. Pok Purbasari nyarita ka lutung, “Utun, urang aya di mana, kasasar ka mendi?” “Teu ka mana teu ka mendi, ieu mah pisalin lutung, ladang nyileuk sapeupeuting.” Purbasari dititah mandi di tampian istana anyar. Gejebur mandi, diruruan sakujur badan. Baranyay cahayaan, katémbong deui geulisna. Réngsé mandi, papakéanana ogé diganti, ku baju beunang nyadiakeun parabujangga, anu ditunda dina kandaga emas di balé kancana. Barang rap, nu geulis wuwuh murub-mubyar. Geulis kawanti-wanti, éndah kabina-bina. Lutung ngalingling ngadeuleu maling. “Geulis temen Putri Purbasari, geulis tanding widadari, semuna ngala ka Ambu.” Ibur salelembur, éar sajajagat, Di lamping Gunung Cupu aya istana agréng, cahayana ngempur munggah murub mubyar. Ahirna kaémpér-émpér ka karaton. Paman Léngsér diutus pikeun muguhkeun, sanggeus balik deui ka karaton hariweusweus, bébéja ka Purbararang yén éta téh istana Purbasari. Purbararang datang bedangna, bijil sirikna. Nyieun tarékah pikeun nganyenyeri Purbasari. Purbasari dititah ngabendung walungan, keur marak lebah Leuwi Baranangsiang. Éta bendungan kudu anggeus sapeuting, lamun teu cumpon Purbasari ditugel jangga. Bab I PITUDUH HUSUS

31

Ngadéngé paréntah kitu, Purbasari bati sedih. Datang peuting ngan ukur bisa gulang-guling. Lutung metakeun sirepna, Purbasari saré tibra. Lutung mujasmédi neneda ka Sunan Ambu, ménta sangkan Leuwi Baranangsiang dibendung. Isukna, isuk-isuk pisan sumebar béja, yén Leuwi Baranangsiang geus dibendung. Aya anu nepikeun éta béja ka karaton. Teu kungsi lila ti harita, Purbararang jeung adi-adina anu lima, arindit rék marak ka Leuwi Baranangsiang. Diiring ku méh sakabéh pangeusi karaton. Ditéma ku pirang-pirang rahayat, bari marawa pakakas pikeun marak. Datang ka Leuwi Baranangsiang, Léngsér nabeuh bendé tanda marak dimitian. Brus atuh jelema kabéh ancrub ka leuwi. Anu nyair, anu ngecrik, anu ngobéng ogé aya. Laukna rupa-rupa jeung teuing ku loba. Purbararang marak di nu caina linduk, ngahaja milih tempat anu sakira loba laukan. Ari Purbasari marak di girangeunana, marak sorangan teu campur jeung nu lian. Keur kitu lar aya nonoman kasép ngaliwat. Ngakukeun ngaran Guriang Kawung Luwuk. Padahal nu saéstuna éta nonoman téh Guru Minda anu teu maké baju lutungna. Purbararang bogoheun ka éta nonoman, tapi ku Sang Guriang ditolak sapajodogan. Malah terus nyampeurkeun ka Purbasari, marak paduduaan bari suka bungah. Lir nu ngahaja mapanas ka Purbararang. Purbararang panas haténa liwat saking. Tuluy nitah Purbasari diperih pati deui, dititah ngala banténg lilin suku gading. Mun teu bukti, ditugel jangga hukumanana. Ngadéngé paménta anu sakitu banggana, Purbasari ceurik asa diteungteuinganan.

32

Pamekar D Diajar B A S A S U N D A Buku Tuturus Tut Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas XII

Tapi teu burung indit ka leuweung, sosoranganan néangan banténg lilin. Banténg kapanggih ngadangong di sampalan, Purbasari ngayekyek sieun nénjo banténg. Keur kitu torojol aki-aki kundang iteuk. Ngakukeun ngaran Ki Kuwu Heubeul Isuk. Padahal saenyana Guru Minda anu nyamur. Purbasari ménta tulung pikeun néwak banténg. Banténg digupay ku Ki Kuwu Heubeul Isuk. Banténg nyampeurkeun, brek depa hareupeunana. Ki Kuwu ménta buuk Purbasari salambar, terus ditalikeun kana janggot banténg lilin, dipaké nungtun banténg minangka tambangna. Banténg lilin ditungtun ku Purbasari, nurut najan ditungtun ngan ku buuk salambar. Banténg dibawa ka jero dayeuh nagara. Jog ka alun-alun, banténg dicangcang di dinya. Dina tangkal caringin kurung juru alun-alun. Ti dinya Purbasari asup ka jero karaton, bébéja ka Purbararang yén paméntana katedunan, banténg lilin suku gading mata beureum, ngadungkuk sagedé saung buruk. Harita kénéh Purbararang indit ka alun-alun. Barang bréh ningali banténg ngarasa hémeng. Aya banténg teuing ku alus jeung gedé deuih. Purbarang nyampeurkeun banténg lilin, tapi banténg ujug-ujug lumpat ka karaton, tuluy ngamuk nubrukan sagala barang. Bereyek paraponggawa ngepung banténg. Tibatan beunang kalah ka loba nu kaleyek. Ti dinya banténg kabur asup ka leuweung. Purbararang beuki ambek baé ka Purbasari. Tuluy ngajak paalus-alus ngahuma. Lamun Purbasari éléh, baris dihukum pati. Purbararang ngahumana di tanah anu subur, parabotna lengkep jeung binihna loba. Bab I PITUDUH HUSUS

33

Ari Purbasari dititah ngahuma di tanah angar. Parabotna ngan saukur kujang buntung, ditambahan ku boboko buntung sahiji. Harita kénéh ogé Purbararang ngeprik rayat, pikeun kerja bakti ngamimitian ngahuma. Purbasari kalah ka bingung leuwih ti misti. Rék ngamimitian ngahuma, ti mana mimitina. Purbasari geus pasrah, narima kana takdir. Ari batur pakumahana ngan ukur lutung. Lutung mapatkeun sirep, reup Purbasari saré. Lutung morosotkeun baju lutungna, janggélék jadi Guru Minda anu kasép. Biur ngapung ngajugjug ka Kahiyangan, ménta pitulung ka Sunan Ambu. Paméntana ditedunan ku Sunan Ambu. Isukna, der Purbasari ngamimitian ngahuma, dibantuan ku parabujangga jeung pohaci. Tanah anu tadina angar lantaran cadas ngampar, dadak sakala robah jadi tanah anu léndo. Binihna binih petingan beunang ti Kahiyangan. Anu digarawé teuing ku gancang jeung tapis. Huma anu sakitu legana téh bisa réngsé sapoé. Paréna morontod sarta teu keuna ku hama. Barang tepi kana waktuna saémbara, anu dijadikeun patokanana téh hasilna. Jaksa anu baris méré pangajén geus sayaga, kitu deui sakumna rahayat nu rék nyaksian. Beubeunangan ngahuma Purbararang, henteu sabaraha lantaran loba nu hapa. Ari beubeunangan ngahuma Purbasari, ngahunyud jeung ranggeuyanana baleuneur. “Purbasari anu unggul!” ceuk Jaksa. Rayat surat ngageder tandaning panuju. Éléh ngahuma, Purbararang beuki panasaran. Terus ngajak pangeunah-ngeunah kaolahan. Purbararang ngeprik sakabéh juru masak, der ubyag marasak di dapur karaton.

34

Pamekar D Diajar B A S A S U N D A Buku Tuturus Tut Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas XII

Jelema pahibut di dapur tangka heurin usik. Tapi leuwih loba anu rék ngadon ngasaan, batan anu digawé nyieun kaolahanana. Ari Purbasari masakna di istanana baé, dibantuan ku Pohaci Wiru Mananggay. Datang kana mangsana saémbara, rupa-rupa kadaharan ngabarak di karaton. Sawatara urang anu ditunjuk jadi jaksa, mimiti ngasaan kaolahan beunang Purbararang. Rupa-rupa koméntarna, tapi kabéh taya nu alus. Ceuk ieu cawérang, ceuk itu kurang samara. Ceuk itu kurang uyah, ceuk ieu asin teuing. Ari kana kaolahan Purbasari, taya nyawad. “Nagara kawon!” ceuk jaksa ngagorowok. Rayat surak ambal-ambalan tandaning suka. Purbararang kalah beuki malik teu suka, tuluy ngajak paalus-alus samping beunang ninun. Samping Purbararang beunang ninun taun-taun, lobana tilu puluh teu kurang teu leuwih. Samping beunang ninun Purbasari, ngunung-ngunung lobana sawidak lima. Jaksa mariksa samping nu disaémbarakeun. Samping Purbasari leuwih panjang tur kerep. “Sinjang Purbasari leuwih alus!” ceuk jaksa. Rayat émprak patarik-tarik tandaning sapuk. Dasar bedang henteu kapalang, Purbararang ngajak paalus-alus awak. Dua putri nangtung di papanggungan, disaksian ku jaksa jeung sakumna rayat. Jaksa kolot nyureng bari ngahuleng, wuwuh bingung nangtukeun piunggulna. “Geulis sarua geulisna, lenjang sarua lenjangna. Tapi lamun diawas-awas, diilik-ilik masing telik, Purbararang awakna rada bongkok méongeun!” “Hurséééh, Purbasari unggul!” rahayat surak. Bab I PITUDUH HUSUS

35

Purbararang ambekna lain kaulinan, terus ngajak pakasép-kasép kabogoh. Purbararang ngasongkeun kabogohna, Indra Jaya satria kasép ngalémpéréng konéng. Ari Purbasari ngan ukur bisa merebey mili. Salila ieu batur keueungna ngan ukur lutung. Éta anu ku Purbararang dianggap kabogohna. Purbasari éléh, sakumna rayat milu nalangsa. Purbasari geus pasrah rék ditugel jangga. Logojo geus rék ngaheumbatkeun gobang. Keur kitu, lutung ngagédogkeun awakna. Porosot baju lutung ngalumbuk lebah sukuna. Janggélék jadi Guru Minda ti Kahiyangan. Kabéh anu nénjo colohok mata simeuteun. Galécok ngomong jeung padabaturna. Satria ti mana, lalaki ti mendi? Kakasépanana teu nyésakeun keur batur! Guru Minda ngakukeun kabogoh Purbasari, henteu kudu dijaksaan deui, da kabéh geus tingali, kasépna ngaleuwihan ka Indra Jaya. Rayat anu keur carolohok gancang sarurak, “Hurséééh, Purbasari unggul, Purbararang éléh!” Minangka hadiahna, Purbasari ngadeg raja, ari Purbararang kudu daék ditugel jangga. Purbararang ceurik bari nyembah acong-congan. “Adi, neda hirup,” Purbararang ngageuri. Rahayat saalun-alun, ngageder patingjorowok. “Hutang nyeri bayar nyeri, hutang lara bayar lara!” Tapi, dasar Purbasari gedé hampura welas asih, Purbararang dihampura, teu tulus dihukum pati. Kilang kitu, ari dihampura pisan henteu, sabab pagawéan goréng kudu baé aya wawalesna. Purbararang dijadikeun purah ninun unggal poé, Purbaéndah dijadikeun purah ngantéh, Purbadéwata purah ngarumat seupaheun, Purbakancana purah ngarumat goah jeung leuit, Purbamanik ngejejeman urang dapur.

36

Pamekar D Diajar B A S A S U N D A Buku Tuturus Tut Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas XII

Ari Purbaleuwih, anu sok ngabéla Purbasari, dikawinkeun ka Ki Bagus Lembu Halang, nu jadi patih di Pasir Batang Anu Girang. Di luar karaton, Indra Jaya ngamuk, bari sosoak nangtang gelut ka Guru Minda. Guru Minda nangtung, dihalangan ku Ki Patih. Ki Bagus Lembu Halang maju ka pakalangan, teu sakara-kara Indra Jaya taluk ku sageprakan. Indra Jaya ménta hirup, basana rék kumawula. Indra Jaya dihampura ku Ki Patih, dijadikeun tukang ngarit jeung ngajaga kuda. Ayeuna anu ngaheuyeuk Pasirbatang geus merenah, kaprabon geus kacangking ku nu boga hakna. (Rajah Panutup) Puun Sapuuuun Hyang Prabu Wastu Pangampura anu diseja Boh bisi langkung nya saur Boh bisi bahé nya carék Kami ngan darma mitutur Lalakon di lalakonkeun Puun Sapuuuun Hyang Suwargi Sang Lumahing Nusa Larang Sing langgeng di kasucian Lumanggeng di Kahyangan Ngahiji jeung Maha Suci Nya Hyang Seda Niskala Puuuun Sapuuuuuuuuuuuuun. http://qwastu.blogspot.com/

NO 6.

KAGIATAN Siswa niténan téks carita pantun anu dibacana

Bab I PITUDUH HUSUS

37

2.

NGAWANGUN KONTEKS PANGAJARAN CARITA PANTUN NGALIWATAN PERTANYAAN

2.1 MIKAWANOH CARITA PANTUN NO

KAGIATAN

7.

Sabada siswa niténan téks wawacan, kalayan dituyun guru siswa nyieun pertanyaan nu patali jeung matéri carita pantun. 1. Pada (bait) anu mana waé nu nuduhkeun bagian bubuka carita pantun “Lutung Kasarung” dimimitian? Tuliskeun awal kalimahna (padalisan nu mimiti)!

8.

2. Pada (bait) anu mana nu nuduhkeun galur carita pantun “Lutung Kasarung” dimimitian? Tuliskeun awal kalimahna (padalisan nu mimiti)!

9.

3. Pada (bait) nu mana nu nuduhkeun bagian panutup carita pantun “Lutung Kasarung” dimimitian? Tuliskeun awal kalimahna (padalisan nu mimiti)! 4. Niténan pertanyaan nomer 1 -3, bisa dicindekkeun yén struktur carita pantun téh kabagi jadi 3 bagian, nyaéta: - rajah pamuka - eusi (déskripsi, narasi, dialog, monolog) - rajah panutup (pamunah) 5. Kekecapan naon baé nu kapanggih ku hidep dina pada kahiji? 6. Naon eusi pada kahiji? 7. Satuluyna, pikeun ngeuyeuban pangaweruhna, siswa diwanohkeun kana sasaruan kecap (sinonim) Dina wacana Lutung Kasarung di luhur aya kalimah unina: Geus datang kana mangsana dipeuncit, lutung teuing ku giras, hésé ditéwakna Kecap giras hartina dibasakeun ka sasatoan anu ngajauhan sabab sieun ditéwak.

9.

38

Pikeun mikawanoh kecap sasaruaan (sinonim), ieu di handap kapidangkeun kalimah anu kecapna ditulis di antara tanda kurung nu saharti jeung kecap-kecap anu dicitakna dicodongkeun! Pék geura titénan sing nepi ka kacangkem!

Pamekar D Diajar B A S A S U N D A Buku Tuturus Tut Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas XII

1. Dudi mah lamun ulin téh jarambah. (sok aprak-aprakan jauh) 2. Duit nu lobana Rp. 13 juta keur meuli motor téh geus kacongcay Rp. 5 juta dipaké heula keur mayar sakola. (ngurangan, kacocéng). 3. Geus sababaraha poé Nandang ngulincer baé nyiar duit, tapi weléh teu aya nu méré nginjeum, (nguriling, ngider) 4. Gina téh ti keur leutik kénéh dikukut ku bibina, lantaran bibina can kabiruyungan boga budak. (waktu) 5. Horéam rék ngajak Si Mardud ka réstoran téh, tuda manéhna mah lamun dahar téh gembul pisan. (tara seubeuh ku dua piring) 6. Ka jalma nu belengong téh loba nu teu raresepeun. (teu nyaho tatakrama) 7. Kacaturkeun dina hiji poé Nini Ijot indit ka dayeuh maksudna rék meuli baju “longdress”. (kacaritakeun) 8. Si Nurdin mah kebluk (ari hudang téh geus beurang), béda pisan jeung adina mah goréjag (ari hudangna téh isuk-isuk pisan) 9. Edi mah ari boga naon-naon téh ngan hayang nukeurkeun atawa ngajual baé (bosenan) 10. Karunya ku Si Mémét, koré, padahal umur geus aya welasna taun. (awakna leutik baé) 3.

NGAÉKSPLORASI (NGUMPULKEUN INFORMASI) NO

KAGIATAN

10.

Siswa narima jeung ngumpulkeun informasi ti sababaraha sumber ngaliwatan niténan deui, maca deui, conto-conto carita pantun jeung matéri pelajaran carita pantun ti buku sumber, informasi ti guru jeung babaturan sakelas.

11.

Ngaguar Carita Pantun Carita pantun atawa lalakon pantun nya éta carita rékaan anu anu dilalakonkeun ku juru pantun dina pagelaran ruatan (ritual) anu disebut mantun. Mantun biasa dipirig ku kacapi sarta biasana dihaleuangkeun. Carita pantun biasana dipagelarkeun sapeuting jeput nepi ka tutug téh, dimimitian ti bada isa. Ukuran carita pantun umumna paranjang. Malah aya lalakon nu kakara tamat ku tilu peuting, saperti lalakon Badak Pamalang. Dumasar kana mediana, carita pantun gelar dina lisan, sarta ngandung hal-hal anu méré kesan pamohalan. Bab I PITUDUH HUSUS

39

Carita pantun téh kaasup sastra lisan. Turun tumuruna jeung sumebarna tatalépa ku cara lisan. Munasabah upama dina kamekaranana timbul sababaraha versi. Aya pantun Bogor, aya pantun Priangan, jeung sajabana. Upama nilik kana eusina, carita pantun téh umumna ngabogaan pola nu sarua nya éta ngalalakonkeun lalampahan raja-raja atawa satria teureuh Prabu Siliwangi, Raja Pajajaran, anu keur ngalegaan nagara anyar, atawa néangan pipamajikaneun. Ari pola jalan carita pantun umumna téh kieu: Satria ngalalana, upamana baé lantaran néangan putri pipraméswarieun. Sapanjang ngalalana, loba kajadian anu karandapan, saperti peperangan jeung musuh. Ahirna satria Pajajaran téh unggul perangna, tuluy ngadahup ka putri, sarta ngadeg raja. Nilik kana alur caritana, aya dua golongan, nya éta galur leunjeuran jeung galur simpay. Galur leunjeuran nya éta galur carita nu ngaleunjeur, lempeng. Kapanggihna tina nitenan ruruntuyan kajadian dina unggal épisodeuna. Dina pungkasan caritana, anu ngalalakon téh henteu kacatur mulang deui ka nagara asalna. Sabada ngéléhkeun sababaraha nagara téh tuluy tumetep ngaheuyeuk nagara patulukan nu pangahirna. Dina galur simpay, palaku utama téh ahirna bisa mulang deui ka nagara asalna sanggeus ngalalana meunang rupa-rupa dodoja, cocoba, sarta pribadina beuki punjul. Lalakon pantun nu kaasup golongan galur simpay téh henteu réa. Contona: pantun Ciung Wanara, Lutung Kasarung, jeung Mundinglaya di Kusumah. Numutkeun Iskandarwassid kénéh, lalakon pantun anu leunjeuran caritana galur simpay téh, umurna leuwih kahot (batan anu caritana galur leunjeuran) Upama nilik kana wangunna, carita pantun téh mangrupa wangun ugeran (puisi). Di jerona diwangun ku sababaraha bagian; aya bagian rajah, bagian déskripsi, bagian narasi, dialog jeung monolog jeung rajah panutup/pamunah. a. Rajah Bagian rajah téh biasana sok ditembangkeun ku juru pantun saméméh mangkat carita. Eusi rajah mangrupa sanduk-sanduk ka karuhun lantaran rék ngamimitian mantun. Sanduk-sanduk téh hartina menta idin, menta pangraksa jeung pangriksa ti nu ngageugeuh éta lembur sangkan saralamet. Menta kasalamétan téh lain keur nu dipangmantunkeun baé tapi kaasup nu mantun jeung nu lalajo éta pantun. 40

Pamekar D Diajar B A S A S U N D A Buku Tuturus Tut Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas XII

Nilik eusina, rajah téh lain mangrupa bagian tina carita. Tapi sanajan kitu, mangrupa bagian penting dina pantun. Rajah mangrupa salah sahiji ciri utama anu ngabédakeun carita pantun jeung seni (sastra) séjénna. Nu matak pantes upama aya nu nyarita, lain ti pantun upama euweuh rajahan. Rajah téh salilana aya di bagian awal carita pantun. Aya nu panjang, aya nu pondok deuih. Panjang-pondokna rajah jeung bédabédana rajah henteu gumantung kana carita nu dilalakonkeunana, tapi leuwih gumantung ka juru pantunna. Sanajan caritana béda, upama dilalakonkeun ku juru pantun anu sarua, bisa jadi rajahna ogé henteu béda. Conto rajah dina carita pantun Lutung Kasarung: Bul kukus mendung ka manggung, ka manggung neda papayung, ka déwatan neda suka, ka pohaci neda suci, kuring rék diajar ngidung, nya ngidung carita pantun, ngahudang carita wayang, nyilokakeun nyukcruk laku, nyukcruk laku nu bahayu, mapay lampah nu baheula, lulurung tujuh ngabandung, kadalapan keur disorang, bisina nerus narutus, bisina narajang alas, da puguh galuring tutur, ngembat papatan carita, ti mendi papisinieun, ti mana pacaritaeun, teuteureuh ti kahiyangan, ditandéan cupu manik, cupu manik astagina, dituruban ku mandepun, diteundeun di jalan gedé, ditunda ku nu ngaliwat, ku nu weruh di semuna, Bab I PITUDUH HUSUS

41

ku nu terang bujaksana, ku nu rancagé di angen, dibuka patinghaleuang, nu ménta dilalakonkeun, cag! teundeun di handeuleum sium, tunda di hanjuang siang, paranti nyokot ninggalkeun. (Dicutat tina Panca Warna IIA) b. Narasi Bagian narasi atawa nyaritakeun, ditepikeun dina mangsa juru pantun nyambungkeun hiji kajadian kana kajadian saterusna. Béda jeung rajah katut kajadian déskripsi (papantunan), lebah bagian narasi mah henteu ditembangkeun. Tapi sanajan kitu angger baé dipirig ku kacapi najan ukur digalantangkeun baé ogé. Conto narasi dina pantun Lutung Kasarung : Caturkeun ratu di manggung, carita di kahyangan. Guru Minda kahyangan, anak déwata cikalna, titisan Guru Hyang Tunggal, seuweu batara di langit, ngabujangga di paradéwata, kasép taya papadana, keur meujeuhkeun teguh cangcut. Tuluy ngimpi kagungan bébéné, sarupa jeung sunan Ambu; ngalingling ngadeuleu maling. Enggeus nganggo raksukan, salin jenengan kana Lutung Kasarung; kasarung ku sadulur, kasimpang ku barayana. Cedok nyembah, indit ngusap birit, angkat ngusap sinjang, bisi kawiwirangan keur ngawula c. Déskripsi Bagian déskripsi nya éta bagian anu ngagambarkeun tingkah paripolah hiji tokoh carita dina hiji kajadian, saperti putri dangdan, Léngsér lumpat, satria perang, satria ngapung, hayam diadu jeung sajabana. Salian ti éta ogé bagian déskripsi téh ngagambarkeun ogé pangrasa haté saperti sedih, ngangres, ngenes, ambek, hareneg, jeung sajabana; sarta ngagambarkeun hiji kaayaan. Bagian déskripsi sok dihaleuangkeun ku juru pantun, nu matak sok disebut ogé papantunan. Kaasup bagian nu pikaresepeun, lantaran umumna juru pantun ngagunakeun gaya basa babandingan anu lucu tur karikatural pikeun ngagambarkeun kajadian atawa kaayaanana. 42

Pamekar D Diajar B A S A S U N D A Buku Tuturus Tut Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas XII

Conto déskripsi dina pantun Lutung Kasarung, ngagambarkeun kaayaan Purbasari sanggeus diboréhan kéler nahun ku Purbararang: Ludak-lédok diboréhan, lain teu wuni boboréh, dipulasan keler nahun, nu geulis ngadadak goréng, hideung batan wadah teuleum, bangbang awak batan gagak, ngan sorotna henteu leungit, sasemu kénéh jeung Ambu, pakéan jiga kiramay, karémbong saburubutan, salindang sariga rambang, dibahan boboko buntung, bawaeun lingging di gunung. Deskripsi anu ngagambarkeun satria dangdan: Toroptopan tereptepan, sacokot-cokotna meunang, sabeulit mahi sagolék pangkék, sacangkreud pageuh, nyigihkeun calana panji, sabuk dantun tali anyar, keris buat mantalan sari, gogodongna si julang anom, disorén tungtungna baé, kekewér dicindé kembang, panjangna sadeupa minder, susumping kembang jayanti d. Dialog Bagian dialog atawa paguneman nya éta paguneman antara parapalakuna. Sakumaha umumna dina karya sastra lianna, dialog téh di antarana pikeun ngagambarkeun watek atawa karakter palaku, ngalancarkeun jalan carita, sarta nepikeun gagasan-gagasan. Bab I PITUDUH HUSUS

43

Contona: Paguneman antara Purbararang jeung Purbasari dina pantun Lutung Kasarung: “Adi, sia hayang hirup ta henteu?” “ Tétéh, teu kangkat, teu ngalangkungan mapalang. Mana hirup ku Gustina, mana mawas ku Sang Widi, waluya ti kawasana, teu beunang dipaké kahayang kaembung; ing hale kari kumaha pangersakeun jeneng Si Tétéh” “ Lamun sia hayang awét hirup, di ditu pienggoneun sia, di Gunung Cupu Mandala Ayu, mandala kasawitan di hulu dayeuh.” Paguneman Purbararang jeung Léngsér “ Aéh, Mama Léngsér, bagéa teuing, iraha dongkap?” Tembalna Mama Léngsér “ Jagong carang, Ratu Emas!” “ Jadi Mama Léngsér téh kakara hol? Atuh sukur, Mama Léngsér boa tos noong heula?” “ Aduh Ratu Emas, ulah tadah-tuduh kanu puguh, ulah ngangaranan ka nu enya, palias teuing lamun teu tas noong” “ Nya sukur Mama Léngsér, lamun teu tas noong mah. Tapi lamun tas noong, ulah pupulih ka batur, ulah cacarita ka tatangga, ari uar-uar mah kajeun” e. Monolog Monolog téh nyarita sorangan atawa nyarita dina jero haté. Contona monolog Lutung Kasarung dina pantun Lutung Kasarung. “Karunya teuing ku Aki Panyumpit, gila ku ruksak, dideuleu pakuwon, jeg lain enggon jalma. Rék neneda ka Sunan Ambu, ka Ambu neda pituwuh, ka Rama neda papahat, muga tulus nya pangjurung, muga laksana pangjiad; rék misalin Aki Panyumpit, peuting ieu” (f) Rajah Panutup Pun sapun ka Maha Agung Ka Gusti Nu Welas Asih Gusti pamuntangan beurang Gusti pamantengan peuting Sajatining pati hurip Sajatining kasucian 44

Pamekar D Diajar B A S A S U N D A Buku Tuturus Tut Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas XII

Pun sapun Awignam Astu Paralun ka Budeur Awun Ka Rumuhun ka Karuhun Sunda Salaka wiwitan Sunda Sembawa munggaran Sunda Pakuan angkeuhan Pun sapun ngala deuk menta Seja amit kami mipit Ka sakumna lelembutan Nu narindak teu narapak Nu nyoara tan rupana Muga hurip napsi-napsi Pun sapun ngungkab mandepun Saksi tulis daun nipah Carita Parahiyangan Gurit tambaga lalayang Gurit saksi batu tulis Tamperkeun saripatina Pun sapun nyarungsum galur Siksakandang Karesian Kacaangan kahibaran Ku Pustaka Wangsakerta Muga jembar nya panalar Balungbang baranang siang Pun sapun… Ampun paralun… http://babhikmah-sofyan.blogspot.com/2011/02/rajahpamunah.html

Bab I PITUDUH HUSUS

45

4.

MAHAM STRUKTUR CARITA PANTUN NO 12.

KAGIATAN Kalayan diaping ku guru ngaliwatan kagiatan kerja kelompok pikeun ngumpulkeun tiori anu kapanggih dina matéri carita pantun. Siswa dibimbing ngaanalisis struktur carita pantun, rajah, jeung papantunan tina pertanyaan nu geus dirumuskeun di awal pangajaran. Pertanyaan nu dimunculkeun di antarana: 1. Naon ari carita pantun? 2. Kumaha struktur carita pantun? 3. Naon fungsi rajah? 4. Tuliskeun conto rajah pamuka! 5. Tuliskeun conto rajah panutup (pamunah)! 6. Nu kumaha ari papantunan? 7. Waditra naon anu dupaké mirig pidangan carita pantun? 8. Saha anu nepikeun carita pantun? Siswa narima “umpan balik” ti guru jeung babaturan sakelasna ngeunaan matéri anu disawalakeun dina kagiatan diskusi.

4.1.

KACINDEKAN HASIL DISKUSI (UMPAN BALIK)

NO

KAGIATAN 1.

13.

46

Naon ari carita pantun? Carita pantun atawa lalakon pantun nya éta carita rékaan dina wangun ugeran (puisi) anu anu dilalakonkeun ku juru pantun dina pagelaran ruatan (ritual) anu disebut mantun. 2. Kumaha struktur carita pantun? Struktur carita pantun diwangun ku sababaraha bagian; aya bagian rajah, bagian déskripsi, bagian narasi, dialog jeung monolog jeung rajah panutup/pamunah. 3. Naon fungsi rajah? Pikeun sanduk-sanduk ka karuhun lantaran rék ngamimitian mantun 4. Tuliskeun conto rajah pamuka! Bul kukus mendung ka manggung, ka manggung neda papayung, ka déwatan neda suka, ka pohaci neda suci,

Pamekar D Diajar B A S A S U N D A Buku Tuturus Tut Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas XII

kuring rék diajar ngidung, nya ngidung carita pantun, ngahudang carita wayang, nyilokakeun nyukcruk laku, nyukcruk laku nu bahayu, mapay lampah nu baheula, lulurung tujuh ngabandung, kadalapan keur disorang, bisina nerus narutus, bisina narajang alas, da puguh galuring tutur, ngembat papatan carita, ti mendi papisinieun, ti mana pacaritaeun, teuteureuh ti kahiyangan, ditandéan cupu manik, cupu manik astagina, dituruban ku mandepun, diteundeun di jalan gedé, ditunda ku nu ngaliwat, ku nu weruh di semuna, ku nu terang bujaksana, ku nu rancagé di angen, dibuka patinghaleuang, nu ménta dilalakonkeun, cag! teundeun di handeuleum sium, tunda di hanjuang siang, paranti nyokot ninggalkeun. 5. Tuliskeun conto rajah panutup (pamunah)! 6. Nu kumaha ari papantunan? Haleuang Ki Juru pantun upama ngadéskripsikeun atawa ngagambarkeun tingkah paripolah hiji tokoh carita dina hiji kajadian, saperti putri dangdan, Léngsér lumpat, satria perang, satria ngapung, hayam diadu 7. Waditra naon anu dupaké mirig pidangan carita pantun? Kacapi 8. Saha anu nepikeun carita pantun? Ki Juru Pantun Bab I PITUDUH HUSUS

47

13.

4.2

Sabada konsép struktur carita pantun bisa kacangkem ku siswa, guru nepikeun deui conto carita pantun séjénna. Ngaliwatan diskusi kelompok, siswa dipiharep wanoh tur maham kana unsur-unsur intrinsik karya sastra carita pantun

UNSUR-UNSUR INTRINSIK KARYA SASTRA DINA CARITA PANTUN

NO

KAGIATAN Siswa dibagi téks naskah carita pantun “Ciung Wanara”. Siswa niténan téks naskah carita pantun “Ciung Wanara”. Siswa nganalisis téks naskah carita pantun “Ciung Wanara”. Siswa ngalaksanakeun diskusi kelas kalayan apingan guru.

14.

48

CARITA PANTUN “CIUNG WANARA” CIUNG Wanara téh saenyana putra raja Galih Pakuan. Ngan ti leuleutik dirorok ku Aki Balangantrang jeung Nini Balangantrang. Ciung Wanara téh teu apaleun yén anjeunna putra raja. Disangkana indungbapana téh Nini jeung Aki Balangantrang wé. Ngan dasar aya terah sanajan dididik ku nini-nini jeung aki-aki bari di kampung, béda pasipatanana jeung barudak-barudak kampung séjénna. Leutik kénéh gé geus ngawasa rupa-rupa élmu nu biasana mah nu karitu téh dicekel ku jalma déwasa. Ari karesep Ciung Wanara harita ngukut jeung ngadu hayam. Nu matak barang ngadéngé béja cenah raja Galih Pakuan gé kasenengna kana ngadu hayam. Cita-cita Ciung Wanara hayang ngéléhkeun hayam kagungan raja. Ceuk pikiranana hadé goréngna hayam mah gumantung kana turunan jeung pamiaraan. Sanajan hayam raja, ari goréng turunan atawa pamiaraan mah moal bisa ngéléhkeun ka hayam manéhna. Dina hiji waktu Ciung Wanara nyarita ka Nini jeung Aki Balangantrang yén manéhna rék indit ka nagara Galih Pakuan. Komo wé nini-nini jeung aki-aki téh barang mimiti ngadéngé caritaan Ciung Wanara kitu, rareuwaseun pisan. Tapi teu aya alesan keur nyarék. Komo mun seug nilik jalugjugna awak Ciung Wanara nu geus rék nincak déwasa, pantes mun hayang indit pikeun nyiar luang pangalaman ka dayeuh téh. Leuwih ti kitu, Aki jeung Nini Balangantrang nu apaleun pisan, saha ari Ciung Wanara téh, dina pikirna ieu lalaki lalanang jagat téh tangtu baris ngukir sajarah.

Pamekar D Diajar B A S A S U N D A Buku Tuturus Tut Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas XII

Kacaritakeun dina waktu nu geus ditangtukeun jung baé Ciung Wanara téh indit kadua hayam jago.Waktu nyorang lembur-lembur matak guyur, sabab ceuk mojang-mojang kakaraeun teuing nempo satria kasép ngalémpéréng konéng ngaliwat, hanjakal ngan saliwat. Para pamuda gé garogedeg ceuk ieu saha ceuk itu saha.Waktu aya nu ngabéjaan yén éta téh anak Nini jeung Aki Balangantrang kalah beuki kacida garogedegna. Keur meujeuhna panas poé mentrang-mentring Ciung Wanara nepi ka luareun lawang sakéténg nyaéta lawang paranti asup ka jero dayeuh. Di dinya anjeunna ngareureuhkeun capé heula di handapeun tangkal kai. Karinget ngucur ti sakuliah badanna, ni’mateun pisan katebak ku angin ngahiliwir. Bari diuk manéhna nempo lawang sakéténg dijaga ku jelema duaan jarangkung gedé bari marawa tumbak jeung nyorén gobang. Ceuk pikiranana kumaha bisana asup ari dijaga kitu mah, mangkaning teu boga duit. Sabab sakur nu asup ka dinya kudu mayar. Ngan kabeneran nu jaraga téh sok luas-léos. Sabot bongoh kitu sup Ciung Wanara asup. Barang geus di jero dayeuh, jelema-jelema karagéteun, nempo pamuda nu sakitu kasépna. Harita Ciung Wanara aya nu ngaku ku hiji randa beunghar. Waktu ditanya ngaran jeung lembur, Ciung Wanara ngajawab terus terang. “Ari Ujang ka dieu téh rék naon?” Nyi Randa nanya deui. “Hoyong ngadu hayam sareng kagungan Kangjeng Raja!” jawabna tenang. ”Is, na ari Ujang, asa lalawora teuing! Boga naon kitu keur tumpangna?” “Aya wé.” “Ayeuna mah tong waka jeung nu raja, jeung nu bibi wé heulaanan! Da bibi gé boga hayam adu mah!” “Mangga, ngan upami sareng nu bibi mah moal tumpangan.” Kacaritakeun geprak wé hayam Ciung Wanara diadukeun jeung hayam Nyi Randa beunghar. Da ngan sakali ngabintih hayam Nyi Randa ngagolér. Jelema-jelema nu nyaraksian ramé surak. Aya ogé nu ngomong, “Héran déwék mah euy! Hayam turundul kitu maké meunang!” Isukna Ciung Wanara kaluar ti tempat panyirurukanana nyaéta imah Nyi Randa téa. Waktu ulin ka alun-alun lar patih Purawesi jeung Puragading bébénténg nagara Galih Pakuan angkat sareng. Jaman harita téa upama aya pangagung angkat, jelema-jelema nu nempo téh kudu brek caringogo bari tungkul. Upama teu kitu dianggap teu sopan, pasti bakal meunang hukuman. Bab I PITUDUH HUSUS

49

Sanajan teu nyaho gé nu duaan éta patih, nilik dedeg-pangadegna, saha nu teu sieun. Geus puguh awakna jarangkung gedé, kumis baplang jeung godégan, maké iket barangbang semplak nepi ka buukna sakitu panjangna papuket kabeungkeut iket. Awakna teu maké baju nepi ka atra bulu kélékna jabrig, dadana buluan. Ka handap maké calana sontog maké beubeur sagedé tampah, Duanana pada nyorén gobang ngangsar ampir antel kana taneuh. Upama ngarérét ka nu ngahormat, burileng panonna nu sagedé jéngkol téh hirup kawas rék kék waé ngerewes. Ari Ciung Wanara aya nu ngabéjaan yén éta téh patih, ngadon solongkrong nyampeurkeun. Duka kituna téh pédah didikan Aki jeung Nini Balangantrang nu ngajarkeun hakékat jelema mah taya bédana da sarua damelan Nu Maha Kawasa. Malah dina basa gé ka ieu-ieu sarua taya adab taya kasar. Atawa pangna wani nyampeurkeun patih téh perbawa sipatna nu teuneung. Tapi nu pasti mah berekah didikan jeung sipat! Waktu Ciung Wanara nyampeurkeun ka patih mah papakéanana lain nu biasa, tapi diganti ku nu goréng. Malah teu maké baju-baju acan, beuteungna ngahaja dibucitreuk-bucitreukkeun, beungeutna camérong dikotoran leutak. Barang solongkrong ka patih, nu disampeurkeun nanya sorana mani tarik semu peura, “Rék naon sia budak buncir nyampeurkeun ka kami?” Ceuk Ciung Wanara bolostrong bari teu kireum-kireum, “Hayang ngadu hayam jeung nu Kangjeng Patih!” “Hah siah wawanianan! Boga hayam turundul kitu wani ngadu jeung nu aing! Sakali ngabintih gé hayam sia paéh!” Patih Purawesi sasauranana kitu bari bendu sabab asa dihina ku budak buncir. “Nyobaan wé!” ceuk budak buncir téh. “Heug! Tapi naon tumpangna?”saur Patih Puragading. “Teu boga da kami mah tara tumpangan!” cék budak buncir. “Aéh-aéh siah!” saur Patih Purawesi, “Kieu wé atuh! Lamun hayam sia éléh, sia ku kami digebug sapuluh kali Ku gegendir ieu! Wani henteu?” “Wani! Ngan upama hayam patih nu éléh naon tumpangna?” “Moal éléh hayam kami mah!” “Enya upama ieu mah,” ceuk budak buncir deui. “Manéh ku kami dibéré duit sarajut!” saur Patih Purawesi. 50

Pamekar D Diajar B A S A S U N D A Buku Tuturus Tut Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas XII

Geus nyieun perjangjian kitu mah Patih Purawesi jeung Patih Puragading nimbalan ponggawa nyandak hayam kagunganana nu pangsaéna. Budak buncir diajak ka pakalangan paranti ngadu hayam. Di dinya nu lalajo geus pinuh. Jelema sakitu lobana teu aya saurang gé nu mangmeunangkeun ka hayam budak buncir. Hayam Patih Purawesi tuluy diasupkeun ka pakalangan. Barang sup ger nu lalajo surak. Hayam téh jangkung gedé buluna hérang pertanda asak piara, jawérna sumpel, buntutna lempay, siihna seukeut panjangna kira-kira satunjuk. Barang jrut ka pakalangan, belegender kokoréh tuluy kongkorongok. Ningali hayam lagana kitu, Patih Purawesi imut. “Sok, Buncir asupkeun hayam manéh!” Hayam turundul téh ku budak buncir ditiup sirahna geus kitu dialungkeun ka pakalangan. Barang sup, séak diudag ku hayam Patih Purawesi. Si Turundul nyingcet, jol di tukangeun Si Jelug, kecok sirah hayam Patih Purawesi téh dipacok, jebét dibintih. Teu ngadua-kalian, hayam patih Purawesi ngagolér teu hudang deui. Ger nu lalajo surak éak-éakan. Patih Purawesi barengep lain pédah aya nu neunggeul tapi bakat ku éra ku nu lalajo. Sabab hayam kagunganana tacan aya nu ngéléhkeun, sumawonna nepi ka ngagolér kawas harita mah. Ongkoh jaman harita mah ajén jelema téh ditangtukeun ku hayam aduna. Upama hayam aduna kuat teu aya nu ngéléhkeun, ajén nu bogana ningkat upama hayamna éléh, ajén nu bogana turun. Budak buncir téh nyokot hayamna ti pakalangan, tuluy diusapan. Nu lalajo ngarogrog nempo hayam budak buncir. Ku saréréa pada nyidikkeun teu aya tanda-tanda hayam alus. Nu matak sakur nu lalajo pada hookeun. “Sok ayeuna mah jeung nu aing!” saur Patih Puragading. “Sok asupkeun heula hayam maneh, Buncir!” Saperti tadi budak buncir téh méméh ngasupkeun hayamna ditiup heula huluna, Sanggeus hayam turundul aya di pakalangan, hayam Patih Puragading diasupkeun. Barang sup sebrut hayam jelug nu Patih Puragading ngudag Si Turundul.Tapi nu diudag rikat luncat ka luhur nepi ka nu ngudag téh kaselebrungan. Si Turundul geus taki-taki di tukangeun Si Jelug. Barang Si Jelug malik, sebrut deui ngudag. Si Turundul nu geus taki-taki mapang hulu Si Jelug ku pangbintih satakerna. Jepet golépak hayam Patih Pura gading ngagolér. Ger deui nu lalajo surak. Patih Puragading baketut ambek nyedek tanaga midek. Bab I PITUDUH HUSUS

51

Sanggeus dua hayam patih ngagolér, budak buncir ngadeukeutan patih rék nagih jangji, Patih Purawesi jeung Puragading kalah ambek, geus puguh hayam nu dipikameumeutna éléh, ayeuna aya nu nagih. Ku sabab kitu budak buncir téh dirawél tadina rék digebug. Ngan budak buncir nu taya lian Ciung Wanara bisa cungcat-cingcet nepi ka teu katéwak. Sakitu dikepung ku dua patih dibantuan ku para ponggawa karaton teu beunang. Ber pada ngudag, Ciung Wanara geus teu aya, nyumput ngadedempés. Puguh wé dua patih téh ambek murang-maring. Majar jelema sakitu lobana éléh ku budak buncir saurang. Kacaritakeun béja yén aya budak buncir boga hayam adu sakitu meunanganana geus dugi ka Kangjeng Raja Galih Pakuan. Anjeunna enggal nimbalan para ponggawa milarian budak buncir téa. Nu milarian geus ber ka ditu ber ka dieu tapi nu dipilarian teu kapendak, teu aya raratan-raratanana acan. Kabeneran ku kapinteran Léngsér budak buncir téh kapanggih. Ngan waktu diajak ka karaton ngadeuheus ka Kangjeng Raja, budak buncir téh mugen, embungeun. Ari alesanana sieun ku patih. Budak buncir téh nya nyarita terus terang katugenahna ku patih. Nu jangji rék méré duit sarajut kalah rék nyiksa. Patih nu modél kitu cenah kudu meunang hukuman. Léngsér nyanggupan rék méréskeun masalah éta asal budak buncir daék milu ka karaton. Kacaritakeun sanggeus Léngsér jangji mah, budak buncir téh daékeun milu. Barang nepi ka karaton patih keur araya di dinya. Nempo budak buncir panonna burulang-burileng tapi teu bisa kukumaha da sieuneun ku raja. Budak buncir mah nempo patih kitu téh tenang wé siga teu aya kakeueung. Saparantos diparios ku raja, énggalna budak buncir terus terang hayang ngadukeun hayamna jeung kagungan raja, nu geus sohor ka mana-mana teu acan aya nu ngéléhkeun. Waktu diparios naon tumpangna, waler budak buncir, pati-hurip raga sareng badan. Dawuhan raja ti kami mah cenah tumpanganana nagara sabeulah. Isukna jelema-jelema geus pinuh di tempat pangaduan hayam rék lalajo. Hayam raja mah datangna ka dinya gé pada ngagotong jeung kurungna. Ti barang datang disada kakak-kokok jeung pucak-pacok. Atuh si Budak Buncir geus datang cingogo bari ngusapan hayamna Si Turundul.

52

Pamekar D Diajar B A S A S U N D A Buku Tuturus Tut Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas XII

Barang geus ninggang kana waktuna dua hayam geus pasangsanghareupsanghareup. Hayam raja nu jangkung leuwih ti hayam patih, dongko bari muridingkeun bulu beuheungna, panonna gular-giler sieun kapiheulaan kabintih. Kecok Si Turundul sirahna dipacok, jebét dibintih. Ger nu lalajo ramé surak kabéh ngabobotohan hayam raja. Ngan dibintih sakitu tarikna Si Turundul teu régrog-régrog. Manéhna gulak-gilek ngamaénkeun huluna bisi kabeunangan deui. Kangjeng Raja Galih Pakuan imut ngagelenyu ningali hayam aduanana nu sakitu ageungna, ngalawan hayam turundul, eukeur mah leutik kawas kurang parab deuih, Tapi waktu Kangjeng Raja imut kitu, teu kanyahoan kecok hayam kagungan raja dipacok jawérna, jebét dibintih. Kawas lawan-lawan Si Turundul nu ti heula, teu kudu ngadua kalian dibintih, sakali gé cukup. Barang jebét golépak ngagolér. Kangjeng Raja ngarénjag reuwas teu aya papadana, Patih Purawesi jeung Puragading tadina rék ngarontok budak buncir, ngan énggal dihuit ku raja. "Héy Patih! Teu meunang kitu! Geus puguh hayam urang nu éléh, rék naon deui! Kaula moal jalir jangji rék masrahkeun karajaan satengahna. Geus adat nu sok ngadu ngan meunang jeung éléh. Malah loba nu béak kakayaanana ku ngadu!" Barang ngadangu kasauran raja kitu, patih cicing teu ngomong sakemék Harita kénéh karajaan Galih Pakuan beulah kulon dipasrahkeun ka budak buncir. Beulah wétan mah geus dicepeng ku putrana Hariang Banga. Dina hiji kasempetan kauninga ku raja yén budak buncir téh taya lian ti Ciung Wanara putrana ku anjeun, nu dirorok ti oorok ku Aki jeung Nini Balangantrang. Ku sabab kitu saur raja ka Ciung Wanara, "Sukur hidep geus jadi budak prihatin. Jeung hidep boga karajaan lain warisan, tapi hasil usaha sorangan. Muga-muga waé bisa ngajalankeun pamaréntahan, ari Ama mah ti wangkid ieu rék ngabagawan.” Diropéa tina ”Hayam Ciung Wanara Unggul” Buku ”Jaka Gurumaya Ngaburak-barik Siluman” Drs. Tasdik 1996

Bab I PITUDUH HUSUS

53

NO

KAGIATAN

15.

Sanggeus siswa maca téks ringkesan naskah carita pantun “Ciung Wanara” satuluyna siswa niténan jeung nyatetkeun kecap-kecap anu teu dipikaharti. Hal ieu ngandung maksud sangkan siswa babari maham kana eusi carita pantun nu dibacana.

4.3

KABEUNGHARAN KECAP KECAP

Ajén Ambek nyedek tanaga midek Balangantrang Bébénténg Belegender Dihuit Dirorok Geprak Keselebrungan Lawang sakéténg Léngsér Ngabagawan Ngabintih Nimbalan Nyorén Pakalangan Pangagung Panyirurukan Ponggawa Raratan Sarajut Satunjuk Siih Tumpangna Wangkid 54

Pamekar D Diajar B A S A S U N D A Buku Tuturus Tut Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas XII

HARTINA

4.4.

NGAANALISIS UNSUR-UNSUR INTRINSIK KARYA SASTRA

NO

KAGIATAN

16.

Dina kagiatan diskusi jeung kelompokna siswa nganalisis unsurunsur intrinsik karya sastra nu nyangkaruk dina carita pantun “Ciung Wanara”

UNSUR-UNSUR INTRINSIK KARYA SASTRA DINA CARITA PANTUN “CIUNG WANARA” Téma

4.5

Palaku

Galur

Setting

Amanat

RINGKESAN CARITA PANTUN “CIUNG WANARA”

NO

KAGIATAN Sanggeus kagiatan ngaanalisis unsur-unsur intrinsik réngsé, siswa dilatih parigel nyieun kacindekan carita nu dibacana ngaliwatan pola:

17.

Bab I PITUDUH HUSUS

55

Kacindekan carita pantun “Ciung Wanara”

4.6

NYARITAKEUN DEUI RINGKESAN CARITA PANTUN “CIUNG WANARA”

NO

KAGIATAN

17.

Sanggeus réngsé nganalisis unsur-unsur intrinsik karya sastra nu yangkaruk dina carita pantun “Ciung wanara”, wawakil kelompok macakeun deui ringkesan carita pantun “Ciung Wanara” di hareupeu kelas ku basana sorangan. Ringkesan carita pantun “Ciung wanara”

56

Pamekar D Diajar B A S A S U N D A Buku Tuturus Tut Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas XII

P angajaran

3

ARTIKEL A.

NGAIDÉNTIFIKASI ARTIKEL NO

KAGIATAN

1.

Saméméh pangajaran dimimitian, aya hadéna peserta didik dikondisikeun pikeun saregep nyanghareupan pangajaran. Upamana baé ngaliwatan pernyataan: “Tos siap diajar Basa Sunda? Upami tos siap, mangga kaluarkeun buku basa Sunda sareng alat tulisna. Pikeun ngawangun karakter disiplin, guru mariksa jeung ngajak ngararapih pakéan seragam siswa. Sanggeus kondisi siswa katingal saregep, guru bisa ngamimitian muka pangajaran ku pertanyaan: “Tiasa Ibu/Bapa ngawitan nerangkeun?”

2.

Guru nepikeun matéri pangajaran anu rék dipedar nyaéta ngeunaan matéri “ARTIKEL”. Saméméh prak nepikeun matéri pangajaran, guru ngahubungkeun matéri pelajaran anu geus dibahas jeung matéri pangajaran anu rék dibahas.

3.

Guru nepikeun tujuan pembelajaran anu baris dihontal sabada diajar matéri ngeunaan ARTIKEL.

4.

Guru midangkeun conto ARTIKEL Siswa maca teks ARTIKEL.

5.

BANGSA LELEMBUT URANG SUNDA Lelembut asal kecapna lembut. Lembut ngandung harti leutik, lembét (sok diucapkeun lemét) atawa lemes. Budak lembut hartina budak leutik. Huut lembut hartina huut lemes. Lelembut sarua hartina jeung dedemit. Ari dedemit asal kecapna demit hartina buni, rikip teu kaciri. Lelembutan hartina roh, sukma, jiwa (soul) atawa batin manusa. Dedemitan hartina rerencepan, ririkipan atawa susulumputan. Laku demit nyaéta pagawéan nu dibuni-buni, nu dilampahkeun rerencepan. Bab I PITUDUH HUSUS

57

Lelembut atawa bangsa lelembut téh mahluk gaib anu teu katempo ku panon lahir manusa. Najan sakali mangsa ari kawénéhan sok katempo jirimna atawa bungkeuleukanana. Nu kaasup bangsa lelembut di antarana: jurig, bungaok, ririwa, memedi, kunti, kélong, genderewo, duruwiksa, pocong, siluman, jin, sétan, iblis, sarta dajal (idajil). Nurutkeun kapercayaan urang Sunda anu disebut jurig téh ngaran atawa sesebutan pikeun rupa-rupa lelembut anu sok nyingsieunan jelema atawa ngaganggu jelema sina gering, sina cilaka jeung sina poék pikir (saperti dina kasus anu kalangsu, katambias jeung kasarung) jsb. Sesebutan anu kaasup jurig upamana jurig kuris, anu (cenah) ngaliarkeun panyakit kuris. Jurig jarian, jurig anu cicingna di jarian. Jurig kuburan jurig nu ngageugeuh di kuburan atawa disabudeureun makam. Jurig cai, jurig anu aya di cai, di leuwi atawa di tampian. Aya sarupa jurig cai disarebutna téh lulun samak ngarupakeun samak leueur nu ngampar di jero cai (di walungan, situ atawa di leuwi) lamun katincak sok langsung ngagulung, tuluy metot mawa teuleum. Anu kagulung ku lulun samak téh tara manggapulia, malah nepi ka hanteuna. Ceuk ujaring carita, jalma nu kagulung lulun sok dibetot terus sangsangkeun dina sédong anu nyumput tur jero. Ari sédong téa dipercaya panonoban jurig cai téa. Dina basa Indonesia, jurig atawa sabangsaning lelembut umumna disebut hantu. Ari dina basa Sunda atawa dina kapercayaan urang Sunda aya anu disebut hantu, sarupa jurig nu sok ngaganggu orok ti peuting. Lamun ti peuting orok sok ngéar ceurik baé, cenah éta orok téh dideukeutan/ diganggu ku hantu. Demi panyinglarna ku cara dibura ku panglay jeung jaringao anu sayaga dina kanjutkundang gonggorékan. Kanjutkundang gonggorékan téh wadah/kantong tina lamak anu maké pangrod minangka pikeun mageuhan atawa nutupkeun sangkan eusina teu mancawura. Kanjutkundang téh ilahar diparaké (digunakeun) ku nu anyar ngajuru pikeun ngawadahan rupa-rupa palakiah sarupaning: panglay, jaringao, lampuyang, konéng temen, konéng gedé jsb. Mun budak gering, indungna sok kurah-koréh kana kanjutkundang néangan piubareun. Ari ririwa? Ririwa sarupa jurig anu asalna tina lelembutan atawa roh nu anyar maot. Ari maotna biasana teu sadrah atawa kapaksa upamana maot lantaran ngagantung manéh, nginum racun jsb. Ngaririwaan hartina ngajungjurigan, ngaganggu nu hirup ku cara jadi ririwa. Memedi kecap asalna wedi hartina sieun. Memedi sabangsa lelembut anu rupana pikasieuneun cicingna di tempat-tempat anu geueuman caranéom. 58

Pamekar D Diajar B A S A S U N D A Buku Tuturus Tut Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas XII

Aya deui sarupa jurig anu leuwih pikasieuneun deui lantaran matana méh sakuriling awakna. Jurig anu matana sakuriling awakna disebut banaspati. Kunti atawa kuntianak téh sarupa jurig nu sok ngarupakeun awéwé bari buukna ngaringkiwik tonggongna gorowong. Dina basa Indonesia mah ilaharna téh sundel bolong. Cék sakaol mah kuntianak téh asalna awéwé anu maot meteng. Maot meteng téh maot keur reuneuh orokna ogé milu dikubur. Jarangkong atawa bobongkong jurig nu mirupa rorongkong jelema, tulang-taléng jeung tangkorékna hirup bisa leuleumpangan. Sedengkeun istilah bobontot mah teu kaasup mahluk gaib da bobontot mah mayit nu geus dibungkus ku boéh sarta geus ditalian. Kiciwis atawa jurig kiciwis ieu mah sora sada nu haharéwosan teu puguh kadéngéna. Panonoban kiciwis biasana handapeun tangkal kai gedé tur harieum saperti: caringin, kiara jénggot, loa, randu alas jsb. Kélong (lain kalong) atawa kélongwéwé ngaran sabangsa jurig anu cék sakaol mah sok ngarawu budak nu liar sareupna. Sanggeus dirawu éta budak téh tuluy baé dibawa ka panonobanana di tempat anu sanget tur harieum ku tatangkalan. Sigana mah ieu téh panyingsieunan kolot ka budakna ngarah wanci sareupna atawa wanci magrib ngararampih ka imah sarta teu kamalinaan teuing ulin. Mun teu kitu nyingsieunana téh: “Geura ngarampih barudak bisi aya sandékala!” Sandékala téh sok dianggap lelembut nu sok ngaganggu barudak dina wanci sareupna. Dina kapercayaan urang Sunda aya kekecapan: mapag kala, anu hartina nyambut musibah atawa cilaka (pati). Kala di dieu ari sabenerna mah hartina téh waktu/mangsa. Mun seug dilenyepan asa bener pisan mun kala (waktu) téh mangrupa dadamelan gusti anu pangna: pangjugalana: pangrosana, panggagahna, pangkuatna, pangjahatna, panghébatna, jsb. Naon sababna pangna kitu? Apan naon baé anu kumelendang di ieu alam pasti diteureuy ku sakadang kala (waktu) téa. Keur urang Sunda kitu deui urang Jawa kapercayaan kana kala téa dipersonifikasikeun kana tokoh wayang ruwatan Batara Kala. Nyaéta hiji tokoh buta anu sakti sarta jahat nepi ka bisa ngageunjleungkeun alam kadéwan. Batara kala téh biasa sok muncul dina acara ruwatan. Genderewo jeung duruwiksa kaasup bangsa lelembut. Genderewo jeung duruwiksa duanana kecap serepan tina bangsa Sangsekerta. Genderewo asal kecap tina gandarwa. Kacaritakeun dina lalakon Ramayana: Rama, Sinta jeung Laksmana di leuweung Dandaka diganggu ku bangsa gandarwa, bangsa lelembut nu aya di éta leuweung. Bab I PITUDUH HUSUS

59

“Manéh mah euweuh pisan euih-euihna ka kolot téh! Kilangbara nyenangkeun mah atuh ulah-ulah ngadoréksakeun. Bisi doraka éta téh!” Kecap ngadoréksakeun asalna tina kecap ngaduruwiksakeun. Duruwiksa tina kecap durbiksa, sabangsa lelembut nu aya di leuweung nu pagawéanana tukang nyusahkeun jelema (Loba jalma nu kasarung di jero leuweung nepi ka linglung) cenah mah éta téh pagawéan duruwiksa. Di antara bangsa lelembut atawa mahluk gaib nu sok katénjo jirimna atawa bungkeuleukanana téh pocong. Bungkeuleukanana maké boéh dipocongkeun. Dipocongkeun téh boéhna dibeungkeut luhureun sirah jadi siga hulu pocongan paré. Sapocong paré sarua jeung saeundan atawa satengah geugeus. Bangsa lelembut séjénna nyaéta siluman. Siluman bangsa lelembut anu asalna tina jelema atawa sato (upamana maung) nu tilem atawa ngahiang, ngaleungit jadi siluman. Anu disebut onom cenah bangsa siluman anu ngageugeuh rawa Onom di Ciamis di Pulo Majeti. Dina kapercayaan urang Sunda asana teu aya nu disebut tuyul. Da ieu istilah téh mimiti nyebar di urang dina taun 70-an sabada mahabuna lotré saperti Totokoni, Nalo jsb. Di urang mah jurig leutik sabangsaning tuyul téh disebutna kecit. Kecit téh méh sarua jeung tuyul nyaéta lelembut anu bisa dipiara tur bisa dititah maling duit. Ngan istilah kecit popilerna kalindih ku istilah tuyul.Tuyul digambarkeunana mangrupa budak leutik hideung (lestreng) sirahna gundul bari bubulucun. Ari pangaresep tuyul téh nyonyo’o keuyeup anu ku urang Jawa mah disebut yuyu. Jin mahluk gaib damelan Gusti Alloh swt. Anu kudu ibadah cara manusa. Jin teu béda ti manusa aya nu Islam aya nu kapir. Ari sétan mahluk gaib nu diciptakeun tina dat seuneu. Pagawéanana purah ngagoda manusa sina kupur atawa sina musrik ngarah jadi batur manéhna di naraka. Iblis ngaran sétan anu ngagoda Nabi Adam sareng Siti Hawa, dugi ka Siti Hawa mah éléh wowotan nuang buah Holdi dugi ka diusirna ti surga ku Alloh swt. Ari Dajal atawa Idajil mangrupa sétan bolongkotan anu kacida ngagodana ka manusa. Yasana Dedy Windyagiri Manglé No. 1996

60

Pamekar D Diajar B A S A S U N D A Buku Tuturus Tut Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas XII

NO

KAGIATAN

6.

Sanggeus siswa réngsé maca artikel, kalayan diaping ku guru, siswa nepikeun pertanyaan sabeudeureun matéri ajar ARTIKEL, medar kabeungharan basana jeung maham struktur tulisan dina wanda artikel upamana baé ku pertanyaan “Kungsi hidep maca wacana saperti ieu? Lamun kungsi, tina naon hidep maca tulisan nu saperti ieu? Naha tina koran, majalah, atawa internét? Saméméh medar matéri pangajaranana, prak ku hidep rumuskeun hal-hal nu hayang diguar dina ieu matéri dina wangun pertanyaan. Sangkan hidep leuwih paham kana eusi ieu bacaan, tengetan tur tuliskeun kekecapan anu teu dipikahartina! Eta kekecapan nu teu kaharti teh tuluy susun jadi glosasrium” Ku cara macaan, nengetan jeung nuliskeun kekecapan anu teu dipikaharti ku siswa dipiharep pangaweruh kabeungharan basana ngajembaran. Pertanyaan anu dipiharep muncul ti diri siswa diarahkeun kana mikawanoh jenis tulisanana heula. Tuluy sistematika penyajianana (bubuka, pedaran kacindekan). Mana bagian bubuka, eusi(pedaranana) jeung panutup (kacindekanana). Sanggeus kitu, kakara kana rarangkay karangan. Hal ieu miboga tujuan sangkan siswa boga gambaran kumaha carana ngamimitian nuliskeun deui karangan anu rék ditulisna.

7.

1. Medar perkara naon éta tulisan téh? 2. Naon anu dicaritakeun dina paragraf ka-1 nepi ka paragraf ka-4? 3. Paragraf anu mana nu nuduhkeun panutup éta tulisan? Tuliskeun kalimah mimitina! 4. Kaasup kana wanda tulisan naon éta bacaan téh? Dongéng, wawacan, carita pantun, carpon atawa artikel? 5. Tuliskeun/téangan ku hidep anu dianggap jadi topik utama dina unggal paragrafna!

Bab I PITUDUH HUSUS

61

1.1 KABEUNGHARAN KECAP KECAP bolongkotan bubulucun caranéom dibura geueuman harieum kalindih kanjut kundang kawénéhan kuris mancawura tara manggapulia ngageugeuh ngaliarkeun ngaringkiwik ngéar palakiah pangrod panon lahir panyinglarna poék pikir purah rorongkong ruwatan sareupna sayaga sédong tampian éléh wowotan 62

Pamekar D Diajar B A S A S U N D A Buku Tuturus Tut Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas XII

HARTINA

1.2

ISTILAH PATEMPATAN DINA BASA SUNDA Ari sedong téa dipercaya panonoban jurig cai téa KECAP (NGARAN TEMPAT)

sédong

HARTINA/LARAPNA DINA KALIMAH ségogan( sarupa guha) di sisi walunga “Ari sédong téa dipercaya panonoban jurig cai téa.”

leuwi babantar jste 1.3

BABASAN JEUNG PARIBASA SUNDA

a. Babasan Mun budak gering, indungna sok kurah-koréh kana kanjut kundang néangan piubareun. Babasan Harti jeung larapna dina kalimah

b. Paribasa Anu kagulung ku lulun samak téh tara manggapulia, malah nepi ka hanteuna. Paribasa Harti jeung larapna dina kalimah

B. NGAGUAR ARTIKEL NO

KAGIATAN

8.

Sangkan siswa leuwih paham kana konsép jeung tiori artikel, siswa jeung guru ngayakeun diskusi pikeun medar pasualan-pasualan anu muncul tina pertanyaan siswa. Siswa ngaeksplorasi materi artikel ngaliwatan buku sumber jeung sumber pelajaran séjénna ngaliwatan interaksi di kelas, diskusi jeung macaan, jeung néangan conto-conto artilel dina internét. Bab I PITUDUH HUSUS

63

Guru ngalelempeng tur ngeuyeuban pangaweruh siwa ngaliwatan konsep-konsep jeung umpan balik. Ieu di handap kapindangkeun ngeunaan wangenan jeung unak-anikna ngeunaan artikel. Dina media massa, kayaning majalah, koran atawa media online, di sagédéngeun eusina ngamuat berita téh mindeng ogé ngamuat artikel atawa bahasan. Éta artikel téh eusina mangrupa pangaweruh nu umum tur haneut kénéh (aktual & faktual). Jejer tulisanana nyoko kana masalah nu patali jeung: budaya, sosial kemasarakatan, hukum, olah raga, kaséhatan, ékonomi jsté., tangtuna anu gedé mangpaat pikeun ngajembaran sawangan urang. Wanda-wanda artikel biasana digolongkeun dumasar saha nu nulisna, fungsi jeung kapentinganana. Ditilik tina jihat nu nulisna aya nu disebut artikel redaksi jeung artikel umum. Artikel redaksi nyaeta tulisan nu digarap/ditulis ku redaksi dumasar tema nu jadi eusi penerbitan. Sedengkeun artikel umum mangrupa tulisan nu ditulis ku umum. Demi fungsi jeung kapentinganana, aya artikel husus jeung artikel sponsor. Artikel husus sok disebut oge artikel redaksi, sedengkeun artikel sponsor nyaeta artikel anu ngadadarkeun hiji hal supaya dipiwanoh ku balarea. Artikel téh ngabogaan harti salaku hiji karangan faktual (nonfiksi) ngeunaan hiji masalah sacara lengkep, anu panjangna teu tangtu, pikeun dimuat di media massa. Artikel kaasup kategori tulisan views (sawangan, nyaéta tulisan anu eusina sawangan, ideu, opini, kumaha nu nulis ngajén kana hiji masalah atawa kajadian. Artikel téh hartina karya tulis lengkep dina média massa saperti surat kabar, majalah, tabloid, jeung sajabana. Aya ogé nu nyebutkeun, artikel nyaéta tulisan lepas nu eusina mangrupa opini hiji jalma anu ngajujut hiji masalah nu tangtu, sipatna aktual atawa kontrovérsial kalawan udagan pikeun méré nyaho (informatif) jeung ngayakinkeun (pérsuasif arguméntatif), atawa ngahibur halayak nu maca (rékréatif). Nu dimaksud lepas téh sabab saha waé bisa nulis artikel, kalawan topik anu bébas, saluyu jeung minat sarta widang kaahlian dirina masing-masing. Nu nulis artikel raket patalina jeung hiji ideu atawa gagasan ngeunaan pasualan jeung solusi anu hayang ditepikeun ka halayak. Nulis artikel, biasana miboga udagan pikeun nawarkeun solusi pikeun ngungkulan masalah, ngadidik, ngahibur jeung mangaruhan nu maca. 64

Pamekar D Diajar B A S A S U N D A Buku Tuturus Tut Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas XII

A. Kalungguhan jeung Kagunaan Artikel 1. Penerjemah warta dina kalawarta Pikeun kalawarta, tabloid, atawa majalah, artikel nu ditulis ku ahli dina widangna miboga fungsi minangka pangaping sakaligus minangka penerjemah jeung nu nganalisis warta. Artikel, miboga fungsi pikeun ngahijikeun fakta-fakta dina warta kana hiji wengkuan jéntré, tandes, sarta ngeunah dibacana. 2. Wahana diskusi geusan néangan solusi sarta prosés aktualisasi jeung éksisténsi diri. a. Wahana diskusi jeung sosialisasi gagasan. Salaku masarakat intelék, nu nulis tangtu miboga kahariwang ngeunaan naon nu kabandungan, kabaca, katempo, nu kadéngé, sajeroning pangalamanana. Tuluy manéhna ngajén sarta ngangtukeun sikep kana pokok pasualanana. Salaku individu nu intelék manéhna miboga sikep ngeunaan hiji bebeneran, kajujuran, kaadilan, démokrasi, nanjeurkeun hukum, norma-norma sosial agama, atawa hal anu sifatna normatif ogé diaku sacara universal. b. Sarana kontribusi pamikiran pikeun méré solusi kana hiji masalah. Pikeun nu nulis artikel, yén nulis pikeun média massa téh dirojong ku tékadna pikeun méré kontribusi pamikiran dina raraga néang solusi kana hiji hal anu karandapan ku masarakat atawa bangsa. c. Sarana aktualisasi sakaligus pikeun éksisténsi diri. Teu saeutik jalma sacara sadar nulis artikel konsumsi pérs téh minangka sarana aktualisasi sakaligus éksisténsi diri. Descrates miboga pamadegan cogito ergo sum ‘saya berpikir maka saya ada’. Ngan jalma nu daék mikir nu bisa némbongkeun ajén diri nu bakal diaku ku masarakat. B. Ciri Artikel Artikel nu ditulis pikeun kalawarta atawa majalah mibanda tujuh ciri: 1. Aya ngaran nu nulisna (by line story) Artikel nyaéta karya individual, hartina dina artikel ngaran nu nulis kudu dicantumkeun kalayan jelas. Pikeun artikel opini ngaran nu nulis biasana ditulis di luhur/di handapeun judul tulisan.Tapi lamun kategorina di luar opini contona artikel ringan jeung artikel praktis ngaran nu nulis ditulis rada disumputkeun ku cara disimpen di ahir tulisan jeung ditempatkeun di jero kurung. Bab I PITUDUH HUSUS

65

C.

GAGASAN UTAMA JEUNG RANGKAY TULISAN NO

KAGIATAN Sanggeus siswa paham kana konsép tiori tulisan dina wanda artikel, siswa diaping pikeun nyusun rangkay karangan, manggihan jeung nangtukeun gagasan utama hiji tulisan, nyusun bagian bubukana, bagian pedaranana jeung panutpna. Siswa dibagi jadi sababaraha kelompok. Siswa niténan deui conto-conto artikel. DIHIN PINASTI ANYAR PINANGGIH Saha nu teu ngangres ningal pirang-pirang jelema jeung sasatoan, ujug-ujug musna kaléléd lambak gangas tsunami. Wawangunan jeung tatangkalan méh rata jeung taneuh. Runtah pasoléngkrah di unggal tempat, ngahunyud di saban juru. Tempat nu tadina éndah jeung asri téh, deudeuh… kiwari ngan kari ruruntuk. Kajadianana wuwuh sakedét nétra éstu teu disangka-sangka. “Kakarénna” ukur nyésakeun rasa ketir jeung watir ku ningali layon ‘ngabarugigag’ pabalatak di mana-mana. Dihin pinasti anyar pinanggih. Tegesing Alloh parantos mintonkeun kakawasaanana. Nu saralamet tina gulungan lambak gangas, tingjarerit-tingkarocéak, awor jeung nu maridangdam leungiteun anakna, kitu deui sabalikna. Nini-nini rawah-riwih néangan incu kakasih. Bébéné kaleleban ku beubeureuhna. Randa-randa tingsalegruk micangcam nu jadi salakina. Kokotéténgan, mapay-mapay unggal layon. Dilelekan bari disidikkeun sugan anakna, sugan bapana, sugan indungna jsté. Ngan lolobana lain jeung lain baé. Pon kitu deui, imah katut harta bandana burakrakan, teu kaciri urut-urutna acan. Loba nu bedah cimata, tinglenggerek bakating ku nalangsa. Papakéan ngan kari saraket awak. Pohara ngangresna lantaran lieuk euweuh ragap taya. Cindekna mah loba nu katalangsara, nunggelis pahatu lalis. Henteu sanak henteu kadang, hirup bet jadi nunggul pinang. Niténan korban tsunami harita nu kacida rohakana, jadi ngangres kabina-bina. Héabna mungguh kebat ka mana-mana. Tina galona watir jeung ketir, bet ngagédéng rasa kaahéng. Kahémeng téh duméh ngabandungan nu tumerapna ka Pulo Simeulue. Nurutkeun data nu maot ngan tujuhan, tina 6.306 jiwa jumlah pangeusina. Mungguh mun ngudag kana logika mah asa pamohalan. Malah éta pulo téh payus mun kudu pangheulana carem kasirna lambak.

66

Pamekar D Diajar B A S A S U N D A Buku Tuturus Tut Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas XII

Pangeusina ogé munasabah mun kudu musna kabéh. Nurutkeun akal séhat –utamana mun nelek-nelek kana kar (peta)- éta pulo téh apan sasatna paeunteung-eunteung jeung pangdeukeutna ka puseur lini. Anggangna ti puseur lini ka éta pulo (Simeulue) téh nurutkeun Dr.Yusuf Surahman, M.Sc. Direktur Teknologi Inventarisasi Sumber Daya Alam (TISDA) BPPT, kira-kira 60 km. Bandingkeun jeung ka Banda Aceh anu anggangna kira-kira 400 km. Mungguhing mana kitu oge Gusti téh kagunganeun maksud anu tangtu. Lian ti geus jadi katangtuan, dihin pinasti anyar pinanggih, cék ujaring carita lobana nu saralamet téh satemenna tumali jeung kapercayaan masarakat kana mitos. Mitos téh sumebarna tatalépa sacara turun-tumurun. Wallahu alam kumaha éta mitos téh dikemasna, naha ngaliwatan carita (dongéng), pakeman basa, totondén jsté. Ngan seuhseuhanan eusina mangrupa pépéling nu kacida dipuhit ku masarakatna. Cék sakaol, napakna ieu mitos, gelar tina luang nu kaalaman karuhunna dina abad 19-an. Bawirasa lamun nuduhkeun dina abad 19-an mah patali jeung bituna gunung Rakata (Krakatau) dina tanggal 27 Agustus 1883. Waktu Gunung Rakata, bitu, cenah laut téh kawas nu kaserot. Basisirna ogé nepi ka saat ngolétrak. Loba lauk nu tinggolépak kasaatan. Jalma pahibut nyarokotan lauk nepi rada tengah. Tapi teu kungsi lila basisir nu tadina ngolétrak téh ngadak-ngadak pasang. Ujug-ujug léb baé kagulung ku lambak -harita mah can aya istilah tsunami- anu pohara ngagulidagna méh 24 meter luhurna. Jelema nu ngaralaan lauk téh kabéh carem kaléléd lambak. Lambak nu rosa kebat hanjat ka darat, neumbrag jeung ngababukan naon baé nu ngahalangan. Sabada surud, naon-naon anu kasorang ku cai tuluy kabawa palid ka tengah laut. Tatangkalan, sasatoan jeung pirang-pirang jalma lir beunang nyapukeun baé, jadi runtah di tengah laut. Pulo-pulo nu aya di sapanjang basisir Sumatra (Samudra Hindia) kaasup pulo Simeulue ogé kalémbak. Pirang-pirang pangeusina musna kabawa cai. Nya ku karuhun éta pulo, utamana ku nu salamet, éta kajadian téh dijadikeun catetan minangka pépéling keur sékésélérna. Éta pépéling téh salahsahijina ditépakeun ngaliwatan kila-kila. Kila-kilana di mana dunya ngariyeg, basisir ngolétrak, mangka kudu gura-giru marubus ka leuweung atawa tempat anu laluhur. Tah waktu dunya ngariyeg (tanggal 26 Désémber 2004) urang Simeulue mah cenah, cul naon-cul naon berebet baé marubus ka pagunungan. Bab I PITUDUH HUSUS

67

Da kitu mungguh nurutkeun unggelna mitos. Teu wudu ogé ari lemburna mah burakrakan. Ngan meureun, early warning system salaku antisipasi gempa & tsunami nu kakara rék dibaladah ku pamarentah, méh tinggaleun ketak ku urang Simeulue. Da keur urang Simeulue mah early warning system enas-enasna mah pan nyampak dina mitos téa. Nurutkeun sawatara katerangan, pangna urang Simeulue loba nu saralamet téh ogé disundang ku muhitna kana kapercayaan patali jeung rupa-rupa pantrangan. Upamana, urang Simeulue teu weléh mupusti alam sabudeureunana (leuweung) lantaran patali sieun ku saniskara pantrangan téa. Warga umumna tuhu kana papatah jeung kacida sieunna kana éta pantrangan. Lantaran lamun éta pantrangan dirempak balukarna baris nimbulkeun mamala boh ka dirina boh ka lingkunganana. Tuhuna kana pantrangan téa, tumerapna leuweung-leuweung jadi angger weuteuh jeung sanget lantaran taya nu ngaruksak jeung ngagunasika. Munasabah ku weuteuhna leuweung, geus bisa nahan panarajang rohakana lambak tsunami téa. Apanan ajén-inajén budaya karuhun bangsa Indonesia baheula, kacida mupusti alam sabudeureunana. Lantaran anggapanana yén unggal barang, lian ti mahluk hirup, ogé ngabogaan jiwa atawa roh. Nya teu anéh mun baheula mah lamun rék nuar kai gedé téh paribasana henteu wasa lantaran kacida sakralna utamana sieun aya mamala. Kai téh kakara dituaran lamun saméméhna dilaksanakeun heula ritual. Nurutkeun anggapanana yén kai téh seuhseuhanana mah barang hirup nu ngabogaan jiwa (roh). Ku kituna, éta kapercayaan téh méh nanceb dina batin-batin urang Simeulue. Éta mitos minangka sawangan hirupna (weltanschauung) pikeun numuwuhkeun kasadar jeung kasieun masarakatna sangkan tetep mulasara harmonisna hubungan antara manusa jeung alamna. Munasabah kaahéngan nu tumiba ka pangeusi pulo Simeulue téh teu leupas tina kahanan rupa-rupa mitos nu dianutna. Jadi, ditilik tina kajian antropologi mah mitos téh ngabogaan pirang-pirang kagunaan, di antarana pikeun ngadalikeun masarakatna (social control), alat pendidikan (pedagogical device), jeung alat “pemaksa” sarta “pengawas” sangkan norma-norma salawasna digugu tur diturut ku anggota masarakatna. Cindekna, lamun mitos dipiara ganjaranana bakal salamet, sabalikna mun mitos diluli-luli balukarna bakal nandangan mamala. Tina musibah di Acéh jeung Sumut nu pikaketireun, -utamana pasca tsunami- tétéla keur urang mah loba pisan tapakureunana. Hikmah naon nu nyumput disatukangeunana? Bawirasa nyangkarukna wuwuh aya dina hatéhaté nu jalembar. Banda sasampiran nyawa gagaduhan.Wallahu alam. Dede Kosasih Mangle No. 2009 68

Pamekar D Diajar B A S A S U N D A Buku Tuturus Tut Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas XII

NO

KAGIATAN

10.

Ngaliwatan diskusi kelompok guru ngaping siswa manggihan sistematika pidangan artikel “Dihin Pinasti Anyar Pinanggih”. Guru ngajelaskeun harti judul artikel sangkan siswa gancang maham kana maksud anu nyangkaruk dina artikel.

11.

12.

Siswa nganalisis téma jeung struktur artikel.Téma artikel “Dihin Pinasti Anyar Pinanggih” nyaéta musibah alam téh mangrupa papastén anu geus jadi katangtuan Gusti Nu Maha Susi, lain muncul balukar ayana mitos dina kahirupan hiji masarakat, tapi urang salaku manusa kudu bisa ngahargaan kana mitos nu aya dina kahirupan masarakat pikeun pieunteungeun. Satuluyna siswa diaping pikeun nganalisis bagian bubuka anu biasana dieusi ku pandangan umum penulis kana téma anu rék dipedarna. Saha nu teu ngangres ningal pirang-pirang jelema jeung sasatoan, ujug-ujug musna kaléléd lambak gangas tsunami. Wawangunan jeung tatangkalan méh rata jeung taneuh. Runtah pasoléngkrah di unggal tempat, ngahunyud di saban juru. Tempat nu tadina éndah jeung asri téh, deudeuh… kiwari ngan kari ruruntuk. Kajadianana wuwuh sakedét nétra éstu teu disangka-sangka. “Kakarénna” ukur nyésakeun rasa ketir jeung watir ku ningali layon ‘ngabarugigag’ pabalatak di mana-mana. Dihin pinasti anyar pinanggih. Tegesing Alloh parantos mintonkeun kakawasaanana. Siswa diaping nganalisis gagasan utama dina unggap paragraf nu aya dina conto artikel “Dihin Pinasti Anyar Pinanggih”. Tujuan sangkan siswa boga gambaran kumaha carana nangtukeun jeung mekarkeun gagasan utama kana tulisan anu rék disusunna. Gagasan utama dina artikel “Dihin Pinasti Anyar Pinanggih” nyaéta: 1. rasa prihatin ningal korban musibah alam 2. loba jalma papisah jeung kulawargana alatan ayana musibah alam 3. kaahéngan korban musibah tsunami Acéh di Pulo Simeulue 4. kapercayaan nu dicekel sacara turun tumurun ku masarakat Pulo Simeuleue 5. gempa tsunami Acéh méh sarupa jeung kajadian bituna Gunung Rakata 6. mitos urang Pulo Simeulue : “lamun dunya ngariyeg (aya lini), basisir ngolétrak, mangka kudu gura-giru marubus ka leuweung atawa tempat anu laluhur” Bab I PITUDUH HUSUS

69

7. salametna urang Pulo Simeulue lantaran muhit kana mitos anu geus turun tumurun titinggal karuhunna 8. kajian mitos nurutkeun antropologi NO

13.

14.

15.

16.

70

KAGIATAN Siswa nganalisis bagian panutup dina artikel “Dihin Pinasti Anyar Pinanggih” Tina musibah di Acéh jeung Sumut nu pikaketireun, -utamana pasca tsunami- tétéla keur urang mah loba pisan tapakureunana. Hikmah naon nu nyumput disatukangeunana? Bawirasa nyangkarukna wuwuh aya dina hatéhaté nu jalembar. Banda sasampiran nyawa gagaduhan.Wallahu alam Sanggeus diskusi kelompok réngsé, siswa nepikeun présétasi kelompok di hareupeun kelas. Guru ngatur siswa sangkan merenah diuk di tempatna masing-masing. Guru ngaping siswa manggihan bahan pikeun nyusun artikel ku cara néangan bahan-bahan tina kahirupan sabudeureun siswa boh di sakola atanapi di lingkungan sabudeureun imahna. Upamana baé téma-téma nu aya hubunganana jeung: - pangaruh internét pikeun kahirupan manusa - mangpaat kagiatan ekstrakurikulér - jste Guru nunjuk salah saurang siswa pikeun nyebutkeun téma anu dipilihna.

17.

Guru nunjuk salah saurang siswa pikeun macakeun gagasan utama tina téma anu dipilihna

18.

Guru nunjuk salah saurang siswa pikeun nuliskeun conto rangkay karangan anu disusunna di hareupeun kelas. Tujuanana sangkan siswa anu can ngarti jeung tacan bisa nyangkem kana materi pelajaran bisa nambahan kaweruhna

19.

Guru nunjuk salah saurang siswa pikeun macakeun hasil tulisanana di hareupeun kelas minimal bagian bubukana heula.

Pamekar D Diajar B A S A S U N D A Buku Tuturus Tut Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas XII

P angajaran

4

PEMANDU ACARA A.

NGAIDÉNTIFIKASI PEMANDU ACARA NO

KAGIATAN

1.

Satacanna pangajaran dimimitian, pikeun ngawangun karakter didsiplin, guru ngecek karapihan pakéan siswa. Satuluyna guru ngecék jeung mariksa siswa anu henteu ngerjakeun PR pikeun ngawangun karakter jujur jeung tanggung jawab. Guru ngabsén siswa saurang-saurang.Tujuanana supaya siswa ngarasa diperhatikeun sarta apal kana ngaran, rupa jeung karakter siswa saurang-saurangna.

2.

Guru nepikeun matéri pangajaran anu rék dipedar nyaéta ngeunaan “PEMANDU ACARA”. Saméméh prak nepikeun matéri pangajaran, guru ngahubungkeun matéri pelajaran anu geus dibahas jeung matéri pangajaran anu rék dibahas.

3.

Guru nepikeun tujuan pembelajaran anu baris dihontal sabada diajar matéri “PEMANDU ACARA”.

4.

Pikeun ngirut minat siswa, guru nayangkeun gambar pemandu acara nu kawentar tur dipigandrung, saperti Robby Purba, pemandu acara “Factor X”, Daniel Mananta, pembawa acara “Indonesian Idol”, Ayu Dewi, “host acara music Dahsyat” atawa Sarah Sechan.

5.

Guru midangkeun vidéo hiji acara resmi, misalna: kagiatan upacara pembukaan pasanggiri, acara seminar, atawa acara pernikahan.

1.

TÉKS NASKAH PEMANDU ACARA

1.1

TÉKS NASKAH PEMANDU ACARA PÉNTAS SENI Assalamu’alaikum warohmatullohi wabarokatuh. Langkung ti payun mangga urang sami-sami ngadeuheuskeun puji sinareng sukur ka Alloh SWT anu parantos ngamparkeun ni’mat ka urang sadaya. Insya Alloh ni’mat iman, ni’mat Islam wuwuh nimat silaturahmi, dugi ka urang dina danget ieu tiasa Bab I PITUDUH HUSUS

71

ditepunglawungkeun sawargi-wargi kalayan rahayu salamet. Nya ku rahayu salamet nu janten marga lantaranana, dugi ka urang tiasa ngalaksanakeun rupi-rupi kagiatan anu tos maneuh dilaksanakeun unggal taun nyaéta miéling HUT RI anu ka-68. Kalihna ti éta, teu hilap salam kawilujengan mugia ginuluran ka jungjunan urang sadaya Kangjeng Nabi Muhammad SAW, ka kulawargina, ka para sohabatna, tur lélébéranana gubrag ka urang sadaya nu umangken umatna. Amin… Hadirin anu ku sim kuring dipihormat! Sateuacan medar ieu acara, sim kuring kalayan asmana panata calagara ngahaturkeun wilujeng sumping ka para bapa, para ibu miwah hadirin sadayana anu parantos kersa nyaosan pangulem panitia. Atuh teu hilap, ogé ngahaturkeun réwu nuhun laksa keti kabingahan kana sagala rupi pangrojong boh moril boh materil, dugi ieu acara tiasa lumangsung kalayan nyugemakeun. Sakali deui hatur nuhun nu taya wates wangenna. Salajengna dina ieu kasempétan, sim kuring baris ngadugikeun runtuyan acara anu baris dipidangkeun dina wengi ieu. Anu kahiji nyaéta bubuka; kadua, ngagalindengkeun kalam Ilahi, katilu, rupi-rupi pamapag: pupuhu panitia, bapa Kadés Bojong Inong; nu kaopat bewarA sareng pamasrahan rupi-rupi penghargaan. Nu kalima, minangka acara inti nyaéta rupi-rupi kamonésan nu dijanggélékkeun dina pinton seni; nu pamungkasna acara Do’a. Kanggo muka ieu acara, mangga urang sami-sami maos basmalah sasarengan. Bismillahirrahmanirrahiim. Acara kahiji nyaéta bubuka ku ngagalindengkeun ayat suci Al Quran anu baris didugikeun ku Sadérék Hasan Baéhaqi sareng saritilawahna ku Sadérék Siti Maryam. Mangga dihaturanan......... ................................................................. Acara kahiji parantos réngsé, mugi nu ngaoskeun sareng urang nu ngaregepkeun kalam illahi nembé sing kénging barokah ti Gusti Nu Maha Suci. Sumangga urang lajengkeun kana acara anu kadua nyaéta rupi-rupi pamapag. Pamapag nu kahiji mangrupi laporan ti pupuhu panitia HUT RI ka-55. Ka Saderek pupuhu panitia HUT RI ka-68 Indra Permana mangga dihaturanan…....... ................................................................. Hatur sewu nuhun ka pupuhu panitia anu parantos ngalaporkeun rupi-rupi kagiatan dina salebeting miéling HUT Kamerdékaan, mugi tiasa kama’lum ku sadayana. Salajengna, pamapag nu kadua badé ditéma ku pamapag Bapa Kadés Bojong Inong. Pangersa Bapa Drs. H. Udin Soléhudin dihaturanan…… .................................................................

72

Pamekar D Diajar B A S A S U N D A Buku Tuturus Tut Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas XII

Alhamdulillah, ku urang nembé kabandungan sasauranana Bapa Kadés, anu écés tur témbrés. Éstuning bérés roés basana, genah ngadangukeunana, mérénah larapna. Hatur nuhun Bapa!………. Acara salajengna, mangrupi acara bewara pamasrahan rupi-rupi penghargaan sareng hadiah tina lomba nu parantos dilaksanakeun. Ka pihak panitia dihaturanan kanggo ngabéwarakeun kajuaraan rupi-rupi lomba. Namung sateuacan panitia ngadugikeun béwara, kumargi seueur pisan hadiah sareng penghargaan tina rupi-rupi kajuaraan, sim kuring asmana panitia badé nandeskeun yén dina pamasrahan hadiah sareng penghargaan téh badé dipaparinkeun ku cara diselangsekarkeun dina acara pinton seni. Hatur nuhun. Mangga panitia dihaturanan kanggo ngabéwarakeun hasil kajuaraan. ................................................................. Hatur nuhun. Hadirin anu ku sim kuring dipihormat. Salajengna acara nu dianti-anti parantos dugi, ku mangrupi pinton seni badé dikawitan. Mangga kaleprok heula barudak sing ramé!…………… Kanggo langkung ngahirupkeun sareng ngaramékeun ieu acara, corong badé kasanggakeun ka Mang Minta anu tos teu bireuk deui kanggo urang sadayana. Sumangga Mang Minta dihaturanan! Alhamdulillah, acara demi acara parantos réngsé dilaksanakeun. Sateuacan sim kuring pamit, kalayan asmana panata calagara neda dihapunten tina samudaya kalepatan sareng kakirangan. Hatur nuhun kana samukawis perhatosanana. Wassalamu’alaikum warohmatullohi wabarokatuh. 1.2 TÉKS NASKAH PEMANDU ACARA DISKUSI (MODERATOR) Hadirin, dina jirangan (sesi) nu ka dua ieu, jejer bahasan téh sabudeureun “Ningkatkeun Aprésiasi Sastra Sunda di Kalangan Siswa SMA.” Anu janten pangjejerna nyaéta pangersa Bapa Dr. Gumiwang Raspati. Alhamdulillah dina danget ieu anjeunna parantos aya di tengah-tengah urang sadaya (Anjeunna masih kénéh calik dina korsi tamu, digéndéng ku kepala sekolah). Sumangga ka pangersa Bapa Dr. Gumiwang Raspati dihaturanan ka payun. Hatur nuhun. (Sabada tarapti sapuratina, kakara panumbu catur mimiti nyarita) Assalamu’alaikum warahmatullahi wabarakatuh. Kalayan ati nu wening, sumangga urang sami-sami muji sukur ka Allah SWT. tina sugri ni’mat anu parantos dilélérkeun ka urang sadaya. Kalayan widi-Na urang parantos dilawungkeun dina ieu pasamoan kalayan kawilujengan. Kanggo mitembeyan ieu acara, supados bérés roés teu aya kuciwana, mangga urang sami-sami ngaoskeun basmallah sasarengan! Bismillahirahmanniraahiim!

Bab I PITUDUH HUSUS

73

Hadirin, hormateun sim kuring! Dina enggoning, matéakeun jeung ngahirup-huripkeun pangajaran sastra Sunda, hususna daya aprésiasi sastra di kalangan para siswa téh tétéla henteu gampil. Tangtos seueur pisan bangbaluh nu karandapan ku para siswa, ti ngawitan perkara kirangna (méh disebatkeun teu aya) buku-buku bacaan sastra Sunda di perpustakaan sakola, teras néma kana minat katut karep siswa kana sastra Sunda nu kirang. Margi salami ieu aprésiasi para siswa kana karya sastra Sunda téh tiasa disebatkeun ukur apal ngaran bari teu terang wujud, komo dugi ka ngararasakeun ni’mat atawa éndahna éta karya. Éta hal téh tiasa ngagambarkeun kumaha kaayaan pangajaran sastra nu saéstu. Salami ieu para siswa téh tétéla mung dijejelan téori sastra wungkul (verbalisme). Para wargi nu sami gaduh tékad ngamumulé budaya Sunda! Ieu pasualan téh tinangtos kedah saénggalna dibébérés tur diropéa sangkan pangajaran sastra Sunda téh janten pangajaran nu pikaresepeun, kalayan tiasa ngipuk sikep jeung karep nu hadé di kalangan para siswa. Naon baé atuh strategi katut caracara pembelajaran aprésiasi sastra Sunda anu pikaresepeun tur tiasa ngirut siswa téh? Alhamdulillah, bingah anu taya hinggana wiréh dina danget ieu Dr. Gumiwang Raspati, kalayan kaweningan galihna parantos nyaosan pangulem panitia. Hadirin, kanggo urang Sunda mah jenengan Dr. Gumiwang téh tangtos hamo bireuk deui. Anjeunna téh Doktor dina widang pangajaran sastra, anjeunna mah nya sastrawan nya budayawan Sunda. Payus pisan upami anjeunna téh tiasa disebatkeun pakar dina basa, sastra katut budaya Sunda. Nya panginten kanggo anjeunna tos “manukna” ari kana perkara sastra mah. Namung kanggo langkung wanoh, saha ari Gumiwang Raspati téh? Sim kuring baris ngadugikeun riwayat hidup (Curriculum Vitae) anjeunna. Gumiwang Raspati téh dibabarkeun di Bandung......... jst.................. Hadirin nu mulya, waktos nu disayagikeun ku panitia kanggo ieu jejer bahasan téh aya 60 menit. Sim kuring baris nyageranan ieu waktos 30 menit ka Dr. Gumiwang kanggo ngaguar ieu bahasan. Nu 30 menit deui urang mangpaatkeun kanggo acara sawala. Sumangga ka Dr. Gumiwang dihaturanan kanggo ngadadarkeun bahasanana................... PANGJEJER : ……………………………………………………… ……………………………………........................ ...................................................................... PANUMBU CATUR : Sadérék sadayana, tah kitu geuning pedaran Dr. Gumiwang téh, kalintang matak narik atina tur kahartos kumaha gék-gékanana ngaronjatkeun apresiasi téh. Cindekna mah pangajaran sastra téh kedah dikawitan ku macaan buku karya sastra atawa lalajo heula pidanganana. 74

Pamekar D Diajar B A S A S U N D A Buku Tuturus Tut Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas XII

Hadirin, hormateun sim kuring! Aya kénéh waktos 25 menit deui, bilih di antawis sadérék aya anu kagungan kapanasaran, unek-unek atanapi badé ngadugikeun kamandangna mangga dihaturanan. Aturanana, ka nu badé naroskeun atanapi sasauran, dipiharep ngacungkeun panangan sareng nyebatkeun jenengan. Kalihna ti éta, ka nu badé naroskeun patarosan téh mugia tujul baé kana pamaksadanana! Ieu jirangan téh badé diajangkeun heula kanggo lima panaros. Hal ieu saluyu sareng kasapukan pangjejer, patarosan sareng kamandang hadirin téh badé dicatet sadayana baé heula, waleranana badé disakantenankeun. Atuh ka hadirin upami masih kénéh seueur nu panasaran, insya Alloh manawi aya kénéh waktos, badé dibuka deui jirangan kadua.

PANGJEJER

PANUMBU CATUR

Hatur nuhun, tina nu lima panaros téh, patarosan aya 3 nu 2 deui mangrupi kamandang. Kanggo ngawaler kumaha écés jéntréna, béntés pertélana perkawis naon-naon nu didugikeun nembé ku panaros, sumangga Dr. Gumiwang dihaturanan.......... : ……………………………………………………… …………………………………….......................... .......................................................................... .......................................................................... .......................................................................... .......................................................................... : Hadirin nu nyaah kana sastra Sunda ! Alhamdulillah, réngsé nembé kapihatur pedaran ti pangersa Dr. Gumiwang Raspati.Tina naon-naon nu nembé didugikeun ku anjeunna, tinangtos urang tiasa nyindekkeun ku anjeun yén ngaronjatkeun daya aprésiasi sastra téh geuning saleresna mah gampil, upami urang engeuh kana léngkah-lengkah atanapi cara-carana, sakumaha anu parantos didadarkeun ku Dr. Gumiwang nembé.Tah ti wangkid ayeuna mangga ka hadirin,urang sami-sami nawaétuan sareng urang kawitan ku macaan karya-karya sastra.Sakali deui sim kuring asmana panitia ngahaturkeun réwu nuhun ka pengersa Dr. Gumiwang Raspati nu parantos medar kamandangna perkawis aprésiasi sastra.Ka hadirin disuhunkeun kanggo masihan keprok ka Dr. Gumiwang Raspati. Alhamdulillah ieu acara téh lumangsung kalawan lancar, bérés roés taya kuciwana. Kanggo mungkas ieu acara, mangga urang sami-sami macakeun hamdallah sasarengan.Alhamdulillahirobbil’ alamiin. Wabillahi taufik wal hidayah, wassalamu’alaikum warrahmatullahi wabarakatuh. Bab I PITUDUH HUSUS

75

B.

PERTANYAAN UMUM SABUDEUREUN PEMANDU ACARA NO

KAGIATAN

6.

Sanggeus réngsé ngaidéntifikasi téks pemandu acara,kalayan bingbingan guru, siswa nuliskeun sababaraha hiji pertanyaan sabudeureun matéri pemandu acara: 1. kumaha basa anu merenah nalika mandu acara? 2. kumaha ngamimitian muka acara? 3. kumaha nyusun runtuyan acarana?

NO.

C.

KAGIATAN 4. kumaha mungkas mandu acara 5. acara naon baé anu biasana merlukeun pemandu acara?

NGUMPULKEUN INFORMASI SABUDEUREUN TÉKS PEMANDU ACARA

Panata Acara téh aya sasaruaanana jeung runtuyan babagian biantara, nyaéta aya bagian: bubuka, eusi jeung aya bagian panutup. Malah kalimahkalimah nu dipakena oge meh sarua jeung pok-pokan biantara, upamana bae: muji sukur ka Nu Maha Kawasa katut nepikeun solawat ka Kangjeng Nabi, ngahaturkeun nuhun ka hadirin anu tos ngaluuhan eta acara, ngadadarkeun saniskara maksud jeung tujuan (eusi biantara) sarta ditutup ku sanduk-sanduk. Ngan anu ngabedakeunana, ari dina biantara mah caritaan (nu dilisankeunana) teh gembleng ti mimiti bubuka, eusi jeung panutup. Nu biantara mah tonggoy bae nepikeun biantara ti awal nepi ka tamatna, sedengkeun ari panata Acara (MC) ku lantaran purah ngatur lumangsungna acara, caritaanana henteu kebat saperti biantara. Ari MC mah pancenna nyageranan (ngatur) waktu jeung ngahaturanan saha bae nu rek cacarita atawa midangkeun pintonan. Ku sabab kitu, pok-pokan MC mah tara papanjangan, cukup ku: bubuka nu eusina muji sukur, nataan guluyurna acara, ditema ku ngahaturanan, nganuhunkeun jeung mere komentaran (saperluna). Geura titenan ieu conto teks omongan MC di luhur tadi! • BUBUKA: Mangga urang sami-sami ngadeuheuskeun puji sinareng sukur ka Alloh SWT anu parantos ngamparkeun ni’mat ka urang sadaya. Insya Alloh ni’mat iman, ni’mat Islam wuwuh nimat silaturahmi, dugi ka urang dina danget ieu tiasa ditepunglawungkeun sawargi-wargi kalayan rahayu salamet. 76

Pamekar D Diajar B A S A S U N D A Buku Tuturus Tut Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas XII



NATAAN SUSUNAN ACARA: Sim kuring baris ngadugikeun runtuyan acara anu baris dipidangkeun dina wengi ieu. Anu kahiji nyaéta bubuka; kadua, ngagalindengkeun kalam Ilahi, katilu, rupi-rupi pamapag: pupuhu panitia, bapa Kadés Bojong Inong; nu kaopat bewarA sareng pamasrahan rupi-rupi penghargaan. Nu kalima, minangka acara inti nyaéta rupi-rupi kamonésan nu dijanggélékkeun dina pinton seni; nu pamungkasna acara Do’a. • NGAHATURANAN: sim kuring kalayan asmana panata calagara ngahaturkeun wilujeng sumping ka para bapa, para ibu miwah hadirin sadayana anu parantos kersa nyaosan pangulem panitia. • NGANUHUNKEUN: a. Atuh teu hilap, ogé ngahaturkeun réwu nuhun laksa keti kabingahan kana sagala rupi pangrojong boh moril boh materil, dugi ieu acara tiasa lumangsung kalayan nyugemakeun. Sakali deui hatur nuhun nu taya wates wangenna. b. Hatur sewu nuhun ka pupuhu panitia anu parantos ngalaporkeun rupi-rupi kagiatan dina salebeting miéling HUT Kamerdékaan, mugi tiasa kama’lum ku sadayana. • MUNGKAS ACARA: Alhamdulillah, acara demi acara parantos réngsé dilaksanakeun. Sateuacan sim kuring pamit, kalayan asmana panata calagara neda dihapunten tina samudaya kalepatan sareng kakirangan. Hatur nuhun kana samukawis perhatosanana Pancen antara MC jeung panumbu catur katingal aya sasaruanana, lantaran sarua ngatur lumangsungna “acara”. Ngan ari panumbu catur mah ngatur lumangsung acarana teh dina kagiatan sawala, kongres, konperensi jste., sedengkeun MC mah ngatur acara dina wengkuan anu leuwih lega. Sakumaha nu geus ditetelakeun dina panganteur di luhur yen pancén panumbu catur téh kawilang penting, pangpangna pikeun ngatur patalimarga atawa jalanna sawala (diskusi) sangkan henteu awut-awutan. Panumbu catur nu parigel mah biasana bisa ‘ngahirupkeun suasana’ nepi ka sawala téh jadi hégar, henteu “ngeuyeumbeu” atawa henteu monoton. Lian ti éta, panumbu catur ogé ngabogaan pancén pikeun ngawanohkeun jati diri (CV= curriculum vitae) pangjejer ka pamilon. Ari maksudna mah sangkan pangjejer téh ulah aya kesan nikukur atawa nabeuh manéh. Salian ti ngawanohkeun pangjejer ka pamilon, panumbu catur ogé boga wewenang nangtukeun lilana waktu nu diajangkeun pikeun pangjejer keur ngadadarkeun bahasanana, kaasup nangtukeun (nunjuk) saha anu baris dibéré kasempetan pikeun nyarita atawa nanya (pamilon). Pamustunganana, dina Bab I PITUDUH HUSUS

77

pungkasan sawala, panumbu catur mah aya kalana sok nyindekkeun naon-naon nu geus dipadungdengkeun. Geura ayeuna urang guar pereleanana: • BUBUKA Hadirin, dina jirangan (sesi) nu ka dua ieu, jejer bahasan téh sabudeureun “Ningkatkeun Aprésiasi Sastra Sunda di Kalangan Siswa SMA.” Anu janten pangjejerna nyaéta pangersa Bapa Dr. Gumiwang Raspati. Alhamdulillah dina danget ieu anjeunna parantos aya di tengah-tengah urang sadaya • MUJI SUKUR Kalayan ati nu wening, sumangga urang sami-sami muji sukur ka Allah SWT. tina sugri ni’mat anu parantos dilélérkeun ka urang sadaya. Kalayan widi-Na urang parantos dilawungkeun dina ieu pasamoan kalayan kawilujengan. Kanggo mitembeyan ieu acara, supados bérés roés teu aya kuciwana, mangga urang sami-sami ngaoskeun basmallah sasarengan • PANGJAJAP Dina enggoning, matéakeun jeung ngahirup-huripkeun pangajaran sastra Sunda, hususna daya aprésiasi sastra di kalangan para siswa téh tétéla henteu gampil. Tangtos seueur pisan bangbaluh nu karandapan ku para siswa, ti ngawitan perkara kirangna (méh disebatkeun teu aya) buku-buku bacaan sastra Sunda di perpustakaan sakola, teras néma kana minat katut karep siswa kana sastra Sunda nu kirang. • NGAWANOHKEUN RIWAYAT HIRUP (CV) PANGJEJER Kanggo langkung wanoh, saha ari Gumiwang Raspati téh? Sim kuring baris ngadugikeun riwayat hidup (Curriculum Vitae) anjeunna. Gumiwang Raspati téh dibabarkeun di Bandung......... jst.................. • NGAHATURANAN PANGJEJER NGAGUAR PEDARANANA Hadirin nu mulya, waktos nu disayagikeun ku panitia kanggo ieu jejer bahasan téh aya 60 menit. Sim kuring baris nyageranan ieu waktos 30 menit ka Dr. Gumiwang kanggo ngaguar ieu bahasan. Nu 30 menit deui urang mangpaatkeun kanggo acara sawala. Sumangga ka pangersa Dr. Gumiwang dihaturanan kanggo ngadadarkeun bahasanana..... • NGAHATURANAN PAMILON NEPIKEUN KAMANDANGNA Aya kénéh waktos 25 menit deui, bilih di antawis sadérék aya anu kagungan kapanasaran, unek-unek atanapi badé ngadugikeun kamandangna mangga dihaturanan. Aturanana, ka nu badé naroskeun atanapi sasauran, dipiharep ngacungkeun panangan sareng nyebatkeun jenengan. Kalihna ti éta, ka nu badé naroskeun patarosan téh mugia tujul baé kana pamaksadanana! Ieu jirangan téh badé diajangkeun heula kanggo lima panaros. • MUNGKAS ACARA SAWALA Alhamdulillah, réngsé nembé kapihatur pedaran ti pangersa Dr. Gumiwang 78

Pamekar D Diajar B A S A S U N D A Buku Tuturus Tut Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas XII

Raspati. Tina naon-naon nu nembé didugikeun ku anjeunna, tinangtos urang tiasa nyindekkeun ku anjeun yén ngaronjatkeun daya aprésiasi sastra téh geuning saleresna mah gampil, upami urang engeuh kana léngkahlengkah atanapi cara-carana, sakumaha anu parantos didadarkeun ku Dr. Gumiwang nembé. Tah ti wangkid ayeuna mangga ka hadirin, urang samisami nawaétuan sareng urang kawitan ku macaan karya-karya sastra. Sakali deui sim kuring asmana panitia ngahaturkeun réwu nuhun ka pengersa Dr. Gumiwang Raspati nu parantos medar kamandangna perkawis aprésiasi sastra. Ka hadirin disuhunkeun kanggo masihan keprok ka Dr. Gumiwang Raspati. Alhamdulillah ieu acara téh lumangsung kalawan lancar, bérés roés taya kuciwana. Kanggo mungkas ieu acara, mangga urang sami-sami macakeun hamdallah sasarengan. Alhamdulillahirobbil’ alamiin. Wabillahi taufik wal hidayah, wassalamu’alaikum warrahmatullahi wabarakatuh.

D.

NGOLAH INFORMASI NGUNAAN TÉKS PEMANDU ACARA

NO

KAGIATAN

7.

Sanggeus siswa narima informasi anu dibutuhkeun ngeunaan matéri téks tarjamahan, dina diskusi kelompok siswa diaping pikeun ngolah informasi anu katarimana dina wangun prakték, nyoba jeung nyieun téks pemandu acara sacara basajan. Siswa dibagi jadi 3 kelompok. Masingmasing kelompok diwangun ku 12-13 urang. Tujuanana sangkan siswa bisa préséntasi ngaragakeun téks pemandu acara anu disusunna luyu jeung situasi anu sabenerna.

8.

Guru ngasongkeun téma atawa jenis acara resmi nu sok biasa merlukeun ayana pemandu acara: 1. ulang taun (milangkala) instansi/individual 2. miéling acara kaagamaan (maulid nabi, isro mi’raj) di sakola/instansi/lembaga 3. pernikahan 4. pembukaan acara pasanggiri

9.

Siswa milih jeung nangtukeun téma acara nu dipikaresep ku kelompokna. Bab I PITUDUH HUSUS

79

10.

Dina kagiatan diskusi kelompok, siswa nyusun jeung milih kekecapan arkaik nu basajan dina bagian bubuka.

11.

Siswa nyusun runtuyan acara luyu jeung téma acara nu dipilihna

12.

Siswa nyusun bagian panutup téks mandu acara.

13.

Kalayan bingbingan guru, siswa memener jeung nyampurnakeun téks mandu acara anu disusun ku kelompokna

14.

Siswa latihan ngaragakeun téma acara nu dipilihna.

E.

MIDANGKEUN HASIL NYUSUN TÉKS PEMANDU ACARA NO

KAGIATAN

12.

Siswa jeung kelompokna nepikeun hasil nyusun téks pemandu acara bari diragakeun luyu jeung situasi anu sabenerna di hareupeun kelas

.

80

Pamekar D Diajar B A S A S U N D A Buku Tuturus Tut Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas XII

P angajaran

5

TARJAMAHAN A.

NGIMEUTAN TARJAMAHAN

NO

KAGIATAN

1.

Saméméh pangajaran dimimitian, aya hadéna peserta didik dikondisikeun pikeun saregep nyanghareupan pangajaran. Upamana baé ngaliwatan pernyataan: “Tos siap diajar Basa Sunda? Upami tos siap, mangga kaluarkeun buku basa Sunda sareng alat tulisna. Pikeun ngawangun karakter disiplin, guru mariksa jeung ngajak ngararapih pakéan seragam siswa. Sanggeus kondisi siswa katingal saregep, guru bisa ngamimitian muka pangajaran ku pertanyaan: “Tiasa Ibu/Bapa ngawitan nerangkeun?”

2.

Guru nepikeun matéri pangajaran anu rék dipedar nyaéta ngeunaan matéri “TARJAMAHAN”. Saméméh prak nepikeun matéri pangajaran, guru ngahubungkeun matéri pelajaran anu geus dibahas jeung matéri pangajaran anu rék dibahas.

3.

Guru nepikeun tujuan pembelajaran anu baris dihontal sabada diajar matéri ngeunaan “TARJAMAHAN”. Pikeun ngirut minat siswa, guru nayangkeun téks lagu “barat” anu témana ngeunaan kamanusaan atawa lagu séjén anu keur dipigandrung. Imagine By: John Lennon Imagine there’s no Heaven It’s easy if you try No hell below us Above us only sky Imagine all the people Living for today Bab I PITUDUH HUSUS

81

Imagine there’s no countries It isn’t hard to do Nothing to kill or die for And no religion too Imagine all the people Living life in peace You may say that I’m a dreamer But I’m not the only one I hope someday you’ll join us And the world will be as one Imagine no possessions I wonder if you can No need for greed or hunger A brotherhood of man Imagine all the people Sharing all the world You may say that I’m a dreamer But I’m not the only one I hope someday you’ll join us And the world will live as one 2. Someone Like You Adele I heard that you’re settled down That you found a girl and you’re married now I heard that your dreams came true Guess she gave you things I didn’t give to you Old friend, why are you so shy? Ain’t like you to hold back or hide from the light I hate to turn up out of the blue, uninvited But I couldn’t stay away, I couldn’t fight it I had hoped you’d see my face and that you’d be reminded That for me, it isn’t over Never mind, I’ll find someone like you I wish nothing but the best for you, too Don’t forget me, I beg, I remember you said 82

Pamekar D Diajar B A S A S U N D A Buku Tuturus Tut Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas XII

4.

Sometimes it lasts in love, but sometimes it hurts instead Sometimes it lasts in love, but sometimes it hurts instead You know how the time flies Only yesterday was the time of our lives We were born and raised in a summer haze Bound by the surprise of our glory days I hate to turn up out of the blue, uninvited But I couldn't stay away, I couldn't fight it I had hoped you'd see my face and that you'd be reminded That for me, it isn't over Never mind, I'll find someone like you I wish nothing but the best for you, too Don't forget me, I beg, I remember you said Sometimes it lasts in love, but sometimes it hurts instead, yeah Nothing compares, no worries or cares Regrets and mistakes, they're memories made Who would have known how bittersweet this would taste? Never mind, I'll find someone like you I wish nothing but the best for you Don't forget me, I beg, I remember you said Sometimes it lasts in love, but sometimes it hurts instead Never mind, I'll find someone like you I wish nothing but the best for you, too Don't forget me, I beg, I remember you said Sometimes it lasts in love, but sometimes it hurts instead Sometimes it lasts in love, but sometimes it hurts instead http://www.metrolyrics.com/someone-like-you-lyrics-adele.html

NO

KAGIATAN

5.

Guru ngajak siswa ngawihkeun lagu kasebut babarengan sok sanajan ukur sapada.

6.

Guru tumanya ka siswa saha-sahana anu bisa nyaritakeun deui eusi lagu kasebut sacara ringkes.

7.

Sanggeus réngse méré motivasi awal ka siswa, guru museurkeun panitén siswa kana matéri anu rék dipedar nyaéta ngeunaan “TARJAMAHAN” ku cara ngabagikeun conto téks tarjamahan. Bab I PITUDUH HUSUS

83

B.

MACA TEKS TARJAMAHAN

NO

KAGIATAN Pek ilo ieu wacana téh sing nepi kacangkem eusina! SAYA dilahirkan di rumah peninggalan nenek moyang ibu, yang terletak di samping balai desa Cibolérang, Jatiwangi, tapi sewaktu umur saya baru beberapa belas bulan saya dibawa pindah ke rumah kakek di kampung Pasuketan,sebab kakek membeli rumah di sana. Selanjutnya saya tinggal di sana hingga lulus Sekolah Rakyat. Hal saya dibawa pindah ke Pasuketan penting diceritakan,sebab kalau saja saya terus tinggal di rumah peninggalan nenek moyang ibu yang terletak di samping balaidesa, tentu kisah hidup saya akan berbeda. Desa Cibolérang adalah salah satu di antara tiga desa yang membentuk kota kewedanaan (kini kecamatan) Jatiwangi. Dua desa lainnya adalah desa Sutawangi dan Cicadas. Sutawangi di tengah-tengah, Cicadas di sebelah barat, sedang Ciborélang di sebelah timur. Kota Jatiwangi yang secara administratif termasuk ke dalam wilayah kabupaten Majalengka, secara kultural terletak di daerah tapal batas kultur Sunda dan (Jawa) Cirebon. Waktu itu, ada dua bahasa sehari-hari yang digunakan oleh orang Jatiwangi, yakni bahasa Sunda dan bahasa (Jawa) Cirebon, tergantung dari lingkungan sosial dan pekerjaan masing-masing.

8

Di sekitar balai desa Cibolérang yang terletak di sebelah selatan jalan raya CirebonBandung di seberang pasar -disebut "Pasar Baru" karena pasar lama terletak di depan balai desa Sutawangi- penduduk sehari-hari menggunakan bahasa Cirebon. Orang Kaum (masjid terletak tepat di sebelah barat-laut desa, karena sepelataran) berbicara dalam bahasa Cirebon. Demikian pula orang pasar berbicara dalam bahasa Cirebon, meskipun penduduk yang tinggal di sebelah utara, timur dan barat pasar -jadi, yang terletak di sebelah utara jalan raya Bandung-Cirebon- kebanyakan menggunakan bahasa Sunda. Jadi, kalau saja saya tetap tinggal di rumah peninggalan nenek moyang ibu yang disebut Blok Salasa, tentu saya pun sehari-hari menggunakan bahasa Cirebon.

4.

KECAP SEREPAN TINA BASA ASING

ARAB

84

KECAP SEREPAN TINA BASA ASING NGGRIS WALANDA PORTUGAL SANSEKERTA

Pamekar D Diajar B A S A S U N D A Buku Tuturus Tut Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas XII

C.

PERTANYAAN UMUM SABUDEUREUN TÉKS TARJAMAHAN NO

KAGIATAN

8.

Sanggeus ngilo téks tarjamahan, kalayan bantuan guru, siswa nyusun pertanyaan ngeunaan téks tarjamahan anu dibacana. Guru bisa nambahan atawa méré conto pertanyaan pikeun ngamotivasi siswa. Misalna: 1. Naon anu dimaksud tarjamahan? 2. Kumaha cara-cara narjamahkeun anu bener? 3. Bacaan anu kumaha baé anu sok ditarjamahkeun téh?

D.

NGUMPULKEUN INFORMASI SABUDEUREUN TÉKS TARJAMAHAN NO

KAGIATAN

9.

Siswa diajak ngeuyeuban pangaweruhna ngaliwatan éksplorasi sabaraha sumber bacaan jeung sumber belajar di sakola, misalna buku pakét, koran, majalah, internét, diskusi jeung babaturan sakelas. Guru méré umpan balik.

10.

Siswa sina mutalaah ngeunaan hakekat Tarjamahan katut unakanikna. Materina kapidangkeun ieu di handap. Tarjamahan teh nyaéta karya hasil narjamahkeun tina basa séjén. Istilah séjén sok aya nu nyebut alih basa. Prosés narjamahkeun, boh karya ilmiah boh karya (sastra) biasana diusahakeun sangkan papak pisan jeung aslina. Pangpangna dina karya sastra, kagiatan narjamahkeun téh lian ti mertahankeun segi-segi séjénna, anu pangutamana téh dina segi basana (gaya basa, pilihan kecap, ungkara, jsté.) jeung kualitas senina. Ajip Rosidi (kurang leuwih taun 80an) kungsi midangkeun artikel nu nétélakeun yén tarjamahan téh kudu “geulis” jeung “satia”. Geulis maksudna kaéndahanana kudu bisa kapindahkeun, ari satia maksudna ulah méngpar tina rakitan wacana sumber. Dina périodeu saméméh Perang Dunya II anu réa digarap ku pangarang Sunda téh saduran, lain tarjamahan. Dina saduran mah lain waé “alih basa”-na bébas, tapi karya deungeun téh dipapantes, disusurup jeung kaayaan di urang. Istilah séjén anu sok mindeng digunakeun harita nyaéta salinan atawa nyalin. Bab I PITUDUH HUSUS

85

Dina mangsa saméméhna, nyaéta dina periodeu naskah (manuscript), anu disebut nyalin téh bisa jadi narjamahkeun (bébas), transliterasi atawa transkripsi atawa bener-bener nulad (aksarana, basana teu diganti). Kagiatan narjamahkeun téh teu kawatesanan ukur pikeun karangan ilmiah wungkul.Tapi méh saban widang paélmuan kungsi ditarjamahkeunkarya-karyana. Ku lantaran kitu, majuna paélmuan téh ngabelesat pisan. Umumna karya-karya anu sok diterjemahkeun téh di antarana karya sastra. Dina karya sastra, urang baris mikawanoh nu disebut karya tarjamahan. Demi karya tarjamahan téh nyaéta karya nu ngahaja ditarjamahkeun ku nu narjamahkeun sangkan balaréa (masarakat pamaca) bisa maca éta karya.Ari karya nu ditarjamahkeun kana rupa-rupa basa dikasangtukangan ku lantaran éta karya téh dianggap fenomenal atawa karya masterpiece. Lian ti éta, bisa jadi lantaran nu nulis éta karya téh kasinugrahan hadiah nobel sastra. Éta karya masterpiece téh nya tuluy baé ditarjamahkeun kana ruparupa basa, nu tujuanana sangkan ruang lingkup atawa segmentasi nu macana leuwih lega deui. Ngan anu jadi pasualan, aya kalana karya nu ditarjamahkeun téh sanggeus meunang pangajén bet teu luyu jeung eusi/amanat nu nulisna. Nu matak teu anéh loba nu maca ngarasa kuciwa ku hasil tarjamahanana. Jadi tukang narjamahkeun téh mémang lain pagawéan nu enteng-enteng. Sabab ari narjamahkeun téh butuh mikapaham kumaha eusi karya sastra “dima’naan” jadi hiji hal anu ngabogaan sasaruaan ma’na jeung karya aslina. Ku lantaran kitu, pikeun nu narjamahkeun mah kudu enya-enya mikapaham maksud nu nulis éta karya nu ditarjamahkeunana, saméméh dijanggélékkeun dina wangun karya nu geus ditranformasikeun téa. Dina taun 1952, kungsi medal hiji novel anu judulna “The Old Man and The Sea” karya Ernest Hemingway. Éta novel téh kandelna (127 kaca panjang) tur kasinugrahan hadiah nobel sastra. “The Old Man and The Sea” teu wudu pada narjamahkeun kana rupa-rupa basa. Saperti basa Arab, Indonesia, jrrd. Salaku karya tarjamahan, ieu novel téh kungsi ditarjamahkeun kana basa Indonesia ku Dian Vita Ellyati jeung Sapardi Djokodamono.

86

Pamekar D Diajar B A S A S U N D A Buku Tuturus Tut Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas XII

Ari narjamahkeun karya sastra enas-enasna mah prosés ngarobah boh dikurangan boh ditambahan nu ahirna béda jeung karya aslina. Éta pamadegan aya benerna, nya kitu pisan. Éta hal téh kabuktian tina bungkeuleukna jumlah kaca karya tarjamahan nu leuwih ipis atawa kandel batan karya nu aslina. Geura we novel nu aslina aya 127 kaca, nya teu mustahil sanggeus ditarjamahkeun beunang Dian Vita Ellyati téh jadi 132 kaca. Éta hartina nambahan/ngurangan tina karya asli “The Old Man and The Sea.” Di sagedéngeun éta, lantaran novel téh ditarjamahkeunana ku dua urang pangarang anu béda, nya tangtu baé hasil tarjamahanana ogé bakal béda, utamana dina ngama’naan amanat jeung eusi éta novel. Lamun Dian mah ngama’naan novel karya Hemingway téh estuning tukuh kana aturan tata basa. Sedengkeun ari Sapardi mah ngama’naanana éta novel téh ku cara ngarékontruksi karya aslina jadi jadi karya wanda anyar, bari teu ngaleungitkeun amanat/pesan nu saéstu ti pangarang aslina. Éta saperkara narjamahkeun prosa dina winangun novel, tangtu bakal béda deui lamun urang rék narjamahkeun puisi (sajak). Malah aya nu nyebutkeun yén narjamahkeun puisi mah jauh leuwih bangga batan narjamahkeun prosa. Parandéné kitu lebah narjamahkeun puisi mah gedé kamungkinan sarua banggana jeung nulis éta puisi, anu henteu cukup ku modal kamampuh ngagunakeun basa aslina, tapi ogé kudu weruh kana basa katut budaya hasil tarjamahanana. Béh dituna anu narjamahkeun puisi mah kudu mibanda pangalaman kapenyairan, pangalaman ngaracik kekecapan, pangalaman ngagunakeun métafor, pangalaman ulin jeung imaji, jeung pangalaman ngagunakeun diksi. Upama henteu mibanda pangalaman éta, tinangtu bakal lapur lantaran hasil tarjamahanana baris jadi karya anu taya pulukeunana. Narjamahkeun prosa kamungkinan itunganana kalimah per kalimah, demi itungan dina puisi mah kecap per kecap, jadi tangtu bakal leuwih banggana. Ku ayana kitu, narjamahkeun puisi ogé kudu pinter jeung seukeut dina milih hiji kecap di antara kecapkecap séjén anu teu pamohalan hartina sarua.

Bab I PITUDUH HUSUS

87

E.

NGUMPULKEUN INFORMASI SABUDEUREUN TÉKS TARJAMAHAN NO

KAGIATAN Sanggeus siswa narima informasi anu dibutuhkeun ngeunaan matéri téks tarjamahan, dina diskusi kelompok siswa diaping pikeun ngolah informasi anu katarimana dina wangun prakték, nyoba jeung narjamahkeun PUISI sacara basajan. You Mom You taught me to hold Tears pouring rain To always be patient in the trial Prostration and kneeling on the Lord ... You couplet formed by prayer Take care of the crime Sweep me away by the dust That will make me fall ... You are an inspiration in life Leads to sweep the obstacles With that build confidence Patience and care to create ... You are a hero throughout the ages Sweat makes science Crying makes light guide Dusk making a new spirit ... You set the clouds Will not disappear by the moon Your love is eternal Until later I had a dream in a grave ... Where you stand Place last steps Share Them all miss the place And a place to complain ...

88

Pamekar D Diajar B A S A S U N D A Buku Tuturus Tut Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas XII

11.

You (the mother) there is no indelible By the swift exposure to sea By the anger of the earth ground My heart and will always be an integral ... http://www.dhono-wareh.com/2013/04/puisi-dalam-bahasainggris-untuk-ibu.html Sanggeus siswa narima informasi anu dibutuhkeun ngeunaan matéri téks tarjamahan, dina diskusi kelompok, siswa diaping pikeun ngolah informasi anu katarimana dina wangun prakték, nyoba jeung narjamahkeun LAGU sacara basajan. BEN Michael Jackson Ben, the two of us need look no more We both found what we were looking for With my friend to call my own I’ll never be alone And you my friend will see, you’ve got a friend in me

12.

Ben, you’re always running here and there You feel you’re not wanted anywhere If you ever look behind and don’t like what you find There’s something you should know, you’ve got a place to go I used to say, “I”, And “Me” Now it’s “Us”, Now it’s “We” Ben, most people would turn you away I don’t listen to a word they say They don’t see you as I do I wish they would try to I’m sure they’d think again if they had a friend like Ben Like Ben, like Ben http://www.metrolyrics.com/ben-lyrics-michael-jackson.html

13.

Sanggeus siswa narima informasi anu dibutuhkeun ngeunaan matéri téks tarjamahan, dina diskusi kelompok, siswa diaping pikeun ngolah informasi anu katarimana dina wangun prakték, nyoba jeung narjamahkeun téks bahasa Indonésia kana basa Sunda sacara basajan. Bab I PITUDUH HUSUS

89

………… Selama puluhan tahun berkecimpung menyebarkan risalahnya, Kiai Gozali tidak henti-hentinya menggunakan bahasa Sunda. Beliau sering menyebut bahasa Sunda dengan bahasa “pedesaan”. Malah mengaku bangga dirinya disebut “ulama pedesaan”. Ulama yang setiap gerak-gerik langkah serta ucapannya dimengerti dan dipahami oleh masyarakat pedesaan. Bahasanya tidak muluk-muluk, tidak untuk gagahgagahan supaya memberi kesan hebat. Gaya bahasa Kiai Gozali sangat plastis dan realistis. Karena pemahamannya terhadap psikologi massa, beliau sangat konsisten dan menyadari bahwa objek dakwah di Jawa Barat lebih didominasi orang-orang yang mengerti dan memahami bahasa Sunda…………… Sanggeus siswa narima informasi anu dibutuhkeun ngeunaan matéri téks tarjamahan, dina diskusi kelompok, siswa diaping pikeun ngolah informasi anu katarimana dina wangun prakték, nyoba jeung narjamahkeun téks basa Sunda kana basa Indonésia sacara basajan. ............Naon atuh bédana Harli jeung Honda Tiger atawa motor nu sakelas jeung Harli? Éta meureun sugan pédah tarikna mapakan jamparing? Bandel mesinna? Pédah kuat, wedel jeung tambleg? Tambleg jeung kuat samodél Témbok Cina? Bawirasa teu kitu. Lebah macét mah angger wé... ngarayap. Meneran banna kacugak paku, nya paling copélna kudu wé didorong baé mah. Komo lebah kapanasan jeung kaanginan mah sarua, kana hulu matak jangar jeung awak kudu dikerok, da asup angin. Kitu deui lamun hujan, da angger wé nu tumpakna matak.... mucicid. Kabulusan. Atuh mun katabrak mobil mengpengan mah moal henteu nu tumpakna bakal ngajurahroh jeung motorna dijamin...ringsek. ....

14

E.

MIDANGKEUN HASIL TARJAMAHAN NO 12.

90

KAGIATAN Siswa nepikeun hasil tarjamahan di hareupeun kelas

Pamekar D Diajar B A S A S U N D A Buku Tuturus Tut Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas XII

P angajaran

6

CARITA PANTUN A.

NGAIDÉNTIFIKASI NASKAH DRAMA KAGIATAN

NO.

1.

Satacanna pangajaran dimimitian, pikeun ngawangun karakter didsiplin, guru ngecek karapihan pakéan siswa. Satuluyna guru ngecék jeung mariksa siswa anu henteu ngerjakeun PR pikeun ngawangun karakter jujur jeung tanggung jawab. Guru ngabsén siswa saurangsaurang. Tujuanana supaya siswa ngarasa diperhatikeun sarta guru apal kana ngaran, rupa jeung karakter siswa saurang-saurangna.

2.

Guru nepikeun matéri pangajaran anu rék dipedar nyaéta ngeunaan “DRAMA”. Saméméh prak nepikeun matéri pangajaran, guru ngahubungkeun matéri pelajaran anu geus dibahas jeung matéri pangajaran anu rék dibahas.

4.

Guru nepikeun tujuan pembelajaran anu baris dihontal sabada diajar matéri “DRAMA”.

5.

Guru nyetél vidéo drama

6.

Sanggeus réngsé nongton tayangan drama, siswa niténan naskah drama.

1.

CONTO NASKAH DRAMA Démonstran

(Buruan Kantor Kacamatan. Jempling. Teu sawatara ti harita ujug-ujug aya nu tingkulunu, urang lembur, bari tingkecewis. Papakéanana teu maratut (sangeunahna). Aya nu ukur maké kaos oblong, pakéan ka sawah, aya ogé nu ngan dicalana sontog bari nyoréndang sarung. Kawas nu teu kaburu disaralin heula.) ATO : (NGAHARÉWOS) Anén, komandoan! ANÉN : (LUAK-LIEUK, NGAHAREWOS) Ngomandoan naon? Bab I PITUDUH HUSUS

91

ATO

: Na aya ku bodo ari amnéh! Ngomandoan ngagorowok! Pokona sagala anu kudu dikomandoan, komandoan ku manéh! ANÉN : Naon nu rék digorowokeunana! (Saréréa silih pelong siga bingung.) ACID : Kieu wé atuh: Camaat, Kaluar! Tah, kumaha mun kitu! (Saréréa unggut-unggutan tanda satuju. Anén maju ka hareup bari singkil.) ANÉN : Hiji …. Dua …… ATO : (NÉMPAS) Ulah gancang teuing,bisi teu bareng.Kumaha mun anu ngagorowok tiheula nu katempuhan? LAMIN : Ah loba teuing aturan! Geura sok-sok ka dinya, Nén! ANÉN : Hijiiiii….. duaaaaa...... tiluuuuuuuuu! (Urang lembur kontan tingcorowok nitah camat kaluar: Camaaaat kaluaaar…… camat kaluaaarr….Kaluar siah Camaaat! Ti jero kantor Kacamatan, pagawé kacamatan jul-jol kalaluar. Tapi barang nempo loba jelema di luar bari tingcorowok, langsung ngararempod deui. Urang lembbur tuluy cocorowokan nitah camat sina kaluar.Teu lila pagawé kacamatan kalaluar deui bari pacekel-cekel leungeun siga nu sieun. Sekwilmat nyoba-nyoba nenangkeun nu demonstrasi bari ngacung-ngacungkeun leungeun!) SEKWILMAT : Tenang-tenang! Ké aya naon ieu téh para Sadérék? ANÉN : Bapa téh camat? SEKWILMAT : Lain kuring mah. Eueu….. ATO : Euh, lain camat mah ulah pipilueun atuh! Kuring mah arék ka camat. SEKWILMAT : Nu matak keur euweuh Pa Camat mah. ACID : Ah, bohong! Sok, daék naon? (Sekwilmat luak-lieuk ka pagawé nu séjén, bingung. Pagawé kacamatan anu séjén sarua bingungna.) SEKWILMAT : Eueu… daék…. daék kasép. Euweuh Pa Camat mah! AKI URSIN : Anakna atuh! MANG PENGKI : (NGAGEBÉS AKI URSIN) Husss! Ari Aki, rék naon mamawa anak camat! AKI URSIN : Ari geus, kudu ka saha lamun camat euweuh! (Mang Pengki geus cewaw rék nyarékan Aki Ursin, ngan Sékwilmat kaburu nyarita deui!) SÉKWILMAT : Kéla…kéla! sakali deui rék nanya, para sadérék téh rék naon? ATO : Éh, torék nya! Teu kadéngé ti tatadi kuring saréréa gogorowokan arék ka camat! 92

Pamekar D Diajar B A S A S U N D A Buku Tuturus Tut Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas XII

SEKWILMAT

: (BEUKI GEUMPEUR) Eh, euh, aduh…. Sugan bisa diwakilan ku kuring? ANÉN : Teu bisa! Da ceuk si Lurah ogé anu boga dosana Camat! (Sekwilmat kerung, tuluy luak-lieuk ka pagawé séjén anu saru pada teu ngarti.) SEKWILMAT : Boga dosa??? Boga dosa naon Pa Camat téh? (Anén ngagorowok deui, disusul ku nu séjén. Jororowokan nitah Camat kaluar. Pagawé Kamacatan tingpuringis sarieuneun.) (Keur kitu ujug-ujug aya sora ngabeledug, siga sora péstol nu dibekaskeun. Nu cocorowokan ngadadak jempe, bari reuwas jeung silih pelong.) MANG PENGKI : Saha nu wayah kieu nyeungeut lodong euy? AKI URSIN : Sing bener siah Pengki, lodong atawa péstol? URANG LEMBUR : (BARENG) Péstoooolllll???? (Dadak sakala beungeut urang lembur pias. Bari euweuh nu ngomandoan heula urang lembur tingbelecir kalabur ti buruan kantor kacamatan. Pahibut notog-notogkeun manéh. Nu ngalér. Nu ngidul. Nu ngétan. Nu ngulon. Kantor kacamatan ahirna jempling deui. Pagawé kacamatan caraméot di juru bari siga nu kasima.) (Teu lila aya indung ngajijiwir budakna ngaliwat ka buruan kantor kacamatan. Budakna ngawiwih ceurik bari ampun-ampunan!) INDUNG : Ari manéh bedegong-bedegong teuing! Ceuk Ema gé ulah ulin pepetasan, ulah ulin pepetasan! Teu kapok manéh sakitu jempol geus tutung téh? Balik siah! (Sanggeus indung jeung budakna ngaliwat, pagawé kacamatan ukur colohok mata simeuteun!) (Diraéh deui tina Carpon “Ada Main”, karangan Darpan Ariawinangun, nu dimuat dina buku Nu Harayang Dihargaan, penerbit Rahmat Cijulang Bandung, 1999)

B.

PERTANYAAN UMUM SABUDEUREUN DRAMA

NO.

KAGIATAN

7.

Sanggeus réngsé ngaidéntifikasi téks pemandu acara, kalayan bingbingan guru, siswa nuliskeun sababaraha hiji pertanyaan sabudeureun matéri DRAMA: 1. Naon ari drama? 2. Aya naon baé dina naskah drama? 3. Nu disebut drama téh naon baé jenisna?

Bab I PITUDUH HUSUS

93

C.

NGUMPULKEUN INFORMASI SABUDEUREUN DRAMA

NO.

KAGIATAN

8.

Siswa diajak ngeuyeuban pangaweruhna ngaliwatan éksplorasi sabaraha sumber bacaan jeung sumber belajar di sakola, misalna buku pakét, koran, majalah, internét, diskusi jeung babaturan sakelas. Guru méré umpan balik.

1.

DRAMA Naskah drama béda jeung naskah sastra séjénna. Enya, kapan dina drama mah naskahna bisa disebutkeun mangrupa hasil karya sastra. Dina naskah drama urang bakal manggihan unsur-unsur intrinsik anu biasa kapanggih dina hiji karya sastra, kayaning téma, palaku, galur, setting jeung patempatan. Anu ngabédakeun naskah drama jeung naskah karya sastra séjénna nyaéta dina drama mah dialog para palakuna dicutat sacara langsung dina wangun kalimah langsung dina pagundeman. Ilikan conto di handap ieu: BANDERA! BANDERA! BANDERA! Naskah Drama Sunda Sababak

ADEGAN 1 PANGGUNG POEK. SORA BANGKONG TINGBOROGODOD. LAMPU LAUN NYAANGAN PANGGUNG. REMENG-REMENG. ROHANG TENGAH HIJI IMAH BILIK. RADA BEULAH KATUHU, KORSI RAREYOD NGARIUNG MEJA. AKI ONAY DIUK DI SALAH SAHIJI KORSI BARI NGALINTING BAKO. DI BEULAH TENGAH, GIGIREUN LAWANG KA ENGGON, LOMARI GEUS MUKA PANTONA, LAMAK AMAYATAK, PATULAYAH JEUNG BAJU BUBUTUTAN JURU ROHANG BEULAH KENCA, HANDAPEUN JANDELA, AYA MESIN KAPUT BUTUT NGAJUGRUG, BULAN (INCU AKI ONAY) KEUR NGEUNTEUNG, NGOME BUUK. PANGGUNG REMENG-REMENG. SORA TI SALUAREUN IMAH: Nu gelo : (CEUCEULEUWEUNGAN SEMU NGALAGU) Baheula mah masang bandéra hayang merdéka, jaman ayeuna mah teu masang bandéra hartina merdéka! Baheula mah masang bandéra hayang merdéka, jaman ayeuna mah teu masang bandéra hartina merdéka! Baheula mah masang bandéra hayang merdéka, jaman ayeuna mah teu masang bandéra hartina merdéka! 94

Pamekar D Diajar B A S A S U N D A Buku Tuturus Tut Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas XII

Sora Sejen hiji : Gandéng siah! Dasar nu burung! Nyingkah ka dituh! Sia mah keur burung téh, ngahasut! Na, sia teu sieun ku déwék! Déwék hansip deuleu! Deuleu sapatu déwék! Tah baju déwék! Nyingkah! Déwék keur mancén tugas titahan Pa Kuwu! Nu gelo : Baheula mah tugas téh ikhlas ngorbankeun jiwaraga, jaman ayeuna mah tugas téh dipaké cukang jang dunya barana! Bandéra! Merdéka! Hidup bandéra! Hidup merdéka! Hidup Nyai Bulan! Buta héjo dibaju héjo titahan rajana buta…! Sora Sejen hiji : Nyingkah deuleu! Hariwang! Sora Sejen dua : Geuning aya hansip Kuslan! Wah, Ki Onay can kénéh masang bandéra? Ari Pa Kuwu keur di mana? Sora Sejen hiji : Aéh, Jang Tatang! Puguh, aki-aki téh! Unggal agustusan matak wirang waé. Mangka isuk arék aya gegedén. Di kantor kénéh Pa Kuwu mah, Jang! Kumaha janten masang sarébu bandéra di pasir téh? Nu gelo : Bandéra! Bandéra! Bandéra! Hidup bandéra! Hidup merdéka! Hidup Nyai Bulan! Sora Sejen dua : Jadi atuh! Eta Si Seblung beuki maceuh waé! Uing ka Pa Kuwu heula! Titip salam ka Nyai Bulan… Sora sejen hiji : Salam-salam tujuhmulud! Déwék wé hayang! Dikirana ngabélaan digembrong reungit jang nanahaon... Nu gelo : Hayang waé tapi tara aya nu hayangeun! Karunya nya… Sora Sejen Hiji : Nyingkaaaaah! ADEGAN 2 JEMPLING. HAWAR SORA BANGKONG BEUKI REANG, BEUKI HAWAR-HAWAR. LAMPU DI PANGGUNG MIMITI CAANG.AKI ONAY NYEUNGEUT ROKONA. NYEREBUNG. NINI ODIH NGURUNYUNG SISI KENCA, MAWA CIKOPI. BULAN NOONG KANA JANDELA. Nini Odih : Hariwang pisan! Nu owah paréréa omong jeung nu weureu! Bulan : Aki, geuning Kang Hansip Kuslan teu ingkah-ingkah nya? Ituh Kang Tatang mani rurusuhan kitu! Si Seblung kalah lumpat ka pipir… Nini Odih : (NEUNDEUN GELAS DINA MEJA) Moal nyingkah saméméh urang masang bandéra mah, Bulan! Titahan kuwu cenah! Bulan : Ih, matak naon lamun panginjeumkeun atuh nya, tuluy pangmasangkeun. Teu kreatif pisan Hansip teh. Kalah we kucap-kiceup mani kerep… Bab I PITUDUH HUSUS

95

Nini Odih

Aki Onay Nini Odih Aki Onay

Bulan Nini Odih Aki Onay

Nini Odih Aki Onay Bulan

Aki Onay Nini Odih Aki Onay Nini Odih

Bulan Nini Odih Aki Onay

96

: (LEUMPANG KANA LOMARI, TULUY NGUDULAN EUSINA) Geus euweuh nu bogaeun. Kapan arék masang sarébu bandera nutupan pasir béjana mah. : Kateuteuari! : Ari manéhna! Ieu teh keur néangan sakadang bandéra. Kalah nyebut kateuteuari. : Na ari sagalarupa teh. Kateuteuari sotéh kami mah ka nu rék masang bandéra di pasir. Kanyaah-nyaah waragad, sakadar hayang katangar ku gegedén. Masang bandéra mah dina dada, lain nyimbutan pasir. : Dada aki? : Dada aki manéh mah batuk malulu, Bulan! : Tong salah, Nini! Kieu-kieu ge, kami urut pajuang. (NGARÉRÉT KA BULAN) Bulan, aki maneh baheula kungsi milu bajuang, milu perang. : Sok agul ku payung butut… : Lain agul, Nini! Meh incu nyahoeun. Na teu meunang ngadongéng ka incu sorangan? : Aki mah, apan tos sering atuh ngadongéngna ogé. Anu jadi mata-mata di leuwi Keper téa nya, anu mantuan tentara nyegat Walanda di Heubeul Isuk? : Geuning apal? : Nya apaleun da meh unggal peuting didongéngkeun. Matak ulah agul ku pikun geura… : Baruk! Rarasaan kami mah, kami teh can dungang-dongéng… Heueuh! Asa cikénéh pisan… : Meunggeus Bulan, ari geus hatam mah, anggur ka dieu bantuan néangan bandéra. Tah bari bérésan lalamakan. Rus-ras ka jaman sok ngaput ari neuleu nu kieu téh. Eta geura, kalah umat-imut dina jandéla. Antep hansip céngos mah, montong dilayanan… : (BARI CUMENTIL NGADEUKEUTAN NININA) Pilakadar bandéra mani rariweuh kieu, Nini? : Taktagé! Baheula mah nini sok purah mangaputkeun jang batur. Ari heug ayeuna teu boga hiji-hiji acan. : (NEUTEUP KA HAREUP BANGUN NGOMONG SORANGAN) Bandéra téh baheula alah batan naon, Bulan! Getih jeung nyawa tah tandonna ogé. Tuh, lebah Pasir Ipis. Lebah dinya pisan, réa tantara anu jadi korban. Aki harita,

Pamekar D Diajar B A S A S U N D A Buku Tuturus Tut Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas XII

nénjo pisan kasatiaan pajuang kana ngudag kamerdékaan. Toh pati jiwa raga. Teu nolih naon-naon, mapag Walanda anu keur patroli. Jaradi bugang sapada harita. Maranéhna teu hayang katangar atawa miboga pangkat. Maranéhna saukur hayang merdéka. Hayang nancebkeun bandéra. Sangkan nagara merdéka. Aki harita milu narajang Walanda. Aki mah sakadar rahayat. tapi aki nénjo maranéhna merjuangkeun rahayat, geus sakuduna rahayat ogé milu bajuang. Beurat, Bulan! Merdéka téh dina panénjo aki mah. Getih jeung nyawa. Getih jeung nyawa. Harita, aki jeung sabalad-balad geus sapuk arék milu bajoang. Nya, saukur ngajaga lembur. Sok susulumputan ngagempur Walanda, atawa megatkeun sasak anu rék kaliwatan ku Walanda. Nikmat, Bulan! Bisa bébéla jang balaréa, bari ngimpleng hiji waktu boga bandera sorangan, boga nagara sorangan. Jaman Walanda jaman Jepang. Perang deui jeung Walanda. Gorombolan. Panjang lampah bandéra téh. ADEGAN 3 DINA JANDELA NOLOL SIRAH HANSIP KUSLAN. SURUNGAHSÉRÉNGÉH. BANGUN NGINTIP BARI NENGETAN SAEUSI IMAH. Nini Odih : (CENGKAT, NGARÉRÉT KANA JANDELA. PAPADA REUWAS JEUNG ANU NOONG) Naon Hansip? Kalah tuang-toong! Mangké atuh. Da éngké ogé kapanggih. Béjakeun ka Kuwu isuk ogé pasti masang di buruan. Hansip Kuslan : (SURUNGAH-SÉRÉNGÉH, NGELÉTAN KA BULAN ANU MILU NEMPOKEUN) Manawi aya cikopi, Nini… Nini Odih : Ménta wé ka kuwu! Hansip Kuslan : Kulub hui wé atuh, Nini… Nini Odih : (MALÉDOGKEUN LALAMAKAN) Euweuh! Tah aya ogé lalamakan. Pék ari beuki mah… Hansip Kuslan : Nyai Bulan atuh sina maturan di buruan… Nini Odih : Tuh, jeung Si Seblung! Hempék ka dinyah keukeupan. ………… Dina prakna, drama téh dipagelarkeun atawa dipintonkeun, henteu dibaca naskahna wungkul. Saméméh mintonkeun drama urang kudu apal heula kumaha nataharkeunana. Dina pintonan drama téh ngalibetkeun rupa-rupa unsur. Upamana, urang perlu naskah drama nu rék dipintonkeun. Sanggeus aya naskah, Bab I PITUDUH HUSUS

97

perlu sutradara anu boga tanggung jawab ngatur pintonanana. Keur mintonkeun éta drama sutradara butuh pamaén (aktor jeung aktris). Lian ti éta sutradara butuh dibantuan ku panata panata kostum (papakéan), panata panggung/artistik, panata musik, atawa panata gerak/tari. Saméméh manggung, perlu latihan heula. Latihan tangtuna teu cukup ku sakali. Dina latihan sutradara babarengan ku panata gerak, panata kostum, panata lampu, atawa panata musik, mikiran kumaha carana sangkan éta drama mun dipintonkeun bisa alus jeung resep dilalajoanana. Upamana baé kumaha ngagali poténsi aktor/aktris sangkan dina merankeun hiji tokoh téh ngetrukkeun sakabéh kamampuanana, boh jiwana boh ragana. Nepi ka aktingna engké dina panggung enya-enya ngajanggélékkeun sipat jeung kalakuan tokoh sakumaha anu dipikahayang jeung diperedih dina naskahna. Sanggeus asak latihan, kakara dipintonkeun dina panggung. Tah geus di panggung mah hasil sakabéh upaya sutradara téh bakal katémbong dina akting pamaén nu dirojong ku rupa-rupa unsur téa. Mun digambarkeun dina bagan mah alurna kieu: Naskah Drama

Ð SUTRADARA Dibantuan ku panata musik, panggung, kostum, gerak/tari, lighƟng jsb.

Ð AKTOR/AKTRIS Merankeun tokoh lakon, bari ngetrukkeun sakabéh kamampuanana, boh jiwana boh ragana.

Ð Porsés/LaƟhan-laƟhan

Ð PAGELARAN AkƟng pamaén nu dirojong ku unsur séjén dina panggung.

98

Pamekar D Diajar B A S A S U N D A Buku Tuturus Tut Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas XII

Aya sawatara hal anu kudu diperhatikeun waktu urang jadi aktor/aktris, waktu merankeun hiji karakter/tokoh. Di antarana: 1. Urang kudu bisa neuleuman pasipatan/karakter tokoh nu diperankeun. Cara neuleumanana téh bisa rupa-rupa, bisa ku cara “penghayatan”, nyaéta nyiptakeun rasa émpati atawa ngararasakeun dirina jadi tokoh nu diperankeun, ngarasa sanasib, atawa ngarasa boga pasipatan nu sarua. Bisa ogé ku cara observasi, nyaéta ngimeutan kanyataan anu saenyana. Upamana lamun rék merankeun musapir, urang ngahaja ngimeutan heula pasipatan musapir, tingkah polahna, kabiasaanana sapopoé, jeung sajabana. 2. Ngimeutan pituduh anu kaunggel dina naskah. Upamana dina naskah “Démonstran” aya dialog kieu: ATO : (NGAHARÉWOS) Anén, komandoan! ANÉN : (LUAK-LIEUK, NGAHAREWOS) Ngomandoan naon? Di dinya aya katerangan yén Ato téh nyaritana kudu ngaharéwos. Pon kitu deui Anén, lian ti kudu ngaharéwos, manéhna kudu bari luak-lieuk. 3. Gunakeun éksprési jeung remen latihan silih témpas, nepi ka dialog téh jadi hirup siga nu ngobrol enyaan. Upamana aya dialog kieu: SEKWILMAT : Tenang-tenang! Ké aya naon ieu téh para sadérék? ANÉN : Bapa téh camat? SEKWILMAT : Lain kuring mah. Eueu….. ATO : Euh, lain camat mah ulah pipilueun atuh! Kuring mah arék ka camat. SEKWILMAT : Nu matak keur euweuh Pa Camat mah. ACID : Ah, bohong! Sok, daék naon? Kacipta pan ku urang kumaha silih témpasna. Kumaha patorong-torongna. Basa Sékwilmat nyebut “Eueu....” kuduna mah ulah aya jéda atawa ulah ngarandeg, tapi langsung ditémpas ku omongan Ato anu semu napsu, “Euh, lain camat mah ulah pipilueun atuh!” 4. Maén drama mah lain ngobrol biasa. Sok sanajan obrolanana siga urang ngobrol sapopoé, tapi obrolan dina drama mah kudu diréka jeung ditanagaan. Upamana diréka maké lentong anu ancad laér, dibarengan ku gegerungan, dibarengan ku napsu, jeung saterusna. Ditanagaan téh lain hartina kudu gogorowokan, tapi kumaha carana sangkan sora nu kaluar tina baham téh bisa jelas, béntés, jeung bedas kadéngéna. Saenyana di urang téh geus lila aya pintonan drama. Drama anu dipintonkeun babakuna mah nu ku para ahli sok disebut téater tradisional. Upamana baé banjet, longsér, ubrug, jeung sajabana. Ka dieunakeun aya nu disebut sandiwara Bab I PITUDUH HUSUS

99

atawa tunil. Mekarna sandiwara saentragan jeung komédi stambul dina basa Malayu atawa ketoprak dina basa Jawa. Sandiwara téh saéstuna pangaruh ti Barat anu muncul di urang dina awal abad ka-20. Wangun téater tradisional anu ditataan di luhur téh sok disebut ogé téater rakyat anu di antara ciri pagelaranana téh tanpa naskah. Jadi, éstuning ngandelkeun improvisasi pamaénna baé dumasar kana pituduh ti sutradara. Malah dipintonkeunana ogé sakapeung tara dina panggung, tapi cukup di lapangan terbuka bari dicaangan ku obor atawa cempor. Kadieunakeun muncul deui anu disebut gending karesmén, nyaéta sandiwara anu dialogna (pagunemanana) ditembangkeun. Mun sandiwara mah tara maké naskah, gending karesmén mah aya naskahna. Lamun maké naskah téh kaharti, da tembang dina gending karesmén mah apan teu bisa didadak (improvisasi), béda jeung sandiwara nu dialog-dialogna atawa paripolah pamaénna beunang ku didadak. Ieu ogé pangaruh ti luar, nyaéta pangaruh opera anu jolna ti Éropa.Tapi, dina gending karesmén mah lalaguanana téh dicokot tina tembang Sunda. Loba pisan naskah-naskah gending karesmén anu kungsi ditulis jeung dipgalerakeun. Malah sawaréh mah pintonanana téh sohor pisan. Upamana baé gending karesmen “Sangkuriang” beunang R.T.A. Sunarya, “Galunggung Ngadeg Tumenggung” beunang Wahyu Wibisana, jeung “Si Kabayan” beunang Wahyu Wibisana jeung Koko Koswara. Dina kamekaran saterusna lahir nu sok disebut drama modérn.Wangunanana lancaran, teu maké tembang siga dina gending karesmén. Ieu gé maké naskah, malah pintonanana gé diatur pisan numutkeun aturan seni panggung. Maké dékor keur séting panggung, maké tata lampu (éfék cahaya), musik, atawa gerak tari. Malah kadieunakeun deui, sajalan jeung kamekaran téknologi nu beuki canggih, pagelaran drama téh dipapaés ku unsur-unsur multimédia. Upamana dicampur ku gambar tina vidio, ngagunakeun musik digital, atawa nyiptakeun éfék gerak mékanik. Di antara drama Sunda modérn anu kungsi dipanggungkeun téh nyaéta “Dakwaan” jeung “Bubat” beunang RAF; “Dua Utusan” jeung “Tonggérét Banén” beunang Wahyu Wibisana; “Masyitoh” beunang Ajip Rosidi; “Cahaya Maratan Waja” jeung “Hutbah Munggaran di pajajaran” beunang Yus Rusyana; “Runtag”, “Carem” jeung Stasion Para Arwah” beunang R. Hidayat Suryalaga”; “Juag Toéd” jeung “Siliwangi Mahara Pajajaran” beunang Yoseph Iskandar; “Jeblog” beunang Nunu Naéarudin Aéhar, jeung réa-réa deui. Parandéné kitu, drama modérn Sunda mah sakapeung henteu leupas tina akar budayana. Upamana baé loba pintonan drama modérn anu ngahijikeun 100

Pamekar D Diajar B A S A S U N D A Buku Tuturus Tut Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas XII

unsur téater modérn jeung téater tradisional. Upamana pintonana siga longsér, di tengah-tengah panggung maké oncor, pagelaranana saolah-olah di alam terbuka anu diriung-riung ku nu lalajo, aya interaksi langsung antara pamaén jeung nu lalajo, jeung sajabana. Tapi, éta kabéh diatur ku naskah, lain dadakan siga dina téater tradisional. Patali jeung interaksi langsung antara pamaén diatur ku naskah, tamba kawaranan, aya sawatara patokan keur nu aya kereteg nulis naskah drama. Di antarana: 1. Jejer carita (téma). Naskah drama umumna nyaritakeun kahirupan sapopoé, boh alam kiwari, boh alam bihari. Aya nu motrét kahirupan masarakat leutik, tur sakapeung diselapan ku kritik sosial. Tapi teu kabéh naskah drama kudu napak dina réalita, teu béda ti carpon atawa novél, drama gé bisa maké rupa-rupa aliran: réalismeu, suréalismeu, jsté. Boh dina wangun komédi boh tragédi. 2. Dialog. Naskah drama téh pentaskeuneun, ku kituna dialog penting pisan. Kalimah nu dipaké dialog tangtu kudu merenah dilisankeunana. Karasa spontanitasna jeung teu dijieun-jieun. Dialog dina drama bisa paguneman jeung papada tokoh, atawa paguneman jeung dirina sorangan (soliloquy). Pangarang gé kudu per téla nerangkeun lentong jeung paripolah tokoh sajeroning dialog. 3. Babak jeung adegan. Naskah drama bisa dibagi jadi sababaraha babak, unggal babak diwengku ku sababaraha adegan. Adegan dina drama némbongkeun robahna kajadian carita, upamana ganti tokoh atawa ganti séting. 4. Nu ngalalakon. Nu ngalalakon dina drama bisa sorangan (monolog), bisa lobaan, gumantung kana jejer carita. 5. Bubuka. Dina bagian awal naskah, pangarang méré pituduh ngeunaan naskah nu rék dipentaskeun. Biasana dimimitian ku sinopsis, terus nataan sakur tokoh nu ngalalakon katut kateranganana; ngaranna, umurna, pasipatanana, paripolahna, hubunganana jeung tokoh séjén, jsté. Pangarang gé méré gambaran lilana éta naskah dipentaskeun. 6. Pituduh keur sutradara jeung nu maca. Waktu jeung tempat kajadian (séting) dina naskah kudu diécéskeun ka nu maca. Ieu téh baris jadi patokan pikeun sutradara deuih, kumaha hadéna méntaskeun éta naskah. Najan teu wajib, aya hadéna deuih mun pangarang méré gambaran ngeunaan ilustrasi musik jeung tata lampu. 7. Téks sisi. Mun aya kalimah atawa kajadian nu sakirana matak bingung sutradara atawa nu maca, hadéna mah diterangkeun dina téks sisi (side text). Téks sisi diteundeun gigireun kénca atawa katuhueun naskah. Bab I PITUDUH HUSUS

101

8. Nulisna. Cara nulis naskah drama tangtu béda jeung carpon atawa novél. Nu geus ilahar mah di antarana: a. Narasi ti pangarang ditulis maké aksara gedé (kapital). Upamana, lebah ngadadarkeun séting, pasipatan atawa tokoh, jsté.Conto: ADEGAN I LAMPU CAANG LALAUNAN. DI PANGGUNG KATÉMBONG HIJI LALAKI KEUR DIHARUDUM SARUNG... jst. b. Kalimah dina dialog ditulis ku aksara leutik, tapi méméhna disebutkeun saha-sahana nu rék cacarita.Conto: MANG DADAP Geus reupreupan geuning. Naha Bi Waru can balik kénéh? jst. c. Katerangan dina dialog ditulis di antara tanda kurung, maké aksara déngdék.Conto: MANG DADAP Geus reupreupan geuning (bari nguniang cengkat). Naha Bi Waru can balik kénéh? jst. d. Ka dieunakeun, ngaran tokoh sok dinomeran, dipérélékeun ti awal nepi ka ahir, ngarah nu rék méntaskeun leuwih babari ngapalkeun naskah. Conto: 04. MANG DADAP Tas ti mana wayah kieu karék kurunyung? 05. BI WARU Naha maké tatanya sagala? 06. MANG DADAP (Muncereng) Aéh-aéh, na teu meunang aing nanya? Méméh naskah dipentaskeun atawa dikirimkeun ka média massa, hadéna mah dibaca deui jeung dipecakan heula ku nu ngarangna, bisi aya dialog nu nyalahan, séting nu teu merenah, atawa hal séjénna nu matak ngaganggu mun éta naskah dipentaskeun.—(Dadan Sutisna) http://sundanews.com/aos/seratan/1342092822, 1.00 wib, 6/3/13 2.

ISTILAH-ISTILAH DINA DRAMA

Sangkan hidep meunang pangaweruh saloba-lobana, satacan hidep jeung babaturan nulis hiji naskah drama pikeun dipintonkeun di kelas, aya hadéna hidep mikawanoh istilah-istilah anu aya dina drama: a) Narasi/narator : b) Prolog : prolog sok disaruakeun jeung panganteur carita 102

Pamekar D Diajar B A S A S U N D A Buku Tuturus Tut Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas XII

c) Dialog

d) Monolog

e) Épilog f) Babak g) Adegan 3.

: Dialog téh omongan antara dua jalma atawa leuwih nu silih témpas. Omongan sarupa kitu téh sasat jadi antaran alur carita drama mah diwangun ku dialog tokohtokohna. Lain diwangun ku narasi atawa déskripsi siga dina prosa. Anapon dina naskah drama aya katerangan-katerangan anu nétélakeun latar jeung paripolah palaku, éta mah sakadar pituduh keur sutradara atawa aktor dina waktu mintonkeun drama. Malah sipatna ogé henteu ngiket,bisa dirobah-robah. : nyaéta omongan sorangan anu diucapkeun ku hiji tokoh. Siga gegerendengan sorangan, teu puguh layan. Malah aya drama anu caritana ti awal nepi ka ahir ukur diwangun ku monolog. : épilog nyaéta omongaan panutup

NGALARAPKEUN KALIMAH LANGSUNG

Dina dialog nu kapanggih dina naskah drama, kalimah anu digunakeun téh mangrupa kalimah langsung. Ilikan conto di handap ieu: Léos baé Sarkiam mah balik, bari ngagelenyu imut sapanjang jalan. Dina pikirna: "Mokaha kaya kieu mah sidekah téh bakal meuncit hayam kabiri ieuh."

D. NO.

9.

10. 11.

NGOLAH INFORMASI SABUDEUREUN DRAMA KAGIATAN Sanggeus siswa narima informasi anu dibutuhkeun ngeunaan matéri téks tarjamahan, dina diskusi kelompok siswa diaping pikeun ngolah informasi anu katarimana dina wangun prakték, nyoba jeung nyieun téks pemandu acara sacara basajan. Siswa dibagi jadi 3 kelompok. Masingmasing kelompok diwangun ku 12-13 urang. Tujuanana sangkan siswa bisa préséntasi ngaragakeun naskah DRAMA anu disusunna. Siswa diarahkeun milih téma drama anu rék ditulis naskahna Siswa milih jeung nangtukeun téma naskah DRAMA nu dipikaresep ku kelompokna. Bab I PITUDUH HUSUS

103

12.

Dina kagiatan diskusi kelompok, siswa nyusun naskah drama

13.

Kalayan bingbingan guru, siswa memener jeung nyampurnakeun naskah drama anu disusun ku kelompokna Kalayan bingbingan guru, siswa memener jeung nyampurnakeun téks drama anu disusun ku kelompokna Siswa latihan ngaragakeun naskah drama nu dipilihna.

14. 15.

E.

MIDANGKEUN JEUNG NGARAGAKEUN NASKAH DRAMA NO

KAGIATAN

12.

Siswa jeung kelompokna nepikeun naskah drama anu disusunna. Satuluyna siswa ngaragakeun naskah dramana di hareupeun kelas.

104

Pamekar D Diajar B A S A S U N D A Buku Tuturus Tut Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas XII

B ab

III

Pituduh Meunteun

105

Dina ieu bab bakal dipedar kumaha cara meunteun unggal kompetensi murid ku rupa-rupa instrumen penilaian. Cara meunteun téh aya nu sipatna umum, ogé aya nu sipatna husus. Cara meunteun anu sipatna umum dilarapkeun kana kagiatan-kagiatan anu lumrah dipigawé dina unggal kagiatan diajar. Upamana keur meunteun sikep spiritual jeung sosial, meunteun lumangsungna diskusi, atawa meunteun kompetensi-kompetensi anu umum. Upamana bae meunteun karangan murid jeung meunteun carana murid nyarita. Cara meunteun anu sipatna husus dilarapkeun pikeun nguji rupaning kompetensi sakumaha nu kaunggel dina buku murid, tur mikabutuh instrumen penilaian anu husus. Utamana dilarapkeun pikeun meunteun tugas-tugas mandiri. Upamana meunteun biantara murid, meunteun hasil analisis, meunteun karangan guguritan atawa sisindiran, jeung sajabana. Pancén-pancén nu nyampak dina buku murid bisa dipeunteun ku rubrik penilaian anu umum atawa anu husus, luyu jeung kabutuhanana. Upamana, keur meunteun karangan carita pondok karya siswa, guru bisa ngalarapkeun instrumen penilaian anu sipatna umum keur meunteun karangan, atawa make rubrik husus keur meunteun karangan carpon.

A. Meunteun Kriteria Ketuntasan Minimal (KKM) 1. KKM dipeunteun dina unggal ahir pangajaran keur unggal-unggal murid. 2. Jumlah komponén anu dipeunteun béda-béda gumantung kana jumlah komponén dina unggal pangajaran. 3. Komponén anu dipeunteun dicontréng keur nandaan geus tutas acanna. 4. Conto rubrikna siga ieu di handap: Kritéria Katutasan Minimal (KKM) Pangajaran 1 (Biantara)

Materi nu dipeunteun

Katerangan Tutas Enggeus

A. Maca teks biantara B. Nyangkem struktur biantara C. Neuleuman padika biantara D. Ngaanalisis téks biantara E. Nepikeun biantara

106

Pamekar D Diajar B A S A S U N D A Buku Tuturus Tut Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas XII

Encan

B. Instrumen Meunteun Umum Ieu di handap aya sawatara rubrik keur meunteun aspek-aspek pangajaran nu sipatna umum. Téhnikna bisa tes atawa non tes. Wangunna bisa uraian atawa observasi. Ieu rubrik peunteun téh keur conto baé. Guru bisa nyieun sorangan, mekarkeun atawa ngarancang instrumén pikeun meunteun luyu jeung kabutuh panngajaran. 1. Conto rubrik meunteun spiritual.

No

Nama Siswa

1 2 3 4 5

Menyadari keberadaan bahasa Sunda sebagai anugrah dari Tuhan Yang Maha Esa

Menyadari keberadaan bahasa Sunda sebagai alat komunikasi

Bersyukur atas kebesaran Tuhan dengan adanya keragaman bahasa

Bersyukur atas kebesaran Tuhan dengan adanya kekhasan dan keunggulan bahasa Sunda

Skor Total

4 3 2 1 4 3 2 1 4 3 2 1 4 3 2 1

Keterangan: Selalu = 4 Sering = 3 Tidak pernah = 1

2.

Kriteria: Skor minimal = 4 0 – 4 = kurang Skor maksimal = 16 5 – 8 = cukup 9 – 12 = baik 13 – 16 = sangat baik

Conto rubrik meunteun sosial

No

Nama Siswa

Aspek yang dinilai Percaya Diri

Tanggung Jawab

Teliti

Santun

Kerja sama

Toleransi

Jumlah skor

Nilai Akhir

1 2 3 Bab III PITUDUH MEUNTEUN

107

Rentang skor = 1 – 5, skor minimal = 6, skor maksimal = 30 Skor: 0 – 6 = Sangat Kurang 7 – 12 = Kurang 13 – 18 = Cukup 19 – 24 = Baik 25 – 30 = Sangat Baik 3.

Rubrik Meunteun Sikep

No. 1. 2. 3. 4. 5. 6. 7.

4)

Sikep

Encan écés

Mimiti écés

Mimiti Mekar

Conto rubrik meunteun pangaweruh Indikator

Teknik

Bentuk 1.

Bisa nyebutkeun tokoh wayang tina babad Mahabarata.

2. Tes

Uraian 3.

4. 5. jst 108

Kat.

Taliti Tanggung jawab Disiplin Jujur Santun Peduli Percaya diri

No

1

Dibiasakeun

jst

jst

jst

Pamekar D Diajar B A S A S U N D A Buku Tuturus Tut Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas XII

jst

Instrumen Pandawa téh anak Pandudéwana ti dua bibit, nyaéta Déwi Kunti jeung Déwi Madrim. Sebutkeun saha baé nu lahir ti déwi Madrim jeung saha nu ti Déwi Kunti! Saha anu dimaksud panengah Pandawa téh jeung naha manéhna disebut kitu? Sebutkeun tilu tokoh nu kagolong ka kulawadet Kurawa? Saha ngaran guru Pandawa jeung Kurawa téh? Yudistira téh boga pamajikan, saha ngaranna?

5)

Conto rubrik meunteun sawala Kritéria

Ngaregepkeun Komunikasi nonverbal Ilubiung Omongan

Alus Pisan (3)

Cukup (2)

Latihan Deui (1)

Saregep

Kurang saregep

Api lain

Ngaréspon

Kurang réspon

Api lain

Aktif, silihéledan

Kurang aktif

Cicingeun

Nepikeun pamadegan ngaruntuy

Nepikeun pamadegan kurang ngaruntuy

Cicingeun

Katerangan: 1. Kumpulkeun peunteun murid luyu jeung aspék nu dipeunteun. Total peunteun 2. Cara meunteun: X 10 12 3. Contona:

2+3+1+2

X 10 =

12 6.

8

= 6,7

12

Conto rubrik meunteun Maca

No. 1. 2. 3. 4.

7.

Aspék Nu Dipeunteun Pemahaman Literal: Kaweruh tina bacaan Pemahaman Inferensial: Kacindekan Eusi bacaan Pemahaman Evaluasi: Ngajén Eusi bacaan Pemahaman Apresiasi: Neuleuman eusi bacaan Jumlah

Jumlah 10 -- 20 10 -- 20 10 -- 20 10 -- 20 40 -- 100

Conto rubrik meunteun nyarita Aspek yang dinilai

No

Nama Siswa

Eusi 3

2

Basa 1

3

2

Pasemon 1

3

2

1

Jumlah Skor

Diksi 3

2

Skor

1

1 2 3

Bab III PITUDUH MEUNTEUN

109

8.

Conto rubrik meunteun ngarang

No. Aspék Nu Dipeunteun 1. 2. 3. 4. 5.

Jumlah

Eusi atawa gagasan Organisasi tulisan Kandaga kecap jeung pilihan kecap Adegan basa Unsur mékanik: Ejaan, tanda baca, jeung karapihan Jumlah

13 – 35 7 – 20 7 -- 20 7 – 20 2–5 30 -- 100

C. Instrumen Meunteun Husus Ieu di handap sawatara conto rubrik keur meunteun aspek-aspek pangajaran nu sipatna umum. Téhnikna bisa tes atawa non tes. Wangunna bisa uraian atawa observasi. Ieu rubrik peunteun téh keur conto baé. Guru bisa nyieun sorangan, mekarkeun atawa ngarancang instrumén pikeun meunteun luyu jeung kabutuh panngajaran. 1. Conto rubrik meunteun biantara. No

Aspek

Bobot

1.

Aspek Bahasa a. Pilihan kata, gaya bahasa, tatakrama bahasa b. Struktur bahasa (bentukan kata dan kalimat) yang benar c. Pelafalan dan intonasi

2.

Pemahaman Isi a. Penguasaan Isi b. Penghayatan dan penjiwaan (imaji) c. Organisasi dan sistematika penyampaian isi

35

3.

Penampilan (Ekspresi) a. Gestur (mimik dan gerak) b. Kreasi dan gaya bicara

30

J u m l ah Rentang nilai 60 - 100 110

Pamekar D Diajar B A S A S U N D A Buku Tuturus Tut Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas XII

35

100

Jumlah Nilai

2.

Conto rubrik meunteun paguneman Aspek yang dinilai

No

Nama Siswa dan pasangannya

Eusi 3

2

Basa 1

3

2

1

Pasemon

Lentong

Undakusuk basa

3

3

1

2

1

2

1

2

Jum. Skor

Skor

3

1 2 3

3.

Conto rubrik meunteun aksara Sunda

a. Maca aksara Sunda No. 1. 2. 3. 4.

Aspék Nu Dipeunteun

Jumlah

Gancang kendorna maca Bener henteuna ngejah aksara Lagu kalimah Pamahaman kana bacaan Jumlah

10 – 25 10 – 25 10 – 25 10 – 25 40 – 100

b. Nulis aksara Sunda No. 1. 2. 3. 4.

Aspék Nu Dipeunteun

Jumlah

Karapihan tulisan: Wangun aksara, jajaran lempeng Kaajegan wangun aksara Benerna wangun aksara Benerna pananda sora (rarangkén) Jumlah

10 – 20 10 – 30 10 – 30 10 – 20 40 – 100

c. Desain aksara Sunda No. 1. 2. 3. 4.

Aspék Nu Dipeunteun

Jumlah

Akurasi (bener henteuna) aksara Sunda nu didigunakeun Aspek ‘keterbacaan’ aksara Sunda nu digunakeun Unsur estetik/kaendahan kaligrafi Komposisi warna jeung wangun Jumlah

10 – 20 10 – 30 10 – 30 10 – 30 40 – 100

Bab III PITUDUH MEUNTEUN

111

4.

Conto rubrik meunteun ngadongéng Aspek yang dinilai

No

Nama Siswa

Basa 3

2

Pasemon 1

3

2

1

Lentong/ Wirahmaa 3 2 1

Gestur/ tagog 3 2 1

Jumlah Skor

Skor

1 2 3

5.

Conto rubrik meunteun guguritan

a. Meunteun karangan guguritan No. 1. 2. 3. 4.

Aspék Nu Dipeunteun Gagasan/Eusi Diksi nu digunakeun Bener henteuna guru lagu jeung guru wilangan Aspék musikalitas/wirahma. Jumlah

Jumlah 10 – 25 10 – 25 10 – 25 10 – 25 40 – 100

b. Meunteun nembangkeun guguritan No. Aspék Nu Dipeunteun 1. Titilaras (pageuh kana nada, henteu sumbang) 2. WIrahma (Pedotan, Ipis-kandel, anca-gancang) 3. Kedaling (Neuleuman, Miharti eusi rumpaka pupuh) Jumlah 6. No. 1. 2. 3. 4.

112

Jumlah 10 – 35 10 – 35 10 -- 30 30 -- 100

Conto rubrik meunteun sisindiran Aspék Nu Dipeunteun Gagasan/Eusi Diksi nu digunakeun Kasaluyuan purwakanti cangkang jeung eusi Itungan engang jeung wirahma Jumlah Pamekar D Diajar B A S A S U N D A Buku Tuturus Tut Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas XII

Jumlah 10 – 25 10 – 25 10 – 25 10 – 25 40 – 100

D.

Refleksi

Réfléksi téh diperlukeun keur ngaévaluasi kagiatan diajar ngajar nu geus lumangsung. Ngaliwatan refleksi guru bisa ngaanalisis naha hiji pangajaran téh geus hasil sarta nyumponan pamaredih kompetensi inti, kompetensi dasar, jeung indikator atawa acan. Sacara umum réfléksi téh aya dua rupa, nyaéta refleksi pangajaran jeung réfléksi guru sacara pribadi. 1.

Réfléksi di ahir pangajaran Ieu di handap aya sawatara conto pertanyaan nu bisa ditepikeun ku guru waktu rék mungkas pangajaran. Tujuanana antarana baé pikeun mikanyaho nepi ka mana réspon siswa kana pangajaran nu geus ditepikeun sarta naon masalah nu kapanggih salila prosés pangajaran. a. Meunang mangpaat naon tina pangajaran nu geus ditepikeun? b. Resep henteu waktu urang ngulik éta pangajaran téh? Lebah mana anu resepna, lebah mana anu henteu? c. Naon baé anu can kaharti tina éta pangajaran? Lebah mana anu ku hidep dianggap hésé? d. Naha waktu urang disskusi geus ngarasa méré kontribusi ka kelompok/ka nu séjén, atawa acan? e. Naha métode anu dilarapkeun téh ngabantu ka urang pikeun mikapaham bahan pangajaran? f. Kumaha pamadegan hidep kana carana ibu/bapa guru nepikeun pangajaran? g. Jeung saterusna.

2.

Réfléksi pribadi guru Ieu di handap aya sawatara conto pertanyaan nu bisa ditepikeun ku guru ka dirina pribadi sabada réngsé nepikeun hiji pangajaran. Tujuanana antarana baé pikeun ngabebenah kahéngkéran dirina, atawa ngukuhan naon nu geus dianggap unggul. Salian ti éta pikeun ngukur nepi ka mana hasilna pangajaran nu didadasaran ku réspon siswa. 1. Kumaha prakna nepikeun pangajaran, naha geus nyumponan pamaredih kurikulum? 2. Pangajaran mana nu geus éféktif, sarta mana anu acan? 3. Pangajaran mana nu perlu ditingkatkeun sangkan pamahaman murid leuwih jembar? 4. Bahan mana nu geus dikawas ku murid, sarta mana anu acan? 5. Naha aya bahan nu héséeun keur murid? Kumaha cara ngungkulanana? 6. Kumaha rarancang ngoméan pangajaran keur minggu hareup? Kumaha léngkah-léngkahna? 7. Jeung saterusna. Bab III PITUDUH MEUNTEUN

113

PABUKON Baidillah, Drs.H. Idin, M.Pd,dkk. 2010. Aksara Sunda. Bandung: CV. Walatra. Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat. 2013. Kurikulum 2013. Bandung. Hadi spk, Drs. Ahmad. 2005. Peperenian. Bandung: Geger Sunten. Hadish,Yétty Kusmiyati. 1979. Sastra Lisan Sunda Mite, Fabel, dan Légende 1. Jakarta: Pusat Pembinaan dan Pengembangan Bahasa Departemén Pendidikan dan Kebudayaan. Iskandar,Yoséph. 1982. Tumbal. Bandung: Rahmat Cijulang. Jurusan Basa jeung Sastra Sunda FPBS IKIP Bandung. 1990. Palanggeran Éjahan Basa Sunda. Bandung: Rahmat Cijulang. Karana, Rahmat M. Sas. 1979. Tepung di Bandung. Bandung: Rahmat Cijulang. Keraf, Dr. Gorys. 1980. Komposisi. Ende Florés: Nusa Indah. Kunto, Haryoto. 1984. Wajah Bandoeng Témpo Doeloe. Bandung: Granésia. Lembaga Basa & Sastra Sunda. 1985. Kamus Umum Basa Sunda. Bandung: Taraté. Muchtar, R.H. Uton, Ki Umbara. 1994. Modana. Bandung: Manglé Panglipur. Mustapa, Abdullah. 1985. Wirahma Sajak. Bandung: Medal Agung. No. 1574. 1996. Majalah Manglé. No. 51-52. 1996. Majalah Simpay. ---------------. 1986. Kedok Tangkorék. Bandung: Remadja Karya. Poerwadarminta, W.J.S. 1977. Kamus Umum Bahasa Indonésia. Jakarta: PN Balai Pustaka. Prawirasumantri, Drs. H. Abud, dkk. 2003. Pedoman Pengembangan Kurikulum Berbasis Kompeténsi Mata Pelajaran Bahasa Daérah (Sunda). Bandung: Geger Sunten. Pusat Pembinaan dan Pengembangan Bahasa. 1977. Pedoman Éjaan Bahasa Sunda yang Disempurnakan. Jakarta. Rosidi, Ajip. 1966. Kesusastraan Sunda Déwasa Ini. Jatiwangi: Tjupumanik. --------------, 1969. Djalan ke Surga. Djakarta: Gunung Agung --------------, 1983. Ngalanglang Kasusastraan Sunda. Jakarta: Pustaka Jaya. --------------, 1984. Manusia Sunda. Jakarta: Inti Idayu Préss. --------------, 1989. Janté Arkidam. Bandung: Pustaka. Resmana, Min. 1973. Hujan di Girang Caah di Urang. Bandung: Mitra Kencana. Ruhimat, Asep. 2006. Sambel Jaer. Bandung: Puspawarna. Rusyana, Dr.Yus. 1982. Métode Pengajaran Sastra. Bandung: Gunung Larang. --------------, 1982. Pedaran Paribasa Sunda. Bandung: Gunung Larang. --------------, 1982. Panyungsi Sastra. Bandung: Gunung Larang. Salmun, M.A. 1963. Kandaga Kasusastraan Sunda. Bandung: Ganaco.

114

Pamekar D Diajar B A S A S U N D A Buku Tuturus Tut Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas XII