Pamekar Diajar Basa Sunda. Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas IV
 9786021300152, 9786021300190

  • Author / Uploaded
  • coll.

Citation preview

DINAS PENDIDIKAN PROVINSI JAWA BARAT 2014

Pamekar Diajar Pamekar Diajar

BASA SUNDA

BASA SUNDA

Buku Buk B u Tu Tuturus Guru SD/MI Kelas IV

Buku Tuturus Guru uru SD SD/MI Kel Kelas IV KURIKULUM 2013

DINAS PENDIDIKAN PROVINSI JAWA BARAT BALAI PENGEMBANGAN BAHASA DAERAH DAN KESENIAN Jl. Dr. Rajiman No. 6 Telp. (022) 4264813 Fax: (022) 4264881 - Bandung Email: [email protected]

IV

Pamekar Diajar

BASA SUNDA KIKD Kurikulum 2013

Buku Tuturus Guru SD/MI

Kelas IV

DINAS PENDIDIKAN PROVINSI JAWA BARAT 2014

Pamekar Diajar

BASA SUNDA KIKD Kurikulum 2013

Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas IV Hak cipta © kagungan Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat Ditangtayungan ku Undang-undang

Disklaimer: Ieu buku téh diajangkeun pikeun guru basa Sunda dina raraga larapna Kurikulum 2013. Ieu buku disusun tur ditalaah ku hiji tim kalawan dikoordinasi ku Balai Pengembangan Bahasa Daerah dan Kesenian (BPBDK) Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat minangka buku kurikulum daerah. Mimitina dipakéna buku taun 2014. Ieu buku téh sipatna “dokumén hirup”. Hartina bakal tuluy disarungsum luyu jeung kabutuh katut panéka jaman. Pangdeudeul ti rupining pihak dipiharep bisa ngundakkeun ajén ieu buku. PANYUSUN: Tatang Sumarsono Ahmad Hadi Ano Karsana Asep Ruhimat Darpan Dede Kosasih H. Dingding Haerudin H.Yayat Sudaryat Risnawati PENELAAH: Prof. Dr. H. Iskandarwassid, M.Pd. Dr. Hj. Ai Sofianti, M.Pd. Drs. H. Elin Syamsuri Drs. Apip Ruhamdani, M.Pd. Budi Riyanto Rarancang Eusi : Yoshi Sukadar Rarancang Jilid : Edi laish Eusi ngagunakeun Adobe InDesign CS3 jeung Adobe Photoshop CS3 Aksara ngagunakeun Bembo Std 12 pt - 24 pt. Dipedalkeun ku: DINAS PENDIDIKAN PROVINSI JAWA BARAT ISBN: 978-602-1300-15-2 (Jilid Lengkap) 978-602-1300-19-0 (Jilid 4) Perpustakaan Nasional : Katalog Dalam Terbitan (KDT)

ii

PANGBAGÉA

KEPALA DINAS PENDIDIKAN PROVINSI JAWA BARAT

Alhamdulillah, ieu buku pangajaran basa Sunda tiasa ngawujud, enggoning nyaosan implemèntasi Kurikulum 2013, pikeun ngeusian lolongkrang Muatan Lokal Mata Pelajaran Bahasa dan Sastra Daerah di Jawa Barat. Hasil garapan tim panyusun tèh aya dua rupi buku nyaèta buku murid sareng buku guru. Èta tèh mangrupa bagian tina pakèt Kurikulum Daerah, hususna ngeunaan pangajaran basa jeung sastra daèrah, dumasar kana Permendikbud No. 81A/2013, ngeunaan implementasi kurikulum. Pami diwincik deui, sanès mung buku wungkul bagian èta Permendikbud tèh, tapi deuih ngawengku Kompetensi Inti jeung Kompetensi Dasar (KI-KD), silabus, sareng Rencana Pelaksanaan Pembelajaran (RPP). Ku medalna ieu buku, dipiharep implementasi kurikulum 2013, hususna ngeunaan pangajaran muatan lokal basa jeung sastra daèrah di Jawa Barat tiasa dilaksanakeun kalawan merenah, luyu sareng udaganana. Saparantosna dialajar ngeunaan basa jeung sastra daèrah, dipiharep dina diri murid aya parobihan anu tètèla, boh unsur sikepna (attitude), boh pangaweruhna (knowledge), boh kamampuh ngagunakeun katut karancagèan (performance; behavior). Singgetna mah èta unsur anu tilu tèh bisa disebut kompetènsi. Kalungguhan guru dina posisi agèn parobahan utama enggoning ngaimplemèntasikeun kurikulum 2013 teu kinten pentingna. Aya hiji hipotèsis basajan, saupami guru kagungan kompetènsi anu nohonan pasaratan Kurikulum 2013, tangtosna gè kalebet guru basa daèrah deuih, tinangtos èta kurikulum bakal tiasa diimplemèntasikeun kalawan merenah. Ku margi kitu, dina nataharkeun sareng ngaronjatkeun kompetènsi guru tèh, di antawisna ku cara nysusun buku padoman guru, kalebet tarèkah anu kedah kènging pangajèn.

iii

Muga-muga waè harepan urang sadaya ngeunaan ayana parobihan anu tétéla dina dunya atikan ku diimplemèntasikeunana Kurikulum 2013 téh tiasa ngawujud, enggoning lahirna Generasi Emas Indonesia dina taun 2045 nu badé dongkap.

Bandung, Desember 2013 Kepala Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat,

Prof. Dr. H. Moh. Wahyudin Zarkasyi, CPA Pembina Utama Madya NIP 19570807 198601 1 001

iv

PANGBAGÉA

KEPALA BALAI PENGEMBANGAN BAHASA DAERAH DAN KESENIAN DINAS PENDIDIKAN PROVINSI JAWA BARAT Kurikulum 2013 ti wangkid ayeuna parantos ngawitan dianggo sacara nasional. Jalaran kitu, pangajaran basa jeung sastra daérah nu diperenahkeun janten muatan lokal di Jawa Barat kedah luyu sareng Kurikulum 2013 hususna patali luyuna sareng eleménelemén parobihan anu janten karakteristik Kurikulum 2013 anu ngawengku; standar kompeténsi lulusan, standar isi, standar prosés, sareng standar penilaian. Éta katangtosan kedah kacangkem sareng kalaksanakeun ku sakumna guru-guru basa jeung sastra daerah anu mancén tugas di SD/MI, SMP/MTs, SMA/MA, sareng SMK/MAK. Ieu buku bahan ajar teh dijudulan Pamekar Diajar Basa Sunda, sadayana aya 24 jilid, ngurung buku siswa 12 jilid sareng buku guru 12 jilid. Kalungguhanana janten buku babon anggoeun di sakola nu aya di Jawa Barat. Buku murid diajangkeun pikeun sakumna murid dumasar kana tingkatan kelas. Buku Murid eusina medar materi ajar sareng pertanyaan-pertanyaan, latihan, tugas/pancen anu raket patalina sareng kompetensi dasar (KD). Buku Guru eusina medar silabus, métodologi pangajaran, sareng évaluasi, ogé mangrupi pangjembar buku murid. Komponén-komponén anu dimekarkeun boh dina buku murid atanapi buku guru dumasar kana opat kaparigelan basa anu ngawengku ngaregepkeun, nyarita, maca, sareng nulis anu diajarkeun maké pamarekan saintifik sareng penilaian auténtik. Hal ieu dumasar kana karakteristik Kurikulum 2013 nu ngalarapkeun pamerakan saintifik sareng penilaian auténtik dina prosés pangajaran. Disusuna ieu buku téh mangrupa lajuning laku tina Surat Edaran Kepala Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat, Nomor 423/2372/Setdisdik, 26 Maret 2013, negunaan Pembelajaran Muatan Lokal Bahasa dan Sastra Daerah pada jenjang SD/MI, SMP/MTs, SMA/MA, SMK/MAK. Sajabi ti eta, ogé dumasar kana Peraturan Gubernur Jawa Barat Nomor 69 Tahun 2013, ngeunaan Pembelajaran Muatan Lokal Bahasa dan Sastra Daerah pada Jenjang Pendidikan Dasar dan Menengah. v

Muga-muga waé ieu buku téh aya manpaatna ka urang sadaya, tur janten cukanglantaran dina merenahkeun sareng memeres basa jeung sastra daerah, anu udagan langkung tebihna pikeun ngamumulé sareng mekarkeun basa jeung sastra daérah, ngalangkungan jalur atikan di Jawa Barat. Tangtosna ogé ieu buku téh teu acan tiasa disebat sampurna. Ku margi kitu, teu kinten diantos-antosna kamadang ti sadayana. Saukur kakirangan anu nyampak dina ieu buku bakal teras didangdosan, supados tiasa nyumponan pameredih sareng kaayaan pajaman. Bandung, Désember 2013 Kepala Balai Pengembangan Bahasa Daerah dan Kesenian,

Drs. H. Husen R. Hasan, M.Pd NIP. 196110051986031014

vi

PANGJAJAP Kurikulum 2013 saenyana mangrupa Kurikulum Berbasis Kompeténsi (KBK) pikeun nyanghareupan panéka jaman, utamana mah kompeténsi atawa kamampuh abad ka-21. Dina ieu abad, daék teu daék butuh karancagéan dina rupining widang, kaasup kamekaran téhnologi, informasi, jeung komunikasi (TIK) milu nangtukeun warna pangajaran basa Sunda. Luyu jeung éta hal, rumusan kompeténsi sikep (agama jeung sosial), kaweruh, jeung kaparigelan nu dipaké dadasar dina Kurikulum 2013 kudu ngaheulakeun pentingna karancagéan jeung komunikasi. Najan kitu, dina pangajaran basa Sunda mah dititénan ogé kahasan basa jeung budaya Sunda minangka média jeung wahana pangajaran basa Sunda. Téma-téma dina buku pangajaran basa Sunda diluyukeun kana téma-téma dina pangajaran tématis SD/MI nu sipatna nasional. Kompeténsi nu dipiharep ku barudak SD/MI dirumuskeun minangka kamampuh mikir jeung paripolah nu rancagé dina ranah nyamuni (abstrak) jeung nembrak (konkrit). Eta kamampuh téh diécéskeun dina kompeténsi inti (KI) anu dipidangkeun ku kaweruh dina basa Sunda anu bener tur merenah, ngéntép seureuh, sarta luyu jeung kontéks situasi. Eta kamampuh téh dirarancang dina prosés pangajaran winangun papancén (project based learning) jeung ngoréhan (discovery learning) anu nyoko kana léngkah-léngkah ngilmiah (saintifik) kayaning niténan, nanya, nyoba (nyungsi), nalar, jeung kedaling (ngomunikasikeun). Ieu buku ngawincik tarékah minimal nu kudu dipilampah ku murid dina ngahontal kompeténsi nu dipiharep. Luyu jeung pamarekan dina Kurikulum 2013, murid diperedih gedé kawanina tur kadaék dina ngoréhan kaweruh perkara basa jeung sastra Sunda, anu engkéna parigel maké basa Sunda. Dampakna murid boga sikep anu hadé kana basa jeung sastra Sunda katut hirup kumbuhna, bari teu mopohokeun sikep agama. Tangtu waé réa kénéh kahéngkéran ieu ibu téh. Panyawad katut pangdeudeul pikeun nyampurnakeun ieu buku pohara dianti-atina.

Bandung, Oktober 2013

vii

DAFTAR EUSI

PANGBAGEA: 1. Kepala Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat _iii 2. Kepala Balai Pengembangan Bahasa Daerah dan Kesenian Dinas Pendidikan Provinsi JAwa Barat _v

PANGAJARAN 5 _47 Tema : Ngajénan Jasa Pahlawan _47

PANGJAJAP _vii

PANGAJARAN 7 _65 Tema : Cita-cita _65

DAPTAR EUSI _viii BAB I PITUDUH UMUM _1 A. B. C. D.

Ngeunaan Buku Tuturus Guru _2 Padika Make Buku Tuturus Guru _2 Tatapakan Formal _4 Sistem, Prinsip, jeung pamarekan pangajaran _4 E. Standar Kompetensi Lulusan (SKL) _5 F. Proses Pangajaran _5 G. Kompetensi Inti jeung Kompetensi Dasar (KIKD) _5 H. Tema jeung Bahan Ajar _8 BAB II PITUDUH HUSUS _9 PANGAJARAN 1 _10 Tema : Éndahna hirup sauyunan _10 PANGAJARAN 2 _18 Tema : Ngahémat énergi _18 PANGAJARAN 3 _27 Tema : Miduli ka papada mahluk _27 PANGAJARAN 4 _36 Tema : Rupa-rupa Pagawéan _36

viii

PANGAJARAN 6 _57 Tema : Pentingna Kaséhatan jeung Ubar-ubaran Tradisional _57

PANGAJARAN 8 _71 Tema : Lingkungan padumukan atawa pakumbuhan _71 PANGAJARAN 9 _77 Tema : Kadaharan séhat tur ngandung giji _77

BAB III PITUDUH MEUNTEUN _87 A. Kritéria Meunteun Katutasan Minimal (KKM) _88 B. Rubrik Meunteun Sawala (Diskusi) _88 C. Rubrik Meunteun Sikep _89 D. Rubrik Meunteun Latihan _89 E. Daftar Peunteun Murid _90 F. Refleksi Guru _90 BAB IV BAHAN PANGJEMBAR _91 A. Kaweruh Basa jeung Sastra _92 B. Glosarium _94 Daftar Pustaka _95

Bab

Pituduh Umum

1

A. Ngeunaan Buku Tuturus Guru Ieu buku disusun sangkan guru meunang gambaran anu écés dina ngalaksanakeun kagiatan pangajaran basa Sunda. Eusina ngawengku sawatara hal. 1. Tatali téma anu méré gambaran ka guru ngeunaan téma nu nyoko kana kompeténsi dasar (KD) jeung indikator dipageuhan pisan. 2. Kagiatan pangajaran nu tématik pikeun ngagambarkeun pangajaran nu gumulung tur ngamalir. 3. Pangalaman diajar nu miharti (meaningfullnes) pikeun ngawangun sikep jeung paripolah hadé,ngawasa konsép,kaparigelan mikir ngilimiah (saintifik),kamampuh ngaréngsékeun masalah, karancagéan, pribadi nu sonagar (répléktif), tur rasa basa Sunda. 4. Rupining téhnik meunteun kamampuh murid. 5. Wawaran nu jadi calecer (acuan) kagiatan rémédial jeung ngajembaran murid. 6. Kagiatan silih simbeuh tur silih élédan (sharing) antara guru jeung kolot barudak, anu méré lolongkrang keur kolot-kolot murd sangkan ilubiung dina kagiatan diajar murid di imahna séwang-séwangan. 7. Pituduh maké buku babon murid. Kagiatan dina ieu buku dirarancang pikeun mekarkeun kamampuh (sikep, kaweruh, jeung kaparigelan) murid kalawan gumulung tur rinéka. Ari paripolahna ngawengku: 1. Muka pangajaran ku karep murid saperti maca atawa ngaregepkeun téks, tumanya, ngawih, kaulinan, démonstrasi, pidangan masalah, jsté. 2. Nepikeun tujuan pangajaran nepi ka murid bisa nyangreb wawaran nu ditepikeun. 3. Ngali kaweruh murid samémehna sankan bisa ngaitkeun jeung kaweruh nu bakal diulikna. 4. Papancén nu malapah gedang sangkan murid kabantu dina nyangkem konsép. 5. Méré lolongkrang pikeun ngalatih kaparigelan murid. 6. Méré unduring laku (umpan balik) pikeun ngukuhan panyangkem murid.

B. Padika Maké Buku Tuturus Guru Ieu buku Tuturus Guru téh mibanda kagunaan ganda, jaba ti pituduh maké buku babon murid, jadi calecer (acuan) keurkagiatan pangajaran di kelas deuih. Ku penting-pentingna ieu buku, guru dipiharep niténan heula sawatara hal nu dipidangkeun dina ieu buku. 1. Baca heula ieu buku tiap-tiap kaca kalawantelik tur imeut. 2. Cangkem heula tiap-tiap KD jeung indikator nu ngait kana téma. 3. Tarékahan pikeun ngasupkeun KI-1 jeung KI-2 dina sakumna kagiatan pangajaran. Guru kudu nguatan jeung ngukuhan ngawangun sikep, kaweruh, katutg paripolah nu hadé.

2

Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas IV

4. Deudeul kahontalna KI-1 jeung KI-2 ku kagiatan ngabiasakeun, pieunteungeun, pituladeun, jeung ngabudayakeun sakola. 5. Luyukeun tiap-tiap léngkah kagiatan nu patali jeung buku babon murid luyu jeung kacana. 6. Mekarkeun gagasan rancagé dina milih padikapangajaran. Sungsi ogé kagiatan séjén lamun kaayaan teu luyu jeung naon-naon nu geus dirarancang. 7. Rupining strtégi pangajaran nu rék dimekarkeun (kayaning murid niténan, nanya, nyaritakeun, metakeun, ngawih, jsté.), jaba ti ngalibetkeun muridna sorangan bisa waé ngalibetkeun warga atawa lingkungan sakola. 8. Guru dipiharep mekarkeun: a. Métode pangajaran aktif, inovatif, kréatif, éféktif, jeung menyenangkan (PAIKEM); b. Timbang-timbang ogé maké pamarekan komunikatif jeung kontékstual; c. Kaparigelan nanya atawa tumanya; d. Kaparigelan muka jeung mungkas pangajaran; e. Kaparigelan ngolah kelas jeung pidangan kelas. 9. Gunakeun media jeung sumber diajar nu aya di sabudeureun sakola atawa patali jeung sosial budaya Sunda. 10. Seméster hiji aya opat téma atawa matéri galeuh, ari dina seméster dua aya nu opat téma (matéri galeuh) aya nu kurang, diluyukeun kana KIKD Mata Pelajaran Basa jeung Sastra Sunda. 11. Tiap-tiap téma (matéri galeuh) rata-rata dirarancang keur sabulaneun (4 x lawungan). 12. Kagiatan dina minggu kahiji dimimitian ku niténan bahan, karep réséptif (ngaregepkeun jeung maca), minggu kadua mangrupa kagiatan nyoba jeung ngulik, ari minggu katilu jeung kaopat ngalarapkeun atawa midangkeun (kagiatan kréatif nulis jeung nyarita) hasil tina minggu kahiji jeung kadua. Murid digiring sangkan kaasah daya nalar jeung mikirna kalawan ngaleunjeur. Kagiatan dirarancang pikeun méré lolongkrang tumanya jeung ngali wawaran nu deukeut jeung murid. 13. Alokasi waktu nyoko kana struktur kurikulum. Guru bisa nangtukeun sorangan alokasi waktu luyu jeung minggu éféktif, situasi katut kaayaan di sakola. 14. Buku babon murid dilengkepan ku bahan-bahan latihan nu luyu jeung hontalan kompeténsi. 15. Hasil pagawéan murid jeung bukti peunteun bisa dikumpulkeun dina portofolio murid. 16. Pikeun tarékah ngoméan diri jeung minggu éféktif, jieun catetan réfleksi sanggeus hiji téma atawa bahan réngsé. 17. Deudeul murid sina resepeun kana basa Sunda sarta yakinkeun yén manéhna téh cerdas tur bisaeun. 18. Sangkan tujuan pangajaran kahontal, guru ogé perlu saregep, enya-enya, tur sabar dina nyanghareupan murid. Ari sababna, kamampuh murid téh béda-béda. Katambahtambah teu sakumna padika pangajaran loyog pikeun sakumna guru, murid, tempat, waktu, jeung bahan ajar.

Bab 1 Pituduh Umum

3

C. Tatapakan Formal Bahan ajar basa Sunda anu dipidangkeun dina ieu buku dumasar kana Kurikulum 2013, ngawengku kasang tukang, karakteristik, jeung tujuanan. Kurikulum basa Sunda atawa Kompetensi Inti jeung Kompetensi Dasar (KIKD) Mata Pelajaran Basa jeung Sastra SUnda disusun jeung dikaluarkeun ku Balai Pengembangan Bahasa Daerah dan Kesenian (BPBDK), Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat. Lamun disusud ka luhurna, ari lebah ngindungna mah tangtu waé kana Kurikulum Tingkat Nasional, da nu ieu mah kaasup kana Kurikulum Daerah (Kurda). Hususna di tingkat SD/MI, Kurikulum Basa Sunda anu disusun ku BPBDK téh diwincik jadi KIKD, nu diluyukeun kana téma jeung alokasi waktu. Hal éta disusun mangrupa struktur anu maneuh, tur salawasna kudu jadi padoman dina kagiatan diajarngajar. Cindekna, sajeroning guru ngajarkeun basa Sunda, dipahing méngpar tina katangtuan KIKD, téma, jeung alokasi waktu. Pon kitu deui, ari dina lebah milih bahan katut ngajarkeunana mah, guru dibéré lolongkrang tir diperedih karancagéanana. Ieu buku poma ulah dianggap hiji-hijina sumber bahan ajar. Ari sababna, naon-naon nu diperedih ku KIKD téh moal sagemblengna kacumponan mun ukur ngandelkeun tina hiji sumber. Kudu aya sumbersumber lianna pikeun pangrojong kagiatan diajarngajar, di antarana média massa, bagbagan paélmuan lianna, jeung kondisi sosial budaya masarakat Sunda. Nya ka lebah dinua pisan guru kudu rancngeus téh, kumaha carana néngan jeung nungkab bahan pangrojong sangkan KIKD bisa kacumponan.

D. Sistim, Prinsip, jeung Pamarekan Pangajaran Sakabéh matéri dina ieu buku, ti mimiti bagian wacana, pedaran, ulikan, jeung latihan dipidangkeun make sistem spiral; dimitian ti nu babari heula, terus ningkat ka nu hésé. Heula pandeurina nyusun bahan anu dumasar kana babari héséna téh tumerap kana saban pangajaran. Cindekna, tingkat kasulitan bahan anu dipidangkeun dina Pangajaran 1, upamana, kudu aya sahandapeun Pangajaran 2. Lian ti éta, bisa deuih tumerap di jero pangajaran, upamana tingkat kasulitan Pedaran 2 kudu saluhureun Pedaran 1. Kitu deui dina ulikan jeung latihan. Konsép basa anu dianggap énténg dipidangkeunana dina Pedaran 1, atawa bisa waé dina Ulikan 1. Sanggeus nincak kana Pedaran 2 atawa Ulikan 2, murid diwanohkeun kana konsép basa anu tingkat kasulitanana saluhureun nu dipidangkeun dina Pedaran 1 atawa Ulikan 1. Subab pangajaran dingaranan maké kagiatan basa atawa aktivitas murid. Dina wincikan nu leuwih heureut, sistem spiral téh tumerap dina saban nomer deuih. Upamana dina latihan anu diebréhkeun dina pancén ngajawab pananya, tah, tingkat kasulitan dna pananya nomer 8 kudu aya di sahandapeun tingkat kasulitan pananya nomer 9. Sistem spiral anu dignakeun dina ieu buku téh dumasar kana prinsip proporsional, tur tahapan (gradasina) henteu patarenggang. Hal ieu bisa tumerap dina wangun lahiriahna (panjang-pondokna, basajan-kompleksna) kecap, kalimah, atawa wacana, bisa deuih dina eusi atawa substansina (gampang-henteuna). 4

Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas IV

E. Standar Kompeténsi Lulusan (SKL) Rabah Sikep

SD/MI

SMP/MTs

SMA/SMK/MA/MAK

Nampa, ngajalankeun, ngajénan, jeung ngamalkeun Pribadi nu iman, ahlak mulya, percaya diri jeung tanggung jawab dina patali marga kalawan merenah jeung lingkungan masarakat, alam sabudeureun, sarta dunya katut adabna.

Kaparigelan

Nampa, nanya, nyoba, ngolah, midangkeun, nalar, jeung ngalarapkeun Pribadi nu mampuh mikir jeung lumampah kalawan merenah tur rancagé dina ranah nyamuni (abstrak) jeung nembrak (konkrit).

Kaweruh

Mikanyaho, nyangkem, nerangkeun, ngolah, jeung meunteun. Pribadi nu ngawasa élmu kaweruh, téhnologi, seni budaya, sarta wawasan kamunasaan, kabangsaan, kanagaraan, jeung paradaban.

F. Prosés Pangajaran 1. 2. 3. 4. 5. 6.

Prosés pangajaran lumangsung maké pamarekan saintifik. Ari léngkah-léngkahna keiu. Niténan (mengamati), ku cara maca atawa ngaregepkeun atawa nongton Nanya (menanya), ku cara tanya jawab atawa sawala Nalar (menalar/mengasosiasi), ku cara nambahan kaweruh lain Nyungsi atawa nyoba (eksplorasi/eksperimen) Midangkeun atawa nepikeun (mengkomunikasikan) Ngawangun jejaring (networking) ku cara néangan bahan tina sumber lian

G. Kompeténsi Inti (KI) jeung Kompeténsi Dasar (KD) Kelas IV SD/MI KOMPETENSI INTI (KI) 4.1 Menerima, menghargai, dan menjalankan ajaran agama yang dianutnya

KOMPETENSI DASAR (KD) 4.1.1

Menerima anugrah Tuhan Yang Maha Esa atas penciptaan bahasa Sunda sebagai bahasa daerah dan unsur budaya bangsa serta alat komunikasi masyarakat penuturnya melalui teks pupujian, striker/ brosur, dongeng, deskripsi, pupuh, kawih, narasi, dan eksposisi. Bab 1 Pituduh Umum

5

4.2 Memiliki perilaku jujur, disiplin, tanggung jawab, santun, peduli, percaya diri dalam berinteraksi dengan keluarga, teman, tetangga, dan guru

4.2.1

4.2.2

4.2.3

4.2.4

4.2.5

4.2.6

4.2.7

4.2.8

4.2.9

6

Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas IV

Memiliki perilaku disiplin, tanggung jawab, dan santun dalam menjalin komunikasi dan indahnya kebersamaan menggunakan bahasa Sunda secara lisan dan tulis melalui teks pupujian. (Tema 1) Memiliki perilaku tanggung jawab dan disiplin dalam menghemat energi melalui teks striker/brosur. (Tema 2) Memiliki perilaku peduli dan kasih sayang terhadap mahkluk hidup (manusia, hewan, dan tumbuhan) dalam kehidupan seharihari melalui teks dongeng. (Tema 3) Memiliki perilaku disiplin, jujur, dan bertanggung jawab dalam melakukan berbagai pekerjaan melalui teks deskripsi. (Tema 4) Memiliki prilaku santun terhadap guru dan menghargai jasa pahlawan melalui teks pupuh. (Tema 5) Memiliki perilaku tanggung jawab serta rasa cinta tanah air (Indahnya negeriku) melalui teks kawih. (Tema 6) Memiliki perilaku disiplin, jujur, dan tanggung jawab dalam menggapai citacita dengan kata-katanya sendiri menjadi sebuah prosa tertulis melalui teks narasi. (Tema 7) Memiliki perilaku disiplin, tanggung jawab, dan peduli terhadap lingkungan daerah tempat tinggal melalui teks deskripsi. (Tema 8) Memiliki perilaku peduli dan disiplin dalam memanfaatkan makanan sehat dan bergizi khas Sunda serta menuliskannya kembali dengan kata-katanya sendiri secara baik dan benar melalui teks eksposisi. (Tema 9)

4.3 Memahami pengetahuan faktual dengan cara mengamati dan mencoba [mendengar, melihat, membaca] serta menanya berdasarkan rasa ingin tahu secara kritis tentang dirinya, makhluk ciptaan Tuhan dan kegiatannya, dan bendabenda yang dijumpainya di rumah, sekolah, dan tempat bermain

4.3.1

4.3.2 4.3.3

4.3.4

4.3.5

4.3.6

4.3.7

4.3.8 4.3.9

4.4 Menyajikan pengetahuan 4.4.1 faktual dalam bahasa yang jelas dan logis dan sistematis, dalam karya yang estetis dalam gerakan yang 4.4.2 mencerminkan anak sehat, dan dalam tindakan yang mencerminkan perilaku 4.4.3 anak beriman dan berakhlak mulia

Menggali informasi tentang menjalin komunikasi dan kebersamaan dalam teks pupujian (Tema 1) Menggali isi teks stiker/brosur tentang menghemat energi. (Tema 2) Menggali isi teks dongeng tentang kepedulian terhadap mahkluk hidup (manusia, hewan, dan tumbuhan) dalam kehidupan sehari-hari. (Tema 3) Menggali isi teks deskripsi tentang berbagai jenis pekerjaan pekerjaan melalui kegiatan menulis deskripsi. (Tema 4) Menggali isi teks pupuh tentang menghormati guru dan menghargai jasa pahlawan. (Tema 5) Menggali isi teks kawih tentang cinta tanah air (negeri ku) melalui kegiatan mengapresiasi dan mengeksprasikan kawih. (Tema 6) Menggali isi teks narasi tentang menggapai cita-cita dengan kata-katanya sendiri menjadi sebuah prosa tertulis. (Tema 7) Menggali isi teks deskripsi daerah tempat tinggal. (Tema 8) Menggali isi teks eksposisi tentang jenis olahan makanan sehat dan bergizi khas Sunda. (Tema 9) Melantunkan teks pupujian tentang menjalin komunikasi dan kebersamaan menggunakan bahasa Sunda secara lisan dan tulis. (Tema 1) Menyusun teks stiker/brosur sederhana tentang menghemat energi dengan katakata sendiri. (Tema 2) Menceritakan isi teks dongeng (fabel/ parabel) tentang kepedulian terhadap mahkluk hidup (manusia, hewan, dan tumbuhan) dalam kehidupan sehari-hari. (Tema 3) Bab 1 Pituduh Umum

7

4.4.4

4.4.5

4.4.6 4.4.7 4.4.8 4.4.9

Menyusun teks deskripsi tentang berbagai jenis pekerjaan dengan kata-kata sendiri. (Tema 4) Melantunkan isi teks pupuh tentang menghormati guru dan menghargai jasa pahlawan. (Tema 5) Melantunkanis teks kawih tentang cinta tanah air (negeri ku). (Tema 6) Menyusun teks narasi tentang menggapai cita-cita dengan bahasa sendiri. (Tema 7) Menyusun teks deskripsi tentang lingkungan atau tempat tinggal. (Tema 8) Menyusun teks eksposisi tentang jenis olahan makanan sehat dan bergizi khas Sunda dengan kata-kata sendiri. (Tema 9)

H. Tema jeung Bahan Ajar Tema 5 : Kaséhatan jeung ubar-ubaran Bahan : Déskripsi

Tema 1 : Rempug jukung Bahan : Pupujian

Tema 6 : Cinta lemah cai Bahan : Sajak

Tema 2 : Hémat énergi Bahan : setiker/brosur TEMA & BAHAN AJAR

Tema 7 : Cita-cita Bahan : Carpon

Tema 3 : Kajadian dina kahirupan Bahan : Dongéng

Tema 8 : Lingkungan tempat cicing Bahan : Dongéng

Tema 4 : Jenis gawé Bahan : Déskripsi

Tema 9 : Kadaharan séhat Bahan : Eksposisi

8

Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas IV

Bab

Pituduh Husus

2

PANGAJARAN 1 Tema : Éndahna hirup sauyunan Bahan : Pupujian Média : 3 minggu Kahirupan manusa sacara pribadi henteu bisa dipisahkeun ti masarakatna. Bakal karasa kumaha tingtrimna téh di antarana waé lamun anggota masarakat bisa hirup sauyunan. Hal ieu anu jadi jejer Pangajaran 1 téh. Dina pangajaran ayeuna, sajero tilu minggu, murid diwanohkeun kana gambaran kahirupan sapopoé anu ngébréhkeun suasana sauyunan. Pikeun nandeskeun éta suasana, nya dicukangan ku pupujian. Sacara umum, tujuan ieu Pangajaran 1 pikeun ngawangun atawa ngawewegan karakter murid dina kahirupan sapopoé, kumaha carana sangkan tumuwuh sikep sauyunan. Lian ti éta, dina aspék kabasaan jeung kasastraan, murid diwanohkeun kana pupujian, diwuwuh ku katapis ngawihkeun katut nyusun pupujian anu hirup di masarakat sabudeureunana. Anu disebut pupujian tangtuna ogé raket jeung agama. Pikeun nambahan kaweruh maranéhna, dina ieu pangajaran dipidangkeun hal-hal anu patali jeung agama, saluyu jeung kamampuh nyangkem basa Sunda pikeun murid kelas IV SD. Tangtu waé wangun pupujian anu dipidangkeun téh henteu ngurung kana sakabéh pupujian anu hirup di masarakat, tapi ukur dijojoan anu geus popilér. Ku kituna, bisa waé dina kahiatan diajar-ngajar téh guru ngabeungharan bahan ku pupujian séjénna, diluyukeun kana kabiasaan di daérah masing-masing.

KAGIATAN DIAJAR-NGAJAR A. MACA DINA JERO HATÉ No. 1.

10

Kagiatan Murid sina muka buku pangajaran basa Sunda. Sakalian tatahar buku tulis jeung alat tulis lianna, bisi aya bahan pangajaran anu kudu dicatetkeun. Kacida hadéna mun guru nyayagikeun rékaman pupujian, sangkan kagiatan diajar-ngajar leuwih jembar jeung éféktif.

Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas IV

2.

Pangajaran I dibuka ku kagiatan maca dina jero haté. Saluyu jeung tingkat kamampuh murid kelas IV, pupujian téh henteu dipidangkeun jadi wacana mandiri, tapi diaworkeun kana wacana deskripsi anu ngagambarkeun kahirupan barudak di hiji lokasi perumahan. Dina wacana, aya dua pupujian anu dipidangkeun. Anu kahiji, eusina umajak pikeun ngalaksanakeun salat magrib. Ari anu kadua, pupujian anu eusina nerangkeun bab cai nu bisa dipaké susuci.

3.

Éta wacana sina dibaca dina jero haté ku sakabéh murid. Dibéré waktu kirakira lima tepi ka sapuluh menit. Saméméhna ku guru diterangkeun heula, naon ari anu dimaksud maca dina jero haté. Dina prakna maca, guru kudu niténan bisi aya murid anu kurang saregep dina ngalaksanakeunana.

. B. NGABANDUNGAN PUPUJIAN No.

Kagiatan

4.

Saréngséna murid maca dina jero haté, guru nerangkeun anu dimaksud pupujian katut conto-contona. Materi ngeunaan hal ieu, dina buku murid aya dipidangkeun. Tapi tangtu waé dina lebah nerangkeun naon ari pupujian mah, guru kudu mampuh medar materi kalawan jéntré.

5.

Anu kudu diterangkeun ku guru téh ngawengku naon ari anu dimaksud pupujian. Cukup ku katerangan anu basajan waé, teu kudu nyabit-nyabit teori nu leuwih jero. Yén pupujian téh salah sahiji bagian tina kabinangkitan urang Sunda dina ngarakit basa. Pupujian téh dina basa ugeran, tur umumna winangun sa’ir. Lamun ditulis, pupujian téh ngagunakeun patokan pada (bait), padalisan (jajaran), jeung purwakanti dina saban tungtung jajaran. Eusi pupujian téh rupa-rupa. Aya anu eusina ngajak ibadah jeung milampah kahadéan séjénna, aya anu nerangkeun pangajaran, jeung aya anu méré pépéling.

6.

Guru méré conto kumaha carana ngawihkeun pupujian anu aya dina wacana. Dina hal ieu, guru bisa waé ngagunakeun alat bantu, upamana audio visual. Rekaman pupujian diputer di jero kelas, sina dibarandungan ku sakabéh murid. Nya ari alusna pisan mah guru sorangan anu nyontokeunana, sangkan leuwih bisa kajiwaan, sarta murid bakal leuwih babarieun dina nurutanana.

7.

Guru méré conto ngawihkeun pupujian sababaraha balikan. Saban jajar heula sina diturutan ku murid, geus kitu kakara saban pada.

8.

Mun dianggap geus cukup,murid dités kamampuhna dina ngawihkeun pupujian. Aya sawatara murid anu dititah ngawihkeun, anu séjén ngabarandungan.

Bab 2 Pituduh Husus

11

9.

Ku guru diterangkeun, suasana carita anu aya dina wacana. Dina hal itu, murid kudu tepi ka weruh yén eusi wacana téh ngagambarkeun kahirupan anu sauyunan. Guru bisa tumanya, naha anu digambarkeun dina wacana téh kaalaman jeung geus jadi bagian tina kahirupan murid.

C. NGALISANKEUN JAWABAN No.

Kagiatan

10.

Dina ieu bagian, murid dilatih nyangkem eusi wacana anu geus dibaca dina jero haté, jeung hasil tina ngabandungan pedaran guru. Éta kampuh nyangkem teh kudu terus dikedalkeun sacara lisan. Cindekna, murid dilatih nyarita.

11.

Aya sapuluh pertanyaan anu kudu dijawab ku murid. Lantaran dijawabna kudu sacara lisan, gedé pisan kamungkinan ungkara kalimah anu dikedalkeun ku murid-murid téh jarauh bédana. Pikeun patokan guru dina lebah meunteun jawaban murid, di handap dipidangkeun jawaban pikeun sakur pertanyaan. 1. Ramé ku barudak anu arulin. 2. Disalin ku papakéan nu beresih, nyokot sarung, rék ka masjid. 3. Kudu buru-buru enggeusan ulin, balik ka imah, beberesih, terus ka masjid pikeun ngalaksanakeun solat. 4. Nitah eureun ulin, sabab geus magrib, terus kudu indit ka masjid. 5. Medar ngeunaan rupa-rupa cai anu bisa dipaké susuci atawa abdas. 6. Cai walungan, cai laut, cai sumur, cai ibun, cai és, cai nyusu, jeung cai hujan. 7. Pépéling sangkan urang milampah kahadéan. 8. Ramana Sayid Abdullah, ibuna Siti Aminah. 9. Taun 571 Maséhi. 10. Sesembahan bangsa sétan kabéh pada arucutan.

C. NGAPALKEUN ISTILAH KAAGAMAAN No.

Kagiatan

12.

Wacana dina bagian kahiji téh ngagambarkeun suasana anu patali jeung ibadah solat magrib. Tangtu waé di jerona aya sawatara istilah kaagamaan, upamana waé masjid, pupujian, adan, paimbaran, abdas, solat sunat, ustad, jeung nabi.

13.

Dina ieu bagian, murid sina apal kana swatara istilah kaagamaan anu nyampak dina wacana. Kalimah anu ngandung éta istilah dicutat sagemblengna, geus kitu kakara diterangkeun hartina.

12

Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas IV

14.

Murid cukup ku ngapalkeun waé sakur éta istilah anu diterangkeun. Ieu téh pikeun nyukangan kana pangajaran dina bagian saterusna.

E. NGADISKUSIKEUN ISTILAH KAAGAMAAN No.

Kagiatan

15.

Murid anu aya di kelas dibagi jadi opat kelompok. Alusna mah dibagina téh dumasar kana jajaran bangku, sangkan maranéhna babari dina ngabadamikeun materi pangajaran.

16.

Saban kelompok kudu néangan sasaruaan kecap atawa nerangkeun istilah kaagamaan anu aya dina kalimah.Tugas pikeun saban kelompok lobana lima kalimah.

17.

Kelompok 1 kudu nerangkeun istilah sodakoh, ahlak, iman, taat, jeung dikobul. Kelompok 2 kudu nerangkeun istilah qurban, saur, tadarus, sajadah, jeung munara. Kelompok 3 kudu nerangkeun istilah maca salam, insan, wajib, musola, jeung amal. Kelompok 4 kudu nerangkeun taud, jakat pitrah, maca hamdallah, jilbab, jeung tajil.

18.

Pikeun nerangkeun harti éta istilah téh sakabéh murid kudu néangan sumber atawa nanyakeun ka nara sumber. Anu dimaksud nara sumber di dieu bisa kolotna murid, dulurna, atawa saha waé anu sakirana bisa méré katerangan ka maranéhanana.

19.

Katerangan hasil tatanya téh sina didiskusikeun di kelompok masing-masing dina pangajaran minggu hareupna. Geus kitu terus sina dipedar ku saban wawakil kelompok di hareupeun batur sakelasna.

20.

Pikeun cecekelan guru, sangkan jijieunan murid teu méngpar teuing, bisa dititénan ieu katerangan sakumaha anu aya di handap. Tangtu waé anu diterangken téh teu kudu nyosok jero, tapi anu basajan, asal nyumponan kaweruh murid kelas IV SD.

21.

Harti, maksud, atawa katerangan istilah kaagamaan: 1. sodakoh = méré duit atawa barang lianna ka anu butuheun 2. ahlak = kalakuan, atawa laku lampah manusa 3. iman = percaya 4. taat = tumut atawa nurut, teu ngabantah 5. dikobul = dicumponan paménta ku Gusti Alloh 6. qurban = ibadah dina poéan Idul Adha, ku cara meuncit sato (domba, embé, sapi, atawa munding) 7. saur = dahar jeung nginum dina waktu janari saméméh ngalaksanakeun puasa

Bab 2 Pituduh Husus

13

8. tadarus = maca Quran 9. sajadah = alas paranti solat 10. munara = babagian masjid anu pangluhurna, paranti neundeun spiker 11. maca salam = ngucapkeun assalamu’alaikum 12. insan = manusa 13. wajib = pagawéan anu lamun dilaksanakeun bakal meunang pahala, lamun teu dilaksnakeun bakal meunang siksa 14. musola = tempat solat 15. amal = pagawéan 16. taud = ngucapkeun audubillahiminasaitonirojim 17. jakat pitrah = jakat anu dikaluarkeun dina poé Lebaran 18. maca hamdallah = ngucapkeun alhamdulillah 19. jilbab = kurudung 20. tajil = ngabatalan puasa 22.

Hasil pagawéan murid dipeunteun. Kitu deui kamampuh maranéhna dina diskusi kudu dipeunteun. Murid anu aktif nyarita bari bener, meunang peunteun sapuluh.

F. NYUSUN PUPUJIAN No.

Kagiatan

23.

Najan ukur dina wangenan anu basajan, murid geus weruh kana nu disebut pupujian.Yén pupujian téh umumna mah nyokot opat opat jajar dina saban padana, tur sora dina tungtung jajaranana sarua (murwakanti).

24.

Dina ieu bagian, murid dibéré pancén nyusun pupujian tina sajumlahing padalisan (jajaran) anu geus disayagikeun.Ari nu jadi udaganana nyaéta ngalatih kamampuh murid dina matalikeun eusi anu dikandung dina rumpaka. Anu kudu disusun téh digundukkeun aya opat jajar, opat jajar. Latihan nomer (1) aya tilu pada, eusina ngajak solat. Latihan nomer (2) lobana dua pada, eusina solawat ka Kangjeng Nabi Muhammad. Ieu pupujian téh di sawatara tempat dianggap geus popilér, sabab mindeng dikawihkeun, hususna ku barudak.

25.

Murid sina nengetan heula sual anu disayagikeun dina buku babon. Sina dibaca sajajar-sajajar.

26.

Mimiti dipigawé heula babarengan, dituyun ku guru. Baca saban jajar dina hiji gundukan. Guru nanya, kira-kira jajaran mana anu kudu ditulis pangheulana, kadua, katilu, jeung panutupna dina saban pada.

14

Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas IV

27.

Lamun murid geus lancar nyusun sapada, saterusna murid sina digawé sacara individual. Ieu tugas téh bisa dipigawé di imah masing-masing. Teu nanaon mun dina migawéna bari tatanya gé.

28.

Hasil gawé murid dina minggu hareupna terus dibahas babarengan. Pikeun babandingan dina ngaroris gawé murid, ieu dipidangkeun susunan pupujian anu geus merenah:

29.



(1) Éling-éling dulur kabéh ibadah ulah campoléh beurang peuting ulah weléh bisina kaburu paéh



Sabab urang bakal mati nyawa dipundut ku Gusti najan raja nyakrawati teu bisa nyingkahan pati



Karasana keur sakarat nyerina kaliwat-liwat tara ngalakukeun solat kana ibadah diliwat



(2) Nun Gusti abdi sadaya mugi rahmat salamina ngocor ka Nabi nu mulya sareng ka kulawawrgina



kitu deui sahabatna anu ngabela agama sareng muslimin muslimat anu sami-sami taat

Hasil pagawéan murid kudu dipeunteun saluyu jeung katangtuan dina dipidangkeun dina Bab I ngeunaan Pituduh Umum.

Bab 2 Pituduh Husus

15

G. MIWANOH ROBAHNA KECAP No.

Kagiatan

30.

Dina ieu bagian, murid diwanohkeun larapna rarangkén nasal (N-). Tacan waka maké téori tatabasa, tapi cukup ukur sina niténan robahna kecap, upamana tina riung jadi ngariung, terus kumaha larapna dina kalimah. Ti dinya terus dibéré deui conto, robahna cokot jadi nyokot, inum jadi ngum, jeung baca jadi maca.

31.

Ku guru kudu diterangkeun bari dibéré contona pikeun babandingan dua kalimah; anu hiji masih ngagunakeun kecap asal, anu hiji deui geus maké rarangkén nasal, upamana: - Sawaréh riung di émpér masjid. - Sawaréh ngariung di émpér masjid. Anu bener téh kalimah kadua, nyaéta anu geus maké rarangkén nasal. Ti dinya ditambahan deui ku conto lianna sakumaha anu aya dina buku babon.

32.

Saluyu jeung conto bieu, murid dititah milih kalimah anu bener. Anu kudu dipilih téh ti antara kalimah anu prédikatna tacan dinasalkeun, jeung kalimah anu prédikatna geus dinasalkeun. Éta kalimah anu bener téh nyaéta: 1.a) Dadang dititah meuli koran ka kios. 2.b) Japati téh teu daékeun ngapung geuning. 3.b) Wéni keur nyébor tangkal kembang. 4.a) Cing bantuan ngadorong mobil sakeudeung.

H. LATIHAN NGALARAPKEUN ROBAHNA KECAP No.

Kagiatan

33.

Pikeun ningkatkeun kamampuhna ngeunaan robahna kecap ngagunakeun rarangkén nasal, murid sina migawé latihanana. Dina ieu latihan, kecap anu ngagunakeun rarangkén nasal téh geus disayagikeun. Mimiti ditulis heula kecap asalna, terus dituturkeun ku kecap anu geus maké rarangkén nasal. Jadi murid mah ngan kari ngeusikeun wungkul.

16

Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas IV

34.

Hasil pagawéan murid téh kudu kieu: 1. Ti tatadi gé kupat tahu téh euweuh nu ngadahar geuning. 2. Cing nginjeum ragaji, rék meulahan papan keur nyieun bangku. 3. Jih, teu pira gé ukur nyabak, naha mani teu meunang ah. 4. Apan itu tuh imah Kang Juhana mah anu panto pagerna muka. 5. Mun rék ngaduruk runtah ulah wayah kieu atuh, Kang Haji. 6. Dina jero lokét Ceu Aisyh duitna mani ngéntép bareureum. 7. Rék nyangu téh komporna teu hurung, da gasna geus béak. 8. Urang wajib ngabales kanyaah jeung kahadéan indung bapa. 9. Ramo heulang ngaranggeum anak hayam, terus dibawa ngapung. 10. Geus meunang ngitung, duit anu disetorkeun ka bank téh. 11. Murid kelas opat dibéré tugas kudu nyieun karajinan tina awi. 12. Hurungkeun heula atuh ari manéh rék meuleum opak mah, Cép. 13. Lamun moal asup gawé mah kari nyarita waé ka dunungan. 14. Tarajé anu keur ditaékan téh nyorodot, untung teu luhur labuhna. 15. Dibaju seragam bari nyoléndang kantong, rék indit ka sakola.

35.

Hasil pagawéan murid téh dibahas babarengan jeung batur sakelasna. Murid sina maca kalimahna, dibagilirkeun, dibarandungan ku anu séjén.

36.

Hasil pagawéan murid kudu dipeunteun saluyu jeung katangtuan dina dipidangkeun dina Bab I ngeunaan Pituduh Umum.

Bab 2 Pituduh Husus

17

PANGAJARAN 2 Tema : Ngahémat énergi Bahan : Teks dina stiker Média : 3 minggu Téma hémat energi anu diajarkeun dina Pangajaran 2 téh kudu ditepikeun dina wangun téks stiker. Midangkeun bahan kawas kitu ajarkeuneun di kelas IV SD tangtuna ogé kaitung bangga. Ku sabab kitu, éta bahan téh dicukangan heula ku wacana deskripsi. Rupa-rupa stiker anu nerangkeun hémat énergi dipidangkeun dina hiji gunggungan bacaan anu ngagambarkeun suasana di sakola. Ku diajarkeun rupa-rupa téks steker anu eusina umajak pikeun ngahémt énérgi, dipiharep murid bakal weruh yén anu disebut énergi téh kacida pentingna dina kahirupan manusa. Umumna énergi téh henteu garatis, tapi kudu ditebus heula ku pangorbanan. Ku kituna dipiharep bakal tumuwuh sikep dina diri murid yén sawadina dina kahirupan sapopoé téh ngahémat énergi. Tangtu waé hémat énergi dina ieu pangajaran mah cakupanana diluyukeun jeung barudak kelas IV SD.

KAGIATAN DIAJAR-NGAJAR A. MACA DINA JERO HATÉ No.

Kagiatan

1.

Sakabéh murid geus tatahar pikeun diajar. Kabéh nyanghareupan buku pangajaran basa Sunda, katut tatahar buku tulis reujeung alat tulisna. Kagiatan munggaran téh maca dina jero haté. Anu dipedar dina wacana nyaéta suasana di sakola dina poéan miéling Hari Energi Sedunia, saban tanggal 22 Oktober. Éta wacana téh pikeun nyukangan atawa ngawanohkeun téks stiker ka barudak. Stiker anu ditulis dina basa Sunda, ditarémpelkeun dina papan informasi.

2.

Kalimah hémat énergi dina stiker téh unina: - Kendaraan hémat énergi jeung anti polusi - Yu urang leumpang, sangkan séhat badan, pikeun ngahémat BBM, ngurangan macétna jalan

18

Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas IV

Mémang dina kabuktianana mah, mun teu rék disebut euweuh gé, langk kénéh stiker anu ditulis dina basa Sunda téh. Tapi najan kitu nya alus waé lamun ditémbrakkeun dina pangajaran yén stiker téh bisa, malah merenah mun ditulis dina basa Sunda deuih. Tapi tangtuna ogé téks dina stiker mah miboga ciri husus, diluyukeun jeung pangabutuh katut sipatna. 3.

Murid ditugaskeun maca dina jero haté, sakurang-kurangna dua balikan. Alusna mah bari sina sakalian nyatetkeun kecap anu tacan kaharti maksudna. Saréngséna maca, ku guru ditanya ngarti henteuna kana eusi bacaan. Mun aya anu tacan kaharti, lebah mana waé éta téh. Katerangan ti murid bisa dipaké patokan dina waktuna guru medar eusi bacaan dina bagian saterusna.

B. NGANGGEUSKEUN KALIMAH No.

Kagiatan

4.

Pikeun ngukur kamampuh dina nyangkem eusi bacaan, murid dibéré tugas migawé sual. Ari bentukna nyaéta nganggeus kalimah dumasar kana eusi bacaan. Murid migawéna dina buku tugas. Ieu tugas téh kaasup kana katapis nulis, nyaéta ngébréhkeun pamanggih atawa hasil pikiran dina wangun tulisan.

5.

Sanggeus réngsé, tugas anu dipigawé ku murid téh dibahas babarengan. Carana mah bisa waé murid dipapay sina maca dibedaskeun hasil pagawéanana, saurang sanomer, dibagilirkeun, anu séjén ngabandungan. 1. Anu dipasang dina papan informasi téh nyaéta poster. 2. Ridwan nyebut gambar sapéda jaman baheula sabab kaciri dina bentukna, jeung dina setangna maké lampu. 3. Aya poster anu ditulisan: yu urang leumpang, sangkan séhat badan, pikeun ngahémat BBM, ngurangan macétna jalan 4. Untungna lamun ka sakola leumpang nyaéta matak séhat kana badan, pikeun ngahémat BBM, jeung moal kaganggu ku macét. 5. Éta poster dipasang dina papan informasi patali jeung Hari Energi Sedunia. 6. Urang kudu bisa ngahémat énergi sangkan sumber énergi teu gancang béak. 7. Conto sumber énergi misalna waé listrik jeung BBM. 8. Gunana énergi téh pikeun jadi daya, tanaga, atawa kakuatan ngagerakkeun mesin. 9. Lamun urang ngadorong mobil, sumber énergina tina awak urang. 10. Di jero kelas sareuri sabab Faruk nyebutkeun yén sumber énergi Odéd mah tina géhu jeung bala-bala. Bab 2 Pituduh Husus

19

6.

Hasil pagawéan murid dipeunteun saluyu jeung katangtuan dina dipidangkeun dina Bab I ngeunaan Pituduh Umum. Anu dipeunteun téh henteu ngan diukur tina substansi jawaban dina ngaréngsékeun kalimah (bener-salah), tapi deuih dina lebah nyusun ungkara katut tulisanana (jéntréhenteuna, rapih-henteuna).

C. NGABANDUNGAN PEDARAN NGEUNAAN HÉMAT ÉNERGI No.

Kagiatan

7.

Guru ngondisikeun kaayaan di jero kelas pikeun ngamimitian medar matéri pangajaran, pangpangna patali jeung kompetensi dasar sangkan murid miboga sikep tanggung jawab tur disiplin dina ngahémat énergi. Hal ieu penting pisan diterangkeun kalawan écés sangkan barudak ti anggalna kénéh geus dibéré dadasar kumaha pentingna ngahémat énergi.

8.

Ku guru diterangkeun yén énergi téh aya anu disadiakeun ku alam tur langsung bisa digunakeun, upamana cahaya panonpoé atawa angin, jeung aya deuih anu disayagikeun ku alam tapi kudu diolah heula, upamana BBM jeung listrik. Beuki lila sumber énergi téh beuki ngurangan, tur teu mustahil dina hiji waktu mah béak. Ku sabab kitu, énergi téh kudu dihémat, ulah dihahambur.

9.

Rupa-rupa cara anu bisa dipilampah dina ngahémat énergi, di antarana bisa ditepikeun dina bentuk poster. Poster téh ilaharna dipasang dina tempat anu negrak tur ramé, sangkan babari kabaca ku balaréa, upamana waé di tempat anu pamungpungan jalma réa, atawa di nu remen jadi liliwatan. Sajaba ti bentuk poster, umajak hémat énergi téh bisa ditulis dina bentuk stiker. Poster jeung stiker tangtu aya bédana. Anu paling babari ngabédakeunana nyaéta lebah ukuranana. Anu disebut poster mah ilaharna rubak, minimal saukuran jeung kertas A4. Ari stiker ku ukuran kurang ti satampah gé bisa. Kitu deui ari poster mah ditémpélkeunana teu kudu kawas poster. Stiker bisa ditémpélkeun dina kantong, dina spédah, dina motor, jeung sajabana.

10.

Guru ngabahas rupa-rupa stiker anu aya dina buku pangajaran. Kabéhna téh aya dalapan stiker: - Hémat BBM: okéh! - Kendaraan hémat énergi jeung anti polusi - Yu urang leumpang, sangkan séhat badan, pikeun ngahémat BBM, ngurangan macétna jalan - Mun teu dianggo, lampu pareuman - Cai kudu dihémat, keran tutup deui - Sumber énergi mahal, ulah dihahambur

20

Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas IV

- Ngamangpaatkeun limbah pikeun sumber énergi - Sumber énergi béak, hirup bakal balangsak

D. NGADISKUSIKEUN EUSI STIKER No.

Kagiatan

11.

Éta dalapan stiker téh sina dibaca bedas ku murid, dibagilirkeun. Geus kitu ku guru dibahas hiji-hiji. Diterangkeun sakur harti kecapna, jeung naon tujuanana. Kalimah anu digunakeun dina stiker mah pondok sangkan bisa langsung kaharti ku anu macana. Kecap-kecapna ogé dipilihan heula, sangkan gedé pangaruhna jeung ninggalkeun kesan pikeun anu macana. Bentuk stiker,kaasup bentuk aksara,kitu deui warnana,henteu asal-asalna,tapi kudu diébréhkeun sahadé-hadéna sangkan balaréa kataji, tepi ka hayang maca. Samalah dina stiker téh sok aya nu maké ilustrasi, boh ku gambar atawa ku potrét.

12.

Pikeun ngukur kaweruh katut sikep murid kana tarékah ngahémat énergi, maranéhna sina ngadiskusikeun eusi stiker anu geus diterangkeun ku guru. Sakabéh murid dibagi jadi opat kelompok, dipacarukkeun antara murid awéwé jeung lalaki. Saban kelompok kudu ngabahas dua stiker patali jeung: - Naon maksud anu dikandung dina stiker - Kumaha cara migawéna - Alusna kudu di mana éta stiker dipasang atawa diterapkeunana

13.

Lamun geus dibahas dina kelompok, saterusna wawakil ti saban kelompok kudu nerangkeun hasil diskusina. Pikeun cecekelan guru, anu dibahas ku saban kelompok téh ngawengku: Kelompok 1 Stiker anu kudu dibahas: - Hémat BBM: okéh! Maksudna nyaéta ngaenyakeun atawa nyaluyuan kana ajakan ngahémat BBM. Cara anu paling basajan misalna waé lamun teu perlu-perlu teuing mah ulah iinditan maké kendaraan anu ngagunakeun BBM,utamana pikeun jarak deudeukeutan. Éta stiker alusna diterapkeun dina kendaraan. - Kendaraan hémat énergi jeung anti polusi Maksudna nyaéta sapéda, sabab majuna teu kudu ngagunakeun BBM, jeung teu ngaluarkeun polusi gas. Carana nyaéta urang leuwih hadé iinditan maké sapéda. Lian ti teu kudu maké BBM, matak séhat kana badan deuih, da sarua jeung olahraga. Éta stiker alusna ditémpélkeun dina sapéda, atawa di tempat parkir sapéda. Bab 2 Pituduh Husus

21

Kelompok 2 Stiker anu kudu dibahas: - Yu urang leumpang, sangkan séhat badan, pikeun ngahémat BBM, ngurangan macétna jalan Maksudna nyaéta dina rék indit-inditan, lamun deukeut mah mending leumpang waé, sangkan teu hambur BBM, jaba deuih bisa ngurangan macétna jalan. Ulah saeutik-saeutik kana kendaraan. Mending gé gunakeun suku. Stiker kawas kieu bisa ditémpélkeun di mana waé. - Mun teu dianggo, lampu pareuman Maksudna, lamun lampu geus teu dipaké, kudu dipareuman, ulah sina terus hurung. Kitu peta téh apan matak hambur setrum atawa listrik. Carana mah babari, mun urang geus bérés ngapalkeun atawa geus réngsé maca buku, lampu téh ulah sina terus caang. Atawa bisa waé lamun rék saré, lampub téh mending pareuman. Anu dihurungkeun mah ukur saperluna waé. Stiker kawas kieu alusna ditémpelkeun di jero imah, hususna di tempat diajar. Kelompok 3 Stiker anu kudu dibahas: - Cai kudu dihémat, keran tutup deui Maksudna, urang ulah sok ngahahambur cai, gewar-gewur teu puguh. Cai téh kudu dihémat. Ku sabab kitu, lamun urang ngocorkeun cai tina keran, upamana rék wudu atawa mandi, dina geus teu dipaké mah, éta keran téh kudu gancang ditutup. Lamun cai tina keran terus ngocor bari jeung teu dipaké, éta téh pagawéan mubadir. Stiker kawas kieu alusna ditémpélkeun di kamar mandi atawa di tempat wudu. - Sumber énergi mahal, ulah dihahambur Maksudna, énergi téh henteu gratis, kajaba anu langsung disadiakeun ku alam. Ari énergi listrik atawa BBM mah kudu dibeuli heula, tur hargana téh mahal. Ku sabab kitu, ulah dihahambur. Carana mah, dina waktuna ngayakeun kagiatan bari teu kudu énergi listrik atawa BBM, nya teu kudu ngagunakeun atuh. Upamana waé, geus puguh di jero rohangan téh teu hareudang, katimbng teu perlu urang ngahurungkeun AC atawa ngahirupkeun kipas angin. Stiker kawas kieu bisa dipasang di mana waé. Kelompok 4 Stiker nu kudu dibahas: - Ngamangpaatkeun limbah pikeun sumber énergi

22

Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas IV



Maksudna, limbah anu geus teu kapaké téh bisa waé dimangpaatkeun pikeun sumber énergi. Lamun limbah digunakeun pikeun sumber énergi, hartina urang geus ngahémat. Upamana tai sapi bisa dimangpaatkeun pikeun nyieun gas anu engkéna digunakeun pikeun ngahurungkeun kompor. Stiker anu kieu bisa dipasang di mana waé.

- Sumber énergi béak, hirup bakal balangsak Maksudna, lamun sumber énergi béak, utamana ku sabab dihahambur, kahirupan urang bakal sangsara. Lamun BBM geus béak upamana, kendaraan bakal loba nu moal bisa jalan. Stiker kawas kieu bisa ditémpelkeun di mana waé. 14.

Hasil pagawéan kelompok, kitu deui kumaha prak-prakan wawakil kelompok nerangkeun hasil diskusina ka batur sakelasna, ku guru kudu dipeunteun.

E. NYUSUN KALIMAH PIKEUN STIKER No.

Kagiatan

15.

Pangajaran saterusna nyaéta murid dibéré latihan nyusun kalimah pikeun dituliskeun jadi stiker. Tangtu waé ukur dina tahap anu basajan, saluyu jeung kamampuh murid kelas IV SD, bari jeung éta ogé saméméhna kudu enyaenya dituyun ku guru. Kalimah anu disusun téh upamana: - Gunakeun listrik saperluna - Kadé hilap mareuman istrikaan

16.

Anu kudu ditulis ku murid téh stiker anu eusina: - ngingetan yén cai kudu digunakeun saperluna - ngingetan bisi aya nu poho mareuman kompor - ngajak hémat kana duit ku cara getol nabung - ngajak hémat kana waktu, ulah dipiceunan teu puguh - ngajak babaturan sangkan daék leumpang ka sakola - ngajak apik kana barang, sangkan awét dipakéna

17.

Ieu tugas téh sina dipigawé di imah. Maksudna, dina migawéna, murid bisa tatanya ka kolotna, ka lanceukna, atawa ka saha waé. Éta kalimah pikeun stiker téh ditulisna kudu dialus-alus, upamana waé maké warna. Hasil pagawéan murid kudu dipeunteun. Kahiji dumasar kana susunan kalimahna, kadua lebah kaéndahanana, boh dina nyieeun aksara boh dina ngawarnaan.

Bab 2 Pituduh Husus

23

18.

Sakadar pikeun patokan dina meunteun susunan kalimah anu dijieun ku murid, bisa niténan conto di handap pikeun babandingan: a. ngingetan yén cai kudu digunakeun saperluna, upamana: - Gunakeun cai saperluna - Tong ngahahambur cai b. ngingetan bisi aya nu poho mareuman kompor - Poho mareuman kompor, bisa nyababkeun kahuruan - Kadé poho mareuman kompor c. ngajak hémat kana duit ku cara getol nabung - Tong loba jajan, duit mending tabungkeun - Getol nabung, ciri jalma modéren d. ngajak hémat kana waktu, ulah dipiceunan teu puguh - Miceunan waktu, matak jadi rugi - Gunakeun waktu pikeun diajar - Tong ngalobakeun ulin e. ngajak babaturan sangkan daék leumpang ka sakola - Hayang séhat? Hayu urang leumpang - Leumpang anti macét - Leumpang ngirit BBM f. ngajak apik kana barang, sangkan awét dipakéna - Wajib apik kana barang - Lamun pik, mangpaat barang bakal manjang

F. NGAPALKEUN JEUNG LATIHAN KABEUNGHARAN KECAP No.

Kagiatan

19.

Dina ieu bagian, murid diwanohkeun kana sinonim atawa harti kecap. Kecap anu diterangkeun hartina téh meunang nyutat tina wacana. Ti dinya terus dilegaan ambahanana kana kecap lianna dina latihan.

20.

Ngapalkeun harti kecap bisa dipigawé babarengan di kelas. Lamun latihanana mah alusna dipigawé di imah. Murid dibéré lolongkrang pikeun tatanya. Atawa bisa waé dina migawéna téh ku cara badami jeung babaturanana. Hasil pagawéan murid dibahas babarengan di sakola, terus dipeunteun.

21.

Pikeun padoman dina meunteun, bisa dititénan di handap ieu: 1. wawaran = pengumuman 1) Béja yén isukan mimiti puasa diwawarkeun ku pangurus masjid 2) Ibu Ketua PKK ngawawarkeun yén balita kudu dibawa ka Posyandu.

24

Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas IV

2. ngagimbung = nangtung padeukeut, biasana bari aya nu ditempo 1) Anu rék miluan gerak jalan geus ngumpul di hareupeun kantor kacamatan. 2) Lamun keur loba nu setor duit, di bank téh wayahna kudu ngantay. 3) Anu keurkerja bakti keur dahar ngariung di émpér masjid. 3. dipedar = diterangkeun 1) Unggal malem Saptu, dina radio sok aya pedaran ngeunaan basa Sunda. 2) Dalang wayang golék rék medar lalakon Barata Yuda. 4. sakumna = sakabéh 1) Buah anu diala téh ngan saeutik, sabab lolobana aratah kénéh. 2) Deungeun sangu téh cukup saayana waé, da rék meuli gé teu boga duit. 3) Henteu kabéh geuning, murid anu latihan Pramuka téh ukur sawaréh. 5. nyelengkeung – ujug-ujug ngomong 1) Waktu nempo sapatuna sisirangan, manéhna langsung ngabarakatak. 2) Sakitu geus ngagorowok ogé angger teu kadéngéeun, da tempatna jauh. 3) Tong tarik teuing ngomong téh, geus waé ngaharéwos mun hayang kuéh mah.

G. NGAPALKEUN JEUNG LATIHAN NGEUNAAN ISTILAH KADAHARAN No.

Kagiatan

22.

Dina ieu bagian, murid diwanohkeun kana rupa-rupa istilah kadaharan, jeung kumaha cara ngasakanana. Pedaranana dicukangan ku istilah kadaharan anu aya dina wacana, nyaéta:

Atuh barudak téh beuki ramé seuseurian, da arapaleun yen bala-bala jeung géhu téh kabeuki Odéd.

Tah anu diterangkeun téh istilah bala-bala jeung géhu. Ieu jenis kadaharan téh bawirasa geus teu dianggap asing pikeun barudak. Guru tumanya, ari balbala jeung géhu kumaha ngasakanana? Jawabanana: digoréng. Lian ti anu digoréng, ngasakan kadaharan téh aya anu ku cara disangray. Ku guru diterangkeun, naon bédana digoréng jeung disangray. Kadaharan anu digoréng, ngasakanana maké minyak goréng, ari anu disangray mah henteu. Bab 2 Pituduh Husus

25

23.

Guru méré pancén ka murid pikeun néangan kadaharan séjénna anu cara ngasakanana digoréng, disangray, dibeuleum, diseupan, jeung dikulub. Ieu tugas téh alusna sina dipigawé di imah, sangkan murid tatanya ka kolotna atawa ka lanceukna, atawa ka saha waé. Dina pangjaran minggu hareupna, tugas anu dipigawé ku murid téh dipariksa babarengan.

24.

Pikeun patokan dina meunteun hasil gawé murid, bisa dititénan ieu di handap: 1) Kadaharan anu ngasakanana digoréng upamana comro, kurupuk, pisang goréng, baso tahu goréng, ranginang, cakuéh, odading, martabak endog. 2) Kadaharan anu ngasakanana disangray upamana suuk, kopi, surundéng, kurupuk malarat, siki jaat, siki teureup. 3) Kadaharan anu ngasakanana dibeuleum dina open upamana bolu, roti, kuéh, roti bakar, 4) Kadaharan anu ngasakanana dibeuleum langsung dina areng upamana saté, opak, ulén, jagong beuleum, lelemper, bakakak, beuleum lauk. 5) Kadaharan anu ngasakanana diseupan upamana sampeu, cau, lalablalaban, sangu, apem, bapaw, lapis, nagasari, baso tahu. 6) Kadaharan anu ngasakanana dikulub upamana jagong, hui, kupat.

25.

Saterusna, masih kénéh dina ieu bagian, murid ditugaskeun ngalengkepan kalimah ku istilah kadaharan anu geus disayagikeun. Anu dipidangkeun téh rupa-rupa ngaran kadaharan anu dianggap geus lmrah, tur mindeng kapanggih dna khirupan sapopoé.

26.

Hasil pagawéan murid dibahas babarengan, terus dipeunteun. Mun aya murid anu tacan ngartieun kana harti atawa maksud hiji kecap, ku guru kudu diterangkeun.

27.

Pikeun padoman meunteun, kalimah anu dipigawé ku murid téh kuduna kieu: 1. Naha rujak téh mani lada, padahal céngékna ukur dua. 2. Kudu dina kastrol atuh mun rék nyieun liwet mah, Nyi. 3. Leupeut mah didaharna kudu jeung goréngan atuh. 4. Ari kasebutna donat mah pasti di tengahna molongo. 5. Cing pangmeulikeun éskrim rasa kadu ka warung. 6. Najan teu maké gula, peuyeum téh rasana amis. 7. Isuk-isuk téh manéhna sok sasarap ku sangu goréng. 8. Anu disebut comro téh singgetan tina oncom di jerona. 9. Roti tawar mah biasana sok diulasan ku mantéga. 10. Keur panas poé kieu mah ngeunahna lamun nginum sirop.

26

Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas IV

PANGAJARAN 3 Tema : Miduli ka papada mahluk Bahan : Dongéng Waktu : 3 minggu Dongéng kaasup kana hasil kabinangkitan dina ngaréka basa warisan karuhun Sunda. Asalna mah dongéng téh winangun sastra lisan, tapi ka dieunakeun mah geus réa dongéng anu ditulis. Dina pangajaran ayeuna, aya dua kagiatah utama anu patali jeung dongéng. Kahiji, barudak sina ngabandungan, jeung kadua sina maca sorangan bari dibedaskeun. Salah sahiji tujuan anu kudu dihontal dina pangajaran dongéng téh nyaéta nuwuhkeun atawa nguatan sikep/karakter murid. Jadi henteu ngan wungkul patali jeung kaweruh. Ku ngaliwatan ngabandungan atawa maca dongéng, dipiharep murid boga pangalaman éstétis anu bakal mangaruhan kana paripolah sapopoéna, kaasup dina hubungan sosial. Aya dua wacana dongéng anu kudu diajarkeun. Duanana ogé ngébréhkeun paripolah, mana anu kudu diconto, jeung mana anu kudu disingkahan..

KAGIATAN DIAJAR-NGAJAR A. NGABANDUNGAN DONGÉNG No.

Kagiatan

1.

Pangajaran ayeuna téh ngabandungan dongéng. Saméméhna ku guru diterangkeun heula ngeunaan dongéng, minangka apersepsi kana materi anu rék diajarkeun. Yén dongéng téh ukur karangan, lain carita saenyana, tapi matak resep maca atawa ngabandunganana. Anu ngalalakon dina dongéng téh bisa jalma biasa, bisa deuih bangsa sasatoan. Dina dongéng téh sok aya naséhat, atawa lalakon anu bisa dijieun eunteung.

2.

Dina kagiatan ngabandungan, tangtu waé kudu aya dongéng anu ditepikeunana. Ayeuna mah dongéngna ku guru cukup dibaca waé, sina dibarandungan ku murid. Ku kituna murid ulah aya nu muka buku pangajaran, tapi saréréa kudu saregep ngabandungan.

3.

Dongéng anu dibaca ku guru téh judulna “Tikukur jeung Éngang”, sakumaha nu aya dina buku pangajaran. Saluyu jeung judulna, palaku utama dina ieu dongéng téh ti golongan sasatoan, jeung palaku pangjangkepna (panambahna) bangsa manusa, nyaéta paninggaran. Bab 2 Pituduh Husus

27

4.

Ieu dongéng téh nyaritakeun dua sato, nyaéta tikukur jeung éngang anu silih tulungan. Maranéhna ngarasa wajib nulungan nu lian didadasaran ku kaiklasan. Mimitina tikukur anu nulungan éngang. Dina séjén waktu, éngang anu nulungan tikukur, waktu tikukur keur diincer ku paninggaran rék dibedil.

5.

Ku guru dikondisikeun sangkan kaayaan di jero kelas tenang, sakabéh murid geus saregep rék ngabandungan. Taya nu ngalobrol atawa caliweura. Dibaca heula sakali. Lamun sakirana dianggap tacan cukup, bisa dibalikan sakali deui. Kacida alusna mun henteu saukur dibaca bedas wungkul, tapi bari aya bagian anu didramatisasikeun, sangkan eusi dongéng enya-enya bisa katangkep ku murid.

6.

Sanggeus réngsé ngabandungan, guru kudu ngasongkeun kasimpulan tina éta dongéng yén kalakuan hadé pasti meunang balesan anu hadé deui, sabalikna ari kalakuan goréng mah bakal ngabuahkeun anu goréng deui.

. B. NGANGGEUSKEUN KALIMAH No.

Kagiatan

7.

Anu dimaksud nganggeuskeun kalimah dina pangajaran ayeuna patalina jeung eusi dongéng anu bieu dibarandungan ku murid. Tujuanana mah pikeun ngukur, tepi ka mana kamampuh murid dina ngabandungan dongéng anu dibaca ku murid.

8.

Sajeroning migawé ieu tugas, murid ulah aya nu muka buku pangajaran. Sual atawa kalimah anu kudu dianggeuskeun ku murid téh ditulis ku guru dina bor. Ku murid sina disalin, terus dianggeuskeun atawa dilengkepan.

9.

Mun geus bérés dipigawé, kalimah anu dianggeuskeun ku murid téh sina dibaca saurang-saurang, dibagilirkeun. Hasil pagawéan maranéhna ku guru kudu dipeunteun.

10.

Pikeun padoman dina meunteun, bisa dititénan sakumaha di handap ieu. 1. Éngang téh teu bisaeun hiber, sabab ragrag kana cai, bari awakna baseuh. 2. Éta éngang téh ukur bisa kekeleperan jeung roroésan, sangkan teu tikerelep. 3. Jol tikukur, terus nulungan éngang nu keur dina cai, ku cara régang. 4. Hiji poé, tikukur keur eunteup dina dahan, bari ngelak disada. 5. Tikukur teu apaleun yén di handapeun tangkal aya paninggaran keur ngintip.

28

Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas IV



6. Untung kaburu datang éngang, sarta terus nyeureud ka paninggaran. 7. Paninggaran ku éngang diseureud, tepi ka bedilna ragrag. 8. Tikukur asa kagebah, terus hiber, sabab asa kagebah. 9. Pangna éngang nulungan tikukur téh, sabab manéhna kungsi ditulungan ku tikukur. 10. Éta dongéng ngébréhkeun kumaha wajibna urang silih tulungan.

C. MACA BEDAS No.

Kagiatan

11.

Dongéng anu kudu dibaca bedas téh judulna “Ki Dipa Dipegat Bégal”. Dongéng anu ngalalakonkeun lalampahan jalma, lain sasatoan, atawa mahluk lianna. Palaku utama dina ieu dongéng téh nyaéta Ki Dipa. Dicaritakeun, waktu balik ka lemburna, Ki Dipa dipegat bégal, mangkaning harita mawa duit hasil nagihan ti kota boga dununganana. Ki Dipa henteu béakeun akal, malah ahirna mah bégal téh terus kabur. Ki Dipa salamet.

12.

Mimitina, ieu dongéng téh sina dibaca heula dina jero haté ku sakabéh murid. Cukup sabalikan gé. Geus kitu guru nugaskeun salah saurang murid sina maca dibedaskeun, dibandungan ku anu lian. Teu kudu panjang-panjang anu dibaca téh. Saban murid cukup ku opat-lima paragraf waé.

13.

Lamun geus tamat caritana, balikan deui sina dibaca ti awal, tepi ka sakabéh murid kagiliran maca. Ku guru dicatet, saha waé murid anu macana geus lancar tur bener, jeung saha anu masih kénéh tag-tég-tog.

D. NGADISKUSIKEUN EUSI DONGÉNG No.

Kagiatan

14.

Saréngséna maca, murid dibéré pancén ngadiskusikeun eusi dongéng. Anu dimaksud diskusi di dieu nyaéta murid dina ngajawab pertanyaan. Bisa jadi jawabanana henteu sarupa. Nya hal ieu anu bakal mukakeun lolongkrang dina diskusi téh. Ngaliwatan ieu kagiatan bakal kaukur tepi ka lebah mana maranéhna mampuh nyangkem eusi dongéng. Bab 2 Pituduh Husus

29

15.

Guru maca pertanyaan sakumaha anu aya dina buku pangajaran, murid sina ngajarawab, bagilir. Saban jawaban anu diasongkeun, ku guru dibalikkeun deui ka murid, bisi aya jawaban anu rada béda.

16.

Pikeun padoman guru dina ngajén jawaban murid, bisa dititénan sakumaha ieu di handap. 1. Naon pangna Aki Dipa disebut jalma jujur? Jawaban: Sabab tara codéka, jeung salawasna pengkuh kna jangji. 2. Waktu balik ti kota, naha bet kaburitan di jalan? Jawaban: Sabab lalampahanana jauh jeung taya kendaraan. 3. Naon anu ngalantarankeun Aki Dipa salempang? Jawaban: Sabab kudu ngaliwat ka jalan anu suni, di dinya téh sok aya bégal. 4. Kumaha sikep Aki Dipa waktu pasanggrok jeung bégal? Jawaban: Ngarasa reuwas tapi terus neger-neger dirina sorangan bari ngadunga ka Gusti Alloh. 5. Naon sababna bégal téh henteu langsung dilawan? Jawaban: Sabab bégal téh mawa péstol. 6. Kumaha omongan Aki Dipa ka bégal méméh mikeun duit nu dibawana? Jawaban: Ménta sangkan bégal méstolan bajuna tepi ka karancang pikeun bukti ka dununganana. 7. Naon sababna bégal téh bet langsung nyanggupan paménta Aki Dipa? Jawaban: Sabab éta bégal téh bodo. 8. Kumaha akibatna sanggeus bégal béakeun pélor? Jawaban: Kaayaan jadi tibalik, Aki Dipa ngalawan. 9. Kumaha ahirna nasib Aki Dipa téh? Jawaban: Salamet. 10. Ceuk pamanggih hidep, naha Aki Dipa téh kaasup jalma wanian? Jawaban: Henteu, tapi jalma loba akalna.

E. METAKEUN PAGUNEMAN DINA DONGÉNG No.

Kagiatan

17.

Dina wacana dongéng “Aki Dipa Dipegat Bégal” téh réa paguneman anu karasa hirup pisan. Éta paguneman bisa dipetakeun/didramatisasikeun di hareupeun kelas. Dipolahkeunana ku duaan, saha anu jadi Aki Dipa jeung saha anu jadi bégal.

30

Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas IV

18.

Guru méré heula conto, kumaha molahkeun éta paguneman. Conto dina lebah lentongna katut dina pamolahna. Kumaha reuwasna Aki Dipa waktu pasanggrok jeung bégal, tapi terus manéhna bisa neger-neger dirina sorangan. Kitu deui kumaha wani jeung nguntupna bégal waktu nyanghareupan Aki Dipa, tapi ahirna mah jadi manéhna anu ngarasa sieun.

19.

Dua murid dititah ka hareup. Anu saurang sina merankeun Aki Dipa, anu saurang deui sina merankeun bégal. Ngan ku sabab tokoh anu diperankeunana duanana ogé lalaki, nya alusna mah ieu paguneman téh dipolahkeun ku murid lalaki deui. Mana komo dina éta paguneman téh aya adegan ngalaan baju.

20.

Téks pagunemanana keun waé masing ukur dibaca ogé, teu kudu tepi ka kacangkem, sabab panjang. Sajeroning metakeun kalakuan Aki Dipa jeung bégal, murid séjénna sina ngabarandungan.

F. NGADONGÉNG HAREUPEUN BATUR SAKELAS No.

Kagiatan

21.

Saterusna murid dibéré tugas néangan dongéng. Maranéhna bisa tatanya ka kolotna, atawa bisa waé néangan dongéng ti sumber séjén. Ieu tugas téh pikeun minggu hareupna.

22.

Ku guru diterangkeun heula rupa-rupa dongéng. Anu kudu ditéangan ku murid cukup dongéng anu parondok waé tur basajan caritana. Ukuran pondok di dieu upamana waé dina didongéngkeun deui cukup dina waktu dua-tilu menit.

23.

Dongéng anu dikumpulkeun ku murid téh keun waé masing lain dongéng asli Sunda gé. Kitu deui teu kudu kacangkem. Hartina, dongéngna téh ku manéhna dituliskeun winangun téks. Dina prakna ngadongéng, éta téks téh sina dibaca bagilir di hareupeun kelas, dibarandungan ku anu séjén.

24.

Aya dua komponén anu bisa dipeunteun ku guru sajering murid migawé ieu tugas. Kahiji, dongéng anu dikumpulkeunana. Dongéng anu lus nyaéta anu eusin cocog keur barudak tur nganduk unsur didaktik. Kadua, cara ngadongéngkeunana, naha lancar atawa henteu. Anu dianggap lancar gé bisa dipilah deui, naha maké éksprési atawa henteu.

Bab 2 Pituduh Husus

31

G. NGAPALKEUN KABEUNGHARAN KECAP No.

Kagiatan

25.

Dina ieu pangajaran, murid diwanohkeun kna rupa-rupa istilah ngeunaan atawa nu aya patalina jeung sasatoan. Ari anu jadi panginditanana nyaéta palaku dina dongéng “Tikukur jeung Éngang”. Guru nerangkeun, naon ari tikukur, jeung naon ari éngang. Kacida alusna mun bari dibarengan ku gambarna anu digedékeun.

26.

Matéri anu diterangkeun patali jeung éngang ngawengku: Éngang téh kaasup kana insékta atawa serangga, sagolongan jeung nyiruan. Éngang basa Indonésiana tawon, ari nyiruan mah lebah. Bédana, éngang leuwih gedé batan nyiruan, jeung nyeureudna leuwih matih, tepi ka matak jadi bareuh jeung nyeri nyanyautan. Nyiruan sok diala maduna. Éta pangna sok dikukut ogé, da ngahasilkeun. Béda jeung éngang, tara aya anu pirajeunan ngukut. Sajaba ti nyiruan, anu sok diala maduna téh nyaéta odéng jeung teuweul. Insékta téh loba rupana. Geura waé aya jangkrik, kasir, gaang, simeut, kukupu, congcorang, siraru, bangbara, papanting, légé, bangbung, papatong, kungkang, turaés, jeung tonggérét.

27.

Matéri anu diterangkeun patali jeung éngang ngawengku: Naon ari tikukur? Ah, jigana ti antara hidep loba nu geus apal. Tikukur téh kaasup kana golongan manuk, warna buluna abu-abu, awakna leuwih leutik ti japati.Tikukur sok dikukut pikeun diarah sorana. Manuk téh loba pisan jenisna. Geura urang tataan sawatara di antarana. 1. Manuk anu ilahar dikukut: japati, titiran, puter, kérak, jalak, béo, kanari, galatik, ékék, bincarung, ciplék, cangkurileung, jeung titimplik. 2. Manuk anu hirupna di sawah atawa di ranca: bango, waliwis, karéo, hahayaman, jeung buka upih. 3. Manuk anu sok ngadaharan deui manuk atawa sato laleutik lianna: heulang, bueuk, jeung alap-alap. 4. Manuk anu geus kaasup kana golongn sato langka: rangkong jeung julang. 5. Manuk anu sok diarah sayangna pikeun bahan kadaharan: walét jeung kapinis. 6. Manuk anu sok diarah endogna: puyuh.

28.

Pikeun nambahan kaweruh murid, guru nerangkeun rupa-rupa sasatoan séjénna anu patali jeung cara-cara ngabéla diri mun aya anu ngaganggu. 1. Éngang sok nyeureud. → ngagunakeun seuseureud 2. Soang sok ngalodok. → ngagunakeun pamatuk 3. Oray sok macok. → ngagunakeun sungut 4. Ucing sok ngoét. → ngagunakeun kuku 5. Hayam sok ngabintih. → ngagunakeun jangjang

32

Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas IV



6. Sireum sok ngégél. 7. Reungit sok nyoco. 8. Domba sok neunggar. 9. Munding sok ngagadil. 10. Lélé sok matil. 11. Kuda sok néjéh. 12. Buhaya sok nyapluk. 13. Heulang sok ngaranggeum. 14. Maung sok ngerekeb. 15. Monyét sok nyakar.

→ ngagunakeun sungut → ngagunakeun panyoco → ngagunakeun tanduk → ngagunakeun tanduk → ngagunakeun pamatil → ngagunakeun suku → ngagunakeun sungut → ngagunakeun ramo → ngagunakeun sungut → ngagunakeun ramo

29.

Saterusna anu diterangkeun téh kecap paninggaran, meunang nyutat tina dongéng “Tikukur jeung Éngang”. Paninggaran téh tukang moro di leuweung, ngagunakeun bedil. Lamun morona maké tumbak disebutna pamatang. Salian ti éta diterangkeun deuih rupa-rupa kaahlian anu patali jeung meruhkeun sato. 1. malim = ahli ngalilindeuk sato galak, tepi ka bisa bageur jeung nurut (basa Indonésiana pawang), upamana malim maung, malim buhaya, atawa malim bagong 2. sarati = ahli ngalilindeuk gajah, sarua deuih sangkan jadi nurut 3. palika = ahli teuleum di leuwi, biasana dina kagiatan ngala lauk 4. pamayang = ahli ngala lauk di laut

30.

Saterusna murid dibéré tugas ngumpulkeun gambar rupa-rupa manuk anu bieu diterangkeun. Sumberna mah bisa tina buku atawa tina média séjénna. Hasil pagawéan maranéhna, ku guru dipeunteun.

H. NGANTEBKEUN KALIMAH No.

Kagiatan

31.

Pangajaran dina ieu bagian téh pikeun ngawanohkeun ngeunaan rasa basa Sunda ka murid. Yén stuktur/adegan kalimah dina basa Sunda béda jeung dina basa lianna, upamana basa Indonésia. Dina basa Sunda mah aya kecap anu gunana pikeun ngantebkeun. Guru ngasongkeun conto dina dongéng anu geus dibahas.

32.

Pikeun ngantebkeun kalimah atawa omongan téh bisa ku cara dibéré katerangan, contona: lumpat mani tipaparétot. Lian ti éta, bisa deuih ngagunakeun kecap panganteur/anteuran, contona deregdeg lumpat.Tangtu waé ieu tiori basa téh ka murid mah teu kudu diterangkeun.

Bab 2 Pituduh Husus

33

Cukup ukur ngasongkeun rupa-rupa contona. 1. a) Sanggeus asup ka kelas, manéhna diuk dina korsi. b) Sanggeus asup ka kelas, gék manéhna diuk dina korsi. 2. a) Undang naék kana tangkal jambu mani bangun babarieun. b) Térékél Undang naék kana tangkal jambu mani bangun babarieun. 3. a) Karék gé datang ti sakola, manéhna dahar. b) Karék gé datang ti sakola, celebek manéhna dahar. 4. a) Najan jiga asa-asa, tapi ahirna Wéni ngomong. b) Najan jiga asa-asa, tapi ahirna pok Wéni ngomong. 5. a) Gancang atuh geura pigawé tugas ti sakola téh. b) Gancang atuh geura prak pigawé tugas ti sakola téh. 6. a) Japati téh dibalédog, atuh terus waé hiber. b) Belewer japati téh dibalédog, atuh geleber terus waé hiber. 7. a) Nunung mandi rurusuhan, terus maké baju. b) Brus Nunung mandi rurusuhan, terus rap maké baju. 8. a) Surat téh ditulis, terus dibikeun ka sobatna. b) Surat téh trét ditulis, terus song dibikeun ka sobatna. 9. a) Useup téh dialungkeun ka balong, teu lila laukna beunang. b) Lung useup téh dialungkeun ka balong, teu lila giriwil laukna beunang. 10. a) Karék gé ngahurungkeun komputer, tapi listrikna pareum. b) Karék gé cetrék ngahurungkeun komputer, tapi pes listrikna pareum. 33.

Ku guru diterangkeun yén kalimah/omongan dina bagian b) karasa leuwih anteb, sabab ngagunakeun kecap panganteur.

I. MIGAWÉ PANCÉN DI IMAH No.

Kagiatan

34.

Pikeun ngukur kamampuh murid dina nyangkem materi ngantebkeun kalimah, maranéhna dibéré tugas pikeun ngalarapkeun kecap sangkan kalimahna jadi anteb. Ieu tugas téh sina dipigawé di imah, dumasar kelompok. Minggu hareupna terus dibahas babarengan.

35.

Pikeun padoman guru dina méré peunteun, bisa dititéna sakumaha ieu di handap: Kelompok 1 1. Sanggeus dihirupan, mobil téh geleser/geuleuyeung maju lalaunan. 2. Palebah lampu setopan, reg kendaraan téh eureun.

34

Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas IV

3. Beurit téh ngan habek/geplak waé diteunggeul ku gagang sapu. 4. Teu kungsi lila bray lampu di tepas hurung ngempray. 5. Saban asar, di dieu sok cur/breg/gebrét waé hujan tepi ka magrib. 6. Ngan gebut waé manéhna labuh/ragrag tina tangkal kérsen. 7. Cekit béca téh eureun, tapi angger wé nabrak pager. 8. Cur Yanti téh nyicikeun/ngucurkeun cai tina téko kana gelas pelastik. 9. Ngong Ustad Entis adan, da geus datang waktu lohor. 10. Tabuh salapan peuting ogé manéhna mah geus reup saré. Kelompok 2 1. Ngan jleng/gajleng waé Maman téh ngajleng ka peuntas kidul. 2. Rebun-rebun kénéh gé bring/léos/bral arindit, da sieun kabeurangan. 3. Ngan jedor/beledag waé dibedil manuk téh, tapi henteu keuna. 4. Parahu keretas dina balong ujug-ujug lep/kerelep teuleum. 5. Tungtungna mah HP butut téh lung/belewer/keleweng waé dialungkeun. 6. Manéhna ujug-ujug kalacat naék/unggah kana luhur méja makan. 7. Serebet Dudung lumpat ka kulon rék nyusul lanceukna. 8. Ari ditéangan mah goréhél waé kapanggih/katimu geulang téh. 9. Kabel listrik téh kacabak, jedud nyetrum mani reuwas. 10. Teu dihaja, cangkir téh ragrag kadupak, pré waé peupeus.

Bab 2 Pituduh Husus

35

PANGAJARAN 4 Tema : Rupa-rupa Pagawéan Bahan : Téks déskripsi Waktu : 3 minggu Pangajaran 4 midangkeun matéri ngeunaan rupa-rupa pagawéan atawa profési. Intina mah pikeun mekelan kaweruh kumaha pentingna digawé pikeun kahirupan di dunya, jeung numuwuhkeun sikep murid sangkan maranéhna bisa ngahargaan kana rupa-rupa pagawéan atawa profési pikeun kapentingan atawa kamaslahatan balaréa. Taya pagawéan anu hina satungtung teu ngarempak aturan/hukum, tur hasilna méré mangpaat, minimal pikeun diri anu migawéna.

KAGIATAN DIAJAR-NGAJAR A. MACA BEDAS No.

Kagiatan

1.

Kagiatan anu munggaran nyaéta maca bedas. Dina buku pangajaran geus disayagikeun wacana deskripsi, judulna “Tukang Mulung”. Ieu wacana téh ngébréhkeun kaayaan lingkungan dina jaman kiwari anu teu bisa lésot tina polusi, di antarana loba runtah pelastik. Untung waé aya anu disebut tukang mulung. Nya maranéhna anu sok nyokotan runtah pelastik, kayaning gelas atawa botol urut wadah cai mineral. Mulung runtah téh pikeun maranéhna mah jadi hiji pagawéan tur jadi sumber panghasilan pikeun kahirupan. Di sagigireun éta, pikeun anggota masarakat, jasa tukang mulung gedé, ku sabab milu mantuan dina meresihan lingkungan.

2.

Saméméhna, murid sina muka buku, terus éta wacana téh sina dibaca heula dina jero haté sabalikan. Gedus kitu terus sina dibaca bedas sacara bagilir, dibarandungan ku murid séjénna.

3.

Sajeroning dibaca, murid anu kagiliran ngabandungan dibéré tugas pikeun nyatetkeun kecap anu tacan kahartieun. Engkéna jadi bahan pikeun guru dina rék bahan pangajaran saterusna.

36

Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas IV

B. NGABANDUNGAN PEDARAN No.

Kagiatan

4.

Guru nerangkeun hakékt digawé pikeun saban jalma, enggoning méré gambaran jeung numuwuhkeun sikep murid yén kudu disiplin, jujur, jeung tanggung jawab dina milampah pagawéan.

5.

Digawé téh jadi kawajiban urang.Taya pagawéan anu hina, najan ceuk anggapan umum anu keur dipigawé téh sok disebut gawé kasar. Upamana waé tukang sasapu di jalan, tukang meresihan susukan atawa got, jeung tukang mulung.

6.

Pagawéan téh rupa-rupa. Aya patani anu sapopoéna molah sawah jeung ngurus kebon. Aya deuih anu ngurus sasatoan pikeun diarah hasilna. Aya pamayang anu sok ngala lauk di laut. Aya padagang anu pagawéanana jualbeuli barang atawa balantik. Aya pagawé pabrik, supir angkot, tukang ojég, atawa buburuh jadi kuli kasar. Aya deuih anu pagawéanana sasapu meresihan jalan, disebutna pasapon. Lian ti éta, aya deuih nu jadi pagawé nagri sipil, aya nu jadi pulisi atawa tentara, jeung rupa-rupa deui. Masing-masing boga tugas jeung tanggung jawab.

7.

Anu disebut tukang mulung, katempona mémang rudin. Henteu garinding kawas pagawé kantoran, misalna. Manéhna ngajingjing atawa manggul karung keur wadah barang rongsokan, atawa aya ogé anu mawa roda. Ti isukisuk tepi ka pasosoré aprak-aprakan mapay jalan jeung gang, ngungkaban tempat runtah, néangan barang pamiceunan anu sakirana payu dijual. Kadé, pagawéan mulung rongsokan téh henteu hina. Mana komo mun urang wani ngahina ka tukang mulung mah, kudu dipahing pisan. Goréng mun urang tepi ka kitu peta téh. Manéhna kudu diajénan, najan papakéanana henteu mantes, atawa kalotor. Lain ka tukang mulung anu ulah dianggap hina téh. Pagawéan séjénna ogé sarua mulya, satungtung dipilampah dina jalan bener, jeung teu ngarugikeun batur. Anu dimaksud bener di dieu téh henteu ngarempak aturan agama jeung hukum nagara.

8.

Rék pagawéan naon baé, anu penting mah dipigawéna kudu iklas. Sakali deui kahadé, pagawéan anu kudu dijauhan téh nyaéta anu ngalanggar hukum, mana komo mun tepi ka matak ngarugikeun batur. Jalma anu kitu peta bakal meunang wawales atawa hukuman, boh di dunya boh di ahérat.

Bab 2 Pituduh Husus

37

C. NGADISKUSIKEUN RUPA-RUPA PAGAWÉAN No.

Kagiatan

9.

Sanggeus ngabandungan pedaran ti guru, murid sina ngadiskusikeun hal-hal nu patali jeung pagawéan. Ieu tugas téh dipigawéna sacara kelompok. Murid nu aya di jero kelas dibagi jadi tilu kelompok. Masing-masing kelompok dibéré tilu sual anu kudu dijawab babarengan.

10.

Sanggeus didiskusikeun di masing-masing kelompok, hasil pagawéanana terus sina dibaca hareupeun kelas, dibarandungan ku anu séjén.

11

Hasil pagawéan kelompok, jeung lumangsungna diskusi, ku guru dipeunteun. Pikeun patokan dina meunteun, bisa dititénan sakumaha ieu di handap. Kelompok 1 1.

Naon ari tugas utama masinis, pilot, jeung nakoda? Tugas utama masinis nyaéta ngajalankeun karéta api. Tugas utama pilot nyaéta ngapungkeun kapal terbang. Tugas utama nakoda nyaéta ngajalankeun kapal cai.

2. Ari nu tugasna di sakola saha waé? Anu tugasna di sakola nyaéta: guru, kapala sakola, tata usaha, pesuruh sakola, satpam. 3. Ari anu tugasna di rumah sakit saha waé? Anu tugasna di rumah sakit nyaéta dokter, jururawat, patugas apoték, tata usaha, satpam, tukang parkir. Kelompok 2 1. Ari hakim jeung jaksa di mana tugasna? Hakim jeung jaksa tugasna di pangadilan. 2. Naon ari tugas utama wasit? Tugas utama wasit nyaéta mingpin pertandingan olahraga. 3. Saha waé anu tugas utamana patali jeung jual-beuli? Anu tugas utamana patali jeung jual beuli nyaéta padagang jeung nu balanja.

38

Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas IV

Kelompok 3 1. Saha waé anu tugasna di kantor kalurahan/désa? Anu tugasna di kantor kalurahan nyaéta lurah (kapala désa), jurutulis (sekretaris), lebé, tata usaha, satpam. 2. Naon disebutna anu tugasna nganteurkeun surat? Anu tugasna nganteurkeun surat nyaéta tukang pos atawa pasuratan. 3. Naon ari anu dipigawé ku tukang cukur jeung tukang ngaput? Anu dipigawé ku tukang cukur nyaéta nyukuran, ari anu dipigawé ku tukang ngaput nyaéta nyieun papakéan.

D. NYUSUN KALIMAH No.

Kagiatan

12.

Masih patali jeung matéri dina pangajaran di luhur, saterusna guru nerangkeun rupa-rupa kaahlian. Ku murid sina diapalkeun, geus kitu maranéhna sina nyusun kalimah. Contona bisa diilikan di handap. 1. panday = ahli nyieun barang tina beusi, kayaning péso, bedog, pacul, jsb. di dieu – panday – jieunan – ka mamana – kawentar – bedog Bedog ___________________________________________ Bedog jieunan panday di dieu kawentar ka mamana. 2. panjunan = ahli nyieun gagarabah atawa barang tina taneuh liket, kayaning pariuk, pendil, céngcéléngan, jsb. panjunan – nyieunan – anu – céngcéléngan – di Pléréd - loba Di Pléréd _________________________________________ Di Pléréd loba panjunan anu nyieunan céngcéléngan.

13.

Anu kudu disusun ku murid téh kalimah basajan. Saban nomer geus dicukangan heula ku hiji kecap anu posisina di awal. Murid mah ngan kari nuluykeun.

14

Hasil pagawéan murid dibahas babarengan, saterusna ku guru dipeunteun. Pikeun patokan meunteun, bisa dititénan ieu di handap. 1. tukang bas = ahli nyieun imah, utamana anu bahanna tina kai aralus – tangtu – tukang bas – imah – jieunan – kasohor Imah jieunan tukang bas kasohor tangtu aralus.

Bab 2 Pituduh Husus

39

2. béngkél = ahli ngoméan bangsaning mesin atawa barang éléktronik dioméan – ka béngkél – rék – mogok – motor – dibawa Motor mogok dibawa ka béngkel rék dioméan. 3. koki = ahli nyieun pasakan méwah – koki – di Surabaya – jadi – bapana – réstoran Bapana jadi koki réstoran méwah di Surabaya. 4. kiyai = pamingpin atawa sesepuh pasntrén, ahli ngadidik santri nepungan – anu – kiyai – naséhat – ménta – rék – loba Loba anu nepungan kiyai rék ménta naséhat 5. kusir = ahli ngadalikeun kuda anu narik délman atawa sado délman – wisata – kusir – di tempat – seragam – baju - maraké Kusir délman di tempat wisata maraké baju seragam. 6. joki = ahli numpakan kuda balap joki – kuda – arunggah – kana – rék – dibalapkeun – anu Joki arunggah kana kuda anu rék dibalapkeun. 7. nayaga = ahli nabeuh gamelan nayaga – pagelaran – di panggung – dariuk – geus – para Para nayaga geus dariuk di panggung pagelaran. 8. dalang = ahli ngalalakonkeun jeung ngigelkeun wayang sapeuting – wayang – dipedar – ku dalang – carita – jeput Carita wayang dipedar ku dalang sapeuting jeput. Carita wayang dipedar sapeuting jeput ku dalang. 9. sindén = ahli ngawih, upamana dina pagelaran wayang atawa degung ceuli – sindén – genah – matak – kana – kadéngéna – sora Sora sindén kadéngéna matak genah kana ceuli. Sora sindén kana ceuli matak genah kadéngéna. 10. pangarang = ahli nyieun carita hayang – pangarang – Darpan – guruna – jadi – nurutan Darpan hayang jadi pangarang nurutan guruna. Darpan hayang nurutan guruna jadi pangarang.

40

Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas IV

E. NYUSUN KARANGAN No.

Kagiatan

15.

Sanggeus diajar nyusun kecp jadi kalimah, saterusna murid sina diajar nyusun karangan. Ieu pangjaran nyusun karangan téh ukur dina tahap anu paling basajan, nyéta nyusun alinéa atawa paragraf.

16.

Dina buku geus disayagikeun bahan anu kudu disusun, kabéhna aya genep paragraf. Éta bahan ku murid sina dibaraca heula. Geus kitu ku guru diterangkeun tugas anu kudu dipigawé ku maranéhna. Kudu diterangkeun deuih naon ari anu dimaksud alinéa atawa paragraf dina hiji karangan.

17.

Hasil pagawéan murid dibahas babarengan. Ieu susunan paragraf téh bakal aya sababaraha variasi, tur kabéhanana ogé bener. Paragraf kahiji: Urang kudu digawé. Alloh ngawajibkeun manusa pikeun digawé. Maksud digawé di dieu téh nyaéta milampah naon-naon anu méré mangpaat pikeun dirina. Leuwih jauhna, méré mangpaat pikeun nu lian atawa balaréa. Paragraf kadua: Hasil tina pagawéan téh ngalantarankeun urang bisa hirup. Dina digawé téh urang ngagunakeun akal, rasa, jeung tanaga. Pangabutuh sapopoé ngan bisa dicumponan mun urang digawé. Paragraf katilu: Taya pagawéan anu hina. Satungtung teu salah ceuk aturan, méré mangpaat, jeung dipigawéna kalayan iklas, éta pagawéan téh bakal dipandang mulya. Jalma anu migawéna bakal meunang ganjaran ti Gusti Alloh. Paragraf kaopat: Tangtu waé dina digawé téh aya aturanana. Urang teu meunang ngarempak aturan agama, hukum nagara, jeung kabiasaan masarakat. Lamun ku urang dirempak, urang bakal meunang hukuman. Éta mah naha hukuman di dunya, atawa hukuman di ahérat. Paragraf kalima: Pagawéan téh loba rupana. Biasana patali jeung kaayaan di hiji daérah. Di lembur anu masih kénéh lega lahanna, pagawéan masarakatna téh lolobana kana tani, ngebon, atawa miara sasatoan. Masarakat anu matuhna teu jauh ti laut, lolobana jadi pamayang. Di lingkungan sabudeur pasar, masarakatna loba anu jadi padagang. Di daérah industri, lolobana jaradi pagawé pabrik. Bab 2 Pituduh Husus

41

Paragraf kagenep: Salian ti éta, aya deuih pagawéan anu patali jeung jasa. Guru upamana, pagawéanana téh patali jeung jasa dina widang pendidikan. Pulisi dina widang kaamanan. Dokter jeung jururawat dina widang kaséhatan. Jeung réa-réa deui. Atawa bisa waé susunanana kieu: Paragraf kahiji: Urang kudu digawé. Alloh ngawajibkeun manusa pikeun digawé. Maksud digawé di dieu téh nyaéta milampah naon-naon anu méré mangpaat pikeun dirina. Leuwih jauhna, méré mangpaat pikeun nu lian atawa balaréa. Paragraf kadua: Taya pagawéan anu hina. Satungtung teu salah ceuk aturan, méré mangpaat, jeung dipigawéna kalayan iklas, éta pagawéan téh bakal dipandang mulya. Jalma anu migawéna bakal meunang ganjaran ti Gusti Alloh. Paragraf katilu: Hasil tina pagawéan téh ngalantarankeun urang bisa hirup. Dina digawé téh urang ngagunakeun akal, rasa, jeung tanaga. Pangabutuh sapopoé ngan bisa dicumponan mun urang digawé. Paragraf kaopat: Pagawéan téh loba rupana. Biasana patali jeung kaayaan di hiji daérah. Di lembur anu masih kénéh lega lahanna, pagawéan masarakatna téh lolobana kana tani, ngebon, atawa miara sasatoan. Masarakat anu matuhna teu jauh ti laut, lolobana jadi pamayang. Di lingkungan sabudeur pasar, masarakatna loba anu jadi padagang. Di daérah industri, lolobana jaradi pagawé pabrik. Paragraf kalima: Salian ti éta, aya deuih pagawéan anu patali jeung jasa. Guru upamana, pagawéanana téh patali jeung jasa dina widang pendidikan. Pulisi dina widang kaamanan. Dokter jeung jururawat dina widang kaséhatan. Jeung réa-réa deui. Paragraf kagenep: Tangtu waé dina digawé téh aya aturanana. Urang teu meunang ngarempak aturan agama, hukum nagara, jeung kabiasaan masarakat. Lamun ku urang dirempak, urang bakal meunang hukuman. Éta mah naha hukuman di dunya, atawa hukuman di ahérat.

42

Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas IV

F. NGANGGEUSKEUN KARANGAN No.

Kagiatan

18.

Patali jeung Pangajaran 6, dina kompetensi dasar ditétélakeun yén murid téh dipedih pikeun: 4.4.4 Menyajikan teks deskripsi tentang jenis berbagai pekerjaan dengan kata-kata sendiri (Tema 4) Ku sabab kitu, murid téh diperedih bisaeun ngarang. Tangtu waé anu dimaksud ngarang di dieu mah ukur dina tahap basajan, nyaéta ku cara nambahan karangan saparagraf atawa saalinéa. Cindekna, anu ditugaskeun téh ngan ukur nganggeuskeun karangan.

19.

Dina buku geus disayagikeun opat karangan anu kudu dianggeuskeun. Saban murid cukupku nganggeus hiji karangan waé. Ieu tugas dipigawéna sina di imah waé, terus dibahas dina minggu hareupna.

20.

Karangan anu dijieun ku saban murid terus dibahas babarengan. Hasil pagawéan maranehna tangtuna ogé bakal rupa-rupa, terus ku guru dipeunteun.

21.

Hasil pagawéan murid téh aya anu ditulis dina karangan déskripsi, jeung aya anu narasi, kira-kira kieu: Karangan kahiji Terminal kendaraan angkutan umum téh aya di saban kota. Malah ayeuna mah di kacamatan gé aya. Di dinya loba jalma anu digawé pikeun nyiar kahirupan. Kabéh ogé penting pikeun masarakat. Gedé pisan jasa angkutan umum pikeun masarakat téh. Anu rék digawé, anu rék ka sakola, atawa anu rék indit-inditan pikeun kaperluan séjénna di urng mah loba kénéh anu ngagunakeun angkutan umum. Karangan kadua Abdi kamari ka kantor pos, badé mésér perangko. Geuning anu didamel di kantor pos téh seueur, nya. Bagianana rupi-rupi, kitu deui tugasna ogé rupirupi. Sadaya padamel di kantor pos katingal sibuk. Anu ka kantor pos téh aya anu ukur badé mésér perangko kawas abdi, aya anu badé ngeposkeun serat, aya anu badé ngintunkeun artos atanapi ngawésel, sareng aya anu badé ngintunkeun barang, disebatna ngintunkeun pakét.

Bab 2 Pituduh Husus

43

Karangan katilu Saban poé Ahad isuk-isuk, Tanti sok diajakan balanja ka pasar ku ibuna. Ari di pasarna keur heurin mah, balanja téh sok rada lila. Mangkaning sok mapay ka saban elos. Apan aya elos anu husus ngajual sayuran, aya elos daging, aya elos bungbu, jeung sajabana. Anu daratang ka pasar téh rupa-rupa jalma. Pasar téh jadi sumber kahirupan pikeun balaréa. Aya anu nyiar panghasilan tina dagang, jeung aya deuih anu tina buburuh, misalna tukang kuli panggul. Angkot jeung béca gé loba anu néangan muatan, ngaretém di jalan luareun pasar. Karangan kaopat Urang Ciléngkrang Tonggoh loba anu ngukut sapi peres. Di dinya mah loba kénéh lahan anu dikebonan apanan. Jadi teu pati susah mun nyiar parab keur sapi téh. Malah aya anu ngahaja ngebon jukut sagala. Sapi peres téh jadi sumber kahirupan urang dinya. Susu sapi meunang meres ti Ciléngkrang Tonggoh dijual ka tempat séjén.Ari susu téh apanan kaasup inuman anu dipikabutuh pikeun kaséhatan. Ayeuna mah susu sapi téh geus teu kaasup barang anu hargana mahal.

G. NGALARAPKEUN ROBAHNA KECAP No.

Kagiatan

22.

Pangajaran ngalarapkeun robahna kecap di dieu saenyana pikeun ngawanohkeun kecap rajékan. Teu kudu diterangkeun tiorina ceuk élmu basa. Murid mah cukup sina nyahoan yén dina basa Sunda aya nu kecap anu diucapkeunana dua kali, boh ukur sabagian boh sagemblengna.

23.

Murid ngan sina niténan kecap anu robah, terus kumaha ngalarapkeunana dina kalimah. Conto kecap rajékan di dieu téh aya anu kaasup dwipurwa, jeung aya anu kaasup dwilingga. Dina dwipurwa gé aya dua rupa deuih, nyaéta:

Anu dirajék cara kahiji: dudupak, dirajék jadi dudupak Anu dirajék cara kadua: bébénténg, dirajék jadi bébénténg, lain bénbénténg

Leuwih jembarna bisa dititénan ieu di handap: Anu dirajékna cara kahiji 1. dupak → dudupak Leumpang tong dudupak atuh, apan jalan téh lega. 44

Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas IV

2. bagi → babagi Jalma béréhan mah resep babagi rejeki, tara korét. 3. dasar → dadasar Tukang dagang mimiti dadasar di pasar, ti tabuh lima. 4. garo → gagaro Geura dicukur, ngarah teu gagaro waé sirah, Jang. 5. kodok → kokodok Maman keur kokodok kana liang lélé di sisi balong. 6. kaput → kakaput Mani lila anggeus kakaput baju nu saroéh ti tadi kénéh. 7. godeg → gogodeg Manéhna ukur bisa gogodeg waktu ban sapédana bitu. 8. tanya → tatanya Gawéna ngan tatanya matak horéam ngajawabna. 9. sépak → sésépak Ih ku naon nya kuda téh gawéna ngan sésépak waé? 10. létak → lélétak Kadé anjing téh lélétak kana wawadahan, Nyai. Anu dirajékna cara kadua 1. bénténg → bébénténg Gatotgaca boga jujuluk bébénténg Nagri Amarta. 2. buntel → bubuntel Mun usum caah, urang dieu sok bubuntel, rék ngungsi. 3. gantél → gagantél Alhamdulillah gagantél panitih emas téh kapanggih deui. 4. ganti → gaganti Kudu nurut ka lanceuk, apan gaganti indung bapa urang. 5. jangkung → jajangkung Ari dipakéna dina jajangkung mah meujeuhna ali téh. 6. jantung → jajantung Boga kasakit dina jajantung mah ulah dilalaworakeun. 7. manggul → mamanggul Ti tatadi gawéna téh ngan mamanggul karung dieusi bakatul.

Bab 2 Pituduh Husus

45

8. pénta → pépénta Ulah sok pépénta ka jalma pelit, da moal méré ieuh. 9. séngkéd → séséngkéd Tanjakan anu leueur téh kudu maké séséngkéd geura. 10. suntrung → susuntrung Dasar budak harak, ari keur ulin téh ngan susuntrung waé. 24.

Ari kecap rajékan dwilingga mah dirajékna téh sagemblengna, contona: 1. rupa → rupa-rupa Di Pasar Baru mah rupa-rupa tukang dagang aya, moal hésé néangan. 2. kira → kira-kira Lamun ti Lembang leumpang ka Maribaya, kira-kira sabaraha jam, nya? 3. hésé → hésé-hésé Naha mani hésé-hésé teuing migawé ieu sual téh, mani matak rieut. 4. enya → enya-enya Lamun dipigawéna enya-enya, bakal téréh anggeus geura ngarang téh. 5. lila → lila-lila Ari ku dileukeunan mah, nyieun karajinan téh lila-lila anggeus geuning. 6. téréh → téréh-téréh Asa moal anggeus téréh-téréh nyieun imah sakieu gedéna mah atuh. 7. beurat → beurat-beurat Suluh ti kebon téh beurat-beurat ogé kapaksa wé dibawa, da butuh. 8. peuting → peuting-peuting Pamayang mah geus biasa, indit ka lautna téh sok beurat-beurat. 9. gedé → gedé-gedé Piraku gedé-gedé teu ludeung ka cai sorangan atuh, Ujang. 10. leutik → leutik-leutik Adina babaturan mah leutik-leutik geus pinter maké komputer.

46

Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas IV

PANGAJARAN 5 Tema : Ngajénan Jasa Pahlawan Bahan : Pupuh Waktu : 3 minggu Dina kompeténsi dasar geus ditangtukeun yén bahan anu kudu diajarkeun dina Pangajaran 5 téh ngeunaan pupuh, pikeun mungkus téma ngajénan jasa pahlawan. Tujuanana minimal murid wanoh tur bisaeun nembangkeun pupuh, jeung boga sikep positif kana jasa pahlawan. Ari anu dimaksud pahlawan di dieu teu salawasna dilarapkeun ka anu gugur di pangperangan waé. Pahlawan téh nyaéta anu ngadarma-baktikeun dirina pikeun kapentingan balaréa. Éta pangna anu diasongkeun téh wacana judulna “Jasa Guru”. Kitu deui dina wacana tambahan, ngahaja dipidangkeun wacana anu nyaritakeun jasa para pahlawan séjénna, nyaéta maranéhna anu gedé jasana pikeun kahirupan masarakat. Dina bagian saterusna, salian dipiharep murid barisaeun nembangkeun pupuh, maranéhna sina diajar ngarang dina bentuk pupuh, najan ukur dina tahapan basajan. Tujuanana mah sangkan kamampuh murid dina widang aprésiasi sastra bisa ngaronjat

KAGIATAN DIAJAR-NGAJAR A. NGAREGEPKEUN TEMBANG No.

Kagiatan

1.

Dina buku pangajaran dipidangkeun tilu pada pupuh asmarandana. Eusina nyaritakeun jasa guru pikeun masarakat, hususna pikeun murid-muridna di sakola. Jadi kawajiban murid pikeun hormat ka guru.

2.

Éta pupuh sina dibaraca heula dina jero haté, sangkan murid bisa ngararampa eusina. Saterusna ku guru ditembangkeun, sina dibarandungan ku sakabéh murid. Atawa bisa waé nu dibandungan téh hasil rékaman dina kasét atawa CD.

3.

Ditembangkeun dua-tilu balikan, sangkan eusina bisa kacangkem. Eusi ieu pupuh saterusna didiskusikeun babarengan.

Bab 2 Pituduh Husus

47

B. NGADISKUSIKEUN TEMBANG No.

Kagiatan

4.

Saméméh ngadiskusikeun eusina, guru nerangkeun heula anu dimaksud pupuh, nyaéta karangan anu ditulisna dumasar kana guru lagu jeung guru wilangan. Ieu téh kaasup kana salah sahiji kabinangkitan dina sastra Sunda. Ari anu bieu ditembangkeun disebutna pupuh asmarandana.

5.

Pupuh asmarandana anu bieu ditembangkeun téh kabéhna aya tilu pada atawa tilu bait. Unggal pada dibagi deui jadi tujuh jajar, disebutna padalisan. Éta pupuh téh eusina medar perkara jasa Ibu/Bapa Guru dina ngadidik muridmuridna. Urang jadi pinter, jadi loba kanyaho, éta téh di antarana lantaran jasa Ibu/Bapa Guru. Basa tacan sakola mah apan kanyaho jeung kabisa urang téh heureut kénéh. Nya sanggeusna asup sakola urang diajar soson-soson, ti mimiti kelas hiji, tug ayeuna geus kelas opat. Jasa Ibu/Bapa Guru ka urang kacida lobana. Ku sabab éta, urang boga kawajiban ka Ibu/Bapa Guru. Naon waé éta kawajiban urang téh? Hayu urang diskusikeun. Carana mah hidep kudu ngajawab patalékan anu patali jeung eusi pupuh anu bieu ditembangkeun.

6.

Murid sina ngajawab sakur pertanyaan sakumaha anu aya dina buku pangajaran. Unggal jawaban anu ditepikeun ku hiji murid sina dibéré koméntar ku murid séjénna. Pangna kitu téh bisa waé jawaban anu diasongkeun ku saban murid kana hiji pertanyaan téh teu persis sarua.

7.

Pikeun padoman guru dina ngajén jawaban murid, bisa dititénan ieu di handap. 1. Dina hal naon waé urang kahutangan budi ku Ibu/Bapa Guru téh? Jawaban: Dina ngajar ka urang sangkan jadi jelema anu pinter, dina méré piwuruk jeung naséhat sangkan urang jadi jalma bener. 2. Naon waé anu dipilampah ku Ibu/Bapa Guru dina ngadidik muridmuridna? Jawaban: Bapa/Ibu Guru ngadidik kalawan rido jeung dibarung ku rasa nyaah. 3. Naha dina ngadidik téh Ibu/Bapa Guru tara ngabéda-béda murid? Jawaban: Lamun dina ngadidik murid bari dibéda-béda tangtu bakal jadi sisirikan, tur dianggap henteu adil. 4. Kumaha waé carana urang némbongkeun rasa hormat ka Ibu/Bapa Guru? Jawaban: Ku cara ngagugu kana naséhatna jeung ngajauhan sakur anu dicaramna.

48

Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas IV

5. Kumaha akibatna mun urang ngagugu kana naséhat Ibu/Bapa Guru? Jawaban: Hirup urang bakal waluya atawa bakal salamet. 6. Naon sababna Ibu/Bapa Guru téh sok disebut “pahlawan tanpa tanda jasa”? Jawaban: Sabab jasana ka urang gedé pisan, tapi teu miharep balesan atawa pamulang jasa ti urang, lantaran Bapa/Ibu Guru henteu ngahutangkeun budi.

C. NEMBANGKEUN PUPUH BABARENGAN No.

Kagiatan

8.

Satutasna ngabandungan kumaha carana nembangkeun pupuh, saterusna murid sina barisaeun nembangkeunana. Di kelas saméméhna, murid téh geus kungsi diajar nembangkeun pupuh. Ku sabab kitu, guru ngan kari nyambungkeun jeung kamampuh anu geus kacangkem saméméhna.

9.

Anu kudu ditembangkeun téh pupuh asmarandana, kabéhna aya lima pada. Témana sarua, nyaéta ngeunaan pagawéan anu méré mangpaat ka balaréa. Jalma anu ngalaksanakeun éta poagawéan téh bisa disebut pahlawan. Anu kahiji nyaritakeun patani, kadua ngeunaan pamayang, katilu pagawé pabrik, jeung anu kaopat padagang. Dina éta pupuh ditétélakeun naon waé jasa maranéhna pikeun kapentingan masarakat.

10.

Guru bisa méré conto langsung, atawa bisa ngagunakeun hasil rékaman. Mimiti ditembangkeun heula gembleng sapada, terus sapadalisan-sapadalisan. Murid sina ngaregepkeun, terus sina nurutan nembangkeunana. Mimiti nurutan sapadalisan-sapadilan, terus ditingkatkeun jadi sapada. Bakal leuwih hadé lamun sajeroning murid tembang téh bari dipirig ku waditra kacapi.

11.

Mun dianggap cukup dina méré conto, murid dipentés sina nembangkeun gembleng sapada. Mimitina babarengan, terus saurang-saurang. Anu ditembangkeun téh cukup sapada waé. Sajeroning aya nu nembang, murid séjénna sina ngabarandungan. Kamampuh murid dina nembangkeun pupuh kudu dipeunteun. Dina hal ieu, anu dipeunteun téh lain alus sora, tapi utamana mah bener-henteuna dina nembangkeunana.

Bab 2 Pituduh Husus

49

D. NGALENGKEPAN JAJARAN PUPUH No.

Kagiatan

12.

Satutasna bisa tembang, murid diajar ngarang pupuh.Tangtu waé anu dimaksud ngarang di dieu mah ukur dina tahap basajan, nyaéta ukur ngalengkepan jajaran atawa padalisan ku kecap anu geus disayagikeun. Murid sina milih kecap anu merenah dumasar kana patokan guru lagu jeung guru wilangan.

13.

Saméméh migawé ieu pancén, sakali deui ku guru diterangkeun ngeunaan katangtuan guru lagu jeung guru wilangan anu kudu aya dina pupuh asmarandana. Anu dijieun conto nyaéta pupuh anu eusina nyaritakeun jasa patani.

Rebun-rebun bapa tani, getol digawé di sawah, ngolah lahan sangkan léndo, melak paré bulan-bulan, mun usum panén datang, hasil tina lahan subur, mangpaat keur saréréa.

Tungtung jajaran kahiji sorana i (tani), tungtung jajaran kadua sorana a (sawah), tungtung jajaran katilu sorana o (léndo), tungtung jajarn kaopat sorana a (bulan), tungtung jajaran kalim sorana a (datang), tungtung jajaran kagenep sorana u (subur), jeung tungtung jajaran katujuh sorana a (saréréa). 14.

Saterusna murid sina mimiti ngalengkepan padalisan ku kecap anu geus disayagikeun di bagian handapna. Anu kudu diréngsékeun téh kabéhna aya tilu pada.

15.

Sanggeus réngsé dipigawé, ku guru kudu dipariksa jeung dipeunteun. Hasil pagawéan murid téh kieu: Pada kahiji

50

Abdi boga sobat dalit, babaturan di sakola, Wibisana jeung Héryanto, alamatna di Babakan, karesepna sarua getol pisan maca buku, pinter lega kanyahona

Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas IV

Pada kadua

Ratna babaturan abdi, sikepna teu weléh sopan, lungguh tara loba omong, mana komo mun paséa, getol pisan diajar resep tutulung ka batur, bari teu ngarep balesan,

Pada katilu

Barudak diajar ngaji, saban soré di madrosah, ngéjah dina buku iqro, terus ningkat kana Quran, bener panjang pondokna, ditutup ku maca Qulhu, ahirna tamat sakitab.

E. NYUSUN PUPUH DUMASAR CARITA. No.

Kagiatan

16.

Luyu jeung tingkatan kelasna, anu dimaksud nyusun pupuh di dieu saenyana mah ukur ngalengkepan padalisan ku kecap anu geus disayagikeun, bari jeung pikeun ngalengkepanana téh ukur sakecap. Ku kituna, ieu mah ukur ngarang dina tingkatan paling basajan.

17.

Anu dipaké bahan téh ngaran jalma anu ilahar kapanggih dina kahirupan sapopoé, utamana ngaran barudak sakola jaman ayeuna. Dibéréndélkeun hijihiji, terus engké ku murid sina diparilih eusikeuneun kana padalisan anu kudu dilengkepan.

18.

Ku guru kudu diterangkeun, ulah tepi ka aya ngaran anu dipakéna dua kali. Jadi, lamun aya ngaran anu geus dipaké, ulah dicokot deui. Bisa waé aya murid anu nuliskeun ngaran anu béda. Teu nanaon, satungtung guru wilangan jeung guru laguna bener mah.

Bab 2 Pituduh Husus

51

19.

Hasil pagawéan murid dipariksa ku guru, saurang-saurang. Malah mun alus pisan mun aya anu terus ditembangkeun hareupeun kelas. Pagawéan murid téh kieu:

Badrun, Citra, jeung Gurnadi, Ahmad, Darman, Déwi, Érpan, Épon, Mintarsih, jeung Dodo, Nurul, Okeu, Galih, Nandang/Ira/Jénal, Yusuf, Leni, Marjana, Campaka, Sutarno, Nunung, Kuswari, Husin, jeung Wulan/Ira/Jenal.

20.

Anu bieu dipigawé ku murid ukur ngeusike kecap kana padalisan. Tah ayeuna urang tingkatkeun latihanana. Murid sina ngalengkepan padalisan ku kecap anu disusun ku maranéhna sorangan.

21.

Aya dua pada anu kudu dilengkepan padalisanana. Anu dipaké ngalengkepan téh cukup ku sakecap waé. Pikeun nyukangan sangkan bisa ngalengkepan padalisan anu copong, saméméhna murid sina maca heula paragraf anu geus disayagikeun, eusina nyaritakeun piknik ka Taman Safari.

22.

Tugas nu ieu mah dipigawéna sina di imah masing-masing waé, sangkan murid bisa tatanya ka kolotna atawa ka lanceukna. Dina minggu hareupna, hasil pagawéan maranéhna ku guru dipariksa saurang-saurang, terus dipeunteun.

23.

Anu ditulis ku murid téh tangtu rupa-rupa.Teu kudu dipasualkeun, nu penting asal eusi caritana luyu, sarta teu méngpar dina patokan guru lagu jeung guru wilangan. Hasil pagawéan murid téh kira-kira kieu: Pada kahiji

52

Piknik ka Taman Safari, loba pisan sasatoan, urang ukur bisa nempo, tina jero kendaraan, entong hayang ka luar, loba singa reujeung maung, gedé pisan bahayana.

Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas IV

Pada kadua

Sato kabeukina daging, lamun keur lapar sok galak, najan ka jalma ngarontok, béda jeung sato kukutan, kelenci, embé, domba, dangdaunan reujeung jukut, cukup ku éta parabna.

F. NYUSUN JAJARAN PUPUH No.

Kagiatan

24.

Pangajaran saterusna nyaéta nyusun padalisan atawa jajaran pupuh. Ieu gé masih aya patalina jeung katapis ngarang.

25.

Anu kudu disusun téh kabéhna tilu pada. Murid anu bener migawéna hartina geus nyangkem kana aturan guru lagu jeung guru wilangan.

26.

Hasil pagawéan murid dipariksa saurang-saurang, terus dipeunteun. Lengkepna pupuh anu geus disusun jajaranana téh kieu: Pada kahiji

Hirup di dunya teu lami, pan urang ukur ngumbara, hiji waktu bakal maot, nyawa papisah jeung raga moal bisa ditolak teu beunang diembung-embung mun ajal cunduk waktuna

Pada kadua

Anu dibantun ku jalmi, ka alam ahérat jaga, numutkeun pidawuh Alloh ukur amal keur di dunya alusna jeung goréngna amal alus bakal untung mun goréng rugi kacida

Bab 2 Pituduh Husus

53

Pada katilu

Mangkadé sing ati-ati, kedah saé kalakuan, ulah nyandak amal awon, masing getol nya ibadah boh nu wajib boh sunat ka sasama sering nulung, kalayan haté nu iklas.

G. NGAPALKEUN KABEUNGHARAN KECAP No.

Kagiatan

27.

Pangajaran dina ieu bagian raket patalina jeung wacana dina bagian saméméhna, nyaéta nerangkeun harti sawatara kecap.

28.

Anu kudu dipedar téh kabehna aya sapuluh kecap. Mimiti dibaca heula kalimahna, geus kitu kecapna diterangkeun.

29.

Harti kecap anu diterangkeun sina diapalkeun ku murid, geus kitu dipentés saurang-saurang pikeun nyebutkeun hartina.

H. NGALARAPKEUN ROBAHNA KECAP No.

Kagiatan

30.

Dina ieu bagian, pangajaran anu diterangkeun ku guru téh saenyana ngeunaan larapna rarangkén hareup pa-, jeung rarangkén barung pa-an. Ngeunaan tiorina teu kudu dipedar, tapi cukup ukur nuduhkeun kecap anu robah sanggeus maké rarangkén, terus kumaha ari larapna dina kalimah.

31.

Guru nuduhkeun heula contona. 1. pisah → papisah Mun ajal cunduk waktuna, nyawa papisah jeung raga. 2. dagang → padagang Para padagang balantik, nya saban poé ka pasar. 3. gawé → pagawé Para pagawé di pabrik, nyieun barang rupa-rupa.

54

Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas IV

Dina conto bieu aya kecap anu robah. Kecap pisah robah jadi papisah, dagang jadi padagang, jeung gawé jadi pagawé. Tangtu waé hartina ogé jadi béda. Geura urang teruskeun. Ngan ayeuna mah dipigawéna kudu ku hidep, kawas dina conto bieu. 32.

Murid sina ngalarapkeun rarangkén hareup pa- kana kecap anu geus disayagikeun, terus éta kecap téh dilarapkeun kana kalimahna.

33.

Pikeun ngalarapkeun rarangkén barung pa-an ogé sarua waé kawas bieu, ngan contona anu béda. 1. sawah → pasawahan Méméh tepi ka walungan téh kudu ngaliwatan heula pasawahan. 2. gelar → pagelaran Saban malem Ahad di RRI Bandung sok aya pagelaran wayang golék.

34.

Murid sina ngalarapkeun rarangkén hareup pa- kana kecap anu geus disayagikeun, terus éta kecap téh dilarapkeun kana kalimahna.

35.

Hasil pagawéan murid dibahas babarengan, sagemblengna kieu: Rarangkén hareup pa1. tukeur → patukeur Sendal téh meureun patukeur jeung nu Édi bieu di masjid. 2. jauh → pajauh Sanajan geus pajauh, tapi sobatna sok rajeun nepungan. 3. tugas → patugas Lawang bandar udara dijaga ku patugas maraké seragam. 4. amprok → paamprok Unggal paamprok ogé manéhna mah tangtu sok nanya waé. 5. maén → pamaén Saban soré pamaén Persib sok latihan di Stadion Gedébagé. 6. tanya → patanya Goréng kasebutna mun urang tara patanya jeung tatangga. 7. panggih → papanggih Ieu téh geus tilu poé henteu papanggih jeung Mang Sumarna. 8. beulit → pabeulit Kadé kabel téh bisi pabeulit mangkaning sakitu panjangna. 9. pisah → papisah Lamun geus lulus di antara murid sok aya anu terus papisah. 10. tandang → patandang Anu jadi patandang dina kajuaraan ngagambar téh aya 16 murid.

Bab 2 Pituduh Husus

55

Rarangkén barung pa-an 1. mandi → pamandian Kudu ngantri mun rék mandi di pamandian umum mah. 2. tengah → patengahan Bapa Haji sakulawargi nuju ngariung di patengahan. 3. binih → pabinihan Lahan kosong di gigireun imah dipaké pabinihan tomat. 4. kubur → pakuburan Tatangga anu jarajap ka pakuburan mani ngaleut. 5. gadé → pagadéan Imahna hareupeun kantor pagadéan di Jalan Pungkur. 6. jagal → pajagalan Sapi anu rék dipeuncit ditungtun ka pajagalan ku duaan. 7. kalang → pakalangan Di pakalangan bénjang, Kang Gandi geus taya lawanna. 8. abdas → paabdasan Saban poé Jumaah, Kang Uséng sok beberesih di paabdasan.

56

Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas IV

PANGAJARAN 6 Tema : Pentingna Kaséhatan jeung Ubar-ubaran Tradisional Bahan : Bahasan Média : Téks jeung Gambar Tujuan Pangajaran: Saréngséna kagiatan diajar ngajar, murid bisa ngaregepkeun jeung ngawihkeun, maham eusi kawih, maham kandaga kecap, ngawihkeun, ngajembaran kawih, mikaweruh kawih, jeung néangan kawih séjén. KAGIATAN DIAJAR: Saméméh kagiatan diajar lumangsung, guru nepikeun nepikeun heula téma, tujuan, jeung gurat badag bahan pangajaran. Guru ngébréhkeun yén bahan ajar aya dalapan bagian, nyaéta (1) ngaregepkeun jeung ngawihkeun, (2) ngadiskusikeun kawih, (3) ngadiskusikeun kandaga kecap, (4) ngawih, (5) ngajembaran kawih, (6) molahkeun kaulinan séjén, jeung (7) migawé pancén di imah. Guru ngondisikeun murid sangkan sayaga pikeun diajar. Kagiatan diajar dilaksanakan ngaliwatan léngkah-léngkah ieu di handap. A. NGAREGEPKEUN JEUNG NGAWIHKEUN No.

Kagiatan

1.

Guru nitah murid ngaregepkeun kawih nu témana “Cinta Lemah Cai” nu dihariringkeun ku guru atawa ngaliwatan kasét. Nu dipilih kaulinan “Tanah Sunda” lantaran katimbang babari jeung pondok. Ieu téh mangrupa prosés niténan.

2.

Guru nitah murid ngahariringkeun kawih nu judulna “Tanah Sunda” Kalawan babarengan, tuluy sajajar-sajajar bangku.

. B. NGADISKUSIKEUN KAWIH No. 1.

Kagiatan Sanggeus ngaregepkeun téks kawih “Tanah Sunda” nu dihariringkeun ku guru atawa ngaliwatan kasét, murid disina maham eusi téks narasi ku cara ngajawab pananya. Bab 2 Pituduh Husus

57

2.

Guru nitah murid disina ngajawab pananya ku cara diskusi kelompok. Ieu téh mangrupa prosés nanya. Jawaban dumasar kana téks kawih nu geus dihariringkeun ku guru atawa ngaliwatan kasét. Pananya jeung jawabanana kieu. Kelompok 1 1) Sabaraha jumlah engang dina unggal jajaran jeung kumaha sora tungtungna? 8-a, 8-a, 7-a, 7-a, 8-a 2) Kumaha kaayaan Tanah Sunda téh? Gemah ripah. 3) Kudu kumaha urang Sunda ka Tanah Sunda téh? Sing towéksa perceka. 4) Mawa pancén naon urang Sunda téh? Nyangga dhrama anu nyata 5) Kudu muji sukur ka saha urang boga Tanah SUnda? Pangéran. Kelompok 2 1) Sabaraha jumlah engang dina unggal jajaran jeung kumaha sora tngtungna? 6-a, 6-a, 8-a, 12-a, 12-a 2) Kudu kumaha ka Seuweu Pajajaran téh? Muga ting kasmaran. 3) Kudu kumaha ka Tanah Pusaka téh? Getén titén rumawat 4) Kawajiban saha miara Tanah Pusaka téh? Kawajiban urang. 5) Miara lemah cai téh kaasup sabagian tina naon? Iman Kelompok 3 1) Sabaraha jumlah engang dina unggal jajaran jeung kumaha sora tngtungna? 8-a, 8-a, 8-a, 8-a 2) Kudu kumaha urang kana harta banda téh? Kudu titén. 3) Ngalakukeun naon anu batur moal bisaeun téh? Ngatur ngolah jeung ngariksa Tanah Sunda. 4) Moal kaduhung jaga mun urang kumaha? Titén kana harta jeung ngatur ngolaj jeung ngariksa Tanah Sunda. 5) Titén kana harta banda pibekeleun hirup di dunya jeung di mana? Ahérat Kelompok 4 1) Sabaraha jumlah engang dina unggal jajaran jeung kumaha sora tngtungna? 6-a, 6-a, 8-a, 12-a, 12-a 2) Kudu kumaha ngangkat darajat Ki Sunda téh? Singkil babarengan 3) Kudu dikumahakeun Sunda téh? Diraksa dirumat. 4) Bakal kumaha lamun Sunda dirumat? Pasti jembar wibawa Indonésia. 5) Ngaraksa lemah cai kaasup tanda ibadah ka saha? Pangéran.

3.

58

Guru meunteun bener henteuna jawaban murid ngeunaan eusi téks kaulinan.

Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas IV

C. NGADISKUSIKEUN KANDAGA KECAP No.

Kagiatan

1.

Guru nitah murid sina niténan conto kecap katut larapna dina kalimah. Contona: Mo kaduhung waktu jaga. kaduhung = hanjakal

2.

Guru nitah murid sina néangan harti kecap tina kamus atawa diskusi diskusi kelompok. Pancén jeung jawaban tiap kelompok téh kieu. Kelompok 1: 1) Kaayaan Tanah Sunda téh gemah ripah. Gemah ripah = kerta raharja. 2) Urang kudu towéksa ka Tanah Sunda. Towéksa = tulatén 3) Dina miara Tanah Sunda, urang kudu percéka. Percéka = pinter ngatur sagala urusan 4) Kudu tulatén atuh ari miara tanah pusaka mah. Tulatén = getén, titén, henteu lalawora dina ngurus gawé. Kelompok 2: 1) Sangkan nanjeur, urang kudu rumaksa ka Tanah Sunda. rumaksa = ngaraksa, miara 2) Sangkan tetep beresih, urang kudu miara lingkungan. miara = ngamumulé, ngurus 3) Ngarah awét mah, urang kudu rumawat kana banda urang. rumawat = dirawat, diurus, dipiara 4) Sing titén kana barang jeung lingkungan téh. titén = taliti, rumawat Kelompok 3: 1) Lamun baris di buruan upacara, ketua murid kudu ngatur barisan. ngatur = ngolah, mémérés 2) Unggal musim patani ngolah sawah pikeun dipelakan paré. ngolah = ngokolakeun 3) Urang kudu ngariksa budaya Sunda sangkan teu leungit. ngariksa = ngarawat, miara, ngurus 4) Hirup jeung tatangga kudu sauyunan ulah sok papaséaan. sauyunan = akur tur babarengan

Bab 2 Pituduh Husus

59

Kelompok 4: 1) Lamun rék ngayakeun kerja bakti, urang kudu singkil heula. singkil = sayaga, taki-taki 2) Basa jeung budaya Sunda kudu diraksa sangkan tetep hirup. diraksa = dirawat, dipiara, diurus 3) Kebon téh kudu dirumat sangkan hasilna mucekil. dirumat = dirawat, dipiara, diurus 4) Sunda bakal kukuh mun diraksa jeung diruat ku urang. kukuh = pageuh atawa kuat nyekel tangtungan. 3.

Guru meunteun murid bener henteua dina ngajawab pananya ngeunaan harti kecap.

D. NGAWIHKEUN No.

Kagiatan

1.

Guru nitah murid sina ngaregepkeun ngawih “Tanah Sunda” nu dihariringkeun ku guru atawa ngaliwatan kasét.

2.

Guru nitah murid sina babarengan ngawih “Tanah Sunda”. Geus kitu, giliran murid sajajar-sajajar bangku ngawih. Tuluy sabangku-sabangku. Tungtungna murid giliran saurang-saurang ngawih ka hareup.

3.

Guru ngingetan murid sangkan alus ngawihna, keuna wirahmana, écés ucapanana!

4.

Guru meunteun murid benre henteuna ngawih “Tanah SUnda”.

E. NGAJEMBARAN KAWIH No. 1.

60

Kagiatan Guru nitah murid sina maca dina jero haté kawih dina tiap kelompok. Murid dibagi tilu kelompok. a. Kelompok 1 kawih “Bandung” b. Kelompok 2 kawih “Tanah Pasundan” c. Kelompok 3 kawih “Cinta Nusa”

Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas IV

2.

Guru nitah murid sina maham eusi kawih nu dibacana ku cara ngajwab pananya dina tiap kelompok. Kelompok 1 ngajawab pananya nomer 1—5. Kelompok 2 ngajawab pananya nomer 6—10. 1. Naon katelahna Bandung téh? Kota kembang. 2. Saha ari Sangkuriang téh? Putrana Dayang Sumbi. 3. Jadi tempat kumaha Bandung téh keur urang luar? Tempat pangjugjugan. 4. Naon hartina heurin ku tangtung téh? Gegek padumukna atawa wargana. 5. Aya sabaraha gunduk kawih di luhur téh? Dua gunduk. 6. Sagundukna aya sabaraha jajar jeung kumaha sora tungtungna? Opat jajar u-a-u-a. 7. Dilingkung ku naon Bandung téh? Gunung. 8. Puseur kota nu mulya saha ari Bandung téh? Parahyangan. 9. Bandung sok disebut Parijs van Java. Naon maksudna? Kota Paris nu aya di Jawa. 10. Ari Bandung téh puseur dayeuh provinsi mana? Jawa Barat. Kelompok 3 ngajawab pananya nomer 1—5. Kelompok 4 ngajawab pananya nomer 6—10. 1) Matak kumaha Tanah Pasundan téh? Matak waas tur kelar. 2) Kumaha kaayaan gunung jeung sawah téh? Gunung parentul ngajajar, ari sawah ngarenplang. 3) Kumaha sikep rahayat ka Tanah Pasundan? Rayat tihothat usaha teu kendat. 4) Kumaha kaayaan Tanah Pasundan keur pepelakan? Subur. 5) Kudu kumaha urang ngolah Tanah Pasundan téh? Leukeun tur sauyunan. 6) Ari Tanah Pasundan téh kaasup tanah pusaka mana? Pusaka Indonésia. 7) Kudu dikumahakeun tanah nu ngoblog téh? Perlu digarap keur tutuwuhan.

Bab 2 Pituduh Husus

61

8) Kudu kumaha ari melak palawija? Kudu diatur sampurna. 9) Kumaha kaayaan tutuwuhan di Tanah Pasundan téh? Héjo ngémploh. 10) Ari karaharjaan téh hasil tina naon? Hasil karya babarengan. Kelompok 5 ngajawab pananya nomer 1—5. Kelompok 6 ngajawab pananya nomer 6—10. 1) Kumaha kaayaan Indonéia téh? Gemah ripah loh jinawi. 2) Kumaha kakayon di Indonésia? Tumuwuh subur pajangkung-jangkung 3) Ngawujud naon petétan téh? Ngawujud sirung pagulung-gulung 4) Nutup naon tutuwuhan téh? Alam bandawasa. 5) Ari tatangkalan nutup naon deuih? Nutup gunung ngambah reuma. 6) Naon mangpaat kakayon keung kahirupan bangsa? Sumber kahirupan bangsa. 7) Naon balukarna mun tanah diantepkeun sina ngeblak? Bahaya gunung urug padataran banjir 8) Kudu kumaha urang dina ngarap tanah Indonésia? Rampak pada kokoh. 9) Naon sababna tatangkalan ngararangrangan? Kahalodoan. 10) Dilambangkeun ku naon karaharjaan lemah cai téh? Tatangkalan nu héjo ngémploh. 3.

Guru ngajak murid tina unggal kelompok ngahariringkeun kawih babarengan. Tiap kelompok kawihna béda-béda saluyu jeung pancénna. Keompok 1 jeung 2 ngahariringkeun kawih “Bandung”. Kelompok 3 jeung 4 ngahariringkeun kawih “Tanah Pasundan”. Kelompok 5 jeung 6 ngaharieingkeun kawih “Cinta Nusa”.

4.

Guru meunteun murid bener henteuna ngawih jeung ngajawab pananya.

62

Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas IV

F. NGAREGEPKEUN PEDARAN KAWIH No.

Kagiatan

1.

Guru nitah murid sina ngaregepeun katerangan guru ngeunaan kawih. Kawih téh kagolong kana puisi. Sarua baé jeung sajak, ngan sok dihariringkeun. Sajak nu sok dihariringkeun atawa dikawihkeun mah disebutna rumpaka kawih. Kagiatan ngahaleuangkeun atawa ngagalindengkeun kawih disebutna ngawih.

2.

Guru nitah murid sina maham jeung ngarucat jumlah jajaran, sasruaan sora atawa purwakanti dina kawih. Kawih nu judulna “Bandung” téh diwangun ku dua gundukan (pada). Masing-masing gundukan diwangun ku opat jajar (padalisan). Jumlah engang jeung sora tungtung dina unggal jajaran bisa digambarkeun kieu. Jajaran kahiji tungtung sorana → 6-u Jajaran kahiji tungtung sorana → 10-a Jajaran kahiji tungtung sorana → 6-u Jajaran kahiji tungtung sorana → 10-a

G. MIGAWÉ PANCÉN DI IMAH No.

Kagiatan

1.

Guru méré papancén ka murid sina néangan kawih séjénna tina buku, majalah, koran, kasét, atawa internét.

2.

Kawih nu kapanggih dicatet dina buku catetan, dipariksakeun ka guru minggu hareupna.

3.

Guru mariksa kawih nu dikumpulkeun ku murid, tuluy méré peunteun sarta dicatet dina buku peunteun murid.

Sanggeus réngsé kagiatan diajar bahan dina pangajaran 6, guru babarengan jeung murid nyindekkeun eusi bahan pangajaran nu patali jeung “Pentingna Kaséhatan jeung Ubar-ubaran Tradisional”. Guru ngayakeun réfléksi ngeunaan kamajuan diajar murid. Guru ogé ngukur kamampuh murid ku cara ngayakeun kagiatan meunteun, boh dina waktu lumangsung kagiatan diajar boh di ahir pangajaran. Jaba ti éta, guru nangtukeun geus tutas acanna murid kana bahan pangajaran maké Kritéria Katutasan Minimal (KKM).

Bab 2 Pituduh Husus

63

EVALUASI Kritéria Katutasan Minimal (KKM) Kritéria Meunteun A. NGAREGEPKEUN JEUNG NGAWIHKEUN B. MAHAM KAKAWIHAN C. MIKAWANOH KANDAGA KECAP D. NGAWIHKEUN E. NGAJEMBARAN KAWIH F. NGAREGEPKEUN PEDARAN KAWIH G. MIGAWÉ PANCÉN DI IMAH

64

Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas IV

Katerangan Tutas Enggeus Encan

PANGAJARAN 7 Tema : Cita-cita Bahan : Narasi Média : Téks jeung Gambar Tujuan Pangajaran: Saréngséna kagiatan diajar ngajar, murid bisa maca jero haté, maham eusi bacaan, ngalarapkeun undak usuk basa, ngajembaran carita, ngalarapkeun kecap, sarta nuliskeun jeung nyaritakeun cita-cita. KAGIATAN DIAJAR: Saméméh kagiatan diajar lumangsung, guru nepikeun nepikeun heula téma, tujuan, jeung gurat badag bahan pangajaran. Guru ngébréhkeun yén bahan ajar aya dalapan bagian, nyaéta (1) maca jero haté, (2) ngalisankeun jawaban, (3) ngalarapkeun undakusuk basa, (4) ngajembaran carita, (5) ngalarapkeun kecap, jeung (6) nuliskeun jeung nyaritakeun cita-cita. Guru ngondisikeun murid sangkan sayaga pikeun diajar. Kagiatan diajar dilaksanakan ngaliwatan léngkah-léngkah ieu di handap. A. MACA JERO HATÉ No.

Kagiatan

2.

Guru nitah murid maca bacaan dina jero haté nu témana “Cita-cita” kalawan judul “Hayang jadi Guru”. Ieu téh mangrupa prosés niténan.

3.

Guru nitah murid sina niténan eusi bacaan kalawan gemet.

B. NGALISANKEUN JAWABAN No.

Kagiatan

1.

Guru nitah murid sina niteunan deui eusi bacaan kalawan gemet.

2.

Guru nitah murid sina maham eusi bacaan ku cara ngajawab pananya nu geus disayagikeun. Ieu kagiatan kaasup kana prosés nanya. Pananya jeung jawabanana ébréh ieu di handap. 1. Saha nu hayang jadi guru téh? Nénéng. 2. Di mana cicingna? Kampung Sukamaju. Bab 2 Pituduh Husus

65

3. Ari Mamah jeung Bapana Nénéng didamel kana naon? Jadi guru. 4. Saha nu raoseun ngawulangna téh? Mamah. 5. Kumaha cara ngawulang Bapana Nénéng ceuk babaturan Aana? Raoseun ngawulangna. 6. Ari bapana Nénéng sok ngirimkeun tulisanana ka mana? Ka Majalah jeung koran. 7. Ari Néneng hayang diajar nulis naon? Nulis sajak. 8. Kudu kumaha cenah mun hayang jadi guru? Kedah getol diajar sareng capétang. 9. Ari Aana Nénéng hayang jadi naon? Janten dokter. 10. Nénéng jeung Aa jadi naon waé, bapa tetep? Panuju. 3.

Guru meunteun murid bener henteuna dina ngajawab pananya ngeunaan eusi bacaan.

C. NGALARAPKEUN UNDAK-USUK BASA No.

Kagiatan

1.

Guru nitah murid sina niténan kecap lemes keur diri sorangan.

2.

Guru nitah murid sina niéangan kecap lemes keur diri sorangan.

3.

Guru nitah murid sina niténan kumaha carana ngalarapkeun kecap lemes keur sorangan kana kalimah. Contona: 1. mulih = wangsul Bapa mulih ti kantor pasososnten. Abdi wangsul ti sakola siang kénéh.

4.

Guru nitah murid disina ngalarakeun kecap lemes keur sorangan kana kalimah. Pananya jeung jawabanana bisa dititénan ieu di handap. 1. angkat = mios Bapa angkat ka sakola kana motor Abdi mios ka sakola kana sapédah.

66

Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas IV

2. teu damang = udur Bu Guru teu damang wales di rumah sakit. Dédi udur parna di bumina. 3. siram = mandi Wa Jéjén nuju siram di jamban. Abdi badé mandi di kamer mandi. 4. nyarios = nyanggem Mamah nyarios ka bapa énjing-énjing. Abdi nyanggem ka aa perkara tugas. 5. bumi = rorompok Pa Guru mulih ka bumina tabuh opat. Abdi wangsul ka rorompok tabuh dua belas. 6. kulem = mondok Bapa sareng mamah mah parantos kulem. Abdi sareng aa teu acan mondok 7. ngagaleuh = mésér Mang Dédi ngagaleuh kulkas ti toko. Abdi mésér laptop ti BEC. 8. nyandak = ngabantun Pa Guru ka sakola nyandak motor. Abdi ka sakola ngabantun kantong. 9. kadangueun = kakupingeun Ku Bu Guru kadangueun abdi ngagentraan. Ku Uwén kakupingeun abdi ngagentraan. 10. gugah = hudang Bapa sareng mamah parantos gugah. Aa teu acan hudang tabuh lima téh. 5.

Guru meunteun murid bener henteuna néangan kecap lemes keur sorangan sarta larapna dina kalimah.

D. NGAJEMBARAN CARITA No. 1.

Kagiatan Guru nitah murid sina maca deui téks nu judulna “Cita-cita Dadang” keur ngajembaran wawasan kaweruhna. Bab 2 Pituduh Husus

67

2.

Guru nitah murid sina maham eusi bacaan, murid disina ngajawan pananya anu geus disadiakeun. Pananya jeung jawabanana bisa dititénan ieu di handap. 1. Tina bacaan di luhur, saha nu boga cita-cita jadi pamaén bal téh? Dadang. 2. Sok di mana Dadang jeung sobat-sobatna maréngbalna? Tanah kosong deukeut imahna. 3. Saha waé sobat Dadang téh? Dedi, Uwén, Asép, Agus, jeung Wawan. 4. Ari Dadang hayang dipangmeulikeun naon ku bapana? Sapat bal. 5. Ari sakleupna aya sabaraha urang pamaén bal téh? Sabelas urang. 6. Mun keur méngbal kadéngé sora adan, sok tuluy ka marana barudak téh? Arindit ka cai, marawa anduk jeung sarung.Tuluy sarolat ka masjid. 7. Iraha biasana diayakeun pertandingan méngbal antara murid SD téh? Dina unggal bulan Agustus. 8. Ari lapangan méngbal deukeut henteu ti imah Dadang? Rada jauh, aya deukeut masjid agung di kacamatan. 9. Aya sabaraha urang jumlahna pamaén kleup méngbal téh? Sabelas urang. 10. Naon sababna kleup méngbal sok disebut kasawelasan? Lantaran jumlah nu maénna aya sawelas urang.

3.

Guru meunteun murid bener henteuna dina ngajawab pananya ngeunaan eusi bacaan.

E. NGALARAPKEUN KECAP No. 1.

Kagiatan Guru ngawanohkeun istilah olahraga ka murid. Contona: Ceuk babaturanana, Dadang téh alus méngbalna.

2.

68

Pikeun maham harti kecap, guru nitah murid disina ngalengkepan kalimah anu dicopongkeun ku kecap-kecap nu patali jeung olahraga. Murid cukup masangkeun kecap-kecap kana kalimah nu dicopongkeun. Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas IV

Pasangkeun istilah-istilah olahraga di kénca kana kalimah nu geus disaayagikeun. 1. Jajang ….I……sabab lumpat miheulaan bal ka tukangeun bék lawan bék lawan. A. hen 2. Sépakan ….C….ti juru lapangan melentung kana gawang. B. finalti 3. Bal operan ti Firman Utina téh .…E…. ku Atép. C. kornal 4. Sanggeus ditéwak, …F…. téh ditalapung ku kiper. D. rékét 5. Maman nyépak…F…. kana gawang nepi ka asupna. E. dihéden 6. Bal téh …..A….. lantaran keuna kana leungeun Erlangga. F. bal 7. Ku sabab geus 45 menit, ……J…… niup piriwitna. G. nét 8. Ari dina badminton mah, kok téh ditepak ku ….D. H. bét 9. Mun keuna kana ….G….., kok kudu dikalawankeun. I. opsét 10. Ari ……H….. mah dipakéna dina olahraga pingpong. J. wasit 3.

Guru meunteun murid bener henteuna ngajawab pananya nu geus disayagikeun.

F. NULISKEUN JEUNG NYARITAKEUN CITA-CITA No.

Kagiatan

1.

Guru nitah murid sina nuliskeun cita-cita dirina.

2.

Guru méré pituduh kumaha carana nulis cita-cita. Ngarah babarieun, murid dituyun jejer-jerjerna nu kudu dituliskeun. Pék ayeuna caritakeun cita-cita hidep. Carana mah gampang. Tuliskeun heula bagian-bagian ieu di handap luyu jeung harepan hidep. 1) Sebutkeun heula ngaran hidep, ngaran indung bapa, jeung dulur hidep. 2) Caritakeun di mana hidep cicing jeung naon cita-cita hidep. 3) Sebutkeun pangna hidep boga cita-cita kitu. 4) Jelaskeun koméntar kolot hidep kana cita-cita hidep. 5) Caritakeun pagawéan batur anu narik ati hidep.

3.

Guru nitah murid sina nulis cita-cita ku cara ngalengkepan kalimah nu dicopongkeun dina paragraf.

4.

Sanggeus réngsé nuliskeun cita-citana, guru nitah murid disina nyaritakeun deui di hareueun babaturanana.

5.

Guru meunteun murid bener henteuna dina nulis cita-cita sarta nyaritakeun deui di hareupeun kelas.

Sanggeus réngsé kagiatan diajar bahan dina pangajaran 7, guru babarengan jeung murid nyindekkeun eusi bahan pangajaran nu patali jeung “kaulinan barudak”. Guru ngayakeun réfléksi ngeunaan kamajuan diajar murid. Guru ogé ngukur kamampuh murid ku cara ngayakeun kagiatan meunteun, boh dina waktu lumangsung kagiatan diajar boh di ahir pangajaran. Jaba ti éta, guru nangtukeun geus tutas acanna murid kana bahan pangajaran maké Kritéria Katutasan Minimal (KKM). Bab 2 Pituduh Husus

69

EVALUASI Kritéria Katutasan Minimal (KKM) Kritéria Meunteun A. MACA JERO HATE B. MAHAM EUSI BACAAN C. NGALARAPKEUN UDAK USUK BASA D. NGAJEMBARAN CARITA E. NGAJEMBARAN KAWIH F. NGALARAPKEUN KECAP G. NULISKEUN JEUNG NYARITAKEUN CITA-CITA

70

Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas IV

Katerangan Tutas Enggeus Encan

PANGAJARAN 8 Tema : Lingkungan padumukan atawa pakumbuhan Bahan : Dadaran (déskripsi) Média : Téks jeung Gambar Tujuan Pangajaran: Saréngséna kagiatan diajar ngajar, murid bisa maca jero haté, maham eusi bacaan, ngalengkepan kalimah. Mikaweruh karangan dadaran, nyusun dadaran, maca ngajembara, jeung nyaritakeun dadaran. KAGIATAN DIAJAR Saméméh kagiatan diajar lumangsung, guru nepikeun nepikeun heula téma, tujuan, jeung gurat badag bahan pangajaran. Guru ngébréhkeun yén bahan ajar aya dalapan bagian, nyaéta (1) maca jero haté, (2) maham dadaran, (3) ngalengkepan kalimah, (4) nyusun karangan dadaran, (5) maca dadaran ngajembaran, jeung (6) nyaritakeun dadaran. Guru ngondisikeun murid sangkan sayaga pikeun diajar. Kagiatan diajar dilaksanakan ngaliwatan léngkah-léngkah ieu di handap. A. MACA JERO HATÉ No.

Kagiatan

1.

Guru nitah murid maca bacaan dina jero haté nu témana “Lingkungan Padumukan” kalawan judul “Bumetah”.

2.

Guru nitah murid sina niténan eusi bacaan kalawan gemet.

B. MAHAM DADARAN No.

Kagiatan

1.

Guru nitah murid sina niteunan deui eusi bacaan kalawan gemet.

2.

Guru nitah murid sina maham eusi bacaan ku cara ngajawab pananya nu geus disayagikeun.

Bab 2 Pituduh Husus

71

Pikeun maham eusi bacaan, ayeuna pék jawab pananya ieu di handap! 1. Di mana perenahna lembur Rudi téh? Di sisi jalan gedé. 2. Ngaréndéng jeung imah saha imah Rudi téh? Bibina Rudi. 3. Aya naon tukangeun imah Rudi téh? Aya sawah. 4. Keur kaayaan kumaha paré tukangeun imah téh? Keur sumedeng beukah. 5. Sabaraha kilo jauhna ti imah Rudi ka sakola? Sakilometer. 6. Saha nu sok nyampeur Rudi mun ka sakola? Déwi. 7. Saha waé nu sok kerja kelompok di imah Rudi? Déwi jeung Nénéng. 8. Ceuk éta bacaan, di mana Rudi téh lahirna? Di lembur nu ayeuna dicicingan. 9. Kumaha kulawarga Rudi jeung tatanggana? Akur tur soméah. 10. Kumaha kulawarga Rudi kana agama? Getol ibadah ka Pangéran. 3.

Guru meunteun murid bener henteuna dina ngajawab pananya ngeunaan eusi bacaan.

C. NGALENGKEPAN KALIMAH No.

Kagiatan

1.

Guru nitah murid sina niténan kecap-kecap nu patali jeung kaayaan lngkungan.

2.

Guru nitah murid disina ngalengkepan kalimah nu dicopongkeun ku kecapkecap nu patali jeung kaayaan lingkungan.

3.

Guru nitah murid ngalengkepan kalimah nu dicopongkeun ku kecapkecap nu patali jeung kaayaan lingkungan. Ngaran kontékstual, kalimah anu dicopongkeun mangrupa bagian tina alinéa atawa paragraf. Pék pasangkan kecap-kecap di kolom Beulah katuhu kana kolom nu dinomeran Beulah kénca.

72

Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas IV

Imahna téh aya di sisi .B. (1) Citarum. Rada inggis mun geus hujan mah. Biasana sok datang .F. (2). Cai léb-léban sok nepi ka …H.. (3) imah. Kampung nu aya di beulah hilir mah nyaéta Kampung Cieunteung sok …K... (4) ku cai. Malah mun tuluy-tuluyan hujan, urang kampung éta mah sok arindit …C… (5). Mun geus ngungsi mah, warga téh…E... (6). Sararéna ngagolér di mana waé. Dahar ogé …D… (7). Atuh bantuan ti warga nu lian, sok …J…. (8), kaasup ti pamaréntah. Malah dina warta-warta televisi ogé sok muncul, boh televisi nasional boh televisi lokal. Cieunteun kakeueum. Malah cai téh sok nepi ka na suhunan imah. Perenahna Kampung Cieuteung téh aya dina …I…. (9). Malah sajajar rata jeung walungan Citarum. Atuh munasabah lamun …G... (10) saeutik ogé cai téh kaluar ti walungan. Antukna kampung téh kakeueum.

4.

A. B. C. D. E. F. G. H. I. J. K.

cai walungan ngungsi dibéré katalangsara caah hujan buruan léngkob datang Kakeueum

Guru meunteun murid bener henteuna dina ngalengkepan kalimah nu disayagikeun.

D. NYUSUN KARANGAN DADARAN No.

Kagiatan

1.

Guru nitah murid sina nyusun dadaran pondok.

2.

Guru nitah murid disina niténan conto karangan dadaran pondok.

3.

Guru nitah murid disina latihan nyusun dadaran pondok.

4.

Ngarah babarieun, guru nitah murid niténan jejer-jejer nu kudu dimekarkeun jadi karangan.

Bab 2 Pituduh Husus

73

Carana mah kieu. a. Aya di mana imah tempat cicing hidep. b. Kumaha kaayaan imah hidep saperti warna cetna, bentukna, jsté. c. Tataan naon waé nu aya di sabudeureun imah hidep. d. Ka mana nyanghareupna imah hidep. e. Aya naon hareupeun atawa tukangeun imah hidep. f. Ari di gigireun imah hidep aya naon deui. g. Sakumaha jarak imah hidep ka sakola atawa ka pasar. 5.

Guru meunteun murid bener henteuna nulis dadaran pondok.

E. MACA NGAJERMBARAN No.

Kagiatan

1.

Guru nitah murid maca deui bacaan dina jero haté nu judulna “Candi Jiwa” pikeun ngajembaran kaweruhna.

2.

Pikeun maham eusi bacaan, guru nitah murid disina ngajawab pananya nu geus disayagikeun. Pananya jeung jawabanana ébréh ieu di handap. 1. Di mana Candi Jiwa téh perenahna? Di Désa Segaran, Kabupatén Karawang. 2. Masih dina tahap naon Candi Jiwa nepi ka kiwari? Candi Jiwa tacan kabuka sagemblengna. 3. Naon nu bacacar di Batujaya téh? Titinggal jeung artefak. 4. Sabaraha situs nu geus kapanggih di Karawang téh? Total aya 24 titinggal. Malah kapanggih 31 tapak situs sésa banunan kuna. 5. Dingaranan luyu jeung naon situs téh? Luyu jeung ngaran tempat ayana candi. 6. Candi Jiwa téh sésa percandian agama naon? Sésa-sésa Percandian Budha Kuno 7. Di mana perenahna Batujaya téh di pasir atawa tengah pasawahan? Di tengah pasawahan. 8. Naon disebutna situs téh ku masarakat dinya? Unur-unur.

74

Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas IV

9. Tina naon Candi Jiwa téh bahanna? Bata beureum. 10. Jadi bukti naon titinggal karuhun téh? Kaagungan Gusti ALloh. 3.

Guru meunteun murid bener henteuna dina ngajawab pananya ngeunaan eusi bacaan.

F. NYARITAKEUN DADARAN No.

Kagiatan

1.

Guru nitah murid sina niténan deui bacaan “Candi Jiwa”.

2.

Guru nuyun murid dina nyaritakeun deui bacaan “Candi Jiwa”. Sangkan babari, hidep kudu nyatet heula gagasan tina unggal paragraf. Eta téh mangrupa inti eusi tina unggal paragraf. Mun geus digabungkeun, bakal jadi eusi sagemblengna dadaran. Ngarah babari, ku hidep tuturkeun bagianbagian ieu di handap. a. Pernahna Candi Jiwa b. Kaayaan Candi Jiwa. c. Kapanggihna Candi Jiwa anu bacacar. d. Gambaran Kompléks Candi Jiwa. e. Pernahna Batu Jaya. f. Rupa-rupa artefak di lingkungan Candi Jiwa.

3.

Guru nitah murid disina nyaritakeun deui bacaan “Candi Jiwa” ku kekecapan sorangan di hareupeun babaturanana. 1. Paragraf 1 eusina ngeunaan ‘imah Uus di deukeut Candi Jiwa sarta perenahna Candi Jiwa’. 2. Paragraf 2 eusina ngeunaan ‘artefak Candi Jiwa bacacar di sawatara tempat’. 3. Paragraf 3 eusina ngeunaan ‘SItus Batujaya munggaran kapanggih ku Tim Arkéologi Fakultas Sastra Universitas Indonésia taun 1984. Anu manggihan rupa-rupa artefak di sawatara tempar’. 4. Paragraf 4 eusina ngeunaan ‘Kompléks Percandian Batujaya diduga kompléks sésa-sésa Percandian Budha Kuno’. 5. Paragraf 5 eusina ngeunaan ‘Sajeroning ditalungtik, kapanggih rupa-rupa artefak anu bahanna bata beureum, anu sanggeus dirékonstruksi tétéla éta téh candi.’ 6. Paragraf 6 eusina ngeunaan ‘kapanggih rupa-rupa artefak anu bahanna bata beureum, anu sanggeus dirékonstruksi tétéla éta téh candi.’ Bab 2 Pituduh Husus

75

Sanggeus réngsé kagiatan diajar bahan dina pangajaran 8, guru babarengan jeung murid nyindekkeun eusi bahan pangajaran nu patali jeung “lingkungan padumukan”. Guru ngayakeun réfléksi ngeunaan kamajuan diajar murid. Guru ogé ngukur kamampuh murid ku cara ngayakeun kagiatan meunteun, boh dina waktu lumangsung kagiatan diajar boh di ahir pangajaran. Jaba ti éta, guru nangtukeun geus tutas acanna murid kana bahan pangajaran maké Kritéria Katutasan Minimal (KKM).

EVALUASI Kritéria Katutasan Minimal (KKM) Kritéria Meunteun A. MACA JERO HATÉ B. MAHAM EUSI DADARAN C. NGALENGKEPAN KALIMAH D. NYUSUN KARANGAN DADARAN E. MACA NGAJEMBARAN F. NYARITAKEUN DADARAN

76

Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas IV

Katerangan Tutas Enggeus Encan

PANGAJARAN 9 Tema : Kadaharan séhat tur ngandung giji Bahan : Dadaran Média : Téks jeung Gambar Tujuan Pangajaran: Saréngséna kagiatan diajar ngajar, murid bisa maca jero haté, maham eusi dadaran, nyebutan istilah kadaharan, ngalarapkeun kecap kana kalimah, nyawalakeun kadaharan, midangkeun hasil sawala, nyusun karangan dadaran, jeung néangan dadaran séjén. KAGIATAN DIAJAR: Saméméh kagiatan diajar lumangsung, guru nepikeun nepikeun heula téma, tujuan, jeung gurat badag bahan pangajaran. Guru ngébréhkeun yén bahan ajar aya salapan bagian, nyaéta (1) maca jero haté, (2) maham eusi dadaran, (3) nyebutan istilah kadaharan, (4) ngalarapkeun kecap kana kalimah, (5) nyawalakeun kadaharan, (6) midangkeun hasil sawala, (7) migawé latihan, (8) migawé pancén di imah, jeung (9) néangan istilah kadaharan tradisional Sunda. Guru ngondisikeun murid sangkan sayaga pikeun diajar. Kagiatan diajar dilaksanakan ngaliwatan léngkah-léngkah ieu di handap. A. MACA JERO HATÉ No.

Kagiatan

2.

Guru nitah murid maca bacaan dina jero haté nu témana “Kadaharan séhat tur ngandung giji” kalawan judul “Kalua”.

3.

Guru nitah murid sina niténan eusi bacaan “Kalua” kalawan gemet.

B. MAHAM PEDARAN No.

Kagiatan

1.

Guru nitah murid sina niteunan deui eusi bacaan kalawan gemet.

2.

Guru nitah murid sina maham eusi bacaan ku cara ngajawab pananya nu geus disayagikeun.

Bab 2 Pituduh Husus

77

Pikeun maham eusi pedaran perkara kadaharan, hidep kudu ngajawab ieu pananya. 1) Di wewengkon mana nu sok nyieunan kalua jeruk téh? Ciwidey. 2) Naon sababna éta kadaharan téh disebutna kalua jeruk? Lantaran bahanna tina cangkang daut jeruk bali. 3) Jeruk naon nu sok dipaké bahan nyieun kalua téh? Jeruk bali. 4) Kumaha cara nyieun kalua jeruk? Cangkang jeru dipiceun kulitna, tuluy dikeureutan. Geus kitu, dikeueuman ku cai gula. 5) Naon bédana kalua jeruk jeung kalua gedang? Béda bahan bakuna. Kalua jeruk dijieun tina kulit jeruk bali, dikeueuman cai gula. 6) Mun kalua dijadikeun industri rumah, bakal kumaha masarakat? Masarakat bakal diuntungkeun 3.

Guru meunteun murid bener henteuna dina ngajawab pananya ngeunaan eusi bacaan.

C. NYEBUTAN ISTILAH KADAHARAN No.

Kagiatan

1.

Guru nitah murid sina niténan ngaran-ngaran kadaharan kalawan gemet.

2.

Guru nitah murid sina nyebutan ngaran kadaharan dumasar kana bahan jeung cara ngolahna. Ayeuna hidep kudu nyebutan rupa-rupa kadaharan atawa inuman has Sunda. Ngarah babari, tuluykeun sebutan rupa-rupa kadaharan atawa inuman anu sakelompok. Sebutkeun sakurang-kurangna tilu rupa. 1. Kadaharan nu asalna béas aya opak, ranginang, awug, bugis 2. Inuman Sunda téh aya bandrék, bajigur, wédang jahé, goyobod 3. Kadaharan Sunda nu bahanna sampeu nyaéta comro, peuyeum, gegetuk, kicimpring 4. Kadaharan nu dikulub aya kulub suuk, kulub sampeu, kulub suuk, kulub jagong 5. Kadaharan nu digoréng aya goréng lauk, goréng cau, goréng sangu, goréng sampeu.

3.

78

Guru meunteun murid bener henteuna dina ngajawab pananya nu disayagikeun.

Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas IV

D. NGALARAPKEUN KECAP KANA KALIMAH No.

Kagiatan

1.

Guru nitah murid disina niténan kecap katut larapna dina kalimah. kalawan gemet.

2.

Guru nitah murid disina ngalengkepan kalimah nu dicopongkeun ku kecapkecap nu geus disayagikeun gigireunana. Kecap-kecap nu disayagikeun raket patalina jeung cara ngolah kadaharan. Dina téks anu dibaca ku hidep kapanggih rupa-rupa kecap nu patali jeung pagawéan. Lengkepan kalimah ieu di handap ku kecap nu aya gigireunana. 1. Cau beunang nyiksikan téh …F… dina nyiru. A. dibeuleum 2. Jagong beunang meungkeut …I.. dina paraseuneu. B. dikeueum 3. Cau nu atah kénéh téh ……H……. dina lombang. C. digodog 4. Waluh téh keur ……G…. dina langseng. D. disangray 5. Cangkang jeruk téh ………B……… dina ciapu. E. dituuskeun 6. Suuk téh bisa disangray bisa ………J………... F. dipoé 7. Sampeu beunang ngumbah téh tuluy ………G…….. G. diseupan 8. Suuk téh ……D…… dina katél. H. dipeuyeum 9. Daun gedang beunang ngala ……C……dina panci. I. digarang 10. Opak téh ……A……. dina hawu. J. digoréng

3.

Guru meunteun murid bener henteuna dina ngajawab pananya anu disayagkeun.

E. NYAWALAKEUN KADAHARAN No.

Kagiatan

1.

Guru nitah murid sina nyieun kelompok diskusi anu anggotana hétérogén..

2.

Guru nugaskeun tiap-tiap kelompok pikeun maca jeung niténan bacaan perkara kadaharan anu béda-béda.

3.

Guru nitah tiap-tiap kelompok ngadiskusikeun kadaharan.

4.

Guru nitah tiap-tiap kelompok ngajawab pananya ngeunaan eusi bacaan.



Kelompok 1 nyawalakeun kadaharan “karédok”. Pék jawab ieu pananya!

Bab 2 Pituduh Husus

79

1) Naon waé bahan pikeun nyieun karédok téh? Kacang panjang, bonténg, térong, togé,jeung engkol. Ari samara anu diperlukeun nyaéta goréng atawa sangray suuk, uyah, bawang bodas, bawang beureum, cikur, gula beureum, jeung céngék. 2) Kumaha carana nyieun karédok? Cik pék terangkeun! Sayuran sagala atah diberesihan tuluy disiksikanan. Samara nu geus disadiakeun téh, tuluy diréndos ku mutu dina cowét. Sanggeus réngsé, caian saeutik. Sayuran beunang nyiksikan téh, tuluy galokeun kana samara nepi ka rata. 3) Kumaha cara ngadaharna karédok téh? Karédok didaharna jeung sangu atawa lontong dina waktu dahar beurang atawa dahar peuting. 4) Sok dibarengan ku naon ari dahar karédok? Pidangan karédok ogé sok dibarengan kukurupuk. 5) Lamun urang jajan karédok, sok diwadahan naon? Lamun urang jajan karédok, biasana sok dipincuk ku daun cau. Kelompok 2 nyawalakeun kadaharan “Kicimpring” Pék jawab ieu pananya! 1) Ceuk dugaan, ieu kadaharan disebut kicimpring, naon sababna? Lantaran wangunna ipis nyempring. 2) Naon baé bahan keur nyieun kicimpring téh? Jaba ti bahan baku nu mangrupa sampeu, perlu ogé samara saperti uyah, bawang daun, céngék atawa cabé, jeung samara pécin. 3) Kumaha carana nyieun kicimpring téh? Pék jelaskeun! Ari cara nyieunna kieu. Sampeu dipesék cangkangna, tuluy dikumbah, sarta diparud. Parudan sampeu dicampuran ku uyah, bawang daun beunang nyiksikan saperluna. Geus kitu mah, galokeun nepi ka rata. Adonan sampeu diemplé-emplé sina ipis tur dibuleud atawa dilonjongkeun dina tutup panci. Geus kitu diseupan ngarah asak. Geus asak mah dijait, tulu dipoé nepi ka garing. Kakara geus garing, opak digoréng atawa didéangkeun nepi ka asak. 4) Kumaha carana ngadahar kicimpring téh? Kicimpring diidangkeun minangka lalawuh bareng jeung citéh atawa cikopi. 5) Sok dibarengan ku naon lamun ngadahar kicimpring? Sok dibarengan ku citéh atawa cikopi. 80

Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas IV

Kelompk 3 nyawalakeun kadaharan “Kiripik Cau” Pék jawab pananya ieu di handap. 1) Naon sababna ieu kadaharan téh disebut kiripik cau? Lantaran bahanna dijieunna tina cau. 2) Naon baé bahan keur nyieun kiripik cau? Cau nu sok dikiripik nyaéta cau siem atawa cau raja. Ari bahan séjénna aya cai, gula bodas atawa gula beureum, uyah, minyak goréng. 3) Kumaha carana nyieun kiripik cau? Pék jelaskeun! Cau dipesék cangkangna, tuluy disiksik ka panjangna sing aripis. Lamun rék nyieun kiripik asin, cau beunang nyiksikan dikeueumkeun kana ciuyah. Antepkeun sakeudeung ngarah ciuyah nyerep, kakara digoréng. Tapi lamun rék nyieun kiripik amis, cau beunang nyiksikan digoréng nepi ka asak. Geus kitu, digalokeun kana cigula. 4) Kumaha carana ngadahar kiripik cau? Kiripik cau jadi lalawuh, biasana dikéleran 5) Sok dibarengan ku naon lamun ngadahar kiripik cau? Disuguhkeun ka sémah jeung citéh atawa cikopi. Kelompok 4 nyawalakeun kadaharan “Kiripik Kentang” Pék jawab pananya ieu di handap. 1) Naon sababna disebut kiripik kentang? Lantaran bahan dijieunna tina kentang. 2) Naon baé bahan keur nyieun kiripik kentang? Jaba ti bahan baku kentang, diperlukeun bahan jeung samara séjénna saperti uyah, cai, apu seupah, minyak goréng. Parabot nu dipaké katél jeung baskom. 3) Kumaha carana nyieun kiripik kentang? Ari cara nyieunna kieu. Kentang dipesék cangkangna, tuluy disiksik. Keueuman ku ciapu, tuluy seupan sakeudeung. Geus kitu, dipoé nepi ka garing, kakara digoréng. 4) Kumaha carana ngadahar kiripik kentang? Kiripik kentang jadi lalawuh anu sok dikéleran. 5) Sok dibarengan ku naon lamun ngadahar kiripik kentang? Disuguhkeun ka sémah, dibarengan ku citéh atawa cikopi.

Bab 2 Pituduh Husus

81

Kelompok 5 nyawalakeun kadaharan “Kiripik Sampeu” Pék jawab pananya ieu di handap! 1) Naon sababna ieu kadaharan téh disebut kiripik sampeu? Lantaran bahan dijieunna tina sampeu. 2) Naon baé bahan keur nyieun kiripik sampeu? Jaba ti sampeu, diperlukeun bahan séjénna saperti cai, uyah, minyak goréng. Parabot nu dipakéna nyaéta katél, aseupan, jeung nyiru. 3) Kumaha carana nyieun kiripik sampeu? Pék jelaskeun! Cara nyieuna kieu. Sampeu dipesék cangkangna, dikumbah, tuluy diseupan nepi ka asak. Geus tiis, tuluy disiksikan aripis sarta dipoé nepi ka garing. Lamun geus garing, bisa digoréng sarta dipurulukan ku uyah. 4) Kumaha carana ngadahar kiripik sampeu? Kiripik sampeu téh lalawuh anu sok disuguhkeun diina kéler. 5) Sok dibarengan ku naon lamun ngadahar kiripik sampeu? Dahar kiripik sampeu sok dibarengan ku citéh atawa cikopi. Kelompok 6 nyawalakeun kadaharan “Kiripik Taleus” Pék jawab ieu pananya! 1) Naon sababna ieu kadaharan téh disebut kiripik taleus? Lantaran bahan djieunna tina taleus. 2) Naon baé bahan keur nyieun kiripik taleus? 3) Kumaha carana nyieun kiripik taleus? Pék jelaskeun! Bahan-bahanna nyaéta taleus, uyah, cai, jeung minyak goréng. Ari parabotna mah cukup ku katél. 4) Kumaha carana ngadahar kiripik taleus? Cara nyieunna kieu.Taleus dipesék cangkangna, tuluy disiksikan aripis, ngujur ka panjangna atawa ka lébarna, kumbah nepi ka beresih. Keueum kana ciuyah, antepkeun sina nyerep uyahna nepi ka rata. Geus kira-kira uyahna nyerep, tuluy tuuskeun, kakara digoréng. 5) Sok dibarengan ku naon lamun ngadahar kiripik taleus? Didaharna dibarengan ku citéh atawa cikopi. 5.

82

Guru meunteun prosés diskusi kelompok daria henteuna.

Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas IV

F. MIDANGKEUN HASIL SAWALA No.

Kagiatan

1.

Guru nitah murid sina nepikeun hasil diskusi kelompokna séwang-séwangan.

2.

Guru nitah wawakil kelompok midangkeun hasil diskusi kelompokna.

3.

Guru nitah murid séjén ngabandungan kalawan daria sarta nyatet naon-naon nu ditepikeun ku kelompok séjén.

4.

Guru nitah murid ngoméntaran pidangan wawakil kelompok tina hasil diskusina.

5.

Guru meunteun murid dina midangjeun hasl diskusi kelompokna.

G. MIGAWÉ LATIHAN No.

Kagiatan

1.

Guru nitah murid sina nyatet pidangan kelompok nu patali jeung eusi matérina.

2.

Guru nitah murid sina ngajawab pananya anu geus diyagikeun patali jeung eusi sawala. Pananya jeung jawaban ngeunaan eusi sawala ébréh ieu di handap. 1. Ari kalua téh aya sabaraha rupa? Kalua jeruk, kalua gedang, jeung kalua suuk. 2. Kumaha cara nyieun kalua jeruk? Kulit jeruk nu héjona dipiceun nepi ka katempo dagingna bodas. Tuluy diberesihan jeung dikeueum dina cai apu seupah. Geus nyerep cai apuna, tuluy digodog maké cai gula beureum atawa cai gula bodas nepi ka caina saat. Geus kitu dituuskeun jeung dipoé. 3. Ciri has wewengkon mana ari karédok téh? Wewengkon Sunda. 4. Naon waé bahan pikeun nyieun karédok téh? Kacang panjang, bonténg, térong, togé,jeung engkol. Ari samara anu diperlukeun nyaéta goréng atawa sangray suuk, uyah, bawang bodas, bawang beureum, cikur, gula beureum, jeung céngék. 5. Sebutkeun dua kadaharan nu bahanna tina sampeu? Comro jeung kicimprig.

Bab 2 Pituduh Husus

83

6. Sebutkeun rupa-rupa kadaharan nu mangrupa kiripik? Kiripik cau, kiripik sampeu, kiripik kentang. 7. Naon bédana kiripik cau, kentang, sampeu, jeung taleus? Bahanna ari kiripik cau mah bahan dijieunna tina cau, kiripik kenang bahan dijieunna tina kentang, kiripik sampeu bahan dijieunna tina sampeu, kiripik aleus bahan dijieunna tina taleus. 8. Naon sasaruaanana dina nyieun kiripik cau, kentang, sampeu, jeung taleus? Bahan-bahanna sarua diiris atawa disiksik, tuluy digoréng. 9. Bahan naon anu sarua dina nyieun kiripik cau, kentang, sampeu, jeung taleus? Samara jeung minyak. 10. Pidangan kiripik téh sok dibarengan ku citéh jeung cikopi. Kumaha cara nyieun citéh jeung cikopi? Téh ditinyuh ku ku cai panas. Ari cikopi mah, carana kopi dibauran ku gula, tuluy ditinyuh ku cipanas sarta dikocék. 3.

Guru meunteun murid bener henteuna ngajawab pananya.

H. MIGAWÉ PANCÉN DI IMAH No.

Kagiatan

1.

Guru nitah murid sina maca deui bacaan séjénna nu judulna “Kupat”.

2.

Guru nitah murid sina niténan eusi bacaan nu judulna “Kupat”.

3.

Guru nitah murid sina maham eusi bacaan ku cara ngajawab pananya nu geus disayagikeun. Pananya jeung jawabanana saperti ieu di handap. 1) Sebutkeun tilu rupa wangun kupat? Kupat tahu, kupat lantéra, jeung kupat salamet. 2) Tina naon dijieunna cangkang kupat téh? Janur. 3) Béas pikupateun, saméméh dikulub, sok maké naon heula? Cai apu. 4) Sabaraha lilana ngulub kupat téh? Kira-kira sajam satengah dina kompor atawa tujuh jam dina hawu. 5) Naon nu dimaksud ku kupat tahu téh? Kupat anu biasana didagangkeun di tukang kupat tahu, anu dipidangkeunana kupat jeung tahu ditinyuh ku samara.

3.

84

Guru meunteun nurid benre henteuna dina ngajawab pananya nu geus disayagikeun. Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas IV

I. NÉANGAN KADAHARAN No.

Kagiatan

1.

Guru nitah murid sina néangan jeung nyatet kadaharan has Sunda séjénna.

2.

Guru nitah murid sina néangan tur nyatet kadaharan tina buku, majalah, koran, internét, atawa nanyakeun ka kolotna atawa ka saha waé.

3.

Guru nitah murid ngumpulkeun tugasna minggu hareupna, sarta dipeunteun ku guru, peunteunna diasupkeun kana daftar peunteun.

Sanggeus réngsé kagiatan diajar bahan dina pangajaran 9, guru babarengan jeung murid nyindekkeun eusi bahan pangajaran nu patali jeung “Kadaharan Tradisional”. Guru ngayakeun réfléksi ngeunaan kamajuan diajar murid. Guru ogé ngukur kamampuh murid ku cara ngayakeun kagiatan meunteun, boh dina waktu lumangsung kagiatan diajar boh di ahir pangajaran. Jaba ti éta, guru nangtukeun geus tutas acanna murid kana bahan pangajaran maké Kritéria Katutasan Minimal (KKM).

Bab 2 Pituduh Husus

85

EVALUASI Kritéria Katutasan Minimal (KKM) Kritéria Meunteun A. MACA JERO HATÉ B. MAHAM EUSI PEDARAN C. NYEBUTAN ISTILAH KADAHARAN D. NGALARAPKEUN KECAP KANA KALIMAH E. NYAWALAKEUN KADAHARAN F. MIDANGKEUN HASIL SAWALA G. MIGAWÉ LATIHAN H. MIGAWÉ PANCÉN DI IMAH I. NEANGAN ISTILAH KADAHARAN SUNDA

86

Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas IV

Katerangan Tutas Enggeus Encan

Bab

Pituduh Meunteun

3

A. Kritéria Meunteun Katutasan Minimal (KKM) 1. KKM dipeunteun dina unggal ahir pangajaran keur tiap-tiap murid. 2. Jumlah komponén anu dipeunteun béda-béda guantung kana jumlah komonén dina unggal pangajaran. 3. Komponén anu dipeunteun dicontréng geus tutas acanna. 4. Conto rubrik KKM Pangajaran 9 Kritéria Katutasan Minimal (KKM) Katerangan Tutas Enggeus Encan

Kritéria Meunteun A. MACA JERO HATE B. MAHAM EUSI PEDARAN C. NYEBUTAN ISTILAH KADAHARAN D. NGALARAPKEUN KECAP KANA KALIMAH E. NYAWALAKEUN KADAHARAN F.

MIDANGKEUN HASIL SAWALA

G. MIGAWÉ LATIHAN H. MIGAWÉ PANCÉN DI IMAH I. NÉANGAN ISTILAH KADAHARAN SUNDA

B. Rubrik Meunteun Sawala (Diskusi) Kritéria

ALus Pisan (3)

Cukup (2)

Latihan Deui (1)

Ngaregepkeun

Saregep

Kurang saregep

Api lain

Komunikasi nonverbal

Ngaréspon

Kurang réspon

Api lain

Ilubiung

AKtif, silihéledan

Kurang aktif

Cicingeun

Omongan

Nepikeun pamadegan ngaruntuy

Nepikeun pamadegan kurang ngaruntuy

Cicingeun

88

Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas IV

Katerangan: 1. Kumpulkeun peunteun murid luyu jeung aspék nu dipeunteun. 2. Cara meunteun : Total peunteun ____________ x 10 12 3. Contona : 2 + 3 + 1 + 2 8 ____________ x 10 = ____ = 6,7 12 12

C. Rubrik Meunteun Sikep No.

Sikep

1.

Taliti

2.

Tanggung jawab

3.

Disiplin

4.

Jujur

5.

Santun

6.

Peduli

7.

Percaya diri

Encan écés

Mimiti écés

Mimiti Mekar

Dibiasakeun

Kat.

D. Rubrik Meunteun Latihan

1. Latihan dipeunteun luyu jeung lobana soal katut hésé banggana. 2. Lamun aya soal latihan 5, tiap soal dibéré peunteun 2, jumlah skorna 10. Jumlah soal (5) X bobot peunteun (2) = 10. 3. Lamun aya soal latihan 10, tiap soal dibéré peuteun 1, jumlah skorna 10. Jumlah soal (10) x booto peunteun (1) = 10.

Bab 3 Pituduh Meunteun

89

E. Daftar Peunteun Murid (Kaweruh jeung Kaparigelan) No.

Ngaran Murid

1

Rata-rata Peunteun Tiap Pangajaran 2 3 4 5 6 7 8

9

M

1. 2. 3. 4. jst.

F. Réfléksi Guru Réfléksi mangrupa eunteung tina kagiatan diajar ngajar geus hasil acanna. Ku kituna, guru kudu ngajawab pananya ieu di handap. Réfléksi guru dilaksanakeun unggal geus réngsé pangajaran. 1. Kumaha prakna pangajaran? Pangajaran mana nu geus éféktif? .............................................................................................................................. .............................................................................................................................. 2. Pangajaran mana nu perlu ditingkatkeun? .............................................................................................................................. .............................................................................................................................. 3. Bahan mana nu geus dikawas ku murid? .............................................................................................................................. .............................................................................................................................. 4. Naha aya bahan nu héséeun keur murid? .............................................................................................................................. .............................................................................................................................. 5. Kumaha rarancang ngoméan pangajaran keur minggu hareup? Kumaha léngkah-léngkahna? .............................................................................................................................. .............................................................................................................................. 90

Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas IV

Bab

Bahan Pangjembar

4

A. Kaweruh Basa jeung Sastra 1. Tatakrama Basa Undak usuk basa atawa tatakraa basa saenyana mangrupa sasaruaan kecap (sinonim). Anu bédana téh lebah nuansa harti, rasa basa, jeung cara makéna. Kecap kasar nuduhkeun suasana teu hormat, ilaharna dipaké waktu ngambek atawa ka sasatoan. Kecap lemes nudhkeun suasana hormat, boh ka diri sorangan boh ka diri batur. Kecap lemes keur sorangan jeung batur aya bédana. Duanana teu bisa dipatukeurkeun. Lamun kecap lemes keur ka batur dipaké ka sorangan sok disebut ngalemesan sorangan. Mémang asal-usulna tatakrama basa téh pangaruh ti Mataram dina abad ka-17. Teu saeutik kecap-kecap lemes dina basa Sunda asalna tina basa Jawa. Hasil panalungtikan Coolsma anu ngabdingkeun 400 kecap lemes basa SUnda jeung basa Jawa manggihan 275 kecap lemes dina basa Sunda asalna tina basa Jawa. Najan kitu, lebah makéna sok aya bédana, anu dina basa Sunda kasar dina basa Jawa mah lemes. Upamana waé, kecap dahar dina basa Sunda mah kagolong kana kecap kasar, ari dina basa Jawa mah kagolong kana kecap lemes. Basa hormat téh ditangtukeun ku opat hal, nyaéta (1) lisan atawa kecap-kecapna, (2) pasemon, (3) réngkak jeung peta, sarta (4) lentong. Tahapan tatakrama atawa undak usuk basa Sunda téh bisa dibagi jadi a. Kecap lemes, anu ngawengku: (1) Kecap lemes keur ka batur, saperti kulem, gugah, tuang, angkat (2) Kecap lemes keur ka sorangan, saperti mondok, hudang, neda, mios b. Kecap sedeng atawa wajar saperti dahar, balik, saré c. Kecap kasar, saperti tetegék, nyatu, ngajedog. d. Kecap nétral, anu teu aya lemesna teu aya kasarna saperti méja. Dina dasarna bédana kecap kasar/wajar jeung kecap lemes keur sorangan sarta kecap lemes keur batur téh mibanda tilu kelompok pola. Pola 1:

Kecap Kasar mandi

=

Kecap Lemes J-1 mandi

≠ Kecap Lemes J-2/J-3 siram

Pola 2:

Kecap Kasar maca



Kecap Lemes J-1 maos

= Kecap Lemes J-2/J-3 maos

Pola 3:

Kecap Kasar dahar



Kecap Lemes J-1 neda

≠ Kecap Lemes J-2/J-3 tuang

92

Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas IV

2. Karangan Pedaran (Éksposisi) Anu dimaksud karangan pedaran (éksposisi) nyaéta karangan anu eusina ngajelaskeun atawa ngajéntrékeun tur medar hiji objék, prosésna, tujuanana, jeung gunana. Wacana éksposisi ditujukeun pikeun ngajembaran pangaweruh hiji jalma. sakapeung sok disebut wacana prosédural lantaran ngagambarkeun cara ngalaksanakeun hiji pagawéan saperti resép kuéh, resép kadaharan, jeung formula obat. Aya rupa-rupa téhnik anu bisa dipaké dina nyusun wacana éksposisi, di antarana, ku cara idéntifikasi, babandingan, ilustrasi, klasifikasi, définisi, jeung prosés. Di handap ieu salasahiji conto éksposisi maké téhnik proses. SAMBEL CIBIUK Bahan : (1) tomat ngora (héjo) 2 siki, (2) surawung sabeungkeut, candak daunna wungkul, (3) cikur dua buku curuk, (4) tarasi saséndok th, goréng atanapi beuleum, (5) gula bodas satengah séndok téh, (6) uyah satengah séndok téh, (7) céngék 10 siki, jeung (8) cabé héjo 4 siki. Ngadamelna: Tomat sareng cabé héjo siksikan, lajeng réndos sareng sadaya bahan, tapi tomat sareng surawuyngna ulah lembut teuing. Tos kitu mah kantung diidangkeun. No. 1665:50)

Bab 4 Bahan Pangjembar

93

B. Glosarium alas bandawasa dibobotohan

= leuweung geledegan = didukung; bobotoh hartina jalma purah ngagedéan haté atawa ngahudang sumanget ka nu rék tanding dirékonstruksi = diwangun deui gemah ripah = raharja gemah ripah loh jinawi = aman sejahtera gugumplukan = ancal-ancalan, patarenggang hookeun = héraneun kendat = eureun; teu kendat hartina teu eureun kicimpring = opak sampeu mapag = ngajemput miéling = ngéling-ngéling murugul = maksa, mawa karep sorangan ngaremplang = kakeueum ku cai paselang = kombinasi percéka = pinter, réa kabisa, parigel pituing = tulén, asli reuma = urut huma nu keur direureuhkeun sawawa = déwasa tihothat = digawé kacida ripuhna turusuhan lantaran diburu-buru ku waktu towéksa = tulatén, merhatikeun kaayaan jalma lian tulatén = merhatikeun kaayaan jalma lian wewengkon = wewengkuan, daérah atawa wilayah

94

Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas IV

DAPTAR PUSTAKA

Danabrata, R.A. 2009. Kamus Basa Sunda. Bandung: KIblat. Hadi, Ahmad, Spk. 2011. Peperenian. Bandung: Geger Sunten. LBSS. 2007. Kamus Umum Basa Sunda. Bandung: Geger Sunten. Sudaryat,Yayat. 1993. Pedaran Basa Sunda. Bandung: Geger Sunten. Sudaryat,Yayat Spk. 2007. Tatabasa Sunda Kiwari. Bandung:Yrama Widya. Suryani NS, Elis. 2010. Badingkut. Bandung: Danan Jaya. Tim Unicode Aksara Sunda. 2008. Aksara Sunda untuk Unicode. Bandung: Disdik Provinsi Jawa Barat. Wibisana, Wahyu Spk. 2000. Lima Abad Sastra Sunda. Bandung: Geger Sunten. Widaniawati, Wiwin. 2011. Ajén-ajén Etnopédagogi dina Dongéng di Kota Tasikmalaya. Bandung: SPs UPI.

Daftar Pustaka

95