Pamekar Diajar Basa Sunda. Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas II
 9786021300152, 9786021300176

  • Author / Uploaded
  • coll.

Citation preview

DINAS PENDIDIKAN PROVINSI JAWA BARAT 2014

Pamekar Diajar Pamekar Diajar

BASA SUNDA

BASA SUNDA

Buku Buk B u Tu Tuturus Guru SD/MI Kelas II

Buku Tuturus Guru ru SD/ SD/MI Kelas elas II

KURIKULUM 2013

DINAS PENDIDIKAN PROVINSI JAWA BARAT BALAI PENGEMBANGAN BAHASA DAERAH DAN KESENIAN Jl. Dr. Rajiman No. 6 Telp. (022) 4264813 Fax: (022) 4264881 - Bandung Email: [email protected]

II

Pamekar Diajar

BASA SUNDA KIKD Kurikulum 2013

Buku Tuturus Guru SD/MI

Kelas II

DINAS PENDIDIKAN PROVINSI JAWA BARAT 2014

Pamekar Diajar

BASA SUNDA KIKD Kurikulum 2013

Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas II Hak cipta © kagungan Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat Ditangtayungan ku Undang-undang

Disklaimer: Ieu buku téh diajangkeun pikeun guru basa Sunda dina raraga larapna Kurikulum 2013. Ieu buku disusun tur ditalaah ku hiji tim kalawan dikoordinasi ku Balai Pengembangan Bahasa Daerah dan Kesenian (BPBDK) Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat minangka buku kurikulum daerah. Mimitina dipakéna buku taun 2014. Ieu buku téh sipatna “dokumén hirup”. Hartina bakal tuluy disarungsum luyu jeung kabutuh katut panéka jaman. Pangdeudeul ti rupining pihak dipiharep bisa ngundakkeun ajén ieu buku. PANYUSUN: Tatang Sumarsono Ahmad Hadi Ano Karsana Asep Ruhimat Darpan Dede Kosasih H. Dingding Haerudin H.Yayat Sudaryat Risnawati PENELAAH: Prof. Dr. H. Iskandarwassid, M.Pd. Dr. Hj. Ai Sofianti, M.Pd. Drs. H. Elin Syamsuri Drs. Apip Ruhamdani, M.Pd. Budi Riyanto Rarancang Eusi : Yoshi Sukadar Rarancang Jilid : Edi laish Eusi ngagunakeun Adobe InDesign CS3 jeung Adobe Photoshop CS3 Aksara ngagunakeun Bembo Std 12 pt - 24 pt. Dipedalkeun ku: DINAS PENDIDIKAN PROVINSI JAWA BARAT ISBN: 978-602-1300-15-2 (Jilid Lengkap) 978-602-1300-17-6 (Jilid 2) Perpustakaan Nasional : Katalog Dalam Terbitan (KDT)

PANGBAGÉA

KEPALA DINAS PENDIDIKAN PROVINSI JAWA BARAT

Alhamdulillah, ieu buku pangajaran basa Sunda tiasa ngawujud, enggoning nyaosan implemèntasi Kurikulum 2013, pikeun ngeusian lolongkrang Muatan Lokal Mata Pelajaran Bahasa dan Sastra Daerah di Jawa Barat. Hasil garapan tim panyusun tèh aya dua rupi buku nyaèta buku murid sareng buku guru. Èta tèh mangrupa bagian tina pakèt Kurikulum Daerah, hususna ngeunaan pangajaran basa jeung sastra daèrah, dumasar kana Permendikbud No. 81A/2013, ngeunaan implementasi kurikulum. Pami diwincik deui, sanès mung buku wungkul bagian èta Permendikbud tèh, tapi deuih ngawengku Kompetensi Inti jeung Kompetensi Dasar (KI-KD), silabus, sareng Rencana Pelaksanaan Pembelajaran (RPP). Ku medalna ieu buku, dipiharep implementasi kurikulum 2013, hususna ngeunaan pangajaran muatan lokal basa jeung sastra daèrah di Jawa Barat tiasa dilaksanakeun kalawan merenah, luyu sareng udaganana. Saparantosna dialajar ngeunaan basa jeung sastra daèrah, dipiharep dina diri murid aya parobihan anu tètèla, boh unsur sikepna (attitude), boh pangaweruhna (knowledge), boh kamampuh ngagunakeun katut karancagèan (performance; behavior). Singgetna mah èta unsur anu tilu tèh bisa disebut kompetènsi. Kalungguhan guru dina posisi agèn parobahan utama enggoning ngaimplemèntasikeun kurikulum 2013 teu kinten pentingna. Aya hiji hipotèsis basajan, saupami guru kagungan kompetènsi anu nohonan pasaratan Kurikulum 2013, tangtosna gè kalebet guru basa daèrah deuih, tinangtos èta kurikulum bakal tiasa diimplemèntasikeun kalawan merenah. Ku margi kitu, dina nataharkeun sareng ngaronjatkeun kompetènsi guru tèh, di antawisna ku cara nysusun buku padoman guru, kalebet tarèkah anu kedah kènging pangajèn.

iii

Muga-muga waè harepan urang sadaya ngeunaan ayana parobihan anu tétéla dina dunya atikan ku diimplemèntasikeunana Kurikulum 2013 téh tiasa ngawujud, enggoning lahirna Generasi Emas Indonesia dina taun 2045 nu badé dongkap.

Bandung, Desember 2013 Kepala Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat,

Prof. Dr. H. Moh. Wahyudin Zarkasyi, CPA Pembina Utama Madya NIP 19570807 198601 1 001

iv

PANGBAGÉA

KEPALA BALAI PENGEMBANGAN BAHASA DAERAH DAN KESENIAN DINAS PENDIDIKAN PROVINSI JAWA BARAT Kurikulum 2013 ti wangkid ayeuna parantos ngawitan dianggo sacara nasional. Jalaran kitu, pangajaran basa jeung sastra daérah nu diperenahkeun janten muatan lokal di Jawa Barat kedah luyu sareng Kurikulum 2013 hususna patali luyuna sareng eleménelemén parobihan anu janten karakteristik Kurikulum 2013 anu ngawengku; standar kompeténsi lulusan, standar isi, standar prosés, sareng standar penilaian. Éta katangtosan kedah kacangkem sareng kalaksanakeun ku sakumna guru-guru basa jeung sastra daerah anu mancén tugas di SD/MI, SMP/MTs, SMA/MA, sareng SMK/MAK. Ieu buku bahan ajar teh dijudulan Pamekar Diajar Basa Sunda, sadayana aya 24 jilid, ngurung buku siswa 12 jilid sareng buku guru 12 jilid. Kalungguhanana janten buku babon anggoeun di sakola nu aya di Jawa Barat. Buku murid diajangkeun pikeun sakumna murid dumasar kana tingkatan kelas. Buku Murid eusina medar materi ajar sareng pertanyaan-pertanyaan, latihan, tugas/pancen anu raket patalina sareng kompetensi dasar (KD). Buku Guru eusina medar silabus, métodologi pangajaran, sareng évaluasi, ogé mangrupi pangjembar buku murid. Komponén-komponén anu dimekarkeun boh dina buku murid atanapi buku guru dumasar kana opat kaparigelan basa anu ngawengku ngaregepkeun, nyarita, maca, sareng nulis anu diajarkeun maké pamarekan saintifik sareng penilaian auténtik. Hal ieu dumasar kana karakteristik Kurikulum 2013 nu ngalarapkeun pamerakan saintifik sareng penilaian auténtik dina prosés pangajaran. Disusuna ieu buku téh mangrupa lajuning laku tina Surat Edaran Kepala Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat, Nomor 423/2372/Setdisdik, 26 Maret 2013, negunaan Pembelajaran Muatan Lokal Bahasa dan Sastra Daerah pada jenjang SD/MI, SMP/MTs, SMA/MA, SMK/MAK. Sajabi ti eta, ogé dumasar kana Peraturan Gubernur Jawa Barat Nomor 69 Tahun 2013, ngeunaan Pembelajaran Muatan Lokal Bahasa dan Sastra Daerah pada Jenjang Pendidikan Dasar dan Menengah. v

Muga-muga waé ieu buku téh aya manpaatna ka urang sadaya, tur janten cukanglantaran dina merenahkeun sareng memeres basa jeung sastra daerah, anu udagan langkung tebihna pikeun ngamumulé sareng mekarkeun basa jeung sastra daérah, ngalangkungan jalur atikan di Jawa Barat. Tangtosna ogé ieu buku téh teu acan tiasa disebat sampurna. Ku margi kitu, teu kinten diantos-antosna kamadang ti sadayana. Saukur kakirangan anu nyampak dina ieu buku bakal teras didangdosan, supados tiasa nyumponan pameredih sareng kaayaan pajaman. Bandung, Désember 2013 Kepala Balai Pengembangan Bahasa Daerah dan Kesenian,

Drs. H. Husen R. Hasan, M.Pd NIP. 196110051986031014

vi

PANGJAJAP Kurikulum 2013 saenyana mangrupa Kurikulum Berbasis Kompeténsi (KBK) pikeun nyanghareupan panéka jaman, utamana mah kompeténsi atawa kamampuh abad ka-21. Dina ieu abad, daék teu daék butuh karancagéan dina rupining widang, kaasup kamekaran téhnologi, informasi, jeung komunikasi (TIK) milu nangtukeun warna pangajaran basa Sunda. Luyu jeung éta hal, rumusan kompeténsi sikep (agama jeung sosial), kaweruh, jeung kaparigelan nu dipaké dadasar dina Kurikulum 2013 kudu ngaheulakeun pentingna karancagéan jeung komunikasi. Najan kitu, dina pangajaran basa Sunda mah dititénan ogé kahasan basa jeung budaya Sunda minangka média jeung wahana pangajaran basa Sunda. Téma-téma dina buku pangajaran basa Sunda diluyukeun kana téma-téma dina pangajaran tématis SD/MI nu sipatna nasional. Kompeténsi nu dipiharep ku barudak SD/MI dirumuskeun minangka kamampuh mikir jeung paripolah nu rancagé dina ranah nyamuni (abstrak) jeung nembrak (konkrit). Eta kamampuh téh diécéskeun dina kompeténsi inti (KI) anu dipidangkeun ku kaweruh dina basa Sunda anu bener tur merenah, ngéntép seureuh, sarta luyu jeung kontéks situasi. Eta kamampuh téh dirarancang dina prosés pangajaran winangun papancén (project based learning) jeung ngoréhan (discovery learning) anu nyoko kana léngkah-léngkah ngilmiah (saintifik) kayaning niténan, nanya, nyoba (nyungsi), nalar, jeung kedaling (ngomunikasikeun). Ieu buku ngawincik tarékah minimal nu kudu dipilampah ku murid dina ngahontal kompeténsi nu dipiharep. Luyu jeung pamarekan dina Kurikulum 2013, murid diperedih gedé kawanina tur kadaék dina ngoréhan kaweruh perkara basa jeung sastra Sunda, anu engkéna parigel maké basa Sunda. Dampakna murid boga sikep anu hadé kana basa jeung sastra Sunda katut hirup kumbuhna, bari teu mopohokeun sikep agama. Tangtu waé réa kénéh kahéngkéran ieu ibu téh. Panyawad katut pangdeudeul pikeun nyampurnakeun ieu buku pohara dianti-atina.

Bandung, Oktober 2013 Panyusun

vii

DAFTAR EUSI

PANGBAGEA: 1. Kepala Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat _iii 2. Kepala Balai Pengembangan Bahasa Daerah dan Kesenian Dinas Pendidikan Provinsi JAwa Barat _v PANGJAJAP _vii DAPTAR EUSI _viii BAB I PITUDUH UMUM _1 A. Ngeunaan Buku Tuturus Guru _2 B. Padika Make Buku Tuturus Guru _2 C. Tatapakan Formal _4 D. Sistem. Prinsip, jeung pamarekan pangajaran _4 E. Standar Kompetensi Lulusan (SKL) _5 F. Proses Pangajaran _5 G. Kompetensi Inti jeung Kompetensi Dasar (KIKD) _5 H. Tema jeung Bahan Ajar _8 BAB II PITUDUH UMUM _9 PANGAJARAN 1 _10 Tema : Hirup sauyunan _10 PANGAJARAN 2 _18 Tema : Kaulinan di imah jeung sabudeureun _18 PANGAJARAN 3 _26 Tema : Pancén sapopoé _26 viii

PANGAJARAN 4 _33 Tema : Lingkungan sakola _33 PANGAJARAN 5 _40 Tema : Hirup beresih tur séhat _40 PANGAJARAN 6 _48 Tema : Cinta jeung Reueus jadi Bangsa Indonésia _48 PANGAJARAN 7 _55 Tema : Miara sasatoan jeung tutuwuhan _55 PANGAJARAN 8 _62 Tema : Ngajaga kasalametan di imah jeung di jalan _62 BAB III PITUDUH MEUNTEUN _69 A. Kritéria Meunteun Katutasan Minimal (KKM) _70 B. Rubrik Meunteun Sawala (Diskusi) _70 C. Rubrik Meunteun Sikep _71 D. Rubrik Meunteun Latihan _71 E. Daftar Peunteun Murid _72 F. Refleksi Guru _72 BAB IV BAHAN PANGJEMBAR _73 A. Kaweruh Basa jeung Sastra _74 B. Glosarium _77 Daftar Pustaka _80

Bab

Pituduh Umum

1

A. Ngeunaan Buku Tuturus Guru Ieu buku disusun sangkan guru meunang gambaran anu écés dina ngalaksanakeun kagiatan pangajaran basa Sunda. Eusina ngawengku sawatara hal. 1. Tatali téma anu méré gambaran ka guru ngeunaan téma nu nyoko kana kompeténsi dasar (KD) jeung indikator dipageuhan pisan. 2. Kagiatan pangajaran nu tématik pikeun ngagambarkeun pangajaran nu gumulung tur ngamalir. 3. Pangalaman diajar nu miharti (meaningfullnes) pikeun ngawangun sikep jeung paripolah hadé,ngawasa konsép,kaparigelan mikir ngilimiah (saintifik),kamampuh ngaréngsékeun masalah, karancagéan, pribadi nu sonagar (répléktif), tur rasa basa Sunda. 4. Rupining téhnik meunteun kamampuh murid. 5. Wawaran nu jadi calecer (acuan) kagiatan rémédial jeung ngajembaran murid. 6. Kagiatan silih simbeuh tur silih élédan (sharing) antara guru jeung kolot barudak, anu méré lolongkrang keur kolot-kolot murd sangkan ilubiung dina kagiatan diajar murid di imahna séwang-séwangan. 7. Pituduh maké buku babon murid. Kagiatan dina ieu buku dirarancang pikeun mekarkeun kamampuh (sikep, kaweruh, jeung kaparigelan) murid kalawan gumulung tur rinéka. Ari paripolahna ngawengku: 1. Muka pangajaran ku karep murid saperti maca atawa ngaregepkeun téks, tumanya, ngawih, kaulinan, démonstrasi, pidangan masalah, jsté. 2. Nepikeun tujuan pangajaran nepi ka murid bisa nyangreb wawaran nu ditepikeun. 3. Ngali kaweruh murid samémehna sankan bisa ngaitkeun jeung kaweruh nu bakal diulikna. 4. Papancén nu malapah gedang sangkan murid kabantu dina nyangkem konsép. 5. Méré lolongkrang pikeun ngalatih kaparigelan murid. 6. Méré unduring laku (umpan balik) pikeun ngukuhan panyangkem murid.

B. Padika Maké Buku Tuturus Guru Ieu buku Tuturus Guru téh mibanda kagunaan ganda, jaba ti pituduh maké buku babon murid, jadi calecer (acuan) keurkagiatan pangajaran di kelas deuih. Ku penting-pentingna ieu buku, guru dipiharep niténan heula sawatara hal nu dipidangkeun dina ieu buku. 1. Baca heula ieu buku tiap-tiap kaca kalawantelik tur imeut. 2. Cangkem heula tiap-tiap KD jeung indikator nu ngait kana téma. 3. Tarékahan pikeun ngasupkeun KI-1 jeung KI-2 dina sakumna kagiatan pangajaran. Guru kudu nguatan jeung ngukuhan ngawangun sikep, kaweruh, katutg paripolah nu hadé.

2

Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas II

4. Deudeul kahontalna KI-1 jeung KI-2 ku kagiatan ngabiasakeun, pieunteungeun, pituladeun, jeung ngabudayakeun sakola. 5. Luyukeun tiap-tiap léngkah kagiatan nu patali jeung buku babon murid luyu jeung kacana. 6. Mekarkeun gagasan rancagé dina milih padikapangajaran. Sungsi ogé kagiatan séjén lamun kaayaan teu luyu jeung naon-naon nu geus dirarancang. 7. Rupining strtégi pangajaran nu rék dimekarkeun (kayaning murid niténan, nanya, nyaritakeun, metakeun, ngawih, jsté.), jaba ti ngalibetkeun muridna sorangan bisa waé ngalibetkeun warga atawa lingkungan sakola. 8. Guru dipiharep mekarkeun: a. Métode pangajaran aktif, inovatif, kréatif, éféktif, jeung menyenangkan (PAIKEM); b. Timbang-timbang ogé maké pamarekan komunikatif jeung kontékstual; c. Kaparigelan nanya atawa tumanya; d. Kaparigelan muka jeung mungkas pangajaran; e. Kaparigelan ngolah kelas jeung pidangan kelas. 9. Gunakeun media jeung sumber diajar nu aya di sabudeureun sakola atawa patali jeung sosial budaya Sunda. 10. Seméster hiji aya opat téma atawa matéri galeuh, ari dina seméster dua aya nu opat téma (matéri galeuh) aya nu kurang, diluyukeun kana KIKD Mata Pelajaran Basa jeung Sastra Sunda. 11. Tiap-tiap téma (matéri galeuh) rata-rata dirarancang keur sabulaneun (4 x lawungan). 12. Kagiatan dina minggu kahiji dimimitian ku niténan bahan, karep réséptif (ngaregepkeun jeung maca), minggu kadua mangrupa kagiatan nyoba jeung ngulik, ari minggu katilu jeung kaopat ngalarapkeun atawa midangkeun (kagiatan kréatif nulis jeung nyarita) hasil tina minggu kahiji jeung kadua. Murid digiring sangkan kaasah daya nalar jeung mikirna kalawan ngaleunjeur. Kagiatan dirarancang pikeun méré lolongkrang tumanya jeung ngali wawaran nu deukeut jeung murid. 13. Alokasi waktu nyoko kana struktur kurikulum. Guru bisa nangtukeun sorangan alokasi waktu luyu jeung minggu éféktif, situasi katut kaayaan di sakola. 14. Buku babon murid dilengkepan ku bahan-bahan latihan nu luyu jeung hontalan kompeténsi. 15. Hasil pagawéan murid jeung bukti peunteun bisa dikumpulkeun dina portofolio murid. 16. Pikeun tarékah ngoméan diri jeung minggu éféktif, jieun catetan réfleksi sanggeus hiji téma atawa bahan réngsé. 17. Deudeul murid sina resepeun kana basa Sunda sarta yakinkeun yén manéhna téh cerdas tur bisaeun. 18. Sangkan tujuan pangajaran kahontal, guru ogé perlu saregep, enya-enya, tur sabar dina nyanghareupan murid. Ari sababna, kamampuh murid téh béda-béda. Katambahtambah teu sakumna padika pangajaran loyog pikeun sakumna guru, murid, tempat, waktu, jeung bahan ajar.

Bab 1 Pituduh Umum

3

C. Tatapakan Formal Bahan ajar basa Sunda anu dipidangkeun dinaieu buku dumasarkana Kurikulum 2013, ngawengku kasang tukang, karakteristik, jeung tujuanan. Kurikulum basa Sunda atawa Kompetensi Inti jeung Kompetensi Dasar (KIKD) Mata Pelajaran Basa jeung Sastra SUnda disusun jeung dikaluarkeun ku Balai Pengembangan Bahasa Daerah dan Kesenian (BPBDK), Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat. Lamun disusud ka luhurna, ari lebah ngindungna mah tangtu waé kana Kurikulum Tingkat Nasional, da nu ieu mah kaasup kana Kurikulum Daerah (Kurda). Husuna di tingkat SD/MI, Kurikulum Basa Sund anu disusun ku BPBDK téh diwincik jadi KIKD, nu diluyukeun kana téma jeung alokasi waktu. Hal éta disusun mangrupa struktur anu maneuh, tur salawasna kudu jadi padoman dina kagiatan diajarngajar. Cindekna, sajeroning guru ngajarkeun basa Sunda, dipahing méngpar tina katangtuan KIKD, téma, jeung alokasi waktu. Pon kitu deui, ari dina lebah milih bahan katut ngajarkeunana mah, guru dibéré lolongkrang tir diperedih karancagéanana. Ieu buku poma ulah dianggap hiji-hijina sumber bahan ajar. Ari sababna, naon-naon nu diperedih ku KIKD téh moal sagemblengna kacumponan mun ukur ngandelkeun tina hiji sumber. Kudu aya sumbersumber lianna pikeun pangrojong kagiatan diajarngajar, di antarana média massa, bagbagan paélmuan lianna, jeung kondisi sosial budaya masarakat Sunda. Nya ka lebah dinua pisan guru kudu rancngeus téh, kumaha carana néngan jeung nungkab bahan pangrojong sangkan KIKD bisa kacumponan.

D. Sistim. Prinsip, jeung Pamarekan Pangajaran Sakabéh matéri dina ieu buku, ti mimiti bagian wacana, pedara, ulikan, jeung latihan dipidangkeun make sistem spiral; dimitian ti nu babari heula, terus ningkat ka nu hésé. Heula pandeurina nyusun bahan anu dumasar kana babari héséna téh tumerap kana saban pangajaran. Cindekna, tingkat kasulitan bahan anu dipidangkeun dina Pangajaran 1, upamana, kudu aya sahandapeun Pangajaran 2. Lian ti éta, bisa deuih tumerap di jero pangajaran, upamana tingkat kasulitan Pedaran 2 kudu saluhureun Pedaran 1. Kitu deui dina ulikan jeung latihan. Konsép basa anu dianggap énténg dipidangkeunana dina Pedaran 1, atawa bisa waé dina Ulikan 1. Sanggeus nincak kana Pedaran 2 atawa Ulikan 2, murid diwanohkeun kana konsép basa anu tingkat kasulitanana saluhureun nu dipidangkeun dina Pedaran 1 atawa Ulikan 1. Subab pangajaran dingaranan maké kagiatan basa atawa aktivitas murid. Dina wincikan nu leuwih heureut, sistem spiral téh tumerap dina saban nomer deuih. Upamana dina latihan anu diebréhkeun dina pancén ngajawab pananya, tah, tingkat kasulitan dna pananya nomer 8 kudu aya di sahandapeun tingkat kasulitan pananya nomer 9. Sistem spiral anu dignakeun dina ieu buku téh dumasar kana prinsip proporsional, tur tahapan (gradasina) henteu patarenggang. Hal ieu bisa tumerap dina wangun lahiriahna (panjang-pondokna, basajan-kompleksna) kecap, kalimah, atawa wacana, bisa deuih dina eusi atawa substansina (gampang-henteuna). 4

Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas II

E. Standar Kompetensi Lulusan (SKL) Rabah Sikep

SD/MI

SMP/MTs

SMA/SMK/MA/MAK

Nampa, ngajalankeun, ngajénan, jeung ngamalkeun Pribadi nu iman, ahlak mulya, percaya diri jeung tanggung jawab dina patali marga kalawan merenah jeung lingkungan masarakat, alam sabudeureun, sarta dunya katut adabna.

Kaparigelan

Nampa, nanya, nyoba, ngolah, midangkeun, nalar, jeung ngalarapkeun Pribadi nu mampuh mikir jeung lumampah kalawan merenah tur rancagé dina ranah nyamuni (abstrak) jeung nembrak (konkrit).

Kaweruh

Mikanyaho, nyangkem, nerangkeun, ngolah, jeung meunteun. Pribadi nu ngawasa élmu kaweruh, téhnologi, seni budaya, sarta wawasan kamunasaan, kabangsaan, kanagaraan, jeung paradaban.

F. Proses Pangajaran 1. 2. 3. 4. 5. 6.

Prosés pangajaran lumangsung maké pamarekan saintifik. Ari léngkah-léngkahna keiu. Niténan (mengamati), ku cara maca atawa ngaregepkeun atawa nongton Nanya (menanya), ku cara tanya jawab atawa sawala Nalar (menalar/mengasosiasi), ku cara nambahan kaweruh lain Nyungsi atawa nyoba (eksplorasi/eksperimen) Midangkeun atawa nepikeun (mengkomunikasikan) Ngawangun jejaring (networking) ku cara néangan bahan tina sumber lian

G. Kompetensi Inti (KI) jeung Kompetensi Dasar (KD) Kelas II SD/MI KOMPETENSI INTI (KI) 2.1 Menerima dan menjalankan 2.1.1 ajaran agama yang dianutnya

KOMPETENSI DASAR (KD) Menerima anugrah Tuhan Yang Maha Esa atas penciptaan bahasa Sunda sebagai bahasa daerah dan unsur budaya bangsa serta alat komunikasi masyarakat penuturnya melalui teks pupuh, narasi, deskripsi, PAGUNEMAN, dan kakawihan. Bab 1 Pituduh Umum

5

2.2 Memiliki perilaku jujur, disiplin, tanggung jawab, santun, peduli, dan percaya diri dalam berinteraksi dengan keluarga, teman, dan guru

2.1.2

2.1.3

2.1.4

2.1.5

2.1.6

2.1.7

2.1.8

2.1.9

2.2 Memahami pengetahuan faktual dengan cara mengamati [mendengar, melihat, membaca] dan menanya berdasarkan rasa ingin tahu tentang dirinya, makhluk ciptaan Tuhan dan kegiatannya, dan bendabenda yang dijumpainya di rumah, sekolah 6

2.2.1 2.2.2

2.2.3 2.2.4

Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas II

Memiliki perilaku santun, disiplin, dan jujur dalam menjalin kerukunan hidup dalam kemajemukan melalui teks pupuh (Tema 1) Memiliki perilaku santun, jujur, rukun, dan toleransi dalam kegiatan bermain di lingkungan keluarga dan di lingkungan sekitar melalui teks narasi. (Tema 2) Memiliki perilaku disiplin, jujur, tanggung jawab dalam melaksanakan tugasku seharihari melalui teks narasi atau deskripsi. (Tema 3) Memiliki perilaku tanggung jawab dan disiplin sebagai pelajar yang baik dalam merawat lingkungan sekolah melaui teks deskripsi. (Tema 4) Memiliki perilaku disiplin dan tanggung jawab dalam menjaga hidup bersih dan sehat melaui teks PAGUNEMAN (Tema 5). Memiliki perilaku disiplin dan tanggung jawab dalam memelihara lingkungan alam sekitar (air, bumi, dan matahari) melaui teks deskripsi. (Tema 6) Memiliki perilaku disiplin dan tanggung jawab dalam memelihara hewan dan tumbuhan melaui teks deskripsi. (Tema 7) Memiliki perilaku tertib, tanggung jawab dan disiplin dalam menjaga keselamatan di rumah dan perjalanan melaui teks kakawihan. (Tema 8) Mengenal teks pupuh tentang kerukunan hidup dalam kemajemukan. (Tema 1) Mengenal teks narasi tentang kegiatan bermain di lingkungan keluarga dan di lingkungan sekitar (Tema 2) Mengenal teks narasi tentang tugasku sehari-hari (Tema 3) Mengenal teks deskripsi tentang pentinngnya merawat lingkungan sekolah. (Tema 4)

2.2.5 2.2.6

2.2.7

2.2.8

2.3 Menyajikan pengetahuan faktual dalam bahasa yang jelas dan logis dan sistematis, dalam karya yang estetis dalam gerakan yang mencerminkan anak sehat, dan dalam tindakan yang mencerminkan perilaku anak beriman dan berakhlak mulia

2.3.1

2.3.2

2.3.3

2.3.4

2.3.5

2.3.6

2.3.7 2.3.8

Mengenal teks PAGUNEMAN tentang menjaga hidup bersih dan sehat. (Tema 5). Mengenal teks deskripsi tentang lingkungan alam sekitar (air, bumi, dan matahari). (Tema 6) Mengenal teks deskripsi tentang cara pemeliharaan hewan dan tumbuhan. (Tema 7) Mengenal teks kakawihan atau pupuh tentang menjaga keselamatan di rumah dan perjalanan. (Tema 8) Melantunkan teks pupuh tentang kerukunan hidup dalam kemajemukan. (Tema 1) Menceritakan isi teks narasi tentang kegiatan bermain di lingkungan keluarga dan di lingkungan sekitar. (Tema 2) Menceritakan isi teks narasi tentang pelaksanaan tugasku sehari-hari . (Tema 3) Menuliskan isi teks deskripsi tentang pentingnya merawat lingkungan sekolah. (Tema 4) Memperagakan teks PAGUNEMAN tentang menjaga hidup bersih dan sehat. (Tema 5) Menuliskan isi teks deskripsi tentang lingkungan alam sekitar (air, bumi, dan matahari). (Tema 6) Menuliskan isi teks deskripsi tentang cara merawat hewan dan tumbuhan. (Tema 7) Melantunkan teks kakawihan tentang menjaga keselamatan di rumah dan perjalanan. (Tema 8)

Bab 1 Pituduh Umum

7

H. Tema jeung Bahan Ajar Tema 5 : Hirup beresih jeung séhat Bahan : Paguneman

Tema 1 : Hirup Sauyunan Bahan : Pupuh

Tema 6 : Lingkunga alam (Cai, Bumi, Panonpoé) Bahan : Sajak

Tema 2 : Ulin di Lingkungan Bahan : Déskripsi TEMA & BAHAN AJAR

Tema 7 : Miara sasatoan jeung tutuwuhan Bahan : Déskripsi

Tema 3 : Pancén sapopoé Bahan : Déskripsi

Tema 8 : Kasalametan di imah jeung di jalan Bahan : Kakawihan/Pupuh

Tema 5 : Hirup beresih jeung séhat Bahan : Paguneman

8

Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas II

Bab

Pituduh Husus

2

PANGAJARAN 1 Tema : Hirup Sauyunan Bahan : Pupuh Média : Téks jeung Gambar Tujuan Pangajaran: Saréngséna kagiatan diajar ngajar, murid bisa nembangkeun pupuh pucung jeung maham eusina, mikaweruh kandaga kecap, nulis kalimah, ngalarapkeun tatakrama basa, nembangkeun pupuh, ngalengkepan kalimah, jeung nyaritakeun gambar. Kagiatan Diajar: Saméméh kagiatan diajar lumangsung, guru nepikeun nepikeun heula téma, tujuan, jeung gurat badag bahan pangajaran. Guru ngébréhkeun yén bahan ajar aya salapan bagian, nyaéta (1) ngaregepkeun tembang, (2) ngalisankeun jawaban: maham eusi tembang, (3) mikanyaho sasaruaan kecap, (4) nulis kalimah, (5) ngalemeskeun kecap, (6) nembangkeun pupuh, (7) maham pupuh, (8) ngalengkepan kalimah, jeung (9) nyaritakeun gambar. Guru ngondisikeun murid sangkan sayaga pikeun diajar. Kagiatan diajar dilaksanakan ngaliwatan léngkah-léngkah ieu di handap.

A. NGAREGEPKEUN TEMBANG No.

Kagiatan

1.

Guru nitah murid ngaregepkeun pupuh pucung nu témana “Hirup Sauyunan” nu ditembangkeun ku guru atawa ngaliwatan kasét kalawan saregep. Nu dipilih pupuh pucung lantaran katimbang babari jeung pondok.

2.

Guru ngajak murid babarengan nembangkeun pupuh pucung. Geus kitu, murid giliran sajajar-sajajar bangku nembangkeun pupuh pucung.

B. NGALISANKEUN JAWABAN : Maham Eusi Tembang No.

Kagiatan

1.

Guru nitah murid niténan pupuh pucung nu geus ditembangkeun kalawan saregep.

2.

Guru nitah murid sina ngajawab pananya ku cara lisan tina eusi pupuh pucung. Pananya nu kudu dijawab ku murid ditujukeun pikeun ngahualkeun kamampuh murid kana pupuh pucung.

10

Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas II

3.

Jawaban ti murid cukup ku ngalengkepan naon-naon nu ditanyakeun. Pananya jeung jawabanana kieu. Pék jawab pananya ieu di handap! 1. Jalma téh kaasup kana naon? Mahluk hirup. 2. Teu bisa naon jalma téh? Hirup nyorangan. 3. Kudu loba naon urang téh? Loba wargi. 4. Keur naon urang loba wargi? Pikeun hirup babarengan sauyunan. 5. Kudu kumaha jeung batur? Kudu sauyunan. 6. Keur naon loba batur? Hirup urang jadi loba duduluran. 7. Asalna batur bisa jadi naon? Jadi wargi. 8. Sangkan naon silih tépakeun pangarti? Sangkan nambahan kabisa. 9. Urang kudu nyiar naon? Pangabisa. 10. Tungtungna bakal kumaha? Loba pangalaman.

C. MIKANYAHO KECAP No.

Kagiatan

1.

Guru nitah murid niténan conto larapna kecap dina kalimah. wargi = dulur Urang kudu loba wargi. Urang kudu loba dulur.

2.

Guru nitah murid sangkan weruh kana harti kecap ku cara dibéré sinonimna tur larapna dina kalimah.

D. NULIS KALIMAH 1. Murid disina diajar nyusun kalimah ku cara ngalarapkeun kecap pananya. 2. Bisi héséeun, murid dibéré heula conto makéna kecap pananya. 3. Kecap pananya anu kudu dilarapkeun nyaéta di mana jeung saha. No.

Kagiatan

1.

Guru nitah murid niténan conto larapna kecap pananya di mana jeung saha dina kalimah. 1. Yadi meuli buku. _______ Yadi meuli buku? Di mana Yadi meuli bukuna? 2. Yadi meuli buku. _______ nu meuli buku? Saha nu meuli bukuna? Bab 2 Pituduh Husus

11

2.

Guru nitah murid sangkan diajar nyusun kalimah ku cara ngalarapkeun kecap pananya. Murid ngan ngalengkepan ku kecap pananya di mana jeung saha. Pananya jeung jawaban ngalarapkeun kecap pananya di mana. 1. Déni rék mandi. Di mana Déni rék mandina? 2. Barudak keur arulin. Di mana barudak keur arulinna? 3. Murid keur dialajar basa Sunda. Di mana murid diajar basa Sundana? 4. Nénéng jeung Yési keur sapintrong. Di mana Nénéng jeung Yési sapintrongna? 5. Dadang ngagambar gunung. Di mana Dadang ngagambar gunungna?

1. 2. 3. 4. 5.

Pananya jeung jawaban ngalarapkeun kecap pananya saha. Déni rék mandi. Saha nu rék mandi? Barudak keur arulin. Saha nu keur arulin? Murid-murid diajar ku bu guru. Saha nu diajar ku bu guru? Nénéng jeung Yési keur apintrong. Saha nu keur sapintrong? Dadang ngagambar gunung. Saha nu ngagambar gunung?

E. NGALEMESKEUN KECAP No.

Kagiatan

1.

Guru nitah murid sina niténan kecap kasar jeung kecap lemes dina kalimah nu patali jeung anggahota awak. leungeun = panangan Dédé dahar ku leungeun katuhu. Dédé dahar ku…………….. katuhu. Bapa tuang ku panangan tengen.

12

Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas II

2.

Guru nitah murid ngeusian kalimah nu dicopongkeun ku kecap lemes. Pikeun mantuan murid, dipidangkeun gambar nu patali jeung anggota awak. Pananya jeung jawaban ngalemeskeun kecap dina kalimah. 1. pipi = damis Pipi aya di kénca jeung katuhu. Damis aya di kénca jeung katuhu. 2. panon = soca Gunana panon paranti nempo. Gunana soca paranti ningal. 3. ceuli = cepil Ucing téh ceulina getihan. Dadang téh cepilna getihan. 4. biwir = lambey Biwir Déni dibalemkeun. Téh Susi lambey nuju balem. 5. irung = pangambung Dina irung Féri aya karang. Karang dina pangambug Téh Déwi aya dua. 6. huntu = waos Kudu ngosok huntu unggal poé. Kang Rudi mah ngosok waos unggal dintén. 7. tarang = taar Wawan tarangna tidagor kana panto. Kang Ujang taarna tidagor kana panto. 8. suku = sampéan Nana, sukuna titajong kana batu. Téh Wiwin sampéanana titajong kana batu. 9. ramo = réma Cik, nempo ramo nu belah katuhu. Réma Téh Yanti mani laléncop. 10. beuteung = patuangan Wéndi, beuteungna dibaluran ku balsem. Wanti nuju nyeri patuangan.

Bab 2 Pituduh Husus

13

F. NEMBANGKEUN PUPUH No.

Kagiatan

1.

Sanggeus murid ngaregepkeun, guru nitah murid sina nembangkeun pupuh pucung babarengan.

2.

Guru nitah murid sina nembangkeun pupuh pucung bagilir saurang-saurang. Hé barudak urang kudu loba batur, ngarah duduluran, jauh rasa hiri dengki, mana komo ka batur bari culika.

3.

Guru meunteun murid dina nembangkeun pupuh pucung tina jihat titilaras, wirahma, jeung éksprési.

G. MAHAM PUPUH No.

Kagiatan

1.

Pikeun maham pupuh, murid disina ngalengkepan kalimah nu patali jeung teks pupuh pucung. Mun bisa ngajawab, hartina murid geus paham kana eusi pupuh.

2.

Mun bisa ngajawab, hartina murid geus paham kana eusi pupuh. Pananya jeung jawaban pikeun maham eusi pupuh kieu. Pék lengkepan ieu kalimah! 1. Hé barudak urang kudu loba batur. 2. Urang kudu jauh tina rasa hiri dengki. 3. Mana komo ka batur bari culika. 4. Hirup guyub babarengan jeung batur. 5. Barang gawé kudu ihlas tina manah. 6. Henteu jail kaniaya ka babaturan 7. Sobat dalit sarua baé jeung dulur. 8. Sobat dalit bisa silih pikanyaah. 9. Daék ngahibur nu keur sedih. 10. Sobat dalit bisa ngahibur mun urang nandangan kasusah.

14

Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas II

H. NGALENGKEPAN KALIMAH No.

Kagiatan

1.

Murid disina paham kana sasaruaan kecap (sinonim). Ari sinonim téh nyaéta kecap anu wangunna béda tapi hartina sarua. Singgetan, sinonim téh kecap anu sarua hartina.

2.

Murid disina ngalengkepan kalimah nu dicopongkeun ku kecap sinonimna. 1. sobat dalit = babaturan deukeut Urang kudu boga sobat dalit. Urang kudu boga babaturan deukeut. 2. hiri dengki = goréng haté Ulah sok hiri dengki ka batur téh. Ulah sok goréng haté ka batur téh. 3. guyub = akur Hirup kudu guyub jeung batur. Hirup kudu akur jeung batur. 4. culika = jail Budak culika mah sok pada mikangéwa. Budak jail mah sok pada mikangéwa. 5. sirik pidik = dengki Ulah sok sirik pidik mun batur boga untung téh. Ulah sok dengki mun batur boga untung téh. 6. kaniaya = telenges Henteu hadé sok jail kaniaya ka batur téh.. Henteu hade sok telenges ka batur téh. 7. nandangan = ngarandapan Kudu ngahibur nu keur nandangan kasusah. Kudu ngahibur nu keur ngarandapan kasusah.

3.

Guru meunteun pagawéan murid bener henteuna dina ngalarapkeun sinonim.

Bab 2 Pituduh Husus

15

I. NYARITAKEUN GAMBAR No.

Kagiatan

1.

Guru nitah murid niténan gambar kajadian, tuluy disina nyaritakeun dina wangun kalimah. Didi jeung Wawan keur silihcekel.

2.

Gambar nu dipidangkeun patali jeung sikep sauyunan atawa sabalikna. Eusina kieu. 1. Hardi keur neunggeul ucing. 2. Susan keur ngala kembang. 3. Néndah keur sasapu di imah. 4. Bébén keur maraban hayam. 5. Angga keur méré duit ka nu barangmaén.

3.

Guru meunteun murid bener henteuna dina nyaritakeun deui gambar.

Sanggeus réngsé kagiatan diajar bahan dina pangajaran 1, guru babarengan jeung murid nyindekkeun eusi bahan pangajaran nu patali jeung pupuh “Hirup Sauyunan”. Guru ngayakeun réfléksi ngeunaan kamajuan diajar murid. Guru ogé ngukur kamampuh murid ku cara ngayakeun kagiatan meunteun, boh dina waktu lumangsung kagiatan diajar boh di ahir pangajaran. Jaba ti éta, guru nangtukeun geus tutas acanna murid kana bahan pangajaran maké Kritéria Katutasan Minimal (KKM).

16

Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas II

EVALUASI Kritéria Katutasan Minimal (KKM) Kritéria Meunteun

Katerangan Tutas Enggeus Encan

A. NGAREGEPKEUN TEMBANG B. NGALISANKEUN JAWABAN C. MIKANYAHO KECAP D. NULIS KALIMAH E. NGALEMESKEUN KECAP F. NEMBANGKEUN PUPUH G. MAHAM PUPH H. NGALENGKEPAN KALIMAH I. NYARITAKEUN GAMBAR

Bab 2 Pituduh Husus

17

PANGAJARAN 2 Tema : Kagiatan ulin di lingkungan kulawarga jeung sabudeureun Bahan : Narasi Média : Téks jeung Gambar Tujuan Pangajaran: Saréngséna kagiatan diajar ngajar, murid bisa ngaregepkeun téks narasi, maham eusi téks, nyangkem harti, nyaritakeun, ngalarapkeun kecap, ngajembaran kaulinan, ngahartikeun kecap, ngalarapkeun kecap anteuran, sarta nyebutan ngaran bungbuahan jeung tatangkalan. Kagiatan Diajar: Saméméh kagiatan diajar lumangsung, guru nepikeun nepikeun heula téma, tujuan, jeung gurat badag bahan pangajaran. Guru ngébréhkeun yén bahan ajar aya salapan bagian, nyaéta (1) ngaregepkeun téks narasi, (2) maham eusi téks narasi, (3) nyangkem harti kecap, (4) nyaritakeun kaulinan, (5) ngalarapkeun kecap, (6) ngajembaran kaulinan, (7) ngahartikeun kecap, (8) nyebutan kecap anteuran, jeung (9) nyebutan ngaran bungbuahan jeung tatangkalan. Guru ngondisikeun murid sangkan sayaga pikeun diajar. Kagiatan diajar dilaksanakan ngaliwatan léngkah-léngkah ieu di handap.

A. NGAREGEPKEUN TEKS NARASI No.

Kagiatan

1.

Saméméh pangajaran dimimitian, guru ngucapkeun salam. Tuluy guru nepikeun téma jeung tujuan pangajaran nu kudu dihontal.

2.

Guru nitah murid ngaregepkeun ték narasi nu témana “Kaulinan” nu ditepikeun ku guru. Nu dipilih kaulinan “Pacublek-cublek Uang” lantaran katimbang babari jeung pondok.

3.

Guru ngalatih murid sina niténan téks lisan ku cara ngaregepkeun kalawan daria. Tujuanana sangkan murid mibanda sikep sosial jeung disiplin tur sayaga ingetanana.

B. MAHAM EUSI TEKS No.

Kagiatan

1.

Sanggeus ngaregepkeun téks nu diucapkeun ku guru, murid disina maham eusi téks narasi ku cara ngajawab pananya.

18

Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas II

2.

Murid disina ngajawab pananya ku cara ngalengkepan kalimah nu dicopongkeun. Jawaban dumasar kana téks narasi nu geus ditepikeun ku guru. Pananya jeung jawabanana kieu. 1. Urang tangtu boga naon? Boga babaturan. 2. Babaturan deukeut disebutna naon? Sobat dalit. 3. Sok kumaha waé ari babaturan deukeut? Sok bareng di mana waé 4. Kumaha babaturan deukeut mun di kelas? Diuk sabangku. 5. Mun aya nanaon, sok kumaha babaturan deukeut? Sok nulungan jeung ngabéla urang. 6. Arulin naon barudak awéwé téh? Pacublek-cublek uang. 7. Dikumahakeun dampal leungeunna? Dikeupeulkeun. 8. Budak nu purah mepegan peureup batur disebutna naon? Indung. 9. Di kamanakeun leungeun nu sabeulah deui? Dikahandapkeun. 10. Saha nu kudu kakawihan dina éta kaulinan? Nu jadi indung (Néng Uni).

3.

Guru meunteun bener henteuna jawaban murid ngeunaan eusi téks kaulinan. Jawaban nu bener dipeunteun 10.

C. NYANGKEM HARTI KECAP No.

Kagiatan

1.

Guru nitah murid niténan conto kecap jeung sinonimna sarta larapna dina kalimah.

2.

Guru nitah murid sina ngalarapkeun kecap nu mibanda sinonim kana kalimah. 1. ulin = ameng Maranéhna ulin babarengan. Maranéhna ameng babarengan. 2. babarengan = sasarengan Mun urang jajan ka warung sok babarengan. Mun urang jajan ka warung sok sasarengan.

3.

Guru meunteun bener henteuna jawaban murid ngeunaan kecap katut sinonimna. Bab 2 Pituduh Husus

19

D. NYARITAKEUN KAULINAN No.

Kagiatan

1.

Guru nitah murid nyaritakeun deui kaulinan pacublek-cublek uang. Hal-ha anu dicaritakeun aya tilu hal. 1. Saha waé nu arulin pacublek-cublek uang téh? Néng Uni, Risa, Héna, jeung Yanti. 2. Kumaha prak-prakanana “Pacublek-pacublek Uang” téh? Anu arulin ngeupeulkeun dampal leungeun, tuluy leungeun nu sabeulah disimpen di handap. Engké aya saurang nu jadi indung nyaéta purah mepegan. Salahsaurang neunggeulan peureup babaturan nu séjén. Leungeun nu kénca ogé sarua dikahandapkeun. Tuang mepegan leungeun nu keupeulkeun, tuluy ngawih. 3. Kumaha kakawihan “Pacublek-pacublek Uang” téh? Pacublek-cublek uang, Si Ujang maung lentér, matata-matiti Si Titi mau kawin pa emh, pa emh emh…..

2.

Guru meunteun murid dina nyaritakeun deui kaulian pacublek-cublek uang.

E. NGALARAPKEUN KECAP No.

Kagiatan

1.

Guru nitah murid niténan conto kecap asal jeung kecap rundayan nu dirarangkénan tengah –ar-. deukeut → dareukeut Aya babaturan anu deukeut aya babaturan anu jarauh. Barudak téh imahna dareukeut jeung sakola.

2.

Kecap asal jeung kecap rundayan dicontoan heula dina dua kalimah.

3.

Murid disina ngawangun kecap rundayan ku rarangkén tengah –ar-.

20

Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas II

4.

Murid disina ngalarapkeun éta kecap rundayan kana kalimah. 1. kumpul → karumpul Tilu budak kumpul di imah Uni. Para siswa keur karumpul di buruan sakola. 2. jauh → jarauh Adang mah imahna jauh ka sakolana. Di lembur mah, barudak téh jarauh ka sakolana. 3. indit → arindit Yudi indit ka sakola isuk-isuk. Nu rék ka sawah téh geus arindit bieu. 4. ulin → arulin Tiluanana keur ulin di imahna Néng Uni. Barudak awéwé keur arulin di pos Ronda. 5. ngariung → ngarariung Néng Uni, Risa, Héna, jeung Yanti ngariung tiluan. Nu rék kerja bakti geus ngarariung di sisi lapang. 6. ngajawab → ngajarawab Yudi ngajawab pananya ti Bu Guru. Waktu ditanya, Barudak cicing teu ngajarawab 7. dipeureupkeun → dipareureupkeun Leungeun Féri dipeureupkeun. Sok ayeuna leungeunna dipareureupkeun. 8. dikeupeulkeun → dikareupeulkeun Sanggeus namprak, leungeun Néng Uni dikeupeulkeun. Barudak téh dikareupeulkeun leungeunna. 9. cicing → caricing Risa jeung Yanti cicing deukeut tangkal jambu. Geura prak digawé, ulah caricing baé atuh. 10. nginum → ngarinum Héna nginum make cangkir pelastik. Hayam téh keur ngarinum dina wadah cai nu disadiakeun.

5.

Guru meunteun murid bener henteuna dina ngawangun jeung ngalarapkeun kecap nu dirarangkénan tengah –ar-.

Bab 2 Pituduh Husus

21

F. NGAJEMBARAN KAULINAN No.

Kagiatan

1.

Guru nitah murid niténan kaulinan barudak ku cara maca ték nu judulna “Lalandakan”.

2.

Guru nitah murid maham eusi téks ku cara ngajawab pananya nu geus disayagikeun. Pék jawab pananya ieu di handap! 1. Keur naraon barudak lalaki téh? Keur karumpul. 2. Saha waé nu karumpul téh? Yudi, Rangga,Wawan, Acép, jeung Réja. 3. Di mana barudak téh arulinna? Di lapang badminton. 4. Arulin naon barudak téh? Lalandakan. 5. Saha nu mimiti ngajak ulin téh? Yudi. 6. Naon hartina lalandakan téh? Niru-niru landak. 7. Sakalian naon cenah lalandakan téh? Sakalian olahraga. 8. Cau jeung tiwu téh keur dahareun iraha? Hakaneun janari. 9. Cau jeung tiwu téh keur bekel ka mana? Bekel miang ka Batawi. 10. Jurig naon waé nu disebutan ku barudak téh? jurig jarian, jurig tangkod, juring pacilingan, jeung jurig onom.

3.

Guru meunteun bener henteuna jawaban murid ngeunaan eusi teks kaulinan.

G. NGAHARTIKEUN KECAP No.

Kagiatan

1.

Guru nitah murid niténan conto kecap jeung sinonimna.

2.

Pikeun leuwih maham hartina, guru nitah murid niténan kecap nu sinonim téh dilarapkeun dina kalimah. 1. niru-niru = nurutan Ari lalandakan téh hartina niru-niru landak. Ari lalandakan téh hartina nurutan landak. 2. ngabeberik = ngudag-ngudag Nu jadi landak kudu ngabeberik babaturan séjénna Nu jadi landak kudu ngudag-ngudag babaturan séjénna

22

Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas II

H. NGALARAPKEUN KECAP ANTEURAN No.

Kagiatan

1.

Guru nitah murid niténan conto kecap anteuran jeung larapna. kop Kop jurig jarian tah méré. ………jurig jarian tah méré. Kop jurig jarian tah méré.

2.

Guru nitah murid ngalarapkeun kecap anteuran nu geus disadiakeun kana kalimah. Pigawé cara conto! 1. jol Ragga jol datang. 2. gék Gék Wawan diuk. 3. Jung Jung Yudi nangtung. 4. berebet Barudak téh berebet lalumpatan. 5. térékél Jang Adun téh térérék naék kana tangkal jambu. 6. léos Ngan léos wéh Maman téh indit. 7. jrut Mamah jrut turun tina béca. 8. trét Réza téh tuluy trét nulis dina keretas sacewir. 9. gorowok Atuh gorowok baé Yudi téh ngagentraan babaturanana. 10. nyéh Basa panggih jeung Wa Iding, nyéh Yana imut.

3.

Guru meunteun murid bener henteuna dina ngaarapkeun kecap anteuran kana kalimah.

Bab 2 Pituduh Husus

23

I. NYEBUTAN NGARAN BUBUAHAN JEUNG TATANGKALAN No.

Kagiatan

1.

Guru nitah murid niténan conto kecap nu patali jeung bubuhan atawa tatangkalan. Contona: Kop cau kop tiwu…. Cau saturuy.

2.

Guru nitah murid ngajawab pananya nu geus disayagikeun ku cara milih kecap tur ngalengkepan kalimah. Ayeuna hidep nyebutan ngaran bubuahan atawa tatangkalan. Piliha jawaban ku kecap nu aya gigireunana. 1. Jéngkol sapérékét.

A. kalapa

2. Peutuy sapapan.

B. awi

3. Kalapa samanggar.

C. jéngkol

4. Awi saleunjeur.

D. tanah



5. tanah sahéktar.

E. peuteuy

Pék sebutan naon ngaranna. Pilih jawaban nu aya gigireunana! 6. Buah nu carucukan tur seungit disebut kadu

A. rambutan

7. Buah nu ngagonyok loba cucukan disebut salak

B. mélon

8. Buah nu bareureum loba buluan disebut rambutan

C. kadu

9. Buah nu semu amis jeung haseum disebut jeruk

D. jeruk

10. Buah nu buleud kulitna semu konéng disebut mélon É. salak 3.

Guru meunteun bener henteuna murid dina ngajawab pananya. Nu jawabanana bener dipeunteun 10.

Sanggeus réngsé kagiatan diajar bahan dina pangajaran 2, guru babarengan jeung murid nyindekkeun eusi bahan pangajaran nu patali jeung narasi “Kagiatan ulin di lingkungan kulawarga jeung sabudeureun”. Guru ngayakeun réfléksi ngeunaan kamajuan diajar murid. Guru ogé ngukur kamampuh murid ku cara ngayakeun kagiatan meunteun, boh dina waktu lumangsung kagiatan diajar boh di ahir pangajaran. Jaba ti éta, guru nangtukeun geus tutas acanna murid kana bahan pangajaran maké Kritéria Katutasan Minimal (KKM).

24

Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas II

EVALUASI Kritéria Katutasan Minimal (KKM) Kritéria Meunteun

Katerangan Tutas Enggeus Encan

A. NGAREGEPKEUN TEKS NARASI B. MAHAM EUSI TEKS C. NYANGKEM HARTI D. NGALARAPKEUN KECAP E. NGAJEMBARAN KAULINAN F.

NGAHARTIKEUN KECAP

G. NGALARAPKEUN KECAP ANTEURAN H. NYEBUTAN NGARAN BUBUAHAN JEUNG TATANGKALAN

Bab 2 Pituduh Husus

25

PANGAJARAN 3 Tema : Pancén sapopoé Bahan : Narasi Média : Téks jeung gambar Tujuan Pangajaran: Saréngséna kagiatan diajar ngajar, murid bisa maca jero haté, ngalisankeun jawaban, mikaweruh kecap, nyaritakeun, ngalarapkeun undak usuk basa, maca narasi ngajembaran, ngalengkepan kalimah, jeung néangan deui narasi séjén. Kagiatan Diajar: Saméméh kagiatan diajar lumangsung, guru nepikeun nepikeun heula téma, tujuan, jeung gurat badag bahan pangajaran. Guru ngébréhkeun yén bahan ajar aya salapan bagian, nyaéta (1) maca jero haté, (2) maham eusi téks narasi, (3) mikaweruh kecap, (4) nyaritakeun carita, (5) ngalarapkeun undakusuk basa, (6) maca narasi ngajembaran, (7) ngalengkepan kalimah, jeung (8) migawé pancén di imah. Guru ngondisikeun murid sangkan sayaga pikeun diajar. Kagiatan diajar dilaksanakan ngaliwatan léngkah-léngkah ieu di handap.

A. MACA JERO HATE No.

Kagiatan

1.

Saméméh pangajaran dimimitian, guru ngucapkeun salam. Tuluy guru nepikeun téma jeung tujuan pangajaran nu kudu dihontal.

2.

Guru nitah murid maca téks narasi dina jero haté nu témana “Pancén Sapopoé” nu judulna “Rajin”.

3.

Guru ngalatih murid sina niténan eusi wacana lisan ku cara maca kalawan daria. Tujuanana sangkan murid mibanda sikep sosial jeung disiplin tur sayaga ingetanana.

B. NGAJAWAB PANANYA : Maham Eusi Téks No.

Kagiatan

1.

Sanggeus maca téks narasi, guru nitah murid maham eusi bacaan ku cara ngajawab pananya nu disadiakeun.

26

Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas II

2.

Guru nitah murid sina ngajawab pananya ku cara lisan. 1. Kumaha watek Yudi téh? Bageur. 2. Kumaha Yudi di sakolana? Pinter. 3. Kumaha sobat-sobat Yudi? Réa pisan. 4. Kumaha sikep Yudi ka batur? Soméah. 5. Iraha Yudi mandina? Subuh-subuh. 6. Tara poho naon mun Yudi mandi? Disabun jeung ngosok huntu. 7. Kumaha kaayaan awak Yudi téh? Séhat tur berséka. 8. Geus ngamparkeun sajadah, tuluy naon Yudi téh? Solat subuh. 9. Réngse solat dikumahakeun sajadah téh? Ditilepan. 10. Keur naon Yudi ngeunteung? Bisa aya nu kaliwat tur teu rapih. 11. Dina naon dasi téh cicingna? Dina beuheung. 12. Ari topi paranti nutupan naon? Sirah. 13. Sasarap téh ngarah teu naon? Sangkan teu salatri. 14. Mun sasarap, tanaga urang bakal kumaha? Kuat tur séhat. 15. Mun aya tanaga, kumaha dina narima pangajaran? Kana mikir jeung narima pangajaran bakal sayaga.

C. MIKAWERUH KECAP No.

Kagiatan

1.

Guru nitah murid disina niténan kecap jeung sinonimna.

2.

Guru nyontoan kecap jeung sinonimna nu ngahaja geus dilarapkeun kana kalimah.

3.

1.

mandi = ibak Subuh-subuh Yudi mah geus mandi. Subuh-subuh Yudi mah geus ibak.

2.

soméah = lemah-lembut ka sasaha ogé Yudi mah soméah. ka sasaha ogé Yudi mah lemah-lembut.

Guru ngaroris murid paham heteuna kana kecap-kecap nu dilarapkeun kana kalimah.

D. NYARITAKEUN EUSI BACAAN No. 1.

Kagiatan Guru nitah murid disina maca deui bacaan “Rajin” dina jero haté. Bab 2 Pituduh Husus

27

2.

Geus kitu, murid disina nyaritakeun deui eusi bacaan di hareupeun babaturanana. Tujuanana murid dilatih wanter jeung parigel nyarita.

3.

Dina nyaritakeun eusi bacaan, murid dibéré jejer pikiran nu kudu diaritakeun. 1. Kagiatan Yudi isuk-isuk. 2. Kagiatan Yudi sanggeus mandi. 3. Kagiatan Yudi sanggeus solat. 4. Kagiatan Yudi saméméh sakola.

E. NGALARAPKEUN UNDAK USUK BASA No.

Kagiatan

1.

Guru nitah murid disina niténan kecap lemes jeung kecap kasar dina kalimah. Titénan ieu conto kalimah: mios = indit Abdi mios ka sakola. Bapa angkat ka kantor.

2.

Guru nitah murid disina ngalengkepan kalimah nu dicopongkeun ku kecapkecap nu geus disadiakeun. Eusikeun kecap-kecap ieu di handap kana tempat nu dikosongkeun! nyandak ngadangukeun mastaka panangan

sumping nyarios siram

ngagaleuh teu damang waos

1. dongkap = …………………. Rudi dongkap ti sakola. Bapa Rudi ……………………. ti Jakarta. 2. ngupingkeun = ……………………. Abdi ngupingkeun radio. Bapa ogé nuju ……………………radio. 3. ngabantun = ………………………. Abdi ka sakola ngabantun sapédah. Bapa guru mah ka sakola ……………… motor. 4. nyanggem = ………………………. Abdi nyanggem ka bu guru. Bu guru …………………… ka bapa kapala sakola. 28

Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas II

5. mésér = …………………………. Abdi mésér roti ka warung. Pa guru mah …………………….. roko ka warung. 6. udur = …………………………… Rudi téh teu sakola lantaran udur. Pa guru …………………. da teu ngawulang. 7. mandi = ………………………….. Sateuacan ka sakola, abdi mandi heula. Sateuacan angkat ka kantor, Bapa ……………….. heula. 8. sirah = ……………….. Dadan téh sanggemna nuju nyeri sirah. Aya wartos pa guru téh nuju nyeri ……………….. 9. huntu = ……………… Wawan pipina kembung keur nyeri huntu. Kang Dadang ogé nuju nyeri ……………. 10. leungeun = ……………………….. Lamun dahar kudu maké leungeun katuhu. Upami tuang kedah nganggo ……………… tengen.

F. MACA NARASI NGAJEMBARAN No.

Kagiatan

1.

Guru nitah murid maca téks narasi dina jero haté nu judulna “Kabiasaan” pikeun ngajembaran wawasan murid.

2.

Guru nitah murid niyéna eusi téks narasi nu nu judulna “Kabiasaan”.

3.

Guru ngalatih murid sina paham kana eusi téks ku cara diskusi kelompok. Tujuanana sangkan murid mibanda sikep sosial jeung disiplin tur sayaga ingetanana. Pananya jeung jawaban nu kudu didiskusikeun téh kieu. 1. Samémeh sakola,Yudi sok kumaha heula ka mamahna? Uluk salam heula. 2. Naon nu dibawa ku Yudi ka sakola? Nyoréndang kantong buku. 3. Mun geus datang ka sakola, sok naraon barudak téh? Sok ngarariung heula hareupeun kelas.

Bab 2 Pituduh Husus

29

Dikumahakeun kuku barudak ték ku guru? Dipariksa. Bari kumaha barudak diuk dina korsi? Sidakep. Saméméh diajar, barudak sok naon heula? Ngadunga heula. Kudu kumaha urang kana sagala piwuruk guru? Siperhatikeun enya-enya. 8. Naon kawajiban urang sapopoé jadi budak sakola? Diajar. 9. Kudu kumaha urang diajar boh di imah boh di sakola? Kudu suhud jeung rajin. 10. Urang bakal kumaha mun teu diajar soson-soson? Bakal kaduhung ahirna. 4. 5. 6. 7.

G. NGALENGKEPAN KALIMAH No.

Kagiatan

1.

Guru nitah murid disina niténan kecap jeung sinonimna sarta larapna dina kalimah. Contona: Indit = mios Isuk-isuk Yudi indit ka sakola. Isuk-isuk Yudi ………….. ka sakola. Isuk-isuk Yudi mios ka sakola.

2.

Guru nitah murid maham kecap nu sinonim tur ngalarapkeun kana kalimah. Pigawé cara conto! 1. uluk salam = ngucapkeun salam Méméh indit sok uluk salam heula ka mamahna. Méméh indit sok ngucapkeun salam heula ka mamahna. 2. nyoréndang = ngagantungkeun dina taktak Yudi ka sakola nyoréndang kantong buku. Yudi ka sakola ngantungkeun kana taktak kantong buku. 3. ngarariung = karumpul Isuk-isuk barudak geus ngarariung di buruan sakola. Isuk-isuk barudak geus karumpul di buruan sakola. 4. dipariksa = dititénan Unggal kuku ramo barudak dipariksa saurang-saurang. Unggal kuku ramo barudak ditténan saurang-saurang.

30

Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas II

5. ngadunga = nunuhun ka Gusti Alloh Saméméh diajar barudak ngadunga heula. Saméméh diajar barudak nunuhun ka Gusti Alloh heula. 6. ditungtun = dipingpin, dituyun Ngadunga ditungtun ku ibu atawa bapa guru. Ngadunga dipingpin ku ibu atawa bapa guru. 7. Jaligrah = ijigimbrang bari atoh Babaturan jaligrah lantaran aralus niléyna. Babaturan ijigimbrang bari atoh lantaran aralus niléyna. 8. lalawora = gagabah Ulah sok melid komo bari jeung diajar lalawora. Ulah sok melid komo bari jeung diajar gagabah 9. suhud = getol urang kudu diajar sing suhud jeung rajin. urang kudu diajar sing getol jeung rajin. 10. Kaduhung = hanjakal Mun teu diajar soson-soson bakal kaduhung ahirna. Mun teu diajar soson-soson bakal hanjakal ahirna.

H. MIGAWÉ PANCÉN No.

Kagiatan

1.

Guru nitah murid disina ngajawab pananya ku cara ngalengkepan kalimah nu dikosongkeun ku kecap-kecap tina kagiatan sapopoéna.

2.

Murid ngajawab pananya cukup ku ngalengkepan kalimah nu dikosongkeun luyu jeung kabiasaan dirina. Jawaban kumaha murid. 1. Hudang saré hidep sok tuluy mandi. 2. Isuk-isuk hidep sok sasarap heula. 3. Saméméh ka sakola, hidep ka mamah sok amitan heula. 4. Samémeh dahar, hidep sok kokocok panangan. 5. Lamun geus dahar, hidep sok ngadunga. 6. Saméméh mondok, hidep sok kokocok suku.

Bab 2 Pituduh Husus

31

7. Lamun mandi hidep sok disabun jeung ngosok huntu. 8. Lamun diajar hidep kudu suhud tur rajin. 9. Lamun leumpang hidep kudu di sisi jalan belah kénca. 10. Lamun panggih jeung guru kudu uluk salam tur rengkuh.

Sanggeus réngsé kagiatan diajar bahan dina pangajaran 3, guru babarengan jeung murid nyindekkeun eusi bahan pangajaran nu patali jeung narasi “Kagiatan ulin di lingkungan kulawarga jeung sabudeureun”. Guru ngayakeun réfléksi ngeunaan kamajuan diajar murid. Guru ogé ngukur kamampuh murid ku cara ngayakeun kagiatan meunteun, boh dina waktu lumangsung kagiatan diajar boh di ahir pangajaran. Jaba ti éta, guru nangtukeun geus tutas acanna murid kana bahan pangajaran maké Kritéria Katutasan Minimal (KKM).

EVALUASI Kritéria Katutasan Minimal (KKM) Kritéria Meunteun A. MACA JERO HATE B. NGALISANKEUN JAWABAN C. MIKAWERUH KECAP D. NYARITAKEUN E. MENERKEUN KALIMAH F.

MACA NGAJEMBARAN

G. NGALENGKEPAN KALIMAH H. MIGAWE PANCEN

32

Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas II

Katerangan Tutas Enggeus Encan

PANGAJARAN 4 Tema : Lingkungan Sakola Bahan : Déskripsi Média : Téks jeung gambar Tujuan Pangajaran: Saréngséna kagiatan diajar ngajar, murid bisa maca jero haté, maham eusi paguneman, nyebutan gambar, ngalengkepan kalimah, nyaritakeun, ngawangun kalimah, ngalarapkeun undak usuk basa. Kagiatan Diajar: Saméméh kagiatan diajar lumangsung, guru nepikeun nepikeun heula téma, tujuan, jeung gurat badag bahan pangajaran. Guru ngébréhkeun yén bahan ajar aya salapan bagian, nyaéta (1) maca jero haté, (2) maham eusi téks narasi, (3) mikaweruh kecap, (4) nyaritakeun carita, (5) ngalarapkeun undakusuk basa, (6) maca narasi ngajembaran, (7) ngalengkepan kalimah, jeung (8) migawé pancén di imah. Guru ngondisikeun murid sangkan sayaga pikeun diajar. Kagiatan diajar dilaksanakan ngaliwatan léngkah-léngkah ieu di handap.

A. MACA JERO HATE No.

Kagiatan

1.

Saméméh pangajaran dimimitian, guru ngucapkeun salam. Tuluy guru nepikeun téma jeung tujuan pangajaran nu kudu dihontal.

2.

Guru nitah murid maca téks déskripsi dina jero haté nu témana “Lingkungan Sakola” nu judulna “Di Sakola Yudi”.

3.

Guru ngalatih murid sina niténan eusi téks déskripsi ku cara maca kalawan daria. Tujuanana sangkan murid mibanda sikep sosial jeung disiplin tur sayaga ingetanana.

B. MAHAM EUSI PAGUNEMAN No.

Kagiatan

1.

Sanggeus maca téks déskripsi “Di Sakola Yudi”, guru nitah murid maham eusi bacaan ku cara ngajawab pananya nu disadiakeun. Bab 2 Pituduh Husus

33

2.

Pikeun maham eusi bacaan, guru nitah murid disina ngajawab pananya tina bacaan ku cara lisan. Ayeuna hidep kudu ngajawab pananya. Jawaban dituliskeun heula, engké dilisankeun. 1. Di mana Yudi sakolana? Di SD Guna Darma. 2. Sok kumaha barudak di buruan sakolana? Arulin. 3. Arulin naon barudak lalaki di buruan sakola? Sok méngbal ku bal pelastik. 4. Geus dialajar naon barudak di sakolana? Beberesih sakola. 5. Mun aya runtah sok dikumahakeun? Sok dicokot ka wadah runtahkeun. 6. Kumaha kaayaan lingkungan sakola? Beresih tur raresik. 7. Murid-murid geus dilatih naon? Dibéré tanggung jawab. 8. Dibéré tugas naon barudak téh? Tugas pikét. 9. Kumaha barudak téh pikétna? Tugas pikétna béda-béda. 10. Naon nu kudu dilaksanakeun enya-enya téh? Tanggung jawab.

3.

Guru meunteun murid bener henteuna ngajawab pananya.

C. NYEBUTAN GAMBAR No. 1. 2.

Kagiatan Guru nitah murid sina niténan gambar jeung kalimahna nu geus disayagikeun. Guru nitah murid nyebutan gambar tina segi gunana. Sapu injuk gunana paranti …………………… Sapu injuk gunana paranti sasapu di jero imah. Pigawé kawas conto! 1. Sapu nyéré gunana paranti sasapu di buruan. 2. Wadah runtah gunana paranti ngawadahan runtah. 3. Embér téh gunana paranti ngala atawa wadah cai. 4. Pamupus gunana paranti mupus. 5. Elap tina lamak gunana paranti ngelap. 6. Pamupus bor gunana paranti mupus tulisan dina bor. 7. Spidol gunana paranti nulis saperti dina whiteboard. 8. Mangkok cai gunana paranti wadah cai. 9. Kapur gunana paranti nulis dina bor. 10. Kamocéng gunana paranti meresihan kekebul.

3. 34

Guru meuteun bener henteuna murid ngajawab pananya. Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas II

D. NGALENGKEPAN KALIMAH No.

Kagiatan

1.

Guru nitah murid sina diajar mikir ku cara milih kecap.

2.

Guru nitah murid disina ngalengkepan kalimah nu dicopongkeun ku kecapkecap nu geus diadiakeun. beberesih, sasapu, ngelapan, mupus, miceun, ngangkut, dipulungan, mantuan, ngeprukan, mérésan

Lengkepan kalimah ieu di handap ku kecap-kecap nu dikurungan. 1. Barudak keur mérésan korsi di kelas . 2. Keretas nu ngabarak di kelas keur dipulungan ku barudak. 3. Déwi keur sasapu di buruan sakola. 4. Jajang mantuan bu guru némpélkeun gambar. 5. Bandi ngelapan kaca jandéla ku elap. 6. Réndi ngeprukan kekebul dina méja ku kamocéng. 7. Panji ngangkut cai ku émbér. 8. Ari miceun runtah kudu kana wadahna. 9. Barudak keur beberesih di jero kelas. 10. Atuh ari mupus Bor mah kudu ku pamupus.

E. NYARITAKEUN No.

Kagiatan

1.

Guru nitah murid sina maca bacaan nu judulna “Pasapon” dia jero haté.

2.

Guru nitah murid sina niténan eusi bacaan nu judulna “Pasapon” kalawan gemet.

3.

Guru nitah murid sina nyaritakeun deui eusi bacaan. Bacaan “Pasapon” téh caritakeun deui ku basa sorangan. Hal-hal anu kudu dicaritakeun deui: 1. Di sakola aya saha? Pasapon. 2. Naon tugasna pasapon? Nyapuan buruan sakola jeung beberesih.

Bab 2 Pituduh Husus

35

3. Sok maké naon pasapon beberesihna? Maké sapu. 4. Sok dikumahakeun runtah téh? Digundukkeun, tuluy diduruk. 5. Kumaha watek Mang Barna? Bageur pisan. 6. Di mana imahna Mang Barna? Tukangeun sakola. 7. Saha nu sok ngonci sakola? Mang Barna. 8. Kumaha panto gerbang sakola mun isuk-isuk? Dibuka. 9. Kumaha barudak téh ka pasapon? Mantuan beberesih di kelas. 10. Naon tujuan beberesih di sakola? Sangkan sakola beresih tur asri. 4.

Guru meunteun bener henteuna komponén nu dicaritakeun ku murid.

F. NGAWANGUN KALIMAH No.

Kagiatan

1.

Guru nitah murid sina niténan conto kalimah aktif jeung kalimah pasif. ngonci → dikonci Mang Barna téh sok ngonci panto gerbang sakola. Panto gerbang sakola téh sok dikonci ku Mang Barna.

2.

Guru nitah murid sina latihan ngarobah kecap nu maké rarangkén hareup Nku rarangkén hareup di-.

3.

Guru nitah murid disina ngalarapkeun kecap pasif nu geus diwangunna kana kalimah. Pananya jeung jawaban ngawangun kecap tur larapna kana kalimah saperti kieu. 1. mupus → dipupus Rijki mupus bor maké pamupus. Bor dipupus ku Rijki make pamupus. 2. ngelap → dielap Déwi keur ngelap kaca jandéla. Laca jandéla keur dielap ku Déwi. 3. meuli → dibeuli Barudak meuli cilok di pipir sakola. Cilok dibeuli ku barudak di pipir sakola. 4. nulis → ditulis Murid-murid keur nulis kalimah. Kalimah keur ditulis ku murid-murid.

36

Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas II

5. maca → dibaca Yadi keur maca buku basa Sunda. Buku basa Sunda keur dibaca ku Yadi. 6. ngarang → dikarang Barudak keur ngarang sajak. Sajak keur dikarang ku barudak. 7. ngagambar → digambar Wéndi keur ngagambar gunung. Gunung keur digambar ku Wéndi. 8. ngariung → diriung Barudak keur ngariung Kang Nandi. Kang Nandi keur diriung ku barudak. 9. ngajul → diajul Kang Undang keur ngajul buah. Buah keur diajul ku Kang Undang. 10. Ngeduk → dikeduk Mang Dadi keur ngeduk solokan. Solokan keur dikeduk ku Mang Dadi.

G. MENERKEUN TULISAN No. 1.

Kagiatan Guru nitah murid sina niténan conto kalimah nu awalna ditulis ku huruf leutik. Eta kalimah tuluy dibenerkeun cara nulisna ku huruf kapital. hamperu lauk téh mun kadahar karasana pait. Hamperu lauk téh mun kadahar karasana pait.

Bab 2 Pituduh Husus

37

2.

Guru nitah murid disina ngarobah kalimah nu dimimitian ku huruf leutik, dirobah jadi ku huruf kapital. Kalimah ieu di handap, ku hidep benerkeun cara nulis aksara gedéna. 1. nénéng melak kembang dina pot. Nénéng melak kembang dina pot. 2. yudi sakola di sd sukamaju. Yudi sakola di SD Sukamaju. 3. rangga keur diajar maca. Rangga keur diajar maca. 4. ajat téh putrana bu euis. Ajat téh putrana Bu Euis. 5. bapa kawitna ti tasik. Bapa kawitna ti Tasik. 6. dédé boga ucing dua. Dédé boga ucing dua. 7. di lembang réa sapi diingu. Di Lémbang réa sapi diingu. 8. barudak keur arulin di buruan. Barudak keur arulin di buruan. 9. dadang resep macaan buku carita. Dadang resep macaan buku carita. 10. urang kudu diajar apik jeung berséka. Urang kudu diajar apik jeung berséka.

3.

Guru meunteun bener henteuna murid dina ngarobah hurif kecil menjadi huruf kapital dalam kalimah.

Sanggeus réngsé kagiatan diajar bahan dina pangajaran 4, guru babarengan jeung murid nyindekkeun eusi bahan pangajaran nu patali jeung narasi “Kagiatan ulin di lingkungan kulawarga jeung sabudeureun”. Guru ngayakeun réfléksi ngeunaan kamajuan diajar murid. Guru ogé ngukur kamampuh murid ku cara ngayakeun kagiatan meunteun, boh dina waktu lumangsung kagiatan diajar boh di ahir pangajaran. Jaba ti éta, guru nangtukeun geus tutas acanna murid kana bahan pangajaran maké Kritéria Katutasan Minimal (KKM).

38

Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas II

EVALUASI Kritéria Katutasan Minimal (KKM) Kritéria Meunteun

Katerangan Tutas Enggeus Encan

A. MACA JERO HATE B. MAHAM EUSI PAGUNEMAN C. NYEBUTAN GAMBAR D. NGALENGKEPAN KALIMAH E. NYARITAKEUN F.

NGAWANGUN KALIMAH

G. MENERKEUN TULIAN

Bab 2 Pituduh Husus

39

PANGAJARAN 5 Tema : Hirup beresih jeung séhat Bahan : Paguneman Média : Téks jeung gambar Tujuan Pangajaran: Saréngséna kagiatan diajar ngajar, murid bisa molahkeun paguneman, maham eusi paguneman, ngalarapkeun kecap, ngalengekepan kalimah, ngajembaran paguneman, jeung nembangkeun pupuh. Kagiatan Diajar: Saméméh kagiatan diajar lumangsung, guru nepikeun nepikeun heula téma, tujuan, jeung gurat badag bahan pangajaran. Guru ngébréhkeun yén bahan ajar aya salapan bagian, nyaéta (1) maca jero haté, (2) maham eusi téks narasi, (3) mikaweruh kecap, (4) nyaritakeun carita, (5) ngalarapkeun undakusuk basa, (6) maca narasi ngajembaran, (7) ngalengkepan kalimah, jeung (8) migawé pancén di imah. Guru ngondisikeun murid sangkan sayaga pikeun diajar. Kagiatan diajar dilaksanakan ngaliwatan léngkah-léngkah ieu di handap.

A. MOLAHKEUN PAGUNEMAN No.

Kagiatan

1.

Saméméh pangajaran dimimitian, guru ngucapkeun salam. Tuluy guru nepikeun téma jeung tujuan pangajaran nu kudu dihontal.

2.

Guru nitah murid maca téks déskripsi dina jero haté nu témana “Hirup Beresih jeung Séhat” nu judulna “Apik jeung Berséka”.

3.

Guru nitah murid ngelompok, tuluy disina molahkeun paguneman nu judulna “Apik jeung Berséka”.

4.

Guru ngalatih murid sina niténan eusi paguneman ku cara maca deui kalawan daria. Tujuanana sangkan murid mibanda sikep sosial jeung disiplin tur sayaga ingetanana.

40

Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas II

B. NGAJAWAB PANANYA No.

Kagiatan

1.

Sanggeus maca jeung molahkeun téks paguneman “Apik jeung Berséka”, guru nitah murid maham eusi bacaan ku cara ngajawab pananya nu disadiakeun.

2.

Murid ngajawab pananya bisa ku cara mandiri bisa babarengan jeung batur sabangkuna. Jawaban tina pananyana téh kieu. 1. Saha nu keur ngalobrol téh? Yudi jeung Bébén. 2. Ari nu gering téh saha? Rangga. 3. Gering ku naon cenah? Nyeri beuteung. 4. Balukar ku naon geringna téh? Jajan és. 5. Urang ulah jajan nu kumaha? Sambarangan (gagabah). 6. Kudu kumaha urang dina dahar? Apik. 7. Kudu kumaha urang dina maké pakéan? Kudu berséka, ulah odoh. 8. Sangkan beresih, kudu dikumahakeun pakéan téh? Diseuseuh. 9. Maké naon nyeuseuh pakéan téh? Maké sabun. 10. Ngarah rapih, kudu dikumaha pakéan téh? Disetrika.

3.

Guru meunteun murid bener henteuna dina ngajawab pananya pikeun maham eusi paguneman.

C. NGALARAPKEUN KECAP No.

Kagiatan

1.

Guru nitah murid sina niténan kecap jeung sinonimna.

2.

Guru nitah murid sina niténan kecap jeung sinonimna dina kalimah sangkan paham hartina. Titénan ieu conto: tambarakan = sagala didahar Rangga téh sok jajan tambarakan. Rangga téh sok jajan sagala didahar.

Bab 2 Pituduh Husus

41

3.

Guru nitah murid sina néangan sasaruaan kecap atawa sinonimna, tuluy dilarapkeun kana kalimah. Pigawé kawas conto! 1. apik = taliti Urang kudu apik dina dahar. Urang kudu taliti dina dahar. 2. berséka = apik Urang kudu ngajaga awak sing berséka. Urang kudu ngajaga awak sing apik 3. odoh = jorok Ulah odoh kana papakéan. Ulah jorok kana papakéan. 4. kokocok = kukumbah Mun rék dahar kudu kokocok panangan heula. Mun rék dahar kudu kukumbah panangan heula. 5. dikumbah = diberesihan Piring kotor kudu dikumbah heula. Piring kotor kudu diberesihan heula. 6. Tengi = hapeuk Kadaharan nu geus tengi matak jadi panyakit. Kadaharan nu geus hapeuk matak jadi panyakit. 7. dituruban = ditutupan Nyimpen dahareun kudu dituruban bisi ku laleur. Nyimpen dahareun kudu dututupan bisi ku laleur.

D. NGALENGKEPAN KALIMAH No.

Kagiatan

1.

Guru nitah murid sina niténan kalimah nu dicopongkeun jeung kecap gigireunana.

2.

Guru nitah murid sina milih kecap nu disadiakeun, tuluy dieusikeun kana kalimah anu copong kalawan merenah. Kalimah jeung jawabanana téh kieu. Lengkepan kalimah nu dicopongkeun ku kecap-kecap nu aya gigireunana! 1. Méméh dahar, urang kudu … F … leungeun heula. A. katuhu 2. Lamun mandi, kudu maké …… J …………………. B. sikat seuseuh 3. Awak kudu diruru maké ………… G …………….. C. pamitan 4. Lamun buuk dikuramas, kudu maké…… I ……… D. ngadunga 5. Ari dahar kudu maké leungeun………… A ……… E. laleur

42

Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas II

6. Samémeh reup saré, urang kudu… D …. heula. 7. Ari ngosok huntu kudu maké………… H ……… 8. Ari rék indit ka sakola, kudu …… C … heula. 9. Dahareun kudu ditutupan bisi ku ……… E …….. 10. Sikat seuseuh béda jeung …… B ……. huntu 3.

F. kokocok G. batu H. odol I. sampo J. sabun

Guru meunteun murid bener henteuna dina ngalengkepan kalimah.

E. NGAJEMBARAN PAGUNEMAN No.

Kagiatan

1.

Guru nitah murid sina maca jero haté teks paguneman nu judulna “Ka Puskesmas”, tuluy sina dibaca dibedaskeun atawa dipolahkeun di kelas.

2.

Guru nitah murid sina niténan eusi paguneman kalawan daria.

3.

Guru nitah murid sina maham eusi paguneman ku cara ngajwab pananya nu geus disadiakeun dina buku. Kieu paréntah jeung jawabanana téh. Sanggeus hidep maca paguneman di luhur, pék jawab pananya ieu di handap! 1. Gering naon Randi téh? Rieut jeung panas tiris. 2. Akibat naon Randi gering téh? Tas ulin papanasan, tuluy kahujanan. 3. Dibawa ka mana Randi téh ku ibuna? Ka Puskesmas. 4. Ka mana ibuna Randi meuli karcis? Ka lokét. 5. Disina kumaha Randi téh ku dokter? Ngagolér dina kasur. 6. Dikumahakeun baju Randi téh ku dokter? Disénglédkeun. 7. Ku dokter, dipariksa maké naon Randi téh? Stétoskop. 8. Diantelkeun kana naon stétoskop téh ku dokter? Kana dada jeung Beuteung Randi. 9. Dibéré naon Randi ku dokter téh? Obat. 10. Sabaraha kali obat téh diinumna? Sapoé dua kali.

4.

Guru meunteun murid bener henteuna dina molahkeun paguneman jeung ngajawab pananya ngeunaan eusi paguneman.

Bab 2 Pituduh Husus

43

F. NYUSUN PAGUNEMAN No.

Kagiatan

1.

Guru nitah murid sina latihan nyusun paguneman pondok.

2.

Ngarah babarieun, guru nitah murid sina ngalengkepan kalimah nu dicopongkeun dina paguneman. Ieu di handap aya paguneman anu can anggeus nu kudu dilengkepan ku murid. Paguneman lengkepna kieu. Yudi

: Ran, ku naon kamari teu sakola?

Randi

: Udur.

Yudi

: Naon anu karaos?

Randi

: Awak karasana paranas tiris.

Yudi

: Oh, demam atuh, nya?

Randi

: Enya, ceuk dokter ogé demam.

Yudi

: Iraha ka dokterna kitu?

Randi

: Kamari dua poé ka tukang.

Yudi

: Ka dokter mana?

Randi

: Eta dokter di Puskesmas.

Yudi

: Jeung saha ka dokterna?

Randi

: Jeung Mamah.

Yudi

: Dikumaha waé ku dokter téh?

Randi

: Nya dipariksa, maké alat nu diantelkeun kana dada.

Yudi

: Oh, maké stétoskop meureun.

Randi

: Enya, maké Stétoskop éta ogé.

Yudi

: Disuntik henteu?

Randi

: Ah, henteu ngan dibéré obat wungkul.

Lamun geus dilengkepan, téks paguneman téh disina dipolahkeun ku duaan. Dipeunteun cara maca jeung lentongna. 3.

44

Guru meunteun murid bener henteuna dina maca jeung molahkeun paguneman.

Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas II

G. NEMBANGKEUN PUPUH No.

Kagiatan

1.

Guru nitah murid sina maca jero haté teks pupuh asamarandana nu patali jeung hirup berséka.

2.

Guru ngajak murid babarengan nembangkeun pupuh asmarandana.

3.

Guru nitah murid nembangkeun pupuh babarengan sakelas, tuluy bagilir sajajar-sajajar bangku. Geus kitu, nembangkeun pupuh saurang-saurang.

4.

Guru meunteun murid alus henteuna dina nembangkeun pupuh asamarandana.

5.

Guru nitah murid sina maham eusi pupuh asmarandana ku cara ngajawab pananya nu geus disayagikeun dina buku. Sanggeus nembangkeun pupuh, murid sina maham eusina, anu jawabanana kieu. 1. Murangkalih téh kudu éling. 2. Urang ulah odoh ka panganggo. 3. Mun pakéan kotor geuwat seuseuhan. 4. Lamun pakéan soéh geuwat kaputan. 5. Kana pakéan buruk masing butuh. 6. Ari kana pakéan anyar masing lebar.

6.

Guru nitah murid néangan harti kecap tur ngalarapkeun kana kalimah. Ngarah teu héséeun, murid disina niténan heula contona. Contona: éling-éling = sadar-sadar Éling-éling murangkalih …………………murangkalih Sadar-sadar murangkalih Pigawé kawas conto di luhur! Jawabanana kieu. 1. murangkalih = barudak Éling-éling murangkalih. Éling-éling barudak.

Bab 2 Pituduh Husus

45

2. panganggo = pakéan Ulah odoh ka panganggo. Ulah jorok ka pakéan. 3. geuwat = gancang Mun kotor geuwat seuseuhan. Mun kotor gancang seuseuhan. 4. buruk = butut Ka nu buruk masing butuh. Ka nu butut masing butuh. 5. lebar = nyaah Ka nu anyar masing lebar. Ka nu anyar masing nyaah.

Sanggeus réngsé kagiatan diajar bahan dina pangajaran 5, guru babarengan jeung murid nyindekkeun eusi bahan pangajaran nu patali jeung narasi “Kagiatan ulin di lingkungan kulawarga jeung sabudeureun”. Guru ngayakeun réfléksi ngeunaan kamajuan diajar murid. Guru ogé ngukur kamampuh murid ku cara ngayakeun kagiatan meunteun, boh dina waktu lumangsung kagiatan diajar boh di ahir pangajaran. Jaba ti éta, guru nangtukeun geus tutas acanna murid kana bahan pangajaran maké Kritéria Katutasan Minimal (KKM).

46

Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas II

EVALUASI Kritéria Katutasan Minimal (KKM) Kritéria Meunteun

Katerangan Tutas Enggeus Encan

A. MOLAHKEUN PAGUNEMAN B. MAHAM EUSI PAGUNEMAN C. NGALARAPKEUN KECAP D. NGALENGKEPAN KALIMAH E. NGAJEMBARAN PAGUNEMAN F.

NEMBANGKEUN PUPUH



Bab 2 Pituduh Husus

47

PANGAJARAN 6 Tema : Cinta jeung Reueus jadi Bangsa Indonésia Bahan : Dadaran (déskripsi) Média : Téks jeung gambar Tujuan Pangajaran: Saréngséna kagiatan diajar ngajar, murid bisa maca jero haté, maham eusi bacaan, miwanoh kecap, ngarobah kalimah, nyusun omongan, nadomkeun pupujian, jeung ngajembaran dadaran. Kagiatan Diajar: Saméméh kagiatan diajar lumangsung, guru nepikeun nepikeun heula téma, tujuan, jeung gurat badag bahan pangajaran. Guru ngébréhkeun yén bahan ajar aya salapan bagian, nyaéta (1) maca jero haté, (2) maham eusi téks narasi, (3) mikaweruh kecap, (4) nyaritakeun carita, (5) ngalarapkeun undakusuk basa, (6) maca narasi ngajembaran, (7) ngalengkepan kalimah, jeung (8) migawé pancén di imah. Guru ngondisikeun murid sangkan sayaga pikeun diajar. Kagiatan diajar dilaksanakan ngaliwatan léngkah-léngkah ieu di handap.

A. MACA JERO HATÉ No.

Kagiatan

1.

Saméméh pangajaran dimimitian, guru ngucapkeun salam. Tuluy guru nepikeun téma jeung tujuan pangajaran nu kudu dihontal.

2.

Guru nitah murid maca téks déskripsi dina jero haté nu témana “Lingkungan Alam Sabudeur” nu judulna “Urang jeung Alam”.

3.

Guru ngalatih murid sina niténan eusi téks déskripsi ku cara maca kalawan daria. Tujuanana sangkan murid mibanda sikep sosial jeung disiplin tur sayaga ingetanana.

B. NGALISANKEUN JAWABAN No.

Kagiatan

1.

Sanggeus maca téks déskripsi “Urang jeung Alam”, guru nitah murid maham eusi bacaan ku cara ngajawab pananya nu disadiakeun.

48

Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas II

2.

Guru nitah murid ngajawab pananya kana eusi teks déskripsi ku cara lisan. Pananya jeung jawabanana kieu. 1. Manusa jeung alam kaasup mahluk ciciptan Pangéran. 2. Jalma, sasatoan, jeung tutuwuhan kaasup mahluk Hirup. 3. Unggal poé urang sok nyeuseup hawa. 4. Mun euweuh hawa, urang moal bisa ngambekan. 5. Keu nginum, urang perlu cai. 6. Urang bisa moyan lantaran aya cahaya panonpoé. 7. Alam dunya bakal moal caang mun euweuh cahaya panonpoé. 8. Ti peuting di langit aya bulan jeung béntang. 9. Bulan moncorongna buleud. 10. Ari béntang mah caangna tingkarelip.

3.

Guru meunteun murid bener henteuna dina ngajawab pananya pikeun maham eusi téks.

C. MIKAWANOH KECAP No.

Kagiatan

1.

Sanggeus maca téks déskripsi “Urang jeung Alam”, guru nitah murid niténan kecap jeung sinonimna nu dilarapkeun kana kalimah.

2.

Guru nitah murid sina maham kecap-kecap jeung sinonimna nu dilarapkeun kana kalimah. Contona: ciciptan = jieunan Manusa jeung alam kaasup mahluk ciciptan Pangéran. Manusa jeung alam kaasup mahluk jieunan Pangéran.

3.

Guru nitah murid ngalengkepan kalimah nu dicopongkeun ku kecap-kecap nu geus diyagakieun. Paréntah jeung jawabanana kieu. Lengkepan kalimah-kalimah ieu di handap ku kecap-kecap anu aya gigireunana. 1. Angin téh karasana ………… C …………… A. mongkléng 2. Ti peuting bulan caang mani…… D ……… B. ragrag 3. Isuk-isuk panonpoé …… E …….. ti wétan. C. ngahiliwir 4. Mun ti peuting, kaayaan poék…… A ……. D. mabra 5. Ti langit hujan ………………… B ………………. E. moncorong

4.

Guru meunteun murid bener henteuna dina ngajawab pananya ngeuaan ngalengkepan kalimah. Bab 2 Pituduh Husus

49

D. NGAROBAH KALIMAH No.

Kagiatan

1.

Sanggeus maca téks déskripsi “Urang jeung Alam”, guru nitah murid niténan kecap pagawéan aktif jeung kecap pagawéan pasif.

2.

Guru nitah murid sina niténan kalimah aktif jeung kalimah pasif. Contona:

3.

dipelak → melak Tangkal kembang sok dipelak ku jalma. Jalma sok ……………….. tangkal kekembangan.

Guru nitah murid sina ngarobah kecap pagawéan pasif jadi kecap pagawéan aktif, tuluy dilarapkeun kana kalimah. Paréntah jeung jawabanana kieu. Pigawé kawas conto! 1. diseuseup → nyeuseup Hawa diseuseup ku mahluk hirup. Mahluk hirup nyeuseup hawa. 2. dikali → ngali Taneuh dikali ku tukang sumur. Tukang sumur ngali taneuh. 3. dituar → nuar Tangkal dituar ku Mang Bébén. Mang Bébén nuar Tangkal. 4. disiuk → nyiuk Cai disiuk ku Néni tina bak. Néni nyiuk cai tina bak. 5. dirabut → ngarabut Tangkal sampeu dirabut ku Kang Ruslan. Kang Ruslan ngarabut tangkal sampeu. 6. diundeur → ngundeur Daun sampeu diundeur ku Bu Nénéng. Bu Nénéng ngundeur daun sampeu. 7. dipetik → metik Kembang di buruan dipetik ku Téh Éma. Téh Éma metik kembang.

50

Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas II

8. dipacul → macul Tanah kebon keur dipacul ku Mang Karwa. Mang Karwa keur macul tanah kebon. 9. diala → ngala Paré di sawah keur diala ku ibu-ibu. Ibu-ibu keur ngala paré di sawah, 10. diajul → ngajul Gedang keur diajul ku Mang Yoyo. Mang Yoyo keur ngajul gedang. 4.

Guru meunteun murid bener henteuna dina ngarobah kecap pagawéan pasif jadi kecap pagawéan aktif sarta ngalarapkeunana dina kalimah.

E. MENERKEUN KALIMAH No. 1.

Kagiatan Guru nitah murid sina niténan kalimah anu runtuyan kecapna diacak. Contona:

2.

hudang—isuk-isuk—kénéh—hudang—geus—Yudi Kalimahna: Isuk-isuk kénéh Yudi geus hudang.

Guru nitah murid sina menerkeun runtuyan kecap-kecap sangkan jadi kalimah anu bener tur merenah. Paréntah jeung jawabanana saperti kieu. 1. maca – keur – Yayan – basa Sunda Yayan keur maca basa Sunda. 2. nyéboran – di buruan – Néni - kembang Néni nyéboran kembang di buruan. 3. di dapur – nuju – mamah – masak Mamah nuju masak di dapur. 4. koran – di tepas – bapa – maca – keur Bapa keur maca koran di tepas. 5. macul – di kebon – keur – Mang Karya Mang Karya keur macul di kebon. 6. ngaput – mesin -- Bi Inah -- dina – keur Bi Inah keur ngaput dina mesin.

Bab 2 Pituduh Husus

51

7. keur—barudak—arulin—di—buruan Barudak keur arulin di buruan. 8. santri—keur—barudak—di masigit – ngaraji Barudak santri keur ngaraji di masigit. 9. tivi—baba-bapa—lalajo—dina—keur – méngbal Bapa-bapa keur laajo méngbal dina tivi. 10. Persib—Persija—keur—si Jalak harupat—tanding --- jeung --- di Persib jeung Persija keur tanding di si Jalak Harupat. 3.

Guru meunteub murid bener henteuna dina nyusun kalimah nu kecapkecapna diacak.

F. NADOMKEUN PUPUJIAN No. 1.

Kagiatan Guru nitah murid sina maca heula dina jero haté téks pupujian nu judulna “Bab Cai”. BAB CAI Dupi sadayana cai, nu sok dianggo susuci, éta aya tujuh rupi, walungan anu kahiji. Cai laut kaduana, cai sumur katiluna, cai ibun kaopatna, cai és nu kalimana. Cai nyusu kagenepna, cai hujan katujuhna, éta cai sadayana, sah dianggo susucina.

2.

Guru ngajak murid babarengan nadomkeun pupujian “Bab Cai”.

3.

Guru nitah murid babarengan nadomkeun pupujian “Bab Cai”

4.

Pikeun maham eusi pupujian, guru nitah murid disina ngajawab pananya nu disadiakeun. Sanggeus murid ngalagukeun atawa nadomkeun pupujian di luhur, sangkan paham kana eusina, pék jawab ieu pananya. 1. Aya sabaraha cai nu sok dipaké susuci? Aya tujuh rupa.

52

Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas II

2. Cai naon nu kahijina? Cai walungan. 3. Ari cai és nu kasabaraha? Nu kalima. 4. Rupa-rupa cai téh sah dipaké naon? Susuci. 5. Cai naon anu karasana tiis? Cai és. 6. Ari cai hujan ti mana asalna? Ti langit. 7. Cai laut kumaha rasana? Asin. 8. Naon ngaranna cai nu ngaburial tina jero taneuh? Cai nyusu. 9. Cai naon nu ngagarendang isuk-isuk dina daun? Cai ibun. 10. Sah dipaké naon cai nu tujuh rupa téh? Susuci.

G. NGAJEMBARAN DADARAN No.

Kagiatan

1.

Guru nitah murid sina maca jero haté bacaan nu judulna “patempatan“.

2.

Guru disina niténan kalawan imeut eusi bacaan “Patempatan”.

3.

Guru nitah murid sina nyebutan deui ngaran-ngaran tempat nu geus dicontoan. Sanggeus hidep maca bacaan nu eusina ngaran patempatan, ayeuna hidep néangan deui ngaran patempatan. Bisa diskusi jeung babaturan. Jieun dina buku tugas! 1. Patempatan patali jeung ci- saperti Cinangka, Cicaheum, Cileunyi, … 2. Patempatan patali jeung pasir saperti Pasirimpun, Pasiripis, Pasirimpun, Pasirkoja, …. 3. Patempatan patali jeung ranca saperti Rancabolang, Rancakalong, Rancabuaya, Rancabali, … 4. Patempatan patali jeung rawa saperti Rawabogo, Rawabango, Rawamerta, …. 5. Patempatan patali jeung leuwi saperti Leuwiliang, Leuwipanjang, Leuwigajah, Leuwimunding, Leuwisari, ….

Sanggeus réngsé kagiatan diajar bahan dina pangajaran 6, guru babarengan jeung murid nyindekkeun eusi bahan pangajaran nu patali jeung narasi “Kagiatan ulin di lingkungan kulawarga jeung sabudeureun”. Guru ngayakeun réfléksi ngeunaan kamajuan diajar murid. Guru ogé ngukur kamampuh murid ku cara ngayakeun kagiatan meunteun, boh dina waktu lumangsung kagiatan diajar boh di ahir pangajaran. Jaba ti éta, guru nangtukeun geus tutas acanna murid kana bahan pangajaran maké Kritéria Katutasan Minimal (KKM). Bab 2 Pituduh Husus

53

EVALUASI Kritéria Katutasan Minimal (KKM) Kritéria Meunteun A. MACA JERO HATE B. MAHAM EUSI BACAAN C. MIWANOH KECAP D. NGAROBAH KALIMAH E. NYUSUN OMONGAN F.

NADOMKEUN PUPUJIAN

G. NGAJEMBARAN DADARAN

54

Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas II

Katerangan Tutas Enggeus Encan

PANGAJARAN 7 Tema : Miara sasatoan jeung tutuwuhan Bahan : Dadaran (déskripsi) Média : Téks jeung gambar Tujuan Pangajaran: Saréngséna kagiatan diajar ngajar, murid bisa maca jero haté, maham eusi bacaan, ngalengkepan kalimah, nyusun karangan, ngalarapkeun kecap, jeung nyusun omongan. Kagiatan Diajar Saméméh kagiatan diajar lumangsung, guru nepikeun nepikeun heula téma, tujuan, jeung gurat badag bahan pangajaran. Guru ngébréhkeun yén bahan ajar aya salapan bagian, nyaéta (1) maca jero haté, (2) maham eusi téks narasi, (3) mikaweruh kecap, (4) nyaritakeun carita, (5) ngalarapkeun undakusuk basa, (6) maca narasi ngajembaran, (7) ngalengkepan kalimah, jeung (8) migawé pancén di imah. Guru ngondisikeun murid sangkan sayaga pikeun diajar. Kagiatan diajar dilaksanakan ngaliwatan léngkah-léngkah ieu di handap.

A. MACA JERO HATÉ No.

Kagiatan

1.

Saméméh pangajaran dimimitian, guru ngucapkeun salam. Tuluy guru nepikeun téma jeung tujuan pangajaran nu kudu dihontal.

2.

Guru nitah murid maca téks déskripsi dina jero haté nu témana “Miara Sasatoan jeung Tutuwuhan” nu judulna “Melak Kembang”.

3.

Guru ngalatih murid sina niténan eusi téks déskripsi ku cara maca kalawan daria. Tujuanana sangkan murid mibanda sikep sosial jeung disiplin tur sayaga ingetanana.

B. NGALISANKEUN JAWABAN 1. Murid disina maca deui téks bacaan. 2. Murid disina paham kana eusi bacaan ku cara ngajawab pananya nu disadiakeun.

Bab 2 Pituduh Husus

55

No.

Kagiatan

1.

Sanggeus maca téks déskripsi “Melak Kembang”, guru nitah murid maham eusi bacaan ku cara ngajawab pananya nu disadiakeun.

2.

Guru nitah murid ngajawab pananya kana eusi teks déskripsi ku cara lisan. Pananya jeung jawabanana kieu. 1. Resep naon Ibu téh? Melak kembang. 2. Saha deui nu gaduh karesep kawas Ibu? Téh Nani. 3. Ibu sareng Téh Nani osok naon? Melak kembang. 4. Di mana dipelakna kembang téh? Dina pot. 5. Kumaha ngurusna kembang téh? Kudu diceboran jeung digemuk. 6. Kumaha warnana kembang srangéngé téh? Konéng. 7. Kumaha rasana seureuh beureum téh? Pait. 8. Kembang naon nu make ngaran sasatoan? Kuping gajah, lidah buaya. 9. Ti mana mun urang rék meuli gemuk? Ti toko kembang. 10. Ari di kampung sok aya gemuk naon? Gemuk kandang.

C. NGALENGKEPAN KALIMAH No.

Kagiatan

1.

Sanggeus maca téks déskripsi “Melak Kembang”, guru nitah murid sina wanoh kana ngaran babagian tatangkalan.

2.

Guru nitah murid sina ngalengkepan kalimah nu dicopongkeun ku kecapkecap nu disayagikeun. Kecap-kecap anu bisa dipilihna patali jeung ngaran babagian tutuwhan. Pék lengkepan kalimah ieu di handap ku kecap-kecap gigireunana! 1. Ibu melak ………… E ………… dina pot. A. beutina 2. Tangkal rambutan téh…… C ……leubeut. B. akarna 3. Tangkal sampeu mah…… A …..dina jero taneuh. C. buahna 4. Tangkal téh …… B …... nyeceb kana taneuh D. pendul 5. Méméh jadi buah, peuteuy asalna…… D …. É. Kembang 6. Buah salah téh ngagonyok jeung……… J …… F. dawegan 7. Bisa dipaké ubar ……… E ……. kumis ucing mah. G. paria 8. Buah ……… G …….. téh rasana pait. H. céngék 9. ……… F ……….. keur meujeuhna lumého. I. kembang 10. Kembang …… H …….. disebutna méncéngés. J. cucukan

56

Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas II

D. NYUSUN KARANGAN No.

Kagiatan

1.

Guru nitah heula murid sangkan maca téks déskripsi “Ngukut Ucing” keur conto tur gambaran déskripsi.

2.

Guru nitah murid disina nyusun karangan wangun dadaran (déskripsi).

3.

Ngaran henteu héséeun, guru nitah murid disina ngalengkepan karangan nu dicopongkeun. Murid cukup nuluykeun karangan. Paréntah jeung jawabanana bisa dititénan ieu di handap. MIARA LAUK DINA AKUARIUM Wéndi téh miara lauk dina akuarium. Tacan lila miara laukna ogé. Kakara lima poé. Akuariumna beunang nyieun bapana. Akuarium téh dijieunna tina kaca. Kacana anu kandel. Pikeun nyambungkeun tungtung kaca, biasana sok ngagunakeun lém husus keur kaca. Wangun akuarium téh umumna pasagi panjang. Bagian ti tukangna sok ditémpélan gambar tatangkalan. Jadi, katempona latarna siga jujukutan. Dina akuarium sok maké alat sangkan panyedot sangkan cai ngaberekbek. Eta téh ngahaja ngarah siga dina cai anu ngocor kawas dina balong atawa susukan. Cai ngocor téh matak betaheun kana lauk. Aya rupa-rupa lauk nu diingu ku Wéndi téh. Aya lauk koki, sepat, arwana, … Ngarah caina beresih, dina akuarium sok dipelakan lauk sapu. Lauk sapu mah tara gérak kawas lauk séjénna, tapi sok ngadaplok wé dina kaca akuarium. Lauk akuarium mah aya husus parabna. Eta parab téh bisa dibeuli di toko lauk atawa toko akuarium. Béda jeung lauk biasa nu aya di balong. Lauk balong mah parabna ogé bisa huut bisa dangdaunan atawa sangu. Sabulan sakali cai dina akuarium mah kudu diganti. Tujuanana sangkan caina tetep hérang, henteu kiruh jeung kotor atawa lecek. Lamun akuarium dikumbah, lauk-laukna kudu dipindahkeun saheulaaan kana tempat séjén.

Bab 2 Pituduh Husus

57

E. NGALARAPKEUN KECAP No.

Kagiatan

1.

Guru nitah heula murid sangkan wanoh kana ngaran babagian lauk, pakakas paranti ngala lauk, ngaran babagian sasatoan, ngaran babagian tatangkalan jeung ngaran tatangkalan. Titénan ieu kalimah:

Wéndi téh miara lauk dina akuarium.

Guru nerangkeun ka murid yén “lauk mah hirupna téh dina cai. Tangtu ngabogaan alat husus keur ngambekanana. Ieu di handap aya gambar lauk.

Hulu lauk asang

2.

58

cécépét

sisit

buntut

Guru nitah murid disina nyieun kalimah ku kecap-kecap ngaran babagian sasatoan, tatangkalan, atawa tutuwuhan.

Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas II

3.

Guru nitah murid disina ngucapkeun kalimah anu ngandung ngaran-ngaran babagian sasatoan, tatangkalan, atawa tutuwuhan. Ayeuna jieun kalimah maké kecap-kecap ieu di handap. 1. pamatuk Hayam téh nyatuan hakaneun ku pamatukna. 2. jawér Hayam bikang henteu jawéran kawas hayam jago. 3. siih Siih hayam jago téh seukeut. Cicingna dina cékérna lebah jero. 4. jangjang Jangjang hayam jago téh kikiplik mun keur kongkorongok. 5. buntut Hayam bikang mah buntutna henteu ngarumbay kawas hayam jago.

4.

Guru meunteun murid bener henteuna ngalarapkeun ngaran babagian sato kana kalimah.

F. MENERKEUN TULISAN No.

Kagiatan

1.

Guru nitah heula murid sina niténan conto nyusun kalimah anu runtuyan kecap-kecapna diacak.

2.

Guru nitah murid disina niténan kalimah anu geus dibenerkeun runtuyan kecapna. Titénan contona:

3.

keur – Yudi – nembang – diajar Kalimahna: Yudi keur diajar nembang.

Guru nitah murid disina nyusun kalimah tina kecap-kecap anu runtuyanana diacak. 1. arulin-di-barudak-sakola-buruan Barudak arulin di buruan sakola. 2. kakawihan-bari-barudak-ulin-téh Barudak téh ulin bari kakawihan.

Bab 2 Pituduh Husus

59

3. ngawarnaan-Ayi-gambar-keur Ayi keur ngawatnaan gambar. 4. kembang-keur-Yani-dipelak Kembang keur dipelak Yani. 5. sajak-keur-Didi-ngarang-diajar Didi keur diajar ngarang sajak. 6. balong-Héri-lauk-marab-keur Héri keur marab lauk di balong. 7. lalajo-Dadang-keur-dina-méngbal-tivi Dadang keur lalajo méngbal dina tivi. 8. Dédi-gunung-ku-digambar-keur Gunung keur digambar ku Dédi. 9. jeung-Uci-kerja kelompok-Nana-di imah Féri Nana jeung Uci kerja kelompok di imah Féri. 10. ka-istirahat-barudak-tukang dagang-jarajan-waktu Waktu istirahat barudak jarajan ka tukang dagang. Sanggeus réngsé kagiatan diajar bahan dina pangajaran 7, guru babarengan jeung murid nyindekkeun eusi bahan pangajaran nu patali jeung narasi “Kagiatan ulin di lingkungan kulawarga jeung sabudeureun”. Guru ngayakeun réfléksi ngeunaan kamajuan diajar murid. Guru ogé ngukur kamampuh murid ku cara ngayakeun kagiatan meunteun, boh dina waktu lumangsung kagiatan diajar boh di ahir pangajaran. Jaba ti éta, guru nangtukeun geus tutas acanna murid kana bahan pangajaran maké Kritéria Katutasan Minimal (KKM).

60

Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas II

EVALUASI Kritéria Katutasan Minimal (KKM) Kritéria Meunteun

Katerangan Tutas Enggeus Encan

A. MACA JERO HATÉ B. MAHAM EUSI BACAAN C. NGALENGKEPAN KALIMAH D. NYUSUN KARANGAN E. NGALARAPKEUN KECAP F.

MENERKEUN TULISAN

Bab 2 Pituduh Husus

61

PANGAJARAN 8 Tema : Ngajaga Kasalametan di Imah jeung di jalan Bahan : Kakawihan jeung Pupuh Média : Téks jeung Gambar Tujuan Pangajaran: Saréngséna kagiatan diajar ngajar, murid bisa ngaregepkeun kakawihan, maham eusi kakawihan, ngahariringkeun kakawihan, ngalengkepan kakawihan, ngajembaran kakawihan, ngalarapkeun kecap, jeung nembangkeun pupuh. Kagiatan Diajar: Saméméh kagiatan diajar lumangsung, guru nepikeun nepikeun heula téma, tujuan, jeung gurat badag bahan pangajaran. Guru ngébréhkeun yén bahan ajar aya salapan bagian, nyaéta (1) maca jero haté, (2) maham eusi téks narasi, (3) mikaweruh kecap, (4) nyaritakeun carita, (5) ngalarapkeun undakusuk basa, (6) maca narasi ngajembaran, (7) ngalengkepan kalimah, jeung (8) migawé pancén di imah. Guru ngondisikeun murid sangkan sayaga pikeun diajar. Kagiatan diajar dilaksanakan ngaliwatan léngkah-léngkah ieu di handap.

A. NGAREGEPKEUN KAKAWIHAN 1. Murid disina ngaregepkeun kakawihan nu dihariringken ku guru atawa kasét. 2. Murid babarengan ngahariringkeun kakawihan. 3. Murid disina latihan ngahariringkeun kakawihan sorangan. No.

Kagiatan

1.

Saméméh pangajaran dimimitian, guru ngucapkeun salam. Tuluy guru nepikeun téma jeung tujuan pangajaran nu kudu dihontal.

2.

Guru ngajak murid pikeun babarengan ngahariringkeun kakawihan “Cing cangkeling” jeung “Eundeuk-eundeukan”. Cing Cangkeling Cing cangkeling, manuk cingkleung cindeten, plos ka kolong, Bapa Satar buleneng.

62

Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas II

Eundeuk-eundeukan Eundeuk-eundeukan lagondi, meunang peucang sahiji, leupas deui ku nyai, beunang deui ku santri, leupas deui ku nini, beunang deui ku aki. 3.

Guru nitah murid sina ngahariringkeun kakawihan “Cing cangkeling” jeung “Eundeuk-eundeukan” babarengan kalawan daria. Tujuanana sangkan murid mibanda sikep sosial jeung disiplin tur sayaga ingetanana.

4.

Guru meunten murid beer henteuna ngahaeieingeun kakawihan.

B. NGALISANKEUN JAWABAN No.

Kagiatan

1.

Sanggeus ngahaeieingeun kawih, guru nitah murid sina niténan deui kakawihan nu dihariringkeun.

2.

Guru nitah murid sina maham eusi kakawihan ku cara ngajawab pananya.

3.

Guru nitah murid ngajawab pananya ku cara lisan. 1. Naon judulna éta kakawihan téh? Cing cangkeling 2. Keur naon manuk cingkleung téh? Cindeten. 3. Ka mana plosna manuk téh? Ka kolong. 4. Kumaha Bapa Satar téh? Buleneng. 5. Eundeuk-eundeukan? Lagondi. 6. Meunang sabaraha hiji peucang téh? Sahiji. 7. Ku saha leupasna peucang téh? Nyai. 8. Ku saha beunangna peucang téh? Sastri. 9. Jaba ti ku nyai, ku saha deui peucang leupasna? Nini. 10. Jaba ti ku santri, ku saha deui peucang beunangna? Aki.

C. NGAHARIRINGKEUN KAKAWIHAN 1. Murid disina babarengan ngahariringkeun kakawihan. 2. Murid disina maham eusi kakawihan ku cara ngajawab pananya nu disadiakeun.

1. Jawab murid cukup ku ngalengkepan kalimah pananya. Bab 2 Pituduh Husus

63

No.

Kagiatan

1.

Guru nitah murid sina babarengan ngahariringkeun kakawihan “Bangbang Kalima gobang”.

2.

Guru nitah murid sina maham eusi kakawihan ku cara ngajawab pananya nu geus disadiakeun. Sanggeus ngawih, guru nitah murid sangkan paham kana eusi kakawihan ku cara ngajawab pananya ieu di handap. 1. Di mana ayana bangkong? Di tengah sawah. 2. Ngalakukeun naon guru téh saban poéna? Ngajar. 3. Aya lisung jeung naon? Halu. 4. Kumaha kaayaan kapal udara téh? Ragrag di Jakarta. 5. Rék ka mana haji téh? Haji rék ka Mekah. 6. Buah téh meunang naon? Beunang ngala. 7. Ari lauk meunang naon? Beunang nyobék. 8. Anu meunang muter téh naon? Béker. 9. Ari péna téh gagang naon? Gagang kalam. 10. Jeung saha ngadu pipina? Nu ompong.

D. NGALENGKEPAN KAKAWIHAN No.

Kagiatan

1.

Guru nitah murid sina niténan kakawihan anu kalimahna dicopongkeun.

2.

Guru nitah murid sina ngalengkepan kalimah dina kakawihan nu dikosongkeun.

64



UCANG ANGGE



Cang ucang-ucang angé, mulung muncang ka papanggé, digogog ku anjing gedé, anjing gedé nu Mang Lebé, ari gog-gog cungungung



NÉLÉNGNÉNG KUNG



Néng néléng néng …kung, sakola geura gedé …geura….jangkung, kung geura …sakola…ka Bandung, indung geura makayakeun …Indung… geura

Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas II

gedé digogog cungungung anggé muncang

TRANG-TRANG KOLÉNTRANG

Trang-trang koléntrang, si londok paéh nundutan, tikusruk kana …durukan, mesat …gobang kabuyutan.

durukan gobang trang paéh

3.

Guru nitah murid babarengan ngahariringeun kakawihan nu geus dilengkepan.

4.

Guru meunteun murid bener henteuna dina ngalengkepan wacana kakawihan.

E. NGAJEMBARAN KAKAWIHAN No.

Kagiatan

1.

Guru nitah murid sina maca jero haté kakawihan “Di Dieu meuncit Reungit” nu disadiakeun keur ngajembaran kaweruhna.

2.

Guru nitah murid disina ngahariringkeun kakawihan nu geus dibaca dina jero haténa.

3.

Guru nitah murid nyatet istilah nu dipaké dina kakawihan. Geus kitu, kakawihan téh dikawihkeun babarengan!

F. NGALARAPKEUN KECAP 1. Murid disina niténan kecap jeung sinonimna. 2. Kecap jeung sinonimna ngahaja geus dilarapkeun kana kalimah. 3. Murid disina paham kana kecap-kecap nu dilarapkeun kana kalimah. No.

Kagiatan

1.

Guru nitah murid sina niténan kecap jeung sinonimna.

2.

Guru nitah murid disina néangan kecap anu sinonim nu dilarapkeun kana kalimah. Contona: mesat = nyabut Mang Bagja mesat gobang. Mang Bagja ……………. gobang. Mang Bagja nyabut gobang.

Bab 2 Pituduh Husus

65

3.

Guru nitah murid disina ngalarapkeun kecap-kecap kana kalimah. 1. leungit = euweuh Di dieu beuki leungit. Di dieu beuki euweuh. 2. loba = réa Di dinya beuki loba. Di dinya beuki réa. 3. henteu aya = euweuh Di dieu mah henteu aya. Di dieu mah euweuh. 4. tambah = beuki Di dinya tambah peurih. Di dinya beki peurih.



G. NEMBANGKEUN PUPUH No.

Kagiatan

1.

Guru nitah murid maca heula pupuh pucung dina jero haté.

2.

Guru ngajak murid pikeun babarengan nembangkeun pupuh pucung nu judulna “Ati-ati”. ATI-ATI Kana sagala rupa tong gurunggusuh, ulah lalawora, nanaon kudu tarapti, ngarah urang henteu pinanggih cilaka.

3.

66

Pikeun maham eusi pupuh, guru nitah murid disina nganggeuskeun kalimah anu dicopongkeun. Pikeun maham pupuh Pucung, ayeuna hidep kudu nganggeuskeun ieu kalimah. 1. Kana sagala rupa, urang entong gurunggusuh. 2. Kana nanaon, urang kudu tarapti. 3. Ngarang teu pinanggih cilaka. 4. Kudu nurut kana piwuruk sepuh.

Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas II

5. Urang kudu tapis diri. 6. Urang kudu nyingkahan rupa-rupa nu matak bahaya. 7. Di satengah jalan kudu tarapti jeung ati-ati. 8. Urang kudu tigin kana jangji. 9. Nu utama kasalametan kudu dijaga. 10. Kasalametan urang kudu jadi ……………………

Sanggeus réngsé kagiatan diajar bahan dina pangajaran 8, guru babarengan jeung murid nyindekkeun eusi bahan pangajaran nu patali jeung narasi “Kagiatan ulin di lingkungan kulawarga jeung sabudeureun”. Guru ngayakeun réfléksi ngeunaan kamajuan diajar murid. Guru ogé ngukur kamampuh murid ku cara ngayakeun kagiatan meunteun, boh dina waktu lumangsung kagiatan diajar boh di ahir pangajaran. Jaba ti éta, guru nangtukeun geus tutas acanna murid kana bahan pangajaran maké Kritéria Katutasan Minimal (KKM).

Bab 2 Pituduh Husus

67

EVALUASI Kritéria Katutasan Minimal (KKM) Kritéria Meunteun A. NGAREGEPKEUN KAKAWIHAN B. MAHAM EUSI KAKAWIHAN C. NGAHARIRINGKEUN KAKAWIHAN D. NGALENGKEPAN KAKAWIHAN E. NGAJEMBARA KAKAWIHAN F.

NGALARAPKEUN KECAP

G. NEMBANGKEUN PUPUH

68

Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas II

Katerangan Tutas Enggeus Encan

Bab

Pituduh Meunteun

3

A. Kritéria Meunteun Katutasan Minimal (KKM) 1. KKM dipeunteun dina unggal ahir pangajaran keur tiap-tiap murid. 2. Jumlah komponén anu dipeunteun béda-béda guantung kana jumlah komonén dina unggal pangajaran. 3. Komponén anu dipeunteun dicontréng geus tutas acanna. 4. Conto rubrik KKM Pangajaran 8 Kritéria Katutasan Minimal (KKM) Katerangan Tutas Enggeus Encan

Kritéria Meunteun A. NGAREGEPKEUN KAKAWIHAN B. MAHAM EUSI KAKAWIHAN C. NGAHARIRINGKEUN KAKAWIHAN D. NGALENGKEPAN KAKAWIHAN E. NGAJEMBARA KAKAWIHAN F.

NGALARAPKEUN KECAP

G. NEMBANGKEUN PUPUH

B. Rubrik Meunteun Sawala (Diskusi) Kritéria

ALus Pisan (3)

Cukup (2)

Latihan Deui (1)

Ngaregepkeun

Saregep

Kurang saregep

Api lain

Komunikasi nonverbal

Ngaréspon

Kurang réspon

Api lain

Ilubiung

AKtif, silihéledan

Kurang aktif

Cicingeun

Omongan

Nepikeun pamadegan ngaruntuy

Nepikeun pamadegan kurang ngaruntuy

Cicingeun

Katerangan: 1. Kumpulkeun peunteun murid luyu jeung aspék nu dipeunteun.

70

Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas II

2. Cara meunteun : Total peunteun ____________ x 10 12 3. Contona : 2 + 3 + 1 + 2 8 ____________ x 10 = ____ = 6,7 12 12

C. Rubrik Meunteun Sikep No.

Sikep

1.

Taliti

2.

Tanggung jawab

3.

Disiplin

4.

Jujur

5.

Santun

6.

Peduli

7.

Percaya diri

Encan écés

Mimiti écés

Mimiti Mekar

Dibiasakeun

Kat.

D. Rubrik Meunteun Latihan 1. Latihan dipeunteun luyu jeung lobana soal katut hésé banggana. 2. Lamun aya soal latihan 5, tiap soal dibéré peunteun 2, jumlah skorna 10. Jumlah soal (5) X bobot peunteun (2) = 10. 3. Lamun aya soal latihan 10, tiap soal dibéré peuteun 1, jumlah skorna 10. Jumlah soal (10) x booto peunteun (1) = 10.

Bab 3 Pituduh Meunteun

71

E. Daftar Peunteun Murid (Kaweruh jeung Kaparigelan) No.

Ngaran Murid

1

Rata-rata Peunteun Tiap Pangajaran 2 3 4 5 6 7 8

9

M

1. 2. 3. 4. 5.

F. Refleksi Guru Réfléksi mangrupa eunteung tina kagiatan diajar ngajar geus hasil acanna. Ku kituna, guru kudu ngajawab pananya ieu di handap. 1. Kumaha prakna pangajaran? Pangajaran mana nu geus éféktif? .............................................................................................................................. .............................................................................................................................. 2. Pangajaran mana nu perlu ditingkatkeun? .............................................................................................................................. .............................................................................................................................. 3. Bahan mana nu geus dikawas ku murid? .............................................................................................................................. .............................................................................................................................. 4. Naha aya bahan nu héséeun keur murid? .............................................................................................................................. .............................................................................................................................. 5. Kumaha rarancang ngoméan pangajaran keur minggu hareup? Kumaha léngkah-léngkahna? .............................................................................................................................. .............................................................................................................................. 72

Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas II

Bab

Bahan Pangjembar

4

A. Kaweruh Basa jeung Sastra 1. Tembang, Kawih, jeung Kakawihan Tembang ilaharna ébréh dina wujud pupuh, boh tina guguritan boh tina wawacan. Aya rupa-rupa pupuh nu sok ditembangkeun. Dina kahirupan sastra Sunda dipiwanoh aya 17 pupuh, anu ngawengku 4 pupuh sekar ageung jeung 13 pupuh sekar alit. Anu kagolong kana sekar ageung disengget KSAD, nyaéta KInanti, SInom, Asmarandana, jeung Dangdanggula. Sésana sekar alit kayaning pucung, magatru, balakbak, maskumambang, mijil, … Ieu di handap dipidangkeun salasahiji sekar ageung nyaéta pupuh asmarandana. Pupuh asmarandana kaasup kana pupuh sekar ageung. Watekna nuduhkeun asmara atawa kacinta. Dina sapadana (sagundukna) diwangun ku tujuh padalisan (jajaran). Guru wilangan jeung guru laguna 8-I, 8-a, 8-é/o, 8-a, 7-a, 8-u, jeung 8-a. Aturan guru lagu jeung guru wilangan pupuh asmarandana ébréh dina tabél ieu di handap. GURU WILANGAN JEUNG GURU LAGU

Jumlah

É-

Ling

é-

ling

mu-

rang

ka-

lih

8-i

ku-

Du

a-

pik

jeung

ber-



ka

8-a

u-

Lah

o-

doh

ka

pa-

ngang

go

8-o

Mun

ko-

tor

geu-

wat

seu-

seuh-

an

8-a

so-

Éh

geu-

wat

ka-

put-

an

Ka

Nu

bu-

ruk

ma-

sing

bu-

tuh

8-u

Ka

Nu

a-

nyar

ma-

sing

le-

bar

8-a

7-a

Kagiatan ngahariringkeun tembang disebutna nembang. Nembang aya bédana jeung ngawih. Ngawih ilaharna mangrupa kagiatan ngahariringkeun kawih. Upamana waé kawih “Tanah Sunda”. TANAH SUNDA Karya: Mang Kokok 74

Tanah Sunda gemah ripah Nu ngumbara suka betah Urang Sunda sawawa Sing towéksa percéka Nyangga dharma anu nyata. Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas II

Seuweu Pajajaran muga tong kasmaran sing tulatén jeung rumaksa miara pakaya mémang sawajibna getén titén rumawat tanah pusaka. Titén kana harta banda Mo kaduhung waktu jaga Anu lian moal bisa Ngatur ngolah jeung ngariksa. Gembleng sauyunan Singkil babarengan Ngangkat darajat Ki Sunda Sunda kukuh kuat diraksa dirumat Pasti jembar wibawa Indonésia. Jaba ti tembang jeung kawih, aya nu disebut kakawihan. Kakawihan mangrupa kawih anu umumna dihariringkeun ku barudak dina waktu arulin. Kakawihan sok babarengan jeung kaulinan barudak. Upamana waé, kakawihan “Cing cangkeling”.

CING CANGKELING



Cing cangkeling Manuk cingkleung cindeten Plos ka kolong Bapa Satar buleneng.

2. Kecap Pananya Kecap pananya téh kagolong kana warna kecap sulur atawa kecap gaganti nyaéta kecap anu gunana pikeun nyuluran hal atawa barang anu ditanyakeun. Lebah dieu, kecap pananya nyaéta kecap anu gunana pikeun nanyakeun hiji hal ka jalma lian. Kecap pananya ngawangun kalimah pananya, nyaéta kalimah anu gunana pikeun nanyakeun hiji hal sarta miharep rénsponsi nu mangrupa jawaban. Aya rupa-rupa kecap pananya saperti (1) saha nanyakeun jalma, (2) iraha nanyakeun waktu, (3) (di, ti, ka) mana nanyakeun tempat, (4), naha nanyakeun alesan, jsté. Aya deui kecap pananya séjénna kayaning kecap pananya waktu: iraha, kecap pananya sabab: naon sababna, kecap pananya alesan: ku naon; kecap pananya palaku: ku saha; kecap pananya tujuan: keur saha.

Bab 4 Bahan Pangjembar

75

3. Kecap Lemes Kecap lemes mangrupa bagian tina tatakrama basa atawa undak usuk basa.Tatakrama basa mangrupa kaédah sopan santun dina makéna basa patali jeung status sosial, kaakraban, sarta hubungan antara panyatur, pamiarsa, jeung jalma nu dicaritakeun. Kecap lemes digunakeun keur ngajénan batur jeung diri sorangan. Aya dua kecap lemes nyaéta kecap lemes keur diri sorangan (Jalma 1 (J-1)) saperti neda, aya kecap lemes keur ka batur (Jalma 2 (J-2)) saperti tuang. Boh kecap lemes keur diri sorangan boh keur ka batur boga kecap sedengna saperti dahar atawa kecap kasarna nyatu.

4. Kalimah Aktif jeung Kalimah Pasif Kalimah aktif nyaéta kalimah anu jejerna ngalakukeun pagawéan, ilaharna dicirian ku caritaan kecap pagawéan nu ngandung rarangkén hareup N-. Ari kalimah pasif nyaéta kalimah anu jejerna kakeunaan ku pagawéan, ilaharna dicirian ku caritaab kecap pagawéan nu ngandung raarangkén di-, ka-, jeung ti-. Ku kituna, pikeun ngalatih murid ngawangun kalimah aktif jeung kalimah pasif, murid disina ngarobah kecap nu dirarangkénan hareup N- ku kecap nu maké rarangkén hareup di-.

5. Rarangkén Rarangkén (BI: imbuhan atawa afiks) nyaéta wangun basa pangleutikna (morfém) kauger anu milu nangtukeun harti kecap. Aya lima rupa rarangkén dina basa Sunda saperti ieu di handap. (a) Rarangkén hareup (awalan), nyaéta rarangkén anu cicingna némpél hareupeun kecap saperti di-, N-, ka-, ti- dina kecap dibaca, maca, kabaca, tidagor, jsté. (b) Rarabfkén tengah (seselan), nyaéta rarangkén anu cicingna nyelap di tengah-tengah kecap saperti –ar-/-al-, -um-, jeug –in- dina kecap barudak, laleuleus, gumeulis, tinulis, jsté. (c) Rarangkén ahir (ahiran), nyaéta rarangkén anu cicingna némpél tukangeun kecap saperti –an, -eun, -keun, -ing/-ning dina kecap seuseuhan, seuseuheun, asupkeun, mungguhing, wantuning, jste. (d) Rarangkén barubg (konfiks) nyaéta dua rarangkén anu ngawangun kecap kalawan babarengan saperti pa—an, ka—an, sa—eun dina kecap padataran, kadaharan, sahuapeun, jsté. (e) Rarangkén gabung (ambifiks) nyaéta dua rarangkén atawa leuwih anu ngawangun kecap henteu babarengan saperti di-+-keun jeung N-+-keun dina kecap diasupkeun jeung ngasupkeun, jsté.

76

Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas II

B. Glosarium apik balénan berséka berséka buleneng buruk butut caangna mabra capétang ciciptan

= = = = = = = = = =

cindeten cinyusu

= =

culika dalém dangdaunan diomékeun diparaban disénglédkeun

= = = = = =

diundeur gemuk genaheun getén

= = = =

geuwat gurunggusuh guyub harééng hiri dengki jaligrah janari jarian kabuyutan

= = = = = = = = =

kakaut kalam

taliti balikan apik apik tur beresih gundul goréng goréng caang ngebrak, caang pisan pinter nyarita ciciptaan, diwangun tina kecap cipta ditambah Rdp+an, jieunan eunteup, cicing cai nu tuluy kaluar tina jero taneuh, biasana dina gawir jail, julig, resep nyilakakeun batur ménak rupa-rupa daun dibenerkeun dibére kahakanan diwangun tina kecap séngléd ditambah rarangkén gabung di-+-keun, hartina diangsrodkeun ka luhur. daun nu dipetik pucungna wungkul pupuk ngeunaheun tulatén, némbohkeun rasa nyaah ku mindeng ngalongokan/ngurus gancang gagancangan akur muriang, paranas turus

arataoh, barungah waktu samémeh subuh juru buruan pamiceunan runtah diwangun tina kecap buyut jeung rarangkén barung ka—an, pancakaki kalima ka luhur atawa turunan katilu; kabuyutan hartina karamat. = kokoét ku kuku = péna, alat paranti nulis maké mangsi Bab 4 Bahan Pangjembar

77

kaniaya = kecap bilangan panangtu = kokocok kujur lagondi

= = =

lalawora = layeut = lebar =

melid meuheuy mimitran mindeng moyan

= = = = =

muncugug mupus nandangan ngahiliwir

= = = =

ngarandeg ngémploh ngingu ngukut nyoréndang océs odoh omat-omatan ompong osok pacilingan

= = = = = = = = = = =

pamandangan panganggo

= =

78

telenges, nganyenyeri kecap nu nangtukeun wanda bilangan urang keur jalma: Barudak téh aya lima urang. turuy keur cau: Cau téh aya lima turuy. Perékét keur jéngkol: Cing ngala jéngkol lima pérékét mah. kukumbah leungeun awak, badan laban, ngaran tangkal nu kaina sok diaréng, daunna dipaké ubar. gagabah, ceroboh sauyunan, tara pasé nyaah makayakeun, diwangun tina kecap pakaya (harta) jeung rarangkén gabung N-+-keun, hartina matéahkeun atawa ngokolakeun males leubeut buahna mimitraan, duduluran, sosobatan sering cicing di nu panas kira-kita jam 8-an sangkan awak teu katirisan nonjol ka luhur ngaberesihan ngalaman diwangun tina kecap hiliwir dirarangkénan hareup di-, niup lalaunan (angin) eureun dangdaunan anu gomplok miara sasatoan miara sasatoan nyalindangkeun kantong kana taktak bangor, teu daék cicing jorok, lodroh wanti-wanti euweuh huntuan sok, biasa pamiceunan, sarua gunana jeung toilét, tapi aya di balong. panénjoan, panorama papakéan

Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas II

pangaweruh papanggé pasapon pinanggih poék mongkléng rarat-rérét raresik réngsé rikat sabilulungan saged sasarap satengahing sauyunan sayaga silih asah silih asih silih asuh sirik pidik sobat dalit soméah soson-soson srangéngé suhud susuci tambarakan tapis tarapti tengi tigin tiis tingtrim tingkarelip tumuwuh tutuwuhan uluk salam

= kaweruh, kanyaho, pengetahuan (B. Ind) = golodog, babancik = pasapuan, diwangun tina kecap sapu jeung rarangken barung pa—an = diwangun tina kecap panggih dirarangkénan tengah –in-, papanggih = poék meredong, poék pisan teu katémbong curukcuruk acan = nempo ka kénca ka katuhu ku juru panon = beresih, bérés sarta alus = anggeus = tangginas, cepet dina sagala rupa gerak = babarengan, sauyunan = siap-siap, sayaga = dahar isuk-isuk = tengah-tengah = babarengan = siap-siap = silih béré kanyaho atawa pangalaman = silih pikanyaah = silih aping, silih bimbing = dengki = babaturan deukeut = handap asor = enya-enya, daria, giat = panonpoé = getol, rajin = beberesih awak = sagala didahar = parigel, mahér = bérés, sagala sadia pikeun indit = hapeuk = tukuh, kukuh, pageuh = adem ayeum = tingcarélak, cahaya kucap-kiceup tina jarak anu jauh = diwangun tina kecap tuwuh dirarangkéna hareup di-, jadi. = diwangun tina kecap tuwuh ditambah Rdp+-an, sakur tangkal nu = ngucapkeun salam “assalamualaikum”

Bab 4 Bahan Pangjembar

79

DAPTAR PUSTAKA Danabrata, R.A. 2009. Kamus Basa Sunda. Bandung: KIblat. Hadi, Ahmad, Spk. 2011. Peperenian. Bandung: Geger Sunten. LBSS. 2007. Kamus Umum Basa Sunda. Bandung: Geger Sunten. Sudaryat,Yayat. 1993. Pedaran Basa Sunda. Bandung: Geger Sunten. Sudaryat,Yayat Spk. 2007. Tatabasa Sunda Kiwari. Bandung:Yrama Widya. Suryani NS, Elis. 2010. Badingkut. Bandung: Danan Jaya. Tim Unicode Aksara Sunda. 2008. Aksara Sunda untuk Unicode. Bandung: Disdik Provinsi Jawa Barat. Wibisana, Wahyu Spk. 2000. Lima Abad Sastra Sunda. Bandung: Geger Sunten. Widaniawati, Wiwin. 2011. Ajén-ajén Etnopédagogi dina Dongéng di Kota Tasikmalaya. Bandung: SPs UPI.

80

Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas II