Pamekar Diajar Basa Sunda. Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas VI
 9786021300152, 9786021300213

  • Author / Uploaded
  • coll.

Citation preview

DINAS PENDIDIKAN PROVINSI JAWA BARAT 2014

Pamekar Diajar Pamekar Diajar

BASA SUNDA

BASA SUNDA

Buku Buk B u Tu Tuturus Guru SD/MI Kelas VI

Buku Tuturus Guru ru SD/ SD/MI Kelas elas VI KURIKULUM 2013

DINAS PENDIDIKAN PROVINSI JAWA BARAT BALAI PENGEMBANGAN BAHASA DAERAH DAN KESENIAN Jl. Dr. Rajiman No. 6 Telp. (022) 4264813 Fax: (022) 4264881 - Bandung Email: [email protected]

VI

Pamekar Diajar

BASA SUNDA KIKD Kurikulum 2013

Buku Tuturus Guru SD/MI

Kelas VI

DINAS PENDIDIKAN PROVINSI JAWA BARAT 2014

Pamekar Diajar

BASA SUNDA KIKD Kurikulum 2013

Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas VI Hak cipta © kagungan Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat Ditangtayungan ku Undang-undang

Disklaimer: Ieu buku téh diajangkeun pikeun guru basa Sunda dina raraga larapna Kurikulum 2013. Ieu buku disusun tur ditalaah ku hiji tim kalawan dikoordinasi ku Balai Pengembangan Bahasa Daerah dan Kesenian (BPBDK) Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat minangka buku kurikulum daerah. Mimitina dipakéna buku taun 2014. Ieu buku téh sipatna “dokumén hirup”. Hartina bakal tuluy disarungsum luyu jeung kabutuh katut panéka jaman. Pangdeudeul ti rupining pihak dipiharep bisa ngundakkeun ajén ieu buku. PANYUSUN: Tatang Sumarsono Ahmad Hadi Ano Karsana Asep Ruhimat Darpan Dede Kosasih H. Dingding Haerudin H.Yayat Sudaryat Risnawati PENELAAH: Prof. Dr. H. Iskandarwassid, M.Pd. Dr. Hj. Ai Sofianti, M.Pd. Drs. H. Elin Syamsuri Drs. Apip Ruhamdani, M.Pd. Budi Riyanto Rarancang Eusi : Yoshi Sukadar Rarancang Jilid : Edi laish Eusi ngagunakeun Adobe InDesign CS3 jeung Adobe Photoshop CS3 Aksara ngagunakeun Bembo Std 12 pt - 24 pt. Dipedalkeun ku: DINAS PENDIDIKAN PROVINSI JAWA BARAT ISBN: 978-602-1300-15-2 (Jilid Lengkap) 978-602-1300-21-3 (Jilid 6) Perpustakaan Nasional : Katalog Dalam Terbitan (KDT)

ii

PANGBAGÉA

KEPALA DINAS PENDIDIKAN PROVINSI JAWA BARAT

Alhamdulillah, ieu buku pangajaran basa Sunda tiasa ngawujud, enggoning nyaosan implemèntasi Kurikulum 2013, pikeun ngeusian lolongkrang Muatan Lokal Mata Pelajaran Bahasa dan Sastra Daerah di Jawa Barat. Hasil garapan tim panyusun tèh aya dua rupi buku nyaèta buku murid sareng buku guru. Èta tèh mangrupa bagian tina pakèt Kurikulum Daerah, hususna ngeunaan pangajaran basa jeung sastra daèrah, dumasar kana Permendikbud No. 81A/2013, ngeunaan implementasi kurikulum. Pami diwincik deui, sanès mung buku wungkul bagian èta Permendikbud tèh, tapi deuih ngawengku Kompetensi Inti jeung Kompetensi Dasar (KI-KD), silabus, sareng Rencana Pelaksanaan Pembelajaran (RPP). Ku medalna ieu buku, dipiharep implementasi kurikulum 2013, hususna ngeunaan pangajaran muatan lokal basa jeung sastra daèrah di Jawa Barat tiasa dilaksanakeun kalawan merenah, luyu sareng udaganana. Saparantosna dialajar ngeunaan basa jeung sastra daèrah, dipiharep dina diri murid aya parobihan anu tètèla, boh unsur sikepna (attitude), boh pangaweruhna (knowledge), boh kamampuh ngagunakeun katut karancagèan (performance; behavior). Singgetna mah èta unsur anu tilu tèh bisa disebut kompetènsi. Kalungguhan guru dina posisi agèn parobahan utama enggoning ngaimplemèntasikeun kurikulum 2013 teu kinten pentingna. Aya hiji hipotèsis basajan, saupami guru kagungan kompetènsi anu nohonan pasaratan Kurikulum 2013, tangtosna gè kalebet guru basa daèrah deuih, tinangtos èta kurikulum bakal tiasa diimplemèntasikeun kalawan merenah. Ku margi kitu, dina nataharkeun sareng ngaronjatkeun kompetènsi guru tèh, di antawisna ku cara nysusun buku padoman guru, kalebet tarèkah anu kedah kènging pangajèn.

iii

Muga-muga waè harepan urang sadaya ngeunaan ayana parobihan anu tétéla dina dunya atikan ku diimplemèntasikeunana Kurikulum 2013 téh tiasa ngawujud, enggoning lahirna Generasi Emas Indonesia dina taun 2045 nu badé dongkap.

Bandung, Desember 2013 Kepala Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat,

Prof. Dr. H. Moh. Wahyudin Zarkasyi, CPA Pembina Utama Madya NIP 19570807 198601 1 001

iv

PANGBAGÉA

KEPALA BALAI PENGEMBANGAN BAHASA DAERAH DAN KESENIAN DINAS PENDIDIKAN PROVINSI JAWA BARAT Kurikulum 2013 ti wangkid ayeuna parantos ngawitan dianggo sacara nasional. Jalaran kitu, pangajaran basa jeung sastra daérah nu diperenahkeun janten muatan lokal di Jawa Barat kedah luyu sareng Kurikulum 2013 hususna patali luyuna sareng eleménelemén parobihan anu janten karakteristik Kurikulum 2013 anu ngawengku; standar kompeténsi lulusan, standar isi, standar prosés, sareng standar penilaian. Éta katangtosan kedah kacangkem sareng kalaksanakeun ku sakumna guru-guru basa jeung sastra daerah anu mancén tugas di SD/MI, SMP/MTs, SMA/MA, sareng SMK/MAK. Ieu buku bahan ajar teh dijudulan Pamekar Diajar Basa Sunda, sadayana aya 24 jilid, ngurung buku siswa 12 jilid sareng buku guru 12 jilid. Kalungguhanana janten buku babon anggoeun di sakola nu aya di Jawa Barat. Buku murid diajangkeun pikeun sakumna murid dumasar kana tingkatan kelas. Buku Murid eusina medar materi ajar sareng pertanyaan-pertanyaan, latihan, tugas/pancen anu raket patalina sareng kompetensi dasar (KD). Buku Guru eusina medar silabus, métodologi pangajaran, sareng évaluasi, ogé mangrupi pangjembar buku murid. Komponén-komponén anu dimekarkeun boh dina buku murid atanapi buku guru dumasar kana opat kaparigelan basa anu ngawengku ngaregepkeun, nyarita, maca, sareng nulis anu diajarkeun maké pamarekan saintifik sareng penilaian auténtik. Hal ieu dumasar kana karakteristik Kurikulum 2013 nu ngalarapkeun pamerakan saintifik sareng penilaian auténtik dina prosés pangajaran. Disusuna ieu buku téh mangrupa lajuning laku tina Surat Edaran Kepala Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat, Nomor 423/2372/Setdisdik, 26 Maret 2013, negunaan Pembelajaran Muatan Lokal Bahasa dan Sastra Daerah pada jenjang SD/MI, SMP/MTs, SMA/MA, SMK/MAK. Sajabi ti eta, ogé dumasar kana Peraturan Gubernur Jawa Barat Nomor 69 Tahun 2013, ngeunaan Pembelajaran Muatan Lokal Bahasa dan Sastra Daerah pada Jenjang Pendidikan Dasar dan Menengah. v

Muga-muga waé ieu buku téh aya manpaatna ka urang sadaya, tur janten cukanglantaran dina merenahkeun sareng memeres basa jeung sastra daerah, anu udagan langkung tebihna pikeun ngamumulé sareng mekarkeun basa jeung sastra daérah, ngalangkungan jalur atikan di Jawa Barat. Tangtosna ogé ieu buku téh teu acan tiasa disebat sampurna. Ku margi kitu, teu kinten diantos-antosna kamadang ti sadayana. Saukur kakirangan anu nyampak dina ieu buku bakal teras didangdosan, supados tiasa nyumponan pameredih sareng kaayaan pajaman. Bandung, Désember 2013 Kepala Balai Pengembangan Bahasa Daerah dan Kesenian,

Drs. H. Husen R. Hasan, M.Pd NIP. 196110051986031014

vi

PANGJAJAP Kurikulum 2013 saenyana mangrupa Kurikulum Berbasis Kompeténsi (KBK) pikeun nyanghareupan panéka jaman, utamana mah kompeténsi atawa kamampuh abad ka-21. Dina ieu abad, daék teu daék butuh karancagéan dina rupining widang, kaasup kamekaran téhnologi, informasi, jeung komunikasi (TIK) milu nangtukeun warna pangajaran basa Sunda. Luyu jeung éta hal, rumusan kompeténsi sikep (agama jeung sosial), kaweruh, jeung kaparigelan nu dipaké dadasar dina Kurikulum 2013 kudu ngaheulakeun pentingna karancagéan jeung komunikasi. Najan kitu, dina pangajaran basa Sunda mah dititénan ogé kahasan basa jeung budaya Sunda minangka média jeung wahana pangajaran basa Sunda. Téma-téma dina buku pangajaran basa Sunda diluyukeun kana téma-téma dina pangajaran tématis SD/MI nu sipatna nasional. Kompeténsi nu dipiharep ku barudak SD/MI dirumuskeun minangka kamampuh mikir jeung paripolah nu rancagé dina ranah nyamuni (abstrak) jeung nembrak (konkrit). Eta kamampuh téh diécéskeun dina kompeténsi inti (KI) anu dipidangkeun ku kaweruh dina basa Sunda anu bener tur merenah, ngéntép seureuh, sarta luyu jeung kontéks situasi. Eta kamampuh téh dirarancang dina prosés pangajaran winangun papancén (project based learning) jeung ngoréhan (discovery learning) anu nyoko kana léngkah-léngkah ngilmiah (saintifik) kayaning niténan, nanya, nyoba (nyungsi), nalar, jeung kedaling (ngomunikasikeun). Ieu buku ngawincik tarékah minimal nu kudu dipilampah ku murid dina ngahontal kompeténsi nu dipiharep. Luyu jeung pamarekan dina Kurikulum 2013, murid diperedih gedé kawanina tur kadaék dina ngoréhan kaweruh perkara basa jeung sastra Sunda, anu engkéna parigel maké basa Sunda. Dampakna murid boga sikep anu hadé kana basa jeung sastra Sunda katut hirup kumbuhna, bari teu mopohokeun sikep agama. Tangtu waé réa kénéh kahéngkéran ieu ibu téh. Panyawad katut pangdeudeul pikeun nyampurnakeun ieu buku pohara dianti-atina.

Bandung, Oktober 2013

vii

DAFTAR EUSI

PANGBAGEA: 1. Kepala Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat _iii 2. Kepala Balai Pengembangan Bahasa Daerah dan Kesenian Dinas Pendidikan Provinsi JAwa Barat _v PANGJAJAP _vii DAPTAR EUSI _viii BAB I PITUDUH UMUM _1 A. Ngeunaan Buku Tuturus Guru _2 B. Padika Make Buku Tuturus Guru _2 C. Tatapakan Formal _4 D. Sistem, Prinsip, jeung pamarekan pangajaran _4 E. Standar Kompetensi Lulusan (SKL) _5 F. Proses Pangajaran _5 G. Kompetensi Inti jeung Kompetensi Dasar (KIKD) _6 H. Tema jeung Bahan Ajar _8 BAB II PITUDUH HUSUS _9 PANGAJARAN 1 _10 Tema : Penyelamatan Makhluk _10 PANGAJARAN 2 _21 Tema : Kahirupan Turta Nyaah Buméla Ka Lemah Cai _21

viii

PANGAJARAN 3 _29 Tema : Tokoh nu Manggihkeun _29 PANGAJARAN 4 _37 Tema : Pangaruh Globalisasi Kana Lingkungan Jeung Kahirupan Manusa _37 PANGAJARAN 5 _42 Tema : Wira Usaha _42 PANGAJARAN 6 _48 Tema : Ngajaga Tur Miara Kasehatan Masarakat _48 BAB III PITUDUH MEUNTEUN _53 A. Kritéria Meunteun Katutasan Minimal (KKM) _54 B. Rubrik Meunteun Sawala (Diskusi) _54 C. Rubrik Meunteun Sikep _55 D. Rubrik Meunteun Latihan _55 E. Rubrik Meunteun Maca _56 F. Rubrik Meunteun Nembang _56 G. Rubrik Meunteun Biantara _56 H. Daftar Peunteun Murid _57 I. Daftar Peunteun Murid _58 BAB IV BAHAN PANGJEMBAR _59 A. Kaweruh Basa jeung Sastra _60 B. Glosarium _66 Daftar Pustaka _68

Bab

Pituduh Umum

1

A. Ngeunaan Buku Tuturus Guru Ieu buku disusun sangkan guru meunang gambaran anu écés dina ngalaksanakeun kagiatan pangajaran basa Sunda. Eusina ngawengku sawatara hal. 1. Tatali téma anu méré gambaran ka guru ngeunaan téma nu nyoko kana kompeténsi dasar (KD) jeung indikator dipageuhan pisan. 2. Kagiatan pangajaran nu tématik pikeun ngagambarkeun pangajaran nu gumulung tur ngamalir. 3. Pangalaman diajar nu miharti (meaningfullnes) pikeun ngawangun sikep jeung paripolah hadé,ngawasa konsép,kaparigelan mikir ngilimiah (saintifik),kamampuh ngaréngsékeun masalah, karancagéan, pribadi nu sonagar (répléktif), tur rasa basa Sunda. 4. Rupining téhnik meunteun kamampuh murid. 5. Wawaran nu jadi calecer (acuan) kagiatan rémédial jeung ngajembaran murid. 6. Kagiatan silih simbeuh tur silih élédan (sharing) antara guru jeung kolot barudak, anu méré lolongkrang keur kolot-kolot murd sangkan ilubiung dina kagiatan diajar murid di imahna séwang-séwangan. 7. Pituduh maké buku babon murid. Kagiatan dina ieu buku dirarancang pikeun mekarkeun kamampuh (sikep, kaweruh, jeung kaparigelan) murid kalawan gumulung tur rinéka. Ari paripolahna ngawengku: 1. Muka pangajaran ku karep murid saperti maca atawa ngaregepkeun téks, tumanya, ngawih, kaulinan, démonstrasi, pidangan masalah, jsté. 2. Nepikeun tujuan pangajaran nepi ka murid bisa nyangreb wawaran nu ditepikeun. 3. Ngali kaweruh murid samémehna sankan bisa ngaitkeun jeung kaweruh nu bakal diulikna. 4. Papancén nu malapah gedang sangkan murid kabantu dina nyangkem konsép. 5. Méré lolongkrang pikeun ngalatih kaparigelan murid. 6. Méré unduring laku (umpan balik) pikeun ngukuhan panyangkem murid.

B. Padika Maké Buku Tuturus Guru Ieu buku Tuturus Guru téh mibanda kagunaan ganda, jaba ti pituduh maké buku babon murid, jadi calecer (acuan) keurkagiatan pangajaran di kelas deuih. Ku penting-pentingna ieu buku, guru dipiharep niténan heula sawatara hal nu dipidangkeun dina ieu buku. 1. Baca heula ieu buku tiap-tiap kaca kalawantelik tur imeut. 2. Cangkem heula tiap-tiap KD jeung indikator nu ngait kana téma. 3. Tarékahan pikeun ngasupkeun KI-1 jeung KI-2 dina sakumna kagiatan pangajaran. Guru kudu nguatan jeung ngukuhan ngawangun sikep, kaweruh, katutg paripolah nu hadé.

2

Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas VI

4. Deudeul kahontalna KI-1 jeung KI-2 ku kagiatan ngabiasakeun, pieunteungeun, pituladeun, jeung ngabudayakeun sakola. 5. Luyukeun tiap-tiap léngkah kagiatan nu patali jeung buku babon murid luyu jeung kacana. 6. Mekarkeun gagasan rancagé dina milih padikapangajaran. Sungsi ogé kagiatan séjén lamun kaayaan teu luyu jeung naon-naon nu geus dirarancang. 7. Rupining strtégi pangajaran nu rék dimekarkeun (kayaning murid niténan, nanya, nyaritakeun, metakeun, ngawih, jsté.), jaba ti ngalibetkeun muridna sorangan bisa waé ngalibetkeun warga atawa lingkungan sakola. 8. Guru dipiharep mekarkeun: a. Métode pangajaran aktif, inovatif, kréatif, éféktif, jeung menyenangkan (PAIKEM); b. Timbang-timbang ogé maké pamarekan komunikatif jeung kontékstual; c. Kaparigelan nanya atawa tumanya; d. Kaparigelan muka jeung mungkas pangajaran; e. Kaparigelan ngolah kelas jeung pidangan kelas. 9. Gunakeun media jeung sumber diajar nu aya di sabudeureun sakola atawa patali jeung sosial budaya Sunda. 10. Seméster hiji aya opat téma atawa matéri galeuh, ari dina seméster dua aya nu opat téma (matéri galeuh) aya nu kurang, diluyukeun kana KIKD Mata Pelajaran Basa jeung Sastra Sunda. 11. Tiap-tiap téma (matéri galeuh) rata-rata dirarancang keur sabulaneun (4 x lawungan). 12. Kagiatan dina minggu kahiji dimimitian ku niténan bahan, karep réséptif (ngaregepkeun jeung maca), minggu kadua mangrupa kagiatan nyoba jeung ngulik, ari minggu katilu jeung kaopat ngalarapkeun atawa midangkeun (kagiatan kréatif nulis jeung nyarita) hasil tina minggu kahiji jeung kadua. Murid digiring sangkan kaasah daya nalar jeung mikirna kalawan ngaleunjeur. Kagiatan dirarancang pikeun méré lolongkrang tumanya jeung ngali wawaran nu deukeut jeung murid. 13. Alokasi waktu nyoko kana struktur kurikulum. Guru bisa nangtukeun sorangan alokasi waktu luyu jeung minggu éféktif, situasi katut kaayaan di sakola. 14. Buku babon murid dilengkepan ku bahan-bahan latihan nu luyu jeung hontalan kompeténsi. 15. Hasil pagawéan murid jeung bukti peunteun bisa dikumpulkeun dina portofolio murid. 16. Pikeun tarékah ngoméan diri jeung minggu éféktif, jieun catetan réfleksi sanggeus hiji téma atawa bahan réngsé. 17. Deudeul murid sina resepeun kana basa Sunda sarta yakinkeun yén manéhna téh cerdas tur bisaeun. 18. Sangkan tujuan pangajaran kahontal, guru ogé perlu saregep, enya-enya, tur sabar dina nyanghareupan murid. Ari sababna, kamampuh murid téh béda-béda. Katambahtambah teu sakumna padika pangajaran loyog pikeun sakumna guru, murid, tempat, waktu, jeung bahan ajar.

Bab 1 Pituduh Umum

3

C. Tatapakan Formal Bahan ajar basa Sunda anu dipidangkeun dina ieu buku dumasar kana Kurikulum 2013, ngawengku kasang tukang, karakteristik, jeung tujuanan. Kurikulum basa Sunda atawa Kompetensi Inti jeung Kompetensi Dasar (KIKD) Mata Pelajaran Basa jeung Sastra SUnda disusun jeung dikaluarkeun ku Balai Pengembangan Bahasa Daerah dan Kesenian (BPBDK), Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat. Lamun disusud ka luhurna, ari lebah ngindungna mah tangtu waé kana Kurikulum Tingkat Nasional, da nu ieu mah kaasup kana Kurikulum Daerah (Kurda). Hususna di tingkat SD/MI, Kurikulum Basa Sunda anu disusun ku BPBDK téh diwincik jadi KIKD, nu diluyukeun kana téma jeung alokasi waktu. Hal éta disusun mangrupa struktur anu maneuh, tur salawasna kudu jadi padoman dina kagiatan diajarngajar. Cindekna, sajeroning guru ngajarkeun basa Sunda, dipahing méngpar tina katangtuan KIKD, téma, jeung alokasi waktu. Pon kitu deui, ari dina lebah milih bahan katut ngajarkeunana mah, guru dibéré lolongkrang tir diperedih karancagéanana. Ieu buku poma ulah dianggap hiji-hijina sumber bahan ajar. Ari sababna, naon-naon nu diperedih ku KIKD téh moal sagemblengna kacumponan mun ukur ngandelkeun tina hiji sumber. Kudu aya sumbersumber lianna pikeun pangrojong kagiatan diajarngajar, di antarana média massa, bagbagan paélmuan lianna, jeung kondisi sosial budaya masarakat Sunda. Nya ka lebah dinua pisan guru kudu rancngeus téh, kumaha carana néngan jeung nungkab bahan pangrojong sangkan KIKD bisa kacumponan.

D. Sistim, Prinsip, jeung Pamarekan Pangajaran Sakabéh matéri dina ieu buku, ti mimiti bagian wacana, pedaran, ulikan, jeung latihan dipidangkeun make sistem spiral; dimitian ti nu babari heula, terus ningkat ka nu hésé. Heula pandeurina nyusun bahan anu dumasar kana babari héséna téh tumerap kana saban pangajaran. Cindekna, tingkat kasulitan bahan anu dipidangkeun dina Pangajaran 1, upamana, kudu aya sahandapeun Pangajaran 2. Lian ti éta, bisa deuih tumerap di jero pangajaran, upamana tingkat kasulitan Pedaran 2 kudu saluhureun Pedaran 1. Kitu deui dina ulikan jeung latihan. Konsép basa anu dianggap énténg dipidangkeunana dina Pedaran 1, atawa bisa waé dina Ulikan 1. Sanggeus nincak kana Pedaran 2 atawa Ulikan 2, murid diwanohkeun kana konsép basa anu tingkat kasulitanana saluhureun nu dipidangkeun dina Pedaran 1 atawa Ulikan 1. Subab pangajaran dingaranan maké kagiatan basa atawa aktivitas murid. Dina wincikan nu leuwih heureut, sistem spiral téh tumerap dina saban nomer deuih. Upamana dina latihan anu diebréhkeun dina pancén ngajawab pananya, tah, tingkat kasulitan dna pananya nomer 8 kudu aya di sahandapeun tingkat kasulitan pananya nomer 9. 4

Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas VI

Sistem spiral anu dignakeun dina ieu buku téh dumasar kana prinsip proporsional, tur tahapan (gradasina) henteu patarenggang. Hal ieu bisa tumerap dina wangun lahiriahna (panjang-pondokna, basajan-kompleksna) kecap, kalimah, atawa wacana, bisa deuih dina eusi atawa substansina (gampang-henteuna).

E. Standar Kompetensi Lulusan (SKL) Rabah Sikep

SD/MI

SMP/MTs

SMA/SMK/MA/MAK

Nampa, ngajalankeun, ngajénan, jeung ngamalkeun Pribadi nu iman, ahlak mulya, percaya diri jeung tanggung jawab dina patali marga kalawan merenah jeung lingkungan masarakat, alam sabudeureun, sarta dunya katut adabna.

Kaparigelan

Nampa, nanya, nyoba, ngolah, midangkeun, nalar, jeung ngalarapkeun Pribadi nu mampuh mikir jeung lumampah kalawan merenah tur rancagé dina ranah nyamuni (abstrak) jeung nembrak (konkrit).

Kaweruh

Mikanyaho, nyangkem, nerangkeun, ngolah, jeung meunteun. Pribadi nu ngawasa élmu kaweruh, téhnologi, seni budaya, sarta wawasan kamunasaan, kabangsaan, kanagaraan, jeung paradaban.

F. Proses Pangajaran 1. 2. 3. 4. 5. 6.

Prosés pangajaran lumangsung maké pamarekan saintifik. Ari léngkah-léngkahna keiu. Niténan (mengamati), ku cara maca atawa ngaregepkeun atawa nongton Nanya (menanya), ku cara tanya jawab atawa sawala Nalar (menalar/mengasosiasi), ku cara nambahan kaweruh lain Nyungsi atawa nyoba (eksplorasi/eksperimen) Midangkeun atawa nepikeun (mengkomunikasikan) Ngawangun jejaring (networking) ku cara néangan bahan tina sumber lian

Bab 1 Pituduh Umum

5

G. Kompetensi Inti (KI) jeung Kompetensi Dasar (KD) Kelas VI SD/MI KOMPETENSI INTI (KI)

KOMPETENSI DASAR (KD)

6.1 Menerima, menghargai, dan menjalankan ajaran agama yang dianutnya

6.1.1

Menerima anugrah Tuhan Yang Maha Esa atas penciptaan bahasa Sunda sebagai bahasa daerah dan unsur budaya bangsa serta alat komunikasi masyarakat penuturnya melalui teks narasi, deskripsi, pupuh, dongeng, dan pidato.

6.2 Memiliki perilaku jujur, disiplin, tanggung jawab, santun, peduli, percaya diri dalam berinteraksi dengan keluarga, teman, tetangga, dan guru

6.2.1

Memiliki perilaku peduli terhadap penyelamatan makhluk sebagai ciptaan Tuhan YME melalui teks narasi (Tema 1) Memiliki perilaku santun dalam memelihara dan membina persatuan dalam perbedaan bangsa melalui teks pupuh. (Tema 2) Memiliki perilaku peduli terhadap tokoh dan penemu melalui teks narasi (Tema 3) Memiliki perilaku tanggung jawab dan peduli menghadapi pengaruh globalisasi terhadap lingkungan dan kehidupan manusia melalui teks deskripsi. (Tema 4) Memiliki perilaku tanggung jawab, peduli, dan disiplin dalam berwirausaha melalui teks deskripsi. (Tema 5) Memiliki perilaku peduli, disiplin, dan tanggung jawab dalam menjaga memeliharan kesehatan masyarakat melalui teks pidato. (Tema 6)

6.2.2

6.2.3 6.2.4

6.2.5

6.2.6

6

Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas VI

6.3 Memahami pengetahuan faktual dengan cara mengamati dan mencoba [mendengar, melihat, membaca] serta menanya berdasarkan rasa ingin tahu secara kritis tentang dirinya, makhluk ciptaan Tuhan dan kegiatannya, dan bendabenda yang dijumpainya di rumah, sekolah, dan tempat bermain

6.3.1 6.3.2 6.3.3

6.3.4

6.3.5 6.3.6

6.4 Menyajikan pengetahuan faktual dalam bahasa yang jelas dan logis dan sistematis, dalam karya yang estetis dalam gerakan yang mencerminkan anak sehat, dan dalam tindakan yang mencerminkan perilaku anak beriman dan berakhlak mulia

6.4.1

6.4.2

6.4.3 6.4.4

6.4.5 6.4.6

Memahami teks narasi tentang penyelamatan makhluk. (Tema 1) Memahami teks pupuh tentang kehidupan berbangsa dan bernegara (Tema 2) Memahami teks narasi tentang tokoh dan penemu secara mandiri kemudian mengolah dan menuliskannya kembali dengan kata-kata sendiri (Tema 3) Memahami teks deskripsi tentang pengaruh globalisasi terhadap lingkungan dan kehidupan manusia. (Tema 4) Memahami teks deskripsi tentang berwirausaha. (Tema 5) Memahami teks pidato tentang meme­ lihara kesehatan masyarakat. (Tema 6) Menyusun teks carita pondok tentang penyelamatan makhluk dengan bahasa Sunda yang baik. (Tema 1) Melantunkan teks pupuh tentang kehidupan berbangsa dan bernegara (Tema 2) Menyusun teks narasi tentang tokoh dan penemu secara mandiri. (Tema 3) Menyusun teks deskripsi tentang pengaruh globalisasi terhadap lingkungan dan kehidupan manusia. (Tema 4) Menyusun teks deskripsi tentang berwirausaha. (Tema 5) Menyusun teks pidato tentang menjaga dan memelihara kesehatan masyarakat. (Tema 6)

Bab 1 Pituduh Umum

7

H. Tema jeung Bahan Ajar

Tema 1 : Nyalametkeun Mahluk Bahan : Narasi

Tema 4 : Pangaruh Globalisasi Bahan : Déskripsi

Tema 5 : Wirausaha Bahan : Déskripsi

TEMA & BAHAN AJAR

Tema 6 : Kaséhatan Masarakat Bahan : Biantara

8

Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas VI

Tema 2 : Kahirupan Bangsa Nagara Bahan : Pupuh

Tema 3 : Inohong Penemu Bahan : Narasi

Bab

Pituduh Husus

2

PANGAJARAN 1 Tema Subtema Bahan Média

: : : :

Penyelamatan Makhluk Nyalametkeun Mahluk Papada Ciciptan Alloh Déskripsi Téks jeung gambar

Tujuan Pangajaran: Saréngséna kagiatan diajar ngajar, murid bisa maca jero haté, maham eusi paguneman, ngadiskusikeun kandaga kecap, ngaringkeskeun bacaan, ngalarapkeun paribasa, nyaritakeun eusi bacaan, mikaweruh kecap sangaran, ngawih, maca dongeng. KAGIATAN AWAL No.

Kagiatan

1.

Saméméh gelaran pangajaran guru ngondisikeun kelas pikeun suasana diajar. Sanggeus kitu guru méré pembiasaan ku cara guru ngabsen murid, terus guru mingpin ngado’a. Saterusna guru nyebutkeun tujuan pangajaran nu rék diajarkeun sarta kasangtukang tur mangpaat materi Pangajaran 1 ngeunaan hasil observasi penyelamatan mahluk. Tina Pangajaran 1 ieu murid dipiharep mampuh nulis laporan téks narasi hasil observasi ngeunaan penyelamatan mahluk. Disagigireun éta dipiharep murid mampuh ningkatkeun rasa kanyaah jeung héman ka papada mahluk nu aya di sabudeureunana, jembarna mah miara kahéman Allah ka manusa.

2.

Pikeun ngahudang minat murid dina pembelajaran, guru ngajak murid sacara langsung kalibet dina pangalamanana ngeunaan kanyaahna ka papada mahluk. Sanggeus kitu guru ngamimitian muka pembelajaran ku cara maca karangan narasi nu judulna “Penyu Héjo” nu dipilih tina sababaraha sumber WWF Indonesia. Sanggeus ngondisikeun kaweruh murid kana karangan narasi nu témana penyelamatan mahluk, guru nepikeun kamandangna nu bisa ngahudang murid pikeun mikahéman papada mahluk, hususna nu aya disabudeureunana.

10

Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas VI

3.

Guru ngondisikeun murid dina ngawangun kontéks pangajaran ku cara nembongkeun gambar penyu di basisir. Guru nitah murid nyebutkeun naon anu ditingali ku maranehna dina gambar. Ieu hal tujuanana pikeun ngaitkeun sarta ngahudang kanyaahna ka papada mahluk. Guru bisa nyokot sababarah gambar tina koran, majalah, atawa tina internet.

KAGIATAN INTI A. Maca Jero Haté No.

Kagiatan

1.

Dina Kagiatan 1.gurunitah murid maca jero haté. Saméméhna ngajentrekeun heula yén maca jero haté téh hiji kagiatan maca nu maksudna rék nyangkem eusi bacaan, teu meunang aya sora ngagerendeng komo ditarikkeun atawa dibedaskeun.

2.

Guru marentah murid rék ngamimitian maca. Mimiti mah macana ditamatkeun sakabéh wacana.

3.

Guru maca malikan deui kalawan taliti saparagraf-saparagraf. Anu maksudana keur nyumponan pangjawab kana maksudna pananya. Saterusna murid dititah ngerjakeun pancén.

B. Ngajawab Pananya No.

Kagiatan

1.

Dina Kagiatan 2. guru nitah murid ngajawab pananya.

2.

Guru nyarita, mun murid rengsé migawé tugasna, salah saurang murid dititah macakeun pananya. Baturna nu ngajawab. Bagilir nepi ka rengsé.

Bab 2 Pituduh Husus

11

C. Ngadiskusikeun Kandaga Kecap No.

Kagiatan

1.

Kagiatan 3, guru nitah murid ngadiskusikeun Kandaga Kecap sacara kelompok. Saterusna murid dititah néangan harti kecap dina kamus. Saméméh diskusi guru méré pituduh heula, ku cara: a. Guru jeung murid nyadiakeun kamus atawa sumber sejenna. b. Guru ngabagi murid jadi 5 – 6 kelompok. Unggal kelompok dipimpin ku ketua kelompok. Masing-masing kelompok dibagi hiji sewang kamus. c. Guru ngabimbing. Murid-murid giat néangan harti kecap dina kamus jeung sumber lianna. Sanggeus masing-masing kelompok rengsé migawé tugas. Ketua kelompok macakeun hasil diakusi. d. Guru nitah ngalarapkeun harti kecap dina kalimah

2.

Harti kecap nu dipaluruh, di antarana: 1. Siwur téh dijieunna tina batok. 2. Lampu listrik nu dipasang di kamar caang pisan. 3. Méja téh sorong ka sisi témbok. 4. Kalimah nu disusun ku Adi mah kacida alusna. 5. Nyaho bapana datang, budakna lumpat muru bapana. 6. Si Cépot dibaturan ku Si Déwala ngalalana ka pakidulan nagara sancang. 7. Indungna nu keur ngajaga warung, sok nyelang heula mapagkeun anakna ka sakola. 8. Anak penyu nu dileupaskeun di basisir tingarugil muru ka laut. 9. Tukik atawa anak penyu téh teu sakabéhna salamet hirupna nepi ka gedé. 10. Kuring mah indit ka sakola unggal poe gé leumpang da deukeut.

3.

Saterusna guru ngoméntaran nu salahna kana kalimah nu disusun ku murid. Murid nyebutkeun koreksian kalimah.

D. Ngaringkeskeun Bacaan No.

Kagiatan

1.

Kagiatan 4,guru nitah murid ngaringkeskeun bacaan ku cara nyieun gurat badag

12

Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas VI

2

Saméméhna guru nitah murid maca taliti unggal paragraf. a. Guru nitah néangan kalimah nu jadi poko caritaan dina unggal paragraf ‘Penyu Héjo’. b. Guru ngabimbing maca gurat badag bacaan nu dijieunna. c. Guru ngabimbing murid migawé ringkesan carita dumasar kana gurat badag carita.

E. Ngalarapkeun Paribasa No.

Kagiatan

1.

Kagiatan 5, guru nitah murid ngalarapkeun paribasa dina kalimah

2

Guru nerangkeun deui harti paribasa

3.

Guru nerangkeun kecap nu aya dina paribasa, atawa nanya ka murid saha nu nyaho harti kecapna. Upamana: nyiuk, ayakan, pegat, simpay, genténg, kadé, kurung, komo.

4.

Guru nugaskeun murid ngalarapkeun paribasa dina kalimah.

5.

Guru ngaroris pagawéan murid.

6.

Guru nuduhkeun kasalahan dina kalimah nu disusun ku murid.

7.

Guru nitah murid ngaréngsékeun nyusun kalimah.

8.

Guru nitah murid-murid bagilir maca kalimah nu disusunna.

F. Nyaritakeun Eusi bacaan No.

Kagiatan

1.

Kagiatan 6, pikeun ningkatkeun pemahaman murid ngeunaan kanyaahna ka papada mahluk, guru nugaskeun murid maca deui téks nu patali jeung mahluk nu rék tumpur, nu judulna “Jalak Bali Nu Rék Tumpur Dina Habitat Aslina”.

2.

Saterusna murid dititah ku guru pikeun nyaritakeun deui eusi bacaan, lengkahlengkahna saperti ieu : 1. Guru nugaskeun murid maca “Jalak Bali Nu Rék Tumpur Dina Habitat Aslina”. 2. Guru niténan murid maca jero haté kalawan gemet tur taliti unggal paragraf éta bacaan. Bab 2 Pituduh Husus

13



3. Guru nugaskeun murid sangkan manggihkeun jeung nangtukeun kalimah-kalimhak poko atawa nu jadi téma unggal paragraf. 4. Guru nyaritakeun yén kalimah poko atawa téma kasebut nu jadi cecekelan pikeun dimekarkeun maké basa sorangan. 5. Guru nitah murid nyaritakeun eusi bacaan maké basa sorangan di hareupeun kelas.

G. Mikaweruh Kecap Sangaran No.

Kagiatan

1.

Kagiatan 7, guru nuyun murid dina kagiatan mikaweruh kecap sangaran. 1. Guru nerangkeun kecap-kecap sabgaran atawa sawanda nu aya dina kalimah. 2. Guru nugaskeun murid maca bacaan nu miboga kecap sawanda atawa sangaran. Tur nyangkem kana harti kecapna. 3. Guru jeung murid tanya jawab ngeunaan kecap sawanda. 4. Guru nugaskeun murid jeung murid lianna nyaritakeun kecap sawanda jeung hartina. 5. Guru nugaskeun murid nengetan deui kecap nepi ka ngarti kana sakabéhna nu patali jeung kecap sawanda. 6. Guru nyindekkeun pangajaran kecap sawanda. 7. Guru méré tugas PR néangan 10 kecap sawanda. Éta kecap tuliskeun hartina, terus larapkeun dina kalimah.

H. Ngawih : Ngawihkeun lagu nu témana manuk No.

Kagiatan

1.

Dina kagiatan 8, guru ngajembaran wawasan pangaweruh murid ngeunaan penyelamatan mahluk. Tina Pangajaran ieu murid dipiharep mampuh ningkatkeun kanyaahna ka papada mahluk ku cara ngawihkeun lagu nu temana manuk nu judulna “Manuk Dadali”. Dina Kagiatan 1 guru nitah murid maca bedas rumpaka lagu, mimiti tina judul, terus kana unggal padalisan dina unggal pada.

2.

Guru nerangkeun harti kecap nu saujratna jeung nu miboga harti injeuman dina rumpaka lagu, carana: 1. Guru nuduhkeun jajaran nu disebut padalisan jeung pada. 2. Guru nerangkeun téma lagu ‘Manuk dadali’

14

Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas VI



3. Guru jeung murid tanya jawab ngeunaan kawih ‘Manuk dadali’. 4. Guru miharep murid saregep ngabandungan guru ngawihkeun ‘Manuk dadali’.

3.

Guru ngawihkeun lagu nu judulna “manuk dadali” 1. Guru nyontoan ngawihkeun ‘Manuk Dadali’ nepi ka tamat. Murid dipiharep saregep ngabandungan guru nu keur ngawih. 2. Guru ngajak murid babarengan ngawih. 3. Guru nerangkeun, murid-murid ngawihkeun sapada séwang sacara bagilir unggal jajaran bangku nepi ka rengsé. 4. Guru nunjuk jajaran murid nu kudu ngawihkeunana. Nu sejen jempé, ngadagoan giliran panunjuk guru. 5. Guru ngatur, nunjuk dua baris jajaran nu kudu ngawih, nu sejenna jarempe, Terus bagilir nepi ka sakabeh jajaran bangku kabagéan. 6. Breng sakabéh murid ngawih. 7. Guru nunjuk murid saurang-saurang ngawihkeun lagu.

4

Pikeun ningkatkeun pemahaman murid ngeunaan kanyaahna ka papada mahluk, guru nugaskeun murid maca sajak nu patali jeung mahluk nu rék tumpur, nu judulna “Manuk Leutik Dina Kurung”. 1. Guru nugaskeun murid kudu museurkeun paniténna kana téks sajak anu judulna ‘Manuk Leutik Dina Kurung’ 2. Guru maca nyoara sajak nepi ka tamat. Maca minangka ngawanohkeun jeung mawa pikir, rasa, jeung panitén, perhatian kana runtuyan basa (kecap) nu ngawangun éta sajak. 3. Guru nugaskeun murid nyirian kecap atawa babasan (babandingan, kecap kiasan) nu aya dina jajaran sajak. 4. Guru nugaskeun néangan harti kecap jeung kiasanana dina kamus jeung dina sumber sejenna. 5. Guru jeung murid ngabahas harti kecap. Judul; ‘Manuk Leutik dina Kurung’. a. manuk leutik nyaéta rupa-rupa manuk anu laleutik saperti piit, ciblék, kacamata, jsté. Manuk nu karieu nu ayeuna keur dipikaresep, dipiara jeung dikurungan ku masarakat. b. Régang nyaéta babagian tina dahan tangkal kai atawa tangkal awi anu wangunna leutik. c. Buruan nyaéta pakarangan, patempatan diluareun imah nu aya di bagian hareup. d. Susumputan nyaéta hiji rupa kaulinan barudak anu dina kagiatanana aya nu kagabian nyumput anu cicing di tempat nu teu kaciri ku nu boga tugas jadi ucingna (nu néangan). e. Manuk nyumput nyaéta manuk cicing di tempat anu teu katempo boh ku jelema boh ku ucing upamana. Bab 2 Pituduh Husus

15



f. Ngabring nyaéta indit, hiber babarengan biasana leuwih ti sapuluh. g. Kurung nyaéta tempet manuk cicing (kandang). Dijieun tina awi nu diraut dijieun sagedé-gedé nyéré daun kalapa, wangyun kurungna aya nu pasagi, buleud, jsté. Aya kurung nu dijieun tina kawat ogé. h. Gantungan nyaéta tenpat nunda atawa ngagantungkeun. i. Uclak-aclok nyaéta luluncatan dina panyongcloan atawa panyicinganana. j. Noong nyaéta nempo tina tenpat anu leutik jeung kacida sempit. Dina kagiatan 2 guru mére pancén sangkan murid bisa digawé sacara kelompok. Dina ieu kagiatan murid dipenta ngerjakeun pancén 1, pancén 2, jeung pancén 3 Pancén 1 guru nitah murid nyieun Parafrase sajak nu judulna ‘Manuk Leutik Dina Kurung’ karya Ano Karsana. Saméméhna ngajentrékeun heula nu dimakdud parafrase. Parafrase nyaéta ngabéjérkeun deui hiji wangun karangan (sajak) kana wangun séjén karana maksud ngécéskeun harti anu nyumput atawa nyamuni jadi babari kahartina. a. Parafrase 1 Aya manuk ngarasa bébas hirup di alam. Ucla-aclé dina régang, macokan hileud jeung endog sireum. Aya manuk cangkurileung hiber luhureun suhunan taya nu ngaharu biru atawa ngaganggu. b. Parafrase 2 Aya manuk dina kurung ucla-acle teu bisa bébas hiber c. Parafrase 3 Manuk leutik the ukur bisa noong tina kurung kaluar jiga baturna Pancen 2 guru nitah murid ngajawab pananya a. Guru nugaskeun ka murid sangkan ngajawab pananya kalawan lisan b. Guru nyebutkeun kalimah pananya ka murid sacara bagilir c. Guru miharep sakabé murid geus nyaho tur ngarti kana eusi jeung harti kekecapan nu ngawangun rumpaka sajak Pancén 3 guru ngabimbing maca sajak a. Guru méré papagon maca sajak . ( Maca téh aya aturanana kudu puguh lentongna, panjang-pendékna, bedas jeung halonna. Lentongna béda hartina ogé bakal béda. Lentongna béda, hartina ogé bakal béda. Contona: - Bu Guru nitah murid asup ka kelas Bu Guru : Asup! Sing béré barisna Murid : Asup? Tos bél, Bu? Bu Guru : Asup. (Murid barisna bérés) 16

Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas VI



b.



c.



d.



e.

Tétéla sanajan ngan sakecap nu dilisankeun kecap ’asup’ ari lentongna béda mah, maksudna bakal béda. Aya nu nitah, nanya, jeung wawaran. Guru ngalatih murid maca sajak. Saméméhna guru ngalatih maca sajak maké lentong nu merenah, kitu deui latihan nyebutkeun kecap kalawan béntés. Éta kagiatan laksanakeun sababaraha balikan, supaya biasa dilarapkeun dinamaca sajak sacara bedas.Teu salilana dina nyarita téh urang kudu tarik salalawasna, atwa kudu laun haharewosan. Najan laun, atawa tarik kudu béntés, kitu deui dina maca sajak. Guru nugaskeun murid-murid maca jero haté heula sajak nu rék dibaca bedas. Tengetan mana nu kudu dibaca bedas, dibaca laun, dibaca anca. Pepeta atawa gerak leungeun jeung awak teu ieuh kudu salilana aya, saperluna baé. Guru ngajurung murid macakeun sajak dihareupeun kelas. Muridmurid lianna ngaregepkeun. Guru nitah murid nétélakeun pamanggihna saha-sahana nu hadé macana.

I. Maca Dongeng No.

Kagiatan

1.

Dina kagiatan 9, guru méré pancén ka murid sacara mandiri. Dina ieu kagiatan guru méré sababaraha latihan pikeun siswa sangkan leuwih maham kana pangajaran Pancén 1 guru ménta murid maca Dongeng “Sakadang Kuya Mamawa Imah’. Lengkah nu dilaksanakeunana: 1. Guru medar cara maca nyoara jeung cara maca jero haté. Dina maca nyoara bakal katitén lentong atawa lagu lagamna. Kitu deui ngajiwaan atawa henteuna eusi bacaan. Maksud maca jero haté téh pikeun ngalenyepan eusi nu nyangkaruk dina bacaan. 2. Guru ngajurung sakabéh murid maca ‘Sakadang Kuya mamawa Imah’ anu maksudna pikeun ngalenyepan jeung mikanyaho eusi dongéng. 3. Guru ngajurung murid macakeun éta dongéng sacara bagilir. Cara macana nu kagiliran neruskeun sésa bacaan baturna nu ti heula

2.

Pancén 2 guru nepikeun pananya ka murid: a. Sato naon anu ngalalakon dina éta dongéng? b. Dimana tempatna imah si kuya? c. Naon maksudna si kuya kudu mamawa imahna? d. Perasaan naon nu aya dina diri si monyét ka si kuya? Bab 2 Pituduh Husus

17



e. Kumaha rasa rumasa si kuya ka si monyét? f. Naon éta ema dongéng? g. Naon nurutaneunana keur murid tina éta carita dongéng téh?

3.

Pancén 3, guru nyiapkeun kecap-kecap nu rék ditéangan hartina dina kamus jeung sumber lianna, lengkah pelaksanaanana: a. Guru katut murid nyadiakeun kamus jeung sumber lianna di kelas b. Guru ngabimbing murid néangan harti kecap dina kamus jeung sumber lianna c. Guru mingpin diskusi hal ngaran pakakas: congkrang, jeung sejensejen pakakas nu dipaké ngolah sawah atawa kebon huma. d. Pikeun ngeuyeuban pangajaran Guru nugaskeun murid molahkeun: ngagandong, ngakod, nungtun, ngagandong leungeun, nolol. e. Guru ngajurung murid ngagambar ranggon jeung saung

4.

Pikeun ngeuyeuban pangajaran, guru nugaskeun ka siswa sacara mandiri nyaritakeun eusi bacaan nu judulna (1) “Lutung Jawa”. Saméméhna: a. Guru medar pangajaran. Dina pangajaran 1, urang loaba maca ruparupa mahluk atawa satwa. Pikeun ngeuyeuban pangaweruh pangajaran maca, ‘Lutung Jawa’ ogé kudu dijaga ulah nepi ka tumpur. b. Guru niténan murid nu keur maca jero haté, geusan nyaritakeun deui eusi bvacaan di hareupeun babaturan. c. Guru mere iasarah ka murid supaya eureun macana. d. Guru nitah salah saurang murid ka hareup nyaritakeun deui ‘Lutung Jawa’ ku basana sorangan ka babaturanana. e. Guru niténan murid nu panglancarna nyarita, sarta ngaguluyur dina nepikeun eusi carita. f. Guru ngajurung murid ngajawab pananya. Carana murid nanya ka babaturanana (aya 5 pananya) (2) Guru nugaskeun maca ka salah saurang murid, murid nu sejen ngaregepkeun daria judul babaan ‘Wapalla Rikiran Rakyat Ngaleupaskeun Sarébu Bayi Penyu”, saterusna: 1. Guru nguriling niténan murid bisi aya nu teu methatikeun kana kagiatan maca, salila eta wacana dibaca. 2. Guru nyebutkeun pananya nu kudu dijawab ku murid. 3. Guru pindah nanya ka murid sejen lamun murid nu dititah yeu bisa ngajawab. 4. Guru nanyakeun saha nu bisa nyindekkeun éta bacaan. 5. Guru jeung murid ngabahas jeung ngadiskusikeun pancen mandiri nu rék dipigawé di imah. a. Ngabahas karangan narasi b. Nangtukeun panjang karangan

18

Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas VI

c. Ngabahas basa nu digunakeun dina karangan d. Nangtukeun waktu migawé jeung ngumpulkeun tugas 6. Guru ngabahas paribasa a. Guru méré kasempetan ka murid geusan nanyakeun paribasa b. Guru jeung murid ngabahas ngaran sasatoan nu dilarapkeun dinaparibasa, saperti : kancra, merak, julang, badak. Bangkong, gajah, lauk, belut, cacing jeung gaang. 7. Guru nyieun kalimah maké paribasa a. Guru nyontoan ngalarapkeun paribasa dina kalimah. Conto : murid kelas 6B raribut, blus baé Bapa Guru ka kelas, jep baé murid téh jempé cara gaang katincak. b. Guru ngabimbing murid-murid nyusun kalimah c. Guru nugaskeun murid nuliskeun kalimah nu disusunna dina papan tulis. d. Guru nanya ka murid kumaha pamanggihna kana éta kalimah nu dijieun ku babaturanana. e. Guru tanya jawab jeung murid ngeunaan nyieun kalimah maké paribasa, f. Guru babarengan jeung murid nyindekkeun pangajaran kalimah maké paribasa. KAGIATAN PANUTUP No.

Kagiatan

1.

Guru babarengan jeung murid nyindekkeun hasil kagiatan diajarna

2.

Guru méré penilaian kana kagiatan nu geus dilakukeun ku murid: muji, meunteun

3.

Guru méré tugas mandiri

4.

Guru ngainformasikeun ka murid pangajaran nu rék ditepikeun dina kagiatan saterusna.

Bab 2 Pituduh Husus

19

PANGAJARAN 2 Tema Bahan Média

: Kahirupan Turta Nyaah Buméla Ka Lemah Cai : Déskripsi : Téks jeung gambar

Tujuan Pangajaran: Saréngséna kagiatan diajar ngajar, ngaregepkeun pupuh durma, ngajawab pananya, ngalarapkeun rarangken tengah, ngabandingkeun pupuh jeung kawih, nembangkeun pupuh tina wawacan, maca jero haté, migawé pancén. KAGIATAN AWAL No.

Kagiatan

1.

Saméméh gelaran pangajaran guru ngondisikeun kelas pikeun suasana diajar. Sanggeus kitu guru méré pembiasaan ku cara guru ngabsen murid, terus guru mingpin ngado’a. Saterusna guru nyebutkeun tujuan pangajaran nu rék diajarkeun sarta kasangtukang tur mangpaat materi Pangajaran 2 ngeunaan hasil observasi ngeunaan kahirupan turta nyaah buméla ka lemah cai. Tina Pangajaran 2 ieu murid dipiharep mampuh ngaguar eusi pupuh sarta nembangkeun pupuh hasil observasi ngeunaan kahirupan turta nyaah buméla ka lemah cai. Disagigireun éta dipiharep murid mampuh ningkatkeun rasa reueus, toleransi, sarta micinta lemah cai .

2.

Pikeun ngahudang minat murid dina pembelajaran, guru ngajak murid sacara langsung kalibet dina pangalamanana ngeunaan kahirupan turta nyaah buméla ka lemah cai. Sanggeus kitu guru ngamimitian muka pembelajaran ku cara maca pupuh nu judulna “Durma Buméla ka Lemah Cai” karangan Ano Karsana. Sanggeus ngondisikeun kaweruh murid kana pupuh nu témana kahirupan turta nyaah buméla ka lemah cai guru nepikeun kamandangna nu bisa ngahudang murid pikeun micinta lemah cai.

20

Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas VI

3.

Guru ngondisikeun murid dina ngawangun kontéks pangajaran ku cara nembongkeun gambar perang nalika jaman penjajahan. Guru nitah murid nyebutkeun naon anu ditingali ku maranehna dina gambar. Ieu hal tujuanana pikeun ngaitkeun sarta ngahudang kanyaahna ka lemah cai. Guru bisa nyokot sababarah gambar tina koran, majalah, atawa tina internet.

KAGIATAN INTI A. Ngaregepkeun Pupuh Durma No.

Kagiatan

1.

Dina Kagiatan 1 guru saméméhna ngarecah heula wangun pupuh saperti: a. sapada pupuh aya 7 padalisan. ( pada= bait, padalisan= jajaran, baris) b. guru lagu jeung guru wilangan ( sora tungtungdina padalisan, jumlah engang)

2.



sa-ré-ré-a u-rang téh ku-du sa-ya-ga

= 12a



nga-ja-ga le-mah ca-i

= 7i



ti nu ni-at ja-hat

= 6a



na-ga-ra ja-di teu a-man

= 8a



ra-yat-na ja-di teu ting-trim

= 8i



ji-wa ra-ga-na

= 5a



u-lah ja-di ka-ri-si

= 7i

Guru nembangkeun pupuh,prak-prakanana: a. Guru nitah murid merhatikeun rumpaka pupuh b. Tahap ka-1 guru nembangkeun sapada pupuh durma nepi ka tamat padalisan panungtung c. Tahap ka-2 guru nembangkeun sapadalisan, murid nurutan. Kitu saterusna nepi ka padalisan panungtung d. Guru jeung murid bareng nembangkeun sapada pupuh e. Guru sakali-kalieun eureun teu milu nembang f. Guru marengan nembang, lamun murid ragu-ragu poho lagam laguna, guru marengan deui. (Kitu baé saterusna malikan deui-malikan deui) g. Tahap ka-3 guru nitah gunta-ganti nembangkeun ku unggal jajaran bangku, saselang seling jeung padalisan nu ditembangkeunana. Bab 1 Pituduh Umum

21

B. Ngajawab Pananya No.

Kagiatan

1.

Pancén 1 guru nitah salah saurang murid pikeun macakeun pananya. Baturna nu ngajawab. Bagilir nepi ka rengsé.

2.

Guru nugaskeun murid ngajawab pananya, prak-prakanana: 1. Guru nanyakeun ka murid saurang-saurang pikeun nyangkem eusi nu aya dina rumpaka pupuh. Jawaban murid tangtu bakal béda gumantung kana cangkemanana. Pananya aya 8 nomer. Jawaban murid, boh eusina boh susunan kalimahna bisa teu sarua. 2. Guru nugaskeun murid ngarangkum eusi tina 8 jawaban nu geus disebutkeunana téa. Mun geus rengse éta rumusan téh dibacakeun hareupeun babaturanana. 3. Guru marengan murid nitenan jeung nyangkem harti kecap nu ngawangun rumpaka pupuh. Saperti: sayaga, tingtrim, raga, karisi, bela, ngariksa. 4. Guru nugaskeun murid ngalarapkeun kecap-kecap kasebut dina kalimah. 5. Guru nguriling, mariksa jeung ngabimbing murid-murid nu keur nyusun kalimah.

C. Ngalarapkeun Rarangkén Tengah No.

Kagiatan

1.

Dina kagiatan 2 guru méré pancén ka murid sacara kelompok ngalarapkeun rarangken tengah /–um-/, /-al-/, /-in-/

2.

Pancén 1 saméméhna guru nuliskeun heula kalimah dina papan tulis: a. Sakumna rayat seja buméla ka lemah cai. b. Rayat seja dumeuheus nepungan Sultan di gedong kasultanan. c. Urang saréréa kudu ngajaga kabersihan lingkungan, supaya panyakit DB teu sumebar ka sakuliah lembur. d. Aki-aki nanggung acau leumpangna dumaligdeug. Guru ngajurung murid supaya merhatikeun jeung nitenan kalimah nu ditulis ku guru. Guru nitah murid maca bedas kalimah, murid nu sejen panitenna museur kana kalimah nu dibaca.

22

Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas VI

3.

Pancén 2 guru nanya ka murid patali jeung opat kalimah nu dibaca. Dina 4 kalimah nu dibaca kasebut aya kecap nu ngandung sora nu sarua. Saterusna murid ngajawab: buméla, dumeuheus, sumebar, dumaligdeug. Sanggeus kitu guru nyaleksek deui ku cara: 1. Guru naya deui, aya sora naon dina kecap nu disebutkeun? Murid ngajawab “ sora /um/” dina buméla, dumeuheus, sumebar, dumaligdeug. 2. Guru nitah ka saurang murid. Kaluarkeun kecap /um/ tina kecap buméla jadi (/bela/ ), dumeuheus jadi (/ deuheus/), sumebar jadi (/ sebar/), dumaligdeug jadi (/daligdeug/) 3. Guru nyindekkeun, wangun –um- dina kecap –kecap kasebut téh nyaéta rarangken tengah. 4. Guru nuliskeun kalimah dina papan tulis - Loba kaum ibu nu lalieur mikiran harga balanjaan nu beui marahal 5. Guru nanya ka murid, dina kalimah nu ditulis di papan tulis aya kecap nu ngandung rarangken tengah, nu mana kecapna? Murid : Lalieur, marahal Guru : kaluarkeun /al/ tina kecap lalieur Kaluarkeun /ar/ tina kecap marahal 6. Guru méré tugas ka murid nyieun kecap nu maké rarangkem tengah /–um-/. /–al-/, /-ar-/. 7. Guru marikasa pagawéan murid-murid, kecap nu maké rarangkem tengah /–um-/, / –al-/, /-ar-/.

4.

Guru nugaskeun murid pikeun ngadiskusikeun Kandaga Kecap sacara kelompok. Saterusna murid dititah néangan harti kecap dina kamus. Saméméh diskusi guru méré pituduh heula, ku cara: a. Guru jeung murid nyadiakeun kamus atawa sumber sejenna. b. Guru ngabagi murid jadi 5 – 6 kelompok. Unggal kelompok dipimpin ku ketua kelompok. Masing-masing kelompok dibagi hiji sewang kamus. c. Guru ngabimbing. Murid-murid giat néangan harti kecap dina kamus jeung sumber lianna. Sanggeus masing-masing kelompok rengsé migawé tugas. Ketua kelompok macakeun hasil diakusi. d. Guru nitah ngalarapkeun harti kecap dina kalimah.

Bab 1 Pituduh Umum

23

D. Ngabandingkeun pupuh Jeung Kawih No.

Kagiatan

1.

Pikeun ngeuyeuban pangaweruh murid guru nitah murid ngabandingkeun Pupuh jeung Kawih. Saméméhna guru netelakeun heula ngeunaan pupuh. 1. Guru nuliskeun pupuh durma maké katerangan babagian guru wilangan, guru lagu, pada jeung padalisan di papan tulis 2. Guru nuliskeun rumpaka kawih di papan tulis. 3. Guru nuduhkeun ka murid Jumlah padalisan unggal pada dina pupuh, jeung dina rumpaka kawih. 4. Guru nuliskeun bagan pupuh - kawih 5. Guru nerangkeun pupuh jeung kawih maké bagan supaya leuwih pertela.

2.

3.

24

Kawih

Pupuh Wangun

Wangun

1. Diwangun ku pada (bait) anu geus tangtu jumlah padalisanana (jajaran) 2. Unggal tungtung padalisan geus tangtu sorana (guru lagu) 3. Unggal padalisan geus tangtu jumlah engangna (guru wilangan)

1. Jumlah pada (bait) teu ditangtukeun kudu sabaraha jumlahna 2. Jumlah jajaran teu ditangtukeun kudu sabaraha jumlahna 3. Unggal padalisan teu ditangtukeun jumlah

Pancén1 guru nitah murid ngadiskusikeun babandingan pupuh jeung kawih: a. Wangun pupuh kumaha, wangun kawih kumaha b. Eusi nu dicaritakeun dina pupuh kumaha, eusi nu dicaritakeun dina kawih kumaha 6. Guru nitah murid pikeun nyindekkeun hasil diskusina. 7. Guru nugaskeun murid nembangkeun pupuh durma jeung ngawihkeun ‘Karatagan Pahlawan’. 8. Guru nugaskeun murid sacara individu minangaka PR pikeun nyieun sapada pupuh durma.

Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas VI

E. Nembangkeun Pupuh Tina wawacan No.

Kagiatan Dina kagiatan 3 guru nitah murid migawé pancén1, pancén 2, pancén 3 Pancén 1 guru nitah murid nembangkeun pupuh tina wawacan. Saméméhna: a. Guru nyaritakeun ka murid yén nembangkeun pupuh téh bisa dilakukeun sahiji pupuh, teu disambungkeun jeung nu lian deui. Upamana ieu aya conto: Pupuh Kinanti (1) Guru nembangkeun pupuh Kinanti Budak leutik bisa ngapung Babaku ngapungna peuting Nguriling kakalayangan Neangan nu amis-amis Sarupaning bungbuahan Naon baé nu kapanggih b. Guru nembangkeun deui pupuh sinom dina wangun guguritan Aya hiji rupa kembang Raranggeuyan tapi leutik Rupana bodas kacida Matak lucu liwat saking Hanjakalna teu seungit Lamun ku urang di ambung Kitu ogé ti beurang Ari seug mungguh ti peuting Sumeleber nyambuang sapakarangan Sengit lain kaulinan Leleb manis ngadalingding Matak bungah mamanahan Matak resmi kana pikir Lamun urang ti peuting Seug di buruan ngalantung Keur nuju caang bulan Ngambeu kembang dupa seungit Karasana sumerep saluar badan

c. Guru nyontoan nembang pupuh kinanti dina wawacan ‘Ratna Suminar Nepangan Déwi Pramanik’. Ratna suminar kacatur, sareng Patih Mandrawati, ngalayang di awang-awang, ngarandeg dina wiati, marga aya nu katingal, ku sang ajeng ratna putri.

Pancen 2 guru nitah murid migawé pancén mandiri.Saméméh guru nanndeskeun deui yén dina pangajaran ieu, murid geus mampuh nembangkeun durma ‘Ratna Suminar’ jeung ‘Karatagan Pahlawan’. Nu disebut bieu téh aya nu diwangun ku pupuh jeung nu kaasup wangun kasengker ku pada jeung rumpaka. Bab 1 Pituduh Umum

25

3.

a. Guru nitah murid nengetan deui wangun jeung eusi pupuh durma dina pangajaran saméméhna. b. Guru nitah murid sacara mandiri nyieun sapada pupuh durma, témana bébas kumaha murid baé. c. Tengetan deui wangun jeung eusi sajak bébas dina pangajaran saméméhna. d. Guru nitah murid sacara individu nyieun sajak bébas, témana kumaha murid ogé

F. Maca Jero Haté No.

Kagiatan Pancén 3 guru nugaskeun murid maca wacana dina wangun lancaran ‘Banténg Pasirmalang’. 1. Guru nitah ka murid nganomeran unggal paragraf dina wacana kasebut. 2. Guru nitah nuliskeun gurat badag tina unggal paragraf. Geus kitu jieun ringekesan carita dumasar kana gurat badag nu geus disusun, maké basa sorangan. 3. Guru nitah murid ngalisankeun di hareupeun kelas.

KAGIATAN PANUTUP No.

Kagiatan

1.

Guru babarengan jeung murid nyindekkeun hasil kagiatan diajarna

2.

Guru méré penilaian kana kagiatan nu geus dilakukeun ku murid: muji, meunteun

3.

Guru méré tugas mandiri Guru nitah migawé pancen. Pék tengetan heula naon pancén hidep téh! 1. Jieun sapada pupuh durma. Témana kumaha hidep baé. 2. Jieun sajak bébas sajudul, Témana kumaha hidep oge 3. Tugas nyorangan (individu) dijieun di imah.

4.

Guru ngainformasikeun ka murid pangajaran nu rék ditepikeun dina kagiatan saterusna.

26

Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas VI

PANGAJARAN 3 Tema Bahan Média

: Tokoh nu Manggihkeun : Déskripsi : Téks jeung gambar

Tujuan Pangajaran: Saréngséna kagiatan diajar ngajar, murid mampu maca jero haté, ngalisankeun jawaban, ngadiskusikeun kandaga kecap, ngaringkes bacaan, ngalarapkeun kecap rajékan, ngabandingkeun wangun /di/ /ka/ dina kalimah, ngalisankeun sora, maca ngajembaran, nulis sajak, ngadéklamasikeun sajak, nyaritakeun deui, maca ngeuyeuban. KAGIATAN AWAL No.

Ngondisikeun Murid Ngawangun Konteks

1.

Saméméh gelaran pangajaran guru ngondisikeun kelas pikeun suasana diajar. Sanggeus kitu guru méré pembiasaan ku cara guru ngabsen murid, terus guru mingpin ngado’a. Saterusna guru nyebutkeun tujuan pangajaran nu rék diajarkeun sarta kasangtukang tur mangpaat materi Pangajaran 3 ngeunaan hasil observasi ngeunaan tokoh nu manggihkeun. Tina Pangajaran 3 ieu murid dipiharep mampuh maham téks deskripsi “Tokoh Nu Manggihkeun”. Disagigireun éta dipiharep murid mampuh ningkatkeun rasa reueus, ngahargaan, peduli sosial sarta tanggungjawab.

2.

Pikeun ngahudang minat murid dina pembelajaran, guru ngajak murid sacara langsung kalibet dina pangalamanana ngeunaan kanyahona ka tokohtoh nu nimukeun atawa nyiptakeun hiji barang . Sanggeus kitu guru ngamimitian muka pembelajaran ku cara maca wacana téks deskripsi anu judulna “Imah Awi Jatnika” karangan Sanggeus ngondisikeun kaweruh murid kana kaweruhna ngeunaan tokohtokoh nu nimukeun, guru nepikeun kamandangna nu bisa ngahudang murid sangkan ngarasa reueus, ngahargaan, peduli sosial sarta tanggungjawab.

Bab 2 Pituduh Husus

27

3.

Guru ngondisikeun murid dina ngawangun kontéks pangajaran ku cara nembongkeun gambar Imah nu dijieun tina awi. Guru nitah murid nyebutkeun naon anu ditingali ku maranehna dina gambar. Ieu hal tujuanana pikeun ngaitkeun sarta ngahudang kareueus, ngahargaan, peduli sosial sarta tanggungjawab. Guru bisa nyokot sababarah gambar tina koran, majalah, atawa tina internet.

KAGIATAN INTI A. Maca Jero Haté No.

Kagiatan

1.

Dina Kagiatan 1 guru babarengan jeung murid nyiapkeun alat pangajaran jeung sumber pangajaran. Saterusna guru méré pesen ka murid cara maca nu kudu taliti, unggal paragraf kana paragraf. Sarta ngingetkeun yén kudu nandaaan kecap nu teu dipikaharti geusan nyangking gagasan unggal paragraf.

2.

Guru ngabimbing murid salila maca tepi ka tamat bacaan. Guru sakalikalieun méré pananya geusan neuleuman eusi bacaan.

3.

Pancén1 guru nitah murid nyirian bagian nu penting tina bacaan. Maksudna, sangkan murid leuwih nyangkem kana bacaan. Prakprakanana: 1. Guru nitah salah saurang murid ngagalantangkeun pananya.Ti nomer hiji dugi ka nomer 10. 2. Guru nitah murid ngajawab sakabéh pananya kalawan tartib. 3. Guru ngawatesanan waktu migawé ngajawab pananya. 4. Guru nandakeun ka murid waktu migaw:e réngsé. 5. Guru nitah murid museurkeun panitén ka guru. 6. Guru nyebutkeun pananya ka murid sacara bagilir, murid ngalisankeun jawaban. 7. Guru nyindekkeun pangajaran.

B. Ngalisankeun Jawaban No.

Kagiatan

1.

Pancén1 guru nitah murid nyirian bagian nu penting tina bacaan. Maksudna, sangkan murid leuwih nyangkem kana bacaan. Prakprakanana:

28

Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas VI



1. Guru nitah salah saurang murid ngagalantangkeun pananya.Ti nomer hiji dugi ka nomer 10. 2. Guru nitah murid ngajawab sakabéh pananya kalawan tartib. 3. Guru ngawatesanan waktu migawé ngajawab pananya. 4. Guru nandakeun ka murid waktu migaw:e réngsé. 5. Guru nitah murid museurkeun panitén ka guru. 6. Guru nyebutkeun pananya ka murid sacara bagilir, murid ngalisankeun jawaban. 7. Guru nyindekkeun pangajaran.

C. Ngadiskusikeun Kandaga Kecap No.

Kagiatan

1.

Dina kagiatan 2 guru jeung murid saméméhna geus nyadiakeun kamus basa Sunda jeung sumber lianna. Saterusna murid disiapkeun kana kagiatan kelompok pikeun migawé pancén1, pancén 2. 1. Guru ngabagi murid jadi sababaraha kelompok jeung nangtukeun saurang ketua. 2. Guru ngabingbing limangsungna diskusi kandaga kecap. 3. Guru nitah murid nyindekkeun hasil diskusi. 4. Guru nyebutkeun pancén saterusna ngalisankeun kalimat nu dijieun tina kecap nu sapuluh nu geus didiskusikeun 5. Guru nitah murid ngalisankeun kalimah sacara bagilir.

D. Ngaringkes Bacaan No.

Kagiatan Pancén 1 guru nitah murid ngaringkes bacaan. Lengkah garapanana: 1. Guru nitah murid nuliskeun gagasan unggal paragraf. 2. Guru nitah murid nyieun ringkesan dumasar kana gagasan nu geus ditulis. 3. Guru nitah macakeun ringkesan nu geus disusun ku murid. 4. Guru ngomentaran ringkesan masing-masing murid.

Bab 2 Pituduh Husus

29

Pancén 2 guru nitah murid ngalarapkeun kecap rajekan. 1. Guru jeung murid nyadiakeun bahan nu rék dibahas. 2. Guru museurkeun panitén murid kana bahan kecap rajékan. 3. Guru nerangkeun conto kecap rajekan. 4. Guru nitah murid nuliskeun kecap rajékan di papan tulis, terus diterangkeun saterusna dijieun kalimah. 5. Guru nugaskeun nyatet 10-20 kecap rajekan jiga conto tina majalah atawa koran, terus dihartikeun. 6. Guru jeung murid tanyajawab, terus nyindekkeun pangajaran kecap rajekan. Pikeun ngajembaran pangaweruh dina pangajaran ngeunaan tokoh nu manggihkeun, guru mikeun deui bacaan nu sarupa ngeunaan téks deskripsi tokoh nu manggihkeun. 1. Guru nyaritakeun pangajaran saméméhna nu manggihkeun modél imah awi pikeun diekspor. Saterusna nyaritakeun nu manggihkeun sapatu pikeun kasehatan keung kasalametan diri. Pék baé baca ku murid sing gemet. 2. Guru ngabingbing murid manggihkeun poko carita. 3. Guru nitah murid nyieun ringkesan dumasar kana poko carita maké basa sorangan. 4. Guru mariksa pagawéan murid. 5. Guru jeung murid ngabahas basa nu dipaké dina karangan. 6. Guru jeung murid ngadislusikeun kalimah nu salah jeung nu nyababkeun kasalahan kalimah. 7. Guru nitah murid maca ringkesan bacaan.

E. Ngalarapkeun Kecap Rajékan No.

Penyusunan Téks Hasil Observasi Sacara mandiri

1.

Dina kagiatan 3 guru méré pancén ka murid sacara mandiri pikeun migawé pancén 1. Pancén 2, pancén 3. Hidep tangtu saméméhna ogé geus diajar rupa-rupa kecap rajékan téa. Tengetan deui ieu conto! a. Baku éta budak téh, unggal wayah kieu sok ceurik b. Babakuna mah sok diheureuyen ku lanceukna. Téangan deui dina koran atawa majalah, 10 nepi ka 20 kecap saperti conto di luhur. Sebutkeun harti kecapna.

30

Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas VI

F. Ngabandingkeun Wangun /di/ /Ka/ Dina Kalimah No.

Kagiatan

1.

Pancén 1 guru nitah murid ngabandingkeun wangun /di/, /ka/ dina kalimah 1. Guru museurkeun panitén murid kana bahan ajar nu ditulis dina papan tulis a. Tangakal awi dituar ku bapa. b. Tangkal awi aya di tukangeun imah. c. Murid-murid teu kabawa kabeh da mobilna leutik. d. kelas 6 indit ka toko buku. 2. Guru ngabandingkeun wangun /di/ rarangkén jeung /di/ kata depan, terus /ka/ rarangkén jeung /ka/ kata depan. 3. Guru nitah murid nyieun wangun kecap nu maké /di/ /ka/ sapuluih kecap. 4. Guru nitah nugaskeun murid ngalarapkeun kecap dina kalimah.

5. Guru nitah murid ngalisankeun éta kalimah. 6. Guru nanya ka murid ngarti jeung henteuna pangajaran nu diterangkeun 7. Guru nanya ka murid saha nu bisa nyindekkeun pangajaran nu dibahas. 8. Guru mairan kacindekan nu dijieun ku murid

G. Ngalisankeun Sora No.

Kagiatan

1.

Pancén 2 guru nitah murid ngalisankeun sora /é/, /e/. Guru dibingbing kagiatan murid salila lumangsungna kagiatan. Guru museurkeun panitén murid kana conto kalimah nu ngandung sora /é/ jeung/e/ di papan tulis. 1. Guru nuliskeun kalimah di papan tulis. a. Seng téh kaambeu seungit lauk nu keur digoréng. b. Hateup séng lalésot rabeng katiup angin putting beliung. 2. Guru nitah murid maca kalimah nu ditulis di papan tulis sacara bagilir. 3. Guru marentah murid niténan conto nu aya dina buku. Terus di baca tarik nepi ka karasaeun bédana ngucapkeun sora/é/ jeung /e/. 4. Guru nanya murid ngarti jeung henteuna. Bab 2 Pituduh Husus

31





5. Guru nitah murid nuliskeun sababaraha kecap ngaran tutumpakan, atawa transportasi nu aya sora/é/ contona béca. Kitu deui kecap ngaran sayur, lalab nu aya sora /e/ contona wortel. 6. Guru mariksa tugas murid sarta ngabahas pagawéan murid. 7. Guru nitah murid ngucapkeun éta kecap kalawan béntés. 8. Guru nitah murid nyieun kalimah ku kecap kasebut, terus dibahas babarengan. 9. Guru nyindekkeun pangajaran

H. Nulis Sajak No. 1.

Kagiatan Guru ngajembaran wawasan pangaweruh murid ngeunaan tokoh nu manggihkeun. Tina Pangajaran ieu murid dipiharep mampuh ningkatkeun pangaweruhna ngeunaan tokoh-tokoh nu manggihkeun geusan ngahudang karep kreatif, jujur sarta tanggungjawab.

I. Nulis Sajak No. 1.

32

Kagiatan Dina kagiatan 1 :

1. Guru méré gambaran ka murid wangun carita jeung wangun sajak aya bedana. Hidep bisa ngabandingkeun bacaan carita jeung wangun pupuh, guguritan, wawacan dina pangajaran saméméhna. Kitu deui nuluis sajak nu ayeuna teu sarua jeung nu méméhna.



2. Guru ngajak murid nengetan cara nyieun sajakna, dimimitian ngajajarkeun hurup gede ka handap, geus kitu masing-masing hurup dipanjangkeun ka gigir eusina kumaha maksud nu nulis. Tengetan conto, upamana rék ngaran murid sorangan.



3. Guru nuduhkeun ieu tugas minangka pancén mandiri, bisa dijieun di imah, bisa dibantuan ku kolot atawa ku dulur, resep geura.



4. Guru nitah macakeun sajak karya murid nu geus rengse dijieun, dihareupeun kelas .

Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas VI

J. Ngadéklamasikeun Sajak No.

Kagiatan

1.

Pancén 1 guru nitah murid neuleuman eusi sajak sacara kelompok. 1. Guru maca bedas téks sajak. Tujuanana ngawanohan eusi jeung maksudna. 2. Guru jeung murid ngadiskusikeun harti kecap saujratna jeung harti injeuman, kitu deui maksud eusi sajak. 3. Guru jeung murid ngadiskusikeun lentong, wirahma, jeung nada dina maca sajak. 4. Guru jeung murid maca ngajiwaan eusi.

2.

Pancén 2 guru nitah murid ngadeklamasikeun sajak sacara kelompok: 1. Guru nitah murid maca tepi ka apal. 2. Guru nitah murid déklamasi (maca teu maké téks) sacara bagilir dina kelompok. 3. Guru ngabingbing murid déklamasi. 4. Guru jeung murid nyindekkeun pangajaran déklamasi.

K. Nyaritakeun Deui No.

Penyusunan Téks Deskripsi Hasil Observasi Sacara Mandiri

1.

Pancén 1 guru nitah murid nyaritakeun deui eusi bacaan ngeunaan tokoh nu manggihkeun sarupa jeung bacaan saméméhna. Prak-prakanana: 1. Guru nitah murid maca jero haté ‘Nu Manggihan Mesin Kaput’ nepi ka rengsé. 2. Guru ngabingbing muridmaca geusan nimukeun kalimah poko dina unggal paragraf. Terus ngadiskusikeun jeung babaturan. 3. Guru nitah murid nyaritakeun deui eusi bacaan maké basa sorangan. 4. Guru nuliskeun conto bahasan dina papan tulis.Terus nerangkeun éta conto nepi ka murid ngarti kana maksudna. 5. Guru nuliskeun conto kalimah di papan tulis, terus nerangkeun kalimah nu kabagi jadi jejer (subjek), caritaan (predikat) jeung objek. 6. Guru mariksa pagawéan jeung ngabingbing murid nyusun sapuluh kalimah nu polana jejer-caritaan-objek. Murid bagilir nuliskeun kalimahna di papan tulis sarta dipariksa sacara babarengan. 7. Guru nugaskeun murid ngajawab pananya dumasar tina wacana ‘Nu Manggihan Mesin Kaput’.

Bab 2 Pituduh Husus

33

L. Maca Ngeuyeuban Pangajaran No.

Kagiatan

1.

Pancén 2 guru nitah murid maca ngeuyeuban pangajayan pikeun nambah pangaweruhna ngeunaan tokoh-tokoh nu manggihkeun . 1. Guru nitah murid maca nengetan eusi nepi ka kacangkem eusi bacaanana. 2. Guru langsung nanya ka murid sacara bagilir nepi ka rengse tujuh pananya. 3. (No. 8) Guru nitah murid nu ngacungkeun leungeun, nyaritakeun ku basa sorangan nu nimukeun ‘Nangkadak Ti Mekarsari’. 4. Gurujeung murid nyindekkeun pangajaran. 5. Guru nitah murid migawé tugas mandiri nulis karangan narasi di imah asing-masing.

KAGIATAN PANUTUP No.

Kagiatan

1.

Guru babarengan jeung murid nyindekkeun hasil kagiatan diajarna

2.

Guru méré penilaian kana kagiatan nu geus dilakukeun ku murid: muji, meunteun

3.

Guru méré tugas mandiri 1. Téangan, inget-inget, hiji jalma (tokoh), saha ngaranna, urang mana, iraha jeung dimana lahirna, naon pendidikanana, widang naon kaahlianana, atawa naon jasana (bisa nimukeun naon nepi ka kawentar di masarakat) 2. Geus boga acatetan kasebut mah jieun maké karangan narasi maké basa Sunda nu hadé.

4.

34

Guru ngainformasikeun ka murid pangajaran nu rék ditepikeun dina kagiatan saterusna.

Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas VI

PANGAJARAN 4 Tema Bahan Média

: Pangaruh Globalisasi Kana Lingkungan Jeung Kahirupan Manusa : Déskripsi : Téks jeung gambar

Tujuan Pangajaran: Saréngséna kagiatan diajar ngajar, murid mampu maca jero haté, ngajawab pananya, ngalarapkeun kecap, nyaritakeun deui, neangan harti kecap, maca ngajembaran. KAGIATAN AWAL No.

Kagiatan

1.

Saméméh gelaran pangajaran guru ngondisikeun kelas pikeun suasana diajar. Sanggeus kitu guru méré pembiasaan ku cara guru ngabsen murid, terus guru mingpin ngado’a. Saterusna guru nyebutkeun tujuan pangajaran nu rék diajarkeun sarta kasangtukang tur mangpaat materi Pangajaran 4 ngeunaan hasil observasi ngeunaan tokoh nu manggihkeun. Tina Pangajaran 4 ieu murid dipiharep mampuh maham téks deskripsi “Pangaruh Globalisasi Kana Lingkungan Jeung Kahirupan Manusa”. Disagigireun éta dipiharep murid mampuh ningkatkeun rasa syukur, ngahargaan, titen ka lingkungan, titen ka lingkungan sosial , kreatif, jujur, sarta tanggungjawab. Pikeun ngahudang minat murid dina pembelajaran, guru ngajak murid sacara langsung kalibet dina pangalamanana ngeunan pangaruh globalisasi hususna ka dirina, umumna keur lingkunganjJeung kahirupan manusa. Sanggeus kitu guru ngamimitian muka pembelajaran ku cara maca wacana téks deskripsi anu judulna karangan “Pangaruh Globalisasi Kana Lingkungan Jeung Kahirupan Manusa”. Sanggeus ngondisikeun kaweruh murid kana kaweruhna ngeunaan tokohtokoh nu nimukeun, guru nepikeun kamandangna nu bisa ngahudang murid sangkan ngarasa reueus, ngahargaan, peduli sosial sarta tanggungjawab.

Bab 2 Pituduh Husus

35

Guru ngondisikeun murid dina ngawangun kontéks pangajaran ku cara nembongkeun gambar barang-barang hasil teknologi. Guru nitah murid nyebutkeun naon anu ditingali ku maranehna dina gambar. Ieu hal tujuanana pikeun ngaitkeun sarta numuwuhkeun rasa syukur, ngahargaan, titen ka lingkungan, titen ka lingkungan sosial , kreatif, jujur, sarta tanggungjawab. Guru bisa nyokot sababarah gambar tina koran, majalah, atawa tina internet.

KAGIATAN INTI A. Maca Jero Haté No.

Kagiatan

1.

Dina Kagiatan 1 guru jeung murid nyadiakeun alat jeung sumber bahan pangajaran. Saméméhna guru nandeskeun heula hal-hal nu kudu diperhatikeun ku murid: 1. Guru méré pesen ka murid maca kudu taliti geusan nyangking maksud eusi bacaan. 2. Guru ngabingbing murid salila maca nepi ka tamat.

B. Ngajawab Pananya No. 1.

Kagiatan Pancén1 guru nitah murid migawé pancén, kalawan méméhna dilaksanakeun heula kagiatan: 1. Guru ngabingbing murid nu keur migawé jawaban nepi ka rengsé. 2. Guru jeung murid ngabahas eusi bacaan. 3. Guru nitah murid nepikeun pamanggihna ngeunaan globalisasi. 4. Guru jeung murid nyindekkeun eusi bacaan.

C. Ngalarapkeun Kecap No.

Kagiatan

1.

Pancén 2 guru nitah murid ngalarapkeun kecap nu kapaluruh tina kagiatan pembelajaran méméhna. Kagiatanana:

36

Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas VI



1. Guru jeung murid nyadiakeun kamus jeung bahan sejenna. 2. Guru ngabingbing murid neangan harti kecap dina kamus jeung sumber sejenna. 3. Guru jeung murid ngadiskusikeun kecap-kecap jeung hartina. 4. Guru ngabingbing murid ngalarapkeun kecap dina kalimah. 5. Guru nitah murid macakeun kalimah nu dijieunna. 6. Guru jeung murid ngabahas kalimah nu dijieun ku murid. 7. Guru ngabingbing murid nuliskeun kecap-kecap jeung istilah nu timbul tina pangaruh globalisasi.

D. Maca Jero Haté No.

Kagiatan

1.

Dina kagiatan 2 guru ngajak murid maca deui bacaan ‘Hapé’ minangka makaya pangaweruhna tina hal –hal nu mangrupa pangaruh globalisasi.

2.

Pancén1 guru nitah murid pikeun mahan heula bacaan, Pikeun kagiatan kasebut guru nyiapkeun sababarah kagiatan, diantarana: 1. Guru nitah murid ngajawab pananya. 2. Guru jeung murid tanya jawab hal barang-barang nu aya di masarakat dina kahirupan kulawarga. 3. Guru nitah nuliskeun kecap-kecap, istilah anyar dina basa Sunda. 4. Guru jeung murid nyindekkeun pangajaran.

E. Nyaritakeun Deui No.

Kagiatan

1.

Pancén 2 guru nitah murid nyaritakeun deui eusi bacaan: 1. Guru nitah murid maca deui minangka makayakeun tina hal ‘hapé jeung internet’. 2. Guru nitah murid ngajawab pananya, terus ngadiskusikeun. 3. Guru nitah murid nyindekkeun eusi bacaan.

Bab 2 Pituduh Husus

37

F. Néangan Harti Kecap No.

Kagiatan

1.

Dina kagiatan 3 guru ngabingbing murid pikeun migawé pancén mandiri.

2.

Pancén 1 guru nitah murid néangan harti kecap: 1. Guru jeung murid nyadiakeun kamus jeung sumber bahan sejenna. 2. Guru jeung murid ngahartikeun kecap, terus ngalarapkeun dina kalimah. 3. Guru nitah murid nengetan kalimah nu ditulis di papan tulis. 4. Guru nerangkeun kecap panglandi: pang, landi. 5. Guru jeung murid tanyajawab rarangken ‘pang’. 6. Guru nitah murid nyieun conto sejen, kecap nu maké rarangkén ‘pang’, terus éta kecap jieun kalimah. 7. Guru ngabahas éta kalimah. 8. Guru ngajak murid nengetan kecap sorangan nu dipaké dina kalimah. • Aya mangsana sorangan meunang panglandi. • Soarangan nu narimana. • Pedah sorangan kabarandungan kokomoan kana internet. 9. Guru nitah deui nengetan kalimah nu maké kecap kuring. • Aya mangsana kuring meunang panglandi. • Kuring nu narimana. • Pedah kuring kabarandungan kokomoan kan ainternet. 10. Guru jeung murid ngabahas kecap ‘sorangan’ jeung kecap ‘kuring’. 11. Guru nitah murid nengetan larapna kecap ‘sorangan’, sarta ngabandingkeun kecap nu dipaké dina kalimah.

3.

Pancén 2 guru nitah murid nyieun kacindekakan kan pangajaran nu geus dilaksanakeun

G. Maca Ngajembaran No.

Kagiatan

1.

Pikeun ngajembaran pangaweruh murid ngeunaan pangaruh globalisasi kana lingkungan jeung kahirupan manusa, guru nugaskeun murid maca deui téks sarupa, ku cara:

38

Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas VI



1. Guru ngabingbing murid maca ‘Bandung Diusulkeun ka Unesco Jdi Kota Kréatif ’. 2. Guru nitah nyangkem eusi bacaan . 3. Guru nitah nyangking gurat badag bacaan sarta nyieun tingkesanana. 4. Guru nitah murid nenangan harti dalapan kecap nu disadiakeun, sarta ngalarapkeun dina kalimah. 5. Guru nitah murid nyebutkeun kalimah nu dijieun. 6. Guru nitah murid nyebutkeun poko atawa inti wacana ‘Bandung kota Kréatif ’. 7. Guru nitah murid migawé tugas mandiri, nulis karangan deskripsi.

KAGIATAN PANUTUP No.

Kagiatan

1.

Guru babarengan jeung murid nyindekkeun hasil kagiatan diajarna

2.

Guru méré penilaian kana kagiatan nu geus dilakukeun ku murid: muji, meunteun

3.

Guru méré tugas mandiri 1. Nulis karangan deskripsi ngeunaan pangaruh globalisasi. Pék naon baé topikna mah.

4.

Guru ngainformasikeun ka murid pangajaran nu rék ditepikeun dina kagiatan saterusna.

Bab 2 Pituduh Husus

39

PANGAJARAN 5 Tema Bahan Média

: Wira Usaha : Déskripsi : Téks jeung gambar

Tujuan Pangajaran: Saréngséna kagiatan diajar ngajar, murid mampu maca jero haté, ngajawab pananya, néangan harti kecap dina kamus, ngalarapkeun kecap sawanda, kecap tina basa Arab, maca ngajembaran, ngabedakeun karangan narasi jeung deskripsi, maca sajak, migawé pancen. KAGIATAN AWAL No.

Kagiatan

1.

Saméméh gelaran pangajaran guru ngondisikeun kelas pikeun suasana diajar. Sanggeus kitu guru méré pembiasaan ku cara guru ngabsen murid, terus guru mingpin ngado’a. Saterusna guru nyebutkeun tujuan pangajaran nu rék diajarkeun sarta kasangtukang tur mangpaat materi Pangajaran 5 ngeunaan wira usaha. Tina Pangajaran 5 ieu murid dipiharep mampuh maham téks deskripsi ngeunaan wira uasaha. Disagigireun éta dipiharep murid mampuh ningkatkeun rasa syukur, ngahargaan, titen ka lingkungan, titen ka lingkungan sosial , kreatif, jujur, sarta tanggungjawab.

2.

Pikeun ngahudang minat murid dina pembelajaran, guru ngajak murid sacara langsung kalibet dina pangalamanana dina nyaksian kagiatan wira usaha nu aya di sabudeureun lingkunganana. Sanggeus kitu guru ngamimitian muka pembelajaran ku cara maca wacana téks deskripsi anu judulna karangan Restoran Sunda Ngawawaas Dahar Cara Sunda”.

3.

Sanggeus ngondisikeun kaweruh murid kana kaweruhna ngeunaan kawirausahaan, guru nepikeun kamandangna nu bisa ngahudang murid sangkan ningkatkeun rasa syukur, ngahargaan, titen ka lingkungan, titen ka lingkungan sosial , kreatif, jujur, sarta tanggungjawab.

40

Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas VI

4.

Guru ngondisikeun murid dina ngawangun kontéks pangajaran ku cara nembongkeun gambar barang-barang hasil teknologi. Guru nitah murid nyebutkeun naon anu ditingali ku maranehna dina gambar. Ieu hal tujuanana pikeun ngaitkeun sarta numuwuhkeun rasa syukur, ngahargaan, titen ka lingkungan, titen ka lingkungan sosial , kreatif, jujur, sarta tanggungjawab. Guru bisa nyokot sababarah gambar tina koran, majalah, atawa tina internet.

KAGIATAN INTI A. Maca Jero Haté No.

Kagiatan

1.

Dina Kagiatan 1 guru jeung murid nyadiakeun alat jeung sumber bahan pangajaran. Saméméhna guru nandeskeun heula hal-hal nu kudu diperhatikeun ku murid:

2.

Pancén1 guru nitah murid migawé pancén, kalawan méméhna dilaksanakeun heula kagiatan: 1. Guru ngabingbing murid salila maca lumangsung. 2. Guru nitah nyirian kecap-kecap nu can dipikaharti. 3. Guru nitah murid ngajawab sakabéh pananya. 4. Guru nitah murid mikaharti maksud wira usaha.

B. Ngajawab Pananya No. 1.

Kagiatan Pancén 2 guru nitah murid neruskeun kagiatan pembelajaran, ku cara: 1. Guru nitah murid ngajawab pananya. 2. Guru ngabingbing murid ngahartikeun maksud pananya. 3. Guru méré tanda rengsé ngajawab pananya. 4. Guru nitah murid maca pananya, terus langsung maca jawabanana. 5. Guru nitah murid méré kamandang sacara bagilir nepi ka tamat. 6. Guru méré kasempetan ka murid geusan nepikeun pananya. 7. Guru nyindekkeun pangajaran. Bab 2 Pituduh Husus

41

C. Néangan Harti Kecap Dina Kamus No.

Kagiatan

1.

Dina kagiatan 2 guru leuwih ti heula méré gambaran umum hal wawangunan imah tradisi, saung jeung sabudeureunana.

2.

Guru ngabingbing sarta nyaritakeun hal-hal nu patali jeung kecap-kecap ngaran pakakas dina budaya Sunda.

3.

Pancén 1 guru nitah murid néangan harti kecap dina kamus babarengan jeung batur sabangku. 1. Guru jeung murid ngadiskusikeun harti jeung maksud kecap. 2. Guru nitah murig ngalarapkeun kecap dina kalimah sarta terus ngabahas. 3. Guru nitah murid nengetan kecap sawanda.

. D. Ngalarapkeun Kecap Sawanda No.

Kagiatan

1.

Pancén2 guru nitah murid sacara kelompok (jeung batur sabangku) pikeun ngalarapkeun kecap sawanda. Kagiatanana bisa cara kieu: 1. Guru jeung murid ngabahas kecap tur neangan kecap sasaruanana. 2. Guru ngabingbing murid ngalarapkeun kecap sawanda dinakalimah. 3. Guru nitah murid ka hareupeun kelas nuliskalimah dina papan tulis.

E. Kecap Tina Basa Arab No.

Kagiatan

1.

Pancén 3 guru nitah murid nengetan kecap-kecap nu datangna tina basa deungeun: 1. Guru ngajak murid nengetan conto-conto kecap nu asalna tina basa Arab. 2. Guru nitah murid nyebitkeun kecap nu asalna tina basa Arab, masing-masing murid sakecap, tuluy éta kecap dijieun kalimah. 3. Guru nitah murid ngabadamikeun jeung babaturanana harti kecap basa Arab kasebut.

42

Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas VI



4. Guru nyindekkeun pangajaran. 5. Guru nitah murid ngainformasikeun hal nu aya dina bacaan ‘Ngawawaas dahar Cara Sunda’ ka batur sabangkuna. 6. Guru nitah murid néangan bagian dina bacaan nu ngadeskripsikeun kaayaan. 7. Guru méré tugas nulis deskripsi saalinea, terus dibacakeun ka batur sabangkuna.

F. Maca Ngajembaran No.

Kagiatan

1.

Dina kagiatan 3 guru méré pancén ka murid pikeun dipigawé sacara mandiri.

2.

Pancén 1 guru nitah murid maca deui bacaan ‘Kiripik Sampeu Ma Icih’. Prak-prakan kagiatanana: 1. Guru nitah murid maca kalawan taliti. 2. Guru nitah maca éta bacaan minangka ngalalanyahan rék nerangkeun karangan narasi jeung karangan deskripsi. 3. Guru nitah murid sangkan nyebutkeun éta bacaan téh narasi atawa deskripsi.

G. Karangan Narasi jeung Deskripsi No. 1.

Kagiatan Pancén 2 guru nitah murid maca malikan deui tina pangajaran saméméhna: 1. Guru tanya jawab jeung murid carita ‘Ngawawaas Dahar Cara Sunda’ jeung ‘Kiripik Ma Icih’. 2. Guru nitah murid nengetan conto 1, kalimah nu maké kecap : kawas, jiga, saperti sarta conto 2 nu ngagambarkeun kaayaan. 3. Guru nitah maca conto digalantangkeun di hareupeun kelas. 4. Guru nitah murid néangan conto sejen, jeung latihan nulis kalimahkalimah nu basana éndah.

Bab 2 Pituduh Husus

43

H. Maca Sajak Wira Usaha No. 1.

Pemodelan Téks Sajak Dina kagiatan 1 guru nitah murid migawé pancén:





1. Guru nitah murid nengetan sajak ‘Aki jeung Balon’, nu eusina ngagambarkeun si Aki nu dagang (wirausaha) balon jeung cocooan barudak. 2. Guru nitah murid maca sajak, ngahartikeun kecap, ngahartikeun unggal padakidan, ngahartikeun unggal pada jeung ngahartikeun sajak sagemblengna. 3. Guru bareng jeung murid maca nyoara sababaraha balikan. 4. Guru ngabingbing murid maca jero haté ngalenyepan eusi jeung lentongna. 5. Guru butah murid maca nyoara kalawan lentong nu merenah, sacara bagilir.

I. Maca Jero Haté No.

Penyusunan Téks Sajak Sacara Kelompok

1.

Guru saméméhna méré pancén heula ka murid pikeun maca jero haté karangan deskripsi ‘Ekonomi Kréatif Tasikmalaya’.

2.

Guru nitah murid sacara kelompok pikeun maluruh eusi bacaan . SaméméhnagGuru nyebutkeun heula yén dina pangajaran lima mah eusi bacaan jeung sagala bahasanna ngaguar wirausaha. Prak-prakan kagiatanana: 1. Guru nitah murid maca kalawan taliti nepi kacangkem eusi bacaan. 2. Guru nitah murid ngajawab pananya, 3. Guru marengan murid ngabahas eusi sakabéh jawaban. 4. Guru nanyakeun ka murid sahanu can ngarti kana pangajaran nu geus ditepikeun. 5. Guru nanya ka muris saha anu arék nyindekkeun pangajaran. 6. Guru nitah ngahartikeun kecap ‘payung’ dina lima kalimah soal. 7. Guru jeung murid mesek harti kecap payung nu dilarapkeun dina kalimah.

44

Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas VI

KAGIATAN PANUTUP No.

Kagiatan

1.

Guru babarengan jeung murid nyindekkeun hasil kagiatan diajarna

2.

Guru méré penilaian kana kagiatan nu geus dilakukeun ku murid: muji, meunteun

3.

Guru méré tugas mandiri 1. Guru nitah murid migawé pancén mandiri di imah nu dikumpulkeun minggu hareupna. 2. Guru jeung murid ngabahas pancén nu ngagambarkeun kaayaan atawa suasana.

4.

Guru ngainformasikeun ka murid pangajaran nu rék ditepikeun dina kagiatan saterusna.

Bab 2 Pituduh Husus

45

PANGAJARAN 6 Tema Bahan Média

: Ngajaga Tur Miara Kasehatan Masarakat : Déskripsi : Téks jeung gambar

Tujuan Pangajaran: Saréngséna kagiatan diajar ngajar, murid mampu ngaregepkeun biantara, ngajawab pananya, mibawé pancén, ngabedakeun biantara –ceramah, nepikeun biantara, nulis biantara, ngajembaran kaweruh biantara, ngahariringkeun kawih, nembang jeung ngahariring, migawé pancén. KAGIATAN AWAL No.

Ngawangun Kontéks

1.

Saméméh gelaran pangajaran guru ngondisikeun kelas pikeun suasana diajar. Sanggeus kitu guru méré pembiasaan ku cara guru ngabsen murid, terus guru mingpin ngado’a. Saterusna guru nyebutkeun tujuan pangajaran nu rék diajarkeun sarta kasangtukang tur mangpaat materi Pangajaran 6 ngeunaan Ngajaga Tur Miara Kasehatan Masarakat. Tina Pangajaran 6 ieu murid dipiharep mampuh maham téks biantarangeunaan kumaha carana ngajaga jeung miara kaséhatan. Disagigireun éta dipiharep murid mampuh ningkatkeun rasa syukur, ngahargaan, titen ka lingkungan, titen ka lingkungan sosial , disiplin, jujur, sarta tanggungjawab.

2.

Pikeun ngahudang minat murid dina pembelajaran, guru ngajak murid sacara langsung kalibet dina pangalamanana dina miara kasehatan dirina sarata kagiatan nu dilaksanakeun ku pamarentah dina ngajaga tur miara kasehatan masarakat aya di sabudeureun lingkunganana. Sanggeus kitu guru ngamimitian muka pembelajaran ku cara maca wacana biantara anu judulna “Kasehatan Masarakat”

46

Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas VI

3.

Sanggeus ngondisikeun kaweruh murid kana kaweruhna ngeunaan miara kasehatan, guru nepikeun kamandangna nu bisa ngahudang murid sangkan ningkatkeun rasa syukur, ngahargaan, titen ka lingkungan, titen ka lingkungan sosial , disiplin, jujur, sarta tanggungjawab.

4.

Guru ngondisikeun murid dina ngawangun kontéks pangajaran ku cara nembongkeun gambar kagiatan di posyandu, puskesmas, rumah sakit. Guru nitah murid nyebutkeun naon anu ditingali ku maranehna dina gambar. Ieu hal tujuanana pikeun ngaitkeun sarta numuwuhkeun rasa syukur, ngahargaan, titen ka lingkungan, titen ka lingkungan sosial , disiplin, jujur, sarta tanggungjawab. Guru bisa nyokot sababarah gambar tina koran, majalah, atawa tina internet.

KAGIATAN INTI A. Ngaregepkeun Biantara No.

Kagiatan

1.

Dina kagiatan 1 guru saméméhna ngadiskusikeun bahan pangajaran.

2.

Guru nitah salah saurang murid macakeun téks biantara di hareupeun kelas. Saterusna guru méré pancén: 1. Guru nitah murid-murid sejénna ngaregepkeun biantara. 2. Guru nitah salah saurang murid nyebutkeun poko eusi biantara. 3. Guru nitah salah saurang murid nepikeun pamanggihna kana biantara.

B. Ngajawab Pananya No. 1.

Penyusunan Téks Biantara Hasil Observasi Sacara Kelompok Dina kagiatan 2 guru nugaskeun murid sacara kelompok pikeun miga pancén.

Bab 2 Pituduh Husus

47

2.

Pancén 1: 1. Guru nitah murid ngajawab pananya. 2. Guru ngabingbing murid salila migawé pancénna. 3. Guru nitah murid ngajawab pananya sacara bagilir. 4. Guru nitah salah saurang murid dina unggal kelompok pikeun nyindekkeun pangajaran.

C. Migawé Pancén No.

Kagiatan

1.

Pancén 2: 1. Guru nitah murid nuliskeun poko-poko biantara. 2. Guru jeung murid nyaritakeun proses biantara nu dilakukeun ku nu biantara. 3. Guru jeung murid nyadiakeun kamus jeung sumber lianna. 4. Guru ngabagi murid jadi sababaraha kelompok diskusi. 5. Guru ngabingbing diskusi ngeunaan harti kecap, jeung ngalarapkeun kecap dina kalimah. 6. Guru jeung murid babarengan ngabahas hasil diskusi. 7. Guru nyindekkeun pangajaran

D. Ngabédakeun Biantara Jeung Ceramah No.

Kagiatan

1.

Dina kagiatan 3 guru méré pancén ka murid sacara mandiri. Saméméhna Guru nepikeun poko-poko biantara: lentong, wirahma, nada, jsté. Terus guru babarengan jeung murid ngabahas téks biantara. Sanggeus kitu guru nanya murid bisi aya nu rék nepikeun pamanggihna.

48

Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas VI

E. Nepikeun Biantara No.

Kagiatan

1.

Pancén 1: Guru nitah murid sacara bagilir maca nyoara téks biantara di hareupeun kelas. Guru nepikeun pamanggihna kana pelaksanaan biantara.

F. Nulis Biantara No. 1.

Kagiatan Pancén 2 saméméhna guru jeung murid nyadiakeun bahan pangajaran biantara.

1. Guru jeung murid diskusi bahan ajar. 2. Guru nitah murid nyusun téks biantara tina bacaan nu geus disadiakeun, kana pola nu aya, judul biantara “Nguatkeun Huntu’. 3. Guru nitah murid maca téks biantara hareupeun kelas. 4. Guru nitah murid ngajawab pananya.

G. Ngajembaran Kaweruh Biantara No.

Kagiatan

1.

Pikeun ngajembaran pangaweruh murid Guru méré kalaluasaan ka murid nyusun deui téks biantara tina téks bacaan ‘Biasakeun Ngumbah Leungeun Maké Sabun’. 1. Guru nitah murid ningali pola susunan téks biantara. 2. Guru nitah murid nyusun bahasa jadi biantara, kalawan runtuyngaguluyur. 3. Guru nitah murid maca téks deui sababaraha balikan, anu maksudna ngoreksi, nyampurnakeun basa nu dipaké dina biantara. 4. Guru nitah murid maca biantara hareupeun kelas. 5. Guru méré waktu ka murid bisi aya nu rék nepikeun pamanggihna.

Bab 2 Pituduh Husus

49





6. Guru nyindekkeun pangajaran nyusun téks biantara tina bahan bacaan. 7. Guru nitah murid ngajawab pananya, kana eusi téks biantara ‘Biasakeun Ngumbah Leungeun Maké Sabun’. 8. Guru nitah murid ngajawab pananya sacara bagilir. 9. Guru nitah murid nepikeun saran-saranna. 10. Guru nepikeun pesen ka murid-murid sangkan ngajaga kaséhatan diri, kabersihan kelas, kabersihan lingkungan, sarta supaya tetep sumanget diajar. 11. Guru nitah murid nyebutkeun kabiasaan nu dilakukeun, nu matak séhat kana awak.

H. Ngahariringkeun Kawih No. 1.

Kagiatan guru ngajembaran wawasan pangaweruh murid ngeunaan ngajaga tur miara kasehatan masarakat. Tina Pangajaran ieu murid dipiharep mampuh ningkatkeun pangaweruhna ngeunaan kasehatan. Dina kagiatan ka 1 saméméhna guru nitah murid maca heula jero haté rumpaka kawih ‘Miceun Runtah’ karya Amas Tamaswara, sababaraha balikan. Geus kitu guru nitah murid ngalenyepan eusi rumpaka kawih: Miceun runtah sing merenah Entong di mana waé daékna Dina lombang nu geus aya Mun geus pinuh geuwat duruk Lamun rajeun reujeung apik Moal dikuntit panyakit Katempona teu rarujit Matak betah tumaninah

50

Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas VI

Guru ngabingbing murid ngalenyepan wangun rumpaka kawih. Guru mingpin murid ngawihkeun ‘Miceun Runtah’, sababaraha balikan, terus murid saurang-saurang kagiliran ngawih. Guru nitah murid néangan rumpaka kawih kaséhatan pikeun dilenyepan.

I. Nembang Jeung Ngahariring No.

Kagiatan

1.

Dina kagiatan 2 Guru nyadiakeun bahan nembangkeun pupuh asmarandana nu eusina ‘kabersekaan’. 1. Guru nyontoan nembang pupuh asmarandana, murid-murid sacara kelompok nurutan sababaraha balikan nepi ka apal. 2. Guru nitah murid nembang sacara bagilir, sakelompok-sakelompok. Dina kagiatan 3 Guru nyontoan ngahariringkeun sisindiran kabersihan, kaséhatan. Murid-murid nurutan sababaraha balikan nepi ka apal. 1. Guru nitah murid ngahariringkeun sisindiran. 2. Guru mingpin murid diskusi pupuh, kawih, sisindiran. 3. Guru jeung murid tanya jawab ngeunaan eusi jeung wangun pupuh, kawih, sisindiran. 4. Guru nyindekkeun pangajaran.

KAGIATAN PANUTUP No.

Kagiatan

1.

Guru babarengan jeung murid nyindekkeun hasil kagiatan diajarna

2.

Guru méré penilaian kana kagiatan nu geus dilakukeun ku murid: muji, meunteun

Bab 2 Pituduh Husus

51

3.

Guru méré tugas mandiri 1. Guru ngabahas heula pancén ahir nu rék dipigawé ku murid, utamana dina kaidah –kaidah nu kudu diperhatikeun dina nyusun biantara, diantarana runtuyan bubuka, eusi, panutup. 2. Guru nangtukeun waktu ngumpulkeun pancén. 3. Pancén individu (mandiri) bisa dipigawé di imah:

4.

52

Pilih ku hidep tugas mandirina: a. Nyusun bahan biantara nu témana kaséhatan b. Nyusun sisindiran lobana 5 pada, nu patali jeung kaséhatan c. Nyusun pupuh (kinanti/ durma/ asmarandana), lobana 3 pada nu patali jeung kasehatan.

Guru ngainformasikeun ka murid pangajaran nu rék ditepikeun dina kagiatan saterusna.

Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas VI

Bab

Pituduh Meunteun

3

A. Kritéria Meunteun Katutasan Minimal (KKM) 1. KKM dipeunteun dina unggal ahir pangajaran keur tiap-tiap murid. 2. Jumlah komponén anu dipeunteun béda-béda guantung kana jumlah komonén dina unggal pangajaran. 3. Komponén anu dipeunteun dicontréng geus tutas acanna. 4. Conto rubrik KKM Pangajaran 9 Kritéria Katutasan Minimal (KKM) Katerangan Tutas Enggeus Encan

Kritéria Meunteun A. MACA JERO HATE B. MAHAM EUSI PEDARAN C. NYEBUTAN ISTILAH KADAHARAN D. NGALARAPKEUN KECAP KANA KALIMAH E. NYAWALAKEUN KADAHARAN F.

MIDANGKEUN HASIL SAWALA

G. MIGAWÉ LATIHAN H. MIGAWÉ PANCÉN DI IMAH

B. Rubrik Meunteun Sawala (Diskusi) Kritéria

ALus Pisan (3)

Cukup (2)

Latihan Deui (1)

Ngaregepkeun

Saregep

Kurang saregep

Api lain

Komunikasi nonverbal

Ngaréspon

Kurang réspon

Api lain

Ilubiung

AKtif, silihéledan

Kurang aktif

Cicingeun

Omongan

Nepikeun pamadegan ngaruntuy

Nepikeun pamadegan kurang ngaruntuy

Cicingeun



54

Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas VI

Katerangan: 1. Kumpulkeun peunteun murid luyu jeung aspék nu dipeunteun. 2. Cara meunteun : Total peunteun ____________ x 10 12 3. Contona : 2 + 3 + 1 + 2 8 ____________ x 10 = ____ = 6,7 12 12

C. Rubrik Meunteun Sikep No.

Sikep

1.

Taliti

2.

Tanggung jawab

3.

Disiplin

4.

Jujur

5.

Santun

6.

Peduli

7.

Percaya diri

Encan écés

Mimiti écés

Mimiti Mekar

Dibiasakeun

Kat.

D. Rubrik Meunteun Latihan

1. Latihan dipeunteun luyu jeung lobana soal katut hésé banggana. 2. Lamun aya soal latihan 5, tiap soal dibéré peunteun 2, jumlah skorna 10. Jumlah soal (5) X bobot peunteun (2) = 10. 3. Lamun aya soal latihan 10, tiap soal dibéré peuteun 1, jumlah skorna 10. Jumlah soal (10) x booto peunteun (1) = 10.

Bab 3 Pituduh Meunteun

55

E. Rubrik Meunteun Maca 1. Rubrik Meunteun Maca Jero Haté No.

Aspék Nu Dipeunteun

Jumlah

1.

Pemahaman Literal: Kaweruh tina bacaan

10 -- 20

2.

Pemahaman Inferensial: Kacindekan Eusi bacaan

10 -- 20

3.

Pemahaman Evaluasi: Ngajén Eusi bacaan

10 -- 20

4.

Pemahaman Apresiasi: Neuleuman eusi bacaan

10 -- 20

Jumlah

40 -- 100

2. Rubrik Meunteun Maca Bedas No.

Kaasup pikeun meunteun maca bedas sajak atawa déklamasi. Aspék Nu Dipeunteun

Jumlah

1.

Basa: Diksi, struktur, jeung Artikulasi/intonasi

10 – 35

2.

Eusi: Kasaluyuan topik jeung eusi, isi, pemahaman eusi

10 – 35

3.

Tagog: Gestur, gaya maca

10 – 30

Jumlah

30 -- 100

F. Rubrik Meunteun Nembang No.

Aspék Nu Dipeunteun

Jumlah

1.

Titilaras (pageuh kana nada, henteu sumbang)

10 – 35

2.

Wirahma (Pedotan, Ipis-kandel, anca-gancang)

10 – 35

3.

Kedaling (Neuleuman, Miharti eusi rumpaka pupuh)

10 – 30

Jumlah

30 -- 100

G. Rubrik Meunteun Biantara Biantara bakal mucekil hasilna lamun urang YAKIN (Bisa, Mampuh, Hasil, tur Suksés). Urang kudu ngararasakeun proses biantara (Diajar, Latihan, jeung Nyoba). 56

Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas VI

No.

Pikeun meunteun biantara bisa dipake sawatara aspek ieu di handap. Aspék

Bobot

1.

Aspek Bahasa a. Pilihan kata, gaya bahasa, tatakrama bahasa b. Struktur bahasa (bentukan kata dan kalimat) yang benar c. Pelafalan dan intonasi

35

2.

Pemahaman Isi a. Penguasaan Isi b. Penghayatan dan penjiwaan (imaji) c. Organisasi dan sistematika penyampaian isi

35

3.

Penampilan (Ekspresi) a. Gestur (mimik dan gerak) b. Kreasi dan gaya bicara

30

Jumlah

Jumlah Nilai

100

* Rentang nilai 60 - 100

H. Daftar Peunteun Murid (Kaweruh jeung Kaparigelan)

No.

Ngaran Murid

Rata-rata Peunteun Tiap Pangajaran 1

2

3

4

5

6

7

8

9

M

1. 2. 3. 4. jst.

Bab 3 Pituduh Meunteun

57

I. Refleksi Guru Réfléksi mangrupa eunteung tina kagiatan diajar ngajar geus hasil acanna. Ku kituna, guru kudu ngajawab pananya ieu di handap. 1. Kumaha prakna pangajaran? Pangajaran mana nu geus éféktif? .............................................................................................................................. .............................................................................................................................. 2. Pangajaran mana nu perlu ditingkatkeun? .............................................................................................................................. .............................................................................................................................. 3. Bahan mana nu geus dikawas ku murid? .............................................................................................................................. .............................................................................................................................. 4. Naha aya bahan nu héséeun keur murid? .............................................................................................................................. .............................................................................................................................. 5. Kumaha rarancang ngoméan pangajaran keur minggu hareup? Kumaha léngkah-léngkahna? .............................................................................................................................. ..............................................................................................................................

58

Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas VI

Bab

Bahan Pangjembar

4

A. Kaweruh Basa jeung Sastra Karangan Dadaran Déskripsi, dadaran, atawa candraan téh nyoko kana wangun wacana anu eusina ngadadarkeun atawa ngébréhkeun kagiatan indra (panempo, panguping, pangrasa, panyabak, jeung pangambeu) minangka hasil pangalamanana. Dina wacana déskripsi digambarkeun obyék sayaana jeung sajénté-jéntréna bari ditataan hiji-hiji kalawan wincik. Tujuan déskripsi pikeun motrét atawa ngalapor-keun saayana naon-naon nu dipikanyaho tanpa dikoméntaran. Ari paguneman nyoko kana omongan nu ngagambarkeun hubungan timbal-balik antara dua urang atawa leuwih. Dina paguneman aya nu nyarita atawa panyatur aya nu ngaregepkeun atawa pamiarsa. Lamun panyatur keur nyarita atawa ngomong, pamiarsa ngaregepkeun. Kitu deui sabalikna, lamun pamiarsa robah jadi panyatur, nya panyatir robah jadi pamiarsa. Hubungan timbal-balik dina paguneman bakal ngagambarkeun harmonis henteuna di antara dua jalma nu keur pagunean.

Karangan Pedaran Eksposisi atawa pedaran nyaéta wacana anu eusina ngajéntrékeun tur medar hiji objék, prosésna, tujuanana, jeung gunana. Wacana éksposisi ditujukeun pikeun ngajembaran pangaweruh hiji jalma. sakapeung sok disebut wacana prosédural lantaran ngagambarkeun cara ngalaksanakeun hiji pagawéan saperti resép kuéh, resép kadaharan, jeung formula obat. Aya rupa-rupa téhnik anu bisa dipaké dina nyusun wacana éksposisi, di antarana, ku cara idéntifikasi, babandingan, ilustrasi, klasifikasi, définisi, jeung prosés. Di handap ieu salasahiji conto éksposisi maké téhnik proses. SAMBEL CIBIUK Bahan : (1) tomat ngora (héjo) 2 siki, (2) surawung sabeungkeut, candak daunna wungkul, (3) cikur dua buku curuk, (4) tarasi saséndok th, goréng atanapi beuleum, (5) gula bodas satengah séndok téh, (6) uyah satengah séndok téh, (7) céngék 10 siki, jeung (8) cabé héjo 4 siki.

60

Ngadamelna: Tomat sareng cabé héjo siksikan, lajeng réndos sareng sadaya bahan, tapi tomat sareng surawuyngna ulah lembut teuing. Tos kitu mah kantung diidangkeun. No. 1665:50)

Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas VI

Kecap Katerangan Sipat Kecap katerangan sipat (adverbia statif) nyaéta kecap anu dipaké nerangkeun kecap sipat. Ilaharna harti kecap katersngan sipat nuduhkeun ‘pohara harti kecap sipat’. Cicingna salawasna tukangeun kecap sipat tur sipatna kolokatif, nyaéta kecap katerangan sipat jeung kecap sipatna gulangkep, teu bisa dipasangkeun jeung keap sipat séjénna. Geura urang toténan contona. - ngagedod dina héjo ngagedod - euceuy dina beureum euceuy Di antara kecap sipat jeung kecap katerangan sipat bisa dicukangan ku kecap panambah mani. Contona: - héjo ngagedod - héjo mani ngagedod Jaba ti éta, kecap katerangan sipat bisa waé nyuluran kecap sipatna dina kalimah. Contona: - Ceu Nani, bajuna warna héjo. - Ceu Nani, bajuna warna ngagedod.

Rarangkén dina Kalimah Aktif jeung Kalimah Pasif Kalimah aktif atawa kalimah migawé nyaéta kalimah anu jejerna ngalakeun pagawéan. Ilaharna kecap pagawéan nu jadi caritaan dicirian ku rarangkén hareup (awalan) N- jeung N-+-keun. Upamana waé, kecap nanya jeung nanyakeun. Contona dina kalimah: - Manéhna nanya ka kuring. - Manéhna nanyakeun ka kuring. Kalimah pasif atawa kalimah kapigawé nyaéta kalimah anu jejerna kakeunaan ku pagawéab. Ilaharna kecap pagawéan nu jadi caritaan dicirian ku rarangkén hareup (awalan) di-, ka-, jeung rarangkén gabung (ambifiks) di-+-keun. Upamana waé, kecap ditanya, katanya, jeung ditanyakeun. Contona kalimahna: - Kuring ditanya ku manéhna. - Kuring ditanyakeun ku manéhna. Ari rarangkén gabung téh umumna mangrupa gabungan dua rarangkén anu ngawangun kecap henteu babarengan atawa teu sakaligus. Upamana waé, kecap ditanyakeun diwangun tina kecap tanya ditambah ku rarangkén tukang -keun jadi kecap tanyakeun, tuluy dirarangkénan hareup di-. Rarangkén tengah (seselan) –ar- dina basa Sunda kaitung produktif. Méh unggal kecap dina basa Sunda bisa dirarangkénan tengah –ar-. Contona: budak + =ar = → barudak. Rarangkén tengah –ar- umumna ngawangun kecap nu ngajdung harti ‘jama’ saperti dina kecap gareulis. Jaba ti éta, bisa nuduhkeun harti ‘aya dina kaayaan’ saperti laleuleus. Bab 4 Bahan Pangjembar

61

Disawang tina wangunna, rarangkén tengah –ar- mibanda variasi wangun jadi (a) rarangkén tengah –al- saperti dina kecap luhur + -ar= → laluhur, (b) posisina pindah ka hareup saperti dina kecap alus + -ar= → aralus; (c) jadi rarangkén ra- saperti dina kecap jlok + -ar= → rajlok.

Aksara Sunda Aksara Sunda téh masih rundayan kénéh aksara Brahmi ti India.Wangunna rada mirip, tapi geus meunang pangropéa. Aksara SUnda téh kapanggih dina prasasti jeung naskah. Prasasti nu kacatet maké aksara Sunda saperti Batu Tulis Bogor, Piagem Kabantenan, Prasasti Cibadak, Prasasti Geger Hanjuang Tasik, jeung Prasasti Astana Gedé Kawali Ciamis. Runtuyan aksara Sunda téh ka, ga, nga, ca, ja, nya, ta, da, na, pa, ba, ma, ya, ra, la, wa, sa, ha. Ku lantaran dimimitian ku tilu aksara ka, ga, jeung nga, aksara Sunda sok disarebut Aksara Sunda Kaganga. Perkara aksara Sunda téh ditangtayungan ku Peraturan Daerah No. 5 Taun 2003 ngeunaan Pemeliharaan Bahasa, Sastra, dan Aksara Daerah nu dikaluarkeun ku Pamaréntah Provinsi Jawa Barat kalayan ditanda tangan ku gubernur. Aksara Sunda bisa digundukkeun jadi lima rupa, nyaéta aksara swara, aksara ngalagena, aksara asing, angka, jeung pananda sora. Aksara swara aya 7 siki, nyaéta a, i, u, é, o, e, jeung u. Aksara ngalagena aya 18 siki nyaéta ka, ga, nga, ca, ja, nya, ta, da, na, pa, ba, ma, ya, ra, la, wa, sa, jeung ha. Aksara asing ngalagena aya fa, va, qa, kha, sya, xa, za. Angka dasar aya 10 siki nyaéta 1, 2, 3, 4, 5, 6, 7, 8, 9, 0. Ari pananda sora (vokalisasi) aya panolong (sora o), paneuleung (sora eu), pamepet (sora e), panyuku (sora u), panéléng (sora é), panyecek (sora ng), panglayar (sora r), panghulu (sora u), pantakra (sora +r+), panyiku (sora +l+), pamingkal (sora +y+), jeung pamaéh (miceun sora a).

Dongéng Dongéng téh carita anu ukuranana pondok. Dongéng mirip jeung carita pondok. Duanana kaasup carita anu ukuranana pondok. Bédana téh dina dongéng mah soka aya unsur nu pamohalan atawa teu asup akal. Dongéng téh sok tara jelas nu ngarangna (anonim). Sumebarna dongéng tatalépa sacara lisan, ti kolot ka anakna atawa ti aki ka incuna. Aya rupa-rupa dongéng, nya éta: (1) dongéng sato (fabel), (2) dongéng déwa (mythos); (3) Dongéng jalma teu lumrah (parabél); (4) Dongéng sasakala, jeung (5) Dongéng jurig. Dongéng-dongéng anu sumebar ku lisan téh ayeuna mah geus réa anu dibukukeun mangrupa kumpulan dongéng. Biasana sok disebutkeun saha nu ngumpulkeunana.

Carpon Carpon téh singgetan tina carita pondok. Dina basa Indonésia disebutna cerpen atawa cerita pendek. Ari dina basa Inggris disebutna téh short story. Mémang anu ngaranna carpon 62

Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas VI

mangrupa karya sastra prosa fiksi anu ukuranana pondok. Palakuna saeutik, jalan caritana henteu loba babagianana, waktu lumangsungna caritana ogé sakeudeung. Carita pondok kaasup sastra kaayeunakeun, sumebrna ku cara tinulis, tur jelas nu ngarangna. Minangka bagian tina prosa fiksi, carpon mibanda unsur intrinsik saperti tema, pakaku, galur, latar (waktu tempat, jeung suasana), puseur sawangan, jeung amanat. Carpon Sunda mimiti aya taun 1929-an, sok dimuat dina Majalah Parahyangan. Buku kumpulan carpon SUnda anu munggaran nyaéta Dogodg Pangréwong karya GS (1930). GS téh aya nu manjangkeun G. Suwandakusumah ayawa ogé nu manjangkeun G. Sastradireja. Dibandingkeun jeung kumpulan carpon dina basa Indonésia nu judulna Teman Duduk karya Muh Kasim (1936), kumpulan carpon Sunda genep taun leuwih ti heula. Sabada medalna rupa-rupa majalah jeung kalawarta Sunda saperti Warga (1951), SUnda (1952), Candra (1954), Kudjang (1956), Manglé (1957), Kiwari (1957), Sari (1962), Langensari (1963), Mingguan SUnda (1965), Hanjuang (1971), Gondéwa (1972), Giwangkara (1973), Gaura (1974), jeung SIpatahunan (?), carpon Sunda téh terus tumuwuh ku dimuatna dina éta majalah. Kiwari geus réa carpon Sunda nu dibukukukeun, dinatarana waé, Carita Biasa (RAF, 1959), Dongéng Enténg ti Pasantrén (RAF, 1961), Papacangan (Rusman SUtiasumarga, 1960), Hujan Munggaran (Ayatrohaedi, 1960), Néangan (Caraka, 1962), Jurig (Tii Kartini, 1963), Paséa (Tii Karti, 1965). Jurig (Tii Kartni, 1964), Di Luhureun Jukut Reumis (Yus Rusyana, 1965), Jajaten NInggang Papastén (Yus Rusyana, 1989), Kanyaah Kolot (Karna Yudibrata, 1985), Ceurik Santri (Usep Romli HM, 1985), Halimun Peuting (Iskandarwassid, 1989), Nu Harayang Dihargaan (Darpan).

Sajak Sajak téh kaasup kana wanda puisi atawa wangun ugeran, anu teu pati kauger ku patokan wangunna saperti guru lagu jeung guru ilangan. Ku kituna, dina mangsa awal gelarna sok disebut sajak bébas. Disebut bébas téh lantaran saenyana mah rélatif sabab tetep waé ari ugeran mah aya. Ngan mun dibandingkeunjeung dangding (gugurtan) anu kauger ku patokan guru lagu jeung guru wilangan, mémang sajak mah leuwih bébas. Purwakanti henteu ditangtukeun ku pola nu matok. Kitu deui, wirahmana henteu angger saperti ébréh tina jumlah jajaran dina sapada jeung jumlah engang dina sapadalisan. Mimiti gelarna sajak Sunda dina taun 1950-an. Ari saenyana mah ti taun 1946-an ogé ges aya nu nulis sajak dina sastra Sunda téh, di antarana Kis WS. Biasana dimuat dina koran atawa majalah saperti Sipatahunan, Warga, Sunda, Kidjang, Manglé, Kiwari, Sari, Langensari, Hanjuang, Giwangkara, jeung Galura. Harita mah sajak-sajak téh can dibukukeun. Kiwari geus réa sajak-sajak anu dikumpulkeun jadi buku, di antarana waé: - Lalaki di Tegal Pati (Sayudi, 1963) - OMbak Laut Kidul (Rahmat M Sas Karana, 1966) - Jante Arkidam (Ajip Rosidi, 1987) - Surat Kayas (SUrachman RM, 1967) - Pamayang (Ayatrohaedi, 1972) Bab 4 Bahan Pangjembar

63

- - - - - - - - - - -

Basisir Langit (SUrachman RM, 19..) Katiga (Yayat Hendayana, 1975) Nu Ngaronghéap Mangsa Surup (Eddy D Iskandar, 1975) Lalaki Langit (Yuniarso Ridwan, 1979) Tepung di Bandung (Rahmat M Sas Karana, 1979) Jagat Alit (Godi Suwarna, 1979) Nu Mahal ti batan Inten (Yus Rusyana, 1980) Sajak-sajak Cilauteureun (Taufik Faturohman) Jamparing (Etti RS, 19..) Urang Naon di Cinaon (Wahyu Wibisana, 1992) Kidang Kawisaya (Chye Retty Isnendes)

Purwakanti Purwakanti (dina basa Indonésia disebutna rima). Istilah “purwakanti” asalna tina kecap purwa anu hartina ‘mimiti’ jeung kecap kanti anu hartina ‘marengan’. Purwakanti téh nuduhkeun sasaruaan sora antara kecap-kecap dina jajaran atawa antarjajaran. Purwakanti nyaéta padeukeutna sora kecap-kecap dina ungkara kalimah, bagian-bagian kalimah, atawa rendonan kecap-kecap, utamana dina puisi. Tempat purwakanti bisa ngarendeng dina sakalimah atawa sapadalisan (RANTAYAN), bisa ogé ngaruntuy dina antarpadalisan (RUNTUYAN). Aya rupa-rupa purwakanti, di antarana waé:

(1) Purwakanti swara: - Maduswara = sarua vokal a-a-a-a - Cakraswara = beda vokal i-u → u-i



(2) Purwakanti laras: - Laras purwa : sarua sora/engang di awal - Laras madya: sarua sora/engan di tengah - Larawekas: sarua sora/engang di ahir



(3) Purwakanti mindoan: - Mindoan kawit: malikan kecap di awal - Mindoan wekas: malikan kecap di ahir - Mindoan kecap: mlikan kecap homonim



(4) Purwakantu luyuan: - Pangluyu: sarua sora sakalimah - Margaluyu: kecap ahir dibalikan dina awal kalimah - Purwakanti pangluyu nyaéta purwakanti anu aya dina saungkara atawa sapadalisan, mangrupa purwakanti rantayan.

64

Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas VI



Contona: diteuteup ti hareup sieup (eu, eu, eu) diteang ti tukang lenjang (ang, ang, ang) ditilik ti gigir lengik (ik, ik)

Pupuh Pupuh téh salasahiji wangun ugeran atawa puisi anu kauger ku guru lagu jeung guru wilangan. Jaba ti éta, pupuh téh mibanda watek séwang-séwangan. Pupuh maskumambang kagolong kana sekar alit. Watekna nalangsa, ngageuri, atawa pépéling. Sapadana aya opat jajar, guru wilangan jeung guru laguna: 12-I, 6-a, 8-I, jeung 8-a. GURU LAGU JEUNG GURU WILANGAN PUPUH MASKUMAMBANG GURU LAGU JEUNG GURU WILANGAN Hé

ba-

ru=

dak

ku-

du

mi-

kir

ma-

néh

ka-

hu-

ta-

ngan

ku

ko-

lot

ti

ba-

tang

la-

hir

ne-

pi

ka

a-

yeu

-na

pi-

san

ti

leu-

leu-

tik

12-i 6-a 8-1

Bab 4 Bahan Pangjembar

65

B. Glosarium aksara = lambang ucapan beukah = mimiti ngagedéan, kembung canémbrang = ngagenclang digunasika = diganggu dipigandrung = pikaresep, dipitineung diriksa = dipiara hanaang = hayang nginum hasiat = kagunaan hirup rukun = hirup sauyunan kacanduan = katagihan, deudeuieun kacapit = kacekel saeutik kakayon = kakayuan, kai-kaian leuwi = bagian walungan anu jerona mancawura = awur-awuran ka saban juru metot = medol, narik; kabetot = katarik, kabedol ngabuburit = ngadagoan waktu magrib ngangon = nungguan ingon-ingon titah nyatuan kana jukut nyékaskeun = ngébréhkeun pacekel-cekel = silih cekel, silih puntangan paciweuh = rarépot, loba gawé pahatu = teu boga indung, pahatu lalis = teu boga indung bapa pananda sora (rarangkén aksara) pamaéh (ø) gunana pikeun ngaleungitkeun sora /a/ dina aksara ngalagena. pamepet gunana pikeun nambahan sora /e/ luhureun aksara ngalagena. pamingkal gunana pikeun nambahan sora /y/ dina aksara ngalagena. panéléng gunana pikeun nambahan sora /é/ hareupeun aksara ngalagena. paneuleung gunana pikeun nambahan sora /eu/ luhureun aksara ngalagena. panghulu gunana pikeun nambahan sora /i/ luhureun aksara ngalagena. panglayar gunana pikeun nambahan sora konsonan /r/ luhureun aksara … pangwisad gunana pikeun nambahan sora /h/ tungtung aksara ngalagena. panolong gunana pikeun nambahan sora /o/ tukangeun aksara ngalagena. panyakra gunana pikeun nambahan sora /-r/ handapeun aksara ngalagena. panyecek gunana pikeun nambahan sora /ng/ luhureun aksara ngalagena. panyiku gunana pikeun nambahan sora /l/ handapeun aksara ngalagena. panyuku gunana pikeun nambahan sora /u/ handapeun aksara ngalagena.

66

Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas VI

pupujaning = nu dipuja-puja raruntag = rarungkad, raruntuh rembet = pinuh ku areuy-areuyan rempug jukung = sauyunan runtag = runtuh, rungkad sagara = lautan, jaladri suwung = kosong tatanén = pertanian teuleum = ngalelepkeun kabéh awak nepi ka sirah kana cai wangun sastra = rupa-rupa sastra saperti prosa, puisi, jeung drama wastana = ngaranna

Bab 4 Bahan Pangjembar

67

DAPTAR PUSTAKA Danabrata, R.A. 2009. Kamus Basa Sunda. Bandung: KIblat. Hadi, Ahmad, Spk. 2011. Peperenian. Bandung: Geger Sunten. LBSS. 2007. Kamus Umum Basa Sunda. Bandung: Geger Sunten. Rusyana,Yus. 1997. Panyungsi Sastra. Bandung: Rahmat Cijulang. Sudaryat,Yayat. 1993. Pedaran Basa Sunda. Bandung: Geger Sunten. Sudaryat,Yayat Spk. 2007. Tatabasa Sunda Kiwari. Bandung:Yrama Widya. Suryani NS, Elis. 2010. Badingkut. Bandung: Danan Jaya. Tim Unicode Aksara Sunda. 2008. Aksara Sunda untuk Unicode. Bandung: Disdik Provinsi Jawa Barat. Wibisana, Wahyu Spk. 2000. Lima Abad Sastra Sunda. Bandung: Geger Sunten. Widaniawati, Wiwin. 2011. Ajén-ajén Etnopédagogi dina Dongéng di Kota Tasikmalaya. Bandung: SPs UPI.

68

Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas VI