Pamekar Diajar Basa Sunda. Buku Tuturus Guru SMA/SMK/MA/MAK Kelas X
 9786021300268, 9786021300275

  • Author / Uploaded
  • coll.

Citation preview

DINAS PENDIDIKAN PROVINSI JAWA BARAT 2014

Pamekar Diajar

BASA SUNDA Buku Tuturus Guru SMA/MA Kelas X

Pamekar Diajar

BASA SUNDA

Buku Tuturus Guru SMA/SMK/MA/MAK Kelas X KURIKULUM 2013

DINAS PENDIDIKAN PROVINSI JAWA BARAT BALAI PENGEMBANGAN BAHASA DAERAH DAN KESENIAN Jl. Dr. Rajiman No. 6 Telp. (022) 4264813 Fax: (022) 4264881 - Bandung Email: [email protected]

X

Pamekar Diajar

BASA SUNDA KIKD Kurikulum 2013

Buku Tuturus Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas X

DINAS PENDIDIKAN PROVINSI JAWA BARAT 2014

Pamekar Diajar

BASA SUNDA KIKD Kurikulum 2013

Buku Tuturus Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas X Hak cipta © kagungan Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat Ditangtayungan ku Undang-undang

Disklaimer: Ieu buku téh diajangkeun pikeun guru basa Sunda dina raraga larapna Kurikulum 2013. Ieu buku disusun tur ditalaah ku hiji tim kalawan dikoordinasi ku Balai Pengembangan Bahasa Daerah dan Kesenian (BPBDK) Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat minangka buku kurikulum daerah. Mimitina dipakéna buku taun 2014. Ieu buku téh sipatna “dokumén hirup”. Hartina bakal tuluy disarungsum luyu jeung kabutuh katut panéka jaman. Pangdeudeul ti rupining pihak dipiharep bisa ngundakkeun ajén ieu buku. PANYUSUN: Tatang Sumarsono Ahmad Hadi Ano Karsana Asep Ruhimat Darpan Dede Kosasih H. Dingding Haerudin H.Yayat Sudaryat Risnawati PENELAAH: Prof. Dr. H. Iskandarwassid, M.Pd. Dr. Hj. Ai Sofianti, M.Pd. Drs. H. Elin Syamsuri Drs. Apip Ruhamdani, M.Pd. Budi Riyanto Rarancang Eusi: Yoshi Sukadar Rarancang Jilid: Yoshi Sukadar Eusi ngagunakeun Adobe InDesign CS3 jeung Adobe Photoshop CS3 Aksara ngagunakeun Bembo Std 12 pt - 24 pt. Dipedalkeun ku: DINAS PENDIDIKAN PROVINSI JAWA BARAT ISBN: 978-602-1300-26-8 (Jilid Lengkap) 978-602-1300-27-5 (Jilid 1) Perpustakaan Nasional : Katalog Dalam Terbitan (KDT)

PANGBAGÉA

KEPALA DINAS PENDIDIKAN PROVINSI JAWA BARAT

Alhamdulillah, ieu buku pangajaran basa Sunda tiasa ngawujud, enggoning nyaosan implemèntasi Kurikulum 2013, pikeun ngeusian lolongkrang Muatan Lokal Mata Pelajaran Bahasa dan Sastra Daerah di Jawa Barat. Hasil garapan tim panyusun tèh aya dua rupi buku nyaèta buku murid sareng buku guru. Èta tèh mangrupa bagian tina pakèt Kurikulum Daerah, hususna ngeunaan pangajaran basa jeung sastra daèrah, dumasar kana Permendikbud No. 81A/2013, ngeunaan implementasi kurikulum. Pami diwincik deui, sanès mung buku wungkul bagian èta Permendikbud tèh, tapi deuih ngawengku Kompetensi Inti jeung Kompetensi Dasar (KI-KD), silabus, sareng Rencana Pelaksanaan Pembelajaran (RPP). Ku medalna ieu buku, dipiharep implementasi kurikulum 2013, hususna ngeunaan pangajaran muatan lokal basa jeung sastra daèrah di Jawa Barat tiasa dilaksanakeun kalawan merenah, luyu sareng udaganana. Saparantosna dialajar ngeunaan basa jeung sastra daèrah, dipiharep dina diri murid aya parobihan anu tètèla, boh unsur sikepna (attitude), boh pangaweruhna (knowledge), boh kamampuh ngagunakeun katut karancagèan (performance; behavior). Singgetna mah èta unsur anu tilu tèh bisa disebut kompetènsi. Kalungguhan guru dina posisi agèn parobahan utama enggoning ngaimplemèntasikeun kurikulum 2013 teu kinten pentingna. Aya hiji hipotèsis basajan, saupami guru kagungan kompetènsi anu nohonan pasaratan Kurikulum 2013, tangtosna gè kalebet guru basa daèrah deuih, tinangtos èta kurikulum bakal tiasa diimplemèntasikeun kalawan merenah. Ku margi kitu, dina nataharkeun sareng ngaronjatkeun kompetènsi guru tèh, di antawisna ku cara nysusun buku padoman guru, kalebet tarèkah anu kedah kènging pangajèn. iii

Muga-muga waè harepan urang sadaya ngeunaan ayana parobihan anu tétéla dina dunya atikan ku diimplemèntasikeunana Kurikulum 2013 téh tiasa ngawujud, enggoning lahirna Generasi Emas Indonesia dina taun 2045 nu badé dongkap.

Bandung, Desember 2013 Kepa Ke p la Dinas Pendidikan P Kepala Provinsi Jawa Barat,

Prof. Dr. H. M o Wahyudin Zarkasyi, CPA oh Moh. Pembina Utama Madya NIP. 19570807 198601 1 001

iv

PANGBAGÉA

KEPALA BALAI PENGEMBANGAN BAHASA DAERAH DAN KESENIAN DINAS PENDIDIKAN PROVINSI JAWA BARAT Kurikulum 2013 ti wangkid ayeuna parantos ngawitan dianggo sacara nasional. Jalaran kitu, pangajaran basa jeung sastra daérah nu diperenahkeun janten muatan lokal di Jawa Barat kedah luyu sareng Kurikulum 2013 hususna patali luyuna sareng elemén-elemén parobihan anu janten karakteristik Kurikulum 2013 anu ngawengku: Standar Kompeténsi Lulusan, Standar Isi, Standar Prosés, sareng Standar Penilaian. Éta katangtosan kedah kacangkem sareng kalaksanakeun ku sakumna guru-guru basa jeung sastra daerah anu mancén tugas di SD/MI, SMP/MTs, SMA/MA, sareng SMK/MAK. Ieu buku bahan ajar teh dijudulan Pamekar Diajar Basa Sunda, sadayana aya 24 jilid, ngurung buku siswa 12 jilid sareng buku guru 12 jilid. Kalungguhanana janten buku babon anggoeun di sakola nu aya di Jawa Barat. Buku murid diajangkeun pikeun sakumna murid dumasar kana tingkatan kelas. Buku Murid eusina medar materi ajar sareng pertanyaan-pertanyaan, latihan, tugas/pancen anu raket patalina sareng kompetensi dasar (KD). Buku Guru eusina medar silabus, métodologi pangajaran, sareng évaluasi, ogé mangrupi pangjembar buku murid. Komponén-komponén anu dimekarkeun boh dina buku murid atanapi buku guru dumasar kana opat kaparigelan basa anu ngawengku ngaregepkeun, nyarita, maca, sareng nulis anu diajarkeun maké pamarekan saintifik sareng penilaian auténtik. Hal ieu dumasar kana karakteristik Kurikulum 2013 nu ngalarapkeun pamerakan saintifik sareng penilaian auténtik dina prosés pangajaran. Disusuna ieu buku téh mangrupa lajuning laku tina Surat Edaran Kepala Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat, Nomor 423/2372/Setdisdik, 26 Maret 2013, negunaan Pembelajaran Muatan Lokal Bahasa dan Sastra Daerah pada jenjang SD/MI, SMP/MTs, SMA/MA, SMK/MAK. Sajabi ti eta, ogé dumasar kana Peraturan Gubernur Jawa Barat Nomor 69 Tahun 2013, ngeunaan v

Pembelajaran Muatan Lokal Bahasa dan Sastra Daerah pada Jenjang Pendidikan Dasar dan Menengah. Muga-muga waé ieu buku téh aya manpaatna ka urang sadaya, tur janten cukanglantaran dina merenahkeun sareng memeres basa jeung sastra daerah, anu udagan langkung tebihna pikeun ngamumulé sareng mekarkeun basa jeung sastra daérah, ngalangkungan jalur atikan di Jawa Barat. Tangtosna ogé ieu buku téh teu acan tiasa disebat sampurna. Ku margi kitu, teu kinten diantos-antosna kamadang ti sadayana. Saukur kakirangan anu nyampak dina ieu buku bakal teras didangdosan, supados tiasa nyumponan pameredih sareng kaayaan pajaman.

Bandung, Desember 2013 Kepala Balai Pengembangan Bahasa Daerah dan Kesenian,

Drs. H. Husen R. Hasan, M.Pd. Pembina Tk. I NIP. 196110051986031014

vi

PANGJAJAP

Kurikulum 2013 téh saéstuna mah masih kénéh Kurikulum Berbasis Kompeténsi (KBK) nu dimekarkeun pikeun nyanghareupan panéka jaman, utamana mah kompeténsi atawa kamampuh abad ka-21. Dina ieu abad, daék teu daék kabutuh karancagéan dina rupining widang, nu ngawengku kamekaran téhnologi, informasi, jeung komunikasi (TIK) milu nangtukeun warna pangajaran basa Sunda. Luyu jeung éta hal, rumusan kompeténsi sikep (agama jeung sosial), kaweruh, jeung kaparigelan nu dipaké dadasar dina Kurikulum 2013 kudu ngaheulakeun pentingna karancagéan jeung komunikasi. Najan kitu, dina pangajaran basa Sunda mah perlu ogé niténan kamandirian basa jeung budaya Sunda minangka média jeung wahana pangajaran basa Sunda. Kompeténsi dina buku pangajaran basa Sunda diluyukeun kana kompeténsi dina pangajaran SMA/SMK/MA nu sipatna nasional. Kompeténsi nu dipiharep ku murid SMA/SMK/MA dirumuskeun minangka kamampuh mikir jeung paripolah nu rancagé dina ranah nyamuni (abstrak) jeung nembrak (konkrit). Eta kamampuh téh diécéskeun dina kompeténsi inti (KI) anu dipidangkeun minangka kaweruh basa Sunda anu bener tur merenah, ngéntép seureuh, sarta luyu jeung kontéks situasi. Éta kamampuh ogé dirarancang dina prosés pangajaran winangun papancén (project based learning) jeung ngoréhan (discovery learning) anu nyoko kana léngkah-léngkah nu ilmiah (saintifik) kayaning niténan, nanya, nyoba, nalar, jeung ngedalkeun (ngomunikasikeun). Ieu buku tuturus guru téh ngawincik tarékah minimal nu kudu dipilampah ku guru dina nuyun murid ngahontal kompeténsi nu dipiharep. Luyu jeung pamarekan dina Kurikulum 2013, murid diperedih gedé kawanina tur kadaék dina ngoréhan kaweruh perkara basa jeung sastra Sunda, anu engkéna parigel maké basa Sunda. Dampakna murid boga sikep anu hadé kana basa jeung sastra vii

Sunda katut hirup kumbuhna, bari teu mopohokeun kautamaan sikep. Keur ngahontal éta tujuan, peran jeung karancagéan guru kacida diperlukeunana. Tangtu waé ieu buku téh réa kénéh kahéngkéranana. Panyawad katut pangdeudeul pikeun nyamapurnakeun ieu buku pohara dianti-atina. Bandung, Oktober 2013

Panyusun

viii

DAPTAR EUSI

PANGBAGEA: 1. Kepala Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat _ iii 2. Kepala Balai Pengembangan Bahasa Daerah dan Kesenian Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat _ v PANGJAJAP _ vii

A. B. C. D. E. F. G. H.

BA B I: PITUDUH UMUM Ngeunaan Buku Tuturus Guru ......................................................... Padika Make Buku Tuturus Guru ..................................................... Tatapakan Formal ........................................................................... Sistim, Prinsip, jeung Pamarekan Pangajaran ..................................... Standar Kompetensi Lulusan (SKL) .................................................. Proses Pangajaran ............................................................................ Kompetensi Inti (KI) jeung Kompetensi Dasar (KD) Kelas X SMA/MA/SMK/MAK ................................................................... Péta Konsép ...................................................................................

BAB II: PITUDUH HUSUS Pangajaran 1: Biantara A. Maca Téks Biantara ...................................................................... B. Nyangkem Struktur Biantara ....................................................... D. Ngaanalisis Téks Biantara ............................................................. E. Nepikeun Biantara .......................................................................

2 2 4 4 5 5 6 8

10 12 13 14

ix

Pangajaran 2: Paguneman A. Maca Paguneman ....................................................................... B. Ngaanalisis Paguneman ............................................................... C. Paguneman dina Karya Sastra ...................................................... D. Nyusun Téks aguneman ............................................................... E. Mintonkeun Paguneman .............................................................

16 17 18 20 22

Pangajaran 3: Biografi jeung Autobiografi A. Maca Téks Biografi ...................................................................... B. Biografi, Autobiografi, jeung Otobiografi ..................................... C. Unsur-unsur Biografi .................................................................. D. Mangpaat Biografi ...................................................................... E. Ngaanalisis Téks Biografi ............................................................. F. Nyusun Téks Biografi ..................................................................

25 25 26 26 27 27

Pangajaran 4: Aksara Sunda A. Maca Téks Aksara Sunda .............................................................. B. Mikawanoh Aksara Sunda............................................................ C. Paham Sajarah Aksara Sunda ........................................................ D. Nyalin Téks Aksara Sunda ............................................................ E. Ngagunakeun Aksara Sunda ........................................................

31 33 33 34 35

Pangajaran 5: Dongéng A. Maca Téks Dongéng .................................................................... B. Papasingan Dongéng ................................................................... C. Ciri-ciri Dongéng ..................................................................... D. Ngaanalisis Téks Dongéng ........................................................... E. Ngaéksprésikeun Dongéng ..........................................................

38 39 39 40 41

Pangajaran 6: Carita Wayang A. Mikawanoh Carita Wayang .......................................................... B. Pedaran Carita Wayang ................................................................ C. Ngabédakeun Carita Wayang jeung Dongéng ............................... D. Ngaanalisis Carita Wayang ...........................................................

43 44 45 47

x

Pangajaran 7: Carita Pondok A. Maca Carita Pondok ................................................................... B. Unsur-unsur Carita Pondok ........................................................ C. Kamekaran Carpon .................................................................... D. Ngabédakeun Carpon jeung Dongéng ......................................... E. Fiksimini Sunda .......................................................................... F. Ngaanalisis Carpon ..................................................................... G. Ngarang Carpon atawa Fiksimini .................................................

50 51 52 52 53 54 55

Pangajaran 8: Guguritan A. Maca Teks Guguritan .................................................................. B. Mikawanoh Puisi Guguritan........................................................ C. Ngaanalisis Puisi Guguritan ......................................................... D. Ngarang jeung Nembangkeun Guguritan ....................................

58 59 60 60

Pangajaran 9: Sisindiran A. Mikawanoh Sisindiran ................................................................. B. Nyangkem Sisindiran .................................................................. C. Ngaanalisis Sisindiran .................................................................. D. Ngarang Sisindiran ......................................................................

63 65 65 67

BAB III: PITUDUH MEUNTEUN Meunteun Kriteria Ketuntasan Minimal (KKM) ............................... Instrumen Meunteun Umum ........................................................... Instrumen Meunteun Husus ............................................................ Refleksi .........................................................................................

70 71 74 77

PABUKON ..........................................................................................

79

A. B. C. D.

xi

B ab

I

Pituduh Umum

1

A.

Ngeunaan Buku Tuturus Guru

Ieu buku disusun sangkan guru meunang gambaran anu écés dina ngalaksanakeun kagiatan pangajaran basa Sunda. Eusina ngawengku sawatara hal. 1. Wincikan léngkah-léngkah pangajaran dina raraga méré gambaran ka guru pikeun ngahontal kompeténsi dasar (KD) jeung indikator. 2. Susunan léngkah-léngkah kagiatan anu ngagambarkeun pangajaran nu gumulung tur ngamalir. 3. Léngkah pangajaran nu disusun dipiharep bisa ngahontal pangalaman diajar nu miharti (meaningfullnes) pikeun ngawangun sikep jeung paripolah hadé, ngawasa konsép, kaparigelan mikir nu ilmiah (saintifik), kamampuh ngaréngsékeun masalah, karancagéan, pribadi nu sonagar (répléktif), tur numuwuhkeun rasa basa Sunda. 4. Dadaran rupining téhnik pikeun meunteun kamampuh murid. 5. Wawaran pikeun calecer (acuan) kagiatan rémédial jeung ngajembaran pangaweruh murid. 6. Pidangan kagiatan diajar nu silih simbeuh tur silih élédan (sharing). 7. Pituduh ngeunaan cara maké buku babon murid. Kagiatan dina ieu buku dirarancang pikeun mekarkeun kamampuh (sikep, kaweruh, jeung kaparigelan) murid kalawan gumulung tur rinéka. Ari paripolahna ngawengku: 1. Muka pangajaran ku karep murid saperti maca atawa ngaregepkeun téks, tumanya, ngawih, kaulinan, démonstrasi, pidangan masalah, jsté. 2. Nepikeun tujuan pangajaran nepi ka murid bisa nyangreb wawaran nu ditepikeun. 3. Ngali kaweruh murid samémehna sangkan bisa ngait jeung kaweruh nu bakal diulik. 4. Papancén nu malapah gedang sangkan murid kabantu dina nyangkem konsép. 5. Méré lolongkrang pikeun ngalatih kaparigelan murid. 6. Méré unduring laku (umpan balik) pikeun ngukuhan pamahaman murid.

B.

Padika Make Buku Tuturus Guru

Ieu buku Tuturus Guru téh mibanda kagunaan ganda, jaba ti pituduh maké buku babon murid ogé jadi calecer (acuan) keur kagiatan pangajaran di kelas. Guru dipiharep niténan heula sawatara hal nu dipidangkeun dina ieu buku. 2

Pamekar D Diajar B A S A S U N D A Buku Tuturus Tut Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas X

1. Baca heula ieu buku kalawan telik tur imeut unggal kacana. 2. Cangkem heula tiap-tiap KD jeung indikator pangajaran. 3. Tarékahan pikeun ngasupkeun KI-1 jeung KI-2 dina sakumna kagiatan pangajaran. Guru kudu nguatan jeung ngukuhan tarékah pikeun ngawangun sikep, kaweruh, katutg paripolah murid anu hadé. 4. Deudeul kahontalna KI-1 jeung KI-2 ku kagiatan “pembiasaan”, pieunteungeun, pituladeun, jeung kultur di sakola anu hadé. 5. Luyukeun tiap-tiap léngkah kagiatan dina buku tuturus guru jeung buku babon murid. 6. Mekarkeun gagasan rancagé dina milih padika pangajaran. Sungsi ogé kagiatan séjén lamun kaayaan teu luyu jeung naon-naon nu geus dirarancang. 7. Rupining stratégi pangajaran nu rék dimekarkeun (kayaning murid niténan, nanya, nyaritakeun, metakeun, ngawih, jsté.)kudu ngalibetkeun muridna sorangan jeung ngalibetkeun warga atawa lingkungan sakola. 8. Guru dipiharep mekarkeun: a. Métode “pengajaran aktif, inovatif, kréatif, éféktif, dan menyenangkan (PAIKEM)”; b. Timbang-timbang ogé maké pamarekan komunikatif jeung kontékstual; c. Kaparigelan nanya atawa tumanya; d. Kaparigelan muka jeung mungkas pangajaran; e. Kaparigelan ngolah kelas jeung pidangan kelas. 9. Gunakeun media jeung sumber diajar nu aya di sabudeureun sakola atawa patali jeung sosial budaya Sunda. 10. Alokasi waktu nyoko kana struktur kurikulum. Guru bisa nangtukeun sorangan alokasi waktu luyu jeung minggu éféktif, situasi katut kaayaan di sakola. 11. Dina sataun ajaran kelas X aya salapan materi anu kudu dibagi ku guru kalawan proporsional keur dua seméstereun. Kudu ditimbang-timbang ogé alokasi waktu antara seméster I jeung seméster II sangkan pangajaran bisa ditepikeun luyu jeung alokasi waktu anu nyampak. 12. Unggal matéri galeuh rata-rata dirarancang keur sabulaneun (4 x lawungan). 13. Kagiatan dina minggu kahiji dimimitian ku niténan bahan, karep réséptif (ngaregepkeun jeung maca), minggu kadua mangrupa kagiatan nyoba jeung ngulik, ari minggu katilu jeung kaopat ngalarapkeun atawa midangkeun (kagiatan kréatif nulis jeung nyarita) hasil tina minggu kahiji jeung kadua. Murid digiring sangkan kaasah daya nalar jeung mikirna kalawan ngaleunjeur. Kagiatan dirarancang pikeun méré lolongkrang tumanya jeung ngali wawaran nu deukeut jeung murid. Bab I PITUDUH UMUM

3

14. Hasil pagawéan murid jeung bukti peunteun bisa dikumpulkeun dina portofolio murid. 15. Pikeun tarékah ngoméan diri jeung minggu éféktif, jieun catetan réfleksi sanggeus hiji téma atawa bahan réngsé katepikeun. 16. Deudeul murid sina resepeun kana basa Sunda sarta yakinkeun yén manéhna téh cerdas tur bisa. 17. Sangkan tujuan pangajaran kahontal, guru ogé perlu saregep, enya-enya, tur sabar dina nyanghareupan murid. Ari sababna, kamampuh murid téh béda-béda. Katambah-tambah teu sakumna padika pangajaran loyog pikeun sakumna guru, murid, tempat, waktu, jeung bahan ajar.

C.

Tatapakan Formal

Bahan ajar basa Sunda anu dipidangkeun dina ieu buku dumasarkana Kurikulum 2013, ngawengku kasang tukang, karakteristik, jeung tujuanan. Kurikulum basa Sunda atawa Kompetensi Inti jeung Kompetensi Dasar (KIKD) Mata Pelajaran Basa jeung Sastra Sunda disusun jeung dikaluarkeun ku Balai Pengembangan Bahasa Daerah dan Kesenian (BPBDK), Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat. Lamun disusud ka luhurna, ngindungna mah tangtu waé kana Kurikulum Tingkat Nasional, da nu ieu mah kaasup kana Kurikulum Daerah (Kurda). Kurikulum Basa Sunda anu disusun ku BPBDK téh diwincik jadi KIKD, luyu jeung pola struktur Kurikulum Nasional. KIKD disusun mangrupa struktur anu maneuh, tur salawasna kudu jadi padoman dina kagiatan diajar-ngajar. Cindekna, sajeroning guru ngajarkeun basa Sunda, dipahing méngpar tina katangtuan KIKD, téma, jeung alokasi waktu. Ari dina lebah milih bahan katut ngajarkeunana mah guru dibéré lolongkrang keur ngembangkeun karancagéanana. Ieu buku poma ulah dianggap hiji-hijina sumber keur tuturus guru. Ari sababna, naon-naon nu diperedih ku KIKD téh moal sagemblengna kacumponan mun ukur ngandelkeun tina hiji sumber. Kudu aya sumber-sumber lianna pikeun pangrojong kagiatan diajar-ngajar, di antarana média massa, bagbagan paélmuan lianna, jeung kondisi sosial budaya masarakat Sunda. Nya ka lebah dinya pisan guru kudu rancingeus pikeun néngan jeung ngungkab bahan pangrojong sangkan KIKD bisa kahontal jeung kacumponan.

D.

Sistim, Prinsip, jeung Pamarekan Pangajaran

Sakabéh matéri dina ieu buku diluyukeun jeung sistem pidangan buku babon murid, nu dipidangkeun maké sistem spiral; dimitian ti nu babari heula, 4

Pamekar D Diajar B A S A S U N D A Buku Tuturus Tut Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas X

terus ningkat ka nu hésé. Heula pandeurina nyusun bahan anu dumasar kana babari héséna téh tumerap kana saban pangajaran. Sistem spiral anu dignakeun dina ieu buku dumasar kana prinsip proporsional, tur tahapan (gradasina) henteu patarenggang. Hal ieu bisa tumerap dina wangun lahiriahna (panjang-pondokna, basajan-kompleksna) kecap, kalimah, atawa wacana, bisa deuih dina eusi atawa substansina (gampang-henteuna).

E.

Standar Kompetensi Lulusan (SKL) Ranah

Sikep

SD/MI

SMP/MTs

SMA/SMK/ MA/MAK

Nampa, ngajalankeun, ngajénan, jeung ngamalkeun Pribadi nu iman, ahlak mulya, percaya diri jeung tanggung jawab dina patali marga kalawan merenah jeung lingkungan masarakat, alam sabudeureun, sarta dunya katut adabna.

Kaparigelan

Nampa, nanya, nyoba, ngolah, midangkeun, nalar, jeung ngalarapkeun Pribadi nu mampuh mikir jeung lumampah kalawan merenah tur rancagé dina ranah nyamuni (abstrak) jeung nembrak (konkrit).

Kaweruh

Mikanyaho, nyangkem, nerangkeun, ngolah, jeung meunteun. Pribadi nu ngawasa élmu kaweruh, téhnologi, seni budaya, sarta wawasan kamunasaan, kabangsaan, kanagaraan, jeung paradaban.

F.

Proses Pangajaran

Prosés pangajaran lumangsung maké pamarekan saintifik, anu léngkahléngkahna: 1. Niténan (mengamati), ku cara maca, ngaregepkeun, atawa nongton; 2. Nanya (menanya), ku cara ngayakeun tanya jawab atawa sawala; 3. Nalar (menalar/mengasosiasi), ku cara nambahan kaweruh anu leuwih jembar; 4. Nyungsi atawa nyoba (eksplorasi/eksperimen); 5. Midangkeun, ngedalkeun, atawa nepikeun (mengkomunikasikan) 6. Ngawangun ramatloka (networking) ku cara néangan bahan tina sumber anu lian. Bab I PITUDUH UMUM

5

G.

Kompetensi Inti (KI) jeung Kompetensi Dasar (KD) Kelas X SMA/SMK/MA/MAK KOMPETENSI INTI (KI)

KOMPETENSI DASAR (KD)

10.1

Menghayati dan mengamalkan ajaran agama yang dianutnya.

10.1.1 Mensyukuri anugerah Tuhan akan keberadaan bahasa Sunda dan menggunakannnya sesuai dengan kaidah dan konteks sosial budaya sebagai sarana komunikasi melalui teks BIANTARA, PAGUNEMAN, BIOGRAFI dan OTOBIOGRAFI, AKSARA SUNDA, DONGENG, CARITA WAYANG, CARPON, GUGURITAN, DAN SISINDIRAN.

10.2

Menghayati dan mengamalkan perilaku jujur, disiplin, tanggungjawab, peduli (gotong royong, kerjasama, toleran, damai), santun, responsif dan proaktif dan menunjukkan sikap sebagai bagian dari solusi atas berbagai permasalahan dalam berinteraksi secara efektif dengan lingkungan sosial dan alam serta dalam menempatkan diri sebagai cerminan bangsa dalam pergaulan dunia.

10.2.1 Menunjukkan perilaku jujur, disiplin, peduli, santun, dan proaktif dalam berbahasa Sunda untuk memahami BIANTARA dan PAGUNEMAN. 10.2.2 Menunjukkan perilaku jujur, disiplin, dan tanggung jawab dalam berbahasa Sunda untuk memahami BIOGRAFI dan OTOBIOGRAFI serta AKSARA SUNDA. 10.2.3 Menunjukkan perilaku jujur, disiplin, dan peduli dalam berbahasa Sunda untuk memahami DONGENG, CARITA WAYANG,CARPON, GUGURITAN, dan SISINDIRAN

10.3

Memahami, menerapkan, menganalisis pengetahuan faktual, konseptual, prosedural berdasarkan rasa ingintahunya tentang ilmu pengetahuan, teknologi, seni, budaya, dan humaniora dengan wawasan kemanusiaan, kebangsaan, kenegaraan, dan peradaban terkait fenomena dan kejadian, serta menerapkan pengetahuan prosedural pada bidang kajian yang spesifik sesuai dengan bakat dan minatnya untuk memecahkan masalah.

6

0.3.1 Mengidentifikasi dan menganalisis teks BIANTARA sesuai dengan kaidah-kaidahnya. 10.3.2 Mengidentifikasi dan menganalisis teks PAGUNEMAN sesuai dengan kaidah- kaidahnya. 10.3.3 Mengidentifikasi dan menganalisisteks BIOGRAFI dan OTOBIOGRAFI sesuai dengan kaidah-kaidahnya. 10.3.4 Mengidentifikasi dan menganalisisteks AKSARA SUNDA sesuai dengan kaidahkaidahnya.

Pamekar D Diajar B A S A S U N D A Buku Tuturus Tut Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas X

110.3.5 Mengidentifikasi, menganalisis, dan membandingkan DONGENG dan CARITA WAYANG sesuai dengan kaidah-kaidahnya. 10.3.6 Mengidentifikasi danmenganalisisCARPONsesuai dengan kaidah-kaidahnya. 10.3.7 Mengidentifikasi dan menganalisisGUGURITAN sesuai dengan kaidah-kaidahnya. 10.3.8 Mengidentifikasi dan menganalisisSISINDIRANsesuai dengan kaidah-kaidahnya. 10.4

Mengolah, menalar, dan menyaji dalam ranah konkret dan ranah abstrak terkait dengan pengembangan dari yang dipelajarinya di sekolah secara mandiri, dan mampu menggunakan metoda sesuai kaidah keilmuan.

10.4.1 Menyusun, menanggapi, dan memperagakan teks BIANTARAsesuai dengan kaidahkaidahnya. 10.4.2 Menyusun,menanggapi, dan memperagakan teks PAGUNEMAN sesuai dengan kaidah- kaidahnya. 10.4.3 Menyusun, menanggapi, dan membandingkan teks BIOGRAFI dan OTOBIOGRAFI sesuai dengan kaidah-kaidahnya. 10.4.4 Menyusun dan menyunting teks pendek yang menggunakan AKSARA SUNDA sesuai dengan kaidah-kaidahnya. 10.4.5 Menanggapi dan mengekspresikan DONGENG dan CARITA WAYANG sesuai dengan kaidahkaidahnya. 10.4.6 Menanggapi dan mengekspresikan CARPON sesuai dengan kaidahkaidahnya. 10.4.7 Menanggapi dan mengekspresikan GUGURITAN sesuai dengan kaidah-kaidahnya secara lisan dan tulisan. 10.4.8 Menanggapi dan mengekspresikan SISINDIRAN sesuai dengan kaidah-kaidahnya secara lisan dan tulisan. Bab I PITUDUH UMUM

7

H. Péta Konsép p 8

Pamekar D Diajar B A S A S U N D A Buku Tuturus Tut Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas X

B ab

II

Pituduh Husus

Dina ieu bab didadarkeun léngkah-léngkah pangajaran anu kudu dipilampah ku guru dina ngalaksanakeun pangajaran basa Sunda. Perlu dicatet yén ieu wincikan téh minangka tarékah minimal nu kudu dipilampah ku guru dina nuyun murid ngahontal kompeténsi nu dipiharep. Dina harti, guru dipiharep bisa mekarkeun kalawan rancagé ieu wincikan nepi ka kapanggih léngkah-léngkah anu leuwih masagi. Luyu jeung pamarekan dina Kurikulum 2013, murid diperedih gedé kawanina tur kadaék dina ngoréhan kaweruh perkara basa jeung sastra Sunda, anu engkéna dipiharep bisa parigel maké basa Sunda. Dampakna murid boga sikep anu hadé kana basa jeung sastra Sunda katut hirup kumbuhna, bari teu mopohokeun sikep anu utama. Keur ngahontal éta tujuan, peran jeung karancagéan guru kacida diperlukeunana.

9

P angajaran

1

BIANTAR A KAGIATAN AWAL Dina unggal lawungan guru ngabsén murid sarta niténan kasang tukang jeung kamampuh unggal-unggal muridna dina ngawasa pangajaran basa Sunda. Guru ogé ngajak murid pikeun sukuran réh Pangéran geus ngaanugrahkeun basa Sunda ka urang pikeun alat komunikasi sapopoé jeung papada manusa. Guru ngajak murid niténan rupa-rupa conto digunakeunana basa dina komunikasi sapopoé, boh dina situasi formal atawa teu formal. Dina muka pangajaran guru ngajak murid pikeun narékahan paham kana matéri biantara ku cara némbongkeun gambar atawa muter rékaman biantara, boh nu mangrupa rekaman CD/Kasét boh nu mangrupa file komputer. Guru ogé bisa ngayakeun tanya jawab keur ngagali pangaweruh awal murid perkara biantara dina basa Sunda. Di awal pangajaran guru ogé nepikeun tujuan pangajaran biantara luyu jeung pamaredih Kompeténsi Dasar jeung indikator nu dipiharep. Di antarana baé murid bisa nyebutkeun struktur teks biantara, bisa ngaidéntifikasi struktur teks biantara nu nyampak dina téks, bisa ngaanalisis aspék-aspék kabasaan nu nyampak dina teks biantara, bisa nyusun téks biantara sorangan kalawan ngagunakeun basa Sunda anu merenah, mikapaham padika nepikeun biantara, sarta bisa ngagalantangkeun biantara di hareupeun kelas kalawan ngagunakeun sora, lentong, jeung wirahma anu merenah.

KAGIATAN INTI A. Maca Téks Biantara No

1

10

Kagiatan Murid diwanohkeun kana conto téks biantara, tuluy guru nitah maca éta téks di jero haté bari diwawadian sina ngimeutan rupaning aspék nu kakandung dina éta téks. Upamana strukturna, masalah nu dibiantarakeun, suasanana, jeung dina acara naon éta biantara ditepikeun. Pamekar D Diajar B A S A S U N D A Buku Tuturus Tut Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas X

2

Guru ngabagi murid jadi opat kelompok pikeun ngadiskusikeun téks biantara. Tugasna: 1) Kelompok I ngaanalisis struktur téks biantara ka-1. Alat analisisna bisa ditingali dina pertanyaan nomer hiji dina pancén ka-1 buku murid. Contona: Bagian Bubuka Paragraf ka …. Paragraf ka …. Jst Bagian Eusi Paragraf ka …. Paragraf ka …. Jst Bagian panutup Paragraf ka …. Paragraf ka …. Jst 2) Kelompok II ngaanalisis masalah nu ditepikeun ku nu biantara. Dina ngaanalisis masalah nu kakandung dina biantara, murid kudu nandaan (nyirian) kalimah-kalimah konci anu ngadeudeul kana masalah nu ditepikeun ku nu biantara. Kelompok tuluy nyusun laporan diskusina ku cara nyusun karangan pondok anu ngadadarkeun “masalah poko” nu jadi bukur catur nu biantara. 3) Kelompok III ngaanalisis biantara tina jihad suasana anu mungkin timbul waktu éta biantara ditepikeun. Upamana, tina masalah nu ditepikeun ku nu biantara, katémbong sumanget nu biantara nu hayang ngagedurkeun sumanget hadirin keur merangan narkoba. Minangka laporan kelompok, murid kudu nyusun karangan pondok anu ngadadarkeun “suasana” nu bisa dittimbulkeun waktu éta biantara ditepikeun. 4) Kelompok IV ngaanalisis biantara tina jihad ka saha éta biantara pantesna ditepikeun. Upamana baé ka murid, ka para pamuda, ka masarakat réa, atawa ka kelompok-kelompok anu tangtu. Dina nangtukeun saha-sahana anu bisa jadi “obyék” éta biantara, kelompok kudu nepikeun ogé alesan-alesan ku naon éta “obyek” merenah keur ngabandungan éta biantara. Bab II PITUDUH HUSUS

11

Sabada réngsé migawé tugasna séwang-séwangan, unggal kelompok ngalaporkeun hasil diskusi kelompokna di hareupeun balaréa. Nalika hiji kelompok ngalapokeun hasil analisisna, kelompok séjénna bisa mairan. 4

Guru nyindekkeun hasil diskusi kelompok.

B.

Nyangkem Struktur Biantara

No

Kagiatan Sabada ngalaksanakeun kagiatan maca téks jeung ngadiskusikeun téks biantara jeung rupaning aspékna. Guru méré pancén ka murid pikeun neuleuman pedaran nu aya dina bagian B (Nyangkem Struktur Biantara). Sacara individual murid dibéré pancén ngaasosiasikeun atawa nganalar rupaning pangaweruh nu kacangkem dina kagiatan diskusi kelompok jeung pangaweruh ngeunaan struktur biantara dina bagian pedaran.

5

C. Neuleuman Padika Biantara No

6

7

8

12

Kagiatan Guru ogé méré pancén ka murid pikeun neuleuman pedaran dina bagian C (Neuleuman Padika Biantara). Dina ieu bagian, guru leuwih museurkeun panitén murid kana kumaha cara nepikeun biantara anu hadé. Hal ieu dilakonan pikeun méré pangaweruh ka murid ngeunaan téhnik biantara anu hadé. Saméméh nepikeun padika “TAMAN” sakumaha anu dipedar dina bagian C, aya hadéna guru méré conto biantara mangrupa rekaman atawa vidéo. Upamana biantara salah saurang inohong anu kawentar alus dina nepikeun biantara di hareupeun balaréa (publik), boh dina basa Sunda boh dina basa séjén. Sabada rekaman atawa conto biantara diwanohkeun ka murid, guru tuluy ngajak murid ngaanalisis éta biantara maké unsur “TAMAN” (tatag henteu nyaritana, aktual henteu témana, munel henteu eusina, alus henteu basana, jeung naha biantarana téh ngandung wirahma atawa henteu). Dina ieu kagiatan, murid bisa dibagi jadi lima kelompok anu masing-masingna ngaanalisis salah sahiji unsur “TAMAN”. Leuwih réa conto anu diwanohkeun bakal leuwih variatif jeung leuwih hadé. Pamekar D Diajar B A S A S U N D A Buku Tuturus Tut Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas X

9

D.

Sabada ngaanalisis conto biantara ku unsur “TAMAN”, guru méré pancén ka salah sahiji atawa dua urang murid pikeun ngagalantangkeun conto téks biantara nu aya dina bagian A. Dina ngagalantangkeun biantara, murid diperedih ngagunakeun unsur “TAMAN” téa sacara kréatif. Téks nu dibacakeunana teu kudu kabéh, tapi bisa dicokot lebah bagian-bagian anu pentingna baé. Ka murid anu geus nyobaan ngagalantangkeun éta biantara, guru méré aprésiasi anu hadé.

Ngaanalisis Téks Biantara

No

Kagiatan

10

Dina ieu kagiatan guru ngajak murid sangkan leuwih paham perkara struktur jeung padika biantara. Sabada ngaanalisis struktur biantara dina Bagian B jeung ngaanalisis padika biantara dina bagian C, dina ieu sub-bab guru ngajak murid ngaanalisis hiji téks biantara kalawan kompréhénsip minangka latihan pikeun leuwih mikapaham dua aspék di luhur. Téks nu aya dina ieu sub-bab ngan keur conto baé. Guru atawa murid bisa néangan téks séjén nu sumberna tina réferénsi séjén (buku atawa internét) keur bahan analisis.

11

Guru ngabagi murid jadi opat atawa lima kelompok. Unggal kelompok dibéré tugas nu sarua, nyaéta nganalisis téks biantara ku cara ngajawab pertanyaan-pertanyaan nu aya dina buku murid (pancén 3 jeung pancén 4).

12

Guru méré kasempetan ka murid pikeun nanyakeun hal-hal anu kurang kaharti.

13

Hasil analisis kelompok dilaporkeun kalawan susunan anu tartib, ngawengku: a. Téks biantarana atawa rekaman CD/Kasét. b. Jawaban pertanyaan kahiji ngeunaan struktur biantara. Dina ngajawab pertanyaan kahiji, murid bisa ngagunakeun tabel:

Bubuka

• • •

Conto téks …………………………………........ Conto paragraf …………………………………. Conto omongan ………………………………....

Bab II PITUDUH HUSUS

13

Eusi

Panutup

• • • • • •

Conto téks ……………………………………… Conto paragraf ………………………………… Conto omongan ……………………………….. Conto téks ……………………………………… Conto paragraf ………………………………… Conto omongan ………………………………..

c. Jawaban pertannyaan kadua nu mangrupa glosarium (daftar kecap jeung hartina). d. Jawaban pertanyaan katilu ngeunaan cara ngagalantangkeun éta biantara. Eusina nyaéta hasil tafsiran murid kumaha hadéna éta biantara ditepikeun.

14

Hasil analisis murid ku masing-masing kelompok dilaporkeun ka guru sarta ku guru dipeunteun maké rubrik évaluasi anu merenah. Hasil évaluasina dilaporkeun deui ka murid sarta guru ngayakeun réfléksi patali jeung hasil analisis murid.

E. Nepikeun Biantara No

Kagiatan

15

Dina ieu kagiatan murid latihan biantara anu prosésna dimimitian ku nyusun téks biantara sorangan nepi ka ngagalantangkeunana di hareupeun kelas.

16

Guru méré apersépsi ku cara ngélingan murid kana pangajaran nu geus ditepikeun saméméhna, utamana perkara kumaha nepikeun biantara anu hadé nu geus dibahas dina sub-bab “Padika Biantara” (bagian C). Guru ogé bisa méré deui conto rékaman CD atawa kasét nu biantara keur méré wawasan ka murid dina nepikeun biantarana.

17

18

14

Guru muka kasempetan ka murid pikeun ngayakeun tanya jawab patali jeung hal-hal nu can ngarti atawa can dipikapaham. Guru méré pancén ka murid (Pancén 5) ngeunaan léngkah-léngkah nepikeun biantara, nyaéta: a. Milih topik. b. Nyusun téks jeung ngapalkeun téks. c. Ngéstokeun unsur-unsur TAMAN. d. Nepikeun biantara di hareupeunn kelas. Pamekar D Diajar B A S A S U N D A Buku Tuturus Tut Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas X

19

Sangkan sakabéh murid kabagéan nepikeun biantara di kelas, aya halhal anu kudu dititénan ku guru. Di antarana baé: a. Téks biantara murid kudu difokuskeun kana eusina, sedengkeun bubuka (mukadimah) jeung panutupna bisa saperluna baé. b. Durasi biantara murid ulah lila teuing (cukup 2-3 menit). c. Lantaran biantara téh “art of speech”, kalimah-kalimah biantara nu disusun ku murid kudu réa direumbeuy ku mamanis basa (upamana diselapan ku sisindiran, kalimah-kalimah pinilih/”katakata mutiara”, babasan jeung paribasa, jsb.). Dina ieu prosés guru sacara aktif jadi fasilitator ku cara méré bahan, méré référénsi, atawa méré saran sangkan téks biantara nu dikarang ku murid munel eusina.

20

Guru ngadesain ruangan kelas sangkan waktuna murid biantara enya-enya siga nyanghareupan publik/jalma réa. Upamana ku cara nempatkeun podium di hareupeun kelas keur tempat biantara murid. Podium bisa dijieun atawa dirékayasa tina barang-barang anu basajan. Bisa ogé nyadiakeun mic (boh enyaan lengkep jeung spikerna, boh ukur bobohongan).

21

Murid nepikeun biantarana saurang-saurang kalawan ngéstokeun unsur “TAMAN” sarta nitah murid nu ngabandungan méré réspon anu positif, upamana ku cara méré keprok. Dina ieu prosés Guru méré peunteun maké rubrik évaluasi anu merenah.

KAGIATAN PANUTUP Dina kagiatan panutup guru méré kasempetan ka murid pikeun ngaréfléksikeun pangajaran. Contona, naon baé mangpaat nu kapetik tina pangajaran biantara, naon baé kasusah/hahalang dina ieu pangajaran, jeung sajabana. Guru ogé bisa méré tugas tambahan sangkan murid leuwih mikapaham perkara biantara. Contona nitenan rupa-rupa cara tokoh biantara, siga nu sok katongton dina televisi atawa kasaksian dina hiji acara/kagiatan, tuluy dibandingbanding jeung pangaweruh nu geus kacangkem ku dirina. Guru nutup pangajaran kalawan ngajak murid sukuran ka Pangéran réh geus meunang rupa-rupa élmu perkara biantara dina basa Sunda.

Bab II PITUDUH HUSUS

15

P angajaran

2

PAGUNEMAN KAGIATAN AWAL Dina awal lawungan guru ngabsén murid sarta nyiapkeun pangajaran paguneman. Guru ogé bisa ngajak murid pikeun sukuran ka Pangéran réh geus bisa deui diajar basa Sunda pikeun alat komunikasi jeung papada manusa dina kahirupan sapopoé. Guru umajak sangkan dina ngayakeun komunikasi téh ulah urang poho kana tatakrama minangka wujud tina silih hargaan papada jalma. Dina lawungan mimiti guru ngajak murid paguneman ngeunaan hiji perkara anu keur aktual sarta paguneman dipungkas ku guru ku nepikeun “pernyataan” yén éta téh conto paguneman nu biasa dilakonan ku urang dina kahirupan sapopoé. Ti dinya guru ngajak murid pikeun aub leuwih daria kana matéri paguneman ku cara némbongkeun gambar atawa muter rékaman paguneman. Sabadana guru ngayakeun tanya jawab keur ngagali pangaweruh awal murid perkara paguneman dina basa Sunda. Guru nepikeun tujuan pangajaran paguneman luyu jeung pamaredih Kompeténsi Dasar jeung indikator nu dipiharep. Di antarana baé murid mikawanoh wangun-wangun téks paguneman, bisa ngaanalsis aspék-aspék kabasaan paguneman dina rupa-rupa situasi, bisa mikapaham aspék-aspék undakusuk basa Sunda nu nyampak dina paguneman, bisa nyusun téks paguneman sorangan kalawan ngagunakeun basa Sunda anu merenah, sarta bisa mintonkeun paguneman di hareupeun kelas.

KAGIATAN INTI A. Maca Téks Paguneman No

Kagiatan

1

Murid diwanohkeun kana dua conto téks paguneman. Murid dipapancénan pikeun maca éta téks di jero haté bari diwawadian sina ngimeutan rupaning aspék nu kakandung dina éta téks. Upamana basa nu digunakeunana, bentuk pagunemanana, para palaku pagunemanana, jeung sajaba ti éta.

16

Pamekar D Diajar B A S A S U N D A Buku Tuturus Tut Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas X

2

Murid ngabanding-banding téks paguneman kahiji jeung kadua.

3

Murid dibagi kana opat atawa lima kelompok, anu tugas unggal kelompokna nyaéta ngajawab pertanyaan nu aya dina pancen 1.

4

Murid ngayakeun diskusi kelompok keur ngajawab pertanyaan dina pancen 1.

5

Sabada diskusi, unggal kelompok nu diwakilan ku juru caturna séwang-sewangan nepikeun laporan hasil diskusi. Guru nyindekkeun unggal jawaban kelompok nomer per nomer nepi ka aya jawaban anu pertéla tina unggal pertanyaan. Hadéna guru geus nyadiakeun tabel pancén 1 ti anggalna dina file komputer atawa dina bor sangkan unggal jawaban kelompok langsung katémbong sarta langsung bisa dibanding-banding.

B.

Ngaanalisis Paguneman

No

Kagiatan

6

Guru méré pancén ka murid maca pedaran dina bagian B (sub-bab nganalisis paguneman). Murid ngaasosiasikeun jawaban dina diskusi kelompok nu geus dibahas ku guru jeung rupaning informasi nu nyampak dina bagian B.

7

Sabadana, guru méré pedaran singket ngeunaan paguneman ku cara museurkeun pedaran kana dua masalah inti, nyaéta situasi resmi jeung teu resmi dina paguneman sarta undak-usuk basa dina paguneman. Éta dua masalah dina paguneman téh boga implikasi séwang-séwangan tur kudu jadi perhatian keur nu ngalaksanakeun paguneman.

8

Patali jeung undak-usuk basa dina paguneman – anu ogé disebut tatakrama basa – guru méré pancén ka murid pikeun ngimeutan kecap-kecap loma jeung lemes dina téks paguneman kahiji, lantaran di dinya nyampak kecap-kecap lemes (boh lemes keur sorangan boh lemes keur ka batur) nu dipaké ku palaku paguneman. Sacara individual murid sina maluruh kekecapan lemes dina éta paguneman, tur hasilna didiskusikeun (diakurkeun) jeung hasil analisis babaturanana (tingali Pancén 2). Bab II PITUDUH HUSUS

17

9

C.

Guru nyindekkeun pedaran yén saéstuna paguneman urang sapopoé téh henteu leupas tina dua aspék, nyaéta aspék formal henteuna, jeung aspék tatakrama.

Paguneman dina Karya Sastra

No

Kagiatan

10

Saéstuna sub-bab C leuwih neueulkeun dadaran paguneman nu aya patalina jeung aprésiasi karya sastra, boh prosa, puisi, jeung drama. Ku hal, éta pedaran paguneman dina ieu bagian mah ngala wangunna wungkul, sedengkeun pedaranana bisa dipatalikeun atawa dijembaran kana soal-soal aprésiasi sastra.

11

12

Aya tilu paguneman dina ieu bagian, nyaéta paguneman dina prosa, dina puisi, jeung dina drama, lengkep jeung pancénna séwang-séwangan. Éta tilu bahan téh keur diskusikeuneun murid. Guru ngadadarkeun pancén anu kudu dipigawé ku murid. Saméméhna, sakabéh murid kudu maca heula tilu conto paguneman nu nyampak dina buku.

13

Dina prakna ngaanalisis paguneman dina karya sastra, guru ngabagi kelompok murid jadi genep kelompok. Dua kelompok ngadiskusikeun paguneman dina prosa, dua kelompok ngadiskusikeun paguneman dina puisi, sarta dua kelompok deui ngadiskusikeun paguneman dina drama. Dua kelompok anu bahan diskusina sarua sina diskusi séwangséwangan heula dina kelompokna masing-masing. Alat analisisna nyaéta pancen 3, pancén 4, jeung pancén 5. a. Pancén 3 (keur kelompok 1 jeung 2) ngarobah kalimah-kalimah langsung dina téks jadi bentuk paguneman tanya jawab. b. Pancén 4 (keur kelompok 3 jeung 4) nyieun parafrase tina puisi kana bentuk prosa. c. Ngaanalsis onjoyna (atawa kaunikanana) paguneman dina drama jeung nangtukeun tujuan ditulisna téks drama.

14

Sabada unggal kelompok réngsé migawé pancénna, kelompok 1 jeung 2 ngagabung keur ngabanding-banding hasil pagawéanana séwangséwangan nepi ka aya persépsi anu sarua. Dina ieu rposés, lumangsung deui diskusi dua kelompok. Kitu deui kelompok 3 jeung 4, sarta kelompok 5 jeung 6, migawé diskusi anu sarua keur nyaruakeun persépsi.

18

Pamekar D Diajar B A S A S U N D A Buku Tuturus Tut Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas X

Sabadana, guru nunjuk wawakil ti kelompok 1 jeung 2, 3 jeung 4, sarta 5 jeung 6 pikeun nepikeun présentasi hasil diskusi. Unggal kelompok bisa silih pairan. Hasil diskusi anu dipiharep kira-kira kieu: a. Prosa: Édo : Ih geuning Ujang! Kang Encu ieu Jang Ganda!: Samsu : Iraha ka dieu, Jang? Suganda : Tadi, nyubuh. Samsu : Geuning kamari teu béja-béja? (Suganda teu némbal) Samsu : Teu ka sakola? Suganda : Permios sadinten ieu. Samsu : Aya naon? Suganda : Badé diparios dokter. Samsu : Ku naon, gering? Suganda : Badé diala getih. Samsu : Diala getih? Naha? Suganda : Kanggo .... Samsu : Keur Enéng? (Suganda unggeuk. Bapa Naib nyampeurkeun, nyekel taktak Suganda. Teu lemek teu nyarék. Ngan socana baé baseuh) Édo : Teu nyeri Jang, diala getih téh? Suganda : Nyao, da acan. Kakara gé rék dipariksa. Édo : Naha nya, maké dipariksa heula sagala...? Suganda : Bisi teu aakur kapan? Édo : Teu ngarti; teu akur téh teu akur naonana? Lain sarua getih jelema téh? (bari ngarérét ka Bapa Naib). Suganda : Bisi teu akur golonganana... Pan aya golongan A, golongan B, golongan... naon deui. b. Puisi: Aya budak nanya ka indungna perkara eusi langit, di mana tungtung langit, jeung nanya soal béntang anu baranang. Ari dijawab ku indungna majar téh cenah langit téh teu jauh ti dada ema, eusina napas jeung getih. Ari bentang pajarkeun téh teu jauh ti Si Ujang. Budak téh nanya deui, cenah ari nu boga langit téh saha, kitu deui béntang anu baranang, bulan, beurang jeung peutingna, éta téh saha nu bogana? Ari jawab indungna, cenah éta kabéh ogé bogana Si Ujang, paéhna, hirupna, kabéhanana ogé bogana Si Ujang. Bab II PITUDUH HUSUS

19

15

16

17

D. No

18

20

Lamun dihartikeun mah éta puisi téh ngagambarkeun kanyaah indung ka budakna. Indungna nganggap sagala nu aya di ieu alam dunya téh saolah-olah milik SI Ujang, budak nu dipikanyaahna. c. Drama: Onjoyna atawa kaunikan éta naskah drama téh di antarana: 1) Paguneman dibarengan ku rupa-rupa pituduh. Upamana pituduh ngeunaan paripolaah palaku. Pituduh keur nyiptakeun adegan di panggung, pituduh ka saha omongan ditujulkeun, jeung sajabana. 2) Basa nu digunakeun dina paguneman drama mah diréka, henteu sahinasna siga paguneman biasa. Malah sok diciptakeun adegan anu dramatis. Contona omongan Tanuwijaya ieu di handap! TANUWIJAYA : (KA PURAGABAYA jeung PANATAYUDA) Jaga di lawang kampung. Gancang, babaturan béjaan kabéh. Musuh keur kadieukeun. 3) Para palaku jeung sawatara pituduh dittulis maké hurup kapital kabéh. Saolah-olah hayang tétéla jeung méré akséntuasi (penegasan). Biasana téks drama mah ditulis keur dipanggungkeun. Ku sabab éta, pagunemana ditulis kalawan diréka sangkan engké mun dipanggungkeun matak kataji anu nongton. Guru nyindekkeun pangajaran yén wangun-wangun paguneman téh bisa kapanggih dina rupa-rupa bentuk jeung keur rupa-rupa kaperluan. Dina karya sastra bentuk-bentuk paguneman téh bisa kapanggih dina prosa, puisi, jeung drama, anu ditulis ku pangarang keur rupa-rupa tujuan. Guru méré saran ka murid sangkan macaan deui paguneman dina karya sastra anu nyampak dina buku atawa karya sastra séjén di luar conto buku téks. Tujuanana, sangkan murid leuwih paham kana wangun paguneman dina karya sastra sarta pikeun milu ngaaprésiasi karya sastra Sunda nu winangun prosa, puisi, jeung drama.

Nyusun Téks aguneman Kagiatan Dina ieu kagiatan guru ngajak murid sangkan leuwih paham kumaha nyusun dialog atawa paguneman dina wangun tinulis.Wangun paguneman siga kitu téh sok kapanggih dina karangan-karangan prosa, upamana dina dongéng, carpon, atawa novel. Nyusun paguneman sarupa kitu téh mangpaat pisan lamun urang keur diajar ngarang. Tapi téhnik nyusun dialog sarupa kitu téh henteu babari. Butuh latihan anu daria. Pamekar D Diajar B A S A S U N D A Buku Tuturus Tut Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas X

19

20

21

22

23

Guru méré pituduh cara nyusun téks paguneman dina karangan. Di antarana kudu niténan hal-hal ieu di handap: a. Kalimah paguneman kudu disusun mangrupa kalimah langsung. b. Ciri kalimah langsung dina tulisan sok dicirian ku dua tanda kekenteng (“...”) di awal jeung di ahir omongan nu dikutip. c. Sabada kutipan langsung bisa ditambahan ku katerangan saha nu nyaritana atawa bari kumaha nyaritana. Contona: “Keur naon di dinya?” ceuk Ahmad. “Gancang atuh leumpangna!” pokna bari rada nyentak. d. Unggal kutipan langsung hurup mimitina kudu maké aksara gedé. e. Keur ngabédakeun paguneman hiji tokoh jeung tokoh séjénna kudu dibédakeun ku alinéa anyar. f. Tanda baca di ahir omongan kutipan langsung kudu diluyukeun jeung kalimahna. Upama, kalimah parentah ditungtungan ku tanda panyeluk (!), kalimah pananya ku tanda tanya (?), atawa tanda koma (,) keur kalimah wawaran. Contona: 1) “Tutupkeun pantona!” ceuk Ahmad. 2) “Saha nu nutupkeun panto?” ceuk Ahmad. 3) “Pantona geus nutup,” ceuk Ahmad. Upama katerangan saha nu nyaritana aya di hareup, dina ahir kutipan langsung dipungkas ku titik (.). Contona: 4) Ahmad nyarita, “Pantona geus nutup.” Guru ngawanohkeun conto téks paguneman anu can anggeus dina bagian D sarta ngajelaskeun kudu dikumahakeun éta téks. Guru ngabagi murid jadi sawatara kelompok sarta méré pancén ka unggal kelompok pikeun ngaréngsékeun éta paguneman nepi ka tamat luyu jeung paréntah dina buku téks. Murid dibéré kabébasan pikeun mekarkeun éta paguneman naratif luyu jeung pikiran sarta kréativitasna séwang-séwangan. Hasil tina pancén kelompok diprésentasikeun di hareupeun kelas ku masing-masing kelompok, sarta guru mairan saperluna. Guru ogé ngoérkasi paguneman hasil karya kelompok, utamana dina soal nuliskeun éjahan, bisi kapanggih kasalahan-kasalahan téknis dina soal ngalarapkeun éjahan basa Sunda. Sabadana, guru méré pancén individual (bisa baé di-PR-keun) ka murid pikeun nyusun paguneman naratif kalawan masalah jeung tokoh anu béda. Bab II PITUDUH HUSUS

21

E. No 24

25

26

27

28 29 30

31

22

Mintonkeun Paguneman Kagiatan Guru nerangkeun yén dina ieu bagian murid rék dibéré pancén pikeun mintonkeun paguneman di hareupeun kelas kalawan ngagunakeun basa Sunda anu merenah jeung bari niténan soal-soal tatakrama dina paguneman. Guru ngabagi murid jadi sababaraha kelompok. Sakelompokna dua atawa tilu urang. Unggal kelompok ditugaskeun nyusun heula téks paguneman anu engkéna bakal dipintionkeun di hareupeun kelas. Bubuka pagunemanana maké pola nu disadiakeun dina buku téks, murid tinggal neruskeun. Téma paguneman unggal kelompok kudu béda-béda. Guru saméméhna nyadiakeun rupa-rupa téma/topik paguneman bagikeuneun ka murid. Éta téma/topik téh bisa ditulis atawa ditémbongkeun mangrupa gambar/foto. Upamana, guru mintonkeun gambar wangunan kuno, anu hartina kelompok nu kabagéan éta gambar kudu ngobrolkeun wangunan kuno minangka topik/téma pagunemanana. Unggal kelompok dibagi topik/téma paguneman keur dimekarkeun dina téks paguneman nu bakal disusun. Salian ti éta, dina téks pagunemman kudu kaasupkeun cara-cara ngalarapkeun undak-usuk basa Sunda. Kelompok nyusun téks paguneman luyu jeung topik/témana séwangséwangan. Guru ngawadianan sangkan téks paguneman nu disusun ku murid mun dipintonkeun durasina cukup 3-5 menit, sangkan unggal kelompok bisa kagiliran dina sakali lawungan pangajaran. Salila kelompok murid nyusun téks paguneman guru jadi fasilitator. Sabada téks paguneman réngsé disusun ku murid, guru méré pancén ka kelompok keur latihan paguneman luyu jeung téks anu disusun. Unggal kelompok mintonkeun pagunemanana di hareupeun kelas. Heula pandeurina kelompok anu minton gumantung kaparigelan guru. Guru ngawanti-wanti yén dina paguneman téh kudu niténan: a. Kumaha cara muka paguneman anu hadé bari dibarengan ku sasalaman kalawan rengkuh anu hadé luyu jeung kabiasaan urang Sunda b. Nalika paguneman murid kudu maké lentong anu merenah, volume sora anu hadé, sarta wirahma anu ogé merenah. c. Paguneman ulah méngpar teuing tina téks nu geus disusun. Pamekar D Diajar B A S A S U N D A Buku Tuturus Tut Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas X

KAGIATAN PANUTUP Di ahir pangajaran guru méré kasempetan ka murid pikeun ngaréfléksikeun pangajaran. Contona, naon baé mangpaat nu kapetik tina pangajaran paguneman, naon baé kasusah/hahalang dina ieu pangajaran, jeung sajabana. Keur nambahan pangaweruh murid, guru bisa méré tugas tambahan sangkan murid leuwih mikapaham perkara paguneman. Contona nitenan rupa-rupa téks paguneman dina rupa-rupa wangun, niténan basana, situasina, jeung sajaba ti éta. Guru nutup pangajaran kalawan ngajak murid sukuran ka Pangéran réh geus meunang rupa-rupa élmu perkara paguneman dina basa Sunda.

Bab II PITUDUH HUSUS

23

P angajaran

3

BIOGRAFI JEUNG AUTOBIOGRAFI

KAGIATAN AWAL Dina unggal lawungan guru ngabsén murid sarta nyiapkeun pangajaran nu patali jeung biografi. Guru ogé ngajak murid pikeun sukuran ka Pangéran réh geus bisa deui diajar basa Sunda pikeun alat komunikasi jeung papada manusa dina kahirupan sapopoé. Di awal pangajaran guru ogé nerangkeun yén komunikasi papada jalma téh bisa sacara tinulis ku cara nuliskeun rupa-rupa pangalaman hirup anu mangpaat keur bagikeuneun atawa bacaeun batur. Guru ngayakeun tanya jawab jeung murid, upamana nanyakeun saha ngaran lengkep murid, di mana lahir, saha indung bapana, di mana alamatna, préstasin naon nu kungsi kahontal, jeung sajaba ti éta. Kabéh pertanyaan di luhur minangka apersepsi nu diayakeun ku guru méméh asup kana pangajaran biografi. Guru ogé ngajak murid pikeun aub leuwih daria kana matéri biografi ku cara némbongkeun buku atawa gambar jilid buku biografi dina basa Sunda. Sabadana guru ngayakeun tanya jawab keur ngagali pangaweruh awal murid perkara biografi. Guru nepikeun tujuan pangajaran biografi luyu jeung pamaredih Kompeténsi Dasar jeung indikator nu dipiharep. Di antarana baé murid bisa nyebutkeun jenis-jenis (wanda) téks biografi, paham kana unsur-unsuur nu aya dina téks biografi, bisa ngaanalsis unsur biografi tina téks nu dibaca, bisa nyebutkeun mangpaat biografi, sarta bisa nyusun téks biografi/autobiografi kalawan singget maké basa Sunda anu merenah.

24

Pamekar D Diajar B A S A S U N D A Buku Tuturus Tut Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas X

KAGIATAN INTI A.

Maca Téks Biografi

No

1

2 3 4

5 6

B.

Kagiatan Murid diwanohkeun kana dua conto téks biografi: “Ti Kebon kana Carpon” jeung “Antara Karir jeung Rumah Tangga”. Unggal murid sacara individual dipapancénan pikeun maca éta téks di jero haté bari diwawadian sina ngimeutan rupaning aspék nu kakandung dina éta téks. Upamana kecap gaganti ngaran nu digunakeun dina éta téks, soal atawa masalah naon baé nu ditulis dina éta téks, lengkep henteuna informasi anu ditulis, jeung sajaba ti éta. Murid ogé dibéré pancén pikeun nyirian kekecapan anu teu pati dipikapaham hartina sarta dicatetkeun dina buku catetan minangka glosarium. Murid tuluy dititah néangan harti éta kekecapan dina kamus. Murid ngabanding-banding téks biografi kahiji jeung kadua. Guru méré pancén sangkan murid ngajawab pertanyaan pancén 1 dina bagian A. Guru ngabagi murid jadi genep kelompok. Unggal kelompok murid dibéré pancén ngajawab pertanyaan dina hiji kotak tabél. Unggal kelompok murid ngalaporkeun hasil jawabanana séwangséwangan. Sabada hiji kelompok ngalaporkeun jawaban, kelompok séjén dibéré kasempetan pikeun mairan, nanya, atawa méré saran. Unggal jawaban kelompok murid ku guru dikatégorisasikeun sarta dipuseurkeun kana masalah nu baris dipedar dina bagian B.

Biografi, Autobiografi, jeung Otobiografi

No 5

6

Kagiatan Guru méré pancén ka murid maca pedaran dina bagian B kalawan gemet. Sabadana, guru ngajak murid ngaasosiasikeun (menalar) informasiinformasi nu saméméhna kapanggih waktu ngajawab pertanyaan dina Bagian A jeung rupa-rupa informasi dina pedaran Bagian B. Dina ieu tahap, murid boga pamahaman ngeunaan: a. Bédana biografi jeung autobiografi/otobiografi. b. Conto-conto biografi jeung autobiografi tokoh nu kungsi ditulis mangrupa buku sarta disusun maké basa Sunda. c. Rupa-rupa téks biografi anu ditulis keur rupa-rupa kaperluan. Bab II PITUDUH HUSUS

25

C.

Unsur-unsur Biografi

No

Kagiatan

7

Dina bagian C, guru museurkeun pangajaran ngeunaan rupa-rupa informasi nu sok kapanggih dina téks biografi. Dipiharep murid ngaanalisis jeung bisa manggihan éta infromasi minangka bagian tina unsur-unsur biografi. Pangaweruh nu kacangkem ku murid dina ieu bagian jadi penting pikeun latihan nyusun téks biografi.

8

Murid dipapancénan pikeun ngimeutan deui conto biografi nu geus ditandaan unsur-unsurna, ngawengku: a. Ngaran, lalandian, atawa jujulukna. b. Kalahiran jeung asal-usul kulawargana. c. Bentuk fisik jeung pasipatanana. d. Riwayat pendidikan jeung pagawéanana. e. Pikiran atawa gagasanana. f. Karya atawa hasil gawé. g. Préstasi jeung pangajén (penghargaan) nu kungsi katarima. Éta unsur téh henteu sakabehna nyampak dina téks. Ku sabab kitu, éta unsur téh minangka calecer (patokan) baé dina ngaanalisis téks biografi, atawa ukur jadi alat analisis.

9

Guru tuluy méré pancén ka murid ngaanalisis téks biografi “Bapana Si Mamih” dina Bagian C. Pancén dipigawé sacara individual atawa kelompok (2-3 urang). Cara nganalisisna ditandaan saperti conto dina Bagian C. Sabada pancén bérés dipigawé, murid ngabandingkeun hasil analisisna jeung babaturanana atawa jeung kelompok anu séjén. Upama aya bébédaan hasil analisis, guru bisa méré komentar saperluna atawa ngalelempeng.

10

Murid jeung guru nyindekkeun unsur naon baé nu kapanggih dina téks biografi “Bapana Si Mamih”.

D.

Mangpaat Biografi

No

Kagiatan

11

Guru méré pancén ka murid pikeun maca kalawan gemet dadaran “Mangpaat Biografi” dina Bagian D.

26

Pamekar D Diajar B A S A S U N D A Buku Tuturus Tut Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas X

12

Guru ngajak murid ngaasosiasikeun rupa-rupa pangaweruh nu kapanggih dina Bagian D jeung téks-téks biografi anu kungsi kabaca saméméhna. Nepi ka murid boga pamahaman yén mangpaat biografi enya-enya karasa ku dirina sabada maca téks biografi hiji tokoh.

13

Murid tulu dibéré pancén sacara individual pikeun maca téks biografi dina tabel pancen 3 sarta ngajawab pertanyaanana ku cara ngeusian titik-titik dina kolom tabél. Utamana, murid disina museurkeun jawabanana kana pieunteungeun (teladan) nu kapetik tina téks biografi “Diajar Ngaji”.

E.

Ngaanalisis Téks Biografi

No

Kagiatan

14

Sabada maca pedaran jeung ngajawab soal latihan dina bagian D, guru méré pancén ka kelompok murid pikeun ngaanalsis téks biografi sacara mandiri.

15

Téks biografi nu bakal dianalisis ku murid bisa ditéangan dina koran/ majalah, buku, atawa tina internét. Bisa baé éta téks téh disadiakeun ku guru, anu penting téks nu bakal dianalisis ku murid henteu sarua.

16

Murid dibagi jadi sawatara kelompok (sakelompokna 4-5 urang) sarta unggal kelompok murid disina ngaanalisis téks nu béda-béda. Alat analisisna nyaéta pertanyaan nu aya dina pancén 4.

17

Murid migawé pancén sarta guru jadi fasilitator.

18

Sabadana, unggal kelompok murid disina nepikeun hasil diskusi kelompokna sacara bagilir di hareupeun kelas. Dina éta présentasi, unggal kelompok bisa silih pairan.

F.

Nyusun Téks Biografi

No

Kagiatan

19

Guru nerangkeun yén dina ieu bagian murid bakal dibéré pancén pikeun nyusun téks biografi singget. Dijelaskeun yén biografi singget téh kadang-kadang perlu ditulis ku hiji jalma pikeun rupa-rupa kaperluan. Upamana keur buku memori sakola, buku karya sorangan, keur skripsi, jeung sajaba ti éta. Bab II PITUDUH HUSUS

27

20

Guru ngajelaskeun tugas nu kudu dipigawé ku murid sacara individual. Tugasna nyusun biografi babaturan. Ari babaturan nu kudu ditulis biografina bisa diluyukeun jeung daftar absén. Upamana absén kahiji nyusun biografi absén kadua, absén kadua nyusun biografi absén katilu jeung saterusna, nepi ka absén paangahirna kudu nyusun biografi murid absén kahiji.

21

Biografi anu disusun kudu singget, cukup sakaca kertas ukuran A4. Dina éta biografi kudu kakandung unsur-unsur biografi saperti anu geus dijelaskeun dina bagian C, judulna kudu narik, sarta sangkan narik rupana alus lamun diémbohan ku foto murid nu ditulis biografina.

22

Tahap-tahap migawé tugas nyaéta: a. Wawancara heula babaturan nu rék ditulis biografina. b. Pertanyaan wawancara dimekarkeun tina tujuh unsur biografi nu geus diterangkeun dina bagian C. c. Sanggeus datana kakumpulkeun tuluy disusun jadi karangan biografi nu ditulis maké susunan paragraf naratif. d. Dina nuliskeun karangan biografi kudu ngéstokeun ejahan anu bener sarta ngagunakeun basa Sunda anu merenah. e. Judulan éta karangan biografi maké judul anu matak kataji nu maca sarta diémbohan ku foto. Judulna upamana: “Aldi Si Jago Baskét”, “Néni Juara Kelas”, jeung sajaba ti éta. f. Sabada sakabéh biografi bérés disusun, hijikeun sarta dijilid jadi buku kumpulan biografi murid sakelas.

23

Salila murid nyusun karangan biografi, guru ngabingbing jeung jadi fasilitator, sarta mantuan rupa-rupa kasulitan nu kapanggih ku murid salila migawé pancén.

KAGIATAN PANUTUP Dina kagiatan panutup guru méré kasempetan ka murid pikeun ngaréfléksikeun pangajaran. Contona, naon baé mangpaat nu kapetik tina pangajaran biografi?; Naon baé kasusah/hahalang dina ieu pangajaran?; Naha carana urang salaku guru geuss nepikeun pangajaran kalawan hadé jeung kaharti ku murid?; jeung sajaba ti éta. Guru méré saran sangkan murid resep maca biografi hiji tokoh sarta manggihan mangpaat atawa hikmah tina éta biografi. Kadang-kadang urang 28

Pamekar D Diajar B A S A S U N D A Buku Tuturus Tut Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas X

meunang informasi anu hadé, upamana yén katekunan jeung gawé rancagé téh hasilna sok ngabuhakeun kasuksésan hirup. Atawa, hirup téh butuh perjuangan jeung gawé anu toh-tohan (kerja keras). Dina basa Sunda aya paribasa “manuk hiber ku jangjangna, jalma hirup ku akalna”. Éta kabéh téh sok kapanggih ku urang dina biografi hiji tokoh atawa inohing anu sohor. Ku hal éta, guru perlu méré saran sangkan murid rajin macaan biografi, boh nu mangrupa buku, boh nu ditulis dina majalah/koran, atawa nu kapanggih dina internét. Dina nutup pangajaran guru umajak ka murid pikeun sukuran ka Pangéran réh geus meunang rupa-rupa élmu perkara biografi, utamana nu ditulis dina basa Sunda.

Bab II PITUDUH HUSUS

29

P angajaran

4

AKSARA SUNDA

KAGIATAN AWAL Dina unggal lawungan guru ngabsén murid sarta nyiapkeun pangajaran nu patali jeung aksarra Sunda. Guru ogé umajak ka murid pikeun sukuran ka Pangéran réh geus bisa deui diajar basa Sunda pikeun alat komunikasi jeung papada manusa dina kahirupan sapopoé. Lian ti éta perlu sukuran ka Gusti lamun urang dipaparinan anugrah basa anu unik, nu némbongkeun jati diri urang Sunda, sarta bisa dimangpaatkeun keur rupa-rupa kaperluan. Dina lawungan awal guru nerangkeun yén pangajaran anu rék ditepikeun téh perkara aksara Sunda sarta naon pentingna aksara Sunda kudu diulik. Guru némbongkeun rupa-rupa média (gambar atawa rékaman vidio) anu ngébréhkeun kumaha aksara Sunda dimangpaatkeun keur rupa-rupa kaperluan. Upamana baé gambar/foto plang ngaran jalan nu maké aksara Sunda, beus nu desain warugana maké aksara Sunda, desain kaos nu ngamangpaatkeun aksara Sunda, lukisan atawa ukiran aksara Sunda. Diterangkeun ogé ku Guru mun kiwari geus réa jalma anu katarik pikeun mikawanoh sarta diajar nulis jeung maca aksara Sunda. Sosialisasi ngagunakeun aksara Sunda ogé geus réa diayakeun, boh ku pamaréntah daérah boh ku masarakat sacara mandiri. Guru ogé nepikeun tujuan pangajaran aksara Sunda luyu jeung pamaredih Kompeténsi Dasar jeung indikator nu dipiharep. Di antarana baé murid bisa nyebutkeun katégorisasi aksara Sunda kaganga (aksara ngalagena, aksara swara, rarangkén, jeung angka), bisa nulis kecap jeung kalimah ngagunakeun aksara Sunda kalawan ngéstokeun tata tulisna anu bener jeung merenah, bisa maca téks pondok nu ditulis maké aksara Sunda, bisa nyieun kréasi basajan nu ngamangpaatkeun aksara Sunda, sarta bisa mintonkeun hasil kréasina di lingkungan sakola.

30

Pamekar D Diajar B A S A S U N D A Buku Tuturus Tut Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas X

KAGIATAN INTI A.

Maca Téks Aksara Sunda

No

Kagiatan

1

Guru ngawanohkeun dua wacana nu ditulis ku aksara Sunda anu kudu dibaca ku murid. Guru ngélingan deui yén di kelas IV (SD) jeung di kelas VII (SMP) murid kungsi diajar ngeunaan aksara Sunda. Pangajaran aksara Sunda di SMA ngan ukur nuluykeun atawa ukur ngajembaran pangajaran aksara Sunda anu ti heula. Ku hal éta, murid dianggap geus mikawanoh pangaweruh jeung téhnik dasar tata tulis sarta cara maca aksara Sunda kaganga.

2

Murid ngawangun kelompok (4-5 urang) sarta babarengan jeung kelompokna migawé pancen 1. Dina migawé pancén murid dibantuan ku guru nginget-nginget deui tata-tulis aksara Sunda kaganga. Saupama perlu, guru nerangkeun deui aturan tata-tulis aksara Sunda kaganga, malikan pangajaran di SD jeung SMP. Sabadana, murid midangkeun hasil gawé kelompokna ku cara diprésentasikeun ku juru catur kelompok. Salila présentasi guru jadi fasilitator keur ngalelempeng atawa nyimpulkeun hasil gawé kelompok. Jawaban pancén 1 téh kira-kira kieu: a. Transliterasi Tukeuran Ieu Sajak Karya Yus Rusyana Tukeuran ieu sajak Ku salambar simbut atawa samak saheulay Heug rungkupkeun ka barudak nu teu kaburu heuay Patinggolépak dina trotoar Tukeuran ieu sajak ku béas wuluh atawa heucak Heug sidkahkeun ka nu haropak Nu marangkuk di saung atawa di kolong sasak Tukeuran ieu sajak Ku sababaraha siki pélor Heug témbakkeun ka genggerong koruptor manipulator Sina enya kalojor Tukeuran ieu sajak Ku beubeutian tina kolbu anu rido Keur nyébor anu balangsak (mun teu kitu sasaak) Bab II PITUDUH HUSUS

31

b. Jenis wacana Éta téks téh wacana puisi atawa sajak c. Eusi Eusina nyaritakeun kateuadilan anu kasaksian ku panngarang. Di hiji pihak aya nu sangsara jeung balangsak hirupna, sedengkeun di hiji pihak deui aya koruptor jeung manipulator anu ngagalaksak duit jeung hak rayat. Panyajak nawarkeun sajakna keur ditukeurkeun ka beubeutian, beas, simbut jueng ruparupa barang séjénna anu bisa disumbangkeun ka nu balangsak. Panyajak ogé hayang nukeurkeun sajakna jeung sababaraha siki pélor keur ditémbakkeun ka koruptor jeung manipulator. Lamun sajakna teu bisa ditukeurkeun, cenah leuwih hadé éta sajak téh sasaak baé.

3

Jawaban pancén 2 téh kira-kira kieu: a. Transliterasi Cara nyieun Langlayangan Nyieun langlayangan téh henteu hésé, asal urang leukeun jeung daék baé. Teu kudu meuli ka warung saenyana mah, da bahan-bahan keur nyieun langlayangan téh nyampak di sabudeureun urang. Mimitina nyieun raragana heula. Bahanna tina awi atawa nyéré. Palangkeun éta awi atawa nyéré téh sarta talian ku benang. Geus kitu tungtung-tungtungna sambungkeun ku benang nu dipanteng. Léngkah satuluyna nyaéta masangkeun keretas keur awak langlayangan. Ukur keretasna luyu jeung ukuran raragana téa. Gunting sisi-sisina sésakeun kira-kira sasénti legana keur dilipetkeun kana benang raraga. Geus kitu mah kari dielém kana benang téa nepi ka jadi langlayangan nu siap diapungkeun. Urang kari nambahan benang kakamahna jeung kenur keur ngapungkeunana. b. Jenis Wacana Karangan éksposisi (pedaran) nu nerangkeun kumaha nyieun langlayangan ku sorangan. c. Eusi Nerangkeun léngkah-léngkah (tahap-tahap) nyieun langlayangan, ti mimiti nyieun raragana, ngelém keretasna, jeung ngenuranana.

32

Pamekar D Diajar B A S A S U N D A Buku Tuturus Tut Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas X

4

Keur ngasah kamampuh maca aksara Sunda kaganga, murid dibéré tugas tambahan keur mikapaham eusi poster dina pancen 2. Sabadana unggal kelompok midangkeun pamanggihna ngeunaan eusi éta poster. Jawaban pancén 2 téh kira-kira kieu: a. Éta téh poster pariwara (iklan) anu nawarkeun produk otomotif mangrupa motor bak mérek “Kancil”. b. Déskripsina: Kancil, motor bak buatan urang Garut. Tepangan déler nu pangcaketna di kota sadérék atawa tepangan Galura Motor, Jl. Papandayan Nomer 43 Garut telepon 0262-112235. Mirah pangaosna ageung gunana, motor bak pangénggalna, sanés alat transportasi biasa. Spésifikasina: mesin 4 tax, rubak bak 1,5 x 2 m, rém cakram, pélk racing, kapasitas angkut 200 kg.

5

Guru nyindekkeun rupaning hal tina hasil diskusi kelompok, upamana nyindekkeun kumaha bédana tata-tulis aksara Sunda kaganga jeung tata-tulis aksara Latén.

B.

Mikawanoh Aksara Sunda

No 6 7

8

C.

Kagiatan Guru némbongkeun deui rupa-rupa conto gambar, foto, atawa rékaman anu ngamangpaatkeun aksara Sunda minangka média grafis atawa tulisan. Guru jeung murid ngayakeun tanya jawab perkara rupaning hal patali jeung aksara Sunda nu aya dina gambar, foto, atawa rékaman. Guru ogé nitah murid nyobaan maca aksara Sunda nu aya dina éta média. Guru nitah murid ngaasosiakeun rupaning hal nu aya dina gambar, foto, atawa rékaman jeung kaayaan di lingkungan sabudeureunana. Dina tahap ngaasosiasikeun, bisa baé timbul tanya jawab deui jeung murid.

Paham Sajarah Aksara Sunda

No

Kagiatan

9

Guru méré pancén ka murid maca kalawan gemet pedaran dina bagian B (sub-bab “Paham Sajarah Aksara Sunda”). Bab II PITUDUH HUSUS

33

10

Salila maca murid nyirian kekecapan anu kurang dipikaharti sarta éta kekecapan kudu dicatet deui jeung disusun dina buku catetan mangrupa glosarium. Guru méré pancén ka murid pikeun néangan harti éta kekecapan dina Kamus Basa Sunda atawa kamus online di internét. Murid nyindekkeu pedaran dina bagian B ku cara nuliskeun pointerpointer ngeunaan hal-hal penting patali jeung sajarah aksara Sunda. Bisa ogé guru méré pancén ka murid nyieun time-line (garis waktu) keur ngagambarkeun sajarah aksara Sunda nepi ka kagambarkeun sajarahna kalawan tétéla. Contona:

11

12

D. No

13

14

34

Murid dibéré kasempetan keur ngayakeun tanya jawab perkara hal-hal nu tacan kaharti patali jeung sajarah aksara Sunda.

Nyalin Téks Aksara Sunda Kagiatan Guru méré katerangan singget ngeunaan hal-hal penting dina nyalin aksara Latén kana aksara Sunda. Utamana opat pituduh penting dina bagian D (variasi aksara, ngaéféktifkeun rarangkén, cara nulis angka, jeung cara ngatur anggang spasi). Guru méré pancén individual ka murid. Saméméhna murid dibagi jadi dua kelompok gedé. Kelompok kahiji nyalin téks bagian (a) jeung kelompok kadua nyalin téks bagian (b). Sabada réngsé nyalin téksna masing-masing, murid disina ngakurkeun hasil pagawéanana sorangan jeung batur sakelompokna. Nepi ka lamun aya kasalahan-kasalahan dina nyalin téks bisa dikoréksi ku babarengan. Pamekar D Diajar B A S A S U N D A Buku Tuturus Tut Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas X

15

Murid masrahkeun hasil pagawéanana ka guru sarta guru méré koméntar saperluna kana hasil pagawéan murid. Upamana perkarasa akurasi milih aksara jeung rarangkén, ukuran aksara, spasi, jeung aspékaspék tata-tulis séjénna.

16

Guru méré aprésiasi ka murid anu pagawéanana dina nyalin aksara Latén kana aksara Sunda dianggap hadé atawa leuwih punjul ti pagawéan babaturanana anu séjén.

E.

Ngagunakeun Aksara Sunda

No

Kagiatan

17

Guru nerangkeun heula yén aksara Sunda ogé bisa dimangpaatkeun keur nyiptakeun rupa-rupa kréasi. Wangunnna kréasina bisa desain produk, lukisan, plang ngaran jalan atawa tempat, jeung sajaba ti éta. Atuh bentuk tulisanana bisa dikréasikeun mangrupa kaligrafi atawa wordart.

18

19

20

Guru tuluy ngabagi murid jadi sawatara keelompok. Unggal kelompok anggotana 3-4 urang murid. Pancén kelompok diterangkeun dina pancén 4 bagian E, nyaéta nyieun rupa-rupa kréasi maké aksara Sunda. unggal kelompok nyieun produk anu béda-béda, upamana: - Kelompok I : nyieun desain kaos. - Kelompok II : nyieun desain cangkir, gelas, atawa piring. - Kelompok III : nyieun desain poster. Upamana poster miara lingkungan, poster anti narkoba, poster pestival budaya Sunda, jsb. - Kelompok IV : nyieun plang ngaran jalan, ngaran gedong, atawa ngaran-ngaran tatangkalan. Médiana bisa kaos, piring, gelas, kertas karton, duplék, triplék, spidol, cat poster, cat air, jeung sajabana. Hadéna kaperluan bahan atawa média dibéwarakeun ku guru saméméhna sangkan dina prakna migawé pancén murid kari ngalaksanakeun. Murid migawé pancénna séwang-séwangan. Dina ieu prosés guru jadi fasilitator atawa ngabingbing bisi murid manggihan kasulitan atawa aya hal-hal anu perlu ditanyakeun/dikonsultasikeun. Sanggeus pagawéan unggal kelompok bérés ku guru langsung dipeunteun langsung sarta murid dibéré pamuji luyu jeung hasil pagawéanana séwang-séwangan. Bab II PITUDUH HUSUS

35

21

Hasil pagawéan kelompok murid tuluy dipamérkeun di kelas atawa di luar kelas sangkan diaprésiasi ku warga sakola. Upama hasilna mangrupa plang bisa langsung ditémpélkeun di tempat-tempat anu merenah.

KAGIATAN PANUTUP Dina nutup unggal lawungan guru méré kasempetan ka murid pikeun ngaréfléksikeun pangajaran. Contona, naon baé mangpaat nu kapetik tina pangajaran aksara Sunda, naon baé kasusah/hahalang dina ieu pangajaran, jeung sajabana. Guru ogé bisa méré tugas mandiri sangkan murid getol latihan maca jeung nulis aksara Sunda, atawa ngagunakeun aksara Sunda keur rupa-rupa kaperluan. Guru nutup pangajaran kalawan ngajak murid sukuran ka Pangéran réh geus meunang rupa-rupa élmu perkara aksara Sunda anu unik sarta jadi jati diri jeung kabeungharan kabudayaan Sunda.

36

Pamekar D Diajar B A S A S U N D A Buku Tuturus Tut Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas X

P angajaran

5

DONGÉNG

KAGIATAN AWAL Dina unggal lawungan guru ngabsén murid sarta nyiapkeun pangajaran nu patali jeung dongéng. Guru ogé ngajak murid pikeun sukuran ka Pangéran réh geus bisa deui diajar basa Sunda pikeun alat komunikasi jeung papada manusa dina kahirupan sapopoé. Guru ogé nerangkeun yén basa Sunda téh basa nu diwariskeun ku karuhun urang ku rupa-rupa cara. Di antarana basa Sunda diwariskeun ngaliwatan dongéng-dongéng nu leubeut ku piwuruk. Ku hal éta, miara basa Sunda hartina nyalametkeun rupaning piwuruk jeung kaarifan lokal nu diwariskeun ku karuhun urang. Dina lawungan awal guru ngagali pangaweruh murid ku cara ngayakeun tanya jawab sabudeureun dongéng. Upamana ditanyakeun dongéng naon baé nu apal kénéh? Ti saha éta dongéng sumberna jeung iraha meunangna? Meunang pangajaran naon urang tina éta dongéng? Jeung sajaba ti éta. Guru ogé ngajak murid pikeun aub leuwih daria kana matéri dongéng ku cara nyebutan sawatara dongéng nu kasohor. Upamana dongéng Si Kabayan, Dongeng Sasakala Tangkuban Parahu, atawa dongéng lokal nu murid apal. Di awal lawuungan guru nepikeun tujuan pangajaran dongéng luyu jeung pamaredih Kompeténsi Dasar jeung indikator nu dipiharep. Di antarana baé murid bisa nyebutkeun katégorisasi (jenis-jenis) dongéng, bisa paham ciri-ciri jeung struktur carita dongéng, bisa ngaanalisis ciri-ciri dongéng nu nyampak dina conto dongéng, bisa nangtukeun jenis dongéng dumasar kana papasinganana, bisa nganalisis struktur carita dongéng nu dibacana, sarta ngaéksprésikeun dongéng pondok di hareupeun kelas.

Bab II PITUDUH HUSUS

37

KAGIATAN INTI A.

Maca Téks Dongéng

No

Kagiatan

1

Murid diwanohkeun kana dua conto téks dongéng. Murid dipapancénan pikeun maca éta téks di jero haté bari diwawadian sina ngimeutan rupaning aspék nu kakandung dina éta téks. Upamana basa nu digunakeunana, struktur caritana, jeung sajaba ti éta.

2

Murid ngabanding-banding téks dongéng kahiji jeung kadua.

3

Guru ngabagi murid jadi opat kelompok keur migawé pancén 1 bagian A. Dijelaskeun ogé yén tugas analisis dina pancén 1 téh tujuanana sangkan murid leuwih paham kana papasingan jeung ciriciri dongéng. Guru nerangkeun pancén keur unggal kelompok. Kelompok kahiji nganalisis aspék kahiji (palaku dongéng) nu nyampak dina dongéng ka-1 jeung ka-2. Kelompok kadua nganalissis aspék kadua, jeung saterusna. Upama dibagankeun mah tugas kelmpok téh kieu:

4

5

Unggal kelompok nunjuk salah saurang anggota pikeun jadi juru catur keur midangkeun (ngaprésentasikeun) hasil diskusi kelompokna di hareupeun kelas.

6

Sabada unggal kelompok bérés ngaanalisis, juru catur kelompok sacara bagulir neikeun hasil analisis. Waktu juru catur hiji kelompok midangkeun hasil diskusi, kelompok séjén bisa mairan atawa nanya, nepi ka timbul diskusi kelompok nu leuwih lega. Dina ieu prosés guru ngabingbing jeung nuyun jalanna diskusi nepi ka murid meunang pangaweruh anu kompréhénsif ngeunaan dongéng sarta meunang pangalaman padungdengan dina diskusi.

7

Guru nyindekkeun hasil diskusi.

38

Pamekar D Diajar B A S A S U N D A Buku Tuturus Tut Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas X

B.

Papasingan Dongéng

No

8

Kagiatan Guru méré pancén ka murid maca pedaran dina bagian B (sub-bab papasingan dongéng) kalawan gemet. Guru ogé nitah murid nyirian kekecapan anu kurang dipikapaham hartina, sarta nyatetkeun éta kekecapan dina buku catetan nepi ka jadi glosarium sarta ditéangan hartina dina kamus. Guru ngajak murid ngaasosiasikeun rupaning pangaweruh nu nyampak dina bagian C jeung pangalaman sarta pangaweruh anu kacangking dina diskusi saméméhna. Sacara individual murid tuluy disina migawé pancén 2, nepi ka murid jadi paham kagolong kana jenis naon dongéng kahiji jeung kadua téh. Jawaban murid téh kira-kira kieu: Téks Dongéng

9

Golongan Dongéng

Dongéng ka-1 Dongéng Parabel Paménta Tilu Rupa Dongéng ka-2 Manuk Titiran jeung Nyiruan

10

C.

Dongéng Fabel

Alesanana Sabab palakuna jalma biasa, atawa nyaritakeun kahirupan jalma di masarakatna. Sabab palakuna di dinya mah lain baé jalma, tapi ogé nyiruan jeung manuk titiran (sato).

Guru nyindekkeun hasil diskusi.

Ciri-ciri Dongéng

No

Kagiatan

11

Guru nitah murid maca pedaran dina bagian C (ciri-ciri dongéng) kalawan gemet. Guru ogé nitah murid nyirian kekecapan anu kurang dipikapaham hartina, sarta nyatetkeun éta kekecapan dina buku catetan nepi ka jadi glosarium sarta ditéangan hartina dina kamus.

12

Guru ngajak murid ngaasosiasikeun pangaweruh jeung pangalaman diajar dongéng anu geus nyampak saméméhna jeung pangaweruh anyar nu didadarkeun dina bagian C. Utamana, guru museurkeun panitén murid kana ciri-ciri dongéng anu umum kapanggih dina téks-téks dongéng nu geus dibaca saméméhna. Bab II PITUDUH HUSUS

39

D.

Ngaanalisis Téks Dongéng

No

13

14

15

16

Kagiatan Pikeun ngalatih jeung nguji pamahaman murid ngeunaan papasingan jeung ciri-ciri dongéng sakumaha anu geus dipedar dina bagian saméméhna, guru méré pancén ka murid ngaanlisis dongéng “Putri Uyah”. Alat analisisna nyaéta pertanyaan-pertanyaan dina pancén 3. Guru ngawanohkeun heula dadaran pancén 3 jeung téks dongéng “Putri Uyah” nu aya dina bagian D. Sacara individual murid dititah maca kalawan gemet dadaran pancén. Sabadana murid dititah maca di jero haté dongéng “Putri Uyah”. Guru tuluy nerangkeun léngkah-léngkah migawé pancén. Anu tahaptahapna kieu: a. Murid dibagi jadi sawatara kelompok diskusi (sakelompokna 4-5) urang. b. Unggal-unggal kelompok kudu migawé pancén 3. c. Di unggal kelompok kudu aya juru catur anu engké baris kapapancénan ngalaporkeun hasil gawé kelompok. Bisa ogé laporan dilaporkeun sacara bagilir ku anggota kelompok. d. Murid tuluy diskusi keur ngajawab pertanyaan pancén 3. e. Sabada bérés ngajawab pertanyaan, unggal kelompok diskusi ngalaporkeun hasil diskusi kelompokna sacara bagilir. Murid ngalaksanakeun diskusi kelompok. Guru tuluy nitah wawakil kelompok ngaprésentasikeun laporann hasil diskusi. Unggal laporan kelompok ku guru dicatét dina tabél di bor atawa dina komputer anu ditayangkeun maké proyéktor pikeun ngagambarkeun sasaruaan jeung bébédaan hasil diskusi kelompok. Contona: Kelompok

Jenis dongéng

Bagian nu pamohalan

Struktur carita

Naséhat dongéng

Babandingan dongéng

Palaku: Raja, anak-anakna, pangéran. Galurna: maju. Latar tempat: di karajaan. Latar waktu: jaman baheula.

Ulah sok salah sangka. Alusna lamun rék méré tindakan téh dipikiran heula. Atawa, ulah ngagap réméh kana hal-hal nu laleutik.

……......... ................

Parabel

Maenya aya kolot telengestelenges teuing ngusir anakna sorangan ka leuweung.

17

1

40

Pamekar D Diajar B A S A S U N D A Buku Tuturus Tut Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas X

2 3 4 Jst.

18 19

E. No

20

21

22

23

24

…… …… ……

…… …… ……

…… …… ……

…… …… ……

…… …… ……

Guru nyindekkeun hasil diskusi jeung ngaasosiasikeun pangaweruh jeung pangalaman murid dina ngaanalisis dongéng jeung pedaranpedaran saméméhna. Sabadana, guru méré “tugas mandiri terstruktur” (TMT) ka murid. Tugasna nyaéta pancén 4 dina bagian D.

Ngaéksprésikeun Dongéng Kagiatan Dina bagian E, guru ngalatih murid pikeun bisa ngadongéng (nepikeun atawa ngaéksprésikeun dongéng). Saméméhna guru nerangkeun heula kumaha téhnik ngadongéng anu hadé, dumasar kana référénsiréférénsi anu aya. Contona anu kungsi ditepikeun ku Elin Syamsuri, salah sahiji ahli ngadongéng. Guru tuluy méré conto ngadongéng anu hadé. Bisa dicontoan ku sorangan, atawa ngamangpaatkeun media, upamana rekaman CD atawa vidio meunang nyokot ti internét. Guru tuluy ngawanohkeun téks dongéng “Irtasan Meunang Kuntul” nu aya dina bagian E, sarta nitah murid maca heula éta téks di jero haté. Guru ngayakeun diskusi singget jeung murid perkara kumaha téhnik nu alus keur ngadongéngkeun carita “Irtasan Meunang Kuntul”. Alus lamun dicontoan heula ku guru. Guru tuluy nitah hiji murid pikeun ngaéksprésikeun atawa ngadongéngkeun deui carita “Irtasan Meunang Kuntul” di hareupeun kelas. Sabadana guru ngayakeun deui diskusi jeung murid dina raraga ngaévaluasi cara murid ngadongéng. Guru tuluy méré pancén ka murid pikeun ngadongéng hareupeun kelas kalawan katangtuan ieu di handap: a. Unggal murid kudu ngadongéng di hareupeun kelas. b. Dongéngna pilih anu pondok sarta bisa didongéngkeun kalawan durasi waktu antara 3-4 menit. Bab II PITUDUH HUSUS

41

25

26

c. Dina ngadongéng kudu niténan lentong, wirahma, bedasna sora, jeung rigig atawa peta nu merenah. d. Alusna mah dongéngna diapalkeun, tapi lamun tacan apal bisa bari mawa téks. Bisa baé dicatetkeun point-point caritana wungkul. Guru méré kasempetan ka murid pikeun milih dongéng jeung latihan.

27

Guru tuluy nitah murid ngadongéng saurang-saurang di hareupeun kelas. Giliranana mah bisa diacak baé ngarang murid siap nepikeun dongéngna. Salila murid ngadongéng, guru meunteun maké rubrik peunteun ngadongéng.

28

Sabada murid kabéh kagiliran ngadongéng, guru méré évaluasi, jeung nepikeun pujian ka murid-murid anu dina carana ngadongéng dianggap pangalusna.

KAGIATAN PANUTUP Dina nutup unggal lawungan guru méré kasempetan ka murid pikeun ngaréfléksikeun pangajaran. Contona, naon baé mangpaat nu kapetik tina pangajaran dongéng, naon baé kasusah/hahalang dina ieu pangajaran, jeung sajabana. Guru ogé bisa méré tugas tambahan sangkan murid leuwih mikaresep dongéng minangka bagian tina warisan karuhun nu loba ngandung amanat (naséhat) hadé. Guru nutup pangajaran kalawan ngajak murid sukuran ka Pangéran réh geus meunang rupa-rupa élmu perkara dongéng dina basa Sunda.

42

Pamekar D Diajar B A S A S U N D A Buku Tuturus Tut Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas X

P angajaran

6

CARITA WAYANG KAGIATAN AWAL Dina unggal lawungan guru ngabsén murid sarta ngajak murid pikeun sukuran ka Pangéran réh geus bisa deui diajar basa Sunda pikeun alat komunikasi jeung papada manusa dina kahirupan sapopoé. Guru ogé nerangkeun yén basa Sunda téh basa nu diwariskeun ku karuhun urang ku rupa-rupa cara. Di antarana basa Sunda diwariskeun ngaliwatan carita wayang nu leubeut ku siloka kahirupan. Ku hal éta, miara basa Sunda ngaliwatan carita wayang hartina nyalametkeun rupaning siloka hirup, boh nu alusna boh nu goréngna, keur pieunteuengeun. Carita wayang ogé bisa méré hiburan ngaliwatan pagelaran wayang golék nu biasa kapanggih di lingkungan masarakat. Di lawungan awal guru bisa ngagali pangaweruh murid ngeunaan carita wayang dina raraga ngayakeun apersepsi. Upmana ku nepikeun pertanyaan: naha kungsi lalajo wayang? Naon caritana? Mun teu kungsi lalajo sacara langsung, tina naon ngabandunganana, naha tina CD, acara televisi atawa radio, atawa tina media séjén? Jeung sajabana ti éta. Guru tuluy museurkeun perhatian murid kana matéri carita wayang nu rék diguar. Di awal pangajaran guru ogé nepikeun tujuan pangajaran luyu jeung kompetensi dasar sarta indikator nu hayang dihontal. Di antarana baé murid bisa ngabédakeun carita wayang jeung carita-carita séjénna, upamana jeung carita dongeng atawa carita pondok. Murid ogé bisa ngaanalisis carita wayang, boh strukturna boh mana caritana. Murid ogé

KAGIATAN INTI A.

Mikawanoh Carita Wayang

No

Kagiatan

1

Murid diwanohkeun kana carita wayang nu mangrupa teks carpon karangan Saléh Danasasmita, nu judlna “Kumbakarna”. Dijelaskeun yén salian ti nyebar dina pagelaran wayang golek, carita wayang ogé nyebar ngaliwatan carita lisan, wawacan, atawa ngaliwatan teks-teks samodél novel jeung carita pondok. Bab II PITUDUH HUSUS

43

2

3

4

5

5

Murid dipapancénan pikeun maca éta téks di jero haté bari diwawadian sina ngimeutan rupaning aspék nu kakandung dina éta téks. Upamana basa nu digunakeunana, struktur caritana, jeung sajaba ti éta. Murid nandaan jeung nyusun kekecapan anu kurang kaharti sarta disusun mangrupa glasorium tur ditéangan hartina dina kamus basa Sunda. Ieu usaha téh minangka bagian keur ngajembaran kabeungharan kecap basa Sunda nu kudu kacangkem ku murid. Guru ngabagi murid jadi opat kelompok keur ngajawab rupaning pertanyaan dina pancén 1 bagian A. Dijelaskeun yén tugas ngajawab pertanyaan dina pancén 1 téh tujuanana sangkan murid leuwih paham kana carita wayang anu nyampak dina téks. Guru nerangkeun pancén keur unggal kelompok. Minangka alternatif, pertanyaan dina Pancén 1 bisa dibagi-bagi ka opat kelompok, luyu jeung hésé babarina pertanyaan. Upamana baé: - Kelompok 1 ngajawab pertanyaan nomer 1 jeung 2. - Kelompok 2 ngajawab pertanyaan nomer 3, 4, jeung 5. - Kelompok 3 ngajawab pertanyaan nomer 6. - Kelompok 4 ngajawab pertanyaan nomer 7 Unggal kelompok nunjuk salah saurang anggota pikeun jadi juru catur keur midangkeun (ngaprésentasikeun) hasil diskusi kelompokna di hareupeun kelas.

6

Sabada unggal kelompok bérés ngajawab pertanyaan, juru catur kelompok sacara bagulir nepikeun hasil analisis. Waktu juru catur hiji kelompok midangkeun jawabanana, kelompok séjén bisa mairan atawa nanya upama aya hal-hal nu perlu dipadungdengkeun, nepi ka timbul diskusi kelompok nu leuwih lega. Dina ieu prosés guru ngabingbing jeung nuyun jalanna diskusi nepi ka murid meunang pangaweruh anu kompréhénsif ngeunaan carita wayang nu dibaca sarta meunang pangalaman padungdengan dina diskusi.

7

Guru nyindekkeun hasil diskusi.

B.

Pedaran Carita Wayang

No

Kagiatan

8

Guru méré pancén ka murid maca pedaran dina bagian B ngeunaan carita wayang kalawan gemet.

44

Pamekar D Diajar B A S A S U N D A Buku Tuturus Tut Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas X

9

Sabadana, guru ngajak murid ngaasosiasikeun (menalar) informasiinformasi nu nyampak pedaran jeung pangaweruh anu mungkin baé geus kacangkem ku murid. Dina ieu tahap, murid boga pamahaman ngeunaan: a. Rupa-rupa carita wayang, utamana anu babonna tina carita Mahabarata (karangan Vyasa) jeung Ramayana (karangan Walmiki). b. Bébédaan carita wayang nu cere ti India jeung carita wayang nu nyampak dina hasanah kabudayaan Sunda, utamana anu sok dipagelarkeun dina wayang golek. c. Nyangkem rupa-rupa informasi ngeunaan sumber-sumber carita wayang nu nyampak dina kabudayaan Sunda. Upamana baé tina novel, carita pondok, wawacan, sempalan carita wayang, pagelaran wayang golek (langsung atawa rekaman), jeung sajaba ti éta.

10

Murid bisa ogé dipapancénan pikeun néangan sumber informasi séjén ngeunaan carita wayang, upamana tina internét, buku, kliping koran, atawa sumber séjénna. Alus deuih upama aya diskusi terbuka atawa taanya jawab pikeun ngajembaran pangaweruh murid ngeunaan unakanik carita wayang.

C.

Ngabédakeun Carita Wayang jeung Dongéng

No

Kagiatan

11

Guru ngabagi murid jadi opat nepi ka genep kelompok (alusna jangkep) pikeun migawé pancen 2 dina bagian C, nyaéta néangan sasaruaan jeung bébédaan antara carita wayang jeung carita dongéng. Minangka sastra heubeul, tangtu antara carita wayang jeung carita dongéng téh aya sasaruaanana. Tapi minangka carita anu boga kaunikan séwangséwangan, duanana boga bébédaan. Murid diaping ku guru pikeun manggihan éta sasaruaan jeung bébédaan dina prosés diskusi. Guru nerangkeun tugas masing-masing kelompok. Kelompok jangkep ditugaskeun keur néangan sasaruaan antara carita wayang jeung carita dongéng. Sedengkeun kelompok ganjil ditugaskeun keur néangan bébédaanana. Bahan keur babandinganana bisa mukaan deui carita dongéng dina bab saméméhna, anu tuluy disandingkeun jeung carita wayang nu nyampak dina bab 6. Bab II PITUDUH HUSUS

45

Dina ngaanalisis atawa ngabanding-banding, kelompok murid bisa ngagunakeun tabel dina pancén 2 atawa pancén 4, atawa mun diperlukeun guru bisa nyieun instrumén sorangan (mangrupa tabél atawa wangun séjén) anu kudu dieusian ku murid. Upamana maké tabel siga ieu di handap minangka lembar kerja murid: Sasaruaan Dongéng

Carita Wayang

1. 2. 3. 4. 5.

1. 2. 3. 4. 5.

...................... ...................... ...................... ...................... ...................... jst

12

...................... ...................... ...................... ...................... ...................... jst.

Dieusian ku kelompok jangkep

Bébédaan Dongéng 1. 2. 3. 4. 5.

...................... ...................... ...................... ...................... ...................... jst

Carita Wayang 1. 2. 3. 4. 5.

...................... ...................... ...................... ...................... ...................... jst

Dieusian ku kelompok ganjil

Dina ieu diskusi, guru bisa ngamangpaatkeun modél pangajaran “éigsaw”. Prosésna, sabada ngeusian tabél di luhur kelompok jangkep jeung kelompok ganjil, boh antar kelompok boh individual, ngayakeun komunikasi keur ngalengkepan tabél di luhur nepi ka meunang gambaran naon baé sasaruaan jeung bébédaan antara carita wayang jeung dongéng téh.

13

Dina proses diskusi guru nyadiakeun tabél matrikulasi (bisa digambar dina bor atawa dina média séjén) keur ngarangkum jawaban murid sarta ngalelempeng mun aya nu kudu dikoréksi. Hasil matrikulasi dipaké dasar pikeun nyieun kacindekan diskusi.

14

Guru nyindekkeun hasil diskusi.

46

Pamekar D Diajar B A S A S U N D A Buku Tuturus Tut Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas X

D.

Ngaanalisis Carita Wayang

No

Kagiatan

15

Dina ieu bagian, guru méré pancén ka murid sacara individual. Pancénna aya dua rupa, anu bisa dipigawé ku murid sacara “madiri terstruktur”. Kahiji ngaanalisis carita wayang dina bagian D. Kadua nyieun éséy pondok tina hasil analisis ngabandungan carita wayang tina rekaman atawa langsung, sakumaha anu diterangkeun dina Pancén 5.

16

Pancén kahiji, murid kudu maca sempalan carita wayang “Antara Asih jeung Adil” dina bagian D, sarta ngajawab lima pertanyaan nu disadiakeun. Éta pertanyaan kudu dijawab sabada murid mikapaham bab-bab saméméhna, lantaran aya proses ngaasosiasikeun pahaman saméméhna jeung carita sarta pertanyaan dina bagian D. Jumlah jeung eusi pertanyaan bisa dijembaran atawa dirobah ku guru, diluyukeun jeung kabutuhan.

17

Pancén kadua, murid disina néangan bahan lalajoaneun mangrupa rekaman wayang golék, anu tuluy kudu dianalisis eusina. hasil analisisna kudu dijieun éséy pondok sakumaha nu diterangkeun dina pancén 5. Dina migawé ieu pancén, murid diwawadian sangkan ngagunakeun basa Sunda anu merenah dina karangan, sarta ngéstokeun cara ngagunakeun éjahan anu bener.

18

Sabada pancén dipigawé jeung dikumpulkeun, aya hadéna guru milih sawatara karangan anu dianggap punjul, pikeun dibacakeun ku murid anu ngarangna di hareupeun babaturanana. Ieu tahap minangka aprésiasi guru kana hasil gawé murid anu rancagé jeung nuduhkeun kapunjulan gawé, boh tina jihad analisis, boh tina jihad struktur karangan.

KAGIATAN PANUTUP Dina unggal lawungan guru méré kasempetan ka murid pikeun ngaréfléksikeun pangajaran ngeunaan carita wayang. Contona ku cara nepikeun pertanyaan: naon baé mangpaat nu kapetik tina pangajaran carita wayang, naon baé kasusah/hahalang dina éta pangajaran, jeung sajabana. Bab II PITUDUH HUSUS

47

Guru bisa méré tugas tambahan sangkan murid leuwih mikaresep carita wayang minangka bagian tina warisan budaya karuhun urang nu loba ngandung amanat hadé. Tugas tambahan ogé dipiharep bisa ngajembaran wawasan jeung pangaweruh murid ngeuaan rupaning aspék carita wayang, boh nu umum boh nu nyampak di masarakat lokal. Dina nutup pangajaran guru ngajak murid sukuran ka Pangéran réh geus meunang rupa-rupa élmu perkara carita wayang jeung rupa-rupa hikmah atawa hal-hal anu hadé di jerona.

48

Pamekar D Diajar B A S A S U N D A Buku Tuturus Tut Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas X

P angajaran

7

WAWANCARA

KAGIATAN AWAL Dina unggal lawungan guru ngabsén murid sarta nyiapkeun pangajaran nu patali jeung carita pondok (carpon). Guru ogé ngajak murid pikeun sukuran ka Pangéran réh geus bisa deui diajar basa Sunda pikeun alat komunikasi jeung papada manusa dina kahirupan sapopoé, boh sacara lisan boh sacara tinulis. Di awal pangajaran guru ogé nerangkeun yén basa Sunda geus dimangpaatkeun ti baheula keur nuliskeun rupa-rupa masalah. Di antarana dipaké keur nuliskeun karya sastra samodél wawacan, novel, sajak, atawa carita pondok. Ti dinya guru bisa ngayakeun tanya jawab jeung murid, upamana karangan naon baé nu kungsi di bacana, ti mana sumberna, iraha macana, jeung sajabana. Pertanyaan tuluy leuwih difokuskeun kana hal-hal nu patali jeung carita pondok. Upamana naha kungsi maca carpon, naon judulna, saha pangarangna, ti mana sumberna, jeung sajabana. Éta kabéh pertanyaan téh bisa dianggap apersépsi keur ngagali kamampuh jeung pangaweruh awal murid ngeunaan wanda karangan carita pondok. Guru ogé ngajak murid pikeun aub leuwih daria kana matéri carita pondok ku cara némbongkeun buku atawa karangan carpon nu kungsi dimuat di ruparupa média, upamana tina koran, majalah, atawa internét. Guru nepikeun tujuan pangajaran carita pondok luyu jeung pamaredih Kompeténsi Dasar jeung indikator nu dipiharep. Di antarana baé murid bisa ngabédakeun wangun carpon jeung dongéng atawa carita wayang nu geus diulik di bab saméméhna, bisa ngaanalisis struktur carita carpon, mikapaham sajarah kamekaran carita pondok Sunda, sarta bisa ngarang carita pondok Sunda dina wangun nu basajan.

Bab II PITUDUH HUSUS

49

KAGIATAN INTI A.

Maca Carita Pondok

No

1

2

3

Kagiatan Murid diwanohkeun kana conto karangan carita pondok nu judulna “Kuburan” karangan Trisna Mansur. Saméméh dibaca alusna murid sina niténan heula wangun karanganana. Upamana niténan panjang pondokna karangan. Kumaha kalimah mimitina, kumaha judulna, jeung sajabana Murid tuluy disina maca éta carpon di jero haté kalawan daria. Salila maca murid dititah nyirian kekecapan anu teu hartina teu pati dipikapaham. Upamana aya sawatara kecap anu teu kaharti, ku murid kudu disusun mangrupa glosarium anu engké kudu ditéangan hartina dina kamus basa Sunda. Ieu tarékah téh minangka cara keur ngajembaran kabeungharan kecap basa Sunda. Sabada bérés maca carpon “Kuburan”, murid dibagi jadi sawatara kelompok pikeun diskusi jeung ngajawab pertanyaan dina Pancén 1. Jumlah kelompokna diluyukeun jeung kabutuhan. Upamana diwangun jadi 8 kelompok. Kelompok 1 ngajawab pertanyaan nomer 1, kelompok kadua ngajawab pertanyaan nomer 2, jeung saterusna. Sabada diskusi di kelompokna séwang-séwangan minangka tahap kahiji, anggota kelompok néangan batur ti kelompok anu béda minangka tahap kadua, nepi ka kawangun kelompok anyar nu anggotana ngawengku anggota kelompok 1nepi ka kelompok 8. Kelompok anyar dibéré pancén pikeun nyusun jawaban pertanyaan ti nomer 1 nepi ka 8. Hartina, di kelompok anyar bakal nyampak dalapan jawaban murid. Mun digambarkeun rposésna siga ieu di handap: Tahap I

Tahap I

KELOMPOK 1 (Ngajawab pertannyaan nomer 1)

KELOMPOK 5 (Ngajawab pertannyaan nomer 5) Tahap II

KELOMPOK 2 (Ngajawab pertannyaan nomer 2) KELOMPOK 3 (Ngajawab pertannyaan nomer 3)

KELOMPOK ANYAR (Hiji wakil ti kelompok nu dalapan ngahiji ngawangun kelompok anyar keur nyusun jawaban pertanyaan 1 nepi ka pertanyaan nomer 8)

KELOMPOK 4 (Ngajawab pertannyaan nomer 4)

50

Pamekar D Diajar B A S A S U N D A Buku Tuturus Tut Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas X

KELOMPOK 6 (Ngajawab pertannyaan nomer 6) KELOMPOK 7 (Ngajawab pertannyaan nomer 7) KELOMPOK 8 (Ngajawab pertannyaan nomer 8)

4

Kelompok anyar kudu ngabahas deui jawaban nu dibawa ku anggota kelompokna bisi aya nu kudu disampurnakeun. Lian ti éta kelompok anyar kudu milih salah sahiji anggotana pikeun jadi juru catur keur nepikeun jawaban di hareupeun kelas.

5

Guru nitah juru catur ti unggal kelompok anyar pikeun nepikeun hasil diskusi kelompokna. Cara ngabagi peresentasi diluyukeun jeung jumlah kelompok. Upamana, mun kelompok anyar téh aya opat kelompok, unggal kelompok kabagéan pikeun nepikeun jawaban dua jawaban séwang sacara bagilir. Waktu hiji kelompok nepikeun jawabanana, kelompok séjén bisa mairan bisi aya jawaban anu teu sarua atawa aya nu kudu dilelempeng (dikoréksi).

6

Sabada juru catur unggal kelompok nepikeun jawabanan, guru nyindekkeun hasil diskusi.

B.

Unsur-unsur Carita Pondok

No

Kagiatan

7

Dina ieu bagian, guru ngaasosiasikeun hasil diskusi kelompok kana pedaran nu aya dina Bagian B. Pedaran utamana difokuskeun kana struktur carita pondok nu ngawengku Jejer (téma), palaku, latar (setting), puseur sawangan (point of view), galur carita (plot), jeung amanat carita.

8

Sangkan aya dinamika, guru bisa ngabagi-bagi deui pedaran dina bagian B luyu jeung kelompok-kelompok diskusi saméméhna. Upamana kelompok 1 nu ngajawab pertanyaan nomer 1 sina ngaderes pedaran bagian (a), kelompok 2 ngaderes bagian (b), jeung saterusna.

9

Sabada ngaderes pedaran, unggal kelompok nepikeun pamadeganana atawa kacindekan kelompokna ngeunaan bagian-bagian struktur carpon. Waktu hiji kelompok nepikeun pamadeganana, kelompok séjén bisa mairan. Bisa ngalelempeng, nambahan, atawa nepikeun pertanyaan.

10

Upama diperlukeun, guru méré apingan atawa nambahan katerangan tina hasil diskusi murid, sarta antukna nyindekkeun hasil diskusi sacara umum.

Bab II PITUDUH HUSUS

51

C. No

11

12

13

D.

Kamekaran Carpon Kagiatan Guru méré pancén ka murid maca pedaran dina bagian C (sub-bab Kamekaran Carpon) kalawan gemet. Guru ogé nitah murid nyirian kekecapan anu kurang dipikapaham hartina, sarta nyatetkeun éta kekecapan dina buku catetan nepi ka jadi glosarium sarta ditéangan hartina dina kamus. Guru ngajak murid ngaasosiasikeun rupaning pangaweruh nu nyampak dina bagian C jeung pangalaman sarta pangaweruh anu kacangking dina diskusi saméméhna. Sacara Individual, murid ogé bisa ditugaskeun néangan informasi perkara buku-buku kumpulan carpon Sunda, pangarangna, sarta taun terbitna, dina raraga ngajembaran pangaweruh ngeunaan kamekaran carpon Sunda. Minangka alternatif, murid ditugaskeun keur néangan hiji carita pondok anu alus ajénna, néangan biografi jeung poto pangarangna, sarta didesain sangkan bisa ditémpélkeun atawa diwanohkeun ka nu lian. Alusna mah dipilih pangarang anu mémang geus moyan sarta karyana pinunjul. Guru tuluy milih sawatara hasil pagawéan muridd pikeun “dipamérkeun” di ruang kelas, minangka tarékah ngawanohkeun karya sastra Sunda jeung pangarangna.

Ngabédakeun Carpon jeung Dongéng

No

Kagiatan

14

Guru ngabagi murid jadi genep atawa tujuh dalapan pikeun migawé pancen 2 dina bagian D, nyaéta néangan bébédaan antara carita pondok jeung carita dongéng. Murid diaping ku guru pikeun manggihan éta bébédaan dina prosés diskusi.

15

Guru nerangkeun tugas masing-masing kelompok. Unggal kelompok ditugaskeun keur néangan bebedaan antara carita pondok jeung carita dongéng. Lembar kerjana bisa ngagunakeun tabél dina Pancen 2. Dina ieu diskusi, murid ngalengkepan titik-titik dina tabél. Sabada réngsé diskusi di kelompokna, murid néangan pasangan kelompok séjén pikeun ngabanding-banding hasil diskusina, nepi ka kawangun kelompok-kelompok anyar nu mangrupa gabungan tina kelompok awal (3 atawa 4 kelompok).

52

Pamekar D Diajar B A S A S U N D A Buku Tuturus Tut Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas X

16

Dina proses diskusi guru nyadiakeun tabél matrikulasi (bisa digambar dina bor atawa dina média séjén). Guru tuluy nanya atawa nunjuk sacara acak murid ti unggal kelompok pikeun nepikeun hasil pagawéanana. Jawaban ti murid bisa didiskusikeun deui jeung nu séjén nepi ka kapanggih jawaban nu leuwih lengkep (sampurna). Guru bisa ngalelempeng mun aya nu kudu dikoréksi. Hasil jawaban murid diasupkeun kana tabél matrikulasi keur dipaké dasar dina nyieun kacindekan diskusi.

17

Guru nyindekkeun hasil diskusi.

E.

Fiksimini Sunda

No

Kagiatan

18

Guru nitah murid maca pedaran awal bagian E (Fiksimini Sunda) kalawan gemet, sarta maca conto-conto fiksimini Sunda karangan Hadi AKS nu judulna “Lebaran Ahéng”. Guru bisa ogé néangan conto fiksimini séjén anu dianggap leuwih luyu jeung kaayaan lingkungan murid. Hadéna disadiakeun kamus Basa Sunda bisi aya kekecapan nu kurang kaharti ku murid.

19

Guru bisa ogé nyontokeun cara maca fiksimini bari digalantangkeun, atawa nitah murid nu boga kamampuh maca bedas anu alus. Ieu tarékah téh keur ngahégar-hégar suasana pangajaran, atawa minangka selingan sangkan kagiatan diajar leuwih dinamis.

20

Sabadana, murid dibagi jadi 4 kelompok sarta unggal kelompok murid disina néangan jawaban tina 4 pertanyaan nu nyampak dina Pancén 3. Hiji kelompok kudu ngajawab hiji pertanyaan kalawan daria ngaliwatan prosés diskusi.

21

Murid migawé pancén sarta guru jadi fasilitator atawa jadi sumber informasi upama dibutuhkeun. Guru bisa ngagunakeun model pangajaran anu dinamis. Upamana, sabada diskusi di kelompokna séwang-séwangan, anggota kelompok néangan batur ti kelompok anu béda, nepi ka kawangun kelompok anyar nu anggotana ngawengku anggota kelompok 1nepi ka kelompok 4. Di kelompok anyar bakal nyampak opat jawaban murid. Bab II PITUDUH HUSUS

53

Mun digambarkeun rposésna siga ieu di handap:

22

KELOMPOK 1 (Ngajawab pertannyaan nomer 1) KELOMPOK 2 (Ngajawab pertannyaan nomer 2)

KELOMPOK ANYAR (Hiji wakil ti kelompok nu opat ngahiji ngawangun kelompok anyar keur nyusun jawaban pertanyaan 1 nepi ka pertanyaan nomer 4)

KELOMPOK 3 (Ngajawab pertannyaan nomer 3) KELOMPOK 4 (Ngajawab pertannyaan nomer 4)

23

Kelompok anyar kudu ngabahas deui jawaban nu dibawa ku anggota kelompokna bisi aya nu kudu disampurnakeun. Lian ti éta kelompok anyar kudu milih salah sahiji anggotana pikeun jadi juru catur keur nepikeun jawaban di hareupeun kelas.

24

Guru nitah juru catur ti unggal kelompok anyar pikeun nepikeun hasil diskusi kelompokna. Waktu hiji kelompok nepikeun jawabanana, kelompok séjén bisa mairan bisi aya jawaban anu teu sarua atawa aya nu kudu dilelempeng (dikoréksi).

25

Sabada juru catur unggal kelompok nepikeun jawabanan, guru nyindekkeun hasil diskusi.

F.

Ngaanalisis Carpon

No 26

54

Kagiatan Guru nerangkeun heula pancén naon nu kudu dipigawé ku murid sacara individual dina sub-bab F (Ngaanalisis Carpon). Murid disina maca carpon “Ada Main” dijero haté kalawan gemet, sarta tuluy dititah ngaanlasis unsur-unsur caritana. Cara ngaanalisisna bisa ngagunakeun analisis carpon “Kuburan” di bagian awal bab. Nyaéta, murid nyusun pertanyaan-pertanyaan nu patali jeung unsur carita. Upamana: - Naon téma caritana? - Saha waé palaku nu kacatur dina éta carita jeung kumaha pasipatanana? - Di mana latar tempatna jeung iraha latar waktuna? - Maké tilikan (point of view) saha éta carita dilalakonkeunana? - Kumaga galur caritana? - Naon amanat nu bisa kapetik sabada urang maca éta carita? Pamekar D Diajar B A S A S U N D A Buku Tuturus Tut Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas X

27

Hasil analisis bisa didadarkeun mangrupa éséy pondok. Anu susunanana bisa kieu: Paragraf 1 Æ nerangkeun téma carpon. Paragraf 2 Æ ngadadarkeun para palaku jeung pasipatanana. Paragraf 3 Æ ngadadarkeun latarna, jeung saterusna.

28

Murid tuluy maca carpon “Ada Main” karangan Darpan kalawan gemet di jero haté. Upama aya kekecapan nu kurang kaharti, murid dititah nyusun éta kekecapan nepi ka jadi glosarium, anu tuluy ditéangan hartina dina kamus.

29

Murid tuluy ngajawab pertanyaan nu patali jeung unsur carita minangka bahan keur nyusun éséy.

30

Murid sacara individual nyusun éséy dumasar kana jawaban atawa hasil analisisna. Dina nyusun éséy, murid diwawadian pikeun ngagunakeun basa Sunda anu merenah sarta ngéstokeun cara ngagunakeun éjahan jeung tanda baca anu bener.

31

Murid ngumpulkeun pancaénna sarta guru nyusun éta pancén jadi portofolio.

G. No 32

34

35

36

Ngarang Carpon atawa Fiksimini Kagiatan Dina ieu bagian, murid ditugaskeun pikeun ngarang carpon atawa fiksimini kalawan ngagunakeun daya ciptana sorangan. Saméméhna guru méré bekel aprésiasi ku cara mulangkeun deui ingetan murid kana carpon nu kungsi dibaca dina bagian saméméhna, jeung rupaning pangaweruh ngeunaan carpon atawa fiksimini tina hasil diskusi. Guru tuluy nugaskeun murid pikeun maca kalawan gemet dadaran dina Pancén 5. Guru ogé méré kasempetan ka murid pikeun nepikeun pertanyaan saupama aya hal-hal anu kurang kaharti. Murid sacara individual dibéré kasempetan jeung kabbébéasan pikeun ngarang hiji carita pondok atawa fiksimini sakumaha pamaredih Pancén 5. Aya hadéna lamun guru ngabébaskeun muridna pikeun néangan inspirasi sacara laluasa, upamana nitah murid kaluar ti kelas sarta niténan alam sabudeureun. Ti dinya, bisa jadi aya bahan anu katangkep ku pancaindra murid pikeun ditimbang-timbang jadi bahan carita. Bab II PITUDUH HUSUS

55

37

Guru ogé bisa ngembangkeun modél pangajaran kolaboratif, nyaéta murid bisa silih babagi informasi, silih koréksi, atawa silih bantuan dina ngembangkeun hiji carita.

38

Hasil pagawéan murid tuluy dikoréksi sarta dipeunteun ku guru, anu tuluy disusun jadi portofolio.

39

Karya murid anu dianggap punjul bisa dipamérkeun ku guru, atawa di salurkeun pikeun bisa dimuat di média massa, dina raraga méré motivasi ka murid sangkan leuwih sumanget diajar.

KAGIATAN PANUTUP Dina kagiatan panutup guru méré kasempetan ka murid pikeun ngaréfléksikeun pangajaran. Contona, naon baé mangpaat nu kapetik tina pangajaran carita pondok? Naon baé kasusah/hahalang dina ieu pangajaran? Naha carana urang salaku guru geuss nepikeun pangajaran kalawan hadé jeung kaharti ku murid? Jeung sajaba ti éta. Guru méré saran sangkan murid resep maca carita pondok minangka bagian tina kagiatan aprésiasi sastra, sarta manggihan mangpaat atawa hikmah tina éta carita. Kagiatan aprésiasi sastra perlu dimekarkeun pikeun tujuan ngasah rasa kamanusaan jeung ningkatkeun darajat kabudayaan hiji bangsa. Guru ogé perlu ngadorong murid sangkan macaan rupa-rupa référénsi perkara carita pondok dina raraga ngajembaran pangaweruh nu patali jeung kagiatan aprésiasi sastra. Dina nutup pangajaran guru umajak ka murid pikeun sukuran ka Pangéran réh geus meunang rupa-rupa élmu perkara carita pondok Sunda, jeung geus bisa ngahasilkeun karya kréatif anu tangtu gedé gunana keur ngalatih kréativitas (karancagéan), daya pikir, jeung daya cipta.

56

Pamekar D Diajar B A S A S U N D A Buku Tuturus Tut Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas X

P angajaran

8

GUGURITAN

KAGIATAN AWAL Dina unggal lawungan guru ngabsén murid sarta nyiapkeun pangajaran nu patali jeung guguritan. Guru ogé ngajak murid pikeun sukuran ka Pangéran réh geus bisa deui diajar basa Sunda pikeun alat komunikasi jeung papada manusa dina kahirupan sapopoé, boh sacara lisan boh sacara tinulis. Dina wangun tinulis, basa Sunda dimangpaatkeun ku para bujangga atawa pangarang keur ngarang guguritan, nu geus lumangsung ti abad ka-19 kénéh. Di awal pangajaran guru ngayakeun apersepsi atawa ngagali kamampuh awal murid patali jeung guguritan. Upamana ku nembangkeun sawatara guguritan nu maké pupuh anu populér. Upamana Kinanti, Sinom,Asmarandana, atawa Pucung. Contona baé guguritan “Éling-éling mangka éling”, atawa “Budak Leutik bisa ngapung”. Tuluy diayakeun tanya jawab, contona: “naha hidep kungsi ngadéngé éta guguritan? Di mana? Jeung sajabana. Alus upama tuluy nugaskaeun ka salah saurang murid pikeun nembangkeun éta guguritan di hareupeun kelas. Guru ogé ngajak murid pikeun aub leuwih daria kana matéri guguritan ku cara némbongkeun sawatara rekaman, buku, atawa kliping koran/majalah nu kungsi wangun guguritan. Ditarékahan sangkan minat murid keur ngulik guguritan leuwih gedé tur timbul kapanasaranana pikeun hayang nyaho leuwih jero. Guru nepikeun tujuan pangajaran guguritan luyu jeung pamaredih Kompeténsi Dasar jeung indikator nu dipiharep. Di antarana baé murid bisa nyebutkeun ciri-ciri wangun puisi guguritan, bisa nataan pupuh nu dipaké keur nuliskeun guguitan sarta padika-padikana, bisa nembangkeun conto guguritan nu ngagunakeun pupuh nu populér, sarta bisa ngarang puisi guguritan dina wangun nu basajaran luyu jeung padika pupuh nu dipakéna.

Bab II PITUDUH HUSUS

57

KAGIATAN INTI A.

Maca Teks Guguritan

No 1

2

3

Kagiatan Murid diwanohkeun kana conto karangan guguritan nu judulna “Asih Indung” karangan Resmiati. Saméméh dibaca alusna murid sina niténan heula wangun karanganana. Upamana niténan pada jeung padalisanana, kumaha basana, judulna, jeung sajabana Murid tuluy disina maca éta guguritan di jero haté kalawan daria. Salila maca murid dititah nyirian kekecapan anu teu hartina teu pati dipikapaham. Upamana aya sawatara kecap anu teu kaharti, ku murid kudu disusun mangrupa glosarium anu engkéna kudu ditéangan hartina dina kamus basa Sunda. Ieu tarékah téh minangka cara keur ngajembaran kabeungharan kecap basa Sunda. Sabada bérés maca guguritan “Asih Indung” di jero haté, guru nyontoan atawa nugaskeun salah saurang murid nembangkeun éta guguritan ku pupuh Kinanti. Sabadana, murid dibagi jadi 8 kelompok pikeun diskusi jeung ngajawab pertanyaan dina Pancén 1. Kelompok 1 ngajawab pertanyaan nomer 1, kelompok kadua ngajawab pertanyaan nomer 2, jeung saterusna. Sabada diskusi di kelompokna séwang-séwangan minangka tahap kahiji, anggota kelompok néangan batur ti kelompok anu béda minangka tahap kadua, nepi ka kawangun kelompok anyar nu anggotana ngawengku anggota kelompok 1nepi ka kelompok 8. Kelompok anyar dibéré pancén pikeun nyusun jawaban pertanyaan ti nomer 1 nepi ka 8. Hartina, di kelompok anyar bakal nyampak dalapan jawaban murid. Mun digambarkeun posésna siga ieu di handap: Tahap I

4.

KELOMPOK 1 (Ngajawab pertannyaan nomer 1) KELOMPOK 2 (Ngajawab pertannyaan nomer 2) KELOMPOK 3 (Ngajawab pertannyaan nomer 3)

Tahap I

Tahap II KELOMPOK ANYAR (Hiji wakil ti kelompok nu dalapan ngahiji ngawangun kelompok anyar keur nyusun jawaban pertanyaan 1 nepi ka pertanyaan nomer 8)

KELOMPOK 4 (Ngajawab pertannyaan nomer 4)

58

Pamekar D Diajar B A S A S U N D A Buku Tuturus Tut Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas X

KELOMPOK 5 (Ngajawab pertannyaan nomer 5) KELOMPOK 6 (Ngajawab pertannyaan nomer 6) KELOMPOK 7 (Ngajawab pertannyaan nomer 7) KELOMPOK 8 (Ngajawab pertannyaan nomer 8)

5

6

7

B.

Kelompok anyar kudu ngabahas deui jawaban nu dibawa ku anggota kelompokna bisi aya nu kudu disampurnakeun. Guru nugaskeun murid pikeun nyusun laporan kelompok, nyaéta nyusun jawaban dina Pancén 1 kalawan tartib ti nomer hiji nepi ka nomer 8. Sabadana, juru catur ti unggal kelompok nepikeun hasil laporan kelompokna. Jawaban ti unggal kelompok ku guru dirangkum dina tabél matrikulasi pikeun jadi dasar dina nyusun kacindekan diskusi. Waktu hiji kelompok nepikeun jawabanana, kelompok séjén bisa mairan bisi aya jawaban anu teu sarua atawa aya nu kudu dilelempeng (dikoréksi). Guru nyindekkeun hasil diskusi. Hasil kacindekan kudu difokuskeun kana hal-hal ieu di handap: - Puisi guguritan boga patokan anu mandiri, luyu jeung patokan pupuh nu digunakeunana. Ngawengku patokan pada jeung padalisan (guru wilangan), patokan sora tungtung padalisan (guru lagu), jeung patokan sipat pupuh nu digunakeun. - Hiji guguritan biasana dikarang dina hiji pupuh, henteu dina rupa-rupa pupuh siga dina wawacan. - Eusi puisi guguritan biasana nepikeun gagasan, pikiran, atawa rasa, ti batan ngadadarkeun hiji perkara nu sipatna prosais. - Minangka puisi heubeul, guguritan biasana dikarang keur ditembangkeun, lain bacaeun di jero haté. Munasabah lamun réa guguritan ngahaja dikarang keur kaperluan pagelaran tembang (Cianjuran). Sanajan kitu, réa ogé kiwari guguritan ngahaja dikarang keur muatkeuneun di media massa atawa diterbitkeun mangrupa buku.

Mikawanoh Puisi Guguritan

No

8

9

Kagiatan Dina ieu bagian, guru ngaasosiasikeun hasil diskusi kelompok kana pedaran nu aya dina Bagian B. Pedaran utamana difokuskeun kana usaha ngajembaran pangaweruh murid perkara guguritan. Dina ieu bagian, aya hadéna guru mawa réa conto guguritan, boh nu mangrupa rekaman, buku, kliping koran, jeung sajabana. Kagiatanana bisa dimimitian ku nugaskeun murid maca pedaran dina bagian B (Mikawanoh Puisi Guguritan) kalawan gemet di jero haté. Sabadana guru muka kasempetan ka murid pikeun nepikeun pertanyaan atawa ngadiskusikeun hal-hal nu kurang dipikaharti. Bab II PITUDUH HUSUS

59

10

C.

Murid ditugaskeun nyatetkeun hal-hal penting tina éta pedaran keur ngajembaran pangaweruhna.

Ngaanalisis Puisi Guguritan

No

11

12

13

14 15

D.

Kagiatan Sabada diwanohkeun kana conto puisi guguritan jeung mikapaham pedaranana, murid dibéré tugas pikeun ngaanalisis puisi guguritan anu béda. Guru méré pancén ka murid maca guguritan “Nimat Teuing Cai Jamjam” karangan Yus Rusyana dina Bagian C. Alus lamun aya nu nyontoan nembangkeun éta guguritan sapada atawa dua pada. Sabadana, murid dibagi jadi 5 kelompok pikeun diskusi jeung ngajawab pertanyaan dina Pancén 2. Kelompok 1 ngajawab pertanyaan nomer 1, kelompok kadua ngajawab pertanyaan nomer 2, jeung saterusna. Sabada diskusi di kelompokna séwang-séwangan, anggota kelompok néangan batur ti kelompok anu béda nepi ka kawangun kelompok anyar keur nyusun jawaban anu lengkep ti nomer 1 nepi ka 5. Nepi ka ahirna sakabéh murid meunang pamahaman anu gembleng kana sakabéh pertanyaan jeung jawaban sakumaha anu diperedih dina Pancen 2. Kelompok anyar kudu ngabahas deui jawaban nu dibawa ku anggota kelompokna bisi aya nu kudu disampurnakeun. Guru nugaskeun ka unggal kelompok pikeun nepikeun hasil laporan diskusina, anu tuluy disaruakeun jeung jawaban kelompok séjén. Salila ngabandungan laporan murid, guru ngarangkum unggal jawaban dina matrik keur jadi dasar dina nyindekkeun hasil diskusi. Guru nyindekkeun hasil diskusi.

Ngarang jeung Nembangkeun Guguritan

No

Kagiatan

16

Dina ieu bagian guru nugaskeun murid sacara individual pikeun nyobaan ngarang gugritan maké daya ciptana sorangan sarta éta hasil karanganana dicobaan pikeun ditembangkeun luyu jeung pupuh anu digunakeunana.

60

Pamekar D Diajar B A S A S U N D A Buku Tuturus Tut Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas X

17

Kagiatanana bisa dimimitian ku méré motivasi ka murid sangkan murid sumanget migawé tugas. Upamana ku cara nepikeun ieu hal di handap: - Ngarang guguritan téh bisa dianggap kagiatan keur miara jeung ngamumulé kabudayaan sorangan. Mun dibanding jeung sajak, guguritan leuwih némbongkeun warna kabudayaan lokal. - Ngaarang guguritan ogé bisa dipaké cara keur ngalatih daya pikir jeung daya cipta, utamana dina cara néangan kekecapan anu merenah jeung nyusunna jadi hiji karangan anu mandiri. - Eusi guguritan bisa ngébréhkeun rasa jeung pikiran, anu bisa jadi aya mangpaatna keur batur. Bisa keur hiburan, keur babagi informasi, atawa ngungkab rasa kamanusaan. - Saupama alus, hasil karangan bisa dipubublikasikeun, boh ngaliwatan webiste, blog, atawa dina koran jeung majalah. Copelna bisa ditémpél di majalah dingding sakola.

18

Murid ditugaskeun pikeun ngimeutan léngkah-léngkah Pancén 4, nepi ka kapaham enya-enya ku murid. Guru ogé méré kasempetan ka murid pikeun nepikeun pertanyaan upama aya hal-hal anu teu kaharti.

19

Murid ngarang guguritan luyu jeung tema anu dipilihna sarta ngéstokeun aturan pupuhna (guru lagu, guru wilangan, jeung watekna). Dina ieu prosés guru méré kabébasan pikeun murid, utamana dina néangan insprirasi keur bahan karangan. Guru ogé bisa ngaalarapkeun modél pembelajaran kolaboratif, ku cara méré saran ka murid pikeun diajar babarengan, silih bantuan, atawa silih tukuer informasi. Murid anu boga kamampuan anu punjul bisa méré bantuan ka murid séjénna, atawa méré bongbolongan ka babaturanana nu nyanghareupan rupaning masalah sajeroning prosés ngarang.

20

Guru ngaping rposés diajar murid, sarta jadi pasilitator atawa sumber informasi upama diperlukeun.

21

Murid ngumpulkeun karanganana sarta diajén ku guru. Saupama kapanggih aya karya murid anu punjul, guru bisa méré aprésiasi atawa méré ‘reward”. Sakabéh karangan murid tuluy disusun jadi portofolio atau disusun jadi antologi karya murid. Karangan nu punjul téa bisa dipublikasikeun ku rupa-rupa cara keur ngahudang sumanget murid.

KAGIATAN PANUTUP Dina kagiatan panutup guru méré kasempetan ka murid pikeun ngaréfléksikeun pangajaran. Contona, naon baé mangpaat nu kapetik tina pangajaran guguritan? Naon baé kasusah/hahalang dina ieu pangajaran? Naha carana urang salaku guru geus nepikeun pangajaran kalawan hadé jeung kaharti ku murid? Jeung sajaba ti éta. Guru méré saran sangkan murid resep maca guguritan minangka bagian tina kagiatan aprésiasi sastra, sarta manggihan mangpaat atawa hikmah tina éta karangan. Kagiatan aprésiasi sastra perlu dimekarkeun pikeun tujuan ngasah rasa kamanusaan jeung ningkatkeun darajat kabudayaan hiji bangsa. Guru ogé perlu ngadorong murid sangkan macaan rupa-rupa référénsi perkara guguritan dina raraga ngajembaran pangaweruh nu patali jeung kagiatan aprésiasi sastra. Dina nutup pangajaran guru umajak ka murid pikeun sukuran ka Pangéran réh geus meunang rupa-rupa élmu perkara guguritan, jeung geus bisa ngahasilkeun karya kréatif anu tangtu gedé gunana keur ngalatih kréativitas (karancagéan), daya pikir, jeung daya cipta.

P angajaran

9

SISINDIRAN KAGIATAN AWAL Dina unggal lawungan guru ngabsén murid sarta nyiapkeun pangajaran sisindiran. Guru ogé ngajak murid pikeun sukuran ka Pangéran réh geus bisa deui diajar basa Sunda pikeun alat komunikasi jeung papada manusa dina kahirupan sapopoé, boh sacara lisan boh sacara tinulis. Di awal pangajaran guru ogé nerangkeun yén basa Sunda geus dimangpaatkeun ti baheula keur nuliskeun rupa-rupa masalah. Di antarana dipaké keur nepikeun rupaning kabeungharan budaya, upamana dipaké dina sisindiran. Guru bisa ngayakeun tanya jawab jeung murid keur ngagali pangawruh awal murid patali jeung sisindiran. Alus lamun aya conto sisindiran anu populer keur ngahudang ingetan murid ngeunaan sisindiran. Atawa, bisa ogé milih hiji lagu anu rumpakana maké sisindiran samodel “Bubuy Bulan”, “És Lilin”, atawa “Sorban Palid”. Guru ogé ngajak murid pikeun aub leuwih daria kana matéri sisindiran ku cara némbongkeun buku sisindiran atawa gambar/foto nu keur sisindiran nu sumberna tina koran, majalah, atawa internét. Diterangkeun yén sanajan sisindiran mangrupa sastra lisan nu geus heubeul pisan ayana, tapi nepi ka kiwari dipaké kénéh ku masarakat Sunda keur rupa-rupa kaperluan. Guru nepikeun tujuan pangajaran sisindiran luyu jeung pamaredih Kompeténsi Dasar jeung indikator nu dipiharep. Di antarana baé murid bisa manggihan ciriciri puisi sisindiran, maham padika puisi sisindiran, nyebutkeun fungsi sisindiran dina kagiatan komunikasi, sarta bisa ngarang sisindiran ku sorangan.

KAGIATAN INTI A.

Mikawanoh Sisindiran

No

Kagiatan

1

Murid diwanohkeun kana sababaraha conto sisindiran di Bagian A. Saméméh dibaca alusna murid sina niténan heula wangun karanganana. Upamana niténan pada jeung padalisanana, kekecapanana, jeung sajabana. Bab II PITUDUH HUSUS

63

2

Murid tuluy disina maca éta conto sisindiran di jero haté kalawan daria. Salila maca murid dititah nyirian kekecapan anu teu hartina teu pati dipikapaham. Upamana aya sawatara kecap anu teu kaharti, ku murid kudu disusun mangrupa glosarium anu engké kudu ditéangan hartina dina kamus basa Sunda. Ieu tarékah téh minangka cara keur ngajembaran kabeungharan kecap basa Sunda. Sabada bérés maca conto sisindiran, murid dibagi jadi sawatara kelompok pikeun diskusi jeung ngajawab pertanyaan dina Pancén 1. Jumlah kelompokna diluyukeun jeung kabutuhan. Upamana diwangun jadi 8 kelompok. Kelompok 1 ngajawab pertanyaan nomer 1, kelompok kadua ngajawab pertanyaan nomer 2, jeung saterusna. Sabada diskusi di kelompokna séwang-séwangan minangka tahap kahiji, anggota kelompok néangan batur ti kelompok anu béda minangka tahap kadua, nepi ka kawangun kelompok anyar nu anggotana ngawengku anggota kelompok 1nepi ka kelompok 8. Kelompok anyar dibéré pancén pikeun nyusun jawaban pertanyaan ti nomer 1 nepi ka 8. Hartina, di kelompok anyar bakal nyampak dalapan jawaban murid. Mun digambarkeun rposésna siga ieu di handap: Tahap I

3.

Tahap I

KELOMPOK 1 (Ngajawab pertannyaan nomer 1) KELOMPOK 2 (Ngajawab pertannyaan nomer 2) KELOMPOK 3 (Ngajawab pertannyaan nomer 3)

Tahap II KELOMPOK ANYAR (Hiji wakil ti kelompok nu dalapan ngahiji ngawangun kelompok anyar keur nyusun jawaban pertanyaan 1 nepi ka pertanyaan nomer 8)

KELOMPOK 4 (Ngajawab pertannyaan nomer 4)

4

64

KELOMPOK 5 (Ngajawab pertannyaan nomer 5) KELOMPOK 6 (Ngajawab pertannyaan nomer 6) KELOMPOK 7 (Ngajawab pertannyaan nomer 7) KELOMPOK 8 (Ngajawab pertannyaan nomer 8)

Kelompok anyar kudu ngabahas deui jawaban nu dibawa ku anggota kelompokna bisi aya nu kudu disampurnakeun. Lian ti éta kelompok anyar kudu milih salah sahiji anggotana pikeun jadi juru catur keur nepikeun jawaban di hareupeun kelas. Pamekar D Diajar B A S A S U N D A Buku Tuturus Tut Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas X

5

Guru nitah juru catur ti unggal kelompok anyar pikeun nepikeun hasil diskusi kelompokna. Cara ngabagi peresentasi diluyukeun jeung jumlah kelompok. Upamana, mun kelompok anyar téh aya opat kelompok, unggal kelompok kabagéan pikeun nepikeun jawaban dua jawaban séwang sacara bagilir. Waktu hiji kelompok nepikeun jawabanana, kelompok séjén bisa mairan bisi aya jawaban anu teu sarua atawa aya nu kudu dilelempeng (dikoréksi).

6

Sabada juru catur unggal kelompok nepikeun jawabanan, guru nyindekkeun hasil diskusi.

B.

Nyangkem Sisindiran

No

Kagiatan

7

Dina ieu bagian, guru ngaasosiasikeun hasil diskusi kelompok kana pedaran nu aya dina Bagian B. Pedaran utamana difokuskeun kana usaha ngajembaran pangaweruh murid perkara sisindiran. Dina ieu bagian, aya hadéna guru mawa conto sisindiran séjénna, boh nu mangrupa buku, kliping koran, jeung sajabana.

8

9

C.

Kagiatanana bisa dimimitian ku nugaskeun murid maca pedaran dina bagian B (Mikawanoh Puisi Guguritan) kalawan gemet di jero haté. Sabadana guru muka kasempetan ka murid pikeun nepikeun pertanyaan atawa ngadiskusikeun hal-hal nu kurang dipikaharti. Murid ditugaskeun nyatetkeun hal-hal penting tina éta pedaran keur ngajembaran pangaweruhna.

Ngaanalisis Sisindiran

No

Kagiatan

10

Dina ieu bagian, aya tilu pancén nu kudu dipigawé ku murid, nyaéta Pancén 2 jeung pancén 3, jeung Pancén 4. Pancén 2 jeung tilu kudu dipigawé ku kelompok, sedengkeun Pancén 4 kudu dipigawé sacarra individual. Guru nugaskeun murid pikeun ngimeutan soal-soal dina Pancén 2 jeung 3. Murid ogé ditugaskeun keur nyirian kekecapan anu teu dipikaharti, sarta sina disusun jadi glosarium keur ditéangan hartina ngagunakeun bantuan kamus basa Sunda. Bab II PITUDUH HUSUS

65

11

12

13

14

15

Sabadana, guru ngabagi murid jadi sawatara kelompok leutik. Hiji kelompok anggotana antara 3-4 urang. Guru nerangkeun naon nu kudu dipigawé ku kelompok sarta méré kasempetan ka murid pikeun nanyakeun hal-hal anu teu dipikaharti. Tahap mimiti, kelompok murid kudu migawé Pancén 2, nyaéta ngaanalisis sisindiran dina tabél, utamana kudu manggihan jawaban tina pertanyaan: kaggolong kana naon wangun jeung eusi éta sisindiran? Guru ogé nyiapkeun tabel matrikulasi keur ngaragum jawaban murid. Kelompok ngalaporkeun hasil analisisna, sarta guru ngaragum hasilna dina tabel matrikulasi. Sabada sakabéh kelompok ngalaporkeun hasil analisis, guru ngaévaluasi hasil pagawéan kelompok sarta ngajak diskusi deui ka murid saupama aya hasil laporan anu béda, nepi ka ahirna manggih kacindekan. Tahap kadua, kelompok murid nu sarua dibéré pancén pikeun migawé soal dina Pancén 3. Prosés diskusina sarua jeung prosés dina tahap mimiti, nyaéta murid kudu manggihan jawaban: naon eusi tina tarucingan lima wawangsalan nu aya dina tabél? Sabada bérés ngajawab soal, kelompok ngalaporkeun hasil analisisna, sarta guru ngaragum hasilna dina tabel matrikulasi. Sabada sakabéh kelompok ngalaporkeun hasil analisis, guru ngaévaluasi hasil pagawéan kelompok sarta ngajak diskusi deui ka murid saupama aya hasil laporan anu béda, nepi ka ahirna manggih kacindekan. Réngsé migawé Pancén 3 jeung pancén 4, murid dibéré pancén individual pikeun ngaanlisis sisindiran jeung wawangsalan anu séjén. Sumbernna bisa tina buku, majalah, koran, atawa internét. Éta pancén bisa mangrupa “tugas mandiri terstruktur”. Upamana baé, murid ditugakeun ngumpulkeun lima paparikan, lima rarakitan, jeung lima wawangsalan. Guru tuluy ngadadarkeun naon anu kudu dipigawé ku murid sakumaha katerangan anu nyampak dina Pancén 4. Laporan murid bisa mangrupa tabél, nu wangunna siga tabél dina Pancén 2 jeung Pancén 3. Keur ngajawab pertanyaan nomer 3 (Akurkeun jeung patokan sisindiran anu umum), murid bisa nambahan kolom katerangan keur eusi éta jawaban. Jadi, tabélna bisa kieu: Tabél paparikan jeung rarakitan:

66

Sisindirannana

Wangunna

Eusina

Katerangan

………………..

………………..

………………..

………………..

………………..

………………..

………………..

………………..

Pamekar D Diajar B A S A S U N D A Buku Tuturus Tut Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas X

Tabél wawangsalan:

16

Wawangsalanan

Jawaban tarucing

Katerangan

…………………..

…………………..

…………………..

…………………..

…………………..

…………………..

Kolom katerangan téh dibutuhkeun lantaran sok aya sisindiran anu henteu matok kana aturan anu baku. Upamana jumlah engangna leuwih ti dalapan, sapadana henteu matok opat jajar-opat jajar, atawa sakapeung sok kapanggih wangun sisindiran anu sora tungtungna henteu nyeplés murwakanti. Contona: Jaksi belang jaksi hideung, Pandan laut kukuncungan; Bisi melang bissi nineung, Imut heula urang di panungtungan. Kembang eros sisi pilar, Ngarambat kana jambatan, Supados dipaké baé; Ulah rumaos ditilar, Jaga gé mo burung tepang, Supados diaku baé.

17

D.

Sabada dipigawé, hasil analisis murid dilaporkeun ka guru sarta guru ngaévaluasi éta pancén individual tur méré koméntar saperluna upama dibutuhkeun.

Ngarang Sisindiran

No

Kagiatan

18

Guru ngabagi murid jadi sawatara kelompok. Anggota kelompokna bisa dua atawa tilu urang. Ti dinya guru nerangkeun pancén nu kudu dipigawé ku murid sakumaha anu didadarkeun dina Pancén 5. Tahap kahiji, murid latihan heula ngalengkepan sisindiran nu eusina geus disadiakeun, sarta tahap kadua murid kudu ngarang sisindiran kalawaan gembleng ngawengku cangkang jeung eusina. Minangka catetan, sisindiran anu kudu dikarang ku murid téh nyaéta wangun paparikan atawa rarakitan, lain wawangsalan anu tingkat kasulitanana rada luhur. Bab II PITUDUH HUSUS

67

19

20

21

22

Klompok murid tuluy ngeusian Pancén5, ku cara diskusi pikeun nyusun cangkang sisindiran nu eusina geus disadiakeun. Salila prosés diskusi, guru ngaping murid sarta jadi fasilitsator upama murid manggih masalah dina diskusi. Sabada pancén dipigawé, guru nugaskeun kelompok sacara acak pikeun macakeun atawa ngagalantangkeun sisindiran hasil beubeunanganana. Cara macakeunana bisa ogé ku ditembangkeun ngarah kelas jadi hégar. Guru méré koméntar atawa ngalelempeng saupama aya sisindiran nu disusun ku murid kurang merenah strukturna. Sabada éta, nincak kana tahap kadua, nyaéta murid ngarang siisindiran sorangan anu gembleng cangkang jeung eusina. Ieu pancén bisa ogé dipigawé dina kelompok nu sarua, minangka prakték tina modél diajar “kolaboratif ” kalawan catetan sisindiran nu dijieun ku masing-masing murid ulah aya nu sarua. Guru nugaskeun sawatara murid pikeun ngagalantangkeun atawa ngawihkeun sisindiran beunangna sorangan sacara bagilir. Guru ngaaprésiasi ka murid anu karyana pinunjul sarta ngumpulkeun hasil karya murid minangka portofolio. Sisindiran anu dianggap pinunjul ogé bisa dipublikasikeun/dipamérkeun ngaliwatan rupa-rupa média.

KAGIATAN PANUTUP Dina kagiatan panutup guru méré kasempetan ka murid pikeun ngaréfléksikeun pangajaran. Contona, naon baé mangpaat nu kapetik tina pangajaran sisindiran? Naon baé kasusah/hahalang dina pangajaran sisindiran? Naha carana urang salaku guru geus nepikeun pangajaran kalawan hadé jeung kaharti ku murid? Jeung sajaba ti éta. Guru méré saran sangkan murid mikaresep sisindiran minangka bagian tina kagiatan aprésiasi sastra, sarta manggihan mangpaat atawa hikmah tina rupa-rupa sisindiran nu geus diulik. Kagiatan aprésiasi sastra perlu dimekarkeun pikeun tujuan ngasah rasa kamanusaan jeung ningkatkeun darajat kabudayaan hiji bangsa. Guru ogé perlu ngadorong murid sangkan macaan rupa-rupa référénsi perkara sisindiran dina raraga ngajembaran pangaweruh nu patali jeung kagiatan aprésiasi sastra. Dina nutup pangajaran guru umajak ka murid pikeun sukuran ka Pangéran réh geus meunang rupa-rupa élmu perkara sisindiran, jeung geus bisa ngahasilkeun karya kréatif anu tangtu gedé gunana keur ngalatih kréativitas (karancagéan), daya pikir, jeung daya cipta. 68

Pamekar D Diajar B A S A S U N D A Buku Tuturus Tut Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas X

B ab

III

Pituduh Meunteun

69

Dina ieu bab bakal dipedar kumaha cara meunteun unggal kompetensi murid ku rupa-rupa instrumen penilaian. Cara meunteun téh aya nu sipatna umum, ogé aya nu sipatna husus. Cara meunteun anu sipatna umum dilarapkeun kana kagiatan-kagiatan anu lumrah dipigawé dina unggal kagiatan diajar. Upamana keur meunteun sikep spiritual jeung sosial, meunteun lumangsungna diskusi, atawa meunteun kompetensi-kompetensi anu umum. Upamana bae meunteun karangan murid jeung meunteun carana murid nyarita. Cara meunteun anu sipatna husus dilarapkeun pikeun nguji rupaning kompetensi sakumaha nu kaunggel dina buku murid, tur mikabutuh instrumen penilaian anu husus. Utamana dilarapkeun pikeun meunteun tugas-tugas mandiri. Upamana meunteun biantara murid, meunteun hasil analisis, meunteun karangan guguritan atawa sisindiran, jeung sajabana. Pancén-pancén nu nyampak dina buku murid bisa dipeunteun ku rubrik penilaian anu umum atawa anu husus, luyu jeung kabutuhanana. Upamana, keur meunteun karangan carita pondok karya siswa, guru bisa ngalarapkeun instrumen penilaian anu sipatna umum keur meunteun karangan, atawa make rubrik husus keur meunteun karangan carpon.

A. Meunteun Kriteria Ketuntasan Minimal (KKM) 1. KKM dipeunteun dina unggal ahir pangajaran keur unggal-unggal murid. 2. Jumlah komponén anu dipeunteun béda-béda gumantung kana jumlah komponén dina unggal pangajaran. 3. Komponén anu dipeunteun dicontréng keur nandaan geus tutas acanna. 4. Conto rubrikna siga ieu di handap: Kritéria Katutasan Minimal (KKM) Pangajaran 1 (Biantara)

Materi nu dipeunteun A. Maca teks biantara B. Nyangkem struktur biantara C. Neuleuman padika biantara D. Ngaanalisis téks biantara E. Nepikeun biantara

70

Pamekar D Diajar B A S A S U N D A Buku Tuturus Tut Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas X

Katerangan Tutas Enggeus

Encan

B. Instrumen Meunteun Umum Ieu di handap aya sawatara rubrik keur meunteun aspek-aspek pangajaran nu sipatna umum. Téhnikna bisa tes atawa non tes. Wangunna bisa uraian atawa observasi. Ieu rubrik peunteun téh keur conto baé. Guru bisa nyieun sorangan, mekarkeun atawa ngarancang instrumén pikeun meunteun luyu jeung kabutuh panngajaran. 1. Conto rubrik meunteun spiritual.

No

Nama Siswa

1 2 3 4 5

Menyadari keberadaan bahasa Sunda sebagai anugrah dari Tuhan Yang Maha Esa

Menyadari keberadaan bahasa Sunda sebagai alat komunikasi

Bersyukur atas kebesaran Tuhan dengan adanya keragaman bahasa

Bersyukur atas kebesaran Tuhan dengan adanya kekhasan dan keunggulan bahasa Sunda

Skor Total

4 3 2 1 4 3 2 1 4 3 2 1 4 3 2 1

Keterangan: Selalu = 4 Sering = 3 Tidak pernah = 1

2.

Kriteria: Skor minimal = 4 0 – 4 = kurang Skor maksimal = 16 5 – 8 = cukup 9 – 12 = baik 13 – 16 = sangat baik

Conto rubrik meunteun sosial

No

Nama Siswa

Aspek yang dinilai Percaya Diri

Tanggung Jawab

Teliti

Santun

Kerja sama

Toleransi

Jumlah skor

Nilai Akhir

1 2 3 Bab III PITUDUH MEUNTEUN

71 71

Rentang skor = 1 – 5, skor minimal = 6, skor maksimal = 30 Skor: 0 – 6 = Sangat Kurang 7 – 12 = Kurang 13 – 18 = Cukup 19 – 24 = Baik 25 – 30 = Sangat Baik 3.

Rubrik Meunteun Sikep

No. 1. 2. 3. 4. 5. 6. 7.

4)

Sikep

Encan écés

Mimiti écés

Mimiti Mekar

Conto rubrik meunteun pangaweruh Indikator

Teknik

Bentuk 1.

Bisa nyebutkeun tokoh wayang tina babad Mahabarata.

2. Tes

Uraian 3.

4. 5. jst 72

Kat.

Taliti Tanggung jawab Disiplin Jujur Santun Peduli Percaya diri

No

1

Dibiasakeun

jst

jst

jst

Pamekar D Diajar B A S A S U N D A Buku Tuturus Tut Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas X

jst

Instrumen Pandawa téh anak Pandudéwana ti dua bibit, nyaéta Déwi Kunti jeung Déwi Madrim. Sebutkeun saha baé nu lahir ti déwi Madrim jeung saha nu ti Déwi Kunti! Saha anu dimaksud panengah Pandawa téh jeung naha manéhna disebut kitu? Sebutkeun tilu tokoh nu kagolong ka kulawadet Kurawa? Saha ngaran guru Pandawa jeung Kurawa téh? Yudistira téh boga pamajikan, saha ngaranna?

5)

Conto rubrik meunteun sawala Kritéria

Ngaregepkeun Komunikasi nonverbal Ilubiung Omongan

Alus Pisan (3)

Cukup (2)

Latihan Deui (1)

Saregep

Kurang saregep

Api lain

Ngaréspon

Kurang réspon

Api lain

Aktif, silihéledan

Kurang aktif

Cicingeun

Nepikeun pamadegan ngaruntuy

Nepikeun pamadegan kurang ngaruntuy

Cicingeun

Katerangan: 1. Kumpulkeun peunteun murid luyu jeung aspék nu dipeunteun. Total peunteun 2. Cara meunteun: X 10 12 3. Contona:

2+3+1+2

X 10 =

12 6.

8

= 6,7

12

Conto rubrik meunteun Maca

No. 1. 2. 3. 4.

7.

Aspék Nu Dipeunteun Pemahaman Literal: Kaweruh tina bacaan Pemahaman Inferensial: Kacindekan Eusi bacaan Pemahaman Evaluasi: Ngajén Eusi bacaan Pemahaman Apresiasi: Neuleuman eusi bacaan Jumlah

Jumlah 10 -- 20 10 -- 20 10 -- 20 10 -- 20 40 -- 100

Conto rubrik meunteun nyarita Aspek yang dinilai

No

Nama Siswa

Eusi 3

2

Basa 1

3

2

Pasemon 1

3

2

1

Jumlah Skor

Diksi 3

2

Skor

1

1 2 3

Bab III PITUDUH MEUNTEUN

73

8.

Conto rubrik meunteun ngarang

No. Aspék Nu Dipeunteun 1. 2. 3. 4. 5.

Jumlah

Eusi atawa gagasan Organisasi tulisan Kandaga kecap jeung pilihan kecap Adegan basa Unsur mékanik: Ejaan, tanda baca, jeung karapihan Jumlah

13 – 35 7 – 20 7 -- 20 7 – 20 2–5 30 -- 100

C. Instrumen Meunteun Husus Ieu di handap sawatara conto rubrik keur meunteun aspek-aspek pangajaran nu sipatna umum. Téhnikna bisa tes atawa non tes. Wangunna bisa uraian atawa observasi. Ieu rubrik peunteun téh keur conto baé. Guru bisa nyieun sorangan, mekarkeun atawa ngarancang instrumén pikeun meunteun luyu jeung kabutuh panngajaran. 1. Conto rubrik meunteun biantara. No

Aspek

Bobot

1.

Aspek Bahasa a. Pilihan kata, gaya bahasa, tatakrama bahasa b. Struktur bahasa (bentukan kata dan kalimat) yang benar c. Pelafalan dan intonasi

2.

Pemahaman Isi a. Penguasaan Isi b. Penghayatan dan penjiwaan (imaji) c. Organisasi dan sistematika penyampaian isi

35

3.

Penampilan (Ekspresi) a. Gestur (mimik dan gerak) b. Kreasi dan gaya bicara

30

J u m l ah Rentang nilai 60 - 100 74

Pamekar D Diajar B A S A S U N D A Buku Tuturus Tut Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas X

35

100

Jumlah Nilai

2.

Conto rubrik meunteun paguneman Aspek yang dinilai

No

Nama Siswa dan pasangannya

Eusi 3

2

Basa 1

3

2

1

Pasemon

Lentong

Undakusuk basa

3

3

1

2

1

2

1

2

Jum. Skor

Skor

3

1 2 3

3.

Conto rubrik meunteun aksara Sunda

a. Maca aksara Sunda No. 1. 2. 3. 4.

Aspék Nu Dipeunteun

Jumlah

Gancang kendorna maca Bener henteuna ngejah aksara Lagu kalimah Pamahaman kana bacaan Jumlah

10 – 25 10 – 25 10 – 25 10 – 25 40 – 100

b. Nulis aksara Sunda No. 1. 2. 3. 4.

Aspék Nu Dipeunteun

Jumlah

Karapihan tulisan: Wangun aksara, jajaran lempeng Kaajegan wangun aksara Benerna wangun aksara Benerna pananda sora (rarangkén) Jumlah

10 – 20 10 – 30 10 – 30 10 – 20 40 – 100

c. Desain aksara Sunda No. 1. 2. 3. 4.

Aspék Nu Dipeunteun

Jumlah

Akurasi (bener henteuna) aksara Sunda nu didigunakeun Aspek ‘keterbacaan’ aksara Sunda nu digunakeun Unsur estetik/kaendahan kaligrafi Komposisi warna jeung wangun Jumlah

10 – 20 10 – 30 10 – 30 10 – 30 40 – 100

Bab III PITUDUH MEUNTEUN

75

4.

Conto rubrik meunteun ngadongéng Aspek yang dinilai

No

Nama Siswa

Basa 3

2

Pasemon 1

3

2

1

Lentong/ Wirahmaa 3 2 1

Gestur/ tagog 3 2 1

Jumlah Skor

Skor

1 2 3

5.

Conto rubrik meunteun guguritan

a. Meunteun karangan guguritan No. 1. 2. 3. 4.

Aspék Nu Dipeunteun Gagasan/Eusi Diksi nu digunakeun Bener henteuna guru lagu jeung guru wilangan Aspék musikalitas/wirahma. Jumlah

Jumlah 10 – 25 10 – 25 10 – 25 10 – 25 40 – 100

b. Meunteun nembangkeun guguritan No. Aspék Nu Dipeunteun 1. Titilaras (pageuh kana nada, henteu sumbang) 2. WIrahma (Pedotan, Ipis-kandel, anca-gancang) 3. Kedaling (Neuleuman, Miharti eusi rumpaka pupuh) Jumlah 6. No. 1. 2. 3. 4.

76

Jumlah 10 – 35 10 – 35 10 -- 30 30 -- 100

Conto rubrik meunteun sisindiran Aspék Nu Dipeunteun Gagasan/Eusi Diksi nu digunakeun Kasaluyuan purwakanti cangkang jeung eusi Itungan engang jeung wirahma Jumlah Pamekar D Diajar B A S A S U N D A Buku Tuturus Tut Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas X

Jumlah 10 – 25 10 – 25 10 – 25 10 – 25 40 – 100

D.

Refleksi

Réfléksi téh diperlukeun keur ngaévaluasi kagiatan diajar ngajar nu geus lumangsung. Ngaliwatan refleksi guru bisa ngaanalisis naha hiji pangajaran téh geus hasil sarta nyumponan pamaredih kompetensi inti, kompetensi dasar, jeung indikator atawa acan. Sacara umum réfléksi téh aya dua rupa, nyaéta refleksi pangajaran jeung réfléksi guru sacara pribadi. 1.

Réfléksi di ahir pangajaran\

Ieu di handap aya sawatara conto pertanyaan nu bisa ditepikeun ku guru waktu rék mungkas pangajaran. Tujuanana antarana baé pikeun mikanyaho nepi ka mana réspon siswa kana pangajaran nu geus ditepikeun sarta naon masalah nu kapanggih salila prosés pangajaran. a. Meunang mangpaat naon tina pangajaran nu geus ditepikeun? b. Resep henteu waktu urang ngulik éta pangajaran téh? Lebah mana anu resepna, lebah mana anu henteu? c. Naon baé anu can kaharti tina éta pangajaran? Lebah mana anu ku hidep dianggap hésé? d. Naha waktu urang disskusi geus ngarasa méré kontribusi ka kelompok/ka nu séjén, atawa acan? e. Naha métode anu dilarapkeun téh ngabantu ka urang pikeun mikapaham bahan pangajaran? f. Kumaha pamadegan hidep kana carana ibu/bapa guru nepikeun pangajaran? g. Jeung saterusna. 2.

Réfléksi pribadi guru

Ieu di handap aya sawatara conto pertanyaan nu bisa ditepikeun ku guru ka dirina pribadi sabada réngsé nepikeun hiji pangajaran. Tujuanana antarana baé pikeun ngabebenah kahéngkéran dirina, atawa ngukuhan naon nu geus dianggap unggul. Salian ti éta pikeun ngukur nepi ka mana hasilna pangajaran nu didadasaran ku réspon siswa. 1. Kumaha prakna nepikeun pangajaran, naha geus nyumponan pamaredih kurikulum? 2. Pangajaran mana nu geus éféktif, sarta mana anu acan? 3. Pangajaran mana nu perlu ditingkatkeun sangkan pamahaman murid leuwih jembar? 4. Bahan mana nu geus dikawas ku murid, sarta mana anu acan? Bab III PITUDUH MEUNTEUN

77

5. Naha aya bahan nu héséeun keur murid? Kumaha cara ngungkulanana? 6. Kumaha rarancang ngoméan pangajaran keur minggu hareup? Kumaha léngkah-léngkahna? 7. Jeung saterusna.

Pangajaran 1: Kawih

78

Pamekar D Diajar B A S A S U N D A Buku Tuturus Tut Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas X

PABUKON

Baidillah, Drs.H. Idin, M.Pd,dkk. 2010. Aksara Sunda. Bandung: CV. Walatra. Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat. 2013. Kurikulum 2013. Bandung. Hadi spk, Drs. Ahmad. 2005. Peperenian. Bandung: Geger Sunten. Hadish,Yétty Kusmiyati. 1979. Sastra Lisan Sunda Mite, Fabel, dan Légende 1. Jakarta: Pusat Pembinaan dan Pengembangan Bahasa Departemén Pendidikan dan Kebudayaan. Iskandar,Yoséph. 1982. Tumbal. Bandung: Rahmat Cijulang. Jurusan Basa jeung Sastra Sunda FPBS IKIP Bandung. 1990. Palanggeran Éjahan Basa Sunda. Bandung: Rahmat Cijulang. Karana, Rahmat M. Sas. 1979. Tepung di Bandung. Bandung: Rahmat Cijulang. Keraf, Dr. Gorys. 1980. Komposisi. Ende Florés: Nusa Indah. Kunto, Haryoto. 1984. Wajah Bandoeng Témpo Doeloe. Bandung: Granésia. Lembaga Basa & Sastra Sunda. 1985. Kamus Umum Basa Sunda. Bandung: Taraté. Muchtar, R.H. Uton, Ki Umbara. 1994. Modana. Bandung: Manglé Panglipur. Mustapa, Abdullah. 1985. Wirahma Sajak. Bandung: Medal Agung. No. 1574. 1996. Majalah Manglé. No. 51-52. 1996. Majalah Simpay. ---------------. 1986. Kedok Tangkorék. Bandung: Remadja Karya. Poerwadarminta, W.J.S. 1977. Kamus Umum Bahasa Indonésia. Jakarta: PN Balai Pustaka. Prawirasumantri, Drs. H. Abud, dkk. 2003. Pedoman Pengembangan Kurikulum Berbasis Kompeténsi Mata Pelajaran Bahasa Daérah (Sunda). Bandung: Geger Sunten. Pusat Pembinaan dan Pengembangan Bahasa. 1977. Pedoman Éjaan Bahasa Sunda yang Disempurnakan. Jakarta. Bab I PITUDUH UMUM

79

Rosidi, Ajip. 1966. Kesusastraan Sunda Déwasa Ini. Jatiwangi: Tjupumanik. --------------, 1969. Djalan ke Surga. Djakarta: Gunung Agung --------------, 1983. Ngalanglang Kasusastraan Sunda. Jakarta: Pustaka Jaya. --------------, 1984. Manusia Sunda. Jakarta: Inti Idayu Préss. --------------, 1989. Janté Arkidam. Bandung: Pustaka. Resmana, Min. 1973. Hujan di Girang Caah di Urang. Bandung: Mitra Kencana. Ruhimat, Asep. 2006. Sambel Jaer. Bandung: Puspawarna. Rusyana, Dr.Yus. 1982. Métode Pengajaran Sastra. Bandung: Gunung Larang. --------------, 1982. Pedaran Paribasa Sunda. Bandung: Gunung Larang. --------------, 1982. Panyungsi Sastra. Bandung: Gunung Larang. Salmun, M.A. 1963. Kandaga Kasusastraan Sunda. Bandung: Ganaco.

80

Pamekar D Diajar B A S A S U N D A Buku Tuturus Tut Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas X